• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1201519 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1201519 Chapter3"

Copied!
11
0
0

Teks penuh

(1)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar métode panalungtikan anu ngawengku setting

panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan

operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung

léngkah-léngkah panalungtikan.

3.1 Setting Panalungtikan

Setting panalungtikan ngawengku lokasi panalungtikan, sumber data anu

dijerona aya subjék panalungtikan, jeung waktu panalungtikan.

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan nya éta di Kabupatén Cianjur Provinsi Jawa Barat,

anu diwengku ku tilu bagian tempat, nya éta Cianjur kaler, Cianjur tengah, jeung

Cianjur kulon.

3.1.2 Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta dongéng-dongéng nu kasohor di

Kabupatén Cianjur. Sumber data utama dina panalungtikan kualitatif nya éta

kecap jeung paripolah (Moeleong, 2007:157). Sumber data nya éta subjék tempat

data dipibanda. Saupama panalungtik ngayakeun kagiatan wawancara dina

ngumpulkeun data, ku kituna sumber datana résponden nya éta jalma anu

ngaréspon atawa ngajawab patalékan-patalékan panalungtik, boh sacara lisan boh

tinulis. Saupama panalungtik ngagunakeun téhnik obsérvasi sumber datana

mangrupa barang, tingka paripolah, atawa prosés hiji hal. Saupama panalungtik

ngagunakeun téhnik dokuméntasi, sumber datana mangrupa kumpulan catetan

(2)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.1.3 Waktu Palaksanaan Panalungtikan

Waktu palaksanaan panalungtikan nya éta minggu kahiji jeung minggu

kadua bulan Mei.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirarancang ku panalungtik

pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun masalah-masalah anu geus dirumuskeun.

Desain panalungtikan dibagankeun saperti ieu di handap:

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Nangtukeun masalah Ngawatesan jeung

ngarumuskeun masalah

Ngarumuskeun anggapan dasar

Nangtukeun sumber data

Nangtukeun jeung nyusun instrumen

Ngumpulkeun data ku cara wawancara jeung

studi dokuméntasi

Nganalisis data ku cara maluruh ajén budaya, stuktur jeung ajén atikan

karakter dina dongéng-dongéng di kabupatén

Cianjur Nyieun kacindekan jeung

(3)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan minangka hiji cara ilmiah pikeun meunangkeun

data nu miboga tujuan jeung mangpaat nu tangtu (Sugiyono, 2010:3). Métode

panalungtikan ogé manrupa hiji cara ngaréngsékeun pasualan ku cara

meunangkeun fakta jeung kacindekan pikeun maham, ngajelaskeun,

ngaramalkeun, jeung ngadalikeun kaayaan (AR spk, 2009:14). Tina dua sawangan

di luhur bisa dicindekkeun yén métode panalungtikan mangrupa cara nu dilakonan

dina kagiatan ilmiah saperti panalungtikan pikeun meunangkeun hasil nu luyu

jeung tujuan panalungtikan sangkan bisa kahontal.

Dina ieu panalungtikan, métode anu dipaké nya éta déskriptif analisis, nya

éta ngadéskripsikeun fakta-fakta tuluy dianalisis. Salian ti kitu, méré pamahaman

jeung panjelasan sacukupna (Ratna, 2007:53). Data didéskripsikeun pikeun

manggihan unsur-unsurna. Analisis nu dipaké ogé nya éta analisis ajén budaya

sarta atikan karakter anu bisa dijadikeun minangka model atikan karakter siswa.

Ku sabab kitu, métode anu luyu pikeun ieu panalungtikan nya éta métode

déskriptif analisis. Sabab salian ngadéskripsikeun fakta-fakta, ogé méré

pamahaman tina hasil analisis data nu dilakukeun.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré tur écés, istilah nu aya patalina jeung judul ieu

panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional di ieu handap :

1) Ajén Budaya

Ajén budaya mangrupa hiji hal nu dianggap hadé ku hiji kelompok atawa suku

bangsa anu can tangtu dianggap hade ku kelompok masarakat atawa suku

bangsa lian, sabab ajén budaya ngawatesan jeung mérékeun karakteristik dina

hiji masarakat jeung kabudayaanna. Ajén budaya mangrupa tingkat nu paling

abstrak tina adat, hirup jeung ngakar dina alam pikiran masarakat, jeung hésé

diganti ku ajén budaya lian dina waktu singget. Ajén budaya dina ieu

panalungtikan mangrupa nilai-nilai keseluruhan sistem berfikir, religi,

(4)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pilar utama nya éta hubungan : manusa jeung nu Nyiptakeunna; sasama

manusa; manusa jeung karyana; manusa jeung alam; manusa jeung waktu.

Contona dina dongéng sasakala pangguyangan badak putih aya ajén budaya

nulungan anu keur mikabutuh bantuan nya éta nalika monyét nulungan ka

maung lodaya anu keur hanaang hayang nginum. Hal éta mangrupa salah

sahiji tina lima pilar utama ajén budaya nya éta hubungan sasama manusa.

2) Struktur

Sacara étimologis, strukturalisme asal kecapna “stuktur, hartina nya éta ayana

hubungan nu tetep antara kelompok-kelompok gejala atawa unsur (élémén),

éta hubungan téh digelar ku panalungtik hasil tina pangamatan. Éta kaitanana

atawa hubungan saéstuna anu nangtukeun sarta ngécéskeun saban-saban objék

nu ditalungtil. Éta objék panalungtikan mungkin baé mangrupa badan manusa,

minat manusa, masarakat, matématika, métodologi, alam, bahasa, atawa sastra

kaitanana jeung gejala, dua hal penting anu sok disebut tadi téa mangrupa

sipat nu abstrak.

Strukturalisme téh mangrupa hiji pergerakan inteléktual, nu gelar di Prancis.

Dina praktékna strukturalisme téh leuwih umum dianggap minangka hiji

kaédah atawa métode anu tujuan utamana mah nya éta pikeun ngalelempeng

atawa méré pangajén ka para panalungtol dina ngalaksanakeun panalungtikan

nu leuwih nyosok jero ngeunaan hiji objék kajian. Nu kaasup kana stuktur

karya sastra téh nya éta galur, palaku, latar, jeung téma.

3) Atikan karakter dina ieu panalungtikan nya éta nilai-nilai karakter nu

ngabiasakeun siswa (dengan sadar, sistematis, jeung terencana) milampah nu

hadé boh tina ucapan boh tina paripolah. Analisis atikan karakter dina ieu

dongéng nya éta 18 atikan karakter anu dumasar tina hasil kajian empiric

Pusat Kurikulum nu sumberna tina agama, Pancasila, budaya, jeung tujuan

atikan nasional, nya éta : (1) agama, (2) jujur, (3) toléran, (4) tuhu kana aturan,

(5) suhud, (6) parigel, (7) mandiri, (8) démokratis, (9) hayang nyaho, (10)

(5)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sosobatan/komunikatif, (14) cinta damai, (15) resep maca, (16) miduli

lingkungan, (17) miduli sosial, (18) Tanggung Jawab.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén diperlukeun pikeun meunangkeun data. Numutkeun Arikunto

(2010, kc. 203) instrumén nyaéta pakakas nu digunakeun ku panalungtik dina

ngumpulkeun data sangkan pagaweanana leuwih gampang jeung meunangkeun

hasil nu hadé, dina harti taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih gampang

ngolahna. Sedengkeun Ratna (2010:247) nételakeun yén instrumén utama dina

hiji panalungtikan nya éta panalungtik.

Instrumén dina ieu panalungtikan ngawengku pedoman wawancara jeung

kartu data.

3.5.1 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara dipaké pikeun ngumpulkeun dongéng anu aya di

Kabupatén Cianjur anu masih sumebar sacara lisan ti informan. Pedoman

wawancara dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara henteu

berstruktur di mana informan teu kawatesanan dina ngébréhkeun pamadegan

jeung pangaweruh ngeunaan dongéng. Ieu di handap mangrupa pedoman

wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan.

Pedoman Wawancara Dongéng nu aya di Kabupatén Cianjur 1. Idéntitas Narasumber

a. Ngaran:

b. Umur:

c. Warna Jinis:

d. Pakasaban:

e. Atikan :

f. Basa nu dipaké sapopoé:

g. Padumukan:

(6)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3. Eusi Dongéng :

3.5.2 Kartu Data

Kartu data digunakeun sangkan panalungtik leuwih gampang ngolah data.

