• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1302564 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1302564 Chapter1"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang

Budaya téh mangrupa hasil cipta manusa anu dipaké jeung tumuwuh tur

mekar saluyu jeung kamekaran jaman. Dina hirup kumbuhna, manusa teu bisa

leupas ti manusa séjénna. Ku kituna manusa disebut mahluk sosial anu hirup dina

hiji kelompok atawa masarakat.

Nurutkeun William A. Haviland dina Sundjaya (2008, kc. 4), masarakat

mangrupa sakelompok jalma anu matuh di hiji daérah sarta miboga kabudayaan

nu sarua. Masarakat jeung kabudayaan silih mangaruhan dina kahirupan manusa

salaku mahluk sosial jeung mahluk anu berbudaya. Di masarakat aya unsur-unsur

kabudayaan salaku interaksi sosial anu ngabeungkeut masarakatna kana hiji

sistem anu sarua.

Kabudayaan mangrupa hasil cipta manusa anu dilarapkeun dina kahirupan.

Saperti anu ditétélakeun ku Koentjaraningrat (2009, kc. 144) yén kabudayaan nya

éta sistem gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat

anu dipiboga ku cara diajar. Dina kabudayaan nyangkaruk ajén-inajén pikeun

kahirupan masarakatna. Koentjaraningrat ngabagi kabudayaan jadi tujuh unsure

anu penting di kahirupan masarakat, nya éta (1) sistem religi atawa kapercayaan,

(2) pangaweruh, (3) sistem sosial jeung organisasi kamasarakatan, (4) basa, (5)

kasenian, (6) sistem pakasaban, jeung (7) sistem téknologi.

Kabudayaan saperti anu ditétélakeun di luhur mangrupa pola kahirupan

masarakat anu jadi kabiasaan, mulai tina sistem religi atawa kapercayaan nepi ka

sistem téknologimasarakatna aya dina lingkaran hirup anu tuluy tumuluy ka anak

incu kahareupna. Pola kabudayaan dina hiji masarakat bisa katémbong tina cara

hirup sapopoé masarakatna. Kabudayaan mangrupa produk anu jembar, dijerona

aya sababaraha istilah anu aya patalina jeung kabudayaan masarakat, hususna

masarakat Sunda. Anu kaasup kana sababaraha istilah anu raket patalina jeung

kabudayaan nya éta kaarifan lokal jeung folklor.

Kaarifan lokal mangrupa ajén inajén anu dipaké pikeun ngatur

(2)

saluyu jeung anu ditétélakeun ku Sibarani (2010, kc. 131) yén kaarifan lokal

mangrupa dadasar dina kahirupan masarakatna, ku jalan ngalarapkeun kaarifan

lokal masarakatna bisa apal kana naon-naon anu dipikabutuhna, jeung sakabéh

pasualan anu disanghareupan ku éta masarakatna bisa diréngsékeun ku jalan

ngamangpaatkeun tradisi-tradisi anu dijieun ku masarakatna. Sedengkeun anu

disebut Folklor mangrupa bagéan tina kabudayaan, anu sumebarna sacara lisan.

Folklor hirup dina jero kabudayaan masarakatna, pola hirup masarakatna bisa jadi

ngabogaan unsure foklor. Folklor ogé ngawengku sawatara kabudayaan anu

sumebar tur diwariskeun sacara turun-tumurun boh sacara lisan boh ngaliwatan

conto anu dibarengan ku gerak isyarat. Nurutkeun Dundes dina Danandjaja (2007,

kc. 1) Sacara étimologis folklor asalna tina kecap folk jeung lore. Folk hartina

sakumpulan jalma anu miboga cirri fisik, sosial, jeung kabudayaan nepi ka bisa

dibédakeun tina kelompok séjenna. Dumasar wangenan folklor di luhur tangtu

pola hirup masarakat anu réa teu sakabéhna sarua, tiap kelompok masarakat

miboga pola hirup sewing-séwangan anu tuluy ngawujud dina wangun folklor.

Aya tilu wangun folklor nya éta folklore lisan, folklor satengah lisan jeung folklor

non-lisan.

