No: 866/FPBS/0251/2015
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
UPACARA NYIRAMKEUN PUSAKA KARAJAAN TALAGA MANGGUNG DI DÉSA TALAGA WÉTAN KAC. TALAGA KAB. MAJALENGKA
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA KELAS XII
(ULIKAN SÉMIOTIK)
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah
ku
Isri Nurwindasari Hadadi
NIM 1102975
DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
LEMBAR PENGESAHAN
ISRI NURWINDASARI HADADI NIM 1102975
UPACARA NYIRAMKEUN PUSAKA KARAJAAN TALAGA MANGGUNG DI DÉSA TALAGA WÉTAN KAC. TALAGA KAB. MAJALENGKA
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA KELAS XII
(ULIKAN SÉMIOTIK)
Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002
Pangaping II,
Drs. Dede Kosasih, M. Si. NIP 196307261990011001
Kauninga ku
Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
No: 866/FPBS/0251/2015
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
PERNYATAAN
Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII” ini beserta
seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan tersebut, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.
Bandung, Maret 2015 Yang membuat pernyataan,
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
UPACARA NYIRAMKEUN PUSAKA KARAJAAN TALAGA MANGGUNG DI DÉSA TALAGA WÉTAN KAC. TALAGA KAB. MAJALENGKA
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA KELAS XII
(ULIKAN SÉMIOTIK)1
Isri Nurwindasari Hadadi2
ABSTRAK
Anu jadi kasang tukang dina ieu panalungtikan nya éta kurangna pangaweruh masarakat Kacamatan Talaga kana arti jeung ma’na anu aya dina upacara nyiramkeun. Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) prak-prakan upacara nyiramkeun; 2) unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun; 3) ma’na tina unsur sémiotik anu aya dina upacara nyiramkeun, jeung; 4) ieu hasil kajian pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif kualitatif kalayan maké tehnik obsérvasi partisipasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Hasilna nuduhkeun yén upacara nyiramkeun dilaksanakeun pikeun ngamumulé barang titinggal karajaan Talaga Manggung Waktu dilaksanakeunna upacara nyiramkeun patali jeung diislamkeunna Radén Panglurah jeung garwana Ratu Parung Sunyalarang, anu diluluguan ku Sunan Gunung Jati Cirebon dina poé Senén tanggal welasan ahir bulan Sapar. Prak-prakan upacara nyiramkeun dimimitian ku ngala cai ti tujuh cinyusu, tuluy kagiatan hadoroh atawa ngado’a babarengan, nyampurkeun cai ti tujuh cinyusu, tuluy prosési nyiramkeun, jeung panutup marebutkeun sayuran jeung cai urut nyiramkeun ku masarakat anu datang dina ieu upacara. Dina upacara nyiramkeun aya 54 unsur sémiotik, nya éta 5 ikon, 9 indéks, jeung 40 simbol. Ieu hasil panalungtikan bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII. Salian ti éta, dipiharep bisa nambahan pangaweruh, jeung masarakat ngarasa reueuskana kabudayaan anu aya di sabudeureunana. Masarakat Sunda kudu babarengan ngariksa jeung ngamumulé kabudayaan anu aya di tatar Sunda, sangkan bisa tetep hirup teu kaéléhkeun ku jaman.
Kata Kunci: upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, bahan pangajaran maca,
unsur semiotik
1 Ieu skripsi dibimbing ku Dr. Ruhaliah, M.Hum, jeung Drs. Dede Kosasih, M. Si. 2
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
UPACARA NYIRAMKEUN PUSAKA KERAJAAN TALAGA MANGGUNG DI DESA TALAGA WETAN KEC. TALAGA KAB. MAJALENGKA
UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA ARTIKEL DI SMA KELAS XII
(KAJIAN SEMIOTIK)3
Isri Nurwindasari Hadadi4
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oléh kurangnya pengetahuan masyarakat terhadap arti dan makna yang terkandung dalam upacara nyiramkeun. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan: 1) pelaksanaan upacara nyiramkeun beserta sejarahnya; 2) unsur semiotik yang terdapat dalam upacara nyiramkeun; 3) makna dari unsur semiotik yang terdapat dalam upacara nyiramkeun, dan; 4) hasil kajian unsur semiotik digunakan sebagai bahan pembelajaran membaca artikel di SMA kelas XII. Metode yang digunakan dalam penelitian yaitu metode deskriptif kualitatif, dengan menggunakan tekhnik observasi partisipasi, wawancara, dan dokumentasi. Hasilnya menunjukkan bahwa upacara nyiramkeun dilaksanakan untuk memelihara dan menjaga barang peninggalan kerajaan Talaga Manggung. Waktu dilaksanakannya upacara nyiramkeun berkaitan dengan diislamkannya Raden Panglurah berserta istrinya Ratu Parung Sunyalarang oleh Sunan Gunung Jati Cirebon pada hari Senin tanggal belasan akhir bulan Safar. Pelaksanaan upacara nyiramkeun diawali dengan diadakannya pengambilan air dari tujuh mata air, kemudian dilanjutkan dengan kegiatan hadoroh atau do’a bersama, mencampurkan air dari tujuh mata air, kemudian prosési nyiramkeun, dan ditutup dengan memperebutkan air bekas siraman barang-barang pusaka oleh masyarakat yang berpartisipasi dalam upacara ini. Dalam upacara nyiramkeun terdapat 54 unsur semiotik yang terdiri dari 5 ikon, 9 indeks, dan 40 simbol. Hasil penelitian ini dapat digunakan sebagai bahan pembelajaran membaca artikel di SMA kelas XII. Selain itu, diharapkan dapat menambah pengetahuan, dan masyarakat merasa bangga terhadap kebudayaan yang ada di lingkungan sekitar. Masyarakat Sunda harus bersama-sama menjaga dan melestarikan kebudayaan yang ada di tatar Sunda, agar terjaga dan tetap hidup tak terkalahkan oleh jaman.
