• Tidak ada hasil yang ditemukan

TÉHNIK TRANSFORMASI CARITA PONDOK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS TÉKS DRAMA : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "TÉHNIK TRANSFORMASI CARITA PONDOK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS TÉKS DRAMA : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : TÉHNIK TRANSFORMASI CARITA PONDOK

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS TÉKS DRAMA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII RPL A SMK Puragabaya

Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan

ku

RATNANENGSIH 1006183

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama :

TÉHNIK

TRANSFORMASI

CARITA PONDOK

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS TÉKS DRAMA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII RPL A SMK Puragabaya

Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Ratnanengsih

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ratnanengsih 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Maret 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Ratnanengsih, 2014

(4)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : TEHNIK TRANSFORMASICERITA PENDEK

UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS TEKS DRAMA (Studi Kuasi Eksperimen Siswa Kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung

Tahun Ajaran 2013/2014)1)

RATNANENGSIH2) ratnanengsih09@yahoo.com

ABSTRAK

Dalam skripsi ini dijelaskan mengenai tehnik transformasicerita pendek untuk meningkatkan kemampuan menulis teks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung tahun ajaran 2013/2014. Latar belakang dari penelitian ini adalah kurangnya kemampuan menulis teks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung tahun ajaran 2013/2014. Penelitian ini bertujuan untuk mengukur adanya perbedaan yang signifikan dari kemampuan menulis teks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya sebelum dan sesudah digunakannya teknik transformasi cerita pendek. Metode penelitian yang digunakan adalah metode kuasi eksperimen dengan desain penelitian pretest dan

posttest. Analisis penelitian ini meliputi uji normalitas, uji homogenitas, uji gain,

dan uji hipotesis. Berdasarkan hasil uji normalitasdan uji homogenitas, data dalam penelitian ini memiliki distribusi normal dan memiliki kriteria homogen. Berdasarkan hasil uji gain, terlihat bahwa kemampuan menulis teks drama siswa XII RPL A SMK Puragabaya meningkat. Rata-rata kemampuan awal menulis teks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya yaitu 52,79 dan rata-rata kemampuan akhir menulis teks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya yaitu 73,67. Berdasarkan hasil uji hipotesis, diperoleh hasil bahwa thitung > ttabel

yaitu 9,58 > 2,41, yang berarti hipotesis kerja (Ha) diterima sedangkan hipotesis nol (Ho) ditolak. Hal ini menunjukkan bahwa teknik transformasi cerita pendek bisa meningkatkan kemampuan menulis teks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung tahun ajaran 2013/2014.

Kata Kunci: tehnik transformasi, menulis teks drama

1)

(5)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : 2)

Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia, angkatan 2010.

SHORT STORY TRANSFORMATION TECHNIQUE IN IMPROVING WRITING SKILL OF DRAMA TEXT

(Study Quasi Eksperiment in Student Class XII RPL A SMK Puragabaya Bandung Academic Year 2013/2014)1)

RATNANENGSIH2) ratnanengsih09@yahoo.com

ABSTRACT

The background of this research was the lack of skill in writing drama text of the students in class XII RPL A SMK Puragabaya academic year 2013/2014. The purpose of this research was to examine the significant difference of the

students’ skill in writing drama text by using short story transformation technique. The method used in this research was quasi-experimental with pretest-posttest design. The technique used in the data analysis was data testing which includes normality test, homogeneity test, gain test, and hypotheses test. Based on the result of normality test, it was found that pretest and posttest data had normal distribution. As well as homogeneity test, the variant data in this research was homogen criteria. Based on the gain test, it can be seen that the students’ skill in

writing drama text was improved. The mean score of students’ skill in writing a

drama text before using short story transformation technique was 52,79. Meanwhile, after using short story transformation technique, the mean score was improved to 73,67. The last, based on the hypotheses test it was found that t value > t table which means 9,58>2,41. It could be concluded that the research hypotheses (Ha) was accepted while the null hypotheses (Ho) was rejected. It showed that short story transformation technique could improve the skills in writing drama text of the students in class XII RPL A SMK Puragabaya academic year 2013/2014.

Keywords: short story transformation technique , drama text

1)

(6)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama :

Dr. Ruswendi Permana, M.Hum.

2)

(7)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : DAPTAR EUSI

DAPTAR SINGGETAN ... viii

DAPTAR BAGAN ... ix

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR GRAFIK ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 KasangTukangMasalah ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS ... 8

2.1 UlikanTiori ... 8

2.1.1 Téhnik Transformasi Carita Pondok ... 8

2.1.1.1 Téhnik Pangajaran ... 8

2.1.1.2 Wangenan Transformasi... 9

2.1.1.3 Carita Pondok ... 10

2.1.1.4 Léngkah-léngkah Téhnik Transformasi ... 14

2.1.2 Nulis ... 15

2.1.2.1 Wangenan Nulis ... 15

2.1.2.2 Tujuan Nulis... 16

2.1.2.3 Léngkah-léngkah Nulis Karangan ... 17

2.1.3Pangajaran Nulis Téks Drama ... 18

2.1.3.1 Pangajaran ... 18

2.1.3.2 Wangena Téks Drama ... 19

(8)

vi

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama :

2.2 Raraga Mikir ... 28

2.3 Hipotésis Panalungtikan ... 29

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 31

3.1 LokasijeungSumber Data ... 31

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 31

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan ... 31

3.2 Desain Panalungtikan ... 31

3.3 Métode Panalungtikan ... 32

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 32

3.4.1 Variabel ... 32

3.4.2 Wangenan Operasional ... 33

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.5.1 Instrumén Tés ... 34

3.5.2 Penilaian Tés ... 35

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 37

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 38

3.7.1 Uji Sipat Data ... 38

3.7.1.1 Uji Normalitas ... 38

3.7.1.2 Uji Homogénitas ... 40

3.7.2 Uji Gain ... 41

3.7.3 Uji Hipotésis ... 41

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARANANA ... 43

4.1Hasil Panalungtikan ... 43

4.1.1 KamampuhAwalNulisTéks Drama SiswaKelas XII RPLA SMK Puragabaya Bandung Taun Ajaran 2013/2014 ... 43

4.1.2 Kamampuh Ahir Nulis Téks Drama Siswa Kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung Taun Ajaran 2013/2014 ... 46

4.1.3Béda Signifikan antara Kamampuh Awal jeung Kamampuh Ahir Nulis Téks Drama Siswa Kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung Taun Ajaran 2013/2014 ... 49

4.1.3.1Uji Sipat Data ... 49

4.1.3.1.1 Uji Normalitas ... 49

4.1.3.1.2 Uji Homogénitas ... 56

4.1.3.2 Uji Gain ... 57

4.1.3.3 Uji Hipotésis ... 61

4.1.3.4 Analisis Béda Signifikan Kamampuh Nulis Téks Drama Siswa Kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung Taun Ajaran 2013/2014 ... 63

(9)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama :

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 76

5.1 Kacindekan ... 76

5.2 Saran ... 77

DAPTAR PUSTAKA ... 78

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 81

(10)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : BAB 1

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa salaku pakakas anu dipaké nalika lumangsungna komunikasi papada jalma, miboga fungsi anu kacida pentingna. Dina dunya atikan, pangajaran basa mangrupa pangajaran anu karasa pisan mangpaatna dina kahirupan sapopoé. Kumaha cara makéna basa sangkan merenah keur batur, kumaha cara nepikeun kahayang sacara bener, mangrupa salasahiji tujuan ayana pangajaran basa. Ku kituna, kaparigelan basa jadi salasahiji mata pangajaran penting di sakola-sakola.

Pangajaran basa anu wajib diajarkeun di Jawa Barat nya éta Basa Indonesia salaku basa nasional, Basa Inggris salaku basa internasional, sarta Basa Daerah salaku basa indung anu geus sakuduna dipaké tur dimumulé.

Nida jeung Harris (dina Tarigan, 2008, kc. 1) nétélakeun opat komponén dina kaparigelan basa (language skill), nya éta: (1) kaparigelan ngaregepkeun (listening skills), (2) kaparigelan nyarita (speaking skills), (3) kaparigelan maca (reading skills), jeung (4) kaparigelan nulis (writing skills).

Nurutkeun Tarigan (2008, kc.1), opat kaparigelan basa anu dijéntrékeun di luhur téh miboga hubungan anu raket. Tahapan manusa meunangkeun basa nya éta manusa diajar ngaregepkeun basa, satuluyna manusa bisa nyarita, sanggeus nyarita manusa diajar maca sarta nu pamungkas manusa diajar pikeun ngébréhkeun pamikiranana kana wangun tinulis.

Tina opat kaparigelan di luhur, kaparigelan nulis mangrupa salasahiji kaparigelan anu penting anu kudu dipimilik siswa. Pangajaran nulis mangrupa pangajaran anu produktif. Tapi, ieu kaparigelan téh biasana dianggap kaparigelan anu hésé. Hal anu dianggap héséna téh nya éta nalika siswa hésé meunangkeun idé dina ngamimitian nulis.

(11)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama :

Pada dasarnya menulis adalah suatu cara yang tepat untuk mewujudkan, menjabarkan, dan menuangkan ide, konsep, gagasan dan pikiran ke dalam sebuah tulisan. Oleh karenanya tulisan seseorang pada dasarnya merupakan rekaman atas penglihatan, pengamatan, pembelajaran, pengalaman, penghayatan, pemaknaan dan pengolahan daya pikir seorang penulis.

Intina, imajinasi atawa kréativitas manusa nalika nulis téh mangrupa rékaman anu ditempona, anu dirasana, anu dialamanana, sartahasiltina pamikiran dirina sorangan.