Dina kahirupan masarakat Indonésia anu réa ku selér bangsana tangtu

kabudayaan jadi ciri has daérah séwang-séwangan. Biasana kaarifan lokal jeung

folklor anu hirup ogé béda-béda. Nurutkeun Endaswara (2009, kc 15) kabudayaan

bisa dibagi jadi dua jenis nya éta kabudayaan nasional jeung kabudayaan

nusantara. Kabudayaan nasional nya éta kabudayaan anu ngawengku sakabéh

kabudayaan bangsa Indonésia, sedengkeun anu disebut kabudayaan Nusantara nya

éta kabudayaan anu geus aya saméméh ngadegna pamaréntahan Républik

Indonésia. Anu kaasup kana kabudayaan Nusantara diantarana, Jawa, Sunda,

Batak , Bugis, Bali, Minangkabau, Makasar, Ambon, jeung sajabana. Hartina

kabudayaan Nusantara mangrupa sélér bangsa anu hirup di Indonésia anu miboga

kabudayaan sewang-séwangan.

Kacida pentingna panalungtikan ngeunaan kabudayaan saupama nilik tina

ayana sababaraha puluh sélér bangsa di Indonésia. Lantaran ku ayana

(3)

bakal kaguar sasaruaan jeung bébédana kabudayaan anu aya, boh dina wangun

kaarifan lokal boh dina wangun folklor, anu bakal ngajadikeun salasahiji média

pikeun ngahijikeun sélér bangsa anu aya di Indonésia, anu tungtungna bakal

katémbong cirri has bangsa Indonésia ngaliwatan budaya Nusantarana.

Ku kituna, saupama dipatalikeun jeung ieu panalungtikan tangtu ieu

panalungtikan miboga udagan pikeun mertélakeun salasahiji folklor anu masih

kénéh hirup di masarakat Sunda hususna. Dina kahirupan masarakat Sunda kacida

réana folklor anu masih kénéh hirup salaku kabudayaan. Contona waé anu kaasup

kana folklor lisan nya éta basa rahayat, ungkara tradisional, patalékan tradisional,

puisi rahayat, carita rahayat, jeung kawih/lagu rahayat. Sedengkeun anu kaasup

kana folklor satengah lisan nya éta kapercayaan rahayat, kaulinan barudak,

upacara adat, pesta rakyat, jeung téater rakyat. Pamungkas anu kaasup kana

folklor non-lisan nya éta arsitéktur imah tradisional, kerajinan rahayat, kadaharan

tradisional, jeung obat-obatan tradisional.

Pamali mangrupa salasahiji produk folklor satengah lisan, lantaran

mangrupa wangun kapercayaan masarakat anu dikedalkeunna sacara lisan.

Nurutkeun makna aslina, kecap pamali téh nya éta sagala rupa anu ngotoran awak

(mala= kotor, mali= nu nyababkeun kokotor, leutak nu ngalimpudan awak).

Pamali nya éta panyaraman pikeun migawé atawa ngedalkeun hiji hal anu bakal

ngadatangkeun mamala pikeun manéhna atawa batur saupama dipilampah. Dina

kamus Danadibrata (2009, kc. 489) pamali téh miboga harti panyaraman ti kolot

baheula anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya

matakna.

Tina wangenan-wangenan pamali di luhur, bisa dicindekkeun yén pamali

téh mangrupa hiji aturan anu dijieun ku karuhun tur hirup dina mangsa harita anu

sabagian masih dipaké dina kahirupan kiwari. Pamali biasana patali jeung mitos

anu sawatara jalma nganggap éta pamali téh mangrupa hal anu teu asup akal,

lantaran mitos mangrupa hal anu dipercaya sacara turun tumurun ku hiji

masarakat anu makéna.

Tapi saupama ditilik tina harti, pamali téh lain ngan saukur istilah anu

(4)

sacara teu langsung sangkan budak bisa nurut kana naon-naon anu diucapkeun ku

kolot. Teu kapaluruh ti iraha pamali hirup di masarakat Sunda, jeung deui kumaha

matakna disebut pamali téh. Nurutkeun Mustapa (2010, kc. 15) ti jaman baheula

geus aya panyaraman anu teu dituliskeun dina aturan-aturan tinulis atawa buku,

ngan saukur panyaraman anu ukur diomongkeun kolot baheula anu bisa dipaké

pikeun mapatahan sarta nyaram ka budakna sangkan teu migawé hal-hal anu

kira-kira nyilakakeun. Pamali hirup di masarakat ngaliwatan tradisi lisan anu gampang

robah jeung hésé dipaluruh kasang tukangna, tapi saupama nilik kana basa jeung

ma’nana, pamali téh hirup lantaran ayana pangalaman anu karandapan ku kolot baheula anu matak nyilakakeun, ku kituna pamali kawilang penting pikeun

kahirupan masarakat alam harita, hususna pikeun ngatik jeung ngadidik budak

sangkan nurut kana naon nu diomongkeun ku kolotna.