Kata Kunci: upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, bahan pembelajaran
membaca, unsur semiotik
3
Penyusunan skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum, dan Drs. Dede Kosasih, M. Si. 4
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
NYIRAMKEUN PUSAKA RITUAL OF TALAGA MANGGUNG KINGDOM IN TALAGA
WETAN VILLAGE, TALAGA SUBDISTRICT, MAJALENGKA DISTRICT, AS MATERIALS FOR TEACHING READING ARTICLE IN HIGHSCHOOL GRADE XII
(SEMIOTIC ANALYSIS)5
Isri Nurwindasari Hadadi6
ABSTRACT
This study is a response to the Talaga subdistrict people having little knowledge of the meaning and purpose of nyiramkeun ritual. This study is to describe 1) the process of the nyiramkeun ritual and its history, 2) the semiotic elements in the ritual, 3) the meaning of semiotic elements in the ritual, and 4) the result of studying the semiotic elements being implemented as materials for teaching reading article in high school, grade XII. This study uses descriptive qualitative method, with the use of participation observation, interview, and documentation as the techniques. The results of the study show that the nyiramkeun ritual is a means of maintaining and keeping the heirlooms of Talaga Manggung kingdom. The ritual time is related to the time when Talaga Manggung kingdom became Islamic kingdom, which happened on Monday during the last tens of Safir month. The nyiramkeun ritual starts with dipping out water from seven water springs around Talaga Manggung kingdom, followed by hadoroh or praying together, blending water from the seven water springs, running the nyiramkeun procession, and the ritual ends with participants competing for the water used in the ritual. In this ritual, there are 54 semiotic elements consisting of 5 icons, 9 index, and 40 symbols. The results of this study can be used as materials for teaching reading article in high school, grade XII. In addition, the results of this study are expected to develop people’s knowledge of and pride in local cultures. Sundanese people must keep and maintain cultures in Sundanese land, in order for the cultures to stay alive and unchanged by time.
Keywords: nyiramkeun pusaka ritual of Talaga Manggung kingdom, materials for teaching
reading, semiotic elements
5The completion of this thesis is under guidance from Dr. Ruhaliah, M.Hum, and Drs. Dede Kosasih, M. Si. 6
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
DAPTAR EUSI
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK BAHASA SUNDA ... ii
ABSTRAK BAHASA INDONESIA... iii
ABSTRAK BAHASA INGGRIS... iv
PANGJAJAP ... v
TAWIS NUHUN ... vi
DAPTAR EUSI ... x
DAPTAR SINGGETAN ... xiv
DAPTAR BAGAN ... xv
DAPTAR GAMBAR ... xvi
DAPTAR TABÉL ... xviii
DAPTAR LAMPIRAN ... xix
BAB I BUBUKA ...1
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ...1
1.2 Rumusan Masalah ...4
1.3 Tujuan Panalungtikan ...5
1.3.1 Tujuan Umum ...5
1.3.2 Tujuan Husus ...5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ...5
1.4.1 Mangpaat Tioritis...5
1.4.2 Mangpaat Praktis ...5
1.5 Raraga Nulis ...6
BAB II UPACARA NYIRAMKEUN PUSAKA, SEMIOTIK, JEUNG PANGAJARAN MACA ARTIKEL ...7
2.1 Tatapakan Tiori ...7
2.1.1 Upacara Nyiramkeun Pusaka ...7
xi
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
2.1.1.2 Aspék-aspék Upacara Adat...8
2.1.1.3 Unsur-unsur Upacara Adat ...10
2.1.1.4 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung ...10
2.1.2 Sémiotik ...13
2.1.2.1 Wangenan Sémiotik ...13
2.1.2.2 Kamekaran Sémiotik ...14
2.1.2.3 Sémiotik Modél Charles Sander Peirce ...15
2.1.3 Pangajaran Maca Artikel ...20
2.1.3.1 Bahan Pangajaran ...20
2.1.3.1.1 Tujuan Pangajaran ...20
2.1.3.1.2 Kriteria Milih Bahan Pagajaran ...20
2.1.3.1.3 Metode Pangajaran ...21
2.1.3.1.4 Nyusun Bahan Pangajaan ...21
2.1.3.2 Maca ...22
2.1.3.2 Artikel ...23
2.1.3.2.1 Karakteristik Artikel ...23
2.1.3.2.2 Jenis-jenis Artikel ...25
2.1.3.3 Keterbacaan ...26
2.1.3.4 Pangajaran Maca dina SKKD Basa jeung Sastra Sunda ...28
2.2 Panalungtikan Saméméhna ...29
2.3 Kalungguhan Tiori ...31
BAB III METODE PANALUNGTIKAN ...32
3.1 Desain Panalungtikan ...33
3.2 Lokasi jeung Sumber Data...34
3.2.1 Lokasi Tempat Panalungtikan ...34
3.2.2 Kondisi Sosial Budaya ...35
3.2.3 Sumber Data ...37
3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data...38
3.3.1 Téhnik Meunangkeun Data...38
xii
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
3.4 Téhnik Ngolah Data ...41
BAB IV DÉSKRIPSI UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA NYIRAMKEUN PUSAKA KARAJAAN TALAGA MANGGUNG DI DÉSA TALAGA WÉTAN KAC. TALAGA KAB. MAJALENGKA PIKEUN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA KELAS XII ...42
4.1 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung ...42
4.1.1 Sajarah Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung ...42
4.1.1.1 Waktu Upacara Nyiramkeun ...44
4.1.1.2 Tempat Upacara Nyiramkeun ...44
4.1.1.3 Pihak-pihak anu Ilubiung dina Upacara Nyiramkeun ...45
4.1.1.4 Tujuan Upacara Nyiramkeun ...47
4.2 Prak-prakan Upacara Nyiramkeun ...47
4.2.1 Saméméh Upacara ...48
4.2.1.1 Pentas Seni Budaya ...48
4.2.1.2 Anjang Sono Kulawarga ...48
4.2.1.3 Kirab Barang Pusaka ...48
4.2.1.4 Ngala Cai ti Tujuh Cinyusu ...50
4.2.1.5 Hadoroh ...51
4.2.1.6 Nyieun Sasajén ...51
4.2.2 Lumangsungna Upacara Nyiramken ...52
4.2.2.1 Macakeun Naskah Nyoréang Alam ka Tukang Karajaan Talaga Manggung ...52
4.2.2.2 Pamapag ...52
4.2.2.2.1 Pupuhu Calagaa ...53
4.2.2.2.2 Wawakil Rahayat Talaga ...53
4.2.2.2.3 Camat Talaga ...54
4.2.2.2.4 Kapala Disporabudpar Kabupatén Majalengka ...55
4.2.2.3 Nyampurkeun Cai ti Tujuh Cinyusu ...55
xiii
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
4.2.3 Sabada Upacara ...60
4.3 Unsur Sémiotik dina Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung ...61
4.3.1 Tempat Lumangsungna Upacara Nyiramkeun ...76
4.3.2 Waktu Lumangsungna Upacara Nyiramkeun ...78
4.3.3 Jalma nu Ilubiung dina Upacara Nyiramkeun ...78
4.3.4 Prak-prakan Upacara Nyiramkeun ...80
4.3.5 Kalengkepan Upacara Nyiramkeun ...82
4.3.6 Sasajén ...90
4.3.6.1 Sasajén Kadaharan ...90
4.3.6.2 Sasajén Inuman ...97
4.3.6.3 Sasajén Séjénna ...102
4.4 Hasil Panalungtikan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA kelas XII ...105
4.4.1 Pangajaran Maca Artikel ...105
4.4.2 Matéri Pangajaran Maca Artikel ...105
4.4.3 Évaluasi...107
4.4.3.1 Latihan Soal ...107
4.4.3.2 Konci Jawaban...109
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN...111
5.1 Kacindekan ...111
5.2 Saran ...113
DAPTAR PUSTAKA ...115
LAMPIRAN ...118
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Panalungtikan
Manusa salaku mahluk hirup miboga dua fungsi, nya éta salaku mahluk individual jeung salaku mahluk sosial. Salaku mahluk individual hartina hubungan antara jiwa jeung raga, sedengkeun manusa salaku mahluk sosial
hartina manusa teu bisa hirup sosoranganan tapi butuh batur pikeun hirup jeung huripna. Manusa butuh ku batur téh kaungggel dina pupuh Pucung “utamana jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal
lantaran ti pada jalma”.
Manusa salaku mahluk Pangéran anu dibéré akal jeung budi ngahasilkeun paripolah jeung kabiasaan-kabiasaan anu ngabédakeun jeung mahluk hirup séjénna, saperti sato jeung tutuwuhan. Éta kabiasaan-kabiasaan jeung paripolah anu sarua ti sakelompok jalma, ngawangun hiji beungkeutan anu disebut masarakat. Kahirupan nu ngawengku paripolah jeung kabiasaan hiji masarakat leuwih lega deui ku para ahli sok disebut kabudayaan. Nurutkeun E.B Taylor (dina Lestari, 2013, kc. 1) “kebudayaan adalah seluruh kompleks yang ada didalamnya terkandung ilmu pengetahuan yang lain, serta kebiasaan yang
didapat manusia sebagai anggota masyarakat”. Sedengkeun nurutkeun Arnold (dina Liliweri, 2014, kc. 6) kontak individu atawa sakelompok jalma anu miboga pikiran, omongan, jeung paripolah anu alus ngeunaan dunya disebut kabudayaan.
Kabudayaan raket patalina jeung adat. Adat nya éta istilah dina budaya Sunda, anu dipikawanoh dina sababaraha harti. Dina Kamus Umum Basa Sunda, adat nya éta kabiasaan anu turun-tumurun ti karuhun. Dina basa Arab disebut
‘Urf’ nya éta hiji hal anu dipikaweruh, dipikanyaho, tur dipigawé tuluy-tumuluy nepi ka jadi hiji kabiasaan di masarakat (Ensiklopedi Sunda, 2000, kc. 14).
2
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
dipaké nya éta upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung mangrupa salasahiji prosesi adat anu dilakonan sacara turun-tumurun anu sok dilaksanakeun dina unggal poé Senén tanggal welasan ahir bulan Safar. Asal-muasal upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung nurutkeun Rd. Mumu (wawancara Saptu 6 Desember 2014) ieu acara dipatalikeun jeung caritaan kolot anu geus turun-tumurun, yén
waktu Radén Ranggamantri alias Pucuk Umun jeung garwana Ratu Parung Sunyalarang, ngucapkeun dua kalimah syahadat munggaran. Éta acara
ngislamkeun téh diluluguan ku Sunan Gunung Jati Cirebon téh dina poé Senen bulan Safar tanggal welasan ahir. Ieu upacara nu nanteng nepi ka kiwari, minangkaupaya anu dilakonan ku kaprabonan Talaga pikeun ngamumulé barang-barang titinggal Karajaan Talaga Manggung.
Prosesi upacara adat nyiramkeun diayakeun minangka media silaturahmi antara warga katurunan karajaan Talaga Manggung jeung masarakat sabudeureun karajaan Talaga. Ieu prosési ogé minangka hiji wangun panghormatan ka luluhur anu geus ngawariskeun titinggalna anu leubeut ku simbol.
Simbol mangrupa bagian tina tanda. Elmu anu ngabahas ngeunaan tanda jeung simbol disebut sémiotik. Nurutkeun C.S Peirce (dina Sobur, 2009, kc. 41-42) simbol nya éta salah sahiji hal anu ngalaksanakeun fungsina salaku tanda anu geus umum digunakeun dina kahirupan masarakat. Maksudna nya éta hiji hal atawa kaayaan anu ngawakilan pamahaman hiji jalma kana hiji objek. Salian ti éta, C.S Peirce nétélakeun yén tanda téh ngawengku ikon, indéks, jeung simbol.
Ayana unsur sémiotik nu ngawengku ikon, indéks, jeung simbol, nu boga harti husus pikeun kahirupan masarakat, jadi kasang tukang dipilihna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung pikeun objék panalungtikan. Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung anu leubeut ku unsur
sémiotik perlu dianalisis, sangkan masarakat bisa mikawanoh jeung maham kana naon anu jadi udagan tina éta upacara.
3
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Simbarkancana téh sok dilaksanakeun di Bumi Ageung jeung ngan saukur bisa ditingali ku wanoja, teu meunang aya lalaki hiji-hiji acan anu asup kana éta rohangan Bumi Ageung. Kadieunakeun nyaluyukeun jeung kamekaran jaman jeung pikeun kapentingan pariwisata, éta acara nyiramkeun arca Ratu Simbarkancana téh sok dilaksanakeun di Bumi Alit atawa nu disebut museum Talaga Manggung jeung bisa diliput ku wartawan sanajan wartawanna lalaki ogé
(wawancara H. Tatang, Senén 6 Desember 2014).
Salian ti éta, dumasar observasi di Desa Talaga Wétan dina tanggal 23
Desember 2013, kiwari beuki saeutik nu wanoh kana adat-istiadat, hususna kana upacara adat nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Padahal ieu tradisi penting pisan pikeun dipikawanoh, lantaran loba pisan ma’na-ma’na anu bakal mangpaat pikeun kahirupan. Bahan ajar ngeunaan tradisi dina buku pangajaran ogé rélatif saeutik. Kurangna kasadaran ti unggal jalma pikeun milu ngajaga éta adat-istiadat nu hirup di masarakat ogé jadi salah sahiji pasualan nu ngabalukarkeun adat-istiadat geus loba nu teu maliré deui, boh ku barudak rumaja boh ku kolot.
Saméméhna geus aya panalungtikan anu objekna upacara nyiramkeun anu
judulna “Upacara Nyiramkeun di Kecamatan Talaga Kabupaten Majalengka: (Suatu Tinjauan Sosial Budaya)” ku Arief Rifqi Zakiyudin (2010) (Skripsi jurusan
Pendidikan Sejarah, FPIPS UPI). Salian ti éta can kapanggih deui panalungtikan anu objekna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Anapon panalungtikan anu objekna ampir sarupa jeung upacara nyiramkeun nya éta “Ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di Kampung Cukangpadung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA
Kelas XI” ku Tresna Yuniawati (2012). Salian ti panalungtikan anu objekna ampir sarua, geus loba ogé panalungtikan ngeunaan unsur semiotik jeung simbol,
diantarana “Simbol-simbol Kasenian Goong Rénténg di Desa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupaten Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII: Ulikan
Semantik” ku Usép Nandang S (2013), “Upacara Panjang Jimat di Karaton Kasepuhan Cirebon (Tilikan Sémiotik)” ku Thohir (2006), “Ajén Falsafah dina
4
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Cikaum Kabupaten Subang (Ulikan Struktural Sémiotik)” ku Déasy Hapsari Suciati Harsono (2008). Tina hasil panalungtikan di luhur teu kapanggih ngeunaan unsur sémiotik dina upacara adat nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
Ku kituna dumasar kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan dijudulan
“
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kacamatan Talaga Kabupaten Majalengka pikeun Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII (Ulikan Sémiotik)”.1.2Rumusan Masalah
Dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung réa pisan ajén-ajén jeung unsur anu perlu ditalingtik. Sangkan leuwih museur, ieu panalungtikan ngan medar prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, unsur sémiotik dina properti jeung aktifitas dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung ieu hasil kajian téh baris dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII.
Anapon ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan ieu di handap:
1. Kumaha deskripsi upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung dina saméméh upacara, lumangsungna upacara, jeung sabada upacara?
2. Unsur sémiotik naon baé anu nyangkaruk dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung?
3. Naon waé ma’na tina unsur sémiotik anu aya dina upacara nyiramkeun
pusaka karajaan Talaga Manggung?
5
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya nu aya di masarakat Sunda, jeung nambahan pangaweruh ngeunaan budaya nu aya di sabudeureun urang Sunda.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga udagan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun:
1. asal-usul upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung; 2. prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung; 3. unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga
Manggung;
4. hasil kajian unsur sémiotik baris dipaké bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa méré pangaweruh ka masarakat dina hal kabudayaan, hususna ngeunaan upacara adat nu aya di tatar Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis anu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan nya éta: 1. Pikeun masarakat, bisa numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda nu aya di
sabudeureunana, anu satuluyna bisa numuwuhkeun karep pikeun ngariksa budaya Sunda;
6
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
3. Pikeun siswa, bisa mikawanoh upacara adat nu aya disabudeureunana jeung maham kana unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung;
4. Pikeun panalungtik, bisa mikanyaho leuwih teleb ngeunaan upacara nyiramkeun pusaka Karajaan Talaga Manggung, jeung numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda, hususna upacara tradisional nu aya di
sabudeureun panalungtik.
1.5 Raraga Nulis
Tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta nyusun laporan dina wangun skripsi. Sacara gurat badag ieu skripsi dibagi jadi lima bab, anu diwincik dina ieu di handap :
BAB I Bubuka, anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, identifikasi
jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu kabagi jadi tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu dibagi jadi mangpaat praktis jeung mangpaat tioritis, anu pamungkas nya éta raraga nulis.
BAB II Tatapakan tiori, dipedar ngeunaan semiotik, tiori kabudayaan, upacara adat, upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, ngeunaan maca, bahan pangajaran sarta pangajaran maca artikel di SMA kelas XII.
BAB III Métode panalungtikan, dipedar ngeunaan lokasi géografis tempat panalungtikan jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.
BAB IV Déskripsi unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung jeung hasil panalungtikan pikeun pangajaran maca artikel di SMA kelas XII.
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
Métode panalungtikan nya éta cara ilmiah pikeun nyangking data anu miboga tujuan jeung mangpaat anu tangtu. Cara ilmiah hartina kagiatan panalungtikan kudu dumasar kana cicirén kaélmuan, nya éta rasional, émpiris, jeung sistematis. Rasional hartina kagiatan panalungtikan kudu asup kana akal manusa. Émpiris
nya éta cara anu dilaksanakeun ngagunakeun alat indra manusa, nepi ka jalma nu séjén bisa mikanyaho cara-cara anu dipaké dina panalungtikan. Sistematis nya éta dina prosés panalungtikan ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu jeung ngaruntuy (Sugiyono, 2012, kc. 3). Nurutkeun Sudjana (2011, kc. 52) métode panalungtikan nya éta cara anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan Aya sababaraha métode panalungtikan, nya éta métode historis, métode deskriptif, jeung métode eksperiméntal. Ku kituna, dina panalungtikan diperlukeun métode anu luyu jeung data nu rék ditalungtik, sangkan hasil panalungtikan bisa luyu jeung kaayaan lapangan. Dumasar kana tujuan ieu panalungtikan, métode anu dipaké nya éta métode déskriptif kualitatif.
Kecap déskriptif asalna tina bahasa Inggris to describe, nu hartina ngajéntrékeun hiji hal, misalna kaayan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd (Arikunto, 2010, kc. 3). Métode deskriptif dipaké saupama tujuanna pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun kajadian anu aya dina jaman kiwari, anu kaasup kana metode ieu nya éta studi kasus, survei, studi pengembangan, jeung studi korélasi Sudjana (2011, kc. 52).
Métode kualitatif nya éta métode panalungtikan anu dumasar kana filsafat postpositivisme, dipaké pikeun nalungtik kondisi objék anu alamiah (Sugiyono,
2012, kc. 15). Filsafat postpositivisme disebut salaku paradigma interpretif jeung
konstruktif, anu miboga sawangan yén kaayaan sosial salaku hiji hal anu utuh,
dinamis, kompleks, pinuh ku ma’na, jeung miboga hubungan anu sipatna interaktif
33
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
alamiah (natural setting); disebut ogé salaku métode étnographi, lantaran ieu
métode leuwih loba dipaké pikeun panalungtikan antropologi budaya; disebut métode kualitatif lantaran data anu kakumpul jeung analisisna leuwih miboga sipat kualitatif (Sugiyono, 2012, kc. 14).
Nurutkeun Bodgan jeung Taylor (dina Basrowi & Suwardi, 2008, kc. 21), métode kualitatif salaku prosedur panalungtikan meunangkeun data déskriptif anu
mangrupa kecap-kecap sacara tinulis atawa lisan ti jalma-jalma atawa pelaku anu ditalungtik.
Dina ieu panalungtikan, metode déskriptif kualitatif dipaké pikeun ngadéskripsikeun unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung nu aya dina properti jeung tingkah laku dina waktu saméméh upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun, jeung sabada upacara nyiramkeun anu miboga harti séwang-séwangan, sangkan kaguar harti jeung tujuan diayakeunna upacara nyiramkeun.
3.1 Desain Panalungtikan
Desain ieu panalungtikan ngawengku tatahar pikeun kasiapan dina panalungtikan, observasi, ngumpulkeun data, wawancara, analisis atawa ngolah data, generalisasi atawa meunangkeun kacindekan, hasilna disusun dina hiji wangun laporan tinulis. Desain panalungtikan di luhur bisa diébréhkeun dina bagan ieu di handap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Tatahar
Ngumpulkeun data Observasi
Wawancara
Analisis
Generalisasi
34
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
3.2 Lokasi jeung Sumber Data
3.2.1 Lokasi Tempat Panalungtikan
Désa Talaga Wétan nya éta wewengkon diayakeunna panalungtikan, lantaran di dinya ayana museum Talaga Manggung. Museum Talaga Manggung mangrupa tempat diayakeunna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Désa Talaga Wétan aya di wilayah Kacamatan Talaga di Kabupatén Majalengka.
Nurutkeun kaayaan géografis, kacamatan Talaga aya dina 108°16’-108°21’ BT
jeung 6°58’-7°03’ LS, sarta aya dina ketinggian 626 mdpl. Kacamatan Talaga
miboga iklim tropis kalayan kelembaban 1,828 mb jeung suhu rata-rata 18°-25°C.
Désa Talaga Wétan kaasup ka wilayah Majalengka kidul jeung aya di puseur
pamaréntahan Kacamatan Talaga. Jarak ti désa Talaga Wétan ka puseur pamaréntahan kacamatan Talaga nya éta 200 m. Sedengkeun jarak ka puseur
pamaréntahan kabupatén Majalengka nya éta 27 km. Jarak ka puseur pamaréntahan provinsi Jawa Barat nya éta 115 km. Legana daérah Désa Talaga Wétan kurang leuwih 767,191 ha/m2. Wates Désa Talaga Wétan nya éta:
1) beulah kalér diwatesan ku Désa Sukaperna;
2) beulah Kidul diwatesan ku Désa Cicanir jeung Désa Campaga;
3) beulah Wétan diwatesan ku Désa Genténg, Désa Ganéas jeung Désa Salado; jeung
4) beulah Kulon diwatesan ku Désa Talaga Kulon.
Gambar 3.1
35
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
3.2.2 Kondisi Sosial Budaya
Kondisi sosial jeung budaya di hiji wewengkon mangaruhan pisan kana ayana hiji adat tradisi nu aya di éta wewengkon. Kitu deui upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung anu aya di désa Talaga Wétan moal leupas tina pangaruh kaayaan masarakat di sabudeureunana. Kaayaan sosial budaya di désa Talaga Wétan diwincik ieu di handap.
1) Jumlah penduduk
Jumlah penduduk Désa Talaga Wétan dumasar data bulan Désémber taun 2014 aya 5.547 urang, anu ngawengku lalaki 2.801 urang jeung awéwé 2.746 urang. Éta jumlah penduduk kabagi jadi 1.741 kepala keluarga.
2) Atikan
Tabel 3.1
Atikan Masarakat Désa Talaga Wétan
Tingkat Pendidikan Lalaki Awéwé
(1) (2) (3)
Umur 3-6 taun anu sakola di TK/Play group 306 urang 268 urang Umur 7-18 taun anu keur sakola 614 urang 613 urang
Umur 18-56 taun anu teu tamat SD 4 urang 4 urang
Tamat SD 290 urang 266 urang
Umur 12-56 taun teu tamat SLTP 210 urang 205 urang
Umur 18-56 taun teu tamat SLTA 351 urang 200 urang
Tamat SLTA 530 urang 620 urang
Tamat SLTA 475 urang 480 urang
Tamat D-1 41 urang 21 urang
Tamat D-2 10 urang 1 urang
Tamat D-3 21 urang 25 urang
Tamat S-1 52 urang 47 urang
Tamat S-2 5 urang 2 urang
Tamat S-3 - -
36
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Dumasar tabel di luhur ngeunaan jenjang pendidikan masarakat désa Talaga Wétan, bisa katitén yén tingkat pendidikan masarakat Talaga geus kaitung maju, lantaran geus lobana masarakat anu namatkeun sakola tepi ka paguron luhur. Sanajan kitu teu saeutik ogé masarakat anu tingkat pendidikanna kurang, lantaran masih aya masarakat anu teu lulus SD, SLTP jeung SLTA.
