• Tidak ada hasil yang ditemukan

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN

NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku Risa Maharani

NIM 0900554

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

(3)

Risa Maharani, 2014

NYARITAKEUN PANGALAMAN

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1

SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Risa Maharani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Risa Maharani 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(4)

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN

NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)1

Risa Maharani2

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya kemampuan siswa dalam pembelajaran berbicara, khususnya dalam materi menceritakan pengalaman bahasa Sunda. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui meningkat atau tidaknya kemampuan menceritakan pengalaman siswa setelah menggunakan model pembelajaran Talking Stick. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi-eksperimen dengan One-group pretest-posttest design dan teknik tes. Instrumen yang digunakan dalam penelitian ini adalah lembar penilaian tes untuk penampilan siswa dalam menceritakan pengalaman. Penelitian ini dilaksanakan pada siswa kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Tahun Ajaran 2013/2014. Berdasarkan hasil penelitian diketahui bahwa secara umum kemampuan menceritakan pengalaman siswa sesudah menggunakan model pembelajaran Talking Stick meningkat dari 62,5% menjadi 85% dengan beda 23%, dan dari uji hipotesis didapatkan hasil thitung (7,46) > ttabel (2,62).

Kesimpulannya, hipotesis alternatif pada penelitian ini yaitu ada beda yang signifikan antara kemampuan menceritakan pengalaman siswa kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Tahun Ajaran 2013/2014 sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran Talking Stick diterima pada taraf signifikasi 99%. Oleh karena itu, Model pembelajaran Talking Stick bisa meningkatkan kemampuan menceritakan pengalaman siswa serta disarankan model pembelajaran Talking Stick ini bisa dijadikan alternatif dalam penyampaian materi berbicara.

Kata kunci: model Talking Stick, menceritakan pengalaman

1Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd., dan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.

2

(5)

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH

(6)

vii

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2.1.2.3 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran

(7)

3.7.2.5 Uji Hipotésis ………...….. 32

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ………....…… 34

4.1 Kamampuh Siswa dina Nyaritakeun Pangalaman saméméh Ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick ……….………...… 34 4.2 Kamampuh Siswa dina Nyaritakeun Pangalaman sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick………... 38

4.3 Bédana Kamampuh Nyaritakeun Pangalaman Siswa saméméh jeung sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick .……. 42

4.3.1 Uji Béda Kamampuh Nyaritakeun Pangalaman Siswa saméméh jeung sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick …... 45

4.3.1.1 Uji Sipat Data ………... 45

4.3.1.1.1 Uji Normalitas Kamampuh Pratés jeung Postés ………...…. 45

4.3.1.1.2 Uji Homogénitas Kamampuh Pratés jeung Postés …………..…... 51

4.3.1.1.3 Uji Gain.………..…… 53

4.3.1.1.4 Uji Hipotésis ………..…. 55

4.4 Pedaran Hasil Panalungtikan ………...…...…… 58

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN …….……… 60

5.1 Kacindekan ………..………... 60

5.2 Saran ………..……….…… 61

(8)

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Pangajaran basa Sunda téh ngawengku opat kaparigelan basa nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Éta kaparigelan basa téh dina pangajaran basa di sakola kudu diajarkeun kalayan saimbang. Ieu pamadegan téh luyu jeung pamanggih Revers, anu ditulis deui ku Iskandarwassid yén umumna jalma déwasa ngagunakeun waktu pikeun ngaregepkeun 45%, nyarita 30%, maca 16%, jeung nulis 9% dina aktivitas komunikasi sapopoé, dipiharep éta opat aspék kaparigelan téh silih lengkepan porsina sangkan saimbang. Pangajaran nyarita mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa. Nyarita nyaéta hiji kagiatan nepikeun maksud (idé, pikiran, kahayang) ti hiji jalma ka jalma séjén nu ngagunakeun basa lisan nepi ka éta maksud téh dipikaharti ku nu ngaregepkeun.

Dina pangajaran basa Sunda KTSP, siswa dipiharep miboga kamampuh dina nyarita, henteu ngan saukur dibéré pangaweruh ngeunaan pangajaran basa, tapi leuwih nyindekel kana prakték atawa impleméntasi siswa boh di sakola atawa di luar lingkungan sakola sangkan siswa miboga karesep kana diajar basa Sunda.

Siswa anu gampang nyangkem biasana aya kawani pikeun nanya naon anu kurang kacangkem ku manéhna, sedengkeun siswa anu kurang nyangkem biasana rada kurang nyaritana dina prosés diajar lantaran euweuh kawani téa nepi ka anu dibeunangkeunana ogé kurang maksimal.

(9)

Ku sabab kitu, kudu aya alternatif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa di kelas. Panalungtik dina ieu hal ngajukeun hiji modél pangajaran Talking Stick pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa di kelas. Alesan panalungtik milih modél pangajaran Talking Stick kusabab ieu modél pangajaran téh miboga sababaraha kaonjoyan. Ngaliwatan ieu modél pangajaran siswa diperedih pikeun nyarita séwang-séwangan luyu jeung matéri nu bakal diajarkeun. Kusabab kitu kaaktipan siswa bisa ngaronjat.

Panalungtikan perkara ngaronjatkeun kamampuh nyarita kungsi dilaksanakeun ku Arif Firmansyah (2010), judulna ”Éféktivitas Modél Debat pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita: Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2010/2011”. Éta panalungtikan miang tina masalah minat jeung kamampuh siswa dina pangajaran nyarita nu dicoba dironjatkeun ku cara digunakeunakeunana modél debat dina pangajaranana. Hasil panalungtikanana ngébréhkeun: 1) kurangna kamampuh jeung minat siswa dina pangajaran nyarita kalawan ngagunakeun basa Sunda nu bener; jeung 2) ronjatna hasil diajar siswa dina pangajaran nyarita nu ngagunakeun modél debat.

(10)

3

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Fuji Arti Nugraha teu museurkeun kana hiji kaparigelan nyarita nu tangtu, tapi patali jeung préstasi diajar siswa dina aspék kaparigelan nyarita sacara gembleng. Hasil éta tilu panalungtikan ngébréhkeun ronjatna kaparigelan nyarita sabada dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun Métode Sugéstopédia jeung SAVI (Somatis Auditori Visual Intelektual), sarta ayana pangaruh nu signifikan pamakéan basa indung kana préstasi diajar nyarita.

Ieu panalungtikan béda jeung panalungtikan-panalungtikan nu ditataan di luhur. Salian ti modél pangajaranana, aspék kaparigelan nyarita nu ditalungtik ogé leuwih museur kana kaparigelan nyaritakeun pangalaman. Dibandingkeun jeung panalungtikan Ratna Shinta Sukowati Suwarto misalna, ébréh pisan bédana. Sok sanajan sarua masualkeun aspék nyaritakeun pangalaman, aya bédana pangpangna dina puseur masalahna. Nyaritakeun pangalaman dina panalungtikan Ratna Shinta Sukowati Suwarto dironjatkeun ngaliwatan modél pangajaran SAVI, ari dina ieu panalungtikan mah modél pangajaran Talking Stick.

Dumasar kana kasang tukang di luhur, perlu diayakeun panalungtikan. Ku kituna, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan museur kana “Éféktivitas Modél Pangajaran Talking Stick pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyaritakeun Pangalaman: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014”.

1.2 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang anu geus ditepikeun, aya sababaraha hal anu bisa diidéntifikasi sakumaha ieu di handap.

(11)

2) Kamampuh nyarita dina pangajaran basa Sunda baris patali jeung kaparigelan siswa dina nepikeun pikiran atawa sawangan kalawan écés, masalah anu nyampak dina diri siswa pangpangna dilantarankeun ku tilu hal, nyaéta ngarasa sieun salah, teu nyaho naon nu kudu dicaritakeun, jeung ngarasa éra.

3) Guru dina nepikeun pangajaran nyarita kurang variatif ngagunakeun modél pangajaran, ku kituna kurang ngahudang minat siswa pikeun ngawasa bag-bagan jeung prakték nyarita anu hadé.

1.3 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, aya sababaraha masalah anu dirumuskeun sakumaha ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick?

2) Kumaha kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick?

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick?

1.4 Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan Umum

(12)

5

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 dina pangajaran nyarita Basa Sunda.

1.4.2 Tujuan Husus

Luyu jeung masalah anu diébréhkeun di luhur, tujuan ieu panalungtikan téh pikeun ngadéskripsikeun:

1) kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick;

2) kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick; jeung

3) bédana kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick;

1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, hasil tina ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaat pikeun méré pangaweruh anu anyar jeung leuwih paham kana karakteristik siswa. Nepi ka guru miboga stratégi pikeun ngahontal tujuan pangajaran anu optimal.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, hasil tina ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaat pikeun guru, pikeun siswa, jeung pikeun pamaca.

(13)

Ngajembaran pangaweruh jeung pangalaman tambahan ngeunaan modél pangajaran salaku bekel pikeun ngaronjatkeun kapropésionalan diajar-ngajar. 2) Mangpaat pikeun Siswa

Bisa jadi modél atawa cara ngajar anu ngirut siswa sangkan kamotivasi pikeun nyaritakeun pangalamanana maké basa nu hadé tur merenah.

3) Mangpaat pikeun pamaca

Dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh, hususna dina Modél Pangajaran Talking Stick.

1.6 Raraga Tulisan

Ieu skripsi disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bab munggaran dina ieu skripsi, eusina medar ngeunaan kasang tukang, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II medar ngeunaan tiori-tiori anu digunakeun minangka péso dina medar masalah panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero perkara modél pangajaran, modél pangajaran talking stick, kaparigelan nyarita, jeung pangajaran nyaritakeun pangalaman di SMA/SMK/MA. Salian ti éta, dipedar ogé perkara raraga mikir, asumsi, jeung hipotésis.

Bab III mangrupa bab anu medar ngeunaan métode panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Eusina ngawengku lokasi jeung sumber panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, variabel jeung wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, uji coba kagiatan diajar-ngajar, jeung téhnik ngolah data.

(14)

7

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kamampuh Nyaritakeun Pangalaman: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

(15)

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Lokasi jeung Sumber Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di SMKN 1 Kota Bandung. SMKN 1 Kota Bandung mangrupa salasahiji sakola kejuruan anu aya di Kota Bandung. Profil lengkepna SMKN 1 Kota Bandung bisa dititénan dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.1

Profil SMKN 1 Kota Bandung

1. Kode Registrasi (NSS) 34.1.02.60.08.005 2. Nama Resmi Sekolah SMK Negeri 1 Bandung 3. SK Pendirian

a. Nomor SK 6206/B b. Tanggal SK 09/08/1950

4. Akreditasi Untuk 4 Program Keahlian a. Status Akreditas A ( Amat Baik )

b. Nomor SK 02.00/536/BAP-SM/XI/2010 c. Tanggal SK 09 November 2010 5. Alamat Lengkap Sekolah

a. Jalan Wastukancana No.3 RT/RW03/07 b. Desa/Kelurahan Kelurahan Babakan Ciamis c. Kecamatan Sumur Bandung

(16)

22

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

f. Nomor Telepon (022) 4204514 Fax (022) 4209105

g. Email smkn1_bdg@yahoo.com

h. Website www.smknegeri1bandung.com 6. Identitas Kepala Sekolah

a. Nama Lengkap Drs. R. Muh. Lukman, M.Si b. Tempat & Tanggal Lahir Bandung, 27 Oktober 1961

c. Alamat Lengkap Komplek Bumi Asri I D-15 No.174

Drs. H. Sosya Sondjaja, Msi

3.1.2 Sumber Panalungtikan 3.1.2.1 Sumber Data

Sumber data ieu panalungtikan nyaéta sakabéh siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung anu jumlahna 40 urang siswa.

3.1.2.2 Waktu Panalungtikan

(17)

AK-1 SMKN 1 Kota Bandung dilaksanakeun dina seméster 2 taun pangajaran 2013/2014.

3.2 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun one-group pretest-posttest design. Ku ayana tés awal jeung tés ahir, hasil panalungtikan dipiharep leuwih akurat, sabab bisa ngabandingkeun kaayaan saméméh jeung sabada dibéré perlakuan (ékspérimén). Rancangan ékspériménna digambarkeun dina rarancang sakumaha ieu di handap.

Grup Pratés Perlakuan Postés

Ékspérimén O X O

Tabél 3.2: Rarancang Ékspérimén (Arikunto, 2006:85)

Katerangan:

O: Hasil observasi saméméh jeung sabada perlakuan

X: Perlakuan, nyaéta digunakeunana modél Talking Stick dina ngajarkeun nyaritakeun pangalaman

O téh némbongkeun yén tés anu dilakukeun, boh tés awal boh tés ahir, ngagunakeun instrumén anu sarua. Ku éta hal, dina ieu panalungtikan mah O téh henteu ditandaan ku O1 jeung O2 anu némbongkeun yén tés awal jeung tés ahir

(18)

24

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun ngumpulkeun data nu dicokot ti siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung ku cara ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar. Data nu dicangking nyaéta data pratés jeung postés.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén (ékspérimén semu) kalawan ngagunakeun pratés jeung postés. Métode kuasi ékspérimén téh dianggap salaku ékspérimén anu henteu sabenerna lantaran ieu ékspérimén can nyumponan kana katangtuan ilmiah, tapi ieu métode téh bisa digunakeun. Ieu métode ukur ngagunakeun kelas ékpérimén hungkul. Jadi, teu ngagunakeun kelas kontrol.

3.4Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2006, kc. 161), variabel nyaéta objék panalungtikan atawa naon-naon anu jadi puseur dina hiji panalungtikan. Aya dua variabel dina panalungtikan téh, nyaéta variabel bébas (independent variable) jeung variabel kauger (dependent variable).

Dina ieu panalungtikan, modél pangajaran Talking Stick mangrupa variabel bébas (variabel X) lantaran mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel séjén (variabel Y). Ari kamampuh nyaritakeun pangalaman mangrupa variabel kauger (variabel Y) lantaran dipangaruhan ku variabel bébas modél pangajaran Talking Stick (variabel X).

3.4.2 Wangenan Operasional

(19)

dipaké dina judul panalungtikan. Istilah-istilah anu dipaké dina ieu panalungtikan diantarana, nyaéta:

1) Éféktivitas pangajaran nyaéta cara nepikeun bahan pangajaran ngagunakeun sababaraha téknik, saeutik ngaluarkeun énérgi, sarta bisa ngahontal hasil nu maksimal.

2) Modél pangajaran nya éta pamarekan ngajar atawa cara guru dina mekarkeun kagiatan siswa dina lumangsungna kagiatan diajar-ngajar.

3) Siswa nya éta insan anu keur néangan élmu, anu keur diajar di sakola. Dina ieu panalungtikan siswa dijadikeun objék, sarana pikeun meunangkeun data ngeunaan kamampuh anu dipimilik ku manéhna, hususna dina pangajaran nyarita.

4) Modél talking stick nya éta salah sahiji modél pangajaran nu bisa dipaké dina pangajaran basa, hususna pangajaran nyarita.

5) Nyarita mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa anu sipatna produktif. Nyarita téh hiji prosés nepikeun kahayang, ngébréhkeun eusi haté (sacara lisan) ti panyatur ka pangregep.

3.5Instrumén Panalungtikan

Data nu diperlukeun dina ieu panalungtikan nyaéta kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK 1 SMKN 1 Kota Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick. Luyu jeung téhnik panalungtikan, sangkan éta data kacangking digunakeun instrumén nu mangrupa lembar penilaian tés.

(20)

26

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.3

(Teu Akurat–Akurat Sagemblengna) 11-30

2

Hubungan Antar Informasi

(Saeutik-Pinuh) 7-20

3

Struktur jeung Kosa Kecap

(Teu Bener-Bener Pisan) 7-20

4

Kalancaran

(Teu Lancar-Lancar Pisan) 5-25

5

Kawajaran Unitan Wacana

Teu Normal-Normal) 2-5

Jumlah Skor ………... ………..

Pikeun nangtukeun peunteun nu dicangking ku séwang-séwang siswa dumasar kana hasil skoring ngagunakeun instrumén di luhur, digunakeun pedoman peunteun: 1) Skala skor 0-100

(21)

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Data dina ieu panalungtikan dikumpulkeun ngagunakeun téhnik tés. Dina ieu panalungtikan, tés nu dilakukeun mangrupa tés awal (pratés) jeung tés ahir (postés). Éta tés dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa kelas Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 dina nepikeun sawangan dina pangajaran nyaritakeun pangalaman. Tés awal dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh pangajaran ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick. Ari tés ahir dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 sabada pangajaran ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick.

3.7Téhnik Ngolah Data

3.7.1 Meunteun Hasil Pratés ( saméméh) jeung Postés (sabada)

Data anu geus kakumpulkeun satuluyna diolah pikeun nimu jawaban-jawaban anu jadi masalah dina ieu panalungtikan. Data anu dikumpulkeun dina ieu panalungtikan nyaéta data hasil tés siswa anu ngawengku pratés jeung postés. Léngkah-léngkah pikeun ngolah éta data nyaéta sakumaha ieu di handap.

a) Méré Peunteun Kamampuh Nyaritakeun Pangalaman

Pikeun nangtukeun peunteun nu dicangking ku séwang-séwang siswa dumsar kana hasil skoring ngagunakeun instrumén di luhur, digunakeun padoman peunteun:

1) Skala skor 0-100 N =

(22)

28

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2) Skor Maksimal : 100

3) Peunteun:

3.7.2 Uji Sipat Data

3.7.2.1Déskripsi Kamampuh Siswa (Pratés jeung Postés)

Pikeun ngadéskripsikeun kamampuh siswa dina nyaritakeun pangalaman, digunakeun tabél sakumaha ieu di handap.

Tabél 3.4

(Teu Akurat–Akurat Sagemblengna) 11-30

2

Hubungan Antar Informasi

(Saeutik-Pinuh) 7-20

3

Struktur jeung Kosa Kecap

(Teu Bener-Bener Pisan) 7-20

4

Kalancaran

(Teu Lancar-Lancar Pisan) 5-25

5

Kawajaran Unitan Wacana

Teu Normal-Normal) 2-5

N =

(23)

Jumlah Skor ………... ………..

3.7.2.2Uji Normalitas

Uji normalitas téh pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa miboga distribusi anu normal. Ieu hal jadi sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh dua rata-rata. Pikeun nangtukeun data téh normal atawa henteu, bisa ngagunakeun rumus chi-kuadrat (X2).

Léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun saméméh bisa ngagunakeun rumus chi-kuadrat (X2) nyaéta:

 nyieun tabél frekuénsi skor pratés jeung postés anu formatna:

Tabél 3.5

Format Frékuénsi Skor Pratés jeung Postés

Peunteun (x) F f.x f.x2

K1 K2

 ngitung rata-rata (mean) skor pratés jeung postés, ngagunakeun rumus:

̅

 néangan standar déviasi ngagunakeun rumus:

(24)

30

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu a) nangtukeun jumlah kelas (k):

k = 1 + 3,3 Log n

b) nangtukeun rentang (r):

r = Peunteun Panggedéna – Peunteun Pangleutikna

c) nangtukeun panjang kelas (P):

d) nangtukeun Oi (kelas frékuénsi obsérvasi) e) nangtukeun batas kelas (BK)

f) ngitung Z (transformasi normal standar bébas kelas):

g) nangtukeun ambahan/legana unggal kelas interval (L) h) ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei):

Ei = L x N

i) nangtukeun chi-kuadrat (X2) anu rumusna:

 hasil tina léngkah-léngkah di luhur diasupkeun kana tabél anu formatna:

(25)

Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi

Kelas Oi bk Z D L Ei X2

K1 K2

 nangtukeun derajat kebebasan (db): db = k – 3

 nangtukeun chi-kuadrat tina daptar (X2tabél): 0,09(3) = ...

 nangtukeun normal henteuna distribusi data ngaliwatan kritéria ieu di handap: x2 itung< x2 daptar = distribusi data normal

x2 itung> x2 daptar = distribusi data teu normal

3.7.2.3 Uji Homogénitas

Tujuan tina uji homogénitas nyaéta pikeun mikanyaho homogén henteuna variasi sampel tina populasi nu sarua. Léngkah-léngkah uji homogénitas nyaéta:

 nangtukeun skor variabel x masing-masing kelompok pratés jeung postés a) variabel X pratés

∑f.x2 = ...

∑(f.x)2 = ...

b) variabel X postés ∑f.x2 = ...

∑(f.x)2 = ...

(26)

32

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu a) variansi pratés (S12)

b) variansi postés (S22)

 hasil tina variansi diasupkeun kana distribusi F

 ngitung derajat kebebasan (db): db2 = n-1

db1 = n-1

 nangtukeun F tabél

 nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria: fitung< ftabél = variansi sampel homogén

fitung> ftabél = variansi sampel teu homogén

3.7.2.4 Uji Gain

Pikeun nangtukeun gain, digunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.7 Format Uji Gain

(27)

K1 K2

̅

3.7.2.5 Uji Hipotésis

Léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun pikeun uji hipotésis nyaéta:  nyieun tabél uji jumlah rata-rata pratés jeung postés

Tabél 3.8

Format Uji Jumlah Rata-rata Pratés jeung Postés

No. Pratés Postés d d2 Xd (d-Md)

K1 K2

̅

 néangan béda mean tina pratés jeung postés kalawan ngagunakeun rumus:

 ngitung derajat kebebasan (db) ngagunakeun rumus: db = n – 1

 ngitung t itung ngagunakeun rumus:

(28)

34

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu  ngabuktikeun hipotésis ngagunakeun rumus:

(29)

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil pedaran dina bab IV, bisa dicindekkeun hal-hal saperti kieu. a) Kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa kelas X AK-1 SMKN 1 Kota

Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh dilaksanakeun kagiatan diajar-ngajar ngagunakeun modél pangajaran Talking Stick hasilna kurang nyugemakeun lantaran masih loba kénéh anu can mampuh nyaritakeun pangalaman (rata-rata 76,45).

b) Kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014 sabada dilaksanakeun kagiatan diajar-ngajar ngagunakeun modél pangajaran Talking Stick hasilna cukup nyugemakeun lantaran jumlah siswa anu geus mampuh nyaritakeun pangalaman ngaronjat (rata-rata 78,33).

c) Aya béda anu signifikan antara hasil pratés jeung postés atawa kamampuh siswa dina nyaritakeun pangalaman saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Talking Stick. Buktina aya béda anu signifikan, bisa katitén tina hasil uji hipotésis anu nuduhkeun yén titung (7,46) > ttabél (2,62).

Kacindekan di luhur bisa nuduhkeun yén ha (hipotésis kerja) ditarima, nyaéta "aya

(30)

61

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan kamampuh nyaritakeun pangalaman ngagunakeun modél pangajaran talking stick, ieu ditétélakeun saran-saran.

a) Modél pangajaran Talking Stick kaasup modél pangajaran anu éféktif dina prakna pangajaran nyarita, ku kituna disarankeun pikeun dipaké dina kagiatan diajar-ngajar, utamana dina pangajaran nyarita.

b) Guru basa Sunda dipalar parigel dina milih jeung nangtukeun modél, métode, jeung téhnik dina prakna diajar-ngajar sangkan siswa kapincut anu antukna bisa ningkatkeun préstasi siswa.

(31)

Risa Maharani, 2014

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. 2006. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. 2007. Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Disdik Jabar.

Firmansyah, Arif. 2010. ”Éféktivitas Modél Debat Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita: Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2010/2011”. Skripsi di Jurusan Pendidikan bahasa Daerah, FPBS, UPI.

Haérudin, D. 2009. Pangajaran Nyarita. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Iskandarwassid. 2004. Raksarasa Antologi Basa jeung Sastra Sunda katut Pangajaranana. Bandung: CP Geger Sunten.

Joyce, B jeung Marsha Weil. 1996. Model of Teaching, Fifth Edition. USA: Allyn and Bacon A Simon & Scuster Company.

Kusumah, M. A. S. 2012. “Métode Sugéstopédia pikeun Ngaronjatkeun

Kamampuh Nyarita Dongéng”. Skripsi di Jurusan Pendidikan bahasa

Daerah, FPBS, UPI.

Nugraha, F. A. 2008. “Pangaruh Makéna Basa Indung di Lingkungan Kulawarga kana Préstasi Diajar Nyarita Basa Sunda Siswa Kelas XI SMA Pasundan 3

Bandung”. Skripsi di Jurusan Pendidikan bahasa Daerah, FPBS, UPI.

Panitia Kamus LBSS. 1992. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Prawirasumantri, A, Drs. H., dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum Berbasis Kompetensi Mata Pelajaran Bahasa Daerah (Sunda) untuk Guru SD dan SMP. Bandung: Geger Sunten.

Rakhmat, J. 2007. Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Rusman. 2010. Model-Model Pengajaran Mengembangkan Profesionalisme Guru. Bandung: Rajawali Press.

(32)

Risa Maharani, 2014

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bandung Taun Ajaran 2011-2012”. Skripsi di Jurusan Pendidikan bahasa Daerah, FPBS, UPI.

Tarigan, H. G. 1990. Berbicara. Bandung: Angkasa.

Referensi

Dokumen terkait

kasih kepada semua yang telah membantu penulis sehingga skripsi ini dapat.. diselesaikan.Ucapan terima kasih penulis

Jasa Lainnya , adalah jasa yang membutuhkan kemampuan tertentu yang mengutamakan keterampilan ( skillware ) dalam suatu sistem tata kelola yang telah dikenal luas

Sistem akuntansi yang diorganisir dengan baik serta.. didukung dengan pengawasan kompeten oleh pelaku sistem

berlandaskan pada filsafat postpositivisme, digunakan untuk meneliti pada kondisi obyek yang alamiah, (sebagai lawannya adalah eksperimen) dimana peneliti adalah

[r]

ANALISIS KEBIJAKAN PENYELENGGARAAN KEGIATAN EKSTRAKURIKULER OLAHRAGA D I SMAN KOTA BAND UNG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Server yang digunakan untuk uji coba aplikasi, jika terdapat pengembangan/perbaikan sebelum diupdate ke Server Live

[r]