RAGAM BASA SUNDA PROKÉM DI DÉSA RAJAMADALA KULON KECAMATAN CIPATAT KABUPATÉN BANDUNG BARAT
SKRIPSI
diajengkeun pikeun nyumponan Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan
ku
Geri Daryat Saputra 0801182
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
RAGAM BASA SUNDA PROKÉM DI DÉSA RAJAMADALA KULON KECAMATAN CIPATAT KABUPATÉN BANDUNG BARAT
Oleh Geri Daryat Saputra
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Geri Daryat Saputra 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
LEMBAR PENGESAHAN
Geri Daryat Saputra 0801182
INVENTARISASI BASA SUNDA PROKÉM DI DÉSA RAJAMADALA KULON KECAMATAN CIPATAT KABUPATÉN BANDUNG BARAT
disaluyuan ku:
Pangaping I
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
Pangaping II
Ade Sutisna, S.Pd. NIP 197607312001121001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
INVENTARISASI BASA SUNDA PROKÉM DI DÉSA RAJAMADALA
KULON KECAMATAN CIPATAT KABUPATÉN BANDUNG BARAT 1)
Geri Daryat Saputra 2)
ABSTRAK
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1)
Skripsi dibimbing oleh Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. dan Ade Sutisna, S.Pd.
2)
Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
INVENTARISASI BASA SUNDA PROKÉM DI DÉSA RAJAMADALA
KULON KECAMATAN CIPATAT KABUPATÉN BANDUNG BARAT 1)
Geri Daryat Saputra 2)
ABSTRACT
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAFTAR EUSI
Kaca
ABSTRAK ... v
PANGJAJAP... vi
CATUR NUHUN ... vii
DAPTAR EUSI ... ix
DAPTAR TABEL ... xiii
DAPTAR BAGAN ... xiv
DAPTAR LAMBANG & SINGKETAN ... xv
DAPTAR LAMPIRAN ... xvi
BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2Watesan jeung rumusan masalah ... 3
1.2.1 Watesan Masalah ... 3
1.2.2 Rumusan Masalah ... 3
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4
1.5 Anggapan Dasar ... 4
1.6 Sistematika Tulisan ... 5
BAB II RAGAM BASA PROKÉM 2.1Dialék ... 6
2.1.1 Wangenan dialék ... 6
2.1.2 Kalungguhan Dialék dina Sosiolinguistik ... 6
2.1.3 Variasi Basa Dialék ... 8
2.1.5 Udagan Panalungtikan Géografi Dialék ... 10
2.2Pilihan Basa ... 10
2.3Basa Prokém ... 11
2.3.1 Wangenan Basa Prokém ... 11
2.3.2 Kamekaran Basa Prokém ... 12
2.3.3 Waktu Makéna Basa Prokém ... 15
2.4Warna Kecap ... 15
2.4.1 Kecap Lulugu ... 16
2.4.1.1Kecap Barang (Nomina) ... 16
2.4.1.2Kecap Pagawéan (Vérba) ... 17
2.4.1.3Kecap Sipat (Adjéktiva) ... 17
2.4.1.4Kecap Bilangan (Numeralia) ... 18
2.4.2 Kecap Pancén ... 18
2.4.2.1 Kecap Panyambung ... 19
2.4.2.2 Kecap Pangantét ... 19
2.4.2.3 Kecap Panyeluk ... 20
2.4.2.4 Kecap Panambah ... 20
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan ... 22
3.2 Desain Panalungtikan ... 22
3.3Populasi jeung Sampel ... 23
3.3.1 Populasi jeung Sampel Data di Désa Rajamandala ... 23
3.4 Wangenan Operasional ... 25
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 25
3.6 Téhnik Panalungtikan ... 25
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 26
3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 27
3.7 Léngkah Garapan Panalungtikan ... 27
3.7.1 Tatahar ... 27
3.7.3 Ngolah Data ... 29
3.7.4 Nyusun Data ... 30
BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN PANALUNGTIKAN 4.1 Déskripsi Wewengkon Désa Rajamandala Kulon ... 31
4.2 Kondisi Sosial Budaya ... 31
4.2.1 Démografi/Kependudukan ... 31
4.2.2 Atikan ... 32
4.3 Data ... 33
4.4. Analisis Data ... 40
4.4.1 Warna Kecap Basa Sunda Prokém Rajamandala Kulon ... 41
4.4.1.1 Kecap Prokém Barang ... 41
4.4.1.2 Kecap Prokém Sipat ... 43
4.4.1.3 Kecap Prokém Pagawéan ... 45
4.4.1.4 Kecap Prokém Bilangan ... 48
4.4.1.6 Kecap Prokém Panambah ... 48
4.4.1.7 Kecap Prokém Panyeluk ... 49
4.4.2 Pola Ngawangun Kecap ... 50
4.4.2.1 Obahan (métatésis) ... 50
4.4.2.1.1 Obahan Murni ... 50
4.4.2.1.2 Obahan Réka Sora ... 52
4.4.2.2Ngukuhan Foném ... 56
4.4.2.3Mondokkeun (abréviasi) ... 58
4.4.2.3.1 Singketan ... 58
4.4.2.3.2 Sirnaan ... 59
4.4.2.3.3 Réduksi ... 60
4.4.2.4 Épenténsis ... 61
4.4.2.5 Robah Ma’na ... 62
4.4.2.6 Manasuka ... 66
5.1 Kacindekan ... 67
5.2 Saran ... 68
DAFTAR PUSTAKA LAMPIRAN
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Dina kahirupan sapopoé manusa moal leupas tina ngaranna basa. Ieu
basa téh dipaké pikeun komunikasi jeung papada jalma. Saupama dititénan
leuwih telik, makéna basa dina kahirupan sapopoé téh loba pisan variasina.
Malah di unggal wewengkon, basa nu dipaké téh mibanda ciri has atawa
dialéktologi séwang-séwangan.
Saupama nilik kana pasipatan basa nu arbitér jeung konvesional, basa
Sunda mibanda ragam (variasi-variasi) basa nu saéstuna ngeuyeuban kana
hirup-huripna basa Sunda. Sudaryat (2003:121) nétélakeun yén nu dimaksud
ragam basa nya éta rupaning wujud makéna basa dina kahirupan panyaturna.
Salasahiji kelompok sosial panyatur basa Sunda nu mibanda ragam basa
téh nya éta kaum rumaja. Kahirupan rumaja nu matak ngirut tur
pikayungyuneun, tétéla mangaruhan kana makéna ragam basa rumaja. Mémang
éta hal téh dipangaruhan ku kaayaan sosial rumaja. Sakumaha nu katémbong
yén mangsa rumaja téh mibanda ciri, di antarana: badeur; hésé diatur; kréatif;
tur resep ngariung dina hiji kelompok. Éta ciri-ciri téh katangén dina basa nu
dipaké ku kaum rumaja. Kahayang pikeun nyieun kelompok eklusif
ngabalukarkeun para rumaja nyiptakeun basa “rusiah” nu ukur dipikaharti ku
kelompokna. Jadi, sanajan kabéh rumaja geus apal kana ieu basa, keur barudak
jeung kolot mah tetep jadi basa rusiah nu teu pikahartieun (Sumarsono &
Partana, 2004: 150-151).
Dina ulikan sosiolinguistik, ulikan dialék sosial utamana basa prokém
téh geus aya nu ngalaksanakeun, upamana waé artikel nu judulna “Bahasa
Prokem di Jakarta” (Kawira,1990) nu datana ti Jay Bimo dina majalah Hai No.
2
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
maké, sarta struktur basa prokem. Lian ti éta, aya ogé nu judulna “Bahasa
Remaja: Studi Kasus Pemakaian Bahasa di Radio Prambors” (Nurany,1994).
Éta panalungtikan ngadéskripsikeun dipakéna basa ragam lisan dina radio.
Sanajan dina ieu panalungtikan nyabit-nyabit perkara basa prokém, tapi
karasana teu museur, kusabab dijerona nyaruk jeung dialék Jakarta, basa daérah,
jeung basa asing. Lian ti éta, aya skripsi anu judulna “Dialék sosial basa sunda
di Kacamatan Cianjur Kabupatén Cianjur (Ulikan Kandaga Kecap Ragam Basa
Prokém (slang) di Kalangan Rumaja) anu ditulis ku Aditia Gunawan taun 2007,
ieu skripsi téh ngadéskripsikeun ngeunaan warna kecap, pola ngawangun kecap,
sarta fungsi basa prokém rumaja anu aya di Kacamatan Cianjur Kabupatén
Cianjur. Salian ti éta ogé aya skripsi séjén anu nalungtik ngeunaan basa slang
anu dijudulan “Kosakata slang anak jalanan:suatu penelitian terhadap potensi pengembangan kosakata Bahasa Indonesia” (Sari, 2003) ieu skripsi kawilang
hadé sabab bisa ngabuktikeun yén basa slang téh bisa ditarima ku masarakat.
Dina ulikan dialék sosial basa Sunda, ulikan ngeunaan basa rumaja téh
geus aya anu nalungtik , diantarana waé makalah anu judulna “panalungtikan
Basa Sunda di Lingkungan Kodya Bandung: Program Panalungtikan Basa
Sunda Rumaja” (Djaya Sudarma, 2005) anu dipidangkeun dina kongrés Basa Sunda VIII taun 2005. Ieu makalah museur kana interferensi jeung campur kode
dina basa rumaja.
Tina panalungtikan-panalungtikan nu ditataan di luhur, tétéla yén
panalungtikan dialék sosial basa Sunda di Jawa Barat téh ngan saeutik nu
dilaksanakeun. Ari ulikan ngeunaan kandaga kecap basa prokém rumaja nu
dipaké ku panyatur basa Sunda mah ngan saeutik. Ieu hal mangrupa salasahiji
cukang lantaran pangna nu nyusun Basa Sunda Prokém Rajamandala (BSPR).
Nilik kana pedaran di luhur fénomena basa prokém dina kahirupan
3
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kabupatén Bandung Barat. Dumasar kana basa nu dijadikeun idéntitas
kelompokna, kapanggih komunitas panyatur basa Sunda, nggagunakeun basa
prokém. Éta basa téh muncul waktu komunikasi jeung papada kelompokna.
Perluna panalungtikan ngeunaan dialék sosial basa Sunda di Désa
Rajamadala Kulon Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat téh salian ti
fénomena kahirupan basa Sunda nu perlu di dokuméntasikeun, ogé bisa
dijadikeun tatapakan strategi kamekaran basa Sunda. Ku kituna ieu
panalungtikan anu judulna “Ragam Basa Sunda Prokém di Désa Rajamadala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat” perlu dilaksanakeun.
1.2 Watesan jeung rumusan masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Ngawatesanan masalah panalungtikan mangrupa léngkah anu penting
dina panalungtikan, sangkan réngsé bari bisa ngajawab sagala rupa anu aya dina
rumusan masalah.
Luyu jeung kasang tukang masalah, dina ieu panalungtikan téh
diwatesanan ngeunaan déskripsi analisis Basa Sunda Prokém di Désa
Rajamadala Kulon Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat. Maluruh
ngeunaan unit-unit basa dina basa prokem rumaja di Désa Rajamadala Kulon
Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat sacara gembleng tinangtu bakal
lega teuing ambahannana, ku kituna, ieu panalungtikan téh diwatesan tur di
écéskeun deui yén anu ditalungtik téh nya éta kandaga kecap dina basa prokém
kalangan rumaja di Désa Rajamadala Kulon Kacamatan Cipatat Kabupaten
Bandung Barat, ngawengku warna, jeung fungsi basa prokém dumasar laku basa
dina komunikasi intra kelompokna.
4
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dumasar kana watesan masalah, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan
dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha kandaga kecap basa Sunda prokém anu aya di Désa Rajamadala
Kulon Kacamatan Cipatat kabupaten Bandung Barat?
2) Kumaha warna kecap basa prokém rumaja nu kapanggih dina éta
wewengkon?
3) Kumaha pola ngawangun kecap basa Sunda prokém anu aya di Désa
Rajamadala Kulon Kacamatan Cipatat kabupaten Bandung Barat?
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta hayang meunangkeun data
ngeunaan basa Sunda prokém di kalangan rumaja anu aya di Désa Rajamadala
Kulon Kacamatan Cipatat kabupaten Bandung Barat.
1.3.2 Tujuan Husus
Ieu panalungtikan nu judulna basa Sunda prokém di kalangan Rumaja
Désa Rajamadala Kulon Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat, miboga
tujuan husus pikeun ngadéskripsikeun:
1) kandaga kecap basa Sunda anu aya di Désa Rajamadala Kacamatan
Cipatat Kabupatén Bandung Barat
2) warna kecap basa prokém rumaja nu kapanggih dina éta wewengkon
3) pola ngawangun kecap basa Sunda prokém kana aspek sosiologi
kahirupan masarakat
5
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa méré mangpaat sacara tioritis pikeun
élmu sosiolinguistik, sacara praktis pikeun panalungtik, tatabasa, jeung umum.
anu ditataan ieu di handap:
1) Méré informasi ngeunaan kandaga kecap Basa Sunda prokém di Désa
Rajamadala Kulon Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat.
2) Méré informasi wangun kecap Basa Sunda prokém di Désa Rajamadala
Kulon Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat di kalangan rumaja.
3) Ngeuyeuban panalungtikan dialéktologi basa Sunda.
1.5 Anggapan Dasar
Ieu panalungtikan téh nyoko kana sababaraha anggapan dasar saperti ieu
di handap.
1) Basa Sunda prokém anu dikumpulkeun di Désa Rajamadala Kulon
Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat mangrupa fénomena
kahirupan manusa anu perlu di dokuméntasikeun.
2) Bédana antara kecap basa Sunda prokém di Désa Rajamadala Kulon
Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat jeung kecap basa Sunda
lulugu bisa dianalisis dumasar kana élmu basa.
3) Perluna basa Sunda prokém di désa Rajamadala Kulon Kacamatan
Cipatat Kabupatén Bandung Barat bisa dijadikeun tatapakan pikeun
stategi kamekaran basa Sunda anu salawasna mekar luyu jeung
kamekaran jaman.
1.6 Sistematika Tulisan
Sistematika penulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nya éta: Bab
I bubuka, medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan
6
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sistematika penulisan; Bab II ngeunaan kajian tiori tina ieu panalungtikan,
medar sosiolinguistik, pilihan basa, hubungan basa jeung kabudayaan, warna
kecap, dialék, jeung basa prokém; Bab III métode panalungtikan nu dipaké
dina ieu skripsi nu medar ngeunaan métode panalungtikan, téknik
panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, desain panalungtikan,
jeung léngkah garapan panalungtikan; Bab IV ngadeskripsikeun hasil tina
panalungtikan, nya éta ngeunaan basa Sunda prokém di Désa Rajamadala
Kulon Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat; Bab V ngeunaan
kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran ti panalungtik ngeunaan
hal-hal nu aya pakuat-pakaitna salila panalungtikan pikeun panalungtik
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Métode Panalungtikan
Métode mangrupa hiji patokan pikeun ngahontal tujuan dina prakna
ngalaksanakeun panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan
nya éta métode déskriptif, nya éta métode anu bisa ngungkulan pasualan anu
aktual ku cara ngumpulkeun data, ngaklarifikasi data, nganalisis data tur
nafsirkeun data (Surachmad, 1994:147). Métode panalungtikan ieu, dipaké
pikeun meunangkeun gambaran tina fakta-fakta jeung sipat objék panalungtikan
sacara sistematis, logis jeung faktual.
3.2 Desain Panalungtikan
Ngarumuskeun masalah
Ngarumuskeun anggapan dasar
Nangtukeun métode jeung téknik panalungtikan
Nangtukeun sumber data
Nangtukeun Masalah
Ngumpulkeun Data Abstrak
23
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.3 Populasi jeung Sampel
Populasi mangrupa objék sakabéhna tina objék nu ditalungtik. Nurutkeun
Sugiyono (2010:215) populasi diartikeun salaku wilayah generalisasi nu
ngawengku: objék/subjék nu ngabogaan kualitas jeung karakteristik nu tangtu nu
ditetepkeun ku panalungtik pikeun dipedar sarta dicindekkeun. Sedengkeun
sampel mangrupa bagian tina éta populasi. Populasi di dieu leuwih museur kana
wilayah atawa jangkawan panalungtik.
3.3.1 Populasi jeung Sampel Data di Désa Rajamandala Kulon
Désa Rajamandala Kulon nu legana 1.257 Ha. Ngawengku 27 rukun
warga, nu dijadikeun sampel dina ieu panalungtikan nya éta 16 rukun warga nu
saterusna disampelkeun deui ngagunakeun téknik purposive sampling.
Purposive sampling nya éta sampel anu bertujuan. Penyampelan
dilakukeun ku cara nyaluyukeun gagasan, asumsi, sasaran, tujuan, mangpaat anu
rék dihontal ku panalungtik. Penyampelan samodél kieu kaasup kana golongan
Téknik obsérvasi
Téknik wawancara
Téknik dokuméntasi
Téknik studi pustaka
Ngolah data
Nyieun Kacindekan
24
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
non probabilitas. Panalungtik bisa nyokot sampel luyu jeung kahayangna,
(Endaswara, 115:2006).
Tabél 3.1
25
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1. RW 01 Cipanas
2. RW 02 Cipeureudeuy
3. RW 03 Babakan Bandung
4. RW 04 Babakan Bandung
5. RW 05 Sukaati
6. RW 06 Cinangka
7. RW 07 Cikalapa
8. RW 08 Warung Tiwu
9. RW 09 Warung Jambé
10.RW 10 Warung Jambé
11.RW 11 Pakemitan
12.RW 12 Pakemitan
13. RW 13 Pakemitan
14. RW 14 Sukalilah
15. RW 15 Warung Tiwu
16. RW 16 Nyomplong
17. RW 17 Nyomplong
18. RW 18 Citapén
19. RW 19 Cisadang
20. RW 20 Ciburahol
21. RW 21 Témbongsari
22. RW 22 Rancabéntang
23. RW 23 Ciburahol
24. RW 24 Ciburahol Haur
25. RW 25 Cisameng
26. RW 26 Cioray
27.RW 27 Tembong Asih
1. RW 03 Babakan Bandung
2. RW 04 Babakan Bandung
3. RW 05 Sukaati
4. RW 07 Cikalapa
5. RW 08 Warung Tiwu
6. RW 09 Warung Jambé
7. RW 10 Warung Jambé
8. RW 11 Pakemitan
9. RW 12 Pakemitan
10. RW 15 Warung Tiwu
11. RW 16 Nyomplong
12. RW 17 Nyomplong
13. RW 18 Citapén
14. RW 19 Cisadang
15. RW 20 Ciburahol
26
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.4 Wangenan Operasional
Sangkan leuwih jéntré, di handap ieu baris dijelaskeun wangenan
operasional anu patali jeung ieu judul panalungtikan, nya éta:
1) Basa Sunda nya éta basa indung urang Sunda anu dipaké kénéh ku
masarakatna.
2) Basa Sunda prokém Rajamandala Kulon mangrupa ragam basa anu dipaké ku
kaum rumaja di désa Rajamandala Kulon pikeun ngabédakeun dirina jeung
masarakat liana.
3) Désa Rajamandala Kulon mangrupa salasahiji wewengkon anu aya di
Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat anu pangeusina 85% penduduk
asli urang Sunda.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:
1) Alat rékam anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan basa Sunda
prokém Rajamandala Kulon, Kecamatan Cipatat, Kabupatén Bandung Barat.
2) Kaméra pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu aya patalina jeung ieu
panalungtikan.
3) Kartu panalungtikan pikeun idéntitas informan.
3.6 Téhnik Panalungtikan
Luyu jeung métode anu digunakeun, dina ieu panalungtikan
ngagunakeun téknik observasi, téknik wawancara jeung téhnik tala’ah pustaka.
Obsérvasi digunakeun pikeun niténan langsung kalawan objéktif kana hiji
kajadian atawa hiji prosés, nya éta anu mangrupa obsérvasi langsung ka tempat
pikeun ngumpulkeun Basa Sunda Prokém di Désa Rajamadala Kulon
Kecamatan Cipatat kabupatén Bandung Barat. Téhnik sadap téh nya éta tehnik
27
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
nya éta tehnik Simak Bebas Lihat Cakap (SBLC) jeung tehnik Simak Lihat
Cakap (SLC), catet jeung rekam (Mahsun, 2005:218) tehnik Simak Bebas Lihat
Cakap (SBLC) nya éta téhnik nu dipaké ku panalungtik pikeun “nyadap”
paripolah basa dina hiji paguneman tanpa ngilu ilubiung kana éta paguneman (il.
Mahsun, 2004:219). Jadi, dina téhnik SBLC mah nu nalungtik téh ukur
ngimeutan paripolah basa kalayan pasif. Téknik wawancara (interview)
digunakeun pikeun meunangkeun informasi sacara langsung ngaliwatan ti
sababaraha informan atawa anu diwawancara ngeunaan basa Sunda Prokém di
Désa Rajamadala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat.
Sedengkeun tala’ah pustaka digunakeun pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya patalina jeung subjék panalungtikan anu keur
ditalungtik.
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Anapon léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data dipedar ieu di handap.
1) Téhnik Observasi
Téhnik observasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku cara nyadap
paripolah basa tanpa milu aub dinu éta guneman.
2) Téhnik Wawancara
Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku jalan méré
patalékan-patalékan sacara langsung ka masarakat anu tangtu. Ku cara
paguneman atawa kontak jeung panyatur salaku narasumber.
3) Téhnik Dokumentasi
Tehnik dokuméntasi maksudna nya éta nilik, nitenan, tur ngulik kana
sajumlahing dokuméntasi nu geus aya saperti dokumén buku atawa sumber
tinulis lianna nu aya hubunganna jeung panalungtikan.
28
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Téknik studi pustaka digunakeun pikeun ngumpukeun bahan tulisan dina
néangan tur nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung objék
panalungtikan.
3.6.2 Téhnik Ngolah Data
Sanggeus data nu kapanggih dikumpulkeun, satuluyna ngolah data
dumasar kana téknik-téknik anu geus dipedar di luhur. Anapon léngkah-léngkah
garapanana saperti nu dipedar ieu di handap.
1) Niténan jeung néangan deui data anu geus dikumpulkeun,
2) Data dipasing-pasing dumasar kana warna jeung fungsina,
3) Nganalisis data,
4) Nyieun kacindekan tina data nu geus diolah tadi.
Téhnik analisis anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik
komparasi intralingual jeung ékstralingual. Téhnik komparasi intralingual nya
éta téhnik nu tujuanna pikeun néangan hal poko ku cara matalikeun jeung
ngabandingkeun unsur-unsur jero basa, saperti kandaga kecap, warna kecap,
jeung pola basa prokém nu dipaké ku sababaraha informan. Sedengkeun téhnik
komparasi ékstralingual nya éta téhnik nu tujuanna pikeun néangan hal poko ku
cara matalikeun jeung ngabandingkeun unsur-unsur luar basa, saperti kontéks
omongan, gender, umur, jeung kelas sosial nu nyampak minangka fénoména
sosiolinguistik dina basa prokém rumaja.
29
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina tahap tatahar, léngkah-léngkah garapanna téh saperti anu dipedar
ieu di handap.
1) Ngumpulkeun sumber pustaka, leuwih écésna nya éta buku-buku téori
ngeunaan métodologi panalungtikan (basa), dialék sosial, kandaga kecap,
jeung hususna basa prokém rumaja.
2) Nyieun watesan jeung rumusan masalah;
3) Ngasongkeun judul panalungtikan;
4) Nyusun rarancang panalungtikan proposal, jeung;
5) Konsultasi tur ménta panyaluyuan ka dosén pangaping I jeung dosén
pangaping II.
3.7.2 Ngumpulkeun Data
Saréngséna tahap tatahar, nepi kana tahap ngumpulkeun data. Data ieu
panalungtikan téh nya éta basa prokém rumaja anu aya di Désa Rajamandala
Kulon Kacamatan Cipatat kabupatén Bandung barat. Anapon léngkah-léngkahna
saperti ieu di handap.
1) Nangtukeun kandaga kecap anu baris ditanyakeun ka informan;
2) Nyieun instrument kandaga Kecap Basa Prokém Rumaja anu aya di Désa
Rajamandala Kulon Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat, contona
saperti ieu di handap.
Tabél 3.2
Instrumén Kandaga Kecap Basa Prokém Rajamandala Kulon
Wasta: Rudiansyah
Umur : 21 taun
Padumukan: Kp. Nyomplong
30
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3) Wawancara ka Informan anu geus ditangtukeun;
4) Obsérvasi ka lapangan ku cara nyadap, nyatet, tur ngarékam basa prokém
rumaja. Format nyatet hasil sadap bisa ditinggali dina tabél di handap;
Tabél 3.3
Instrumén Laku Basa Prokém
NO KATERANGAN INFORMASI
1. Tanggal Panalungtikan
2. Nu maké basa
3. Jejer caritaan informan (nu dicaritakeun)
4. Tempat guneman nu lumangsung
5. Jalma nu kalibet dina guneman
6. Suasana
7. Rasa, nada, jeung ragam basa
8. Amanat jeung tujuan ahir omongan
9. Ngaran pengamat
(Sudaryat, 2003:101)
5) Mindahkeun data hasil sadap (lisan) kana wangun tulisan (transkripsi).
3.7.3 Ngolah Data
No Kecap Lulugu Basa Prokém Katerangan
1 rada gélo adar olég teu waras ingetanna
Nu Ngawawancara : Geri Daryat saputra
31
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sanggeus data nu kapanggih téh dikumpulkeun, satuluyna dianalisis
dumasar téhnik-téhnik nu geus dipedar di luhur. Sangkan leuwih écés,
léngkah-léngkah nganalisis data téh dipedar ieu di handap.
1) Niténan deui kagemblengan data;
2) Mindahkeun data kana kartu data. Tegesna, dina ulikan kandaga kecap,
unggal kecap dipasing-pasingkeun kana tilu kartu data. Conto kartu data
kandaga kecap saperti ieu di handap.
Tabél 3.4 Kartu Data
No Data: 001
Kecap Prokém: adar olég
Kecap lulugu: rada gélo
Warna: kecap sipat
3) Milah jeung milih data maké kartu data;
4) Nyirian (nganomeran) data nu ngarojong kana déskripsi kandaga kecap;
5) Tina Hasil analisis data, satuluyna ditabulasikeun dumasar kana
gundukanna. Susunan tabulasina nya éta; nomor korpus, nomor data, kecap
[image:26.595.202.420.282.398.2]basa prokém, kecap basa sunda lulugu. Jéntréna saperti ieu conto di handap.
Tabel 3.5
Susunan Tabulasi Analisis Data
No No Data Basa Prokém Basa Sunda Lulugu
1 001 adar olég rada gélo
6) Maluruh fungsi sosial basa prokém di kalangan rumaja dumasar data anu
32
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.7.4 Nyusun Data
Léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan nya éta nyusun laporan
sabada hasil dipasing-pasing, dianalisis nepi ka jadi informasi anu bisa disusun
dina wangun déskriptif, anu ahirna disusun sacara sistematis dina wangun
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan
Basa Sunda prokém hususna basa rumaja di Désa Rajamandala Kulon
Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat téh nya éta wangun variasi basa
Sunda anu digunakeun ku para rumaja di éta wewengkon. Ieu basa minangkana
mah kodé, tur sifatna rusiah. Hartina ukur éta kelompok anu ngarti, sedengkeun
saluareun éta kelompok moal ngarti kana naon anu dicaturkeun. Tina hasil analisis
data, kapaluruh hal-hal saperti ieu di handap.
1. Kakumpulkeun 185 kecap basa prokém rumaja Désa Rajamandala Kulon
Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat.
2. Warna kecap basa prokém rumaja Désa Rajamandala Kulon Kacamatan
Cipatat Kabupatén Bandung Barat tina data ngawengku 40 prokém kecap
barang (21,5%), 65 prokém kecap sifat (35%), 58 prokém kecap pagawéan
(31%), 1 prokém kecap bilangan (0,5%), 2 prokém kecap pangantét (1%),
9 prokém kecap panambah (4,5%), 1 prokém kecap sifat (0,5%), jeung 9
prokém kecap panyeluk (4,5%).
3. Tina hasil analisis 185 kecap Basa Sunda Prokém Rajamandala Kulon
(BSPR), kapaluruh aya sababaraha pola wangunan kecap nya éta: 1)
obahan (métatésis) aya 72 kecap; 2) ngukuhan foném aya 20 kecap; 3)
mondokkeun (abréviasi) aya 17 kecap; 4) épenténsis aya 5 kecap; jeung 5)
robah ma’na aya 52 kecap.
5.2 Saran
Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan basa prokém rumaja di Désa
Rajamandala Kulon Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung barat, aya
sababaraha saran anu perlu ditepikeun, pikeun panalungtikan satuluyna, di
68
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1. Ieu panalungtikan téh museur kana ulikan kecap, ku kituna perlu aya
panalungtikan anu leuwih jembar ngeunaan basa prokém rumaja ditilik
tina jihat sosioliungistik.
2. Perlu ayana panalungtikan ngeunaan ragam basa prokém rumaja dina
ragam basa tulisan, pangpangna dina karya sastra.
3. Perlu ayana panalungtikan husus ngeunaan basa Sunda rumaja di
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR PABUKON
Alwasilah, A. Chaedar. (1985). Beberapa Mazdhab dan Dikotomi Teori
Linguistik. Bandung : Angkasa.
Ahira, Anne. “Pengertian Dialek” dina http://www.bimbie.com/pengertiandialek
tologi.htm.
Chaer, Abdul. (2003). Linguistik Umum Jakarta: PT Rineka Cipta.
Chaer, Abdul. (2009). Psikolinguistik (Kajian Teoritik). Jakarta: Renika Cipta.
Chaer, Abdul & Leonie Agustina. (2004). Sosiolinguistik: Perkenalan Awal.
Jakarta: Rineka Cipta.
Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (2008). Kamus Besar Bahasa
Indonesia. Jakarta : Balai Pustaka.
Sudarma, Djaya T.F. (2005). “Panalungtikan Basa Sunda di Lingkungan Kodya
Madya Bandung (Program Panalungtikan basa Sunda Rumaja)”. Makalah
Kongrés Basa Sunda VIII, Subang.
Endraswara, Suwardi. (2006). Metode, Teori, Teknik Penelitian Kebudayaan:
Ideologi, Epistemologi, dan Aplikasi. Yogyakarta: Pustaka Widiyatama.
Gunawan, Aditia. (2007). “Dialék Sosial Basa Sunda di Kacamatan Cianjur
Kabupatén Cianjur (Ulikan Kandaga Kecap Ragam Basa Prokém di
Kalangan Rumaja)”. Skripsi Sarjana Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
FPBS UPI.
Henscyber. “Hubungan Bahasa dan Kebudayaan” dina
http://anaksastra.blogspot.com. diakses ping 28 juli 2009.
Kaha, Meyra. “Bahasa gaul dan idiom dalam percakapan sehari-hari orang luar”
http://prosyariah1924.wordpress.com/2010/07/06/slangbahasa-gaul-Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dan-idiom-dalam-percakapan-sehari-hari-orang-luar/. diakses ping 06 juli
2010.
Kawira, Lita Pamela. (1990). “Bahasa Prokém di Jakarta”dina Jay Bimo. Majalah
Hai No. 29, 1981.
Kridalaksana, H. (2001). Kamus Linguistik. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.
Kridalaksana, H. (1978). Fungsi Bahasa dan Sikap Bahasa. Ende-flores: Nusa
Indah.
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:
Taraté.
Mahsu. (2005). Metode Penelitian Bahasa: Tahapan Strategi, Metode, dan
Tekniknya. Jakarta: Rajawali Press.
Nababan, PWJ. (1993). Sosiolinguistik Suatu Pengantar. Jakarta: Gramedia
Pustaka .
Nurany, Meiti. (1994). “Bahasa Remaja: Studi Kasus Pemakaian Bahasa di
Radio Prambors.” Skripsi Sarjana Fakultas Sastra Indonesia, Depok.
Pikiran Rakyat. “Cumpaah? Miapaah?” Bandung: Koran Pikiran rakyat. Terbit
ping 30 Oktober 2012.
Pootra, Ekri. Penggunaan Bahasa Gaul di Kalangan Remaja. Tina
http://ekorizalsaputra.wordpress.com. Diakses ping 24 November 2012.
Rahardi, Kunjama. (2001). Sosiolinguistik, Kode, dan Alih Kode. Yogyakarta:
Pustaka Pelajar.
Rohaedi, Ayat. (1983). Dialektologi: Sebuah Pengantar. Jakarta: Pusat.
Sahertian, Debby. 2000. Kamus Gaul. Jakarta: Pustaka Sinar Harapan.
Geri Daryat Saputra, 2014
Ragam basa prokem di desa Rajamandala Kulon Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Saragih, Ferdinaen. (2008). “Pengertian Sosiolinguistik” Dina
http://sigodang.blogspot.com/2008/10
/pengertian-sosiolinguistikselengkap nya.html. diakses ping 12 oktober 2008.
Sari, Rima. (2003). “Kosakata Slang Anak Jalanan: Suatu Penelitian Terhadap
Potensi Pengembangan Kosakata Bahasa Indonesia”. Skripsi Sarjana
Fakultas Sastra Universitas Indonesia, Depok.
Sudaryat, Yayat. (2003). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat, Yayat. (2000). Élmuning Basa. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa
Daerah FPBS UPI.
Sudaryat, Yayat, Spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sugiyono. (2010). Metode penelitian kuantitatif dan kualitaatif dan R&D.
Bandung: CV Alfabeta.
Sumarsono & Paina Partana. (2004). Sosiolinguistik. Yogyakarta: Sabda &
Pustaka Pelajar.
Sumarsono. (2007). Sosiolinguistik. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Surachmad. (1994). Dasar dan Tehnik Research: Pengantara Metodologi Ilmiah.
Said, Wiseman. Bahasa Prokem. Tina http://danielsns.wordpress.com/2009/
01/28/bahasa-prokem/. Diaksés ping 28 Januari 2009.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2010). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.
Bandung: UPI Press.
Wijana, I Dewa Putu. (1997). ”Linguistik, Sosiolinguistik, dan Pragmatik”.
Makalah dalam Temu Ilmiah Bahasa dan Sastra di Balai Penelitian Bahasa,