Ku kituna, panalungtikan ngeunaan pamali téh penting dilakonan,

pangpangna mah pikeun maluruh ajén atikanana. Naha pamali téh dipaké ngan

saukur panyaraman kolot baheula kana hal-hal anu dianggap goréng, atawa naha

aya ajén atikan anu hayang ditepikeun kolot baheula pikeun ngajalankeun

kahirupan masarakatna sacara tingtrim. Éta hal tangtu kudu dipaluruh pikeun

lumangsungna kahirupan pamali éta sorangan, hiji hal moal bisa hirup nepi ka

kiwari saupama teu miboga fungsi dina tatanan kahirupan masarakatna.

Saupama ditilik tina sajarahna, Kecamatan Cigugur téh boga ajén sajarah

anu luhur pikeun Kabupatén Kuningan, lantaran Cigugur dijadikeun puseur

dayeuh pikeun karajaan Kuningan anu dipingpin ku Adipati Ewangga, lantaran

éta ogé Cigugur téh jadi puseur sumebarna kabudayaan-kabudayaan anu dibawa

ku sémah. Contona waé dina abad 19 keur jaman Kristenisasi asup ka Jawa Barat,

Kecamatan Cigugur jadi puseur sumebarna agama Kristen anu asup, kitu ogé

nalika sumebarna agama Islam Kecamatan Cigugur miboga peran anu penting. Ku

kituna di kecamatan Cigugur Kiwari 50% ngagem agama Kristen jeung 50%

ngagem agama Islam. Salian ti dua éta ageman, di Cigugur ogé aya aliran

kapercayaan anu sok disebut Sunda Wiwitan.

Nurutkeun sababaraha artikel anu medar ngeunaan Sunda wiwitan, Sunda

(5)

diagem ku masarakat Sunda saméméh aya agama Hindu jeung Islam.

Kapercayaan Sunda wiwitan hirup di sababaraha désa anu aya di Jawa Barat

saperti masarakat Kanékés, masarakat Ciptagelar jeung masarakat Cigugur. Ieu

hal ngabalukarkeun euyeubna kabudayaan-kabudayaan anu hirup di masarakat

Kecamatan Cigugur, salasahijina tradisi lisan pamali anu masih kénéh hirup di

masarakat Kecamatan Cigugur. ieu hal di luhur anu ngalantarankeun panalungtik

milih Kecamatan Cigugur salaku sumber data dina ieu panalungtikan, lantaran

kahirupan masarakat Kecamatan Cigugur anu masih kénéh raket patalina jeung

kagiatan-kagiatan adat saperti upacara adat, sistem kapercayaan kaasup pamali.

Panalungtikan ngeunaan ajén étnopedagogik dina pamali masih kénéh

jarang, aya ogé panalungtikan ngeunaan pamali anu hirup di masarakat séjénna.

Ieu di handap sababaraha panalungtikan ngeunaan pamali:

a. Diani Permasih (2014) anu judulna Ajén Atikan dina Folklor Kapamalian anu

aya di Désa Tanjungsari Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung.

b. Kurnia Hardiansyah (2009) anu judulna Ungkapan Pamali Bahasa Sunda

(Kajian Struktur dan Makna).

Sedengkeun panalungtikan husus ngeunaan ajén étnopedagogik anu aya

dina pamali di kecamatan Cigugur mah can aya nu nalungtik. Ku kituna perlu

diayakeun panalungtikan kana éta hal anu dijudukan Pamali dina Kahirupan

Masarakat Kecamatan Cigugur Kabupatén Kuningan (Ulikan Sémiotik jeung

Étnopédagogi).

1.2Rumsan Masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan ngawengku pamali, sémiotik,

jeung étnopédagogi. Pamali mangrupa salasahiji wangun folklor satengah lisan,

anu dina ieu panalungtikan diwatesanan kana klasifikasi folklor satengah lisan

nurutkeun Hand dina Danandjaya (2007, kc. 155) diantarana: (1) kapercayaan

rakyat dina kahirupan manusa, (2) kapercayaan kana mahluk gaib, (3)

kapercayaan kana ayana alam samesta, jeung (4) kapercayaan nu séjénna.

