KAMAMPUH NGAGUNAKEUN UNSUR SEREPAN
DINA KARANGAN ÉKSPOSISI SISWA KELAS VII B
SMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2013/2014
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
ku
DIAN NURUL HIDAYANTI NIM 1002631
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
KAMAMPUH NGAGUNAKEUN UNSUR SEREPAN
DINA KARANGAN ÉKSPOSISI SISWA KELAS VII B
SMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2013/2014
Oleh
Dian Nurul Hidayanti
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Dian Nurul Hidayanti Universitas Pendidikan Indonesia
Juni 2014
Hak Cipta dilindungi Undang-undang
KAMAMPUH NGAGUNAKEUN UNSUR SEREPAN
DINA KARANGAN ÉKSPOSISI SISWA KELAS VII B
SMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2013/2014
1Dian Nurul Hidayanti2
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh banyaknya unsur serapan yang masuk ke dalam bahasa Sunda untuk komunikasi sehari-hari, baik lisan maupun tulisan. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendeskripsikan kemampuan menggunakan unsur serapan pada karangan eksposisi siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang. Deskripsinya mencakup (1) unsur serapan yang terdapat pada karangan siswa, (2) kesalahan penulisan unsur serapan yang dilakukan siswa, dan (3) kemampuan siswa menggunakan unsur serapan dalam karangan. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Data dikumpulkan melalui teknik tes, sedangkan teknik pengolahan data menggunakan teknik analisis unsur langsung. Sumber data penelitian ini adalah siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang yang berjumlah 41 siswa, 28 laki-laki dan 13 perempuan. Data dalam penelitian ini adalah kemampuan siswa menggunakan unsur serapan dalam karangan eksposisi. Dari hasil analisis data dapat disimpulkan bahwa dalam karangan eksposisi siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang terdapat 176 unsur serapan dengan frekuensi 844 kali. Unsur serapan tersebut berasal dari 11 bahasa (Inggris, Indonesia, Arab, Sansekerta, Belanda, Kawi, Melayu, Prancis, Persia, Jawa, dan Jepang). Kesalahan penulisan unsur serapan berkaitan dengan pertukaran vokal, kesalahan suku kata, dan penambahan atau pengurangan fonem. Kemampuan siswa dalam menggunakan unsur serapan sebagian besar tergolong istimewa (48,7%) dan baik sekali (24,3%).
Kata Kunci: unsur serapan, kemampuan menggunakan unsur serapan, karangan eksposisi
THE ABILITY OF USING ABSORPTION SUBSTANCE IN EXPOSITION TEXT AT SEVENTH GRADE STUDENT OF SMP
NEGERI 3 LEMBANG ACADEMY YEAR 2013/2014
Dian Nurul Hidayanti
ABSTRACT
The research is based by the many of absorption substance of Sundanese language for daily communication, neither speaking or writing ability. This study aims to find and describe the ability of using absorption substance in exposition text at seventh grade of SMPN 3 Lembang. The description covers (1) the absorption substance of student text (2) the errors of writing absorption substance in writing text (3) the student ability of using absorption substance of the text. This study used descriptive method with test technique. The data was processed through direct analysis technique. The sources of data in this study were student of SMPN 3 Lembang, that have 41 students, 28 boys and 13 girls. The data of this research was the student ability of using absorption substance in exposition text. The result of this research that on the exposition text of seventh grade student of SMP Negeri 3 Lembang there were 176 absorption substance with 844 times frequence. That absorption substance were came from 11 languages (English, Indonesia, Arabian, Sansekerta, Dutch, Kawi, Malayan, French, Persian, Javanese, and Japanese ). The errors of writing absorption is related of vocal exchanges, the errors of syllable, and phoneme increasing or phoneme decreasing. Most of the student ability of using absorption substance were classified of special category (48,7%) and excellent category (24,3%).
