No.658/FPBS.0251/2013
STRATEGI MODELING BERBASIS TEKS (SMBT)
PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH WAWANCARA
(Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas VIII-A SMP Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)
SKRIPSI
Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah
ku
AHMAD FITHRATUL JAMIL NIM 0902457
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAÉRAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
BANDUNG
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
STRATEGI MODELING BERBASIS TEKS (SMBT)
PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH WAWANCARA
(Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas VIII-A SMP Pasundan 4 BandungTaun Ajaran 2013/2014)
Oleh
Ahmad Fithratul Jamil
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Ahmad Fithratul Jamil 2013 Universitas Pendidikan Indonesia
Oktober 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
LEMBAR PENGESAHAN AHMAD FITHRATUL JAMIL
NIM 0902457
STRATEGI MODELING BERBASIS TEKS (SMBT)
PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH WAWANCARA (Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas VIII-A SMP Pasundan 4 Bandung
Taun Ajaran 2013/2014)
Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Dr. H. Yayat Sudaryat M.Hum. NIP 196302101987031001
Pangaping II,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
STRATEGI MODELING BERBASIS TEKS (SMBT) PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH WAWANCARA (Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas VIII-A SMP Pasundan 4 Bandung
Taun Ajaran 2013/2014)
Program Studi Bahasa Daerah (S-1) Universitas Pendidikan Indonesia
ABSTRAK
Skripsi ini berjudul “Strategi Modeling Berbasis Teks pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Wawancara (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII ASMP Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)”. Tujuan penelitiannya mendeskripsikan: (a) kemampuan siswa dalam wawancara sebelum menggunakan Stratégi Modéling Berbasis Téks; (b) kemampuan siswa dalam wawancara setelah menggunakan Strategi Modeling Berbasis Teks, dan; (c) perbedaaan yang signifikan antara kemampuan wawancara sebelum dan setelah menggunakan Strategi Modeling Berbasis Teks. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi ekperimen, dengan pretest and post test group design, dan tehnik yang digunakan adalah tehnik tes. Adapun instrumen yang digunakan yaitu lembar tes. Penelitian ini dilaksanakan di SMP Pasundan 4 Bandung kelas VIII A tahun ajaran 2013/2014, yang berjumlah 30 siswa yang terdiri atas 15 siswa laki-laki dan 15 siswa perempuan. Hasilnya; (1) kemampuan wawancara sebelum menggunakan Stratégi Modéling Berbasis Téks hasilnya dengan skor rata-rata 49,47; (2) kemampuan wawancara setelah menggunakan Strategi Modeling Berbasis Teks hasilnya dengan skor rata-rata 75,53; dan (3) ada perbedaan yang signifikan antara pretest dan posttest menggunakan Strategi Modeling Berbasis Teks berdasarkan hasil titung (19,75,38) > ttabel (2,46). Berdasarkan hasil di atas, dapat disimpulkan bahwa Strategi Modeling Berbasis Teks éféktif dalam meningkatkan kemampuan wawancara siswa kelas VIII A SMP Pasundan 4 Tahun Ajaran 2013/2014.
STRATEGI MODELING BERBASIS TEKS (SMBT) PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH WAWANCARA (Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas VIII-A SMP Pasundan 4 Bandung
Taun Ajaran 2013/2014)
Program Study S-1 Local Language Education Indonesian University of Education
ABSTRACT
This Paper entitled "Modeling Strategy Based Text pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Interview (Quasi-experimental study for VIII-A student at SMP Pasundan 4 Bandung Academic Year 2013/2014)". The purpose of the research described: (a) the ability of the student in an interview before using Modeling Strategy Based Text, (b) the ability of students in interview after using Modeling Strategy Based Text, and (c) a significant difference between the ability of interview before and after using Modeling Strategy Based Text. The method used in this study is a quasi-experimental method with pre-test and post-test group design, and the technique used is post-testing technique. The instrument used is the post-test sheet. This research took the eighth grade students (VIII-A) at SMP Pasundan 4 Bandung Academic Year 2013/2014, there were 30 students as populations consisting of 15 male students and 15 female students. The results are: (1) the result of the interview’s ability before using Modeling Strategy Based Text with an average score is 49.47, (2) the result of the interview’s ability after using Modeling Strategy Based Text with an average score is 75.53, and (3) there is a difference significant between pre-test and post-test using Modeling Strategy Based Text according to the result of titung (19, 75, 38)> ttabel (2.46). Based on the results above, it can be concluded that Modeling Strategy Based Text was effective in improving the ability of eighth grade student’s interview at SMP Pasundan 4 Bandung Academic Year 2013/2014.
Keywords: Modeling Strategy Based Text (SMBT), Interview.
Vi
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
DAFTAR EUSI
DAFTAR SINGGETAN ... xi
DAFTAR LAMPIRAN ... xii
BAB I BUBUKA ... 1
1.1Kasang Tukang... 1
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1 Watesan Masalah ... 4
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.2.3 Tujuan Panalungtikan... 4
1.2.4 Tujuan Umum ... 4
1.2.5 Tujuan Husus ... 5
1.3Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.3.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.3.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.4Raraga Tulisan ... 6
BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Modél Pangajaran jeung Strategi Modeling Berbasis Teks ... 7
2.1.1 Modél Pangajaran... 7
2.1.2 Konsep Dasar Strategi Modeling Berbasis Teks ... 8
2.1.2.1 Wangenan Strategi Modeling Berbasis Teks ... 8
2.1.2.2 Tujuan Strategi Modeling Berbasis Teks ... 9
2.1.2.3 Léngkah-léngkah Strategi Modeling Berbasis Teks ... 9
2.1.3 Nyarita ... 10
2.1.3.1 Hakékat Nyarita ... 10
2.1.3.2 Wangenan Nyarita ... 11
2.1.3.3 Nyarita Mangrupa Prosés Komunikasi ... 12
2.1.3.4 Tujuan jeung Fungsi Nyarita ... 13
2.1.3.5 Ragam Seni jeung Padika Nyarita... 14
vii
2.1.3.5.2 Padika Nyarita ... 15
2.1.3.6 Nyarita dina Pangajaran Basa ... 15
2.1.4 Wawancara ... 16
2.1.4.1Wangenan Wawancara ... 16
2.1.4.2 Struktur Wawancara ... 17
2.1.4.3 Padoman Wawancara ... 17
2.1.4.4 Wangun-wangun Wawancara ... 18
2.1.4.5 Kalungguhan jeung Kahéngkéran Wawancara ... 18
2.2 Anggapan Dasar jeung Hipotésis ... 19
2.2.1 Anggapan Dasar ... 19
2.2.2 Hipotésis ... 19
2.3 Raraga Mikir ... 19
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 21
3.1 Lokasi, jeung Sumber Data ... 21
3.1.1 Lokasi ... 21
3.1.2 Sumber Data ... 21
3.2 Desain Panalungtikan ... 21
3.3 Métode Panalungtikan ... 22
3.4 Wangenan Operasional ... 23
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 24
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 26
3.7 Téhnik Ngolah Data ... 27
3.8 Uji Sipat Data ... 31
3.8.1 Uji Normalitas ... 31
3.8.2 Uji Homogenitas ... 34
3.8.3 Uji Gain ... 35
3.8.4 Uji Hipotésis ... 35
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 37
4.1 Analisis Data Saméméh Ngagunakeun SMBT ... 37
4.1.2 Hasil Panalungtikan ... 37
4.1.3 Prak-prakan Ngawawancara Ngagunakeun SMBT ... 38
4.1.4 Kamampuh Siswa dina Pangajaran Wawancara SMP Pasundan 4 Bandung Saméméh Ngagunakeun Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) ... 39
4.2 Analisis Data Sabada Ngagunakeun SMBT ... 44
4.2.1 Kamampuh Siswa dina Pangajaran Wawancara SMP Pasundan 4 Bandung Sabada Ngagunakeun Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) ... 44
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
4.3.1 Tingkat Signifikansi Kamampuh Awal jeung Kamampuh Ahir
Ngawawancara Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan Bandung ... 47
4.3.2 Uji Normalitas ... 48
4.3.2.1 Uji Normalitas Tés Awal ... 48
4.3.2.2 Uji Normalitasa Tés Ahir ... 51
4.3.3 Uji Homogénitas ... 55
4.3.4 Uji Gain ... 57
4.3.5 Uji Hipotésis ... 58
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 61
5.1 Kacindekan ... 61
5.2 Rékoméndasi ... 61
DAPTAR PUSTAKA ... 63
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 66
BAB I BUBUKA
1.1. Kasang Tukang Masalah
Modél pangajaran mangrupa hiji aspék penting pikeun guru dina
nepikeun bahan ajar ka siswa hususna di jero kelas. Modél pangajaran
mangrupa pedoman pikeun guru jeung siswa dina ngalaksanakeun prosés
diajar-ngajar. Nurutkeun Joyce, Weil, jeung Calhoun dina Sudaryat (2007:
74) Modél pangajaran nya éta déskripsi lingkungan ajar, nu bisa digunakeun
salaku rancangan kurikulum, kursus, atawa pangajaran pikeun milih bahan
ajar, program multimedia, sarta ngabimbing tindakan guru di kelas.
Ari nurutkeun Kemp (1977) dina Rahman, 2009: 7) nyebutkeun yén
modél pangajaran mangrupa hiji rarancang pangajaran (desain instrucsional)
nu dipaké dina nangtukeun maksud jeung tujuan tiap topik/poko bahasan
(goals topics, and purposes), nganalisa karakteristik nu diajar (learner
characteristics), nyusun tujuan instruksional husus (learning objectives),
milih eusi pangajaran (subjectcontent), migawé prates (preassesment),
migawé kagiatan diajar-ngajar/sumber pangajaran (teaching learning
activities/resources), ngayakeun pelayanan (suport service), ngalaksanakeun
evaluasi (evaluation), jeung nyieun revisi.
Modél pangajaran téh loba pisan jenisna anu bisa dipaké pikeun
nepikeun pangajaran, salasahijina nya éta modél Strategi Modeling Berbasis
Teks . Ieu modél penting pisan pikeun ngaronjatkeun kamampuh akademik
siswa. Rahman jeung Sudaryat (2009: 131) nyebutkeun yén Strategi
Modeling Berbasis Teks téh mangrupa salasahiji stratégi pangajaran nu cocok
pikeun pangajaran nyarita. Kaunggulan ieu stratégi pangajaran nya éta siswa
neuleuman langsung masalahna sarta ngungkulan masalahna ngaliwatan
diskusi. Sudaryat (2007: 99) nyebutkeun yén SMBT masih kénéh kaasup
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
pangajaran ku cara ngasongkeun modél nu bisa dijadikeun patokan. Modél
ieu pas pisan pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngawawancara siswa.
Nyarita mangrupa salasahiji dina opat kaparigelan basa. Nyarita
mangrupa salasahiji sarana dina nepikeun hiji maksud ti hiji pihak ka pihak
lianna. Ku kituna, nyarita ngabutuhkeun aturan-aturan dina segi cara
pengucapanna, pelafalan, intosi jeung kudu luyu ogé kana tata basana,
sangkan naon nu rék ditepikeun bisa katarima sacara bener tur merenah ku
pangregep.
Tarigan (1990: 15) nétélakeun yén nyarita téh mangrupa kamampuh
ngucapkeun sora-sora atawa kecap-kecap pikeun ngébréhkeunkeun,
nétélakeun sarta nepikeun pikiran, gagasan jeung pangrasa. Ari nurutkeun
Arsjad (1987:17) nyarita nya éta sakabéh kagiatan nu ku urang dipigawe dina
ngahasilkeun sora basa, nu ngawengku artikulasi, nya éta kumaha posisi
pakakas ngomong, saperti létah, huntu, biwir, jeung lalangit dina waktu urang
ngawangun sora vokal atawa konsonan.
Wawancara atawa ngawawancara nya éta salasahiji materi pangajaran
dina kaparigelan nyarita, wawancara mangrupa kagiatan dua arah atawa
dialog ti hiji pihak ka pihak séjén
Masalah nu sok aya dina ngawawancara nya éta cara ngagunakeun
kabeungharan kecap nu bener tur merenah jeung kumaha cara ngagunakeun
undak-usuk basa Sundana. Sabab mangsa kiwari loba siswa nu
ngawawancara geus teu ngagunakeun basa Sunda nu bener tur leuwih kana
basa nu kasar. Komo anu rék diwawancara téh leuwih kolot ti maranéhna. Ieu
hal bisa kajadian lantaran siswa teu miboga élmu pangaweruh jeung
kaparigelan dina ngawawacara. Salian ti éta siswa teu dibiasakeun ngomong
atawa komunikasi maké basa Sunda nu bener tur luyu jeung undak-usukna.
Tujuan nu paling utama dina nyarita nya éta pikeun komunikasi.
Nyarita kabagi kana macem-macem wangun, nya éta wangun monolog jeung
wangun dialog (paguneman). Anu kaasup kana wangun monolog nya éta
biantara, dongéng, déklarasi, jeung ceramah. Sedengkeun salasahiji wangun
3
Dina wawancara aya nu disebut nu nanya jeung narasumber. Nu
nanya nya éta hiji jalma atawa leuwih nu nanyakeun hiji hal ka narasumber
sangkan meunang hiji informasi nu ditéang atawa nu can dipikanyaho.
Sedengkeun narasumber nya éta hiji jalma atawa leuwih nu dibéré patarosan
sacara terus-terusan ku nu nanya sangkan bisa méré informasi nu ku manéhna
kacangkem tur bisa dijelaskeun sacara gembleng ka nu nanya.
Pangajaran wawancara téh mangrupa salasahiji matéri nu aya dina
pangajaran basa Sunda di SMP kelas VIII. Wawancara téh mangrupa
salasahiji bagéan tina pangajaran nyarita, nu pungsina penting ogé pikeun
hirup kumbuh masarakat ayeuna. Wawancara gé bisa ngalatih siswa sangkan
bisa wani dina ngébréhkeun hiji patarosan atawa nyarita ka jalma anu réa.
Aya dua hal patali jeung palungtikan, nya éta panalungtikan
pangajaran wawancara jeung SMBT. Nerapkeun Téhnik Sosiodrama pikeun
Ngaronjatkeun kamampuh Ngawawancara Siswa (Panalungtikan Ékspérimén
ka Siswa Kelas VIII SMPN 5 Cimahi) anu disusun dina wangun skripsi dina
taun 2010 ku Darajat, aya deui panalungtikan nu judulna Strategi Modéling
Berbasis Téks nya éta Strategi Modéling Berbasis Téks (SMBT) dalam
Peningkatan Kompetensi Menulis Bahasa Indonesia (Studi tentang
Pembelajaran Menulis Ésai pada Siswa YAS Kota Bandung) anu disusun dina
wangun disertasi dina taun 2007 ku Sudaryat, Aya deui panalungtikan nu
judulna Éfektivias Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) pikeun
Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Surat Resmi Basa Sunda (Studi Kuasi
Ékspérimén ka Siswa kelas VIII A SMP Laboratorium-Percontohan UPI
Taun 2010/2011) anu disusun dina wangun skripsi dina taun 2011 ku Lestari,
Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI. Anu ngabédakeun ieu panalungtikan
jeung panalungtikan Sudaryat sarta Lestari téh nya éta aya dina bahanna.
Bahan nu digunakeun ku Sudaryat dina panalungtikanana nya éta téks
karangan ésai. Bahan nu digunakeun Lestari dina panalungtikanana nya éta
surat resmi basa Sunda. Ari bahan dina ieu panalungtikan mah nya éta
wawancara. Ku kituna, dumasar kana hal-hal anu geus dipedar di luhur,
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
Ngaronjatkeun Kamampuh Ngawawancara (Studi Kuasi Éksperimén ka
Siswa Kelas VIII SMP Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 2013-2014)” perlu
dilaksanakeun.
1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Watesan Masalah
Stratégi pangajaran téh réa pisan nu bisa dipaké ku guru dina prosés
pangajaran basa Sunda nu hususna kana pangajaran nyarita. Tapi ku sabab
kawatesan ti diri panalungtik jeung sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing
ambahanna, ieu panalungtikan téh diwatesanan nya éta ngeunaan Strategi
Modeling Berbasis Teks (SMBT) pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh
Ngawawancara (Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas VIII SMP Pasundan
4 Bandung Taun Ajaran 2013-2014) ditilik dina milih judul, ngalarapkeun
struktur nyarita dina ngawawancara sarta kamampuh makéna basana.
1.2.2. Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, aya sababaraha hal anu
kudu ditalungtik. Éta masalah téh bisa dirumuskeun dina wangun kalimah
pananya ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh ngawawancara siswa kelas VIII A SMP Pasundan 4
Bandung Taun Ajaran 2013-2014 saacan ngagunakeun SMBT?
2) Kumaha kamampuh ngawawancara siswa kelas VIII A SMP Pasundan 4
Bandung Taun Ajaran 2013-2014 sanggeus ngagunakeun SMBT?
3) Naha SMBT bisa ngaronjatkeun kamampuh ngawawancara Siswa Kelas
VIII A SMP Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 2013-2014?
1.3. Tujuan Panalungtikan 1.3.1. Tujuan Umum
Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun méré
5
Sunda di sakola ngaliwatan Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) pikeun
ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngawawancara.
1.3.2. Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho
jeung ngadéskripsikeun:
1) pangaweruh jeung kamampuh ngawawancara siswa kelas VIII A SMP
Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 2013-2014 saacan ngagunakeun
SMBT;
2) pangaweruh jeung kamampuh ngawawancara siswa kelas VIII A SMP
Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 2013-2014 sanggeus ngagunakeun
SMBT; jeung
3) ngaronjatna kamampuh ngawawancara ka Siswa Kelas VIII A SMP
Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 2013-2014 ngagunakeun modél
SMBT.
1.4. Mangpaat Panalungtikan
Hasil ieu panalungtikan dipiharep mibanda mangpaat, ieu mangpaat
bisa dibagi jadi dua bagian.
1.4.1. Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan téh nya éta sangkan bisa
méré sumbangan pamikiran kana kamekaran tiori dina widang atikan,
hususna dina widang strategi pangajaran nu éféktif pikeun ngaronjatkeun
kamampuh siswa dina ngawawancara.
1.4.2. Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:
1) Pikeun Guru
Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi alternatif pikeun modél
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
2) Pikeun Siswa
Ieu panalungtikan bisa nambahan pangalaman siswa dina pangajaran
nyarita, sarta apal kana stuktur ngawawancara nu mangrupa hasil dina
proses diajar-ngajar.
3) Pikeun panalungtik
Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran ngeunaan kamampuh
siswa dina ngawawancara ngagunakeun modél Strategi Modeling
Berbasis Teks.
4) Pikeun nu maca
Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan pangaweruh pikeun
nu maca ngeunaan strategi nu bisa dipaké dina pangajaran nyarita.
1.5. Raraga Nulis
Eusi poko ieu skripsi téh aya lima bab. Dina bab I dipedar kasang
tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat
panalungtikan sarta raraga tulisan nyusun skripsi. Dina bab II dipedar
ngeunaan Ulikan Tiori, raraga mikir, jeung hipotésis panalungtikan. Dina bab
III dipedar lokasi jeung sumber data panalungtikan, desain panalungtikan,
métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan,
tehnik ngumpulkeun data, jeung analisis data. Dina bab IV dipedar ngeunaan
hasil panalungtikkan SMBT dina pangajaran wawancara pikeun siswa kelas
VIII A SMP Pasundan 4 Bandung tur nguji hipotésis anu dirumuskeun dina
bab I. Dina babV dipedar ngeunaan kacindekan jeung rékoméndasi hasil
21
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi
Lokasi ngalaksanakeun ieu panalungtikan di SMP Pasundan 4 Bandung Jln.
Kebonjati No.31 Tlp. (022) 423548 Kota Bandung 40181.
3.1.2 Sumber Data
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VIII A SMP anu
jumlahna 35 urang. Anu ngawengku 15 urang lalaki jeung 20 urang awéwé. Éta siswa
kaayaanna homogén lantaran dianggap boga kamampuh nu sarua.
3.2 Desain Panalungtikan
Campbell jeung Stanley (dina Arikunto, 2010: 123) nétélakeun yén desain
panalungtikan dibagi dua dumasar kana sampurna atawa heuteuna éta panalungtikan.
Desain anu kahiji disebut pre eksperiméntal design atawa ékspérimén anu acan
sampurna. Ieu ékspérimén sok disebut panalungtikan kuasi atawa kuasi ékspérmén
kusabab ieu panalungtikan téh mangrupa panalungtikan anu teu sabenerna. Desain
anu kadua disebut true eksperimental design atawa éksperimén sampurna (murni).
Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi
éksprimén, nya éta métode panalungtikan ékspérimén semu anu nyoko kana sabagian
variabel, tujuanna pikeun meunangkeun informasi kalawan maké métode ékspérimén.
Kamampuh wawancara siswa diukur dua kali, nya éta saméméh jeung sabada siswa
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Wawancara Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kelompok tes awal
jeung tes ahir (pretest and post test group) anu ngagunakeun dua kali tés, aya tés awal
(tés saméméh perlakuan) jeung tés ahir (tés sabada perlakuan), tapi teu ngagunakeun
kelas kontrol. Sangkan leuwih jéntré, desainna bisa dititénan ieu di handap.
O
1X O
2Desain Panalungtikan Pre-test and Post-test Group (Arikunto, 2006:85)
Katerangan :
O1 : Tés awal (saméméh dibéré perlakuan)
O2 : tés ahir (sabada dibéré perlakuan)
X : perlakuan ngagunakeun Stratégi Modéling Berbasis Téks (SMBT)
3.3Métodé Panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi
ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén nya éta métode anu digunakeun ku cara
ngayakeun kagiatan percobaan pikeun ningali kalungguhan hubungan kausal antara
variabel-variabel anu ditalungtik. Métode ieu digunakeun pikeun ngukur éféktivitas
SMBT dina pangajaran ngawawancara siswa kelas VIII A SMP Pasundan 4 Bandung.
Panalungtikan ékspérimen miboga tujuan nguji hipotésis panalungtikan,
ngaprédiksi hasil panalungtikan sarta ngageneralisasi hubungan-hubungan antar
variabel. Léngkah-léngkah atawa prosedur anu dilakukeun dina ieu panalungtikan
ngaliwatan sababaraha léngkah, luyu jeung pamadegan Arifin (2011: 70) yén
léngkah-léngkah panalungtikan kuasi ékspérimén ngawengku:
a. Milih Masalah (analisis induktif);
23
c. Ngalakukeun kajian pustaka anu rélevan jeung pasualan;
d. Ngarumuskeun hipotésis statistik (Ho);
e. Ngarumuskeun wangenan operasional jeung variabel panalungtikan;
f. Nyusun desain panalungtikan ékspérimén;
g. Uji coba instrumén jeung léngkah-léngkah kagiatan ékspérimén;
h. Ngalaksanakeun ékspérimén;
i. Ngumpulkeun, ngelompokkeun jeung ngadéskripsikeun data;
j. Analisis data;
k. Medar hasil ékspérimén luyu jeung rumusan masalah;
l. Nyieun kacindekan, implikasi jeung saran; jeung
m.Nyusun laporan panalungtikan ékspérimén.
3.4Wangenan Operasional
Sangkan ieu panalungtikan téh puguh udaganna, ieu di handap dijéntrékeun
wangenan operasional tina judul ieu panalungtikan.
1) Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) nya éta salah sahiji modél pangajaran
hasil tranformasi tina segi modeling dasar. Pangna disebut kitu, ieu stratégi
modeling ditranformasikeun kana stratégi pangajaran anu ngamangpaatkeun téks
salaku modél acuan nalika diajar. Éféktivitas Strategi Modeling Berbasis Teks
téh diukur kalawan ngagunakeun tés, ari wangun tésna mangrupa tés awal jeung
tés ahir.
2) Nyarita téh mangrupa kamampuh ngucapkeun sora-sora atawa kekecapan pikeun
ngébréhkeun, nétélakeun, jeung nepikeun pikiran, gagasan sarta rasa. Tarigan
(1990:15).
3) Wawancara nya éta salasahiji matéri pangajaran dina kaparigelan nyarita.
Wawancara mangrupa kagiatan dua arah atawa dialog ti hiji pihak ka pihak
séjén.
Jadi, nu dimaksud SMBT pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngawawancara
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Wawancara Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
patokan, modélna mangrupa conto téks wawancara ka siswa kelas VIIIA SMP
Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2013/2014, anu diukur ngaliwatan tés awal jeung tés
ahir.
3.5Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nya éta pakakas nu dipaké dina prosés panalungtikan.
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta lembar tés.
Tujuan tina tés éta pikeun mikanyaho éféktif atawa heunteuna SMBT dina
ngaronjatkeun kamampuh ngawawancara. Tés dilaksanakeun dua kali, nya éta tés
awal jeung tés ahir. Tés awal dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina
ngawawancara saméméh ngagunakeun modél SMBT tés ahir dilaksanakeun pikeun
ngukur kamampuh siswa dina wawancara sabada ngagunakeun SMBT.
Pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina wawancara saacan ngagunakeun
SMBT, tés nu dilakukeun nya éta siswa nyieun hiji draf wawancara nu ngagunakeun
éjahan basa nu merenah tur lobana minimal 10 patarosan kalawan témana kabersihan,
kaséhatan, jeung atikan. Ieu di handap conto instrumén tés awal dina ieu
panalungtikan.
Gambar 3.2
Conto Soal Tés Awal
Conto Soal Tés Awal SOAL TÉS AWAL
No. Absén :
Wasta :
Pék ku hidep jieun hiji patarosan wawancara, kalawan niténan katangtuan dihandap.
1) Témana ngeunaan kabersihan, kasehatan jeung atikan; 2) Ngagunakeun basa tur éjahan anu merenah;
25
Sanggeus dilakukeun tés awal, kagiatan satuluyna nya éta guru méré treatment
atawa perlakuan dina ngajarkeun ngawawancara. Treatment anu dimaksud nya éta
digunakeunana SMBT dina pangajaran ngawawancara.
Pikeun mikanyaho éféktif atawa heunteuna modél SMBT dina pangajaran
ngawawancara sabada dilaksanakeun treatment atawa perlakuan, kagiatan satuluyna
nya éta ngalaksanakeun tés ahir ngagunakeun format ieu di handap.
Gambar 3.3
Conto Soal Tés Ahir
SOAL TÉS AHIR
No. Absén :
Wasta :
Sabada maca teks wawancara, Pék ku hidep jieun téks wawancara, kalawan niténan katangtuan dihandap!
1) Témana ngeunaan kabersihan, kasehatan jeung atikan; 2) Ngagunakeun basa tur éjahan anu merenah;
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Wawancara Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.6 Tehnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh
nya éta téhnik tés. Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh pikeun
ngukur kamampuh siswa saméméh jeung sabada dibéré perlakuan ka siswa dina
prosés diajar-ngajar ngawawancara. Tés dilaksanakeun dua kali, nya éta tés awal
jeung tés ahir. Tés awal dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina
ngawawancara saméméh ngagunakeun modél SMBT, ari tés ahir dilakasanakeun
pikeun ngukur kamampuh siswa dina ngawawancara sabada ngagunakeun modél
SMBT.
Prak-prakanana ngalaksanakeun tés awal nya éta siswa dititah nyieun téks
wawancara ngeunaan kabersihan, kasehatan, jeung atikan. Dina prosésna, siswa
dibéré lolongkrang pikeun mekarkeun ide sewang-séwangan hartina guru teu
meunang méré pangaweruh ngeunaan diajar ngawawancara.
Dina tés ahir prosésna teu jauh béda jeung tés awal. Bédana, dina tés ahir siswa
nyieun téks wawancara sabada dibéré perlakuanmodél SMBT dina proses diajar
ngajarna.
Léngkah-léngkah ngumpulkeun datana nya éta saperti ieu di handap.
1) Tés awal, anu léngkah-léngkahna:
a) Panalungtik ngajéntrékeun tujuan tés;
b) Panalungtik ngabagikeun soal tés awal jeung lembar jawaban;
c) Siswa nyaritakeun pertanyaan; jeung
27
2) Tés ahir, anu léngkah-léngkahna:
a) Sabada siswa dibéré perlakuan, panalungtik ngajéntrékeun tés ahir;
b) Panalungtik ngabagikeun soal tés ahir sarta lembar jawaban;
c) Siswa nyaritakeun pertanyaan; jeung
d) Siswa ngumpulkeun hasil pancen siswa dina téks wawancara.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Sabada meunangkeun data tina hasil panalungtikan, kagiatan satuluyna nya éta
ngolah data pikeun néangan jawaban-jawaban kana masalah anu ditalungtik. Data nu
diolah nya éta hasil tés awal jeung tés ahir.
Tujuan tina data anu diolah téh nya éta pikeun maluruh:
1) tingkat kamampuh siswa dina ngawawancara saméméh jeung sabada
ngagunakeun SMBT;
2) béda signifikan kaparigelan ngawawancara saméméh jeung sabada ngagunakeun
SMBT; jeung
3) ngukur éféktivitas SMBT dina pangajaran ngawawancara.
Aya ogé téhnik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan téh
ngagunakeun léngkah-léngkah di handap.
1) Mariksa téks wawancarasiswa hasil tés awal jeung tés ahir, anapon aspék poko
dijadikeun kritéria pikeun nangtukeun panilaian nya éta basa, eusi, jeung tagog.
2) Méré skor atawa peunteun kana pertanyaan siswa hasil tés awal jeung tés ahir.
Tabél 3.1
Format Skala Peunteun ngawawancaraTés Awal jeung Tés Ahir
No Aspék Skala Ajén
4 3 2 1
(1) (2) (3)
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Wawancara Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
6. Milih kecap/diksi/kabeungharan kecap 7. Paselapna kecap tina basa Indonesia 8. Paselapna kalimah tina basa Indonesia 9. Tatakrama basa
10. Volume sora
11. Tagog/rengkuh nyarita
(1) (2) (3)
12. Kontak jeung pamiarsa/ ngabagi panempo 13. Kualitas naskah siswa anu dipedar dina tabél ieu di handap.
Tabél 3.2
Kritéria Ngajén Karangan
No. Absén :
Eusi luyu jeung téma; nepikeun informasi lengkep.
3
CUKUP
Eusi luyu jeung téma; nepikeun informasi kurang lengkep sarta kurang ngamekarkeun.
2 KURANG
Eusi luyu jeung téma tapi teu nepikeun informasi.
1
29
kurang jelas; hubungan antarparagraf raket.
3
CUKUP
Eusi kurang dimekarkeun; idea nu diébréhkeun kurang jelas; hubungan antarparagraf kurang.
2
KURANG
Eusi teu luyu jeung téma; ide anu diébréhkeun teu jelas; hubungan antarparagraf kurang.
1
Pilhan kecap merenah; eusi karangan maké basa anu merenah; aya leuwih dua kasalahan.
3
CUKUP
Pilihan kecap kurang merenah; mindeng aya kasalahan dina tatabasa; pilihan kecap jeung ungkapan remen teu luyu tapi kaharti.
2
KURANG
Pilihan kecap asal-asalan; pilihan kecap jeung ungkapan kurang luyu.
Intonasi, pelafalan jeung volumena geus ngirut pisan..
3 CUKUP
Intonasi, pelafalan alus tapi volumena teu kadangu.
2
KURANG
Intonasina gancang teuing tapi pelafalan jeung volumena geus hadé ngabingungkeun atawa teu jelas.
3
CUKUP
Mindeng kajadian kasalahan éjahan; ma’na
ngabingungkeun atawa teu jelas.
2
KURANG
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Wawancara Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tagog
Gerakanna luwes pisan
3 SEDENG
Gerakan masih kénéh kaku
2
CUKUP
Gerakan jeung cara nyaritana kagok jeung teu luyu jeung caritaan
1 GAGAL
Teu pantes diajén
Sumber: (ilikan Harfield, dkk, 1985: Nurgiantoro, 1988: 305-306) kalayan diropéa rentang skorna katut ngaran kritériana.
Sabada kapanggih skorna, tuluy dipeunteun dumasar kana rumus:
Katerangan:
P = peunteun
∑Skor siswa = jumlah peunteun siswa ∑Skor maksimal = jumlah peunteun maksimal
Katégori peunteun :
Peunteun ≥ 70 siswa dianggap mampuh ngawawancara kalawan bener Peunteun ≤ 70 siswa dianggap can mampuh ngawawancara kalawan bener 3) Ngasupkeun data peunteun tés awal jeung tés ahir kana tabél ieu di handap.
Tabél 3.3
Skor Tés Awal jeung Tés Ahir ngawawancara
No
31
c = Grammar (tatabasa jeung pola kalimah) d = Syle (gaya; pilihan struktur jeung pola kecap) e = Mechanies (éjahan)
Jumlah total P = Peunteun % = Perséntase
Dumasar kana éta pedoman, skor maksimal ngawawancara nya éta 20. Skor
kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir kalayan ngagunakeun rumus:
Patokan dina nangtukeun yén siswa téh geus nyumponan kriéria ngawawancara
ngawengku kualitas jeung ruang lingkup eusi, organisasi jeung penyajian eusi, gaya
jeung wangun basa, mékanik (tata basa, éjahan, jeung karapihan tulisan), jeung
réspon aféktif guru kana karangan. Siswa dianggap nyumponan kritéria disebutkeun
sakurang-kurangna meunangkeun peuteun 70. Peunteun 70 ditangtukeun dumasar
kana skala peunteun cukup (3) tina unggal aspék. Ku kituna, peunteun anu kurang ti
70 dianggap can mampuh.
Data anu ditabulasikeun tuluy dianalisis ngagunakeun analisis statistik.
Léngkah-léngkahna ngawengku (1) Uji Normalitas, (2) Uji Homogénitas, (3) Uji
Gain, (4) Uji Hipotésis.
3.8 Uji Sipat Data 3.8.1 Uji Normalitas
(1) Nangtukeun skor panggedéna jeung pangleutikna.
(2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Wawancara Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(4) Nangtukeun panjang kelas interval (p)
(5) Nyieun tabél frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun
tabél ieu di handap.
Tabél 3.4
Format Distribusi Frékuénsi Peunteun Tés Awal jeung Tés Ahir
No Kelas Interval fixi
2
1
2
∑
(6) Ngitung rata-rata (méan) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun
rumus ieu di handap.
Katerangan:
̅ = rata-rata (mean)
∑ = jumlah
Fi = jumlah data Xi = nilai tengah
(Sudjana, 1992: 70)
̅
33
(7) Ngitung standar déviasi (s) kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap
(Sudjana, 1992: 93-95)
(8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan)
a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi.
Tabél 3.5
Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi
Interval Oi BK Handap
BK Luhur
Z1 Z2 L Ei X2
∑
b) Nangtukeun Oi (frékuénsi observasi)
c) Nangtukeun batas kelas (bk)
d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)
e) Nangtukeun Ztabél
f) Ngitung legana unggal kelas interval (L)
g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei)
√
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Wawancara Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
S1=
(Sudjana, 1992: 273)
9) Nangtukeun derajat kebébasan (dk)
(Sudjana, 1992: 293)
10) Nangtukeun hargaX2 tabél
11) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:
(a)Lamun X²itung< X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.
(b) Lamun X²itung> X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu normal.
Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas, tur data nu dihasilkeun normal, kagiatan
nu satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji
paramétrik nu luyu.
3.8.2 Uji Homogénitas
Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho varian
populasi data nu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa henteu.
Léngkah-léngkah uji homogénitas nya éta:
a) Ngitung variasi (S²) unggal kelompok
- Variansi tés awal
- Variansi tés ahir
35
S2 =
(Sudjana, 1992: 95)
b) Ngitung harga variasi (F)
c) Ngitung derajat kabébasan (dk)
d) Nangtukeun harga
e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap:
(1)Lamun Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.
(2)Lamun Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.
(Sudjana, 1992:250)
3.8.3 Uji Gain
Tujuan uji gain atawa uji béda rata-rata téh nya éta pikeun nangtukeun naha aya
bédana anu signifikan antara hasil tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké
salaku gambaran ngeunaan pangaruh digunakeunana Strategi Modeling Berbasis Teks
(SMBT) kana kamampuh ngawawancara siswa kelas VIII A SMP Pasundan 4
Bandung taun ajaran 2013/2014. Léngkah dina uji gain nya éta ngagunakeun tabél ieu
di handap.
Tabél 3.6
Uji Gain Tés Awal jeung Tés Ahir
No
Ngaran Siswa Peunteun Pratés
Peunteun Pascatés
d d²
1 2
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Wawancara Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
∑
3.8.4 Uji Hipotésis
Uji hipotésis dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:
a) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun tés ahir;
Rumusna nya éta:
b) Ngitung darajat kabébasan (dk); rumusna nya éta:
c) Ngitung jumlah kuadrat déviasi; rumusna nya éta:
d) Ngitung t; rumusna nya éta:
Katerangan:
t = tés signifikansi
Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir
∑x²d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel
dk= n-1
37
e) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria, nya éta:
(1) Lamun > hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol
(Ho) ditolak, nya éta modél pangajaran strategi modeling berbasis teks
(SMBT) éfektif dipaké dina pangajaran wawancara ka siswa kelas VIII A SMP
Pasundan 4 Bandung.
(2) Lamun < hartina hipotésis nol (Ho) ditarima jeung hipotésis kerja
(Ha) ditolak, nya éta modél pangajaran strategi modeling berbasis teks
(SMBT) teu éféktif dipaké dina pangajaran wawancara ka siswa kelas VIII A
61
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1 Kacindekan
Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina
ngawawancara saméméh jeung sabada ngagunakeun SMBT. Bisa dicindekkeun ieu
di handap.
Kamampuh ngawawancara siswa kelas VIII A SMP Pasundan 4 Bandung
saméméh jeung sanggeus make SMBT jadi ngaronjat. Ditingali tina béda rata-rata
skor prates jeung pascates. Skor prates 29,27 jadi 45,27 kalawan béda12,00. Salian
ti éta, katitén ogé tina rata-rata peunteun prates jeung pascates tina 49,47 jadi 75,53
kalawan béda 26,06.
Bisa dibedakeun ogé anu signifikan antara kamampuh ngawawancara siswa
kelas VIII A SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung
sabada ngagunakeun SMBT. Hal ieu bisa katitén tina uji gain anu rata-rata gainna
nya éta 26,07. Uji hipotésis nu meunangkeun hasil titung di luhur, titung nya éta19,75.
Sedengkeun hasil ttabél dina tarap kapercayaan 99% nya kalawan dk 30, nya éta 2,46.
Uji hipotésis di luhur nétélakeun yén titung > ttabél nya éta 19,75>2,46. Ku kituna, bisa
dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Hal
ieu nuduhkeun yén SMBT signifikan tur bisa ngaronjatkeun kamampuh
ngawawancara siswa kelas VIII A SMP Pasundan 4 Bandung.
5.2 Rékoméndasi
Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran wawancara,
ditétélakeun yén hasil tés awal jeung tés ahir téh aya béda anu signifikan. Ku kituna,
62
ngagunakeun strategi modeling berbasis teks sabab bisa dijadikeun salasahiji
alternatif pikeun guru dina pangajaran wawancara, lantaran kabuktian éféktif.
Ayana panalungtikan ngeunaan SMBT dina matéri pangajaran lianna pikeun
leuwih ngabuktikeun ka éféktifan éta model pangajaran, Ku kituna disarankeun ka:
1. guru
Guru kudu kréatif dina milih modél pangajaran anu cocok pikeun
ngajarkeun materi. Ieu hal pikeun ngirut ati siswa dina diajar basa Sunda;
2. Siswa
salaku upaya ngaronjatkeun motivasi diajar siswa nalika diajar basa
Sunda, antukna bias ngaronjatkeun hasil diajar siswa sewang-séwangan;
jeung
3. panalungtik
Panalungtik masih loba kakuranganana. Ku kituna, panalungtik miharep
ayana panalungtikan ngeunaan pangajaran wawancara ngagunakeun
63
Ahmad Fithratul Jamil, 2013
DAPTAR PUSTAKA
Arifin, Z. (2011). Penelitian Pendidikan. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.
Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitan Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.
Arsjad, Maider. (1987). Pembinaan Kemampuan Berbicara Bahasa Indonesia. Jakarta: Erlangga.
Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Darajat, Siti. (2010). Nerapkeun Téhnik Sosiodrama Pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Ngawawancra Siswa (Panalungtikan Ékspérimén Ka Siswa Kelas VIII SMPN 5 Cimahi). Skripsi Program Studi Bahasa Daerah FPBS UPI
Bandung: teu dipedalkeun.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007) Standar Kompetensi dan Kompetensi
DasarMata Pelajaran Basa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat.
Haerudin, Dingding.(2009). Padika Nyarita Basa Sunda. Bandung: UPI
Haerudin, Dingding jeung Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Wahana Karya Grafika.
Iskandarwassid spk. (2009). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bangung: Remaja Rosdakarya.
Joyce, Bruce. Marsha Weil jeung Emily Calhoun. (2009). Models of Teaching
(Model-Model Pembelajaran). New Jersey: Pearson Education.
Kamus Besar Bahasa Indonesia.
Lestari, Rima Dewi. (2011). Éfektivitas Stratégi Modéling Berbasis Téks (SMBT)
pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Surat Resmi (Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas VIII A SMP Laboratorium-Percontohan UPI Kota Bandung Taun Ajaran 2010/2011). Skripsi Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah
FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.
Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. (2012). Bandung: Universitas Pendidikan
64
Rahman, (2007). Model Mengajar dan Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqaprint. Jatineangor.
Sudaryat, Yayat jeung Rahman. (2009). “Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT)
dalam Pembelajaran Menulis”, dina Model-model Pembelajaran Bahasa dan
Sastra Sunda. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika.
Sudaryat, Yayat. (2007). Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) dalam
Peningkatan Kompetensi Menulis Bahasa Indonesia (Studi Tentang
Pembelajaran Menulis Esai pada Siswa YAS Kota Bandung), disertasi doktor di
sekolah Pascasarjana UPI Bandung, teu dipedalkeun.
Sudaryat, Yayat. (2009). ”Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) dalam
Pembelajaran Menulis”, dina Model-model Pembelajaran Bahasa dan Sastra
Sunda. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika
Sudaryat, Yayat. (2003). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat, Yayat dkk. (2009). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sudjana, Nana. (1989). Dasar-dasar Proses Belajar Mengajar. Bandung: Sinar Baru Algensindo Offset.
Sudjana, Nana. (1992). Metoda Statiska. Bandung: Tarsito.
Sumarsono, Tatang jeung Taufik Faturohman. (2008). Gapura Basa VIII Pangajaran
Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTS Kelas VIII. Bandung: Geger Sunten.
Tarigan, Henry Guntur. (1990). Berbicara Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
On-Line:
http://merlitafutriana0.blogspot.com/p/wawancara.html (diunduh 1 Oktober 2013).
http://merlitafutriana0.blogspot.com/p/wawancara.html (diunduh 1Oktober 2013).
http://edukasi.kompasiana.com/2013/02/23/artikel-wawancara-537564.html (diunduh