Pikeun ngaronjatkeun kaparigelan nulis siswa sarta ngaronjatkeun kualitas pangajaran basa, modél ngajar, métode ngajar, sarta téhnik ngajar tangtu bisa dimangpaatkeun.

Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) anu dikaluarkeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, pangajaran nulis kelas XII ngawengku nulis puisi (wangun ugeran), nulis esai, sarta nulis téks drama (Disdik, 2006, kc.124).

Hasil obsérvasi panalungtik di kelas XII Rekayasa Perangkat Lunak (RPL) A nalika siswa dipapacénan nyieun paguneman (dialog)anu basajan, siswa kurang antusias lantaran ngarasa hésé meunangkeun idé pikeun ngamimitian nulis. Bangbaluh anu karandapan ku siswa kelas XII RPL A nya éta: (1) siswa ngarasa hésé pikeun nangtukeun idé atawa téma; (2) siswa ngarasa hésé pikeun ngébréhkeun naon anu aya dina uteukna kana wangun tulisan; (3) siswa ngarasa hésé dina milihan kosa kecap; (4) siswa masih kénéh héngkér dina pamakéan éjahan jeung tanda baca.

Tina hasil obsérvasi nyieun pagunemanbasajan di kelas XII RPL A , téma anu loba dikarang siswa téh nya éta perkara percintaan padahal masih loba kénéh téma atawa idé carita lian salian percintaan. Lian ti téma anu heureut, siswa ngarasa hésé nangtukeun jalan carita.

Pamanggih panalungtik ngeunaan pasualan anu aya di kelas XII RPL A téh dijadikeun bahan ieu panalungtikan dina matéri pangajaran nulis téks drama.

Pikeun ngungkulan ieu pasualan, panalungtik ngagunakeun téhnik

(12)

3

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : drama. Ieu téhnik téh mangrupa cara sangkan siswa leuwih gampang dina nangtukeun idé caritaan nepi ka bisa nulis téks drama anu hadé.

Téhnik éta sorangan nya éta cara atawa upaya anu dilakukeun dina ngalakukeun hiji hal, sedengkeun transformasi nya éta ngarobah hiji wangun jadi wangun anu séjén. Ku kituna, nulis téks drama ngagunakeun téhnik transformasi carita pondok nya éta nulis téks atawa naskah drama ku cara ngarobah wangun carita pondok.

Kamampuh guru téh nangtukeun pisan dina milih téhnik pangajaran anu digunakeun sangkan tujuan pangajaran bisa kahontal, guru perlu neuleuman téhnik ngajar anu luyu jeung stratégi pangajaran sangkan siswa bisa sacara aktif ngahontal tujuan pangajaran atawa kompetensina (Hardini, 2012, kc. 41).

Pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama, siswa dibéré stimulus ku carita pondok nya éta ku cara maca hiji carita pondok. Siswa dikondisikeun pikeun maca carita pondok. Sabada maca carita pondok, aya prosés tanya-jawab antara guru jeung siswa ngeunaan carita pondok anu dibaca. Léngkah anu pamungkas, siswa dipapancénan pikeun nulis téks drama dumasar kana carita pondok anu dibaca.

Nepi ka ayeuna, téhnik tansformasi carita pondok can aya nu nalungtik di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Tapi, ieu téhnik transformasi téh geus ditalungtik ku Istiqomah (mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra

Indonesia) kalayan judul “Pembelajaran Menulis Cerita Pendek Melalui Tehnik

Transformasi Media Film Pendek”.

Kahéngkéran dina skripsi anu judulna “Pembelajaran Menulis Cerita Pendek Melalui Tehnik Transformasi Media Film Pendek” téh henteu dijéntrékeun kumaha léngkah-léngkah dilaksanakeunana téhnik transformasi.

(13)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : Dikasangtukangan ku ayana bangbaluh di kelas XII RPL A, dipiharep ieu panalungtikan anu ngagunakeun téhnik transformasi carita pondok pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa dina pangajaran nulis téks drama téh bakal meunangkeun hasil anu maksimal.

Pikeun ningkatkeun kualitas pangajaran nulis téks drama di kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung taun ajaran 2013/2014, ieu panalungtikan téh

dilaksanakeun. Ku kituna, ieu panalungtikan téh disusun kalayan judul “Téhnik Transformasi Carita Pondok pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks

Drama” (Studi Kuasi Ékspérimén Kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung Taun Ajaran 2013/2014).

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, aya sawatara masalah anu diidéntifikasi.Idétifikasi masalah dina ieu panalungtikan téhsaperti anu dijétrékeun ieu di handap.

1) Siswa ngarasa hésé pikeun ngébréhkeun idé-idé kréatifna kana wangun tulisan téks drama;

2) Stratégi pangajaran nu dilarapkeun di sakola ku guru can bisa ngungkulan bangbaluh nu karandapan ku siswa dina nulis téks drama;

3) Guru masih maké stratégi pangajaran nu teu ngirut siswa, tur leuwih loba méré tiori batan prakték.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah, ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun téhnik

(14)

5

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : 2) Kumaha kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK

Puragabaya Bandung taun ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun téhnik

transformasi carita pondok?

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sabada digunakeunana téhnik transformasi carita pondok?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan diayakeunna ieu panalungtikan téh diwincik jadi tujuan umum jeung tujuan husus anu di pedar ieu di handap.

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngaronjatkeun hasil diajar-ngajar nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung taun ajaran 2013/2014 ngagunakeun téhnik transformasi carita pondok.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya

Bandung taun ajaran 2013/2014saméméh ngagunakeun téhnik ngajar

transformasi carita pondok;

2) kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya Bandung taun ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun téhnik ngajar

transformasi carita pondok;

(15)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : 1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis ieu panalungtikan,nya éta pikeun nambahan kamekaran tiori téhnik ngajar utamana dina pangajaran nulis téks drama. Lian ti éta, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun dijadikeun bahan literatur pangajaran di sakola.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan téh miboga mangpaat praktis, saperti anu dijéntrékeun ieu di handap.

1) Pikeun siswa, siswa miboga pangalaman ngagunakeun téhnik transformasi carita pondok dina pangajaran nulis téks drama sarta kamampuh siswa dina kagiatan nulis téh bisa ngaronjat;

2) Pikeun guru, hasil panalungtikan ieu bisa dijadikeun tinimbangan guru lian pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa dina pangajaran nulis téks drama;

3) Pikeun panalungtik, ieu téhnik ngajar transformasi carita pondok téh bisa digunakeun dina pangajaran nulis téks drama atawa pangajaran nulis karya sastra lianna.

1.5 Raraga Tulisan

(16)

7

Ratnanengsih, 2014

(17)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan (1) lokasi panalungtikan, (2) sumber data panalungtikan, (3) Desain panalungtikan, (4) métode panalungtikan, (5) vaiabel jeung wangenan operasional, (6) instrumén panalungtikan, (7) téhnik ngumpulkeun data, jeung (7) téhnik ngolah data panalungtikan.

3.1 Lokasi jeung Sumber Data

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di kelas XII Rekayasa Perangkat Lunak (RPL) A, SMK Puragabaya Jl. H. Yassin No. 59 Terusan Pasteur, Kecamatan Sukajadi, Bandung. SMK Puragabaya nya éta salasahiji sakola anu dikokolakeun ku Yayasan Fiksi Ganesha. Ieu lokasi panalungtikan dipilih lantaran masalah anu kapanggih di ieu sakola luyu jeung masalah anu ditalungtik.

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan nya éta hasil diajar sakabéh siswa di kelas XII RPL A taun ajaran 2013/2014 anu jumlahna 24 urang anu kabagi kana 14 siswa awéwé sarta 10 siswa lalaki.

Sumber data panalungtikan dibeunangkeun ti sakabéh sampel panalungtikan (siswa) di kelas XII RPL A. Siswa anu mangrupa sampel dina ieu panalungtikan ditangtukeun ngaliwatan random sample. Cara random sample anu digunakeun ku panalungtik nya éta undian.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pretest jeung

posttest. Pola desain panalungtikan bisa dititénan dina bagan 3.1 di handap.

Bagan 3.1

Desain Tés Awaljeung Tés AhirKuasi Ékspérimén

(18)

32

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : Katerangan:

O1 : tés awal (pretest) X : perlakuan O2 : tés ahir (posttest)

(Syamsuddin& Damaianti, 2011, kc.157)

Kamampuh siswa dina nulis téks drama diukur ngaliwatan dua kali tés nya éta tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest). Dina tés awal siswa can meunangkeun perlakuan atawa treatment, sedengkeun nalika tés ahir siswa geus meunangkeun perlakuan atawa treatment nya éta téhnik transformasi carita pondok.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta kuasi ékspérimén (Quasi Eksperiment Design). Nurutkeun Sukmadinata (2012, kc.57) panalungtikan ékspérimén mangrupa panalungtikan anu pasti kuantitatif.

Syamsuddin & Damaianti (2011, kc.162) nétélakeun yén:

“dengan menggunakan rancangan eksperimen kuasi/ eksperimen semu ini, kita mengontrol banyak variabel dan batasan dari jenis interpretasi yang kita lakukan untuk mengetahui sebab pengaruh pertautan pertautan dan membatasi kekuatan dari generalisasi pernyataan kita”

Cindekna, ieu panalungtikan téh dilakukeun sangkan meunangkeun hasil anu mangrupa ayana pangaruh dina hiji variabel kana variabel séjénna, sarta ngukur kana hipotésis panalungtik.

3.4Variabel jeung Wangenan Operasional

3.4.1 Variabel

Hadi (dina Arikunto, 2010, kc.159) nétélakeun ngeunaan variabel, yén:

(19)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama :

karena ada berat 40 kg, dan sebagainya. Gejala adalah objek penelitian, sehingga variabel adalah objek penelitian yang bervariasi”.

Nurutkeun Arikunto (2010, kc.159), variabel dibédakeun jadi dua rupa nya éta variabel kualitatif jeung variabel kuantitatif. Conto variabel kuantitatif nya éta luas kota, umur, lobana jam dina sapoé, jeung sajabana. Conto variabel kualitatif nya éta karaharjaan, kapinteran.

Patali jeung variabel panalungtikan, métode panalungtikan anu digunakeun nya éta métode kuasi ékspérimén. Ieu métode téh sifatna validation atawa nguji, (Krathwohl dina Sukmadinata) nya éta nguji pangaruh hiji atawa leuwih variabel ka variabel séjénna. Variabel anu méré pangaruh (mangaruhan) dikelompokkeun jadi variabelbebas (independent variabels) sedengkeun variabel anu dipangaruhan dikelompokkeun jadi variabelterikat (dependent variabels) (Sukmadinata, 2012, kc. 57-58).

Ku kituna, dina ieu panalungtikan téh nganalisis aya atawa henteuna pangaruh (sebab-akibat) antara téhnik transformasi carita pondok(salaku variabel X) kana kamampuh nulis téks drama (salaku variabel Y).

Dina kuasi ékspérimén, variabel anu dikontrol téh ngan hiji, nya éta variabel anu dianggap dominan (Sukmadinata, 2012, kc. 59). Ku kituna, Dina ieu panalungtikan, variabel anu dikontrol nya éta kamampuh nulis téks drama siswa.

3.4.2 Wangenan Operasional

1) Téhnik Transformasi Carita Pondok

Téhnik transformasi carita pondok nya éta cara ngarobah karya sastra winangun prosakana karya sastra wangun séjénna. Léngkah-léngkah dilaksanakeunana téhnik transformasi carita pondok, nya éta: (1) ngaaprésiasi, (2) mahaman, (3) nyaritakeun deui, (4) nyaritakeun deui, (5) nyaritakeun sarta ditambahan ku épisode tambahan, (6) ngararancang nulis.

2) Nulis

(20)

34

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : 3) Téks Drama

Téks atawa naskah drama nya éta karangan atawa tulisan anu eusina ngeunaan paguneman-paguneman (dialog) para palaku drama. Ragem basa anu dipaké dina karya sastra winangun téks drama nya éta ragem basa nyarita anu dituliskeun ngagunakeun aksara jeung angka salaku pakakasna.

3.5Instrumén Panalungtikan

3.5.1 Instrumén Tés

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés anu mangrupa kamampuh nulis téks drama siswa XII RPL A SMK Puragabayakalayan kriteria anu dipeunteunna nya éta:

1) kamampuh siswa ngébréhkeun idé/ topik; 2) kamampuh siswa dina nyieun jalan caritaan; 3) kamampuh siswa dina matalikeun dialog palaku; 4) kamahéran milih kekecapan (diksi);

5) panulisan (éjahan jeung tanda baca).

Bagan 3.2

Format Tés Awal

Pancén kelompok

Pék jieun hiji wangun téks drama dumasar kana katangtuan: a. sakelompok opat urang

b. téma teu diwatesanan c. komponén anu dipeunteun

- Cara mekarkeun téma/ ide utama - Cara mekarkeun jalan carita

- Cara matalikeun dialog antar palaku - Kamahéran milih kekecapan (diksi) - Panulisan (éjahan jeung tanda baca) Anggota :

(21)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : Bagan 3.3

Format Tés Ahir

Pancén kelompok

Pék baca carpon anu dibagikeun ka unggal kelompok, sarta robah wangun tulisanna kana wangun téks drama anu katangtuanana saperti ieu di handap.

a. Idé utama bisa dirobah bisa henteu

b. Eusi carita bisa ditambahan bisa dikurangan c. Komponén anu dipeunteun

- Cara mekarkeun téma/ ide utama - Cara mekarkeun jalan carita

- Cara matalikeun dialog antar palaku - Kamahéran milih kekecapan (diksi) - Panulisan (éjahan jeung tanda baca) Anggota :

... ... 3.5.2 Penilaian Tés

Hasil kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya saméméh jeung sabada digunakeunana téhnik transformasi carita pondok, ditabulasikeun kana tabél 3.1ieu di handap.

Tabél 3.1

Kamampuh Nulis Téks Drama

No KS Kamampuh Nulis Téks Drama Kategori

A B C D E ∑

Katerangan: No : Nomber KS : Kode Siswa

(22)

36

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : D : Kamaheran milih kekecapan (diksi)

E : Panulisan (éjahan jeung tanda baca) ∑ : Jumlah skor kamampuh nulis téks drama Katégori:

Perséntase < 70 %, siswa dianggep can mampuh nulis téks drama nu hadé. Perséntase >70 %, siswa dianggep geus mampuh nulis téks drama nu hadé.

