• Tidak ada hasil yang ditemukan

MÉTODE DÉMONSTRASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA DINA NGADONGÉNG.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MÉTODE DÉMONSTRASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA DINA NGADONGÉNG."

Copied!
31
0
0

Teks penuh

(1)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iii

UCAPAN PANUHUN ... iv

DAFTAR EUSI ... vii

DAFTAR TABÉL ... x

DAFTAR LAMPIRAN ... xi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II NGADONGÉNG, MÉTODE DÉMONSTRASI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG HIPOTESIS TUR RARAGA MIKIR .... 6

2.1 Ngadongéng ... 6

2.1.1 Wangenan ... 6

2.1.2 Sarat-sarat Ngadongéng ... 6

2.1.3 Kamampuh Ngadongéng ... 6

2.2 Dongéng ... 9

2.2.1 Wangenan jeung Fungsi Dongéng ... 9

2.2.2 Kalungguhan Dongéng ... 10

2.2.3 Papasingan Dongéng ... 10

2.2.4 Unsur-unsur Dongéng ... 12

2.3 Pangajaran Ngadongéng ... 14

(2)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2.3.2 Tujuan Pangajaran Ngadongéng ... 14

2.3.3 SKKD Pangajaran Dongéng ... 14

2.4 Métode Démonstrasi ... 15

2.4.1 Wangenan Métode Démonstrasi ... 15

2.4.2 Tujuan Métode Démonstrasi ... 16

2.4.3 Prinsip-prinsip Métode Démonstrasi ... 16

2.4.4 Sababaraha Aspék nu Penting dina Métode Démonstrasi ... 17

2.4.5 Kalungguhan Metode Démonstrasi pikeun Pangajaran ... 17

2.4.6 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Métode Démonstrasi ... 18

2.4.7 Léngkah-léngkah Métode Démonstrasi ... 19

2.5 Anggapan Dasar jeung Hipotésis ... 20

2.5.1 Anggapan Dasar ... 20

2.5.2 Hipotesis ... 21

2.6 Raraga Mikir ... 21

2.6.1 Rasional ... 21

2.6.2 Léngkah-léngkah Metode Démonstrasi dina Pangajaran Dongéng ... 22

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 24

3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan ... 24

3.1.1 Métode Panalungtikan ... 24

3.1.2 Desain Panalungtikan ... 24

3.2 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 25

3.2.1 Variabel ... 25

3.2.2 Wangenan Operasional ... 25

3.3 Téhnik Panalungtikan... 26

(3)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.4 Instrumén Panalungtikan ... 27

3.4.1 Tés Lisan ... 27

3.4.2 Observasi ... 32

3.5 Téhnik Analisis Data ... 33

3.6 Sumber Data ... 38

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG ANALISIS DATA ... 39

4.1 Kamampuh Awal Ngadongéng Siswa ... 39

4.2 Kamampuh Ahir Ngadongéng Siswa ... 44

4.3 Ningkatna Kamampuh Ngadongéng Siswa Ngagunakeun Métode Démonstrasi ... 49

4.3.1 Analisis Kamampuh Ngadongéng Siswa ... 49

4.4 Uji Béda antara Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Métode Démonstrasi ... 52

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI ... 68

5.1 Kacindekan ... 68

5.2 Rékomendasi ... 69

DAFTAR PUSTAKA ... 70

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 72

(4)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAFTAR TABÉL

Tabél 3.1 Mékanisme Panalungtikan Kuasi Ékspérimén ... 24

Tabél 3.2 Kisi-kisi Kritéria nu Diajén ... 30

Tabél 3.3 Format Meunteun ... 30

Tabél 3.4 Pedoman Observasi ... 32

Tabél 3.5 Format Frékuénsi Peunteun Pratés jeung Postés ... 34

Tabél 3.6 Format Frékuénsi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés jeung Postés ... 35

Tabél 3.7 Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun ... 37

Tabél 4.1 Daftar Peunteun Pratés (Penguji 1) ... 39

Tabél 4.2 Daftar Peunteun Pratés (Penguji 2) ... 41

Tabél 4.3 Daftar Rata-rata Peunteun Pratés ... 42

Tabél 4.4 Perséntasi Rata-rata Pratés ... 44

(5)

Rosi Gasanti

[image:5.595.121.502.268.670.2]

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Tabel 4.6 Daftar Peunteun Postés (Penguji 2) ... 46

Tabél 4.7 Daftar Rata- rata Peunteun Postés ... 47

Tabél 4.8 Perséntasi Hasil Postés ... 49

Tabél 4.9 Frékuénsi Peunteun Pratés ... 54

Tabél 4.10 Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspétasi Pratés ... 55