DAPTAR EUSI
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... ii
TAWIS NUHUN ... iii
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABÉL ... ix
DAPTAR SINGGETAN... x
DAPTAR LAMPIRAN ... xi
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3
1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3
1.2.2 Rumusan Masalah ... 3
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 Raraga Nulis ... 5
BAB II ULIKAN TIORI UNSUR SEREPAN JEUNG KARANGAN ÉKSPOSISI ... 7
2.1 Éjahan Basa Sunda ... 7
2.1.1 Watesan Éjahan ... 7
2.1.2 Wengkuan Éjahan ... 7
2.1.3 Unsur Serepan Minangka Bagian tina Éjahan ... 8
2.1.3.1 Watesan Unsur Serepan ... 8
2.1.3.2 Palanggeran Nuliskeun Unsur Serepan... 8
vii
2.2.1 Watesan Karangan ... 13
2.2.2 Kagiatan Ngarang ... 13
2.2.3 Wangenan Karangan Narasi, Déskripsi, Éksposisi, jeung Arguméntasi ... 15
2.3 Karangan Éksposisi ... 16
2.3.1 Wangenan Karangan Éksposisi ... 16
2.3.2 Ciri-ciri Karangan Éksposisi ... 17
2.3.3 Sarat Nulis Éksposisi... 18
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 19
3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan ... 19
3.2 Desain Panalungtikan ... 19
3.3 Métode Panalungtikan ... 20
3.4 Wangenan Operasional ... 21
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 21
3.5.1 Lembaran Tés ... 22
3.5.2 Kartu Data... 22
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 23
3.7 Téhnik Ngolah Data ... 23
BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS KAMAMPUH SISWA DINA MAKÉ UNSUR SEREPAN ... 24
4.1 Data Unsur Serepan jeung Kasalahan Nulisna ... 24
4.1.1 Data Unsur Serepan ... 24
4.1.2 Data Kasalahan Nuliskeun Unsur Serepan ... 29
4.2 Analisis Unsur Serepan Basa Sunda ... 32
4.2.1 Unsur Serepan tina Basa Inggris ... 32
4.2.2 Unsur Serepan tina Basa Indonesia ... 34
4.2.3 Unsur Serepan tina Basa Sangsekerta ... 36
4.2.4 Unsur Serepan tina Basa Arab... 37
viii
4.2.6 Unsur Serepan tina Basa Malayu ... 39
4.2.7 Unsur Serepan tina Basa Jawa... 40
4.2.8 Unsur Serepan tina Basa Kawi ... 41
4.2.9 Unsur Serepan tina Basa Prancis ... 41
4.2.10 Unsur Serepan tina Basa Persia ... 42
4.2.11 Unsur Serepan tina Basa Jepang ... 43
4.3 Analisis Kasalahan Nuliskeun Unsur Serepan ... 43
4.3.1 Kasalahan Nuliskeun Vokal... 44
4.3.2 Kasalahan Nuliskeun Konsonan ... 45
4.3.3 Kasalahan Nuliskeun Pola Engang Unsur Serepan ... 46
4.3.4 Kurang Nuliskeun Hiji Foném dina Unsur Serepan ... 47
4.3.5 Kaleuwihan Nuliskeun Hiji Foném dina Unsur Serepan... 47
4.4 Kamampuh Siswa Kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang dina maké Unsur Serepan... 48
4.5 Pedaran ... 51
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 53
5.1 Kacindekan ... 53
5.2 Saran ... 53
DAPTAR PUSTAKA ... 55
LAMPIRAN ... 57
BAB 1 BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Basa nyaéta alat nu dipaké ku manusa pikeun ngedalkeun eusi haténa, diwangun ku runtuyan sora nu geus ditangtukeun éntép seureuhna ku masarakat nu maké éta basa (Wirakusumah & Djajawiguna, 1969, kc. 5, dina Sudaryat, 2004, kc. 5).
Salaku mahluk sosial, manusa teu bisa leupas tina kagiatan komunikasi dina kahirupan sapopoéna. Basa miboga fungsi salaku alat komunikasi manusa, boh komunikasi sacara langsung, ngagunakeun media lisan, boh komunikasi sacara teu langsung nu ngagunakeun media tulisan.
Dina fungsina pikeun alat komunikasi, basa dipaké pikeun nepikeun idé, gagasan, rasa, eusi pikiran, kahayang jeung sagala pangalaman kalawan gemet tur lengkep. Pikeun ngalaksanakeun komunikasi teu langsung, nu maké basa ngagunakeun media tulis minangka alatna. Palebah dieu, nu nulis kudu boga kaparigelan pikeun ngaruntuykeun kecap-kecap saluyu jeung eusi haténa. Luyu jeung katerangan Tarigan (2008, kc. 3) yén:
Menulis merupakan suatu keterampilan berbahasa yang dipergunakan untuk berkomunikasi secara tidak langsung, tidak secara tatap muka dengan orang lain. Menulis juga merupakan suatu kegiatan yang produktif dan ekspresif.