Tabél 3.2

Aspék Penilaian Nulis Téks Drama

Siswamampuhngébréhkeunidé

Pedoman Penilaian Nulis Téks Drama

Katégori Nilai Indikator

Hadé pisan 80 – 100

(23)

Ratnanengsih, 2014

(24)

38

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta tés. Ieu tés téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa saméméh jeung sabada digunakeunana téhnik transformasi carita pondok. Dumasar kana desain panalungtikan, tés dilaksanakeun dua kali nya éta pretest jeung posttest.

Léngkah-léngkah dina ngumpulkeun tés, ditétélakeun saperti ieu di handap.

a. Pretest

1) Panalungtik medar saliwat ngeunaan matéri drama; 2) Panalungtik nerangkeun tujuan tés;

3) Panalungtik ngabagikeun tés awal nulis téks drama jeung lembar jawaban;

4) Siswa ngumpulkeun hasil tés awal nulis téks drama siswa. b. Posttest

1) Panalungtik medar deui saliwat ngeunaan matéri drama; 2) Sabada di béré treatment, panalungtik nerangkeun tés ahir; 3) Panalungtik ngabagikeun soal tés ahir jeung lembar jawaban; 4) Siswa ngumpulkeun hasil nulis téks drama.

3.7Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data panalungtikan, aya sababaraha tahap anu dilakonan, nya éta: (1) uji sipat data, (2) uji gain, sarta (3) uji hipotésis.

3.7.1 Uji Sipat Data

Uji sipat data dina ieu panalungtikan ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas.

3.7.1.1 Uji Normalitas

(25)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama :

x2 = ∑( �− �)2

.

Saméméh ngitung chi-kuadrat, aya sababaraha léngkah anu kudu dilakonan, saperti anu ditétélakeun ieu di handap.

1) Nyieun tabél frékuénsi peunteun, kalayan tabél ieu di handap. Tabél 3.4

Tabél Frékuénsi Peunteun

Skor (x) f f.X x=(X-x) f.x f.x2

Jumlah

2) Rumus nangtukeun rata-rata : M = ��

3) Rumus nangtukeun standar deviasi :

SD = ( ��

2) �� 2

( −1)

4) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi Tabél 3.5

Tabél Frékuánsi Obsérvasi

Kelas Oi bk1 bk2 Z1 Z2 Ztabél1 Ztabél2 L Ei X2 Jumlah

a. Nangtukeun lobana kelas (k), kalayan rumus:

k = 1 + 3,3 Log n

b. Néangan batas interval (r), tujuanna pikeun nangtukeun rentang skor kalayan rumus :

r = skor pangluhurna – skor panghandapna c. Nangtukeun panjangna kelas (p), kalayan rumus:

p =

(26)

40

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : Z = ( � −�)

f. Nangtukeun ambahan/ legana unggal kelas interval, kalayan rumus: L = Zs – Ztabél

b) Ngitung frékuénsi obsérvasi (Oi)

c) Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei), kalayan rumus: Ei = n x L

Oi = frékuénsi obsérvasi Ei = frékuénsi ékspéktasi

5) Nangtukeun drajat kabébasan (db), kalayan rumus: db = k – 3

6) Nangtukeun chi-kuadrat tina daftar

7) Nangtukeun normalitas kalayan katangtuan ieu di handap. x2 itung< x2 tabél, hartina distribusi data normal;

x2 itung> x2 tabél , hartina distribusi data teu normal.

3.7.1.2 Uji Homogénitas

Uji homogénitas dilakonan sangkan mikanyaho homogén atawa henteuna variansi ti sampel anu ditalungtik. Léngkah-léngkahna saperti ieu di handap. 1) Ngitung variansi tin masing-masing tés (pretest jeung posttest), kalayan

rumus: SI2 = �. ��

2 ( ��)2

� (�−1)

2) Ngitung distribusi F F = �2

�2

(27)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : 4) Uji Homogénitas

- Saupama Fitung< Ftabél, hartina distribusi homogén;

- Saupama Fitung> Ftabél , hartina distribusi teu homogén.

3.7.2 Uji Gain

Dilaksanakeunana uji gain nya éta sangkan mikanyaho ngaronjatna kamampuh nulis téks drama siswa. Tina hasil uji gain bakal meunangkeun gambaran ngeunaan aya atawa henteu aya béda anu signifikan kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya saméméh jeung sabada digunakeunana téhnik transformasi carita pondok.

Rumusan pikeun meunangkeun gambaran aya atawa henteuna béda anu signifikan dina pretest jeung posttest, nya éta saperti ieu di handap.

a. Ha : � é ≠ � é , hartina aya béda anu signifikan antara pretest jeung posttest.

b. Ho : � é =� é , hartina euweuh béda anu signifikan antara pretest jeung posttest.