Sedengkeun pikeun tilikan sémiotik, téori anu dipaké nya éta téori

(6)

ikon, indéks, jeung simbol. Dina ieu hal tilu unsur sémiotik peirce bakal

dilarapkeun kana pamali nepi ka katémbong ma’na tina éta pamali.

Anu pamungkas, tilikan étnopédagogi nurutkeun Suryalaga (2010, kc.

8-10) yén ajén-inajén budaya Sunda patali jeung rupa-rupa hal, di antarana: (1)

paripolah nyunda Tri-silas, (2) catur jatidiri insan, (3) panca rawayan (Gapura

Panca Waluya), (4) jeung moral kamanusaan.

Dumasar kana rumusan masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu

panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Naon waé téks pamali anu aya dina kahirupan masarakat Kecamatan Cigugur

Kabupatén Kuningan?

2) Kumaha klasifikasi téks jeung fungsi pamali dina kahirupan masarakat

Kecamatan Cigugur Kabupatén Kuningan?

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta maluruh ajén étnopédagogik anu

aya dina téks pamali anu hirup di masarakat Kecamatan Cigugur Kabupatén

Kunigan.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta

ngadéskripsikeun:

1) data téks pamali dina kahirupan masarakat Kecamatan Cigugur Kabupatén

Kuningan;

2) klasifikasi téks jeung fungsi pamali dina kahirupan masarakat Kecamatan

Cigugur Kabupatén Kuningan dina wangun folklor satengah lisan;

3) unsur sémiotik anu nyangkaruk dina téks pamali masarakat Kecamatan

(7)

4) ajén atikan étnopédagogik anu nyampak dina téks pamali masarakat

Kecamatan Cigugur Kabupatén Kuningan.

1.4Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh

ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna dina widang aspék tradisi lisan kapamalian.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran ngeunaan ajén

atikan jeung ma’na anu nyangkaruk dina aspék pamali anu aya, hususna pikeun masarakat, budayawan jeung Guru.

1.5 Raraga Tulisan

Sistematika panulisan dina ieu tesis ngawengku lima bab, nya éta:

1) BAB 1 BUBUKA, anu ngawengku kasangtukang masalah, watesan jeung

rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung

sistematika panulisan;

2) BAB II KAJIAN TIORI, anu ngawengku tiori-tiori ngeunaan kabudayaan,

pamali, ajén atikan jeung sémiotik;

3) BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN, anu ngawengku metode

panalungtikan, sumber data, desain panalungtikan, wangenan operasional,

instrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data;

4) BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN, anu ngadadarkeun hasil tina

panalungtikan anu geus dilakukeun. Ngadadarkeun ngeunaan klasifikasi data

pamali nu aya di Kecamatan Cigugur Kabupatén Kuningan, harti atawa ma’na

anu aya dina pamali di Kecamatan Cigugur Kabuptén Kuningan jeung ajén

atikan anu nyangkaruk dina pamali di Kecamatan Cigugur Kabupatén

(8)

5) BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN, mangrupa kacindekan tina hasil

panalungtikan sarta méré saran ngeunaan hal anu aya patalina jeung

panalungtikan anu dilakukeun;

DAFTAR PUSTAKA

Referensi

Dokumen terkait

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Mangpaat tioritis anu nyampak dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nambah pangaweruh ngeunaan élmu sosiolinguistik jeung kaparigelan basa minangka élmu anu maluruh

semiotik, jeung ajén étnopédagogik tina naskah Sajarah Cijulang. BAB V: Kacindekan

di éta tempat. Aspék tatakrama masarakat sunda anu nyampak dina éta babasan jeung paribasa téh..

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep mawa mangpaat sakumaha ieu di handap. 1) Pikeun sakumna masarakat Sunda, bisa digunakeun salaku wahana ngajembaran pangaweruh

aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, 3) ajén atikan anu nyampak dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, jeung

Saya menyatakan bahwa tesis saya yang berjudul “ Ajén Moralits jeung Étnopédagogik dina Panyaraman Masarakat Sunda di Désa Bunigeulis Kecamatan Hantara Kabupatén

Diksi dina rumpaka Upacara Adat Kawinan di Désa Sukamulya Kecamatan Cigugur Kabupatén Kuningan ngawengku kekecapan anu loba patali jeung pangharepan, kanyaah,