• Tidak ada hasil yang ditemukan

Daptar Eusi ISSN:

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "Daptar Eusi ISSN:"

Copied!
28
0
0

Teks penuh

(1)

Daptar Eusi

Edisi 1 | Taun 1 | Maret 2015

.... kaca

2

Wawancara Éksklusif:

.... kaca

6

Édaran Kadisdik

Provinsi Jabar

Matéri Ajar Basa

Sunda Angger

Nyoko kana K13

.... kaca

8

.... kaca

10

Handapeun

Tihang Bandéra

Carpon Dédé Mukhlis .... kaca

18

.... kaca

16

.... kaca

21

Dudin Solahudin: .... kaca

28

ISSN: 2442-7969 .... kaca

13

(2)

Béja ti Balé

L

AMPIRAN I, Undang-Undang Nomer 23 Taun 2014 ngeunaan Pamaréntahan Daérah, nétélakeun kalawan tandes yén aya 6 (genep) hal dina widang atikan anu jadi uruseun sacara babarengan antara pamaréntah puseur, pamaréntah provinsi, jeung pamaréntah kabupatén/kota. Salasahijina nyaéta pasualan

ngamumulé basa jeung sastra. Pamaréntah puseur tanggung jawabna dina ngaraksa Basa jeung Sastra Indonésia. Pamaréntah

provinsi miboga tanggung jawab Kanggo ngaraksa basa jeung sastra lintas daérah kabupatén/kota dina tahap Pendidikan Menengah jeung Pendidikan Khusus saprovinsi. Ari pamaréntah kabupatén/kota, tanggung jawabna dina ngaraksa basa jeung sastra lintas daérah kacamatan dina tahap pendidikan Dasar, PAUD,

jeung Pendidikan Masarakat sakabupatén/kota.

Di Jawa Barat, éta tanggung jawab salasahijina dicangking ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas

Pendidikan Provinsi Jawa Barat. BPBDK téh salashiji unit kerja anu mibanda pancén jeung fungsi ngaraksa, mekarkeun, jeung

ngamumulé basa jeung kasenian daérah ngaliwatan jalur atikan di Jawa Barat. Sangkan leuwih écés kumaha seuhseuhan BPBDK dina ngalaksanakeun éta tugas

jeung fungsina, Majalah Suligar ngayakeun wawancara husus sareng pupuhu BPBDK,

Drs. H. Husén R. Hasan, M.Pd.

Terbitna UU No. 23 Taun 2014 ngeu-naan Pemerintahan Daerah téh tangtu

ngagelarkeun rupa-rupa hal anu kudu jadi panitén. Naon urgénsina éta hal, utamana patali jeung kagiatan ngaraksa basa daerah di Jawa Barat?

Gelarna éta undang-undang, leuwih nandeskeun kawajiban pamaréntah daérah, boh provinsi boh kabupatén/kota, Kanggo ngusahakeun rupa-rupa tarékah ngaraksa, mekarkeun, jeung ngamumulé basa daérah di wewengkonna séwang-séwang,

kalawan leuwih jejeg tur enya-enya.

(3)

Béja ti Balé

Saméméhna, usaha ngaraksa, mekarkeun, jeung ngamumulé basa daérah téh suméndér kana Undang-Undang Nomer 25 taun 2009 ngeunaan Bendera, Bahasa, dan Lambang Negara. Undang-Undang No. 25 taun 2009 téh sajalan jeung Peraturan Daerah Jawa Barat Nomer 5 taun 2003, anu terus dirobah deui jadi Peraturan Daerah Jawa Barat nomer 14 Taun 2014 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah. Dina widang atikan, éta peraturan daérah diatur sacara leuwih operasional ngaliwatan Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomer 69 Taun 2013 ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan dasar dan Menengah.

Gelarna UU Nomer 23 Taun 2014 téh tangtuna nambahan jeung nguatan tatapakan yuridis formal tarékah ngaraksa, mekarkeun, jeung ngamumulé basa jeung sastra daérah.

Naon pentingna ngaraksa basa daérah dina pajamanan modéren kawas kiwari?

Basa téh salasahiji produk budaya anu unik jeung istiméwa. Disebut kitu sabab ngaliwatan basa papada jalma bisa ngalakukeun komunikasi, ngébréhkeun pamanggihna, parasaan, jeung sajabana. Kabayang ku urang, kumaha saupamana manusa dina hirupna teu mibanda basa.

Dina kontéks basa daérah, aya kayakinan yén éta basa daérah téh salasahiji ciri nu panggampangna Kanggo mikanyaho asal-usul, gambaran, jeung budaya panyaturna. Basa daérah ogé bisa disebutkeun minangka pakakas anu ngahijikeun panyaturna dina hiji beungkeutan, ditilik tina sisi budaya. Misalna baé, hiji jalma nu keur aya di pangumbaraan baris kahudang rasana nalika nengetan aya jalma lianna anu nyarita ngagunakeun basa anu sarua jeung dirina. Écés pisan, basa daérah bisa mancegkeun tali silaturahim.

Anapon kitu, tujuan pangpokona ngaraksa, mekarkeun, jeung ngamumulé basa daérah tangtu teu saukur Kanggo kapentingan primordial sarupa kitu. Aya kapentingan anu leuwih lega, nyaéta ngajadikeun basa daéarh minangka pakakas komunikasi dina nepikeun pesen-pesen pangwangunan anu dilaksanakeun ku pamaréntah. Pamaréntah merelukeun pisan peran masarakat dina ngawujudkeun rupaning program pangwangunan. Bisa jadi, éta peran bisa ngawujud saupama pesen-pesen pangwangunan

nepi ka masarakat kalawan hadé tur éféktif. Sangkan éta pesen pangwangunan téh éféktif tur keuna, anu antukna dipiharep dituturkeun ku réspon anu hadé, basa daérah kudu leuwih réa digunakeun jeung dimangpaatkeun. Sabab tadi téa, nalika komunikasi ngagunakeun basa daérah téh aya rasa anu leuwih jero anu teu kapanggih dina basa Indonésia, sok komo basa asing mah. Patali jeung éta hal, UNDP PBB ogé salasihiji kawijakanana miharep basa daérah digunakeun sacara samakta dina ngalaksanakeun program-program pangwangunan. Ku UNESCO pon kitu deui, pentingna basa daérah téh diaku pisan tur dipancegkeun dina kagiatan Hari Bahasa Ibu Internasional, unggal tanggal 21 Pébruari.

Kumaha fakta panyatur basa daérah di Jawa Barat kiwari?

Kiwari, nyata pisan yén basa daérah di Jawa Barat kurang diajénan tur teu satata darajatna saupama dibandingkeun jeung basa nasional tur basa asing, boh dina widang atikan boh dina kahirupan masarakat sapopoé. Dina widang atikan, pangajaran basa jeung sastra daérah tacan optimal, balukar kabutuhan guru anu kualifi kasina sarjana basa daérah tacan kacumponan, sarana jeung prasarana anu héngkér, tur kurangna aprésiasi ti panyaturna sorangan.

Saupama éta hal diantep, kahariwang téh tangtu basa daérah éksisténsina baris terus nyirorot, samalah bisa leungit. Saupama geus kitu, éta tangtu baris jadi tahap awal rugrugna budaya daérah, temahna tangtu baris mangaruhan ogé kana rugrugna kabudayaan nasional.

Kumaha arah kawijakan ngaraksa basa jeung sastra daérah di Jawa Barat, utamana sabada UU No. 23 Taun 2014 dijalankeun?

Ku ayana UU Nomer 23 taun 2014, ngaraksa basa jeung sastra daérah di Jawa Barat nu dilaksakankeun ku BPBDK, Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, ngawengku:

Ngayakeun tarékah ngaraksa jeung •

mekarkeun basa jeung sastra daérah

ngaliwatan Pembelajaran Basa jeung Sastra Daérah jalur Pendidikan Dasar jeung Menengah;

Ngalaksanakeun évaluasi kagiatan ngaraksa •

jeung mekarkeun basa jeung sastra daérah ngaliwatan Pembelajaran Basa jeung Sastra Daérah jalur Pendidikan Dasar jeung Menengah;

(4)

Béja ti Balé

Ngalaksanakeun pasanggiri jeung aprésiasi •

hasil kagiatan pembelajaran basa jeung sastra daérah;

Ngayakeun koordinasi jeung fasilitasi •

Kanggo ngundakkeun rupa-rupa kagiatan ngaraksa jeung mekarkeun basa jeung sastra daérah ngaliwatan jalur atikan;

Mekarkeun modél-modél pangajaran basa •

jeung sastra daérah nu aktif, inovatif, kréatif, jeung pikaresepeun;

Netepkeun basa daérah minangka basa •

resmi kadua sagédéngeun basa Indonésia di lingkungan atikan formal jeung nonformal; Mantuan nyadiakeun buku pangajaran •

jeung modul kanggo sakola formal jeung nonformal;

Ngusulkeun guru anu nyumponan •

kompeténsi profésional, pédagogik, sosial, jeung kapribadian sangkan ditugaskeun di lingkunganana luyu jeung papagon perundang-undangan anu nyampak; jeung Narékahan sakola percontohan anu museur •

dina kagiatan ngaraksa, mekarkeun, jeung pembelajaran basa jeung sastra daérah.

Stratégi naon waé anu baris dilarapkeun kanggo leuwih ngundakkeun usaha ngaraksa basa jeung sastra daérah anu nyuméndér kana UU No. 23 Taun 2014?

Ngawangun kamitraan (gawé bareng) jeung •

sawatara pihak (stake holders) dina raraga ngaraksa, mekarkeun, jeung ngamumulé basa jeung sastra daérah, kayaning MGMP Basa Daérah, Forum MGMP Basa Daérah, Forum Koordinasi Pengawas Mata Pelajaran Basa Daérah, jeung Organisasi Sosial Kamasarakatan anu basisna budaya daérah, kayaning Paguyuban Pasundan, Lembaga Basa jeung Sastra Sunda, Pusat Studi Sunda, Lembaga Basa lan Sastra Cerbon, jeung salian ti éta;

Maparinan stimulan ka organisasi mitra •

dina raraga ngaraksa, mekarkeun, jeung ngamumulé basa jeung sastra daérah; Ngupayakeun sakola percontohan anu •

museur dina kagiatan ngaraksa, mekarkeun, jeung pembelajaran basa jeung sastra daérah; jeung

Maparinan penghargaan ka pemangku •

kepentingan (stake holders) anu geus ilubiung dina ngaraksa, mekarkeun, jeung ngamumulé basa jeung sastra daérah.

Program-program naon waé anu baris dimekarkeun tur dilaksakeun ku BPBDK minangka impléméntasi UU No. 23 Taun 2014?

Ningkatkeun mutu guru mata pelajaran Basa •

jeung Sastra Daérah ngaliwatan kagiatan seminar, lokakarya, jeung pelatihan;

Ningkatkeun kualifi kasi guru mata pelajaran •

Basa jeung Sastra Daérah ku cara maparinan béasiswa penyetaraan/pendidikan lanjutan; Ningkatkeun kompeténsi guru mata pelajaran •

Basa jeung Sastra Daérah Non-Kualifi kasi ngaliwatan kagiatan Pendidikan Profési Guru Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Daérah sacara Crash-Programe;

Nyadiakeun sumber-sumber référénsi jeung •

bahan-bahan pangajaran basa jeung sastra daérah kanggo sakola jeung luar sakola; Nyadiakeun bahan-bahan bacaan kanggo •

perpustakaan;

Ngayakeun saémbara dina raraga mekarkeun •

basa jeung sastra daérah kanggo guru, siswa, jeung masarakat;

Ngayakeun panalungtikan dina raraga •

mekarkeun basa jeung sastra daérah, katut sistem pangajaran jeung nyebarkeun hasilna; Ngayakeun lokakarya ngeunaan basa jeung •

sastra daérah kanggo guru di sakola; Maparinan panhajén kanggo karya-karya •

basa jeung sastra pinilih anu oriéntasina pikeun mekarkeun kurikulum sakola, kaasup penghargaan kanggo bahasawan, sastrawan, pangatik, jeung panalungtik dumasar hasil

(5)

Béja ti Balé

panalungtikan unggulan anu patali jeung tarékah mekarkeun basa jeung sastra daérah; Ngamasarakatkeun aksara daérah di

lingkungan atikan formal jeung nonformal; Nyadiakeun fasilitas kanggo kelompok-•

kelompok studi basa, sastra, jeung aksara daérah di lingkungan sakola formal jeung nonformal;

Ngaraksa jeung mekarkeun basa jeung •

sastra daérah kalawan ngaberdayakeun tur ngamangpaatkeun média massa, boh média massa citak boh éléktronik;

Ngokolakeun sistem komunikasi, •

dokuméntasi, jeung informasi perkara basa, sastra, jeung aksara daérah di lingkungan atikan formal jeung nonformal;

Ngadorong dipakéna basa jeung sastra daérah •

dina kahirupan sapopoé di sakola formal jeung nonformal;

Narjamahkeun publikasi élmu pangaweruh •

jeung téknologi tina basa asing kana basa daérah atawa sabalikna;

Nyadiakeun sarana téknologi anu bisa •

mantuan tarékah mekarkeun basa jeung sastra daérah di lingkungan atikan formal jeung nonformal.

Naon angen-angen jeung harepan BPBDK dina raraga sukésna kagiatan-kagiatan mekarkeun jeung ngamumulé basa jeung sastra daérah di Jawa Barat?

Dina kahirupan sapopoé, basa mangrupa pakakas komunikasi. Ku ayana basa manusa bisa ngébréhkeun kahayangna, ngedalkeun rasana, sarta ngawujudkeun pikiranana, boh ku cara lisan atawa tulisan. Rasa, pikiran, katut kahayang anu diébréhkeun bisa ngawujud hiji karya anu mibanda ajén. Basa mangrupa alat komunikasi anu dipibanda ku jalma minangka fi trah mahluk sosial anu bisa mikir jeung milaras rasa, kanggo nepikeun informasi papada jalma ngaliwatan média lisan atawa tinulis, aturan jeung galibna tatakrama ajeg dina hiji tradisi anu dicekel pageuh ku masarakat tutur di hiji lingkungan boh di sabudeureun dunya atikan atawa saluareun dunya atikan. Salaku bagian budaya, basa jeung sastra daérah dina dunya atikan saéstuna mibanda kamampuh kanggo ngasah logika jeung rétorika mikir. Dina basa jeung sastra nyampak pangala-man pangala-manusa nu ngawujud ajén-inajén kahirupan. Eta hal kudu dijadikeun sumanget kanggo urang dina raraga ngungkulan pasualan beuki héngkér-na prakték budaya jeung réalisasi ajén-ihéngkér-najénhéngkér-na.

Ku éta hal, basa jeung sastra daérah perlu pisan dimekarkeun tur dimumulé. Kagiatan-kagiatan kanggo mekarkeun jeung ngamumulé basa jeung sastra daérah tangtu kudu dihangkeutkeun. Boh pribadi boh lembaga-lembaga sawadina teu petot-petot silirojong tur rampak gawé dina prakna.

(6)

Béja ti Balé

asualan perkara beuki héngkérna prakték budaya jeung réalisasi ajén-inajénna di Indonésia téh geus jadi panitén ti rupa-rupa pihak. Mahabuna krisis multidiménsi nu ditandaan ku géséhna moralitas kahirupan jadi indikator nu pangmindengna dikobét. Globalisasi jeung generasi ngora dituding salaku pihak nu panghareupna nyekel tanggung jawab dina pasualan-pasualan sarupa kitu. Kanggo ngungkulanana, sawatara pihak ngasongkeun widang atikan sangkan aya dina posisi panghareupna. Salaku alternatif nu sipatna prévéntif, dunya atikan dipiharep bisa mekarkeun kualitas generasi ngora bangsa dina rupa-rupa aspék nu béh dituna dipiharep ngurangan sabab-musabab rupa-rupa pasualan budaya.

Hakékatna, diajar budaya napak dina konsépsi nu ngawengku tilu hal: 1) diajar perkara budaya, 2) diajar ngabudaya, jeung 3) diajar ngaliwatan budaya. Diajar basa, sastra, jeung seni Sunda aya jeung nyampak dina tilu hal éta. Salaku bagian budaya, basa, sastra, jeung seni Sunda dina dunya atikan saéstuna mibanda kamampuh kanggo ngasah logika jeung rétorika mikir.

Dina basa, sasta, jeung seni Sunda nyampak

Pasanggiri

BASA, SASTRA, JEUNG SENI SUNDA TAUN 2015

pangalaman manusa Sunda nu ngawujud ajén-inajén kahirupan.

Pangajaran basa, sastra, jeung seni

didadasaran ku landasan fi losofi s, psikologis, sosiologis, jeung yuridis. Sacara fi losofi s, pangajaran perlu disawang salaku wengkuan anu miboga sipat normatif anu salasahiji sumberna mangrupa fi lsafat. Salian ti éta pangajaran teu cukup disawang ngaliwatan cara-cara ilmiah hungkul, tapi kudu disawang leuwih gembleng dumasar kana pamarekan fi losofi s. Sacara psikologis, landasan pangajaran basa ngawengku hal-hal: 1) tingkat kamekaran siswa patali jeung umur, jeung 2) kamampuh jeung kasiapan siswa kanggo ngalaman prosés diajar. Sacara sosiologis, landasan pangajaran basa ngawengku 1) wujud kabudayaan salaku gemblengan ide-ide, pamikiran-pamikiran, sawangan-sawangan, ajén-inajén, norma, jeung aturan-aturan, 2) wujud kabudayaan salaku gemblengan aktivitas kalakuan manusa anu miboga pola anu tangtu, 3) wujud kabudayaan anu mangrupa pakakas hasil karya manusana.

Minangka aplikasi tina hasil diajar basa, sastra, jeung seni Sunda di sakola, réa widang nu bisa dimangpaatkeun, salasahijina ngaliwatan pasanggiri. Ku éta hal, BPBDK Dinas

Pendidikan Provinsi Jawa Barat baris ngayakeun kagiatan Pasanggiri jeung Aprésiasi Basa, Sastra, jeung Seni Daérah Taun 2015.

Sacara umum, kagiatan Pasanggiri jeung Aprésiasi Basa, Sastra, jeung Seni Daérah Jawa Barat anu baris dilaksanakeun bulan Juni 2015,

pamilonna nyaéta siswa SD/MI, SMP/MTs., jeung SMA/SMK/MA wawakil ti unggal

kabupatén/kota sa-Jawa Barat. Salian ti wajib gugon kana katangtuan-katangtuan unggal

mata pasanggiri, pamilon ogé diwatesanan. Kanggo anu kungsi jadi pinunjul I di

tingkat provinsi taun saméméhna mah teu diwenangkeun ilubiung jadi pamilon. Ari katangtuan-katangtuan anu leuwih husus, bisa dititénan sakumaha ieu di handap.

(7)

Béja ti Balé

Jumlah Pamilon, Instrumén jeung Propérti 1. Jumlah wawakil pamilon:

Jenis Lomba SD/MI SMP/MTs. SMA/SMK/MA

Tari 2 urang awéwé(1 grup) Tari tunggal :1 urang lalaki 1 urang awéwé

Tari Tunggal 1 urang lalaki 1 urang awéwé Pupuh Raéhan 3 urang (1 grup) 3 urang (1 grup) 3 urang (1 grup) Ngadongéng 1 urang lalaki1 urang awéwé 1 urang lalaki1 urang awéwé 1 urang lalaki1 urang awéwé Maca jeung Nulis

Aksara Sunda 1 urang lalaki1 urang awéwé 1 urang lalaki1 urang awéwé 1 urang lalaki1 urang awéwé

2. Matéri Lomba/Properti

Jenis Lomba jeung

Anggoan SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA

Tari

Anggoan: diluyukeun jeung jenis tari

Tari Cangkurileung Durasi : 8 menit Iringan : CD

Pilihan tari :

Topéng Klana, Rumyang, Pamindo, Kandagan, tu-menggung, Wayang Ékalaya. Durasi : 8 menit

Iringan : CD

Pilihan Tari :

Topeng Panji, Rumyang, Anjasmara, Kandagan, Pamindo, Tumenggung, , Topeng Klana. Durasi : 8 menit Iringan : CD Pupuh Raéhan Anggoan :

Busana Tradisi Sunda

Lagu wajib : Durma Lagu Pilihan : Maskumambang 1. Wirangrong 2. Pamirig : Panitia/délégasi

Lagu wajib : Gambuh Lagu Pilihan : Juru Demung 1. Mijil 2. Pamirig : Panitia/délégasi

Lagu wajib : Pucung Lagu Pilihan : Jeunggjeungg-gula Kinanti Pamirig : Panitia/délé-gasi Ngadongéng Anggoan :

Saragam Sakola luyu jeung jenjang.

Matéri dongéng bébas Sumber réferénsi disebut-keun

Durasi 10 menit

Matéri dongéng bébas Sumber réferénsi disebut-keun.

Durasi 10 menit

Matéri dongéng bébas Sumber réferénsi dis-ebutkeun.

Durasi 10 menit Maca Nulis Aksara

Anggoan :

Saragam Sakola luyu jeung jenjang.

Matéri ditangtukeun dina

prakna lomba Matéri ditangtukeun dina prakna lomba Matéri ditangtukeun dina prakna lomba

3. Kritéria Lomba

Jenis Lomba Kriteria

Tari - - Gerak jeung musikPenampilan Pola lantai Kasaluyuan

-

Pupuh Raéhan - - Teknik pembawaanNgawasa materi lagu Penampilan

-

Ngadongéng - - BasaTéhnik ngadongéng Éksprési

-

Maca Nulis Aksara Sunda

Durasi jeung benerna maca téks -

Intonasi -

Kasaimbangan (proporsionalitas) tulisan -

Ketepatan téks -

Karapihan -

(8)

Béja ti Balé

abada disosialisasikeun tur

dilaksanakeun rempeg sa-Indonésia, Kurikulum 2013 terus dikriktik ku sawatara pihak. Antukna, pamaréntah puseur ngaliwatan Kementerian Kebudayaan, Pendidikan Dasar dan Menengah ngaluarkeun kawijakan moratorium Kurikulum 2013 mimiti seméster 2 Taun Pelajaran 2014/2015. Éta kawijakan nandeskeun yén saheulaanan sakola diperedih ngagunakeun deui Kurikulum 2006 (KTSP).

Tapi henteu sakabéh sakola balik deui kana KTSP. Sakola-sakola anu dijadikeun percontoh-an mah tetep ngalakspercontoh-anakeun Kurikulum 2013. Sakola-sakola percontohan téh nyaéta sakola anu geus prak ngagunakeun Kurikulum 2013 salila 3 seméster. Ari sakola-sakola anu balik deui kana KTSP, nyaéta sakola anu karék ngalaksanakeun Kurikulum 2013 salila saseméster.

Tangtu baé parobahan kurikulum anu kudu disanghareupan ku sakola-sakola téh ngabalukarkeun rupa-rupa pasualan. Pikeun ngaidéntifi kasi, ngumpulkeun, jeung néangan solusi pasualan-pasualan anu muncul, Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ngayakeun Rapat Pimpinan (Rapim).

Éta Rapim ngahasilkeun sawatara kaputusan patali jeung impleméntasi kurikulum di sakola. Sacara umum, diputuskeun yén sakola-sakola di Jawa Barat sawadina nuturkeun kaputusan ti puseur sakumaha dadaran di luhur. Rapim ogé ngaluarkeun kaputusan husus pikeun impleméntasi kurikulum Muatan Lokal Basa jeung Sastra Daérah.

Sakumaha nu kaunggel dina Surat Édaran Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Nomer 423.5/60-Set.Disdik, tanggal 5 Januari 2015, impleméntasi kurikulum Muatan Lokal Basa jeung Sastra Daérah nuturkeun kaputusan ti puseur. Sakola anu geus ngalaksanakeun Kurikulum 2013 salila 3 seméster diperedih tetep ngagunakeun Kurikulum 2013. Pikeun sakola anu karék ngalaksanakeun saseméster mah balik deui kana KTSP.

Anu ngabédakeun téh palebah kontén kurikulumna, sok sanajan pamarekanana KTSP, sakola-sakola téh diperedih tetep

ngamangpaatkeun eusi (kompeténsi dasar) jeung ngagunakeun bahan ajar anu suméndér kana Kurikulum 2013. Dina harti, sanajan sakolana kudu balik déui ka KTSP, husus keur pangajaran basa Sunda mah angger ngamangpaatkeun matéri ajar nu kaunggel dina Kurikulum 2013.

Iéu hal ogé didadasaran ku pértimbangan yén bahan ajar basa Sunda dina Kurikulum 2013 léuwih basajan tina jihad kontént ti batan KTSP, tapi léuwih nyosok jéro tina jihad éksplorasi matéri. ***

Édaran Kadisdik Provinsi Jabar

Matéri Ajar

Basa Sunda

Angger Nyoko

kana K13

(9)

Béja ti Balé

Bandung, 5 Januari 2015

Nomor :423.5/60.Set Disdik

Lampiran :

-Perihal : Penggunaan Kurikulum Mulok Bahasa& Sastra Daerah Kepada Yth. : Sdr. Kepala Dinas Pendidikan

Kabupaten/Kota se Jawa Barat

Memperhatikan: 1) Surat Edaran Menteri Kebudayaan, Pendidikan Dasar dan Me-nengah RI, Nomor 179342/MPK/KR/2014 tgl 5 Desember 2014 tentangPelaksan-aan Kurikulum 2013dan2) Keputusan Menteri KebudaytentangPelaksan-aan, Pendidikan Dasar dan Menengah RI, Nomor 160 tahun 2014 tentangPemberlakukan Kurikulum 2013 dan Kurikulum 2006.

Khususnya yang berkaitan dengan pembelajaran Muatan Lokal (Mulok) Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah di Jawa Barat, ber-sama ini kami sampaikan hal-hal sebagai berikut :

Bagi sekolah-sekolah yang telah melaksanakan pembelajaran Mulok Bahasa dan 1.

Sastra Daerah berdasarkan Kurikulum 2013 selama 3 semester terhitung mulai Semester I Tahun Pelajaran 2013/2014, diharapkan tetap melanjutkan pembela-jaran Bahasa dan Sastra Daerah dengan mengacu pada kurikulum dan bahan ajar yang dikembangkan berdasarkan Kurikulum 2013.

Bagi sekolah-sekolah yang melaksanakan pembelajaran Mulok Bahasa dan 2.

Sastra Daerah Berdasarkan Kurkulum 2013 selama 1 semester terhitung mulai Semester I Tahun Pelajaran 2014/2015, dapat kembali menggunakankurikulum

dan bahan ajar yang dikembangkan berdasarkan Kurikulum 2006 (KTSP) atau

menggunakan bahan ajar yang dikembangkan berdasarkan Kurikulum 2013 den-gan pendekatan pembelajaran berdasarkan Kurikulum 2006 (KTSP).

Pertimbangan nomor 1 dan 2 tersebut, selain memperhatikan keputusan dan 3.

surat edaran Menteri sebagaimana dimaksud di atas, juga didasarkan pada Permendikbud Nomor 79 Tahun 2014 tentang Muatan LokalKurikulum 2013, dimana pada Pasal 7 ayat (6) dinyatakan bahwa PemerintahProvinsiatauPemer-intahKabupaten/Kota sesuaikewenangannyamerumuskankompetensidasar, pe-nyusunansilabus, danpenyusunanbukutekspelajaranmuatanlocal.

Demikian edaran ini kami sampaikan untuk diketahui dan menjadi maklum. Atas perhatian dan kerjasama Saudara dihaturkan teria kasih.

Plt. Kepala DinasPendiddikan ProvinsiJawa Barat,

Dr. Ir. H. Ahmad Hadadi, M.Si.

Pembina UtamaMadya NIP. 19611231 198703 1 042 Tembusan:

BapakGubernur Jawa Barat (sebagai laporan) 1.

Kepala BPBDK DinasPendidikan Prov. Jabar. 2.

PEMERINTAH PROPINSI JAWA BARAT

DINAS PENDIDIKAN

Jalan Dr. Rajiman No.6 Telp.(022) 4264813 Fax. (022) 4264881

Wisselbord (022) 4264944, 4264957, 4264973

(10)

Luang

Padungdengan

garanna Asép Sukana, ngaran bapana Abéng Sunarya (Abah Sunarya). Tapi ngaran Sukana téh ku bapana sorangan tuluy dikoréksi, ngéwa majar téh. Tuluy diganti jadi Sunandar. Sanggeus jadi dalang moyan, ngaran lengkepna jadi Asep Sunandar Sunarya. Lahir taun 1955, ngantunkeun 30 Maret 2014 lantaran serangan jantung. Kawilang loba inovasina dina ngahirupkeun jeung mekarkeun seni wayang golék. Ku saréréa pada ngajénan. Munasabah lamun anjeunna pada ngalandi “maéstro” téh.

Ku kabeneran ngaranna Asép, ngaran anu nyunda pisan. Ngaran Asép téh bisa disebut rasa asli Sunda. Asép atawa Cécép téh robahna tina Kasép. Siga ngaran Euis anu robahna tina geulis. Éta ngaran-ngaran téh henteu nuduhkeun pananda

fi sik hiji jalma, pédah jalmana kasép atawa geulis, tapi leuwih kana lalandian kanyaah ti indung bapa. Jadi, méré ngaran Asép atawa Euis téh teu bina ti panggentra ti kolot ka anakna bakat ku nyaah jeung deueuh. Lain baé Asep jeung Euis ngaran-ngaran nu nyunda téh. Réa kénéh, upamana Ai tina Nyai, Imas tina Nyi Mas, Nénéng tina enéng atawa

néng, Jajang tina Ujang, jeung sajabana. Éta tina sebebutan atawa lalandian. Aya deui ngaran-ngaran pituin Sunda, siga Ibro, Udin, Icih, Icah, Nénah, Téti, jeung sajabana.Béh dituna aya ngaran-ngaran Sunda nu deukeut-deukeut kana ngaran marga (klan). Upamana aya Jayadibrata, Sastramanggala, Gandapermana, jeung sajabana.

Lantaran pangaruh kulon atawa pangaruh luar, ogé pangaruh agama, ngaran-ngaran Sunda modél tadi téh kadéséh ku ngaran-ngaran kosta (asing). Nu siga urang Amerika, Spanyol, atawa Arab teu kurang-kurang ayana, balatak kapanggih boh di kota boh di pilemburan. Nu matak pikaseurieun, sakapeung ngaran nu bau-bau kulon téh, dina basa Sunda hartina matak pikaisineun. Upamana ngaran Séla, apan ceuk Sunda mah éta téh sadel kuda. Atawa Sarah. Leuheung lamun nulad ka Siti Sarah, garwana Nabi Ibrohim a.s. Di Sunda mah apan Sarah téh runtah nu palid kabawa ciwalungan.

Balik deui kana ngaran Asép. Ngaran-ngaran modél kieu téh ayeuna mah sok dianggap ngampung. Kitu deui ngaran-ngaran Sunda séjénna. Malah jadi minoritas

di lingkungan urang Sunda sorangan. Geura titénan barudak di kelas, mun diabsén ku

guruna, ngaranna apan sakitu aranéhna. Tapi dina kasus Asép Sunandar, ngaran nu majar bau kampung téh teu jadi halangan Kanggo jadi insan pinunjul. Dibuktikeun ku Asép Sunandar Sunarya. Ngaran anu nyunda bisa ngalanglangbuana lantaran daya prétasi jeung kapunjulan gawé. Hartina, ngaran anu nyunda saenyana boga hak anu sajajar Kanggo diaku di pakalangan global, asal nu boga ngaran rancagé gawé.

Prinsip éta deuih anu ditémbongkeun ku Euis Komariah almarhum (pupus sawatara taun ka tukang). Éta garwa Gugum Gumbira (inohong nu nyiptakeun jaipongan) téh kawentar jadi maéstro tembang Sunda. Euis, sarua jeung Asép, mindeng kukurilingan di mancagara lantaran préstasina dina widangna séwang-séwangan. Waktu duanana ngantunkeun, réa anu mikiran nya saha pigantieunana, da puguh hésé bandingna.

Tina pendidikan, Asép Sunandar ukur lulus SMP. Ari Euis mah lulusan Kokar (ayeuna STSI) Bandung. Papadaning kitu, Asép lain baé tapis

Lain baé Asep jeung

Euis ngaran-ngaran

nu nyunda téh. Réa

kénéh, upamana Ai

tina Nyai, Imas tina

Nyi Mas, Nénéng tina

Enéng atawa Néng,

Jajang tina Ujang,

jeung sajabana.

(11)

Luang

Padungdengan

ngadalang, anjeunna ogé kungsi jadi profésor tamu di Institut International De la Marionnette di Chaleville Prancis. Ogé kungsi show nguriling di 12 kota di Inggris. Euis pon kitu deui, mindeng kukurilingan di Éropa. Malah di Jepang, waktu manggung jeung Nano S., Euis kungsi disajajarkeun jeung seniman legéndaris Jepang.

Leuwihna téh, waktu balaréa réa ngadéngé jeung ngabandungan ketak Asép atawa Euis, geus tangtu pada nyangka urang Sundana téh. Cindekna, lamun duanana geus nyeungitan ieu jagat ku karancagéanana, ngaran Sunda langsung kababawa seungit. Béda upamana lamun

Vikri, Rio, Tiara, Dedy, atawa ngaran séjénna muncul ku préstasina séwang-séwangan, can tangtu bakal nyangka yén maranéhna urang Sunda, sanajan lahir di Tatar Sunda. Da ngaran-ngaran kitu mah apan bisa aya di mamana. Geus puguhing lamun ngaranna bau-bau Éropa atawa Arab mah: Jenate, Fasya, Robby, jeung sajaba ti éta.

Ieu téh kuduna mah

nimbulkeun kasadaran ka urang Sunda, Kanggo nimbang-nimbang deui soal pentingna ngagunakeun ngaran anu pituin, anu ngalemah kana kabudayaan sorangan. Lain gagayaan, atawa hayang légég, bari saenyana urang ukur tuturut munding kana

kabudayaan atawa kabiasaan batur. Da geuning anu penting téh lain soal ngaranna – sok sanajan aya anggapan yén ngaran téh do’a – tapi nu leuwih penting mah kréativitas, karancagéan, atawa ketak urang dina némbongkeun sumanget juang, préstasi, jeung kapunjulan. Siga anu geus ditémbongkeun ku Asép jeung Euis, sang maéstro.

Aya nu leuwih ngérakeun. Geus gé ngaranna tuturut munding kana kabudayaan batur, hayang légég, hayang kerén, tapi saumur hirupna teu kungsi boga préstasi nanaon.***

(Nu nulis guru SMAN 1 Garut)

ina kurikulum pormal, boh

kurikulum tilu-welas boh kurikulum saméméhna, pangajaran tatakrama basa téh taya réngkolna. Dina harti, ngajentul jadi matéri pangajaran anu mandiri, modél sajak, dongéng, carpon, biantara, jsb. Tangtu baé lain lantaran teu perlu diajarkeun, ngan jigana, nu nyusun kurikulum boga tinimbangan séjén, pangajaran tatakrama basa mah teu bisa dipisahkeun tina pangajaran basa Sunda sagemblengna. Kudu gumulung diajarkeun dina unggal nepikeun matéri-matéri pangajaran. Lantaran ari tatakrama basa mah lain ngan sakadar kaparigelan basa, tapi ogé ngawengku paripolah, sikep,

jeung karakter anu hadé, anu kudu dipibanda ku sakumna murid. Teu bisa dicacag dipisahkeun tina tingkah paripolah kahirupan sapopoé.

Ngan masalahna, kalan-kalan guru téh katungkulkeun teuing ngajarkeun matéri anu aya réngkolna baé. Najan tatakrama basa dipaké dina paguneman, tapi teu diwanohkeun sacara husus ka muridna. Upamana guru nyarita ka murid: “Ké sakedap Ibu badé ngabantun heula

bukuna.” Dina ieu omongan, guru nyontoan maké basa lemes keur ka sorangan tina kecap “nyokot” nyaéta "ngabantun". Tapi teu dijéntrékeun ka murid, naha bet ngagunakeun kecap "ngabantun", naha teu "nyandak" waé. Lantaran teu dijéntrékeun téa, kalan-kalan

Ngajarkeun Tatakrama Basa

Sunat Tapi Perlu

Ku Risnawati

Pangajaran

tatakrama basa mah

teu bisa dipisahkeun

tina pangajaran basa

Sunda sagemblengna.

Kudu gumulung

diajarkeun dina

unggal nepikeun

matéri-matéri

pangajaran.

(12)

Luang

Padungdengan

omongan éta téh nyamos tina panitén murid. Geus kitu mah lur wéh teu kasabit-sabit. Ana heug barudak nyarita maké basa lemes, angger wé anu dipaké téh nyandak lain ngabantun.

Tapi kabayang deuih bakal ngayayayna pangajaran, lamun guru unggal nyontoan nyarita ngagunakeun tatakrama basa, unggal dipedar hiji-hiji. Bisa-bisa cul dogdog tinggal igel. Matéri anu poko kabolér teu katepikeun. Jaba meureun bakal loba ébatna nyarita téh. Ku kituna, kaparigelan guru dina ngajar téh kacida perluna. Bongan rasa basa urang geus merenah ngagunakeun tatakrama basa, wayahna kudu daék népakeun ka murid. Gunana lain keur ngabéda-béda harkat darajat hiji jalma, palias lain ka dinya, tapi éstuning keur kaperluan silihajénan baé. Da geuning mun aya murid nyarita kasar ogé, sok aya waé nyentugna kana haté téh. Sabalikna mun aya murid anu nyaritana lemes jeung rengkuh, kapan haté téh sok ngarasa kayungyun. Komo mun nyaritana dibarung ku amis budi mah, sok beuki ngarasa kayungyun baé.

Lian ti kitu, kudu dipikiran deuih kumaha carana ngajarkeun tatakrama basa sangkan babari napel dina uteuk barudak. Loba téori mah, ngan dina prakna sok karasa bangga pisan ngajar anu pikaresepeun bari jeung matak napel dina uteuk barudak téh. Komo nepi ka ngalibetkeun murid sina aktip milu mikiran kumaha “midangkeunana mah”, bangga kacida. Bari jeung, lain matéri poko anu aya réngkolna deuih. Meureun kudu nyangkolong waktu ongkoh.

Hal ieu anu lila jadi bahan pikiran téh. Nya antukna kuring manggih ide anu rarasaan mah lumayan bisa dipraktékkeun. Teu kudu nyangkolong waktu lila, sarta barudak

raresepeun. Geus diuji-cobakeun salila opta taun, hasilna nyugemakeun pisan.

Anu mimiti, kuring ngagundukkeun kekecapan anu produktip dipaké dina paguneman sapopoé. Henteu loba, ukur 40 kecap. Anu patali jeung babagian awak, jeung paripolah anu dipilampah sapopoé. Geura urang béréndélkeun kecap-kecap anu geus dikumpulkeun téa:

Abdi

mios bapa angkat

Abdi dongkap bapa sumping

Abdi wangsul bapa mulih Rorompok abdi bumi bapa

Abdi

neda bapa tuang

Abdi nyanggem bapa nyarios

Abdi nanya bapa mariksa

Abdi nguping bapa ngadangu

Abdi

mondok bapa kulem

Abdi mandi bapa siram

Abdi ngabantun bapa nyandak

Abdi terang bapa uninga

Abdi

ningal bapa ningali

Abdi gaduh bapa kagungan

Abdi hoyong bapa palay

Abdi udur bapa teudamang

Abdi

isin bapa lingsem

Abdi diuk bapa calik

Abdi hilap bapa lali

Abdi nyuhunkeun bapa mundut

Abdi

panon bapa soca

Abdi irung bapa pangambung

Abdi biwir bapa lambey

Abdi halis bapa kening

Abdi

wasta bapa jenengan

Abdi letah bapa ilat

Abdi kelek bapa ingkab

Abdi heuay bapa angob

Abdi

beuheung bapa tenggek

Abdi pipi bapa damis

Abdi taktak bapa taraju

Abdi sirah bapa mastaka

Abdi

cangkem bapa baham

Abdi leungeun bapa panangan

Abdi suku bapa sampéan

Abdi ramo bapa réma

Abdi

nyampak bapa nyondong

Abdi sesek bapa wareg

Abdi seuri bapa gumujeng

Abdi ngawalon bapa ngawaler

Saleresna teu sunat-sunat acan jumlah 40 kecap téh, komo kana wajib mah jajauheun. Bapa/ibu guru tiasa nambihan luyu sareng kaperyogian. Dugi ka ngaratus ogé mangga, asal kiat calangapna baé.

Sabada kekecapanana ngagunduk, mimiti néangan lagam lagu anu merenah keur

nembangkeunana. Singhoréng loba pisan geuning lagam anu merenah téh. Bisa lagu Mawar Bodas, bisa lagam solawat (lagam biasa jeung lagam lagu Band Wali), lagam lagu Balonku, lagam lagu Indung-Indung, malah bisa ogé lagam lagu Iwa Peyek jeung Oplosan. Lamun dikotéktak, jigana bisa nepi ka puluhan lagam lagu bisa dipaké ngahariringkeun tatakrama basa di luhur.

Ieu lagu, diwajibkeun dihariringkeun ku barudak saméméh diajar. Réngsé ngado’a jeung ngabsén, saméméh der kana matéri poko, Ketua Murid (KM) sina ngomandoan ngahaleuangkeun tatakrama basa. Bari sina tatalu ongkoh, méh sumanget

(13)

Luang

Padungdengan

dihulag. Itung-itung refresh saméméh narima pangajaran. Pan ceuk nu weruh di élmuna ogé, lamun diajar dina kaayaan uteuk anu rilék alias santéy, pangajaran téh bakal leuwih gampang diserepna. Unggal minggu dikudukeun néangan lagam anu béda, teu meunang sarua jeung minggu saméméhna. Singhoréng kréatip pisan geuning barudak téh. Aya wé lagam anyarna téh, pangpangna tina lagam lagu pop. Ramé tah di kelas téh, ngahaleuang patarik-tarik. Anu lucu mah lamun aya dua kelompok anu meunangkeun lagam béda, hayoh parebut hayang paheula-heula dihaleuangkeun. Mun kajadian kitu téh, ah keun baé sina dua kali ngahaleuangna. Itung-itung mere bonus. Malah lamun aya lagam

anu alus sarta ngalaguna kompak, ku kuring sok dirékam, tuluy rékamanana disetél di kelas séjén, keur ngabibitaan. Kapan ngahudangkeun “daya saing” téh bisa ngaronjatkeun kréativitas. Barudak jadi kapecut hayang paalus-alus lagam jeung pakompak-kompak ngahaleuang.

Ku cara kitu, geuning barudak téh babari apal kana tatakrama basa. Ka dituna tinggal ngudukeun baé dipaké dina paguneman sapopoé, pangpangna dina diskusi di kelas, dina biantara, atawa dina nyaritakeun deui eusi wacana. Leuwih babari geuning ngabiasakeunana ari geus arapaleun mah. Bilih badé nyobian? Manga geura dikawitan.***

(Nu nulis guru SMPN 4 Subang)

laharna di unggal wewengkon, budaya boga ciri nu mandiri. Lian ti kajurung ku kaayaan géaografi s, tapi ogé sosiologis masarakatna. Produk budaya ngajanggélék jadi adat istiadat, kasenian, sistem pertahanan, kulinér, jrrd. Salasahiji kajembaran budaya nu mangrupa kasenian antarana

kapanggih di wewengkon Majalengka, nyaéta seni sampyong.

Sampyong téh salasahiji seni béla diri nu ngagunakeun pakarang tongkat jeung ngutamakeun kakuatan fi sik. Sok dipintonkeun dina kariaan jeung kagiatan ritual budaya. Najan can murba dipikawanoh ku masarakat Sunda, sampyong remen dipintonkeun di sawatara daérah, boh di jero boh di luar Jabar.

Sampyong mimiti populér deui di Majalengka kira-kira taun 1950-an. Méméhna mah ngaranna téh “ujungan”. Najan ceuk sakaol réa nu

nyebutkeun yén ujungan jeung sampyong réa bédana, tapi enas-enasna mah kitu-kitu kénéh. Ngan, ka dieunakeun sampyong leuwih populér.

Nurutkeun Abah Endu (74), salasahiji tokoh seni sampyong ti Kulur, Majalengka, sampyong umumna hirup tur mekar di daerah pagunungan pakidulan Majalengka, pangpangna di Cigasong. Cenah, ti keur jaman Karajaan Sumedanglarang—harita Majalengka kaasup daérah kakawasaan Sumedang—ieu kasenian gé geus hirup, fungsina Kanggo meuseuh santri jeung bakal sinatria. Malah, dina jaman perjoangan dipaké ngalatih parapajoang dina ngayonan penjajah.

(14)

Luang

Pamidangan

Tokoh seni sampyong antarana alm. Aki Empé ti Simpeureum, alm. Nur Pa’i ti Ngalambang nu dituluykeun ku Mang Kiun, jeung Abah Endu ti Kulur. Sedeng padépokan ujungan nu masih kénéh makalangan nyaéta Padépokan Bunilaya Kuda Putih di Désa Cengal, Kec. Maja. Saméméh ngalaman parobahan, sampyong téh seni béla diri Kanggo ngadu jajatén tur nangtukeun saha nu payus diaku jawara.

Prak-prakan

Patandangna lain baé lalaki, tapi ogé bisa diiluan ku awéwé. Dina prakna, silihteunggeul ku tongkat hoé, awi, atawa kai teuas. Nu panjangna rupa-rupa gumantung aliran katut téhnik nu dipuhit ku unggal padépokan antara 50-90 cm. Dumasar kaayaan géografi s, ujungan jeung sampyong dibagi dua aliran, nyaéta gaya basisiran nu leuwih atraktif tur buk-bek ijén (Banten, Bekasi, Karawang, Batawi, Indramayu, jeung Cirebon) jeung pagunungan nu leuwih némbongkeun unsur seni penca (Ciamis, Garut, Tasik, Majalengka, jrrd).

Neunggeul jeung waktu tarungna gé sakarepna, teu diwatesanan ku aturan sasaran deuih najan aya malandang (wasit). Karak réngsé sotéh upama geus aya nu kasoran. Tah, nya ieu nu ngabédakeun ujungan jeung sampyong téh. Mun seug dina ujungan nu diteunggeulna sakabéh bagian awak, sedeng sampyong mah nu diteunggeulna diwatesanan ti seret bitis ka handap.

Ti waktu ka waktu ieu seni téh kairong nyilakakeun. Ku kituna, pamaréntah jeung sawatara tokoh sampyong, ngarobah prak-prakanana ngaliwatan aturan baku, nyaéta

patandang dibéré aturan neunggeul 3 kali, sasaran neunggeulna gé ditambahan tina semet cangkéng nepi ka mumuncangan.

Malah kiwari mah unggal patandang

diwajibkeun maké balakutak (tutup sirah warna hideung wangun hélem). Patandangna dikelas-kelas nurutkeun umur; kolot, menengah, pamuda, jeung barudak (Dsibudpar Majalengka, Profi l Kasenian Daerah Majalengka, 2006).

Ayana ngaran sampyong téh saenyana mah lain tina basa Sunda, tapi tina basa Cina. Tina kecap sam nu hartina tilu, jeung pyong hartina gebot atawa teunggeul. Jadi, harti saujratna “tilu teunggeulan”. Robahna ngaran tina ujungan kana sampyong tacan kapaluruh iraha-irahana. Cenah ceuk sakaol, lantaran harita aya urang Cina nu ngadon lalajo, nu terus pok nyebut sampyong, lantaran aya aturan tilu kali neunggeul téa.

Dina prakna, sampyong dalit jeung penca lagam golémpang katut seni musikna (kendang, goong, tarompét, ketuk, jeung kecrék, minangka pamirigna). Da puguh ibing penca jadi dasar utama Kanggo patandang nu wajib dipintonkeun dina makalangan.

Lian ti éta, méméh prung gé ngaliwatan sawatara runtuyan acara, antarana rajah, papagah (pamapag ti sesepuh jeung paratokoh), wawaran, gamelan bubuka, jeung acara inti. Sanggeus malandang asup ka pakalangan, tuluy nyalukan parapatandang nu geus saged maké pangsi, iket barangbang semplak, tur sayaga ngeupeul paneunggeul. Laju nyebut biluk-biluk minangka kodeu ngamimitian tarung. Neunggeulna sakali séwang, luyu jeung instruksi malandang.

Ieu seni sumebar ogé di wewengkon

Banyumas, Jateng (disebutna unjungan, wasitna katelah wlandang). Patandangna kudu tarung nepi ka baloboran getih. Dipintonkeun mangsa halodo entak-entakan minangka ritual ménta hujan. Beuki loba getih kaluar, dipercaya bakal téréh turun hujan.

Kaayaan Kiwari

Kiwari, sampyong réa nu robah. Lain baé fungsina tapi ajén-inajén senina gé geus réa nu leungit. Kiwari wuwuh dipaké hiburan nu arang langka midang. Malah, dina gamelan

Abah Endu (74), salasahiji tokoh seni sampyong (dok. Arif Abdilah)

(15)

Luang

pamirigna gé geus robah aya nu ku organ sagala, nu diselapan ku dangdut. Najan enya seni téh kudu ngigelan jaman, tapi lain hartina kudu ngaleungitkeun galeuh luhungna.

Kitu ogé generasina nungtut leungit. Da puguh réa nu nganggap sampyong geus tinggaleun jaman. Nu ngarora leuwih resep kana seni deungeun nu tacan tangtu leuwih luhung ajénna batan seni tradisi. Boa ka hareupna mah kari nganti-nganti dawuh. Sakumaha nu ditétélakeun ku Abah Endu.

“Nya, mun aya pintonan ogé, nu maén téh nu sarepuh. Kitu wé mintonna gé mun aya peringatan husus atawa hajatan. Nya pamaén téh ngadadak dikumpulkeun heula ti unggal daérah. Latihan téh ngadadak baé mun rék minton,” cenah, bari ngahelas.

Basa dipaluruh ngeunaan sanggar atawa padépokan nu ngaping sampyong, Abah Endu ngajéntrékeun deui, yén nepi ka ayeuna tacan aya sanggar atawa padépokan nu ngalatih seni sampyong ka generasi ngora. Najan aya hiji-dua nu masih makalangan, tapi angger dikokolakeun

ku nu caretuk. Lian ti éta, salila ieu rojongan ti pamaréntah gé kaitung kurang. Dina ayana ukur jadi seremonial wungkul.

Tangtuna, ieu kudu jadi perhatian balaréa, boh masarakat boh pamaréntah kudu ngusahakeun tarékah sangkan sampyong tetep langgeng ngayonan panéka jaman. Salasahijina ngaliwatan ngawanohkeun deui tur ngalatih sirung-sirung harepan. Mun seug sampyong geus ajeg deui, bisa dijadikeun promosi wisata, hususna Kanggo daérah Majalengka, umumna Jabar.

Angot kiwari budaya deungeun gedé pisan pangaruhna. Cohagna, ulah nepi ka mopohokeun budaya sorangan. Kasadaran masarakat sangkan nyaah kana senina tur tuluy dipiara, jadi

kakuatan lokal nu utama. Dibarung ku kawijakan pamaréntah dina méré fasilitas kasenian dina wangun fi sik jeung non-fi sik.

(Nu nulis Ketua MGMP Basa Sunda SMA Kabupaten Karawang)

Pintonan sampyong jeung ibing pencana (dok. Disbudpar Majalengka).

(16)

Rumaksa

ya nu anyar dina kagiatan pendidikan dan pelatihan (diklat) Basa Sunda anu biasa diayakeun ku Balai Pengembangan Basa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Biasana mun aya diklat para guru, pengawas, atawa pejabat struktural téh pamilonna diulem ka provinsi. Ayeuna mah kagiatan kitu téh teu bisa dilaksanakeun kalawan babari. Sababna mah aya édaran ti Menteri Pendayagunaan Aparatur Negara dan Reformasi Birokrasi No. 11 taun 2014 ngeunaan “Pembatasan Kegiatan Pertemuan/ Rapat di Luar Kantor”. Dina éta édaran,dinas jeung instansi pamaréntahan dipahing ngayakeun kagiatan atawa rapat di hotél-hotél.

Puguh baé BPBDK ogé, minangka instansi

nu kapayungan ku Dinas Pendidikan, keuna

héabna. Kagiatan diklat guru atawa pengawas,

teu bisa deui diayakeun di hotél bari

mangpoé-poé lilana. Buktina, basa diayakeun

rakor pasanggiri jeung TOT IHT taun 2015 nu

diayakeun ku BPBDK Pébruari kaliwat, ukur

diayakeun sapoé-sapoé sarta pamilon kudu

pulang anting da teu disadiakeun akomodasi.

Keur ngakalanana, BPBDK nyieun program

anu basisna aya di KKG jeung MGMP.

Ieu program nu dijudulan “Peningkatan

Kompetensi Guru Mulok Mata Pelajaran

Bahasa Daerah dan Kesenian Tahun 2015” téh

program diklat anu ngagunakeun format “In

House Training” (IHT).

Sakumaha anu ditepikeun ku Pupuhu

BPBDK Dinas Pendidikan Provinsi Jawa

Barat, Drs. H. Husén R. Hasan, M.Pd.,

ieu program dilaksanakeun ngaliwatan

rukun gawé jeung KKG, MGMP sarta Dinas

Pendidikan Kabupatén/Kota.

Anggaran nu biasana langsung dikokolakeun

ku provinsi, ayeuna mah dikokolakeun langsung

ku daérah, sarta ditransfer ngaliwatan rekening

MGMP. Panitiana ogé ngawengku unsur KKG,

MGMP, jeung Dinas Pendidikan Kabupaten/

Kota.

Salian ti boga tujuan keur ningkatkeun

kompeténsi guru, kagiatan IHT ogé pikeun

“ngaberdayakeun” KKG jeung MGMP.

Minangka forum musyawarah guru, boh KKG

boh MGMP tangtu apal naon baé masalah guru

jeung pangajaran basa daérah di lapangan.

Geus sawadina, KKG jeung MGMP milu

aktif pikeun ngaréngsékeun rupaning masalah

pangajaran basa Sunda sarta ngabeungharan

pangaweruh para anggotana.

Saenyana, KKG jeung MGMP Basa Sunda

henteu kudu ngawagu dina ngalaksanakeun

IHT. Ari sababna taun saméméhna ogé apan

kungsi meunang hibah ti Pamaréntah Provinsi

Jawa Barat pikeun kagiatan diklat di daérah.

Saupama ayeuna kudu ngalaksanakeun IHT

deui, saenyana tinggal neruskeun pangalaman

taun kamari. Boh dina ngokolakeun

kagiatanana boh dina nyusun laporan

administrasi kauanganana.

Papadaning kitu, aya sawatara évaluasi tina

kagiatan taun kamari anu kudu diimeutan ku

KKG jeung MGMP. Sakumaha anu ditepikeun

ku Kasi Pelestarian dan Pembelajaran BPBDK

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Drs.

Moh. Suryasa, M.M.Pd., IHT taun ayeuna

(17)

Rumaksa

saenyana kagiatanana teu pati béda jeung

IHT nu ngagunakeun dana hibah. Utamana

lebah ngokolakeun jeung nyusun administrasi

kauanganana.

“Aya sawatara évaluasi nu dasarna tina

pamariosan BPBDK kana laporan MGMP

patali sareng dana hibah taun 2014. Di

antarana, umumna pangurus MGMP tacan

paham pisan dina cara nyusun administrasi

kauangan,” ceuk Suryasa.

Salian ti éta, dina prungna ngalaksanakeun

kagiatan aya masalah nu patali jeung tartibna

acara. Upamana baé, aya nu ngalaksanakeun

IHT elat teuing tina waktu nu geus

ditangtukeun. Jumlah pamilonna teu luyu

jeung Rencana Anggaran Belanja (RAB). Aya

deui panitia anu ngarangkep jadi narasumber.

Nu séjénna, pajeg nu dibayarkeun ku panitia

aya kénéh nu kurang nepi ka BPBDK kudu

nombokan.

“Mugi-mugi dina IHT taun ayeuna éta

kabéh teu kaalaman deui,” pokna.

Tapi, lain hartina IHT ayeuna bakal

lungsur-langsar sakumaha anu direncanakeun. Tina

kagiatan IHT taun 2015 nu geus dilaksanakeun

di sawatara kabupatén/kota di wilayah Bogor

jeung Sukabumi, kapanggih kénéh

masalah-masalah anu saenyana geus teu kudu aya.

Upamana, Suryasa manggihan cara panitia

dina nampa régistrasi anggota. Sakuduna,

antara SD, SMP, jeung SMA téh dipisah

méjana jeung dipisah berkasna. Kitu deui

méjana jeung tempatna, kudu misah-misah

sarta ulah ngahiji jeung ruangan kelas IHT.

“Éta téh masalah leutik, tapi bakal

ngaganggu kana tartibna acara jeung nyusun

laporan. Antukna laporan henteu bisa

disusun kalawan gancang lantaran réa nu

kudu dikoréksi ku panitia. Balukarna jadwal

kagiatan IHT di tempat séjén jadi melar.

Padahal, lumangsungna kagiatan IHT di

wilayah séjén téh gumantung pisan kana hasil

laporan ti kagiatan saméméhna,” pokna deui.

Masalah séjén nyaéta ayana aturan anyar

nu ngawajibkeun panitia, narasumber,

jeung pamilon IHT masrahkeun fotocopy

KTP jeung NPWP. Ari saméméhna apan

cukup ku masrahkeun fotocopy NPWP.

“Ngalangkungan ieu média informasi, mugi

janten uninga ka panitia di daérah, supados

ieu aturan enggal téh diéstokeun,” ceuk

Suryasa.

Patali jeung melarna kagiatan IHT di

sawatara daérah, Suryasa ngajelaskeun

yén BPBDK badé ngontak deui KKG

jeung MGMP, patali jeung iraha anggaran

diturunkeun sarta iraha IHT kudu

(18)

“Geus bérés pancén basa Sunda téh, Tanghi?” cék Tegar bari nyampeurkeun Tigin.

“Alhamdulillah réngsé,” témbal Tigin bari jongjon nga-sup keun runtah kana wadahna anu ngabagug hareupeun kelas.

“Pasti bérés atuh kabéh ogé keur Si Tanghi mah,” Jana anu kakarék datang mairan.

“Na ari manéh ka sakola téh subuh-subuh teuing, Tanghi?” Tegar ngalokan deui.

“Batan kabeurangan, nya mending isuk kénéh atuh. Naha teu meunang kitu?” jawab Tigin bari nyéréngéh.

“Nya mangcapékeun wé atuh, kudu hudang janari saban poé. Mangkaning lembur manéh téh di lamping gunung. Genep obor katujuh pareum. Urang mah karék sakali ogé nyaba tuur asa locot,” cék Tegar.

“Ah, ari geus biasa mah asa teu matak anéh. Capé ogé dilakonan wé, da hayang sakola.”

“Kudu boga motor atuh, siga urang,” ceuk Tegar bari némbongkeun konci motor.

“Nya mudah-mudahan wé atuh jaga mah boga,” témbal Tigin.

“Kana ojég atuh.”

“Osok éta ogé sakali-kali mah. Mimidengna mah leumpang wé, da kuat kénéh.”

“Biasana ari anu indit nyubuh mah rék mulung jambu atawa rék megat seureuh,” Jana mairan.

“Ah, Jana mah sok kitu. Nya rék sakola atuh,” Tigin nyéréngéh.

“Sigana mah hayang kapuji ku Si Ménor nya,” Tegar ngélég.

“Si Ménor budak penjaga sakola?” Jana ngéngklokan.

“Enya, si éta. Saha deui atuh,” ceuk Tegar.

“Pascok. Pasti cocok, ha ha ha...,” Jana nyakakak.

Anu diseungseurikeunana mah ngan ukur nyéréngeh. Teu ngambek atawa pundung.

“Geuning, Tegar jeung Jana ogé ayeuna mah isuk kénéh ka sakola téh?” cék Tigin deui bari neuteup ka nu duaan.

“Subuh sotéh urang mah sieun aya razia, HP katinggaleun

kamari di kelas euy,” témbal Tegar.

“Kuring ogé lain tuturut munding. Isuk kénéh ka sakola téh lain pupujieun, tapi rék niron PR anu can kagawéan,” Jana nyelengkeung.

“Sugan téh rék upacara bandéra, pédah ayeuna poé Senén,” ceuk Tigin bari nyéréngéh.

“Upacara mah apan geus diwakilan ku batur,” ceuk Jana teu euleum-euleum.

“Atuh bohong cinta ka lemah cai téh ari embung upacara mah,” Tigin nyindiran.

“Nya nitip wé ka sadérék, Tanghi. Nitip bangsa jeung lemah cai,” ceuk Jana bari nyakakak.

Nu duaan arindit muru warung bari teu ngarérét deui ka Tigin anu ngajengjen hareupeun kelas.

Tigin tuluy gék dina pangdi-ukan tembok anu aya di teras kelas. Bari nyarandé kana témbok lamunanana apung-apungan ka mana-mendi. Inget “Geus bérés pancén basa

S d éh T hi?” ék T

Handapeun

Tihang Bandéra

Carpon Dédé Mukhlis

(19)

Péso Pangot

kana omongan babaturanana anu nongtoréng kénéh. Pangpangna mah ngeunaan kabiasaan manéhna isuk kénéh datang ka sakola. Nu matak sok dilandi “Si Tanghi” ogé. Teuing maksudna muji, teuing ngageuhgeuykeun, teuing sisnis. Nu tétéla, éta pok-pokan téh lain kadéngé sakali dua kali tapi éstuning saban poé. Lain ukur saurang duaan, tapi méh teu kawilang babaturanana nu nyebut kitu.

Saliwatan mah omongan babaturanana teu ieuh jadi pikiran. Api-api teu kadéngé wé. Tapi lila-lila mah géték ogé. Tadina mah manéhna rék robah karep. Indit ka sakolana téh rék nyalsé wé siga batur, pas waktu, atawa elat saeutik. Eta hal téh kungsi diobrolkeun ka indungna.

“Naha bet rék nyalsé?” kitu ceuk indungna.

“Tuda abdi téh sok disarebat Si Tanghi. Badé mulung jambu mah, badé megat seureuh mah. Majar hoyong kapuji. Ah, réa baé nu ngomongkeun téh.”

“Nya alus wé disebut Si Tanghi mah. Batan disebut Si Kebluk!”

“Tapi lami-lami mah abdi téh janten teu raos, Ma,” témbal Tigin.

“Naha bet kudu kapangaruh-an ku batur. Nu penting mah niat Ujang sing panceg, rék nungtut élmu. Muga-muga Ujang boga élmu nu mangpaat dunya ahérat. Karasa ku Ema ari teu boga élmu mah hirup téh ripuh jeung ripuh wé. Ku Ujang mah ulah kaalaman hirup ripuh téh,” ceuk indungna bari nyumputkeun panonna anu cumalimba.

“Muhun Ma, da upami...,” Tigin teu kebat da kaburu

ditémpas ku indungna, “Enya, Ema gé surti. Hidep téh hayang jiga batur ngaderengdeng kana motor. Teteleponan maké Hapé. Wayahna wé Ujang, da gening Ema téh batan sakieu. Keur ongkos hidep jeung lanceuk hidep ogé gening teu cumpon. Da lamun Bapa hidep puguh raratananna mah, meureun moal ripuh-ripuh teuing Ema téh.” Cenah bari nyusut cipanon ku leungeun bajuna.

Ngadéngé pok-pokan

indungna kitu téh, Tigin kacida reuwaseunana. Teu nyangka sacongo buuk, geuning indungna téh apaleun kana kereteg manéhna. Naon-naon nu diucapkeun ku indungna éstuning teu méncog . Mun wasa mah rék ngaényakeun. Tapi, rasa kasieun ngalimpudan haténa. Sieun jadi pikiran ka indungna. Sieun nimbulkeun kasakit ka indungna. Sieun indungna kumaha onam.

“Abdi mah teu gaduh kahoyong kitu ayeuna mah, Ma. Nu peryogi mah abdi séhat. Pangrojong sareng pidu’a Ema teu kendat. Mudah-mudahan abdi tiasa sakola henteu mung tamat SMP, hoyong mah dugi ka paguron luhur,” témbal Tigin bari cumalimba.

“Nya sukur atuh. Hidep sakola sing suhud. Muga-muga cita-cita hidep tinekanan. Do’akeun Ema sing aya milik. Tatanén Ema sing punjul hasilna,” cék Indungna nyumangetan.

“Amiin...,” témbal Tigin. Mun kongang mah rék dikedalkeun ka indungna sakur kahayangna téh. Hayang siga batur, hayang motor, hayang HP, hayang sapatu anyar, hayang uang saku loba. Pangpangna mah hayang jam tangan, ngan tacan tinekanan baé. Tapi

geuning indungna téh geus surtieun.

Éta kahayang téh teu kungsi dikedalkeun ka Indungna, lantaran teu wasa. Antukna ukur disidem dina haté. Manéhna geus ngarasa sukur kana sumanget indungna nyakolakeun. Da kabu-tuh poko Kanggo sakola mah sabangsaning saragam, sapatu, buku, jeung alat tulis éstuning dipentingkeun pisan, najan nu hargana murah. Kabeneran meunang bantuan siswa ti pamaréntah. Indungna mah tara nyocéng keur bubutuhna, éstuning keur nyumponan bubutuh sakola manéhna jeung lanceukna anu sakola di SMA baé. Ngan kana bubutuh lianna mah can nepi.

Lamunan anu apung-apungan dumadak lusles patingkereles kagareuwahkeun ku sora babaturanana anu geus pada daratang ka sakola. Sanggeus nyimpen kantong di rohangan kelas manéhna muru ka lapangan upacara bareng jeung siswa séjénna, rek upacara bandéra.

Réngsé upacara barisan téh can waka dibubarkeun lantaran aya pengumuman heula ti kasiswaan.

“Pangumuman kahiji, ka para siswa anu upacarana kasiangan dihaturanan ka payun!“ cenah.

Siswa anu kabeurangan diabringkeun ku Pa Satpam sarta dibariskeun tukangeun jajaran guru jeung karyawan. Tigin ngaranjug sarta kaget sataker kebek, lantaran dina barisan anu kabeurangan téh aya Tegar jeung Jana. Ceuk gerentesna, apan tadi maranehna téh datangna isuk kénéh. Naha bet jadi kabeurangan. Kamarana heula, nya?

(20)

pang-Péso Pangot

gilan husus ka sadérék Tigin Pinasti kelas 8A. Dihaturanan ka payun!” cék nu ngumumkeun.

Ngadéngé ngaranna dipang-gil, Tigin asa dibéntar gelap. Ngagebeg sataker kebek. Sajong-jongan manéhna hareugeueun, reuwas, sieun, pacampur rasa tagiwur. Asa teu gugur teu angin ujug-ujug dititah ka hareup.

“Ya Alloh, gaduh dosa naon abdi teh?” cek gerentesna. Barudak séah jeung émprak bari pating corowok nitah ka hareup ka manehna.

Bari tuur nyorodcod, manéh-na maksakeun ngaléngkah ka hareup. Nangtung gigireun tihang bandéra. Salila nangtung manéhna samar polah. Suku-na asa Suku-napak asa henteu. Beungeutna reup beureum ray pias. Jajantungna ngadurugdug lir dulag lebaran. Awakna caah ku kesang. Kaharti kituna mah, salila sakola asa kakara dipanggil siga kitu.

“Ieu anu ngabaris di payun téh para siswa anu pangseringna kasiangan sarta tara ngiring upacara. Ku kituna, réngse upacara hidep teu kenging ngiring bubar, tetep kedah baris di lapang!” cék kasiswaan bari neuteup ka lebah para siswa anu keur dibariskeun.

Barudak émprak bari teu kendat pating corowok, sigana lamun teu dicaram mah moal eureun gandéngna téh.

“Jep, teu kenging ribut!” cék Kasiswaan deui. Sora nu séah dumadak jempling lir gaang katincak.

“Ya Alloh, upami abdi teras di lapang mah, bakal kakantun pelajaran atuh. Kumaha manah Ema upami uningaeun. Ema, hapunten abdi,” haté Tigin

norowéco. Beungeut indungna dumadak kokolébatan.

“Tigin Pinasti teh siswa anu pangdisiplinna sakaligus siswa anu peunteun ulanganana pangpunjulna ti sadaya mata pelajaran. Ku margi kitu, Bapa Kapala Sakola baris ngaleler piagam penghargaan sinareng hadiah,” cék kasiswaan.

Barudak émprak deui, bari patingcorowok, “Hidup Tigin! Hidup Tanghi! Hidup Dalapan A!”

Tigin mah beuki samar polah. Rupa-rupa rasa pagaliwota dina dadana. Hareugeueun, reuwas, teu percaya, pacampur bungah.

“Anu dipihormat Bapa Kapala Sakola, dihaturanan maparinkeun piagam sareng hadiah ka sadérék Tigin.” cék kasiswaan bari merenahkeun posisi Tigin.

“Pertahankeun prestasi hidep!” saur Bapa Kapala Sakola bari ngasongkeun piagam jeung hadiah.

“Hatur nuhun,” cék Tigin satengah ngaharewos.

Leungeun-na ngageter narima piagam jeung hadiah téh.

Réngsé masrahkeun piagam jeung hadiah, Bapa Kapala Sakola sasalaman bari ngusapan takatak Tigin. “Omat sing langkung rajin, nya!”

Tigin ngan ukur unggeuk, teu werat nyoara. Ngan tetela panonna beueus ku cimata kabungah. Pangusap jeung pituah kapala sakola, karasana ngagalindeng, ngageleser, nga-randakahkeun sirung-sirung harepan.

Satuluyna disusul ku

sakumna guru jeung karyawan ngabagéakeun bari sung-song sasalaman. Pangacian Tigin geus mimiti leler. Sukuna teu

nyorodcod teuing. Beungeutna geus teu pias deui.

“Aya pamundut ti para guru, hadiahna kedah dibuka danget ieu keneh ku Bapa Kapala Sakola,” cék kasiswaan bari manggut ka Kapala sakola.

“Buka...! Buka...! Buka...!” barudak séah diwuwuh ku émprak.

Teu léléda, hadiah téh dibuka ku Bapa kapala sakola. Eusina mana horéng jam tangan sarta ditingalikeun ka sakumna anu hadir. Éta jam tangan téh langsung dipakékeun dina leungeun Tigin.

Waktu kapala sakola makékeun jam tangan, Tigin teu kendat-kendat muji sukur ka Gusti nu Maha Suci,sarta tumarima kana pidu’a indungna.

Waktu ninggalkeun lapangan upacara ogé, lelembutanana mah asa dina pangimpian. Asa teu percaya kana kajadian anu cikénéh karandapan. Luhureun wangunan sakola karérét ku panonna, panonpoé caang narawangan. Langit lénglang taya hahalang. Jam tangan anu meulit dina leungeunna teu bosen-bosen dirérétan. Harepan nu méh kakalicesan kiwari ngempray deui.

Teu cukup ku kitu, rét kana bandéra anu ngélébet dina tihangna, diteuteup anteb. Sumanget diajarna mingkin ngagedur. Rét deui ka Tegar jeung Jana anu dibariskeun di tengah lapang, katangén keur diwawadian ku kasiswaan. Geus kitu mah teu rundag-randeg deui léngkahna kebat muru ka rohangan kelas.

Banjarwangi, 12 Januari 2015

(Nu nulis guru SMPN 1 Banjarwangi Garut)

(21)

Peso Pangot

Lebah mumunggang peuting, pirang-pirang kembang api Tingbarasat ngagurat langit basa rénghap nyorang balébat Mirupa jorélat kilat meulah sagebar dayeuh sareukseuk Ngahuru saban waruga nu lana micangcam pangharepan Bari nilemkeun taun-taun ajur sarta umur nu nungtut pugur Lagu tungtung taun geus silung diteureuy gumuruh pésta Aweuhanana langgeng nyésakeun sulaya jeung kateudayaan Kembang api kari kelun kangungun, laju gagangna ngulahék Dina saban waruga katuna nu haben ngalekik botol demi botol Dina saban ragotna rangkulan jeung rangsadan birahi janari Basa rénghap peuting beuki mopo mamanggul séwu kapeurih Ramo-ramo waktu rerencepan ngalantiskeun ciibun subuh Tapi saban waruga kalah tibra medar impian séwang-séwang Sedeng taun baganti taun taya nu robah, isarahna tan katorah Sakabéhna ngaruruntuk jadi lebu jeung silalatu ngarurub tatu

Lédeng, 2007

ARI ANDRIANSYAH, lahir di Bandung 18 Januari 1988. Alum-nus Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda UPI Bandung. Nu-lis di sawatara média. Kiwari dumuk di Karawang, Guru Basa Sunda SMAN 1 Ciampél & Ketua Forum MGMP Basa Sunda SMA Kab. Karawang.

(22)

Péso Pangot

Langit kota kami langgeng ngaringkebkeun panto cuaca Ngempur bulan jeung matapoé geus lawas tuna cahaya Diseuseup gebur lampu-lampu saparat karémpan jalan Rajeg katedral, gapura, sarta jambatan-jambatan kulawu Nu lana jadi pager Kanggo taman pakemitan birahi wanci Basa kembang pelastik ngiwat imut ngémploh tutuwuhan Galagathawa ngadadak ngorédaskeun ngijih jeung katiga Wahangan katut cimata ngabeku jadi bangkarak sajarah Jadi tumpukan dokumén jeroning musieum kateudayaan Kami kapahung leungit langit pangiuhan bumi pangauban Langit kota kami beuki leuseuh ditingker séwu kakeueung Kami beuki kasarung, ngeuleuweuh naléngténg asih sarakan Ka saban lukisan katut potrét lawas nu ngiwat cikahuripan Kami wowotan, laju laun-laun jadi patung tengahing kota Kuyumut dilampat hunyud asiwung jeung parentul padung

Jakarta, 2008

Aya nu imut pupulasan, aya nu sumegruk mungkas adegan Luhur panggung parongpong tempat nyébakeun sakur impian Medar carita saduran tina galur takdir nu kari sarénghapan Peura sora ngawincik talkin sarta konéas rupa pulas astana Pada-pada hayang jadi aktor utama ngalalakonkeun katunaan Tapi naon nu rék diungkarakeun lamun panggung kari sepi Pintonan lawas ditilar surak, carita ngabangkarak pitapak Nu nyata wuwuh raga sakeureut raheut jeung sabuku tatu Lana diijénkeun sutradara. Antara layar muka jeung nutup Aya cakakak jeung inghak papasangan ngalang ringkang Horéng panggung sakadar pangulinan saban riuk kapalsuan Imaji, fantasi, sarta buligirna diri bet saules kalangkang pati Taya nu bisa malikan deui adegan basa lampu kari kelemeng Antara pirang carita sempalan aya cipanon terus ngembeng Luhur panggung parongpong sajatining takdir nu langgeng

(23)

Anak-anak, besok kita upacara memperingati Hari Pahlawan di lapang kecamatan,” kuring méré béwara. “Horsééé...!!” barudak surak. Ka kacamatan téh pada miharep, salian leupas ti pangajaran di kelas, ogé bakal loba lalajoaneun.

Seragam putih merah pake topi, jangan lupa pakai sepatu!” Ngahaja ngingetan da masih aya kénéh wé nu ka sakola teu disapatu alias nyékér. Ma'lum sakola di lembur, kolot téh teu pati ngaropéa, tara merhatikeun kumaha sapatuna kumaha saragamna.

Isukna, méméh indit ka kacamatan, barudak dibariskeun heula di lapang sakola. Waktu barisan rék miang, katingali si Ahmad bet maké saragam bodas calanana coklat pramuka. “Ahmad, saragam mana éta, tong milu manéh mah!” cékéng rada kesel. Budak téh bet teu nurut kana papagon. Ahmad kaluar tina barisan, leumpang ngeluk asup ka kelas.

Jam opat soré, aya SMS, “Bu, Ahmad pupus kasamber guludug waktu ngangon domba”. Kuring ngalenggerek, teu inget di bumi alam.

Peso Pangot

Datang ka sakola, bet dibagéakeun ku béja Mang Karta, pupus tadi subuh. “Innalillahi wa inna ilaihi rojiun, Mang Karta bapana Linda?” kuring nanya satengah teu percaya. Karak kamari dilongok, tos rada jagjag. Saméméhna mah teu damang wales aya taunna. Ari Linda, murid kelas genep nu jadi anak asuh, saprak bapana teu bisa gawé. Sok dibantu waragad keur sakolana.

Wanci istirahat, dibarengan ku sababaraha urang guru, ngabring ngalayad ka nu kapapaténan. Kasampak geus loba jalma ngaliud. Malah Lurah gé aya. Sanggeus ngadoa, tuluy milu mulasara sakumaha mistina.

Bérés ngurebkeun, amitan ka saréréa. Waktu ngasongkeun leungeun ka Pa Lurah, anjeunna ngaharéwos, “Opat bulan ka hareup mah longok deui Pa. Tong kapalang mulasara budak yatim.”

Leng ngahuleng, rét ka indungna Linda nu diuk di juru, ngeluk alum diriung ku tilu budakna. Ras inget ka nu di imah, méh sataun teu walakaya, boga kasakit sarupa jeung Mang Karta.

Harita, urang tepung di mumunggang. Simpé, geus taya nu lalar liwat. Diuk duaan sisi jalan satapak, nyanghareupan mablana tegal nu pinuh ku eurih. Taya nu lémék. Panon anteng neuteup pucuk eurih nu ulang-ulangan katebak hiliwir angin soré.

“Antosan akang nya Nung, akang jangji rék gancang mulang lamun geus suksés. Di dieu akang teu walakaya, kitu salah kieu lain. Akang teu wani ngalamar Nung, lamun kieu kénéh.”

“Naha mani kedah ka luar Jawa atuh Kang?”

“Ukur di ditu nu méré harepan gedé. Geus dipikir dibulak balik ku akang, kulawarga gé geus sapuk, kantun widi ti Nung.”

Harita, mumunggang simpé jadi saksi murubutna cinétra ningal anjeun ngaléngkah nahnay, gugupay ngajauhan, laju ngiles diteureuy méga kamelang.

Soré tadi, sanggeus dua taun papisah, pasarandog di mumunggang. Anjeun mulang bet ngaléng hiji wanoja campernik, urang peuntas!

Fiksi Mini Néndén Hérnika

Kaduhung

Samar Lampah

(24)

Péso Pangot

Ngajanteng nyérangkeun imah sigrong hareupeun. Katingal ti luareun pager

, Bapa, Mamah,

jeung Tita keur gogonjakan di tepas.

Asa-asa rék asup téh. Tapi inget kudu bayaran rék ujian. Lah-lahan asup. Tita ngalieuk. “A

yah, aya Téh Nina!” cenah bari lumpat nyampeurkeun. Lucu. Keur geulis téh akuan. Rék ditangkeup, sono. Kaburu ngarandeg. “T

itaa... ka dieu!” Mamah nyalukan.

Tita langsung balik deui nyampeurkeun Mamah.

Arasup ka jero imah.

Lalaunan ngaléngkah, nyampeurkeun Bapa nu ngadadak alum ningal kuring datang. “Aya naon Nin, pan can waktuna gajihan,” pokna

“Nini teu damang Pa, teu tiasa icalan,” kuring cumalimba.

“Tong dihambur-hambur atuh duit téh, hésé néanganana!” Bapa mangloh. Duuh, haté mingkin rajét. Ras ka indung pituin, keur jeneng kénéh mah tara ménta ieuh ka Bapa téh. Kusiwel Bapa

ngaluarkeun dompét. Sok saratus rébu.

“Geura uih, candak Nini ka Puskesmas, gratis ieuh,” pokna bari asup ka jero imah. Kuring olohok. Rék pok ngagero, panto kaburu nutup.

Cita-cita

Késang ngaragajag saawak-awak. Panas poé nu mentrang nambah lungsé. Leumpang nahnay muru wahangan, ngumbah leungeun nu sasanggaleun balas nampolan batu. Meujeuhna waktu

dahar.

Rék ngahuap, hawar-hawar sora barudak ngarawih. “Mun abdi pareng nincak déwasa, hayang laksana jadi tentara...”

Dilieuk, katingal abrulan barudak diiringkeun ku guruna. Ras mangsa keur SD, lagu éta remen dikawihkeun bareng jeung Nina. Sumanget kacida. Nina mah kecap tentarana sok diganti ku bu

guru.

Kelas dua SMP bet kabongbroy mimilu ka Mang Karta muat awi.

Atawa sok ka Lio kuli nyieun

kenténg. Teu sakola deui. Resep boga duit ladang kuli mah, bisa ngajajanan adi jeung ngahéroan awéwé. Tapi Nina teu bisa dihéroan, balik sakola sok ngaringkeb di imahna. Komo saprak manéhna

SMA mah, langka di lemburna gé, cenah neruskeun sakola di kota. Ngampleng tara amprok deui. “Dor-dor-dor musuh paéh dibedil...,” abrulan barudak geus aya hareupeun, laliwat sarukabun-gah, muyarkeun lamunan. Rét ka guruna. Reuwas kacida. Nina...?!

(25)

Geus Lain Garapeun

Keur anteng ngangsrot paré nu meujeuhna beukah, rentang-rentang tilu mobil alus areureun. Panumpangna tarurun, garandang. Salah saurang tutunjuk ka lahan nu mabla lega. Haté tagiwur.

“Duuh palangsiang...”

Can anggeus pikiran nyawang, Pa RT jeung dua urang nu teu wawuh nyalampeurkeun.

Maaf Pa, sawah ini besok kami bangun, jadi saya harap Bapa jangan meneruskan pekerjaan Bapa lagi,” cék nu dibaju biru tandes.

Kuring olohok. Rét ka Pa RT. Miharep dibéla. “Hampura Mang, pan harita gé kuring geus ngomong sangkan ulah ngagarap ieu sawah, Amang maksa waé...!” Pa RT kalah malikkeun.

“Modal urut nyawah kumaha?” kuring masih neundeun harepan. “Teu aya cenah Mang, pan geus diwanti-wanti tatadina ulah digarap!”

Nyangsaya na galengan. Nahnay. Sumpeg. Batin ngarakacak, teu walakaya. Ukur bisa nyérang-keun tilu mobil nu mamprung ngajauhan, sarua jeung jauhna harepan hirup di lembur nu geus digusur, rék diganti wangunan pabrik. Sawah warisan luluhur, geus lain garapeun deui.

P

és

o Pangot

Peunggas

Menèhna ngaheruk.

Ambek, sedih, éra, ngagalo jadi hiji.

Anak nu dipiharep ngahontal

cita-cita nu luhur geus hianat.

Ti leuleutik didama-dama, dipihèman, geus wani mopokkeun kokotor ka

beungeutna. Padahal ti SD, SMP

, teu weléh juara kelas.

Aktif di organisasi, kapakè mun lomba volly ,

matak reueus guru, sok komo manèhna nu jadi kolot.

Lulus SMP hayang neruskeun ka SMA, dirojong bèlaan jujualan. Kebon warisan nu ukur sacangkèwok dijual keur waragad da puguh pangala ukur buburuh ngala awi. Rido, nu penting

anak pinter, ulah bodo cara manéhna. Kelas dua SMA, tetep jadi juara. Kacapè, bangbaluh hirup, sirna. Bungangang ningal anak motèkar

. Panjang pangharepan, jaga anak kameumeut jadi jalma nu

waluya.

Tadi balik buburuh ngala awi, reuwas ningali pamajikanna keur digulanggapér ku mitoha awèwè. Kapiuhan. Pamajikanana ngabangingik ceurik. Mitoha lalaki nyampeurkeun, ngaharèwos, “Ujang, si

nyai tèh geuning geus genep bulan...”

Referensi

Dokumen terkait

Jadi, média pangajaran basa Sunda, nyaéta média nu digunakeun dina pangajaran basa Sunda, anu ngawengku alat bantu guru dina ngajar jeung sarana nu bisa

Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék dina ngawasa bahan Kagiatan Diajar baris dipeunteun ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngaw ngku (1) bahan ajar basa jeung sastra

sosial, pakakas jeung téknologi, pakasaban, kapercayaan, jeung kasenian. Unsur budaya nu aya dina Wawacan Barjah, ditataan ieu di handap. a) Aspék basa nu dipaké dina

Ku kituna, nu nyusun méré judul kana ieu panalungtikan téh “ Wacana Iklan dina Média Massa Basa Sunda: Ulikan Sintaksis jeung Pragmatik”. 1.2

Netepkeun sumber data ku cara sadap rékam tina data basa lisan téh.. jalaran sajalan jeung sawangan Grinder jeung Elgin dina Sudaryat (1991:10)

Karya sastra Sunda dina wangun puisi, nu teu kauger ku aturan guru lagu jeung guru wilangan tapi ngandung kakuatan gaib, disebut.... Mantra nu dipakena pikeun

basa jeung sastra Sunda séjénna nu saluyu jeung karakteristik ieu modél, ku kituna hasilna téh leuwih optimal. 3) Pikeun panalungtik lainna nu ngalakukeun panalungtikan sanggeus

Mekar dina situs jejaring sosial facebook jeung twitter, fiksimini basa Sunda. kakeunaan ogé ku kawatesanana karakter nu bisa ditémbongkeun