Kartu data dina ieu panalungtikan aya dua nya éta nu kahiji kartu data pikeun

maluruh struktur instrinsik dongéng jeung ajén budya, nu kadua kartu data pikeun

maluruh atikan karakter.

1) Kartu data Struktur

Kartu Data maluruh Stuktur Intrinsik Dongéng

Waktu Observasi :

Tempat :

Kode :

Sumber :

Kalimah : Kode :

Katerangan :

Tabél 3.1 Kode Judul Dongéng

Judul Dongéng Kode

(1) (2)

1. Asal Usul Désa Ménténgsari (1)

2. Asal Usul Hayam Pelung (2)

3. Asal Usul Silat Jurus Cimandé (3)

4. Carita Kuda Kosong (4)

(7)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(1) (2)

6. Dongéng Sasakala Gunung Padang (6)

7. Dongéng Sasakala Gunung Putri (7)

8. Jangari nu Kalindih (8)

9. Jayasana Medal Sila (9)

10.Kasaktian Juragan Wira (10)

11.Ki Rangga jeung Dewi Rengganis (11)

12.Sasakala Cibulakan (12)

13.Sasakala Pangguyangan Badak Putih (13)

14.Sasakala Talaga Warna (14)

15.Sasakala Walungan Citarum (15)

16.Pajaratan Kabayan (16)

Tabél 3.2

Kode Struktur Dongéng

Stuktur Kode

1. Téma a

2. Palaku b

3. Galur c

4. Setting d

5. Amanat e

Lian ti instrumén di luhur, pikeun ngagampangkeun dina ngolah datana, ieu

panalungtikan ogé ngagunakeun instrumén tabulasi.

Tabel 3.3

Interpretasi kana Struktur Dongéng

(8)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2) Kartu data Ajén Budaya

Kartu Data maluruh Ajén Budaya

Kode :

Sumber :

Kalimah : Kode :

Katerangan :

Tabél 3.4 Kode Ajén Budaya

Ajén Budaya Kode

1. Pasualan ngeunaan Hakékat manusa MH

2. Pasualan ngeumaan Manusa jeung alam sabudeureunna MA

3. Pasualan ngeunaan Manusa jeung manusa MM

Lian ti instrumén di luhur, pikeun ngagampangkeun dina ngolah datana, ieu

panalungtikan ogé ngagunakeun instrumén tabulasi, anu dipatalikeun jeung atikan

karakter.

Tabél 3.5

Interprétasi tina Ajén Budaya kana Atikan Karakter Kode Kalimah Kode Ajén

Budaya

(9)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta prosedur anu sistematis

pikeun meunangkeun data anu diperlukeun (Satori, 2009:103). Panalungtikan nu

dilakukeun ngaliwatan sumber-sumber lisan jeung tinulis. Ku sabab kitu, sangkan

data maksimal, aya sababaraha léngkah dina ieu panalungtikan, nya éta :

3.6.1 Studi Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi mangrupa téhnik ngumpulkeun data nu mangrupa

catetan, transkrip, buku, jsb (Arikunto, 2010:231). Téhnik dokuméntasi

digunakeun ogé pikeun analisis struktur intrinsik dongéng.

3.6.2 Wawancara

Wawancara mangrupa lawungan antara dua orang atawa leuwih pikeun

tukeur informasi jeung ide ngaliwatan tanya jawab sangkan bisa dikontruksikeun

dina hiji topik nu tangtu. Wawancara mangrupa alat pikeun pambuktian kana

informasi atawa katerangan anu geus dimeunangkeun saacanna jeung magrupa

téhnik komunikasi langsung antara panalungtik jeung sampel.

Data dongéng nu didongéngkeun bisa direkam tuluy ditulis, tapi kudu

sakanyaho informan. Dina ieu panalungtikan, panulis nya éta instrumén utama.

Tapi, tetep dibantuan ku instrumén séjénna.

Instrumén dina ieu panalungtikan nya éta panalungtik éta sorangan, sabab

ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif (Sugiono, 2010:305). Tapi

panalungtik ogé dibantuan ku instrumén séjénna saperti alat rekam, buku catetan,

jeung pedoman wawancara, nu digunakeun dina pangumpulan data.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun tangtuna kudu diolah pikeun didéskripsikeun sangkan bisa dijieun kacindekan ngeunaan data panalungtikan. Data anu geus

dikumpulkeun mangrupa kartu data anu diolah ngaliwatan sababaraha léngkah,

(10)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1) Data analisis struktur instrinsik dongéng

Pikeun ngolah ieu data, panalungtik ngalakukeun sababarah léngkah nya éta:

(1) panalungtik nganalisis kartu data ;

(2) hasil analisis dibaca jeung dibéré tanda;

(3) hasil maca dianalisis tur diklasifikasikeun dumasar strukturna;

(4) hasil analisis ditulis dina kartu data;

(5) kartu data disusun dina tabél; jeung

(6) nyieun kacindekan tina data anu geus diolah dina wangun perséntase.

2) Data hasil wawancara

Pikeun mikanyaho dongéng, panalungtik ngayakeun wawancara ka tokoh.

Anu jadi réspondén dina ieu panalungtikan nya éta tokoh anu dianggap weruh boh

anu aya di lingkungan formal saperti guru boh di lingkungan informal saperti

jalma anu jadi tokoh di lingkungan sabudeureunna.

Léngkah anu dilakukeun nya éta:

(1) panalungtik ngawawancara narasumber;

(2) hasil wawancara dianalisis; jeung

(3) nyieun kacindekan.

3.8 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Ieu panalungtikan disusun ngaliwatan opat léngkah, nya éta: (1) tahap

tatahar, (2) tahap ngumpulkeun data, (3) tahap ngolah data, jeung (4) tahap

nyusun laporan. Léngkah-léngkah panalungtikan dijéntrékeun ieu di handap:

1) Tahap Tatahar

Léngkah-léngkah anu dilakukeun dina tahap tatahar, nya éta (1) obsérvasi

awal, (2) ngajukeun judul panalungtikan, (3) nyusun rarancang panalungtikan,

jeung (4) konsultasi jeung dosén pangaping.

2) Tahap Ngumpulkeun Data

Léngkah-léngkah dina tahap ngumpulkeun data, nya éta: (1) ulikan pustaka

pikeun pamahaman awal kana masalah anu ditalungtik, (2) ngayakeun wawancara

jeung narasumber ngeunaan dongéng , jeung (6) hasil wawancara dicatet atawa

(11)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3) Tahap Ngolah Data

Léngkah-léngkah dina ngolah data, nya éta: (1) data dongéng

dipasing-pasing, (2) data dianalisis tuluy diklasifikasi, (3) nyieun kacindekan tina hasil

analisis data dina wangun déskripsi, (4) data ngeunaan dongéng disusun, (5)

nyieun kacindekan tina data wawancara dina wangun déskripsi, (6)

ngabandingkeun dua data, (7) nyieun kacindekan.

4) Tahap Nyusun Laporan

Tahap nyusun laporan panalungtikan mangrupa tahap anu pamungkas.

Data-data anu geus dikumpulkeun, dianalisis, tuluy dicindekkeun disusun dina wangun

Gambar

Tabel 3.3 Interpretasi kana Struktur Dongéng

Referensi

Dokumen terkait

Lalu kasus terbanyak yang menyebabkan perdarahan saluran cerna bahagian atas adalah varices esofagus sebanyak 104 kasus (31%), disusul oleh ulkus gaster sebanyak 52

TPTA : menghadiri UTA sesuai undangan, memberikan pertanyaan dari hasil penelitian yang sudah didapat mahasiswa, memberikan penilaian, memberikan keputusan Lulus /

ANALISIS KEBUTUHAN ALAT PRAKTIK UNTUK MENCAPAI TUNTUTAN KOMPETENSI PADA MATA PELAJARAN CHASSIS DAN PEMINDAH TENAGA KENDARAAN RINGAN KELAS XI DI SMK. Universitas Pendidikan Indonesia

Berikut gambar dari standard ruang parkir pada badan jalan berdasarkan peraturan yang telah dibuat oleh Direktur Jenderal Perhubungan Darat, Departemen Perhubungan

PENGARUH GAYA MENGAJAR RESIPROKAL DALAM PEMBELAJARAN PERMAINAN BOLA VOLI TERHADAP. PENGEMBANGAN

Dr Anthony Duckworth-Smith / Australian Urban Design Research Centre ; University of Western Australia, 2013 , Activity Corridor Intensification in Perth and the role of Design

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Penerapan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu