Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 157
157 BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana pedaran hasil panalungtikan dina bab saméméhna, ieu panalungtikan téh dicindekkeun kana sababaraha hal saperti ébréh ieu di handap.
a. Struktur Makro dina Rubrik “Balé Bandung”
Struktur makro dina analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk nyurahan téma puseur nu nyampak dina wacana. Téma nu diasongkeun ku Karno salaku nu nulis dina wacana rubrik “Balé Bandung” éstuning mangrupa gambaran tina kajadian nu karandapan ku masarakat dina jaman kiwari. Téma puseur nu diasongkeun dina ieu rubrik, éstuning béda-béda. Najan béda, tapi kabéhanana ngagambarkeun naon nu karandapan tur karasa ku masarakat. Hal nu ditepikeun téh mangrupa kritik sosial ti masarakat ka pamaréntahan nu keur kumawasa kiwari, boh ka individu boh ka lembaga nu keur nyekel kakawasaan di ieu nagara.
b. Superstruktur dina Rubrik “Balé Bandung”
Dina superstruktur, nu dipedar téh ngeunaan skéma atawa galur dina hiji wacana. Skéma nu ditepikeun ku Karno dina wacana nu ditulisna téh ngaguluyur tur gampang dipikaharti ku nu maca. Ieu Hal disababkeun ayana tingkesan jeung lalakon nu mangrupa bagian tina unsur skéma. Dina tingkesan mah disebutkeun judul jeung kalimah pangukuhna, sedengkeun dina lalakon mah bisa katitén situasi nu diasongkeun sarta koméntar ti Karno salaku nu nulis, kana wacana nu ditulisna. Tina sawatara tingkesan jeung lalakon anu dipidangken dina wacana
158
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 158
maca alatan naon nu ditepikeun téh mémang luyu jeung kahirupan nu karandapan ku masarakatna sorangan.
c. Struktur Mikro dina Rubrik “Balé Bandung”
Struktur mikro dina analisis rubrik “Balé Bandung”, dibagi jadi opat bagian,
nyaéta semantik (medar ngeunaan latar, wincik, jeung maksud), sintaksis (medar ngeunaan kohérénsi, wangun kalimah, jeung kecap sulur), stilistik (medar ngeunaan pilihan kecap), jeung rétoris (medar ngeunaan grafis jeung métafora). Sanajan aya sawatara unsur nu teu dipiboga ku salasahiji wacana, nyaéta unsur
métafora dina rubrik “Balé Bandung” nu judulna “Gebragan Buyung” jeung “Kakuciwa ka Partéy Pulitik. Ieu sakabéh analisis téh ébréh tina wacana “Balé Bandung”.
d. Karakteristik Wacana Kritis basa Sunda dina Rubrik “Balé Bandung”
159
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 159
5.2 Saran
Panalungtikan ngeunaan analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk kana
rubrik “Balé Bandung” dina ieu tésis téh ukur museurkeun kana unsur téksna wungkul. Tangtu waé perlu aya panalungtikan séjén anu ngaguar leuwih jero kana sakabéh élemén analisis wacana kritis, nyaéta kognisi sosial jeung kontéksna. Ieu hal perlu dilakukeun sangkan bisa ngajembaran tur ngalengkepan deui analisis wacana kritis ngagunakeun model Teun A. van Dijk. Dina data nu dijadikeun sumber panalungtikan gé, dipiharep bisa leuwih jembar tur rupa-rupa wangunna, boh dina wacana fiksi saperti carpon jeung novel boh dina wacana nonfiksi sapert artikel, rubrik, jeung tajuk rencana. Kitu ogé model analisis nu dijadikeun keureutanana, naha ngagunakeun analisis Framing, analisis basa kritis, jeung réa-réa deui.