3) Pakasaban
Tabel 3.2
Pakasaban Masarakat Désa Talaga Wétan
Jenis Pakasaban Lalaki Awéwé
(1) (2) (3)
Tani 484 urang -
Buruh Tani 141 urang -
PNS 71 urang 79 urang
Montir 32 urang -
TNI 3 urang -
POLRI 3 urang -
Pensiunan PNS/TNI/POLRI 85 urang 50 urang
Pengusaha kecil/menengah 35 urang -
Pengusaha besar 1 urang -
Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013
Sistem pakasaban masarakat désa Talaga Wétan dina taun 2013, bisa katitén yén lolobana masarakat désa Talaga Wétan miboga pakasaban tatani. Sanajan kitu loba ogé masarakat Talaga anu digawé jadi PNS, boh anu masih aktif boh anu geus pensiun. Salian ti éta, aya ogé masarakat anu miboga pakasaban salaku
montir atawa tukang béngkel, jeung aya ogé anu usaha dagang.
4) Agama
37
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
urang. Sedengkeun anu nganut agama Kristen nya éta lalaki 19 urang, jeung awéwé 18 urang. Ki kituna katitén yén masarakat désa Talaga Wétan leuwih loba anu nganut agama Islam
5) Étnis
Tabel 3.3
Étnis Masarakat Désa Talaga Wétan
Étnis Lalaki Awéwé
Batak 19 urang 18 urang
Sunda 2.726 urang 2.751 urang
Jawa 57 urang 42 urang
Madura 3 urang 2 urang
Makasar 1 urang -
Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013
Provinsi Jawa Barat anu mangrupa tanah kalahiran salah sahiji étnis di Indonesia nya éta étnis Sunda. Ki kituna, ampir sakabéh étnis Sunda aya di Jawa Barat. Kitu deui di désa Talaga Wétan anu 99,9% na mangrupa étnis Sunda. Sanajan kitu, di désa Talaga Wétan aya étnis séjénna, nya éta Jawa, Batak,
Madura jeung Makasar.
Dumasar hal-hal ngeunaan sosial budaya di désa Talaga Wétan anu dipedar di
luhur, tangtuna bakal mangaruhan pisan kana adat istiadat anu aya di éta wewengkon.
3.2.3 Sumber Data
Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa dipaké nyangking data (Arikunto, 2010, kc. 172). Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap.
1) Kulawarga turunan karajaan Talaga Manggung anu apal kana ieu upacara nyiramkeun.
38
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
3) Kuncén cinyusu salaku nu nyandak cai ti tujuh cinyusu anu dianggap suci pikeun prosési nyiramkeun.
4) Sesepuh Désa Talaga Wétan anu apal kana upacara nyiramkeun ti jaman baheula tepi ayeuna.
5) Masarakat Désa Talaga Wétan anu ilubiung dina lumangsungna upacara.
Format data narasumber waktu lumangsungna kagiatan wawancara nya éta saperti ieu di handap.
Tabél 3.4 Format Data Narasumber
No. Poto/
Wasta Umur Alamat Agama Atikan Pakasaban
Kalungguhan dina Upacara Nyiramkeun
3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data
3.3.1 Téhnik Meunangkeun Data
Dina ieu panalungtikan téh digunakeun téhnik talaah pustaka, téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.
1) Téhnik Talaah Pustaka
Téhnik talaah pustaka nya éta téhnik nu digunakeun dina néangan sarta nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya hubunganna jeung bahan panalungtikan. Maksudna niténan atawa mutalaah kana sajumlahing sumber pustaka saperti: tulisan-tulisan dina media massa, hasil panalungtikan buku-buku anu raket patalina jeung pangaweruh ngeunaan simbol jeung hal-hal séjénna anu patali
jeung ieu panalungtikan.
2) Téhnik Obsérvasi
39
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
partisipasi, nya éta panalungtik ilubiung langsung dina lumangsungna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Tujuanana pikeun nyangking informasi sacara langsung anu aya di masarakat. Panalungtik milih ieu téhnik lantaran panalungtikan sacara langsung turun ka lapangan pikeun néangan data ngaliwatan obsérvasi.
3) Téhnik Wawancara
Wawancara nurutkeun Arikunto (2010:198) nya éta dialog anu dilakukeun ku
nu ngawawancara (interviewer) pikeun meunangkeun informasi ti nu di wawancara. Wawancara atawa disebut ogé interview dipaké ku panalungtik pikeun ngajén kaayaan hiji jalma, misalna pikeun néangan data ngeunaan variable kasang tukang murid, atikan, jeung sikep kana hiji hal. Dina ieu panalungtikan wawancara dilaksanakeun ku cara ngawawancara narasumber anu ilubiung dina ieu upacara di antarana kaprabonan Talaga Manggung, kulawarga katurunan karajaan Talaga Manggung, sesepuh di désa Talaga Wétan jeung sawatara masarakat anu ilubiung dina ieu upacara.
4) Téhnik Dokumentasi
Ténik dokuméntasi nya éta cara pikeun nyangking data panalungtikan nu aya dina prosés lumangsungna upacara. Dokuméntasi dilaksanakeun pikeun meunangkeun gambar anu mangrupa foto jeung video kagiatan nu aya patalina jeung ieu upacara.
3.3.2 Instrumén Panalungtikan
Arikunto (2002, kc. 136) nétélakeun yén instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung leuwih hade, dina harti leuwih taliti, lengkep jeung sistematis, nepi ka datana leuwih gampang diolah.Dina ieu panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta handycam, kamera digital
40
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
1) Handycam
Handycam dipaké pikeun ngarékam prosés lumangsungna upacara
nyiramkeun ti mimiti nepi ka réngsé.
2) Kaméra Digital
Kaméra digital dipaké pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
3) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara dipaké pikeun ngawawancara jalma-jalma atawa tokoh anu ilubiung dina prosési upacara nyiramkeun. Pedoman wawancara disusun saperti ieu di handap.
2. Alesan dingaranan Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung.
3. Waktu Upacara Nyiramkeun.
4. Alesan diayakeunna dina bulan Safar. 5. Nu mingpin upacara Nyiramkeun.
6. Mamala upama Upacara Nyiramkeun teu diayakeun.
9. Kumaha prosési nyandak cai tina salapan cinyusu? 10.Saha nu nyandak cai?
11.Pakakas naon waé anu dipaké nalika ngala cai ka 7 cinyusu?
12.Prosési nalika nyieun sasajén. 13.Jalma anu nyieun sasajén.
41
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
(1) (2) (3)
16.Pihak nu ilubiung dina Upacara Nyiramkeun. 17.Raksuskan jeung asésoris anu dipaké ku tokoh anu
ilubiung.
18.Kuncén nu ilubiung dina Upacara. 19.Prak-prakan Upacara Nyiramkeun. 20.Ritual anu dilaksanakeun dina Upacara
Nyiramkeun.
21.Pakakas anu digunakeun dina Upacara Nyiramkeun.
22.Mamala upama upacara nyiramkeun teu dilaksanakeun.
23.Pungsi tina pakakas anu dipaké dina Upacara Nyiramkeun.
26.Unsur sémiotik dina Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
27.Harti tina unggal unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
3.4 Téhnik Ngolah Data
Data nu geus kapanggih diketik, tuluy diolah dumasar kana téhnik-téhnik nu geus dipedar di luhur. Léngkah-léngkahna nya éta:
1) niténan deui data nu geus dikumpulkeun;
2) milah-milah data saluyu jeung indikatorna, saperti data nu nuduhkeun bagian-bagian sajarah upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun jeung unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun;
3) ngadéskripsikeun data anu mangrupa sajarah upacara nyiramkeun,
prak-prakan upacara nyiramkeun jeung unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun; 4) nyusun bahan pangajaran maca artikel pikeun siswa kelas XII SMA ngeunaan
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Panalungtikan ngeunaan unsur sémiotik nu aya dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung dilaksanakeun lantaran tujuan tina ieu upacara bisa kagambar tina unsur sémiotikna. Lian ti éta ieu panalungtikan pikeun
mikanyaho kumaha lumangsungna upacara nyiramkeun, unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun, pikeun nambahan pangaweruh, jeung pikeun ngamumulé budaya nu aya di sabudeureun panalungtik.
Pikeun nyangking data ngeunaaan unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun, panalungtik ngagunakeun tiori sémiotik modél Peirce. Éta modél Peirce ngabagi sémiotik jadi tilu unsur, nya éta ikon, indéks, jeung simbol. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif kualitatif, nu miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun nu aya dina waktu lumangsungna upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun, kalengkepan upacara nyiramkeun, jeung dina sasajén upacara nyiramkeun anu miboga harti séwang-séwangan, sangkan kaguar harti jeung tujuan diayakeun upacara nyiramkeun.
Dumasar kana hasil panalungtikan, ieu panalungtikan ngagambarkeun ngeunaan: déskripsi upacara nyiramkeun kaasup di jerona sajarah upacara, lumangsungna upacara nyiramkeun, unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun, jeung hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran di SMA kelas XII.
1) Déskripsi jeung sajarah upacara nyiramkeun
Sajarah upacara dimimitian ku ayana karajaan Talaga Manggung anu ngadeg taun 1371 M di daérah suku Gunung Ciremai. Lantaran barang-barang titinggal
112
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
jeung waktu robahna karajaan Talaga Manggung ti karajaan Budha, jadi karajaan Islam ku diisalamkeunna Radén Panglurah jeung garwana Ratu Parung Sunyalarang ku Sunan Gunung Jati Cirebon.
2) Lumangsungna upacara nyiramkeun
Lumangsungna upacara nyiramkeun kabagi jadi tilu, nya éta saméméh upacara, prak-prakan upacara, jeung sabada upacara. Saméméh upacara
nyiramkeun, sapoé saméméhna aya prosési ngala cai ti tujuh cinyusu anu geus ditangtukeun. Ka dieunakeun, pikeun kapentingan pariwisata, dina sapoé
saméméh upacara ogé sok diayakeun péntas seni budaya anu pamilonna siswa-siswa sa-kabupatén Majalengka. Dina malem Senénna sok diayakeun hadoroh anu
mangrupa kagiatan macakeun du’a ka karuhun anu tujuanna ménta idin sangkan prosési upacara lumangsung kalayan lungsur-langsar. Salian ti éta isuk-isuk saméméh dilaksanakeunna upacara nyiramkeun, diayakeun kirab barang pusaka. Acara inti dina upacara nyiramkeun nya éta nyampurkeun cai ti tujuh cinyusu jeung kembang sataman. Satuluyna dilaksanakeun prosési nyiramkeun atawa ngamandian barang-barang titinggal karajaan Talaga Manggung. Ieu prosési nyiramkeun dilaksanakeun di tilu tempat, nya éta: di buruan museum Talaga Manggung salaku tempat nyiramkeun arca Radén Panglurah jeung mahkota karajaan Talaga Manggung; di jero museum Talaga Manggung salaku tempat nyiramkeun arca Ratu Déwi Simbarkancana; jeung di tukangeun museum Talaga Manggung salaku tempat nyiramkeun pakakas titinggal karajaan Talaga Manggung saperti keris, tumbak, baju keré, jsb. Dina masing-masing tempat
nyiramkeun aya sasajén anu kudu aya pikeun sarat. Ieu acara dipungkas ku do’a,
tuluy masarakat marebutkeun cai urut nyiramkeun barang-barang pusaka, ogé sayur-sayuran anu jadi kalengkepan dina ieu upacara.
3) Unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun
113
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
nyirmakeun, prak-prakan upacara nyiramkeun, kalengkepan upacara nyiramkeun, jeung sasajén upacara nyiramkeun, anu miboga harti séwang-séwangan. Ikon anu kapaluruh tina tempat upacara nyiramkeun, kalengkepan jeung jalma nu ilubiung dina ieu upacara, indéks aya dina waktu lumangsungna jeung prak-prakan upacara nyiramkeun. Ari simbol lolobana aya dina prak-prakan jeung sasajén. Pakakas anu digunakeun dina upacara nyiramkeun diantarana awi haur konéng anu dicocokan
ku daun hanjuang, karéta kancana, cai ti tujuh cinyusu, gentong taneuh, jeruk nipis, jsb. Lian ti éta, dina simbol-simbol dina upacara nyiramkeun aya dina
sasajén, diantarana congcot konéng eusi daging hayam, congcot puncak manik, leupeut ketan, tangtang angin, perekedel daging embé, sangu ketan beureum, sangu ketan bodas, cikopi amis, cikopi pait, cai entéh amis, cai entéh pait, cai hérang, duwegan ditanceban dupa, surutu, jsb. Éta unsur sémiotik nu aya dina kalengkepan upacara nyiramkeun miboga harti séwang-séwangan.
4) Hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII Hasil panalungtikan ngeunaan unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun di Désa Talaga Wétan Kacamatan Talaga Kabupatén Majalengka bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. Lantaran dina simbol-simbol nu aya dina
upacara nyiramkeun miboga harti jeung ma’na pikeun kahirupan urang Sunda.
5.2 Saran
Sanggeus ditalungtik loba pisan mangpaat tina upacara nyiramkeun, boh keur nu nyusun boh keur masarakat Désa Talaga Wétan. Panalungtik bisa mikawanoh unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun. Lian ti éta panalungtik bisa mikawanoh sajarah upacara nyiramkeun jeung kumaha prak-prakan upacara nyiramkeun. Sangkan ieu panalungtikan bisa dimangpaatkeun aya sababaraha saran nu ditujukeun ka masarakat, guru, jeung siswa.
1) Masarakat, dipiharep leuwih reueus kana kabudayaan nu aya di
114
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
2) Guru, dipiharep bisa nambahan pangaweruh pikeun ngamekarkeun bahan pangajaran maca. Salah sahijina ku cara ngasupkeun simbol-simbol dina upacara nyiramkeun jadi bahan pangajaran.
3) Siswa, dipiharep bisa mikawanoh upacara adat nu aya di sabudeureunana jeung maham kana simbol-simbol dina upacara adat Sunda; jeung
4) Panalungtik séjén, dipiharep ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
DAPTAR PUSTAKA
... (2014). Proposal Kagiatan Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung.
Abidin, Y. (2010). Strategi Membaca Teori dan Pembelajaran. Bandung: Rizqi Press.
Apriyani, N.Y.A. (2012). Ajén Simbolis dina Pakéan Pangantén Sunda
“Kebesaran” has Sumedang pikeun Salah Sahiji alternatif Bahan Ajar Maca di kelas XI SMA (Ulikan Semiotik Struktural). Bandung: Skripsi
JPBD UPI.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.
Basrowi, & Suwardi. (2008). Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rhineka Cipta.
Berger, A.A. (2010). Pengantar Semiotika (Tanda-tanda dalam Kebudayaan Kontemporer. Yogyakarta: Tiara Wacana.
Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia Ilmu Gosip, Dongeng dan lain-lain.
Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:
Dinas Pendidikan Jawa Barat.
Djuroto, T. & Bambang, S. (2009). Menulis Artikel & Karya Ilmiah. Bandung: Rosda Karya.
Haerudin, D. & Kosim, K. (2013). Panganteur Talaah Buku Ajar (Hand Out Perkuliaah Telaah Buku Ajar). Bandung: JPBD UPI.
http://tariganism.blogspot.com/2009/03/manusia-memaknai-simbol.html?m=1)
Isnendes, C.R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang.
Koentjaraningrat. (1985a). Kebudayaan Mentalis & Pembangunan. Jakarta: PT. Gramedia.
116
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate Bandung.
Lestari, P.D. (2013). Simbol jeung Ma’na dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda di Kacamatan Jonggol Kabupaten Bogor.
Bandung. Skripsi JPBD .UPI.
Liliweri, A. (2014). Pengantar Studi Kebudayaan. Bandung: Nusamedia.
Mustapa, H.H. (2010). Adat Istiadat Sunda. Bandung: PT Alumni Bandung. Poerwadarminta, W.J.S. (1984). Kamus Umum Bahasa Indonesia. Jakarta: PN
Balai Pustaka.
Rosidi, A dkk. (2000). Ensiklopedia Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.
Sobur, A. (2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: PT Remaja Rosdakarya. Sodikin, I. (2013). Simbol-simbol Budaya nu Nyampak dina Kasenian
Cingcowong di Désa Luragung Landeuh Kac. Luragung Kab. Kuningan
pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA. Bandung: Skripsi JPBD UPI.
Sudaryat, spk. (2008b). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press Bandung.
Sudaryat, Y. (2000a). Elmuning Basa. Bandung: Walatra.
Sudaryat, Y. (2010c). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sudijono, A. (1995). Pengantar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: PT Rajagrafindo
Persada.
Sudjana, N. (2011). Dasar-dasar Proses Belajar Mengajar. Bandung: Sinar Baru Algensindo.
Sudjiman, P & Van Zoest, A. (1991). Serba-serbi Semiotika. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka.
Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: CV. Alfabeta Sukyadi, D. (2011). Teori & Analisis Semiotika. Bandung: Reiqi Press.
Sumadiria, H. (2009). Menulis Artikel dan Tajuk Rencana Panduan Praktis dan Jurnalis Profesional. Bandung: PT. Rosda Karya.
Susilawati, S. (2014). Unsur Semiotik dina Upacara Rewahan di Desa Taraju Kacamatan Sindangagung Kabupaten Kuningan pikeun Pangajaran Maca
117
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan & Pengajaran Bahasa. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia dan Daerah.
Tarigan, H.G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa Bandung.
TIM Pengembang MKDP Kurikulum & Pembelajaran. (2009). Kurikulum & Pengembangan. Bandung.