Basa téh cicirén bangsa. Budi parangi, carana mikir, pacabakan, angen-angen, jeung susunan masarakat bisa kagambarkeun dina basana (Prawirasumantri spk, 2007, kc. 9). Basa Sunda mangrupa bagian tina basa anu aya di dunya anu miboga ciri mandiri anu bisa dibédakeun jeung basa séjén. Tapi dina kamekaranana, teu salawasna basa madeg mandiri, hususna basa Sunda, sabab kapangaruhan ku basa séjén saperti Sangsekerta, Indonesia, Jawa, jsté.
2
kagiatan perdagangan jeung penyebaran ajaran agama Islam dina mangsa katukang. Salasahiji tarékah pikeun mikanyaho kamampuh basa tinulis siswa hususna dina maké unsur serepan bisa ngaliwatan tés tulis.
Kamampuh maké unsur serepan siswa téh bisa kapanggih dina waktu nulis rupa-rupa karangan, boh fiksi boh non fiksi, umpamana waé kapanggih dina nulis karangan éksposisi. Karangan éksposisi nyaéta karangan nu eusina miboga udagan pikeun ngajéntrékeun hiji pasualan atawa pamikiran anu bisa ngalegaan pamikiran hiji jalma.
Nulis karangan éksposisi aya dina Standar Kompetensi Dasar (SKKD) 2007 mata pelajaran basa Sunda kelas VII nu standar kompetensina nyaéta 7.4 Mampu menulis untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam bentuk menulis pengalaman, biografi, sajak, dan bahasan, sarta kompetensi dasarna nyaéta 7.4.4 Menulis bahasan (eksposisi) (SKKD, 2007, kc. 94).
Dumasar kana hasil observasi, panalungtikan anu sawanda anu geus dilaksanakeun, di antarana nyaéta “Kecap Serepan Basa Arab kana Basa Sunda
dina Novel Béntang Pasantrén Karangan Usep Romli HM.” (Nurkamilah, 2004),
3
jeung Semantis kana Istilah Téhnologi Informasi jeung Komunikasi)” (Rahmansyah, 2007).
Aya sasaruaan jeung bédana panalungtikan anu geus aya jeung panalungtikan anu rék dilaksanakeun. Sasaruanna nyaéta sacara umum sarua pada-pada nalungtik ngeunaan unsur serepan. Ari bédana nyaéta data jeung sumber data anu ditalungtikna. Panalungtikan anu geus dilaksanakeun ngeunaan unsur serepan basa Sunda tina basa Arab, nataan unsur serepan tina basa Jawa, nalungtik wangun, warna, harti kecap serepan dina karangan berita, sarta nalungtik struktur jeung semantik dina istilah TIK. Ari panalungtikan anu rék dilaksanakeun nyaéta nataan unsur serepan anu kapanggih, kasalahan nulis anu dipilampah, sarta ngukur kamampuh siswa dina karangan éksposisi.
Panalungtikan anu husus ngukur kamampuh maké unsur serepan dina nulis karangan éksposisi siswa kelas VII SMP can aya nu nalungtik. Ku kituna,
panalungtikan anu judulna “Kamampuh Ngagunakeun Unsur Serepan dina
Karangan Éksposisi Siswa Kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014” téh kacida pentingna pikeun dilaksanakeun.
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah
4
1.2.2 Rumusan Masalah
Luyu jeung watesan masalah di luhur, wincikan ieu masalah panalungtikan rék disusun dina wangun pananya saperti ieu di handap.
(1) Unsur serepan tina basa naon waé nu kapanggih dina karangan éksposisi siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang taun ajaran 2013/2014?
(2) Kasalahan nuliskeun unsur serepan naon waé nu dipilampah ku siswa kelas VII SMP B Negeri 3 Lembang taun ajaran 2013/2014?
(3) Kumaha kamampuh siswa kelas VII SMP B Negeri 3 Lembang dina maké unsur serepan waktu nulis karangan éksposisi taun ajaran 2013/2014?
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun kamampuh maké unsur serepan nu dilakukeun ku siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang dina karangan éksposisi taun ajaran 2013/2014.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun kamampuh maké unsur serepan dina nulis karangan éksposisi siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang. Ari déskripsina ngawengku:
(1) unsur serepan tina basa nu kapanggih dina karangan éksposisi siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang taun ajaran 2013/2014
(2) kasalahan nuliskeun unsur serepan nu dipilampah ku siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang taun ajaran 2013/2014
5
1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis
Panulis miharep sangkan ieu panalungtikan téh miboga mangfaat tioritis, nyaéta ngajembaran pangaweruh dina widang tata basa jeung palanggeran éjahan hususna ngeunaan unsur serepan.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Lian ti mangpaat tioritis, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat praktis saperti ditaaan ieu di handap.
(1) Mangpaat pikeun guru nyaéta bisa jadi sumber informasi ngeunaan kamampuh dina maké unsur serepan nu dilakukeun ku parasiswa kelas VII SMP Negeri 3 Lembang, sarta méré patokan ka guru dina meunteun karangan éksposisi.
(2) Mangpaat pikeun siswa nyaéta bisa mikawanoh kasalahan dina ngagunakeun unsur serepan, maham kana unsur serepan, sarta méré pangalaman anyar hususna dina nyieun karangan éksposisi.
(3) Mangpaat pikeun panalungtik nyaéta meunang gambaran leuwih teleb ngeunaan kamampuh maké unsur unsur serepan dina karangan éksposisi siswa kelas VII SMP Negeri 3 Lembang.
1.5 Raraga Nulis
Nyusun hiji laporan dina wangun skripsi jadi tahap ahir dina ieu panalungtikan. Dina nulis ieu skripsi, sacara gurat badag dibagi jadi lima bab saperti ditataan ieu di handap.
Bab I bubuka, eusina ngeunaan sub judul, nya éta kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan nya éta tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan nu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, sarta raraga nulis.
6
mangpaat nulis, sarta tiori ngeunaan éksposisi nu ngawengku wangenan karangan éksposisisi, ciri-ciri éksposisi, jeung sarat nulis éksposisi.
Bab III métode panalungtikan, dina bab tilu eusina ngeunaan lokasi jeung subjék panalungtikan, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung léngkah-léngkah panalungtikan.
Bab IV déskripsi ngeunaan data unsur serepan anu kapanggih, data kasalahan nuliskeun unsur serepan nu dipilampah, jeung kamampuh siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang dina ngagunakeun unsur serepan.
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan
Lokasi panalungtikan dilaksanakeun di SMP Negeri 3 Lembang, ari subjék panalungtikanana nyaéta siswa kelas VII. Ku lantaran jumlah kelas VII aya salapan kelas, pikeun sumber data ditangtukeun kelas VII B, nu jumlah siswana aya 41 urang, 28 lalaki jeung 13 awéwé. Tina sumber data siswa dijaring data nu mangrupa karangan éksposisi dina basa Sunda. Éta karangan éksposisi siswa téh dijadikeun sumber data pikeun nganalisis kamampuh siswa ngeunaan nuliskeun unsur serepan.
3.2 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nyaéta rarancang, runtuyan, jeung stratégi invéstigasi salaku tungtunan atawa arahan ngeunaan eusi patalékan panalungtikan nu geus dijieun (Guba, 1984, dina Suharsaputra, 2012, kc. 194).
20
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Tahap Tatahar
1) Nangtukeun masalah panalungtikan 2) Nangtukeun sumber data panalungtikan
3) Nangtukeun métode jeung instrumén panalungtikan 4) Konsultasi ka dosén pangaping
Tahap Ngumpulkeun Data
1) Ngayakeun tés kamampuh ngagunakeun unsur serepan ngaliwatan tés karangan éksposisi
2) Konsultasi ka dosén pangaping
1) Tahap Ngolah Data
2) Mariksa hasil tés kamampuh siswa
3) Ngadéskripsikeun hasil tés kamampuh siswa 4) Nyindekkeun hasil kamampuh siswa
5) Konsultasi ka dosén pangaping
Tahap Nyusun Laporan
1) Nyusun laporan panalungtikan dina wangun skripsi
3.3. Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan nyaéta hiji cara pikeun meunangkeun pangaweruh atawa jalan pikeun ngaréngsékeun pasualan nu disanghareupan, dilakukeun sacara ilmiah tur sistematis tur logis (Arikunto, 2010, kc. 203).
21
ngaplikasikeun hasil tina ngumpulkeun, nyusun, jeung interpretasi data. Tujuan ngagunakeun métode déskriptif dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun kamampuh maké unsur serepan nu dilakukeun ku siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang dina karangan éksposisi.
3.4 Wangenan Operasional
Judul ieu panalungtikan nya éta kamampuh maké unsur serepan dina nulis karangan éksposisi siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang taun ajaran 2013/2014. Sangkan aya gambaran sarta teu salah tafsir ngeunaan éta judul, bakal didadarkeun wangenan-wangenan istilah nu aya dina ieu judul panalungtikan saperti ieu di handap.
(1) Kamampuh nulis nyaéta kamampuh ngagunakeun basa dina wangun tinulis, pikeun nepikeun gagasan, eusi pikiran, kahayang, kereteg haté, atawa informasi.
(2) Unsur serepan nyaéta basa nu asalna tina basa séjén anu diserep jeung dipaké ku urang Sunda, boh tina basa daérah séjén, boh basa Indonesia, Sansekerta, Arab, Portugis, Belanda, Inggris, jeung basa kosta lianna.
(3) Karangan éksposisi nyaéta karangan nu udaganna méré nyaho, ngajéntrékeun, mesék, jeung ngaruntuykeun hiji hal.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Dina KUBS LBSS (2007, kc. 291) disebutkeun yén instrumén téh asalna tina basa Walanda anu hartina pakakas atawa alat. Instrumén panalungtikan maksudna nya éta alat atawa pakakas anu digunakeun dina ieu panalungtikan.
Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203) instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas nu digunakeun dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, sacara harti leuwih tenget, lengkep, tur sistematis nu ahirna data leuwih gampang diolah.
22
3.5.1 Lembaran Tés
Lembaran tés nu dipaké pikeun ngumpulkeun data nyaéta lembaran tés ngarang ékposisi. Ieu di handap bisa dititénan instrumén pikeun ngumpulkeun datana.
Pancén Nyieun Karangan Éksposisi
Jieun karangan éksposisi kalayan katangtuan nu bakal dijéntrékeun di handap! 1. Téma karangan : bébas
2. Panjang karangan : minimal 4 paragraf
3. Pigawé kalawan hadé sarta maké basa Sunda nu merenah.
4. Tulis ngaran, nomor absén jeung kelas di tempat nu geus disadiakeun.
3.5.2 Kartu Data
Kartu data dipaké pikeun ngajaring data nuliskeun kecap serepan tina karangan siswa. Dina kartu data aya informasi ngeunaan (1) alfabét, (2) kecap serepan, (3) sumber karangan, (4) kasalahan nuliskeun unsur serepan, jeung (5) cara nuliskeun unsur serepan nu bener.
Tabél 3.1
Conto Instrumén Kartu Data
Kode Siswa: 01
Kecap serepan: Modern
Wangun nu salah: Modern (K01/1/2/15)
Kuduna: Modéren Catetan :
23
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik tés dipaké pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa karangan éksposisisi siswa. Tés nu ditugaskeun nyaéta tés ngarang éksposisi ka siswa kelas VII SMP Negeri 3 Lembang.
Dina ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah kieu. 1) Nepungan guru basa Sunda di sakola pikeun ménta idin asup ka kelas 2) Nerangkeun tugas siswa pikeun ngarang éksposisi
3) Ngalaksanakeun tés ngarang éksposisi 4) Ngumpulkeun hasil karangan
5) Mariksa hasil karangan éksposisi siswa 6) Nyirian kecap serepan dina karangan siswa
7) Nyatet unsur serepan kana kartu data kalawan dibéré kode.
3.7Téhnik Ngolah Data
Téhnik nu dipaké pikeun ngolah data nyaéta téhnik analisis unsur langsung. Unsur nu dianalisis nyaéta unsur serepan katut cara nulisna. Dina ngolah data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
1) Niténan deui data nu geus dikumpulkeun
2) Ngaruntuykeun data unsur serepan sacara alfabétis 3) Méré nomer kode data saperti (001), (002), jst
4) Nyieun papasingan kasalahan nuliskeun unsur serepan
5) Ngitung unsur serepan jeung kasalahan ngalarapkeun unsur serepan. Ari cara ngitungna nyaéta:
= jumlah nuliskeun unsur serepan anu bener = jumlah unsur serepan anu dipaké
= pérséntase larapna nuliskeun unsur serepan
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana déskripsi dina bab saméméhna, hasil panalungtikan bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.
Unsur serepan basa Sunda dina karangan éksposisi siswa téh kapanggih tina 11 basa, nyaéta 74 kecap (42,04%) tina basa Inggris, 34 kecap (19,31%) tina basa Indonesia, 22 kecap (12,5%) tina basa Sangsekerta, 19 kecap (10,79%) tina basa Arab, 14 kecap (7,95%) tina basa Walanda, 3 kecap (1,70%) tina basa Malayu, 3 kecap (1,70%) tina basa Jawa, 2 kecap (1,13%) tina basa Kawi, 2 kecap (1,13%) tina basa Prancis, 2 kecap (1,13%) tina basa Persia, jeung sésana sakecap (0,56%) asal kecapna tina basa Jepang. Umumna Unsur serepan téh asalna tina basa Inggris, anu pangsaeutikna nyaéta tina basa Jepang.
a. Kasalahan nuliskeun unsur serepan anu dipilampah ku siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang nyaéta aya 30 kecap unsur serepan anu frékuénsina 124 kali. Éta kasalahan téh nyoko kana (1) patukeurna vokal /é/, /eu/, /a/ jeung patukeurna konsonan /p/ 24 kecap (80%), (2) kasalahan nulis engang 2 kecap (6,66%), (3) kasalahan ngurangan jeung nambahan foném kana kecap aya 4 kecap (13,33%).
b. Kamampuh siswa dina ngagunakeun unsur serepan téh gegedéna kagolong istiméwa (48,7%) jeung hadé pisan (24,3%).
5.2 Saran
Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu perlu ditepikeun. a. Pikeun guru
54
Sunda sangkan leuwih jero, leukeun jeung leuwih teleb deui ngajéntrékeun palanggeran éjahan basa Sunda hususna pamakéan huruf vokal /e/, /eu/ jeung /é/. Guru ulah ngan ukur ngajéntrékeun matérina hungkul, tapi ogé dina prak-prakanana. Parasiswa bisa dilatih ngaliwatan tés, boh tés lisan boh tulisan. Dina tés lisan parasiswa ditanya sacara langsung ku guru ngeunaan matéri éjahan, ari dina tés nulis, hasil tulisan parasiswa lain ngan ukur dibéré peunteun, tapi dikoréksi ejahan basa Sundana, anu saterusna éta hasi tulisan dibagikeun deui ka parasiswa sangkan parasiswa apal kasalahanana.
b. Pikeun siswa
Parasiswa dipiharep merhatikeun deui palanggeran éjahan basa Sunda hususna dina ngagunakeun unsur serepan, kecap-kecap atawa istilah anu dipaké dina komunikasi lisan boh tulisan kudu disaluyukeun jeung kaédah basa Sunda nu geus ditangtukeun.
c. Pikeun Masarakat
DAPTAR PUSTAKA
Aisah, N. (2012). “Analisis Kecap Serepan dina Karangan Berita Siswa Pikeun Bahan Pangajaran Nulis di Kelas X SMAN 15 Garut”. Bandung: Skripsi JPBD. UPI.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik (Edisi Revisi). Jakarta: PT Rineka Cipta.
Badudu, J.S. (1985). Pelik-pelik Bahasa Indonesia. Bandung: Pustaka Prima
Danadribata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dispen Jabar.
Jauhari, H. (2013). Terampil Mengarang: dari Persiapan hingga Presentasi, dari Karangan Ilmiah hingga Sastra. Bandung: Nuansa Cendekia.
Jubaidah, I. (2014). “Kasalahan Éjahan dina Nulis Warta Siswa Kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014. Bandung: Skripsi JPBD. UPI.
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: Sonagar Press.
Keraf, G. (1982). Eksposisi dan Deskripsi. Ende-Flores: Nusa Indah.
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Nurudin. (2012). Dasar-Dasar Penulisan. Malang: Umm Press.
Novianto, E. (2009). “Kasalahan Ngagunakeun Vokal Basa Sunda dina Karangan
Pangalaman Siswa Kelas VII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran
2008/2009”. Bandung: Skripsi JPBD. UPI.
Prawirasumantri, A. (2007). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Setiani, P.E. (2012). “Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda dina
Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas VIII-2 SMP Negeri 43 Bandung Taun
56
Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa (Édisi Révisi). Bandung: Walatra.
spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
(2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Suharsaputra, U. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan Tindakan. Bandung: Refika Aditama
Tarigan, H.G. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
[Online].
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Arab. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Belanda. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Indonesia. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Jawa. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Jepang. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Kawi. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Melayu. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Persia. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Prancis. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Bahasa_Sanskerta. Diaksés 18 Juni 2014.
http://id.m.wikipedia.org/wiki/Daftar_kata_Serapan_dari_bahasa_Sanskerta_ dalam_bahasa_Melayu_dan_bahasa_Indonesia_modern. Diaksés 18 Juni 2014.
http://masbadar.com/bahasa-inggris-definisi-dan-sejarah. Diaksés 18 Juni 2014.
http://translate.google.co.id/m/translate#id/fr/daftar. Diaksés 18 Juni 2014.