• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN"

Copied!
9
0
0

Teks penuh

(1)

40

Winda Rohayani, 2013

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta struktur intrinsik jeung unsur-unsur budaya dina karya sastra Sunda. Lantaran panalungtik ngagunakeun dokuméntasi anu datana mangrupa dokumén, jadi sumber data nu digunakeun pikeun meunangkeun data basa dina tulisan nya éta dina novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar nu diterbitkeun ku Pusat studi Sunda citakan ka-4 taun 2011. Ukuran buku 21 cm x 14 cm. Kandelna nya éta 164 kaca anu diwangun ku 22 bab. Ieu novél mangrupa séri ka-opat dina runtuyan novél sajarah karajaan Sunda meunang Yoséph Iskandar, sarta novél ieu dilélér Hadiah Sastra Rancagé taun 1992.

3.2 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan kaasup kana panalungtikan dasar (grounded theory) tur maké pamarekan kualitatif. Panalungtikan dasar atawa grounded theory mangrupa panalungtikan anu miboga tujuan pikeun meunangkeun tiori ngaliwatan data. Pikeun ieu panalungtikan, data mangrupa aspék pangpentingna lantaran numutkeun ieu panalungtikan mah hiji konsép bisa diwangun ku kumpulan data nu geus dianalisis. Hasil prosés ngumpulkeun sarta nganalisis data mangrupa hiji tiori. Ari pamarekan kualitatif dina panalungtikan téh nya éta pamarekan anu ngandekeun kana data nu dimeunangkeun sarta nafsirkeun data sacara narasi atawa ngingkahan cara statistik jeung itungan.

Ku kituna, dina ieu panalungtikan dilaksanakeun prosés ngumpulkeun jeung nganalisis data. Desain dina ieu panalungtikan bisa dibagankeun saperti ieu di handap.

(2)

Winda Rohayani, 2013

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode nya éta cara nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan gumantung kana tujuan panalungtikan, sipat masalah nu digarap, sarta alternatif-alternatif séjénna. Métode nu bisa dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Nu nyusun miboga tujuan sangkan bisa nepikeun jeung ngabahas ngeunaan struktur carita luyu jeung tiori Stanton sarta unsur budaya anu nyampak dina novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana luyu jeung tiori unsur kabudayaan universal.

3.4 Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Struktur jeung Unsur Budaya dina Novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar pikeun

Nangtukeun masalah

Ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah

Nangtukeun jeung nyieun instrumén

Ngumpulkeun data

Nganalisis data

Ngadéskripsikeun data

(3)

Winda Rohayani, 2013

Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA”. Sangkan aya gambaran, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, diantarana: a. Struktur intrinsik

Struktur nya éta bagéan-bagéan anu ngawangun hiji hal. Upamana dina karya sastra, struktur dina karya sastra nya éta unsur-unsur anu ngawangun karya sastra sangkan hiji karya sastra jelas tur lengkep eusi jeung tujuanna. Struktur dina ieu panalungtikan nyoko kana struktur intrinsik carita anu ngawengku : (1) téma; (2) palaku; (3) galur; (4) latar; (5) judul; (6) gaya basa; jeung (7) puseur sawangan.

b. Unsur budaya

Unsur budaya nya éta bagéan-bagéan anu ngawangun hiji kabudayaan. Unsur di dieu jembar wangenanna. Ku kituna sangkan teu bulat-beulit tur malapah gedang, unsur budaya dina ieu panalungtikan nyoko kana : (1) basa; (2) sistem pangaweruh; (3) sistem jeung organisasi kamasarakatan; (4) sistem téknologi; (5) sistem pakasaban; (6) sistem religi jeung upacara kaagamaan; jeung (7) kesenian.

c. Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana

Novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Novel nya éta salasahiji karya sastra wangun lancaran atawa prosa anu panjangna leuwih panjang dibanding carpon sarta eusina nyaritakeun kajadian sapopoé tapi palaku jeung kajadianna leuwih loba sarta leuwih kompleks. Novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana mangrupa salasahiji novel karya Yoséph Iskandar anu masih aya patula-patalina jeung novel Perang Bubat.

d. Bahan ajar aprésiasi sastra nya éta bahan ajar anu ngawengku aprésiasi sastra anu bentukna prosa jeung puisi. Dina ieu hal nya éta aprésiasi sastra prosa nya éta novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana.

Jadi nu dimaksud “Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana Karangan Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA” nya éta panalungtikan anu nalungtikan anu

(4)

Winda Rohayani, 2013

nalungtik struktur intrinsik jeung unsure budaya anu nyampak dina novel pikeun dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra prosa SMA kelas XI.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Data dina ieu panalungtikan nya éta sakumna hasil analisis struktur jeung unsur budaya dina novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Dina tahapan ngumpulkeun jeung nganalisis data tangtuna ngagunakeun instrumén. Instrumén nya éta alat anu dipaké ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data.

Dina ieu panalungtikan, dipaké instrumén nu mangrupa kartu data anu fungsina pikeun nyimpen data-data nu dianalisis.

Gambar 3.1

Conto Kartu Data Analisis Struktur Intrinsik

Gambar 3.2

Conto Kartu Data Analisis Unsur Budaya Kode data : Struktur nu dianalisis : Cutatan : Kode data : Unsur nu dianalisis : Cutatan :

(5)

Winda Rohayani, 2013

Gambar 3.3

Conto Analisis Struktur Intrinsik

Gambar 3.4

Conto Analisis Unsur Budaya

Dina pengkodean data, dilakukeun dumasar unsur nu dianalisis. Data nu ditulis dina pengkodean nya éta struktur intrinsik/unsur budaya, urutan data, jeung kaca data anu aya dina sumber data. Contona dina pengkodean analisis struktur intrinsik aya kode 4/11/65/5. 4 mangrupa kode pikeun latar, 11 mangrupa kode urutan data, 65 mangrupa kode kaca, sarta 5 mangrupa kode paragraf. Kode pikeun analisis unsur intrinsik nya éta (1) téma; (2) galur; (3) palaku; (4) latar; (5) puseur sawangan; jeung (6) gaya basa.

Kitu ogé dina pengkodean unsur budaya dina novél. Contona nya éta 4/3/28/1. 4 mangrupa kode téknologi, 3 mangrupa kode urutan data, 28 mangrupa

Kode data : 4/11/65/5

Struktur nu dianalisis : Latar

Cutatan : “Angin beurang ngahiliwir di

Sanghiyang Linggahiyang. Prabu Wangisutah jeung Rakéan Hujung piligenti nyaritakeun pangalaman salila lalampahan ka Nagri Majapait.”

Kode data : 4/3/28/1

Unsur nu dianalisis : Téknologi (pakarang)

Cutatan : “Dua jamparing dialak-ilik ku Prabu Wangisutah jeung Rakéan Hujung.”

(6)

Winda Rohayani, 2013

kode kaca, sarta 1 mangrupa kode paragraf. Kode pikeun nganalisis unsur budaya nya éta (1) basa; (2) sistem pangaweruh; (3) sistem organisasi jeung kamasarakata; (4) téknologi; (5) sistem pakasaban; (6) sistem réligi jeung upacara kaagamaan; jeung (7) kasenian.

Salian ti ngagunakeun kartu data, dina ieu panalungtikan digunakeun sistem tabél atawa sistem tabulasi pikeun nganalisis unsur-unsur karya sastra anu aya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Udaganana nya éta sangkan gampang dina nganalisis data sarta gampang nyieun kacindekan. Dina ieu tabél nu dianalisis nya éta struktur intrinsik dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana dumasar kana unsur karya fiksi beunang Robert Stanton.

Tabél 3.1

Sistem Papasingan Unsur Intrinsik Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana

No. Unsur Intrinsik Data Kode Data

(1) (2) (3) (4) 1. Téma 2. Galur 3. Palaku 4. Latar (tempat/waktu/suasana) 5. Puseur Sawangan (Point of view) 6. Gaya Basa

Salian ti nganalisis unsur intrinsik, dina ieu panalungtikan dianalisis ogé unsur budaya anu nyampak dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Ieu di handap mangrupa tabél nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data unsur budaya sangkan gampang dianalisisna jeung nyieun kacindekan tina ieu panalungtikan.

(7)
(8)

Winda Rohayani, 2013

Tabél 3.2

Sistem Papasingan Unsur Budaya

No. Unsur Budaya Data Kode Data

(1) (2) (3) (4)

1. Basa

2. Sistem Pangaweruh 3. Sistem jeung organisasi

kamasarakatan 4. Sistem téknologi 5. Sistem pakasaban 6. Sistem réligi jeung

upacara kaagamaan 7. Kasenian

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dumasar kana métode anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan, téhnik panalungtikan anu dipaké nya éta téhnik ulikan pustaka. Téhnik ulikan pustaka nya éta kagiatan maca buku nu raket patalina jeung masalah panalungtikan.

Data nu dipaké ku panalungtik nya éta novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana citakan kadua anu medal taun 2011 ku pamedal Kiblat. Dina ieu panalungtikan, téhnik ulikan pustaka digunakeun pikeun néangan data atawa informasi anu aya patalina jeung tiori ngeunaan struktur novel jeung ajén budaya anu nyampak dina novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data nya éta ;

1) Maca sagemblengna téks novél;

2) Nyirian data anu aya patalina jeung unsur intrinsik sarta unsur kabudayaan; 3) Ngasupkeun data-data nu geus dicirian kana kartu data sangkan babari

(9)

Winda Rohayani, 2013

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta analisis data. Téknik analisis data pikeun nganalisis struktur intrinsik anu kawengku dina unsur-unsur carita sarta unsur-unsur kabudayaan anu aya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Léngkah-léngkahna di antarana :

a. Nganalisis data nu geus dikumpulkeun; b. Ngadéskripsikeun;

c. Ngainterprétasikeun data luyu jeung tiori tatapakanna; d. Nyusun bahan pangajaran maca kelas XI;

e. Nafsirkeun data; jeung

Referensi

Dokumen terkait

Berdasarkan hasil penelitian yang dilakukan, sistem penyelesaian masalah yang dilakukan di Mukim Ladang Lemisik berpedoman pada Qanun (Peraturan Pemerintah Provinsi Aceh) Nomor

Tabel 4.5 Tanggapan Responden terhadap Dimensi Peningkatan Hasil Kerja

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

PENGARUH MODIFIKASI BOLA TERHADAP HASIL KETERAMPILAN BERMAIN SEPAKBOLA SISWA DI SMPN 1 LEMBANG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

"E-KTP yang sudah jadi, chip berada di dalam, berbeda dengan e-KTP uji coba di mana chip ada di luar," kata Mendagri saat ditemui di Pangkalpinang dalam

Expected Outcomes Areas Project Start Project End Total Funding Capital spending (%) 2009 plan 2009 actual disburseme nt salary/ wage goods & service minor

Hasil uji koefisien determinasi R Square = 0,706, berarti 70,6% prestasi kerja karyawan dapat dijelaskan oleh kesehatan, keselamatan dan motivasi, sedangkan sisanya 29,4%

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat