• Tidak ada hasil yang ditemukan

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

IDENTITAS ( Errin Ervani, 0907376, Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

MÉDIA FLASH CARD PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS AKSARA SUNDA

Errin Ervani ABSTRAK

Artikel ini berjudul Média Flash Card pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara Sunda di tulis oleh Errin Ervani yang beralamat di Kp. Rancabali Rt 05/ Rw 01 Ds. Majakerta Kec. Majalaya Kab. Bandung merupakan Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung, alamat e-mail momy_rin@yahoo.co.id. Kemampuan siswa dalam menulis aksara Sunda, cenderung hanya menyalin aksara Sunda tersebut tanpa paham apa yang ditulisnya. Selain itu, selama ini proses pembelajaran bahasa Sunda di kelas masih menggunakan paradigma yang lama dimana guru memberikan pengetahuan kepada siswa yang pasif, yaitu dengan menulis aksara Sunda di papan tulis dan memerintahkan siswa untuk menghafal dan menyalinnya. Masalah tersebut merupakan salah satu masalah yang sering terjadi di SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode penelitian tindakan kelas (classroom action research). Tujuan utama dari PTK adalah untuk memberdayakan guru yang bersangkutan agar mampu mengadakan perbaikan dan pembaharuan dalam menangani permasalahan dalam proses pembelajaran. Berdasarkan hasil wawancara, observasi, catatan lapangan, dan dokumentasi, yaitu mulai dari pra-penelitian, siklus I, dan siklus II yang dilakukan di kelas X-1 maka hasil penelitian yang diperoleh adalah pelaksanaan penerapan média Flash Card dalam pembelajaran bahasa Sunda telah mampu meningkatkan kemampuan siswa dalam menulis aksara Sunda dengan melampaui batas KKM 67. Berdasarkan hasil penelitian bisa disimpulkan bahwa média Flash Card bisa menciptakan suasana belajar yang interaktif dan inovatif. Dengan adanya média Flash Card pembelajaran menulis aksara Sunda menjadi lebih menyenangkan dan tidak monoton.

(2)

IDENTITAS ( Errin Ervani, 0907376, Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

FLASH MEDIA CARD TO ASCENDING ABILITY TO WRITE SUNDANESE SCRIPTS

Errin Ervani ABSTRACT

This article titled "Flash Media Card to Ascending Ability to Write Sundanese Scripts" written by Errin Ervani address at Majalaya. A student majoring in education in regional languages UPI bandung.

Student's ability to write a script sunda, tend to just copy it without understanding what he was writing. in addition, during this process Sundanese language learning in the classroom is still using the old paradigm where the teacher gives knowledge to passive students, writing letters sunda on the board and instruct students to memorize and copy. The problem is one of the problems that often occur in high school. Methods used in this study is action research methods class. The main goal of this method is to empower the teacher to be able to make improvements and updates in addressing problems in the learning process. based on interviews, observation, field notes and documentation starting from the pre-study, the first cycle and second cycle performed in class X-1, the results obtained are implementation of flash media cards in the Sundanese language learning has been able to improve students' skills in write the script sunda with values beyond 67. based on the results of the study it can be concluded that the flash media card can make learning interactive and innovative. with the media flash card learning to write letters sunda be more fun and not monotonous.

(3)

BUBUKA

Tata basa miboga opat subsistem nya éta tata sora, tata kecap, tata kalimah, jeung tata wacana. Subsitem tata sora raket patalina jeung tata aksara (grafologi) sabab unggal basa diwujudkeun ku sora, ku kituna ulikan sora basa atawa tata sora jadi dasar ulikan tulisan atawa tata aksara (Sudaryat, 11: 2009). Saméméh kapangaruhan ku budaya éropah, basa Sunda miboga aksara sorangan. Aksara Sunda jaman harita didokuméntasikeun dina wangun prasasti-prasasti, piagam-piagam, jeung naskah-naskah kuno nu ditulis dina batu, jeung rupa-rupa média nulis séjénna saperti daun lontar, kertas, jsb.

Aksara Sunda anu digunakeun jaman harita leuwih dipikawanoh ku sebutan aksara Sunda Kuno, aksara Ratu Pakuan, atawa aksara Kaganga (Munawar, 2012:1). Disebut aksara Sunda kuno sangkan bisa dibédakeun jeung aksara Sunda jaman kiwari anu geus distandardisasi pikeun kapentingan masarakat. Ari sebutan aksara Ratu Pakuan mah lantaran aya naskah Sunda kuno anu judulna Carita Ratu Pakuan nu ditulis ngagunakeun aksara Sunda kuno. Sedengkeun disebut aksara Kaganga lantaran abjad aksara Sunda kuno dimimitian ku aksara ngalagena /ka/, /ga/, jeung /nga/.

Pikeun méré kakuatan hukum, konsérvasi ajén-ajén budaya, Pamaréntah Provinsi Jawa Barat ngaluarkeun Perda No.6 taun 1996 nya éta rumusan ngeunaan Pelestarian, Pembinaan, dan pengembangan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda. Husus pikeun aksara Sunda ditandeskeun yén :

“Aksara Sunda adalah sistem ortografi hasil kréasi masyarakat Jawa Barat yang meliputi aksara dan sistem pengaksaraan untuk menuliskan Bahasa Sunda”

Pangajaran nulis aksara Sunda di sakola-sakola salila ieu ngagunakeun cara konvensional, nya éta guru ngadémontrasikeun dina bor (papan tulis), dibarengan ku siswa anu ngan saukur nurutan jeung nyalin éta aksara. Teu saeutik siswa nu poho sanggeus kaluar ti kelas anu matak tujuan pangajaran teu bisa kahontal kalayan optimal. Cara-cara saperti kitu dianggap monoton keur siswa, sabab euweuh variasi-variasi anu bisa ngirut haté siswa pikeun mikir, antukna siswa ngan saukur nyalin aksara Sunda bari teu paham kana naon anu ditulisna. Ieu hal teu bisa disebut kagiatan nulis, sabab nyalin aksara-aksara atawa nyusun menset hiji naskah dina aksara-aksara nu tangtu pikeun dicetak téh lain mangrupa kagiatan nulis lamun nu nulis teu paham kana éta basa jeung répréséntasina (Lado dina Tarigan 2008: 22). Dumasar kana masalah di luhur katitén yén tujuan pangajaran tina KD (Kompetensi Dasar) nulis aksara Sunda teu kahontal luyu saperti hasil prapanalungtikan. Peunteun rata-rata nulis aksara Sunda siswa kelas X-1 SMA Negeri 1 Majalaya nya éta 52. Hartina kamampuh siswa dina pangajaran nulis aksara Sunda can ngahontal Kritéria Katuntasan Minimal (KKM).

Ku kituna, kudu aya tarékah anu bisa ngaronjatkeun karep jeung antusias siswa dina diajar basa Sunda, hususna diajar nulis aksara Sunda. Karep mangrupa hiji sifat rélatif anu aya dina hiji jalma. Karep téh gedé pisan pangaruhna kana diajar, sabab lamun geus aya karep tangtuna waé bakal aya tarékah pikeun ngagali informasi ngeunaan widang anu dipikaresepna. Nyoko kana pedaran di luhur ngeunaan pentingna karep dina diajar, Ovide Decroly dina Usman (2009:27) méré sawangan yén sistem pendidikan dumasar kana karep anu umumna dipimilik ku

(4)

unggal jalma nya éta karep kana dahareun, perlindungan tina pangaruh iklim (baju jeung imah), ngajaga diri tina rupa-rupa bahaya jeung musuh, gawé bareng dina olah raga. Saluyu jeung pamadegan Ovide, Mursell dina bukuna Successful Teaching, méré klasifikasi anu mangpaat pikeun guru dina méré pangajaran ka siswa. Mursell nétélakeun 22 rupa karep, salah sahijina nya éta karep diajar. Jadi hakékatna unggal siswa ngabogaan karep kana diajar, sarta guru kuduna narékahan ngaronjatkeun karep budak kana diajar boh ngawasa métode, modél, boh média pangajaranana.

Salah sahiji média anu bisa mantuan dina ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda nya éta média Flash Card. Média Flash Card téh mangrupa kartu-kartu gambar anu dilengkepan ku kecap-kecap. Éta média diwanohkeun ku Glenn Doman salah saurang dokter ahli bedah otak ti Philadelphia, Pennsylvania. Gambar-gambar dina Flash Card dikelompokkeun dumasar wangun aksara nu méh sarua, saperti ka, pa, sa, jeung ra (k, p, s, r) na, nga, jeung ca (n, G, c) ya, ma, ha, jeung ta (y, m, h, t) ga jeung wa (g, w) da jeung ja (d, j) nya jeung ba (J, b) la (l) sarta dipandeurikeun aksara-aksara serepan saperti fa, qa, va, xa, jeung za (f, q, v, x, z) jeung angka saperti ( 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8, 9, 0). Unggal kelompok dicirian ku warna-warna nu béda. Éta kartu satuluyna ditémbongkeun ka siswa jeung dibaca kalawan gancang. Unggal kartu kudu dibaca sababaraha detik. Tujuan tina ieu média nya éta ngalatih kamampuh otak katuhu pikeun nginget gambar jeung engang, ku kituna siswa leuwih gampang ngapalkeun aksara Sunda.

Nyoko kana sababaraha masalah anu diguar di luhur, ku kituna perlu diayakeun panalungtikan.

METODE

Métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode panalungtikan tindakan kelas (PTK). Ieu panalungtikan maksudna pikeun ngungkulan hiji masalah nu aya di jero kelas. Saluyu jeung pamadegan Hopkins (dina Wiraatmadja, 2008:11) panalungtikan tindakan kelas nya éta panalungtikan anu ngadumaniskeun prosedur panalungtikan jeung tindakan subtsantif, hiji tindakan dina disiplin inkuiri, atawa tarékah hiji jalma pikeun maham naon anu keur karandapan, bari ilubiung dina prosés ngaropéa jeung ngarobah. Tindakan éta dilakukeun ku guru dibarengan ku siswa, atawa ku siswa dibarengan ku bimbingan jeung arahan guru, pikeun ngaropéa jeung ngaronjatkeun kualitas pangajaran.

Alasan digunakeunna Panalungtikan Tindakan Kelas (Classroom Action Research), sabab kapanggih pasualan dina prosés pangajaran nulis aksara Sunda. Pangajaran nulis aksara Sunda di sakola-sakola salila ieu ngagunakeun cara konvensional, nya éta guru ngadémontrasikeun dina bor (papan tulis), dibarengan ku siswa anu ngan saukur nurutan jeung nyalin. Teu saeutik siswa nu poho sanggeus kaluar kelas anu matak tujuan pangajaran teu bisa kahontal kalayan optimal. Cara-cara nu saperti kitu dianggap monoton ku siswa, sabab euweuh variasi-variasi anu bisa ngirut haté siswa pikeun mikir, antukna pangajaran aksara Sunda dianggap hésé.

Hal éta saluyu jeung pamadegan Ebbutt dina Wiraatmadja (2008:12) nya éta:

(5)

penelitian tindakan kelas adalah kajian sistematik dari upaya perbaiakan pelaksanaan praktek pendidikan oleh sekelompok guru dengan melakukan tindakan-tindakan dalam pembelajaran, berdasarkan refleksi mereka mengenai hasil dari tindakan-tindakan tersebut.

Tina pamadegan di luhur, katitén yén panalungtikan tindakan kelas (classroom action research) ieu nempatkeun otonomi guru dina ngaronjatkeun profesionalisme kana kinerja sarta aktivitasna. Guru bisa ngarararancang hiji tarékah dina prakték pangajaranana, jeung ninggali pangaruhna kana kualitas pangajaran anu leuwih hadé.

HASIL JEUNG PEDARAN

Sanggeus ngayakeun panalungtikan tétéla média Flash Card bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda, hasil dina pra-panalungtikan nya éta 27 urang atawa 60% siswa anu meunang peunteun 67 kalawan katégori can tuntas, sarta 18 urang atawa 40% siswa anu meunang peunteun kalawan katégori tuntas, sedengkeun hasil siklus I nya éta 16 urang atawa 35,6% siswa anu meunang peunteun 67 kalawan katégori can tuntas, sarta 29 urang atawa 64,4% siswa anu meunang peunteun kalawan katégori tuntas. Hasil peunteun siswa éta luyu jeung KKM pangajaran basa Sunda di SMA Negeri 1 Majalaya. Sangkan leuwih jéntré, bisa katitén tina tabél ieu di handap.

Tabél

Perséntase Hasil Diajar Nulis Aksara Sunda

No. Peunteun Kat Jumlah Siswa Perséntase (%)

Tés Awal Siklus I Tés Awal Siklus I

1. 67 Can tuntas 27 16 60% 35,6%

2. Tuntas 18 29 40% 64,4%

Jumlah 45 45 100% 100%

Peunteun rata siswa dina siklus I nya éta 70, sedengkeun peuteun rata-rata dina pra-panalungtikan nya éta 52. Jadi ngaronjatna pamahaman siswa bisa diitung saperti ieu di handap.

N

gain= - -

N

gain= = 0,37

Dumasar kana itungan di luhur, pamahaman siswa dina siklus I ngaronjat nya éta 0,37 anu kaasup kana katégori sedeng, dimana 0,70 (G) 0,30.

Teu jauh béda jeung siklus I pangajaran nulis aksara Sunda dina siklus II ngaronjat. Anapon rincian peunteunna nya éta 22 urang atawa 48,9% meunang peunteun 100; 7 urang atawa 15,6% meunang peunteun 90; 10 urang atawa 22,2% meunang peunteun 80; jeung 6 urang atawa 13,3% meunang peunteun 70. Dumasar éta katerangan, kabéh siswa tina 45 urang dina siklus II asup kana

(6)

kritéria tuntas nya éta 67 kalawan rata-rata 90. Ieu mangrupa bukti yén siswa geus ngawasa kana matéri anu ditepikeun. Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan dina tabél di handap.

Perséntase Hasil Diajar Nulis Aksara Sunda Siklus I jeung Siklus II

No Peunteun Kat Jumlah Siswa Perséntase (%)

Siklus I Siklus II Siklus I Siklus II

1. 67 Can tuntas 16 0 35,6% 0

2. Tuntas 29 45 64,4% 100%

Jumlah 45 45 100% 100%

Peunteun rata siswa dina siklus II nya éta 90, sedengkeun peuteun rata-rata dina pra-panalungtikan nya éta 52. Jadi, ngaronjatna pamahaman siswa bisa diitung saperti ieu.

N

gain= - -

N

gain= = 0,79

Dumasar kana itungan di luhur, pamahaman siswa dina siklus I ngaronjat nya éta 0,79 anu kaasup kana katégori luhur, dimana (G) > 0,70.

Parobahan hasil diajar siswa dina siklus II saéstuna mangrupa tindak lanjut tina hasil réfléksi siklus I anu sabenerna geus mangaruhan pisan kana kagiatan pangajaran nulis aksara Sunda. Di handap ieu mangrupa hasil rékapitulasi hasil diajar siswa pra-panalungtikan, siklus I jeung Siklus II.

Dapatar Peunteun Hasil Diajar Siswa

No. Wasta Peunteun Kat

Tés Awal Siklus I Siklus II

1 2 3 4 5 6

1. Adang 10 0 70 Tuntas

2. Anisa Pratiwi 70 100 100 Tuntas

3. Asep Ramdan 60 100 100 Tuntas

4. Ashri Ajizah Nurahman 70 80 100 Tuntas

5. Asri Anggraeni 40 80 100 Tuntas

6. Ayu Yulianingsih 60 60 80 Tuntas

7. Cindhy Maulidya 50 100 90 Tuntas

8. Cintiya Elsa Nurjanah 70 100 90 Tuntas

9. Cucu Cahya Ningsih 0 30 80 Tuntas

10. Danis Husni Mahesa 10 10 100 Tuntas

11. Deby Safitri 50 70 80 Tuntas

12. Desi Ratnasari 20 50 80 Tuntas

13. Devi Aditya 80 100 100 Tuntas

14. Dina Nurdiana 40 70 100 Tuntas

(7)

16. Erika Fatmawati 0 - 70 Tuntas

17. Fahmi Ulfah Paujiah 20 40 90 Tuntas

18. Felly Eka Saputri 50 90 80 Tuntas

19. Guntur Indra Prahasta 60 80 100 Tuntas

20. Ikhwan Yusuf Hidayat 70 90 100 Tuntas

21. Kamelia 90 100 100 Tuntas

22. Lutfi Ahmad Waqi 60 60 100 Tuntas

23. Maria Adelia Apriyanti P 0 40 80 Tuntas

24. Mia Amelia Azzahra 60 60 90 Tuntas

25. Mochamad Luthfi Fadillah 0 0 70 Tuntas

26. M Kareem Ramdhani 20 100 100 Tuntas

27. Neisya Annisa 70 80 80 Tuntas

28. Neli Nurhalimah 80 100 90 Tuntas

29. Neng Yeni Yulianti 100 100 100 Tuntas

30. Neni Yuliani 70 70 80 Tuntas

31. Resti Julianti 80 90 100 Tuntas

32. Reza Nugraha 70 80 90 Tuntas

33. Rigal Dwi Prasetya 100 100 100 Tuntas

34. Ruhyat Simbolon 70 80 100 Tuntas

35. Sarah Putri Solhudin 30 50 100 Tuntas

36. Sri Yulia Rismayanti 60 100 100 Tuntas

37. Syarah Nuraeni 40 60 100 Tuntas

38. Taufik Dinumurti 70 80 70 Tuntas

39. Tina Febriana 30 40 80 Tuntas

40. Trina Laelasari 70 80 90 Tuntas

41. Vina Rahma Mujiana 40 40 70 Tuntas

42. Wishnu Adjie 20 30 70 Tuntas

43. Zian Juniar Ardiansyah 80 100 80 Tuntas

44. Zulfa Zahara Khairani 60 90 100 Tuntas

45. Ulfah Fauziyyah 60 80 100 Tuntas

Jumlah 2340 3150 4050 Tuntas

100%

Rata-rata 52 70 90

Tina hasil di luhur katitén bédana antara pangajaran nulis aksara Sunda saméméh jeung sabada ngagunakeun média Flash Card ngaronjat boh dina suasana diajar boh dina kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda.

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

Sabada dilakukeun panalungtikan ngeunaan pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun média Flash Card, aya sababaraha hal anu hayang ditepikeun minangka rékomendasi. Pikeun Guru, (1) kamampuh nulis aksara Sunda lain ngan saukur kudu dicangking ku siswa, tapi guru anu mangrupa sujék dina prosés pangajaran wajib bisa nulis aksara Sunda, sabab lamun guru teu bisa nulis aksara Sunda hartina kompeténsi dasarna ogé robah jadi nyalin aksara Sunda. (2) matéri ngeunaan aksara Sunda anu geus dirumuskeun dumasar kana wangun anu méh sarua bisa dijadikeun référénsi bahan ajar. Pikeun Siswa, siswa anu geus nyangking matéri ngeunan nulis aksara Sunda kaasup katégori mampuh nulis

(8)

aksara Sunda, dipiharep bisa ngajarkeun ka lingkungan sakola, kulawarga, sarta masyarakat séjénna sangkan aksara Sunda teu leungit. Pikeun Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, wajib nyangking kamampuh nulis aksara Sunda. Ieu mangrupa modal pikeun jadi guru anu tugasna ngadidik jeung ngabimbing siswa dina pangajaran basa Sunda. Pikeun Lembaga, pangajaran aksara Sunda leuwih hadé diterapkeun dina SKKD SD atawa SMP sangkan leuwih asak pangajaranna. Upama ngan saukur diterapkeun dina SKKD SMA ieu pangajaran kurang éféktif, sabab sanggeus kaluar SMA teu saeutik siswa nu poho kana pangajaran aksara Sunda.

PUSTAKA RUJUKAN

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta. Arsyad. Azhar. (2011). Media Pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Mulyanto. (2012). Jurus Praktis Baca-Tulis Aksara Sunda Baku “Kaganga”. Bandung: Kiblat.

Mulyasana, E. (2009). Praktik Penelitian Tindakan Kelas. Bandung: Rosda. Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A. dan Yudibrata, K. (2009). Tata Basa Sunda

Kiwari (Cetakan II). Bandung: Yrama Widya.

Sudjana, Nana, Ahmad Rivai. (2005). Media Pengajaran. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Sugiono. (2012). Metode Penelitian Kombinasi (Mix Methods). Bandung: Alfabeta.

Sukardi. (2008). Metodologi Penelitian Pendidikan. Jakarta: Bumi Aksara. Sukiman. (2012). Pengembangan Media Pembelajaran. Yogyakarta: Prdagogja. Suryani, Elis (2011). Ragam Pesona Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia. ..., (2012). Filologi. Bogor: Ghalia Indonesia.

..., (2011). Kamahéran jeung Kaparigelan Aksara Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.

Referensi

Dokumen terkait

Tugas Akhir yang berjudul “PENGARUH VARIASI PENDINGINAN OLI SAE 40,SAE 90,SAE 140 TERHADAP HASIL CORAN ALUMINIUM (Al) MENGGUNAKAN MEDIA CETAK PASIR MERAH “ Disusun

dalam penelitian ini, diantaranya adalah mengetahui besar alih fungsi lahan pertanian sawah dan faktor yang mempengaruhinya, mengetahui keterse- diaan pangan, dan mengetahui

Hasil penelitian menunjukkan bahwa peningkatan sikap ilmiah dapat dilakukan dengan mengembangkan perangkat kegiatan pemanfaatan kit Optik dalam pembelajaran, meliputi:

Inovasi ini adalah diilhamkan oleh Unit Teknikal dan Pekerja Awam Saliran Bandar JPS Daerah Kuantan yang mana unit ini selalu menghadapi masalah untuk memotong rumput dan

Hasil penelitian menunjukkan bahwa teknik ini bisa digunakan untuk mengidentifikasi kandungan unsur-unsur kopi dan memberikan hasil analisa yang cepat dan real

Tujuan penelitian ini adalah untuk mengetahui hubungan antara motivasi belajar dan kepercayaan diri dengan hasil belajar matematika siswa kelas VII SMP Negeri 3

Suatu Komunikasi yang baik akan menciptakan lingkungan yang terapetik dan kondusif, Untuk menghindari konflik adalah dengan menerapkan komunikasi yang efektif dalam

Suryawan (2006) mengemukakan bahwa sebuah minat berwirausaha adalah keinginan, ketertarikan, serta ketersediaan untuk bekerja keras atau berkemauan untuk mampu berdiri