• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1302589 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1302589 Chapter3"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1Desain Panalungtikan

Dina panalungtikan dibutuhkeun desain panalungtikan nu mangrupa

gemblengan prosés dina rarancang panalungtikan jeung prak-prakan

panalungtikan nepi ka patalékan-patalékan anu aya bisa dijawab. Gemblengan

rencana ieu panalungtikan téh dimimitian ku ngebréhkeun pasualan-pasualan

nu ngadasaran dilaksanakeunana ieu panalungtikan. Ieu panalungtikan téh

didesain pikeun medar dua hal utama kahiji ngulik struktur naskah drama Rajapati

sarta ngulik aspek-aspek pragmastilistik.

Ieu panalungtikan sacara jembar ngagunakeun pamarékan kualitatif anu

nyindeken kana métode déskriptif-analitis. Dina bagbagan prosés ieu

panalungtikan, panalungtik boga peran salaku subjék sakaligus objék. Panalungtik boga peran salaku instrumén anu ngama’naan réalitas jeung gejala-gejala anu nyampak. Prosés ngumpulkeun data téh dilaksanakeun

kalawan téknik studi pustaka (téks) tina sumber data (paper) nu geus

ditangtukeun. Pikeun ngagampangkeun dina prosés ngumpulkeun data,

panalungtik ngagunakeun instrumén kartu data salaku alatna. Sanggeus kakumpul

tuluy diolah kalawan ngagunakeun analisis tés langsung (konstituén). Tujuan

tina ieu analisis nya éta pikeun ngadéskripsikeun hasil data panalungtikan

sangkan bisa ditafsirkeun (diinterprétasi) jadi hasil analisis. Hasil tina ieu

analisis dipiharep bisa ngadéskripsikeun struktur jeung aspek-aspek

pragmastilistik nu aya dina naskah drama Rajapati. Bagéan pamungkas kakara

dicindekkeun salaku hasil tina panalungtikan. Pikeun leuwih jéntréna, ieu di

(2)

Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

Pasualan Panalungtikan

1. Deskripsi naskah drama Rajapati.

2. Struktur carita naskah drama Rajapati disawang tina jihat struktur lahir. 3. Pragmastilistik dina naskah drama Rajapati.

Ngumpulkeun data (Teknik studi pustaka) Instrumen panalungtikan

(Kartu data)

Ngolah data Analisis unsur langsung

Analisis data a. Deskripsi naskah drama Rajapati

b. Struktur carita dina naskah drama Rajapati disawang tina jihat lahiriah jeung batiniah.

c. Naskah drama Rajapati mibanda unsur pragmatik jeung stilistik nu antukna jadi pragmastilistik.

Deskripsi data a. Deskripsi naskah drama Rajapati

b. Struktur carita dina naskah drama Rajapati disawang tina jihat lahir jeung batin.

c. Naskah drama Rajapati mibanda unsur pragmatik jeung stilistik nu antukna jadi pragmastilistik.

Kacindekan

(3)

Métodeu téh minangka léngkah pikeun ngahontal udagan pikeun

nyangking hasil panalungtikan nu gembleng. Ku kituna, dina unggal

panalungtikan salawasna merlukeun métode sangkan bisa nyangking tujuan

panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta

métode dékriptif. Métode déskriptif nya éta métode nu ngungkulan pasualan

kalawan aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun, nyieun, papasingan, ngaanalisis,

jeung nafsirkeun (Surakhmad, 1994, kc. 139).

Métode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun

ngadéskripsikeun sacara sistematis data nu aya dina naskah drama Rajapati

dumasar kana tilikan struktural jeung pragmastilistik.

Métode husus nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode

struktural jeung pragmastilistik. Ieu métode téh mangrupa gabungan antara

métode panalungtikan struktural-pragmastilistik.

Dina prak-prakanana, ngagunakeun métode struktural-pragmastilistik téh

nya éta ngaanalisis struktur batin jeung lahir, kajian pragmastilistik.

3.2Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2010, kc.129) Sumber data nya éta sakabéh téks anu

ngarojong tur anu dijadikeun sumber utama dina panalungtikan. Dina ieu

panalungtikan, anu dijadikeun sumber data nya éta ragam basa tulis mangrupa

naskah drama rajapati karangan Ahmad Bakri nu lobana 16 kaca nu dicokot ti

bank naskah téater Saddo STKIP Garut.

3.3Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta lambar kartu

data. Kartu data dina ieu panalungtikan boga pungsi pikeun ngumpulkeun data

nu mangrupa naskah drama Rajapati nu ditinggali tina stuktur jeung

pragmastilistikna. Tujuana sangkan ngagampangkeun dina prosés nganalisis data,

(4)

Tabél 3.3.1

Instrumén Kartu Data

Naskah Drama Rajapati

(Rp/2/A1/P1a) Lurah: “Wayahna Darma sing sabar, … ulah aral, papastén anu kawasa, dungakeun anggur,Ijah sing meunang rahmat pangéran”

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta studi pustaka

(dokuméntasi), hal ieu pikeun maluruh naskah drama Rajapati karangan Ahmad

Bakri salian ti nu aya dina téks. Salian dipaké téhnik analisis téks. Fathoni (2006,

kc.95) nétélakeun yén téhnik talaah pustaka mangrupa panalungtikan nu

dilakukeun di ruang pabukon pikeun maluruh jeung nganalisis data nu sumberna

ti pabukon. Ieu panalungtikan dilaksanakeun ku cara neuleuman buku-buku

sumber anu aya pakuat pakait jeung konsép tioritis katut bahasan pasualan

panalungtikan.

Anapon lengkah-lengkah ngumpulkeun data nya éta; 1) maca naskah

drama; 2) nyirian struktur jeung aspék-aspék pragmastilistik dina naskah drama

rajapati; jeung 3) nyalin struktur jeung aspék-aspék dina naskah drama rajapati.

3.4Analisis Data

Léngkah panalungtikan nu paling penting nya éta analisis data nu

dilaksanakeun luyu jeung prosedur-prosedur analisis data. Prosedur analisis data

nu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta maca, nafsirkeun, jeung

ngainterprétasi kalawan taliti kana sampel panalungtikan. Naskah anu kapaluruh

satuluyna ditik dina kartu nu geus disadiakeun. Sampel panalungtikan satuluyna

(5)

Ngaanalisis data naskah drama téh dilakukeun ku cara téknik analisis

unsur langsung (immediete constituent) nya éta analisis kalimah tina unsur-unsur

anu leuwih leutik; unggal konstituén anu bisa dianalisis bisa dianalisis deui

dumasar konstituén séjén, nepi ka éta kalimah teu bisa disawang salaku kajadian

dumasar lapisan-lapisan konstituén.

3.4.1 Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kapanggih, saterusna diolah make téhnik-téhnik anu geus

dipedar di luhur. Anapon léngkah-léngkahna nyaéta:

1) Niténan deui omongan naskah anu geus dibaca

2) Ngaruntuykeun data peradegan

3) Méré kode data sacara manual

4) Papasingan

5) Ngaanalisis sakabéh data

6) Ngadéskripsikeun sakabéh data

7) Nafsirkeun sakabéh data

Referensi

Dokumen terkait

Pembinaan Manajemen Madrasah oleh Kepala Bidang Pendidikao Madrasah Kantor Wilayah Kemcntcrian Agama Provinsi Jawa Timur.. Batik

cangkang telur bebek yang telah diaktivasi pada suhu 600 o C untuk menyerap. logam ion Cd 2+ , dan adsorpsi paling maksimum sebesar 64,6667%

Analisis Pengaruh Kualitas Produk Terhadap Kepuasan Konsumen Pada Lima Rumah Makan Sate Klasifikasi C di Kota Bandung.. Universitas Pendidikan Indonesia |

2 Petugas menerima buku yang akan dipinjam disertai kartu anggota perpustakaan/ mahasiswa mendaftar dulu. 1 menit Kartu anggota, buku/

Berdasarkan hipotesis di atas maka tujuan penelitian ini adalah untuk mengetahui efek diuretik dari crude ekstrak etanol herba pecut kuda dengan

Tanin ini larut dalam pelarut organik yang polar, tetapi tidak larut dalam pelarut organik nonpolar seperti benzene atau kloroform (Robinson, 1995).Tanin ini biasanya berikatan

Pelaksanaan program/ kegiatan bidang sosial skala provinsi dan atau kerjasama

Penyusunan Skripsi ini dengan judul “Pengaruh Penilaian KInerja Terhadap Prestasi Kerja Pegawai Pada PT PLN Area Medan", untuk memenuhi salah satu syarat guna