Tabél 4.11 Frékuénsi Peunteun Postés ... 58

Tabél 4.12 Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Postés ... 59

Tabél 4.13 Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun ... 64

DAFTAR LAMPIRAN Lampiran I ... 73

Surat Keputusan Dekan Fakultas ngeunaan Skripsi ... 74

Surat Katerangan Panalungtikan ti Sakola ... 77

Lampiran II ... 78

Instrumén Panalungtikan ... 79

Lampiran III ... 81

RPP ... 82

Lembar Observasi ... 87

(6)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Hasil Postés ... 91

Lampiran IV ... 95

Harga Distribusi Z ... 96

Harga t ... 97

Harga Chi Kuadrat ... 98

Lampiran V ... 104

(7)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Salasahiji folklor nu nyampak dina kahirupan masarakat Sunda nya éta

carita rayat atawa dongéng. Hal ieu luyu jeung pamadegan James Danandjaja

(1994:56) nu nétélakeun yén Folklor adalah sebagian kebudayaan suatu kolektif

yang tersebar dan diwariskan turun-temurun, di antara kolektif macam apa saja,

secara tradisional dalam versi yang berbéda, baik dalam bentuk lisan maupun

contoh yang disertai dengan gerak isyarat atau alat bantu pengingat.” Dongéng

kaasup kana carita pondok koléktif dina kasusastraan lisan, jeung mangrupa carita

prosa rayat nu caritana dianggap euweuh kajadianana (fiktif). Hal ieu luyu jeung

pamanggih Iskandarwassid (1992: 32) nu nétélakeun yén dongéng téh

diwariskeunana sacara turun temurun jeung sumebarna sacara lisan. Lantaran

gelarna sacara lisan atawa tatalépa, ilaharna dongéng sumebarna henteu sarua ti

unggal daérah. Umumna dongéng caritana parondok. Kajadianana sakapeung sok

pamohalan. Tokoh-tokohna, jalan caritana, jeung latarna sakapeung mah hésé

ditarima ku akal.

Dongéng mangrupa salasahiji matéri pangajaran basa Sunda nu geus aya

dina kurikulumna sarta kudu ditepikeun luyu jeung SKKD (Standar Kompeténsi

jeung Kompeténsi Dasar). Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar Mata

Pelajaran basa Sunda disusun dumasar Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat No.

5 taun 2003 ngeunaan ngamumulé basa, sastra, jeung aksara daérah nu netepkeun

basa Sunda mangrupa salasahiji mata pelajaran nu diajarkeun di lembaga

(8)

2

(Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) mangrupa salasahiji pedoman pikeun

ningkatkeun pangajaran basa Sunda sangkan leuwih interaktif sarta mampu

mekarkeun kompeténsi dasar jeung indikator pangajaran luyu jeung standar

kompetensina dina ngahontal katuntasan diajar anu maksimal. Hal ieu luyu jeung

tujuan pangajaran basa Sunda di SMA nurutkeun KTSP (2006:24) nya éta:

“Murid mampu menikmati dan memanfaatkan karya sastra Sunda untuk

meningkatkan pengetahuan dan kemampuan berbahasa Sunda, mengembangkan

kepribadian, dan memperluas wawasan kehidupan.” Luyu jeung anu geus

dijéntrékeun dina SKKD SMA kelas X dina aspék nyarita, ditétélakeun dina

kompetensi dasarna nya éta ngeunaan ngadongéng.

Dumasar kana panalungtikan anu geus dipaluruh, kiwari loba siswa SMA nu kamampuh ngadongéngna masih kénéh handap. Ieu hal bisa kajadian lantaran

siswa teu miboga élmu pangaweruh nu jembar ngeunaan ngadongéng. Salasahiji

tarékah pikeun ngungkulan pasualan saperti kitu nya éta ku cara ngagunakeun

métode pangajaran nu bisa ngadeudeul pangaweruh siswa sangkan mampuh

ngadongéng kalawan hadé. Métode pangajaran anu baris ditepikeun ka siswa kudu

leuwih unggul, luyu jeung kamekaran élmu pangaweruh jeung téhnologi.

Dina ieu panalungtikan, panalungtik baris nerapkeun métode Demonstrasi

nu dipiharep bisa nyugemakeun siswa. Métode Demonstrasi mangrupa salasahiji

métode pangajaran nu digunakeun ku guru kalawan ngadémonstrasikeun matéri

pangajaran sacara aktif jeung kréatif sarta dirojong ku kaparigelan dina

ngagunakeun alat peraga. Siswa salaku paregep teu ngan saukur bisa

ngaregepkeun wungkul, tapi engkéna mampuh ngadémonstrasikeun deui matéri

pangajaran kalawan ngalaksanakeun prakték-prakték ngagunakeun basa, sarta

parigel dina ngagunakeun alat peraga. Ku sabab kitu, dina prak-prakanana ieu

métode kudu dirojong ku alat peraga nu aya patalina jeung aspék ngadongéng.

Hasil panalungtikan séjén anu maluruh kaéféktifan métode Démonstrasi

nya éta dina ngaronjatkeun kamampuh siswa ngalaksanakeun prakték solat dina

mata pelajaran agama Islam di SD Al-Azhar 2 Bandar Lampung nu meunangkeun

hasil anu alus. Sedengkeun dina ieu panalungtikan, baris ngagunakeun metode

(9)

3

kamampuh siswa dina ngadongéng kalawan parigel ngagunakeun alat peraga,

jeung bisa leuwih museurkeun paniténna nalika narima matéri.

Luyu jeung pamadegan jeung pasualan-pasualan nu geus dijéntrékeun di

luhur, ku kituna panalungtikan ngeunaan Métode Démonstrasi pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Siswa dina Ngadongéng perlu dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang nu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan

miboga maksud pikeun nalungtik kumaha kamampuh siswa kelas X-11 dina

ngadongéng sasakala. Aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun minangka aspék

penting dina ngadongéng, diantarana; volume sora, lafal, basa (ucapan, lentong,

adegan basa, jeung diksi), eusi (sistematika eusi, pamekaran eusi jeung

pamahaman eusi, tehnik/gaya (cara ngagunakeun alat peraga, susunan jeung

hubungan, réngkak jeung peta). Di antara sababaraha aspék di luhur, aspék nu

digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku lafal, lentong, pamahaman eusi,

sistematika eusi, réngkak jeung peta, sarta cara ngagunakeun alat peraga. Tina

sababaraha hiji métode pangajaran, panulis milih métode Démonstrasi dina

pangajaran dongéng nu diperedih bisa leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa

dina ngadongéng sasakala. Aya sababaraha léngkah nu kudu dilaksanakeun ku

guru nalika ngagunakeun métode Démonstrasi. Di antarana nya éta ti mimiti

ngararancang, dituluykeun kana uji coba jeung prak-prakanana nu dilakukeun ku

guru kalawan diturutan deui ku siswa, jeung dipungkas ku évaluasi.

1.2.2 Rumusan Masalah

Anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun

patalékan ieu di handap:

a. Kumaha kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11 saméméh jeung

(10)

4

b. Naha métode Démonstrasi téh bisa ningkatkeun kamampuh siswa kelas

X-11 dina ngadongéng?

c. Naha aya béda nu signifikan kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11

saméméh jeung sanggeus ngagunakeun metode Démonstrasi?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho

signifikansi métode Démonstrasi kana kamampuh siswa dina ngadongéng

sasakala.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngajelaskeun

jeung ngadéskripsikeun:

a. kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11 saméméh jeung sanggeus

ngagunakeun métode Démonstrasi;

b. ningkatna kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11 ngagunakeun métode

Démonstrasi; jeung

c. béda nu signifikan kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11 saméméh

jeung sanggeus ngagunakeun metode Démonstrasi.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh pikeun

guru dina nepikeun pangajaran dongéng sarta bisa nyiptakeun kaayaan kelas nu

kondusif.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat sacara praktis nu dipiharep dina ieu panalungtikan diantarana:

(11)

5

Bisa ngaronjatkeun pamahaman jeung kamampuhna dina pangajaran

ngadongéng, sarta bisa nimbulkeun kareueus siswa kana sastra Sunda

hususna dongéng sasakala;

b) pikeun Guru

Bisa ngukur kamampuh siswa dina ngadongéng, hususna ngadongéng

sasakala;

c) pikeun Sakola

Salasahiji pangaweruh dina tarékah ngaronjatkeun kualitas

pangajaran di sakola, hususna dina pangajaran basa Sunda.

1.5 Raraga Tulisan

BAB I ngawengku: 1) kasang tukang masalah, 2) watesan masalah,

rumusan masalah, 3) tujuan panalungtikan, 4) mangpaat panalungtikan, jeung

5) sitematika nyusun skripsi.

BAB II ngawengku: 1) tiori ngadongéng; 2) dongéng; 3) pangajaran

ngadongéng; 4) métode Démonstrasi; 5) pangajaran ngadongéng ngagunakeun

métode Démonstrasi; 6) anggapan dasar jeung hipotésis; tur 7) raraga mikir.

BAB III ngawengku: 1) métode panalungtikan; 2) wangenan operasional;

3) desain panalungtikan; jeung 4) téhnik ngolah data.

BAB IV ngawengku: 1) kamampuh ngadongéng ngagunakeun métode

Démonstrasi siswa kelas X-11 SMA Negeri 1 Tasikmalaya nu ngawengku

kamampuh awal ngadongéng jeung kamampuh ahir ngadongéng; 2) uji sipat data

anu ngawengku uji normalitas pretés, uji normalitas postés, uji homogénitas;

jeung uji hipotésis.

BAB V baris medar kacindekan tina panalungtikan jeung rékoméndasi anu

(12)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan

3.1.1 Métode Panalungtikan

Panalungtikan ilmiah dina enas-enasna mah mangrupa tarékah pikeun

meunangkeun, mekarkeun, sarta ningali bebeneran hiji élmu pangaweruh. Unggal

panalungtikan ilmiah miboga dadasar métode anu bisa dipertanggungjawabkeun

bebeneranana.

Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode kuasi ékspérimén.

Numutkeun pamanggih Suyatna (2002:17), nétélakeun yén métode kuasi

ékspérimén nya éta métode panalungtikan ngeunaan kaayaan praktis, nu di jerona

ngan nyokot sababaraha variabel nu tangtu, sabab moal mungkin pikeun ngontrol

sakabéh variabel nu rélevan.

3.1.2 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, desain nu digunakeun nya éta one group pretest

jeung postést design. Mékanisme panalungtikan kuasi ékspérimén ieu, baris

digambarkeun dina tabél di handap.

Tabél 3.1

Mekanisme Panalungtikan Kuasi Ékspérimén

O1 X O2

(13)

25

O2 : postést

X : pangajaran dongéng ngagunakeun métode Démonstrasi

(Sugiyono, 2006: 116).

X nya éta ngalaksanakeun pangajaran ngadongéng ngagunakeun métode

Démonstrasi, sedengkeun O1 nya éta pretést jeung O2 nya éta postést atawa

observasi anu dilaksanakeun sabada X lumangsung. Pangaruh X bisa dipikanyaho

kalawan ngabandingkeun antara hasil O1 jeung O2 dina situasi anu kakontrol.

3.2 Variabel jeung Wangenan Operasional

3.2.1 Variabel

Dumasar kana pamadegan Arikunto (2002:96) nétélakeun yén anu disebut

variabel téh nya éta objék panalungtikan atawa sagala hal anu jadi puseur panitén

dina panalungtikan. Saterusna dina panalungtikan ékspérimén téh sok aya nu

disebut variabel bébas jeung variabel kauger. Ieu hal luyu jeung pamanggih

Arikunto (2002:97) nu nétélakeun yén dina panalungtikan aya dua variabel anu

mangaruhan, ilahar disebut variabel bébas (independent variable) jeung variabel

kauger (dependent variable). Ku kituna, dumasar kana jenis variabel di luhur,

variabel bébas dina ieu panalungtikan nya éta métode Démonstrasi, sedengkeun

variabel kaugerna nya éta hasil diajar ngadongéng siswa kelas X-11 SMA Negeri

1 Tasikmalaya.

3.2.2 Wangenan Operasional

Sangkan teu nimbulkeun salah tafsir, istilah dina ieu panalungikan

ditétélakeun ieu di handap.

1) Métode Démonstrasi nya éta salasahiji métode pangajaran nu di jerona

dikondisikeun yén guru kudu bisa ngadémonstrasikeun luyu jeung

skénario pangajaran nu geus ditataharkeun kalawan aktif jeung kréatif.

Siswa salaku paregep teu ngan saukur bisa ngaregepkeun wungkul tapi

(14)

prakték-26

prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

peraga. Léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku guru dina Métode

Démonstrasi di antarana: ngarumuskeun tujuan nu rék dihontal,

nataharkeun alat-alat démonstrasi, netepkeun gurat badag, ngitung waktu

nu dibutuhkeun jeung dipungkas ku évaluasi pikeun ngajén kamajuan

siswa.

2) Kamampuh ngadongéng nya éta kamampuh nepikeun dongéng kalawan

ngagunakeun aspék-aspék ngadongéng, nu ngawengku aspék lingusitik

jeung aspék non-linguistik. Aspék linguistik ngawengku; ucapan (lafal)

jeung lentong. Kamampuh ngagunakeun aspék linguistik kalawan hadé di

antarana:

a) Lafal nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lafal atawa ucapan

anu jelas tur béntés dina ngucapkeun sora vokal jeung sora

konsonan.

b) Lentong nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lentong nu

merenah luyu jeung pasipatan unggal tokoh dina carita dongéng.

Aspék non-linguistik ngawengku;

a) Pamahaman eusi nya éta kamampuh ngadongéng kalawan bisa

maham tur ngawasa sacara maluruh kana eusi dina éta carita.

b) Sistematika dongéng nya éta kamampuh ngadongéng kalawan

sitematika caritana anu ngaruntuy ti mimiti nepi ka tungtung carita.

c) Ngagunakeun alat peraga nya éta kamampuh ngagunakeun alat

peraga nu geus ditataharkeun pikeun prosés demonstrasi kalawan

merenah, luyu jeung eusi carita.

d) Ngagunakeun réngkak jeung peta nya éta kamampuh ngadongéng

kalawan bisa metakeun paripolah unggal tokoh dina éta carita sarta

gerak nu teu kaleuleuwihi.

3.3 Tehnik Panalungtikan

(15)

27

Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta

ditétélakeun ieu di handap.

a) Téhnik Tes

Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan

mangrupa tés lisan, dina harti siswa dititah ngadongéng di

hareupeun siswa séjén. Tés dilakukeun pikeun meunangkeun data

hasil ngadongéng siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun

métode Démonstrasi. Dina ieu panalungtikan, dilakukeun dua kali

tés, nya éta pretés jeung postés. Pretés dilakukeun pikeun

mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa saméméh ngagunakeun

métode Démonstrasi. Sedengkeun postés dilakukeun pikeun

mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa sanggeus ngagunakeun

métode Démonstrasi.

b) Téhnik Observasi

Téhnik obsérvasi dilakukeun pikeun meunangkeun

gambaran situasi salila lumangsungna pangajaran ngadongéng di

jero kelas. Anu jadi observer dina ieu panalungtikan nya éta guru

mata pelajaran basa Sunda di Sakola.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén dina panalungtikan mangrupa alat nu kacida diperlukeunana,

lantaran hasil panalungtikan téh dipangaruhan pisan ku instrumén nu digunakeun.

Dina ieu panalungtikan, salian ti ngaggunakeun paréntah anu mangrupa tés

ngadongéng pikeun maluruh hasil ngadongéng siswa, dilakukeun ogé téhnik

observasi langsung ka kelas nalika prosés pangajaran lumangsung.

3.4.1 Lembaran Tés Lisan

Tés lisan mangrupa cara nu digunakeun sangkan siswa ngadongéng

[image:15.595.153.513.187.560.2]
(16)

28

maksud pikeun ningali jeung ngukur kamampuh siswa dina ngadongéng. Ieu di

handap mangrupa téks dongéng sasakala Biruang jadi Sato Galak anu baris

didongéngkeun ku siswa.

Sasakala Biruang Jadi Sato Galak

Sampurasun...

Di dieu simkuring seja ngadongéng anu judulna téh sasakala Kunaon

Biruang Jadi Sato Galak, padahal baheula mah biruang atawa ontohod téh béjana

bageur, malah sok daék tutulung ka jelema. Kieu yeuh caritana téh.

Kacaritakeun aya hiji juru tani boga sawah di sisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Basa sawahna dipelakan paré, unggal peuting sok ditungguan ku biruang, malah patani jangji ka biruang yén engké lamun waktuna panén biruang bakal diburuhan hasil panénna. Atuh soson-soson pisan biruang ngajaga sawah patani téh.

Dina hiji peuting, basa biruang keur nungguan sawah patani, na ari bring téh riab beurit nyampeurkeun ka éta sawah patani, heg bari disarada “cuit cuit cuit

cit cit cit”, duka lapar duka kunaon éta beurit matak disarada téh, nu puguh mah

éta beurit téh nyieun peta nu matak pikasebeleun sakadang biruang. Biruang nyahoeun yén éta beurit bakal ngaruksak sawah patani, tuluy biruang téh nyampeurkeun ka tempat nu loba beurit téa. Keteyep..keteyep..keteyep..

“Horda....huhahahahhhaha..huhhahahhaa...hag siah beunang manéh téh beurit,

arék naon siah maranéh datang kadieu, nyaho aing gé manéh téh tukang ngaruksak, halig siah manéh téh nyingkah kaditu!” ceuk biruang sumanget ngagebahan éta beurit. Atuh beurit téh lalumpatan da puguh sieuneun nempo awak biruang nu sakitu gedéna. Geus beurit arindit mah gék deui biruang téh diuk bari ngahenang-ngahening bari hahariringan.

Pupuh Balakbak

Kuring si ontohod nunggu pelak pare..nu hadé Bisi diganggu ku si beurit jeung si bagong..tuh paré Mun teu kitu mun teu kitu kuring moal bisa hasil..tatanén

Tah teu kungsi lila sakadang biruang ngahariring, jol bagong datang bari

sesegrok “ngoook..grok..ngok grok”. Sakadang biruang ngoréjat cengkat, tuluy

manéhna ngareureuwas bagong bari keprok “Hoyah! rék naon siah silaing kadieu,

nya teu apal kuring keur ngahariring, na ari sia kalah datang ngaganggu aing,

hus..hus.. nyingkah siah kaditu!” Ngadénge sora biruang kitu, bagong ngabecir.

(17)

29

sieun siah kaula mah, keur patani kami ikhlas ngorbankeun tanaga kami, sabab rék diburuhan paré kaula téh rék diburuhan ,huhhahahahhaha..huhahaha..kuring bakal meunang paré loba euy huhahahhaa....’

Kacaritakeun waktu dibuat, buru-buru juru tani ngangkut paré ka lemburna, dibunikeun di imahna, di sawahna mah teu ditinggalkeun saranggeuy-saranggeuy acan, malah biruang datang ka sawah kacida kagéteunana nénjo paré ngan kari jaramina wungkul. Gancang baé biruang téh nepungan juru tani ék nanyakeun paré bagéanana. Basa biruang nanyakeun ka juru tani, ku juru tani dijawab, yén bagian biruang mah nu handapna, ari bagian nu luhurna mah da geus puguh béak didahar ku manéhna jeung anak pamajikanna.

Omong biruang, “Lamun nyaho sampéan rék muruhan ku jarami mah,

tangtu kaula gé moal daék mangjagakeun paré ti peuting, nepi ka taya nu wanieun ngaganggu. Bagong jeung beurit taya nu wani ngulampreng ka sawah da sieuneun

ku kaula.” Ku juru tani diwalon, “Menta dihampura baé atuh Sakadang Biruang,

kuring henteu bisa méré paré ayeuna, sabab geus béak. Taun hareup pangjagakeun deui, moal diburuhan ku jarami, keun kuring bagéan handapna, ari bagéan luhurna

mah top baé kabéh keur sampéan”. “Hadé baé ari kitu mah, tapi ulah cidra nya!”

ceuk biruang téh. Geus kitu mah tulu baé biruang téh balik deui, asup ka leuweung.

Kacaritakeun taun hareupna, jurutani di sawahna melak kumeli lain paré. Biruang wantuning sato, teu nyahoeun bédana paré jeung kumeli. Samarukna kumeli gé sok buahan kawas paré. Atuh soson-soson pisan biruan téh ngajagana. Barang kumelina geus kolot, juru tani sanak-pamajikanana, malah mah mawa tatanggana, gesat-gesut ngagarali kumeli tuluy diwadahan kana bongsang meunang ngahaja marawa ti imah. Méméh magrib geus teu aya satangkal-tangkal acan kumeli nu nangtung kénéh, beutina geus diaralaan kabéh, sarta tuluy diringkid ka lembur.

Basa biruang datang ka sawah, kumeli téh nyampak ngan tangkal jeung daunna wungkul patumpuk-tumpuk. Kakara manéhna ngarti, yén kumeli mah nu ngeunahna téh bagéan handapna, nya éta nu geus diringkid ku juru tani ka imahna. Ayeuna biruang yakin, yén juru tani téh teu beunang dipercaya, teu

beunang dipisobat. Manéhna ngomong di jero haténa, “Aing sumpah nepi ka

turun temurun rék jadi musuh jeung jelema. Lamun jelema datang ka leuweung,

rék sina ngarasa pamales sobat nu geus ditipu.”

Tah ti harita nepi ka kiwari, biruang téh jadi sato galak, henteu beunang diheureuyan ku jelema, kuku jeung huntuna pohara pasakana, tanagana kacida bedasna.

(18)

30

Dina ieu panalungtikan ngaggunakeun instrumén nu mangrupa format

meunteun ngadongéng siswa saperti ieu di handap.

Tabel 3.2

Kisi-kisi kritéria anu diajén

No Sasaran Aspék

1. Basa  Lafal

 Lentong

2. Eusi  Pamahaman Eusi

 Sistematika Eusi

3. Téhnik/Gaya  Réngkak jeung Peta

[image:18.595.110.514.263.654.2]

 Kaparigelan Ngagunakeun Alat Peraga

Tabel 3.3

Format Meunteun

Wasta :

Kelas :

Sasaran Aspek Skala Nilai Skor

1 2 3 4 5

Basa Lafal

lentong (tekenan, wirahma, randegan)

Eusi pamahaman eusi

sistematika eusi Tehnik /

gaya

réngkak jeung peta

kaparigelan ngagunakeun alat peraga Jumlah

(19)

31

Skor total keur tés nyarita dongéng nya éta 30. Skor éta hasil tina 6 x 5.

Angka 6 ngagambarkeun jumlah aspék nu dinilai, sedengkeun 5 tina nilai idéal ti

unggal aspék.

Déskripsi kritéria aspék-aspék kamampuh ngadongéng ieu dijieun sangkan

proses ngajén unggal aspék-aspék dina ngadongéng bisa dilaksanakeun kalayan

taliti jeung objéktif. Ieu di handap déskripsi kritéria aspék kamampuh ngadongéng

nu aya dina format penilaian kamampuh siswa ngadongéng.

1. Lafal

5 = Lafal unggal sora basa bersih, jelas, euweuh kasalahan sampurna.

4 = Euweuh kasalahan, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna.

3 = Aya saeutik kasalahan dina lafal.

2 = Kasalahan dina lafal rada sering.

1= Loba kasalahan

2. Lentong (tekenan, wirahma, randegan)

5 = Lentong (tekenan, wirahma, jeung randeganna) sampurna.

4 = Lentongna alus, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna.

3 = Aya saeutik lentong nu kurang merenah

2 = Lentong nu teu merenahna rada sering.

1= Loba lentong nu teu merenah.

3. Pamahaman eusi

5 = Maham pisan kana eusi dongéng, luyu jeung dongéngna sampurna.

4 = Maham kana eusi dongéng ngadeukeutan sampurna.

3 = Aya saeutik bagéan nu rada teu paham.

2 = Kurang paham kana eusi dongéng.

1= Teu paham kana eusi dongéng.

4. Sistematika eusi

(20)

32

4 = Eusi ngagguluyur ngadeukeutan sampurna.

3 = Aya runtuyan nu rada teu nyambung (ngacak).

2 = Rada loba runtuyan nu ngacak.

1= Runtuyan carita dongéng pabaliut.

5. Réngkak jeung peta

5 = Réngkak jeung peta alus pisan tur teu kaleuleuwihi.

4 = Réngkak jeung peta teu kaleuleuwihi.

3 = Aya saeutik réngkak jeung peta nu teu merenah.

2 = Réngkak jeung peta rada sering teu merenah.

1= Loba réngkak jeung peta nu teu merenah.

6. Ngagunakeun Alat Peraga

5= Ngagunakeun alat peraga merenah, alus, tur kréatif

4=Ngagunakeun alat peraga alus, kréatif tapi kurang merenah

3=Aya saeutik dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah

2=Ngagunakeun alat peraga rada sering teu merenah

1=Loba pisan dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah

Skor Anu Kahontal

Skor Ahir (Nilai) = --- x Skor Idéal (100) =

Skor Total

3.4.2 Obsérvasi

Instrumén obsérvasi nu digunakeun dina ieu panalungtikan saperti ieu di

[image:20.595.124.450.220.579.2]

handap.

Tabel 3.4

Pedoman Observasi

Poé, Ping :

No Aktifitas Prosés

(21)

33

1 Guru nitah siswa pikeun maca, maham, jeung neuleuman eusi dongéng sasakala biruang

jadi sato galak nu rék ditepikeun.

2 Guru ngadémonstrasikeun dongéng sasakala

biruang jadi sato galak ka siswa kalawan

ngagunakeun lafal, lentong (tekenan, wirahma, randegan), pamahaman eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta cara ngagunakeun alat peraga kalawan hadé.

3 Guru nitah siswa pikeun

ngadémonstrasikeun deui dongéng sasakala

biruang jadi sato galak kalawan ngagunakeun lafal, lentong (tekenan, wirahma, randegan), pamahaman eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta ngagunakeun alat peraga kalawan hadé.

4 Guru ngoréksi jeung mére koméntar

ngeunaan hasil démonstrasi siswa

5 Guru méré aprésiasi ka siswa nu paling hadé dina ngadongéng sasakala biruang jadi sato

galak

Obsérver,

...

3.5 Téhnik Analisis Data

Sangkan meunangkeun tujuan ahir dina ieu panalungtikan, ku kituna baris

dilakukeun analisis data ngaliwatan analisis kamampuh ngadongéng sasakala

biruang jadi sato galak kalawan ngagunakeun aspék lafal, lentong, pamahaman

eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta, sarta ngagunakeun alat peraga

ngaliwatan pamarekan statistika anu léngkah-léngkahna saperti ieu dihandap.

1. Uji Normalitas

Uji normalitas miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa

téh mibanda distribusi anu normal. Hal ieu diperlukeun salaku sarat anu kudu

dicumponan pikeun nguji kamampuh rata-rata. Nangtukeun nilai panggedéna

jeung pangleutikna

a) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:

(22)

34

b) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

c) Nangtukeun panjang kelas interval

d) Nyieun tabel frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan

ngagunakeun tabél ieu di handap:

Tabél 3.5

Format Frékuensi Peunteun Pratés jeung Postés

No Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi 2

1

2

e) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan

ngagunakeun rumus ieu di handap.

f) Katerangan:

X = rata-rata mean

∑ = jumlah Fi = jumlah data

Xi = nilai tengah

(23)

35

g) Ngitung standar deviasi, carana nya éta

h) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta:

(a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi

Tabél 3.6

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés jeung Postés

Interval Oi BK Z Ztabel L Ei X2

(b)Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)

(c)Nangtukeun batas kelas interval (bk)

(d)Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

(e)Nangtukeun Ztabel

(24)

36

(g)Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara:

(h)Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)

(Sudjana, 1992:273)

(i)Nangtukeun darajat kabébasan (dk)

(Sudjana,1992:293)

(j)Nangtukeun harga X2tabél

(k)Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:

- Lamun X²itung < X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.

- Lamun X²itung > X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu

normal.

Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas kalayan hasilna normal, kagiatan

nu satuluyna nya éta uji homogénitas.

2. Uji Homogénitas

Uji Homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna variasi

sampel tina populasi nu sarua. Pikeun nangtukeun homogén henteuna, nya éta

ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

a) Ngitung variansi (S²) unggal kelompok

Variansi tés awal

S1 =

Variansi tés ahir Ei = n x L

(25)

37

S2 =

(Sudjana, 1992: 95)

b) Ngitung harga variasi (F)

c) Ngitung derajat kabébasan (dk)

d) Nangtukeun harga

e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap:

(1) Lamun Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.

(2) Lamun Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 1992:250)

3. Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

a) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pretés jeung postés

Tabél 3.7

Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

No Ngaran Siswa Peunteun Pratés

Peunteun

Pascatés d

1

2

(26)

38

b) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun

tés ahir. Rumusna nya éta:

c) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta:

d) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:

e) Ngitung t, rumusna nya éta:

Katerangan:

t = tés signifikasi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑x²d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel

f) Nangtukeun ttabél

g) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria, nya éta:

Nguji hipotésis ditingali tina hasil tés ahir kelompok nu ditalungtik

(ékspérimén). Kritéria anu digunakeun nya éta (HI) ditarima (HO) ditolak

lamun titung> ttabél jeung (HI) ditolak (HO) ditarima lamun titung < ttabél

(27)

39

3.6 Sumber Data

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X-11

SMA Negeri 1 Tasikmalaya jalan Rumah sakit No. 28 Tasikmalaya kalayan

(28)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan métode Démonstrasi dina Pangajaran

Ngadongéng Sasakala Biruang Jadi Sato Galak Kelas X-11 SMA Negeri 1

Tasikmalaya, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11 saméméh ngagunakeun métode

Démonstrasi nya éta kurang nyugemakeun, hal ieu dibuktikeun ku hasil

rata-rata pratés siswa nu masih kénéh handap, nya éta kalawan rata-rata

skor 52,36. Sedengkeun kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11

sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi nya éta nyugemakeun,

lantaran hasil postés siswa geus ngahontal rata-rata skor anu luhur nya éta

76,00.

2) Ningkatna kamampuh siswa kelas X-11 dina pangajaran ngadongéng

sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi. Ieu hal dumasar kana

ningkatna kamampuh siswa dina sasabaraha aspék kamampuh ngadongéng

nu dipeunteun, di antarana: 1) aspék lafal nu tadina 2,86 ningkat jadi 4,03;

2) aspék lentong nu tadina 2,70 ningkat jadi 3,70; 3) aspék pamahaman

eusi nu tadina 2,89 ningkat jadi 3,84; 4) aspék sistematika eusi nu tadina

2,61 ningkat jadi 3,86; 5) aspék réngkak jeung peta nu tadina 2,53 ningkat

jadi 3,68; 6) aspék pidangan alat peraga nu tadina 2,30 ningkat jadi 3,60.

3) Aya béda nu signifikan kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11

saméméh jeung sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi. Saméméh

(29)

69

ngadongéng, jeung 97,37% siswa acan mampuh ngadongéng. Sanggeus

ngagunakeun métode Démonstrasi, kamampuh siswa ngalaman

paningkatan, nya éta siswa nu mampuh ngadongéng 57,90%, jeung

42,10% siswa acan mampuh ngadongéng. Hal ieu dirojong ogé ku ayana

uji hipotésis nu nétélakeun titung > ttabél nya éta 21,17 > 2,56

5.2 Rékoméndasi

Tina hasil panalungtikan nu geus kapaluruh, aya sababaraha rékoméndasi

anu ditepikeun ieu di handap.

1) Métode Demonstrasi geus kabukti bisa ningkatkeun kamampuh

ngadongéng siswa kelas X-11 SMA Negeri 1 Tasikmalaya. Ku kituna,

métode Démonstrasi bisa digunakeun ku guru mata pelajaran pikeun

ngaronjatkeun kompetensi pangajaran nyarita lianna.

2) Dina pangajaran ngadongéng ngagunakeun métode Démonstrasi,

saméméhna kudu diayakeun heula uji coba boh matéri nu rék ditepikeun

boh alat-alat nu digunakeun dina prosés démonstrasi.

3) Perlu pisan diayakeun panalungtikan séjénna nu leuwih jembar pikeun

pangajaran kaparigelan basa séjénna, kayaning métode dina pangajaran

(30)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2002). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan

Praktek-praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2007). Dasar-dasar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: PT. Bumi Aksara.

Arsjad dan Mukti. (1987). Pembelajaran Berbicara. Jakarta: Rineka Cipta.

Bahri-Djamarah, S. (2000). Pengelolaan Belajar. Jakarta: Rajawali Pers.

Bahri-Djamarah, S. (2005). Guru dan Anak Didik dalam Interaksi Edukatif

Suatu Pendekatan Teoritis Psikologis. Jakarta: Rineka cipta.

Danandjaja. (1986). Folklor Indonesia Ilmu Gosip, Dongeng, dan

lain-lain. Jakarta: Grafiti.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar. Bandung: Disdik.

Fatturohman, T. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Haerudin. (2009). Padika Nyarita Basa Sunda. Bandung: UPI

Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Majid, A, A, A. (2002). Mendidik Dengan Cerita. Bandung: Remaja Rosda Karya.

Muhibbin-Syah, Drs. M.Ed. (2000). Psikologi Belajar. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Rahayu-Tamsyah, B. (1996). Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD,

SLTP, SMU, jeung Umum. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Ramadhani-Makarao, N. (2009). Metode Mengajar Dalam Bidang

Kesehatan. Bandung: Alfabeta.

Rasyad, A. (2002). Metode Pembelajaran Pendidikan Agama Islam. Jakarta: Bumi Aksara.

(31)

71

Sudjana. (1992). Metode Statistik. Bandung: Tarsito

Sugiyono. (2006). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif. Bandung: Alfabeta.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian dan Pengajaran

Bahasa. Bandung: UPI.

Zuhairini. (1983). Metodik Khusus Pendidikan Agama. Surabaya: Usaha Nasional.

SUMBER HANDOUT

Ruhaliah. (2009). Sejarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD UPI.

SUMBER INTERNÉT

Papan Tulisku. (2011). Metode Pembelajaran Demonstrasi dalam

Pendidikan untuk Negeri Kita. (Online). Tersedia:

Gambar

Tabel 4.6 Daftar Peunteun Postés (Penguji 2)  ..........................................
gambaran situasi salila lumangsungna pangajaran ngadongéng di
Tabel 3.3 Format Meunteun
Tabel 3.4

Referensi

Dokumen terkait

ANALISIS KEBIJAKAN PENYELENGGARAAN KEGIATAN EKSTRAKURIKULER OLAHRAGA D I SMAN KOTA BAND UNG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Server yang digunakan untuk uji coba aplikasi, jika terdapat pengembangan/perbaikan sebelum diupdate ke Server Live

Anggaran Pendapatan dan Belanja Negara (APBN) yang dikelola oleh pemerintah. pusat dan Anggaran pendapatan dan belanja Daerah (APBD) yang

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

This study aimed to know the interpersonal communication process using media between parents and their children in finishing their mini thesis in FISIP USU. The relevant theories

[r]

Jika ditinjau dari KAM siswa, untuk kemampuan berpikir kritis, hanya siswa dengan kelompok tengah pembelajaran kooperatif tipe co-op co-op yang memiliki pencapaian

PERBED AAN KEBERHASILAN MOD EL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING D ENGAN MOD EL PEMBELAJARAN SAINS TEKNOLOGI MASYARAKAT TERHAD AP PENINGKATAN RANAH KOGNITIF PESERTA D