Tabél 3.6

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Téks Drama

No Ngaran siswa Hasil pretest Hasil posttest d d2

3.7.3 Uji Hipotésis

Tujuan dilaksanakeunana uji hipotésis nya éta pikeun ngabuktikeun kana hipotésis anu geus dirumuskeun ti mimiti dina ieu panalungtikan. Ku kituna, dina ieu hal bakal katitén aya atawa henteu aya béda anu signifikan dina pretest jeung

posttest panalungtikan.

Dina ngitung uji hipotésis, aya sababaraha tahap anu kudu dilakonan, saperti anu tétélakeun ieu di handap.

1) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pretest jeung posttest, kalayan tabél: Tabél 3.7

(28)

42

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : No Tés awal Tés ahir d d2 Xd=(d-Md)

2) Nangtukeun mean dina pretest jeung posttest, kalayan rumus: Md =

3) Nangtukeun derajat kebebasan (db), kalayan rumus: db = n-1

4) Ngitung titung, kalayan rumus: ∑x2d = ∑d2

- ( d)2 �

t =

x 2

� (�−1)

5) Nangtukeun nilai t tina tabél distribusi t, kalayan rumus: dk = N1 + N2 – 2

6) Tuluy ngitung ttabél

Pikeun ngukur ditarima atawa henteuna hipotesis, digunakeun kriteria saperti ieu di handap.

1) Upamana titung>ttabél, hartina hipotésis ditarima, yén aya béda anu signifikan

antara saméméh jeung sabada digunakeunana téhnik transformasi carita pondok pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya taun ajaran 2013/2014.

2) Upamana titung<ttabél, hartina hipotésis ditolak, yén teu aya béda anu signifikan

(29)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil panalungtikan, bisa dicindekkeun sababaraha hal saperti nu dijéntrékeun ieu di handap.

Kamampuh awal (pretest) siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya dina nulis téks drama téh katangen rata-rata peunteunna nya éta 52,79.Tina 24 siswa, nu mampuh nulis téks drama kalayan hadé sarta luyu jeung Kriteria Ketuntasan

Minimal (KKM) ngan aya saurang, sedengkeun siswa nu can mampuh nulis téks

drama kalayan hadé sarta luyu jeung KKM jumlahna aya 23 urang. Ieu hal nuduhkeun yén sacara umum siswa kelas XII RPL A can mampuh dina nulis téks drama anu hadé.

Kamampuh ahir (posttest) siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya dina nulis téks drama téh katangen rata-rata peunteunna nya éta 73,67.Tina 24 siswa, nu mampuh nulis téks drama kalayan hadé sarta luyu jeung KKM aya 19 urang, sedengkeun siswa nu can mampuh nulis téks drama kalayan hadé sarta luyu jeung KKM jumlahna aya 5 urang. Ieu rata-rata peunteun téh mangrupa hasil nulis téks drama siswa sabada siswa dibéré perlakuan (treatment) nya éta digunakeunana téhnik transformasi carita pondok.

Aya béda anu signifikan antara kamampuh awal (pretest) dina nulis téks drama jeung kamampuh ahir (posttest) sabada digunakeunana téhnik transformasi carita pondok. Ieu hal katitén tina hasil uji hipotésis data pretest jeung posttest anu nuduhkeun yéntitung> ttabélnya éta 9,58> 2,41.Ku kituna, hipotésis kerja (Ha) ieu

panalungtikan ditarima yén aya béda anu signifikan antara saméméh jeung sabada digunakeunana téhnik transformasi carita pondok pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya taun ajaran 2013/2014.

(30)

77

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : 5.2 Saran

Sabada ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan téhnik transformasi carita pondok pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya taun ajaran 2013/2014, aya sababaraha saran pikeun sawatara pihak, hususna pikeun guru basa Sunda, nya éta ieu di handap.

1) Dumasar kana hasil panalungtikan, tétéla téhnik transformasi carita pondok téh bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis karya sastra, hususna karya sastra winangun drama. Ku kituna, téhnik transformasi carita pondok bisa jadi salasahiji alternatif guru pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa dina pangajaran nulis téks drama.

2) Téhnik transformasi carita pondok minangka salasahiji téhnik pangajaran anu ngaronjatkeun kamampuh siswa. Lian ti ieu téhnik, loba pisan métode jeung téhnik ngajar anu bisa ngarojong kana kagiatan diajar ngajar. Ku kituna, guru salaku nu ngajar kudu bisa motékar dina ngulik stratégi pangajaran anu luyu jeung matéri ajar, sangkan tujuan pangajaran bisa kahontal sacara maksimal. 3) Perlu diayakeun panalungtikan séjénna anu leuwih jembar ngeunaan téhnik

transformasi, utamana téhnik transformasi carita pondok nu bisa dilarapkeun

(31)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : DAPTAR PUSTAKA

Buku

Arikunto, S.(2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Endarmoko, E.(2007). Tesaurus Bahasa Indonesia. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Faturohman, T.(2007). Pamager Basa XII. Bandung: Geger Sunten. Hamdani. (2011). Strategi Belajar Mengajar. Bandung: Pustaka Setia. Hardini, I. (2012). Strategi Pembelajaran Terpadu. Yogyakarta: Familia

Iskandarwassid& Ruhaliah.(2007). Sejarah Sastra. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Kosasih.(2008). Apresiasi Sastra Indonesia. Jakarta: Nobel Edumedia.

Koswara, D.(2010). Racikan Sastra. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia. Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Basa Sunda. Bandung: Geger

Sunten.

Minderop, A.(2005). Metode Karakterisasi Telaah Fiksi. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Ratna, I.N.K.(2013). Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ruhaliah.(2010). Sajarah Sastra Sunda Modern. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Rusyana, Y.(1992). Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.

Semi, A. (2007). Dasar-Dasar Keterampilan Menulis. Bandung: Angkasa.

Somad.(2009). Aktif dan Kreatif Berbahasa Indonesia. Jakarta: Departemen Pendidikan Nasional.

(32)

79

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : Sukmadinata, N.S.(2012). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja

Rosdakarya.

Sumardjo, J.& Saini K.M.(1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Sutarno.(2008). Menulis yang Efektif. Jakarta: Sagung Seto.

Syamsuddin&Vismaia, S.D.(2011). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Tarigan, H.G.(2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2009). Kurikulum dan

Pembelajaran. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Waluyo, H.J. (2002). Drama:teori dan pengajarannya. Yogyakarya: HaninditaGraha Widia.

Publikasi Departemen atawa Lembaga Pamaréntahan

Dinas Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Gramedia.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan.

Karya Tulis Ilmiah

Istiqomah.(2010). Skripsi Pembelajaran Menulis Cerpen Melalui Téhnik

Transformasi Media Film Pendek. Bandung: Universitas Pendidikan

Indonesia.

Nurbudi, R.S. (2013). Skripsi Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget. Bandung: Universitas

Pendidikan Indonesia.

Ratnaningrum, P.(2012). Skripsi Média Komik dina Pangajaran Nulis Karangan

Narasi. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

(33)

Ratnanengsih, 2014

Téhnik Transformasi Carita Pondok Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama : Apriliasya. (2010). Pembelajaran Sastra. [Online]. Tersedia di:

http://beningembun-apriliasya.blogspot.com/2010/04/proposal-penelitian-tindakan-kelas.html

Diakses 12 Januari 2014 jam 09.00

Halimah. (2005). Transformasi. [Online]. Tersedia di:

http://file.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BHS._DAN_SASTRA_IN DONESIA/198104252005012-HALIMAH/INTEERTEKSTUAL_ks.pdf

Diakses 14 November 2013 jam 09.48

Nuraini, O. (2013). Téhnik Transformasi. [Online]. Tersedia di:

http://eprints.uns.ac.id/1317/1/2145-4829-1-SM.pdf

Diakses 14 november 2013 jam 09.10

Rohayati, T. (2012). Téhnik Transformasi. [Online]. Tersedia di:

http://publikasi.stkipsiliwangi.ac.id/files/2013/01/Yati-Rohayati.pdf

Diakses 14 November 2013 jam 09.25

Saputri, D.A. (2012). Menulis Langkah Drama Berdasarkan Cerpen. [Online]. Tersedia di:http://dwiayuningsihsaputri.wordpress.com/2012/03/09/

menulis-langkah-drama-berdasarkan-cerpen/

Diakses 16 November 2013 jam 16.35

Sukandar, R. (2011).Menulis Cerpen Dengan Teknik Transformasi Lagu. [Online]. Tersedia di: http://wwwrickysukandar.blogspot.com/2011 /05/menulis-cerpen-dengan-teknik.html.

Referensi

Dokumen terkait

Mahasiswa berkonsultasi kepada DPb untuk menentukan waktu pelaksanaan SH dan memperoleh tanda tangan pada Form TA-6;6. DPb menetapkan waktu

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

[r]

Jika ditinjau dari KAM siswa, untuk kemampuan berpikir kritis, hanya siswa dengan kelompok tengah pembelajaran kooperatif tipe co-op co-op yang memiliki pencapaian

PERBED AAN KEBERHASILAN MOD EL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING D ENGAN MOD EL PEMBELAJARAN SAINS TEKNOLOGI MASYARAKAT TERHAD AP PENINGKATAN RANAH KOGNITIF PESERTA D

guna memberikan pemahaman dan meningkatkan prestasi belajar peserta didik. Proses pembelajaran merupakan suatu kegiatan utama dalam dunia.. pendidikan. Belajar merupakan suatu

Monica Nunik, Prinsip Keadilan Dan Kepastian Hukum Dalam Undang- Undang Nomor 25 Tahun 2007 Tentang Penanaman Modal Terhadap Pemberian Insentif Bagi Investor Asing

PENERAPAN PEMBELAJARAN SEJARAH KONTEKSTUALBERBASIS BUKU TEKS DI SMAN 1 PADALARANGKABUPATEN BANDUNG BARAT.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |