BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1Sumber Data
Pikeun nyumponan data dina ieu panalungtikan, data anu didéskripsikeun
téh dicokot data primér. Data primér tina sumber lisan nya éta hasil sadap rékam
paguneman masarakat nu interaksi di sabudeureun pasar Padayungan Kota
Tasikmalaya. Netepkeun sumber data ku cara sadap rékam tina data basa lisan téh
jalaran sajalan jeung sawangan Grinder jeung Elgin dina Sudaryat (1991:10) nu
nyebutkeun yén nu nalungtik basana sorangan, di sagédéngeun dirina bisa salaku
informasi, ogé bisa merhatikeun intuisi panyatur lianna. Panyatur basa nu dipilih
salaku informan kudu miboga sarat tina segi umur, jenis kelamin, kualitas budaya
katut kajiwaan basana.
Nangtukeun jeung néangan data nu saperti kitu téh dipiharep cukup
réfréséntatitf pikeun ieu panalungtikan. Nu saterusna dicokot sajumlah kalimah nu
bakal dijadikeun bahan kajian data. Korpus data nu alus kudu miboga ciri
seragemna sacara dialkétis, alamiah, loba ragamna, lengkep, terus-terusan, jeung
narik (Samarin dina Sudaryat, 1991:11).
3.2Désain Panalungtikan
Désain panalungtikan nya éta gemblengan rencana pikeun ngumpulkeun
data dina raraga ngajawab patalékan panalungtikan, sarta téhnik analisis atawa
métode husus anu rék digunakeun ku panalungtik.
Desain dina ieu panalungtikan, nyoko kana léngkah-léngkah ieu di
Nangtukeun masalah ngeunaan unsur-unsur sirnaan dina ragam
basa lisan
Ragam basa lisan di sabudeureun Pasar Padayungan
Kota Tasikmalaya
Rumusan anggapan dasar ngeunaan sirnaan dina ragam basa lisan di sabudeureun Pasar
Padayungan Kota Tasikmalaya
Nangtukeun sumber data
Bagan 3.1 Désain Panalungtikan
3.3Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara pikeun matotoskeun
masalah panalungtikan anu dilaksanakeun kalawan dirarancang heula sacara
gemet, anu maksudna sangkan meunang fakta jeung kacindekan sangkan bisa
mikaharti, jeung ngajelaskeun kaayaan. Métode mangrupa cara digawé sangkan Rumusan masalah ngeunaan
unsur sirnaan dina ragam basa lisan
Nyusun laporan
Analisis data
Transkripsi Paguneman
Obsérvasi ka lapangan ku
paham jeung bisa neuleuman kana objék anu jadi sasaran panalungtikan
(Syamsudin jeung Damaianti, 2006:14).
Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metode déskriptif
analitis tina hasil transkripsi basa lisan nu ngandung unsur-unsur sirnaan. Métode
déskriptif ieu pungsina nya éta pikeun milih, milah, ngolah jeung nafsirkeun data.
Salian ti éta, objék anu didéskripsikeunana nya éta sakabéh wangun kalimah dina
basa lisan nu digunakeun ku masarakat di masarakat pasar Padayungan Kota
Tasikmalaya. Analisisna nyoko kana unsur-unsur nu sirna, sarta transformasi
kalimahna.
3.4Wangenan Operasional
Sangkan jelas tur aya kasaruaan pandangan ngeunaan istilah-istilah poko
anu dipaké dina ieu panalungtikan, perlu diwincik wangenan operasional nya éta
ieu di handap.
a. Kalimah nya éta wangunan basa maksimal nu miboga harti sarta diébréhkeun
ngaliwatan hiji omongan atawa wacana nu miboga lentong pamungkas turun
atawa naék.
b. Sirnaan kalimah nya éta ngaleungitkeun unsur-unsur fungsional (jejer,
caritaan, udagan, panglengkep, jeung katerangan) dina kalimah sirnaan kalimah
unggal bagian tina preposisi kalimah.
c. Sirnaan disebut ogé délisi. Délisi disebut ogé kalimah ringkesan, nya éta
wangun kalimah anu sabagian unsur kalimahna dileungitkeun. Lamun ditilik tina
kalengkepan unsurna, éta kalimah téh kaasup kalimah teu lengkep. Ieu kalimah
Délisi atawa elipsis téh lumangsung lamun dina hiji kalimah aya
unsur-unsur atawa bagian-bagian anu dileungitkeun atawa henteu dikedalkeun. Unsur
atawa bagian anu henteu dikedalkeun téh bisa mangrupa unsur anu sarua wujudna,
bisa jadi mangrupa unsur anu wenang ayana dina hiji struktur, atawa nurutkeun
kontéks situasina éta unsur téh geus kamaphum ku nu marakéna basa. Kulantaran
kitu, unsur anu dileungitkeun atawa anu henteu dikedalkeun téh aya nu bisa
kapaluruh tina téksna atawa wacanana (délisi tékstual), aya anu bisa kapaluruh
dumasar kana strukturna (délisi struktural), aya ogé anu bisa kapaluruh nurutkeun
kontéks situasina (délisi situasional).
d. Transformasi nya éta prosés pangwangunan unsur basa tina struktur dasar ka
struktur turunan. Aya lima rupa transformasi nya éta, (1) transformasi tunggal, (2)
transformasi seselan, (3) transformasi ngantét, (4) transformasi puseur, jeung (5)
transformasi husus.
3.5Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan téh mangrupa alat pikeun ngumpulkeun data
atawa cara pikeun ngajaring data anu diperlukeun pikeun ngajawab patalékan
panalungtikan (Arikunto, 2002:102). Anapon instrumén anu diperlukeun dina ieu
panalungtikan:
1) Alat Rékam ( HP)
2) Transkripsi Paguneman
4) Alat Panyatet
Tabél 3.1 Format Transformasi Kalimah
No Paguneman Transformasi
Kalimah Kalimah Dasar
1
Tabél 3.2 Format Prosés Transformasi
No Kalimah
Transformasi
Kat. Tunggal Sematan Rapatan Fokus Khusus
1
Sirnaan:
J C U Pel. Kat
Transformasi:
Tunggal Seselan Ngantét Puseur Khusus Alfabét
Data Kalimah
Tabél 3.3 Format Unsur-Unsur nu Sirna
No Transformasi
Kalimah
Unsur nu Sirna
Jejer Caritaan Udagan Panglengkep Katerangan
1
3.6Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun
téhnik sadap rékam. Téhnik sadap rékam nya éta digunakeun pikeun ngajaring
data ku cara ngarékam paguneman masarakat Sunda, boh sacara terang-terangan
boh susulumputan.
Léngkah-léngkah téhnik ngumpulkeun data di luhur, saperti ieu di handap.
a. Nangtukeun sumber data;
b. Rékaman paguneman basa Sunda di masarakat;
c. Transkripsi data lisan kana tulisan;
d. Nyirian jeung nyatet anu kaasup kalimah sirnaan kana kartu data
e. Milah-milah unsur fungsional nu sirna; jeung
f. Ngadaptarkeun unsur-unsur nu sirna kana wangun transformasi kalimah.
3.7Téhnik Ngolah Data
Sabada data kumpul, nurutkeun Botha dina Sudaryat (2000:32), aya kénéh
lajuning laku nu mangrupa tahap ngéntépseureuhkeun (sistematisasi) lantaran
dipilampah téh nya éta (1) nyieun papasingan, (2) ngorélasikeun, (3)
ngaruntuykeun, jeung (4) ngukur.
Data nu geus diéntépseureuhkeun téh disebutna korpus data. Korpus data
anu hadé, ceuk Samarin dina Sudaryat (2004:32), kudu nyumponan pasaratan nu
saragem, di antarana, (a) dialéktis, (b) alamiah, (c) variatif, (d) lengkep, (e) mindo
(berulang), jeung (f) narik ati.
Numutkeun Hocket dina Sudaryat (2004:32) nétélakeun yén dina
nganalisis data basa sok digunakeun analisis unsur langsung (immediate
constituent (IC) analysis), nya éta analisis anu niténan unsur-unsur basa anu
langsung ngawangun unsur saluhureunana. Upamana baé dina nagtukeun unsur
fungsional kalimah saperti J, C, U, Panglengkep, jeung Katerangan. Kalimah di
handap ieu bisa kapanggih unsur langsungna.
Kalimah
J C U Kat.
Néng Zaini keur meuli témpé ka pasar Padayungan.
Analisis unsur langsung téh mangrupa téhnik dasar, anu dituturkeun ku
téhnik (1) pérmutasi, (2) substitusi, (3) ékspansi, (4) téhnik délisi, jeung (5) téhnik
seselan. Téhnik permutasi atawa téhnik balik, nya éta téhnik analisis ku cara
malikeun unsur kalimah tina wangun dasar, anu engkéna éta wangun dasar téh
ngalaman parobahan wangun. Téhnik ganti atawa subtitusi bisa digunakeun
pikeun nangtukeun sinonim dina wates anu tangtu. Téhnik ékspansi nya éta
jeung unsur anu ngagantina. téhnik téh pikeun nangtukeun segi-segi ma’na (aspék
semantis) lingual anu tangtu. Hartina, penting pikeun mikawanoh kadar sinonim
upamana, aya dina tataran anu sarua (sinonim téh sarua informasina, mirip
ma’nana, tapi wangunna béda). Téhnik délisi nya éta téhnik lesap atawa
ngaleupaskeun, ngaleungitkeun, ngahapus atawa ngurangan hiji unsur dina
wangun kalimah. Téhnik seselan loba disaruakeun jeung téhnik ganti atawa téhnik
ngalegaan, tapi saenyana mah dina dua téhnik éta téh aya bédana. Téhnik ganti
moal ngamungkinkeun hiji unsur lingual nambahkeun unsur lingual anu anyar,
boh sacara kelas boh sacara ma’na. Téhnik seselan leuwih luyu disaruakeun jeung
téhnik ngalegaan. Téhnik seselan miboga mangpaat pikeun mikawanoh kadar
raketna dua unsur anu dipisahkeun ku hasil seselan éta.
Dumasar kana sababaraha téhnik di luhur, ngolah data sirnaan kalimah
ngaliwatan léngkah- léngkah ieu di handap.
a. Niténan data nu geus dikumpulkeun;
b. Ngadaptarkeun data kalimah sacara alfabétis;
c. Méré nomer kode data kalimah;
d. Nyieun papasingan data sirnaan kalimah dumasar kana unsur fungsional nu
dileungitkeun;
e. Nganalisis prosés transformasi dina sirnaan kalimah;
f. Ngadéskripsikeun sirnaan kalimah;
g. Napsirkeun sirnaan kalimah; jeung