BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Panalungtikan
Karya sastra mangrupa wadah pikeun ngébréhkeun pikiran, gagasan, rasa
jeung pangaweruh manusa. Karya sastra gumelar pikeun nyumponan pangabutuh
batin, sangkan dipikaharti, jeung dimangpaatkeun ku manusa. Karya sastra nya
éta karya seni anu ngagunakeun basa salaku médiumna. Minangka karya seni,
warnaning karya sastra téh diciptana salawasna napak dina usaha ngolah
unsur-unsur éstétis (kaéndahan sastra). Ku lantaran alatna basa, nya anu diarolahna ku
pangarang téh sakabéh poténsi éstétis anu kapimilik ku basa, kaasup rupa-rupa
fungsina atawa makéna basa (Iskandarwasid, 2003, kc. 138).
Upama ditilik tina fungsina, sastra téh lain saukur karya seni anu
ngagunakeun basa salaku médiumna, tapi sastra ogé miboga fungsi pikeun
répresentasi nyata kaayaaan sosial di mana éta karya sastra téh gumelar. Karya
sastra ogé mangrupa struktur anu kompléks. Ogé sakumaha nu diébréhkeun ku
Isnendes (2010, kc. 14) yén gunana sastra téh nya éta salaku: (1) pakakas
komunikasi, (2) pakakas nuluykeun tradisi jeung révitalisasi budaya, (3)
pangwangun ajén kamanusaan.
Wangun karya sastra Sunda aya tilu rupa, nyaéta prosa, puisi, jeung
drama. Dina ieu panalungtikan karya sastra anu ditalungtik nya éta novel anu
husus nyaritakeun atawa ngagambarkeun kahirupan barudak.
Barudak di dieu nya éta rentang umurna 2 taun nepi ka 12 taun-an, anu di
mana geus bisa wawuh kana sastra, dina umur sakitu, budak geus boga kamampuh
dina kaparigelan basa nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Ku
kaparigelan ngaregepkeun budak geus bisa kairut ngadéngékeun carita jeung
dongéng; ku kaparigelan nyaritana ogé budak geus bisa nyaritakeun pangalaman
sapopoéna; ku kaparigelan maca budak ogé geus bisa maham carita-carita tina
buku-buku sastra; jeung ku nulis budak ogé bisa ngarang jeung nyieun carita.
Sanajan, dina awalna mah kaparigelanna masih basajan, tapi dina umur sakitu
Dina prosés diajarna budak mah masih basajan, tapi kompléks jeung
miboga karakter sorangan, anu béda jeung jalma déwasa. Kamekaran inteléktual
jeung émosional budak ditangtukeun ku karakter kapribadian jeung lingkungan.
Pangaruh lingkungan kana kapribadian budak lantaran ayana prosés asosiasi,
imitasi, répetisi, jeung reward and punishment.
Upama dina masa-masa ieu budak teu dibéré pangaweruh atawa atikan anu
hadé tangtu kahareupna ogé teu hadé. Lantaran ari budak mah lir ibarat keretas
kosong anu bisa dieusian naon waé.
Pikeun ngawangun karakter kapribadian anu hadé. Karakter bangsa
mangrupa aspék penting tina kualitas sumberdaya manusia (SDM) lantaran
kualitas karakter bangsa nangtukeun kamajuan hiji bangsa. Karakter anu
berkualitas perlu dibentuk jeung dibina ti usia dini. Usia dini mangrupa masa
kritis pikeun ngawangun karakter hiji jalma.
Kituna perelu sumber atikan karakter tina widang séjén anu teu sacara
langsung ngatik karakter. Dina pangajaran sastra di sakola upamana, salah
sahijina kagiatan maca karya sastra. Dina hakékatna, maca karya sastra téh
mangrupa kagiatan aprésiasi sastra sacara langsung. Ku kituna, perelu sumber
bacaan hususna novel anu struktur caritana hadé, aspék sosialna hadé, ogé
ngandung ajén atikan karakter lantaran naon anu dibaca ku budak bakal kacipta
dina kahirupan sapopoéna.
Novel barudak mangrupa salah sahiji karya sastra minangka sastra anak.
Dina sastra Sunda, novel barudak masih kénéh kawilang saeutik, boh nu anyar
boh dipindo citak. Anu baris ditalungtik dina ieu novel barudak téh nya éta
struktur caritana, aspék sosiologi, jeung ajén atikan karakter.
Dina sastra Sunda loba novel anu ngagambarkeun kahirupan barudak, di
antarana baé, Rasiah Kodeu Binér karangan Dadan Sutisna jeung Carita Nyi
Halimah karangan Samsoedi
Anapon alesan dina milih novel Rasiah Kodeu Binér (RKB) karangan
Dadan Sutisna jeung Carita Nyi Halimah (CNH) karangan Samsoedi dina ieu
kaayaan sosial anu béda, nu mana novel RKB ngagambarkeun kahirupan sosial
dina jaman ayeuna sedengkeun novel CNH mah ngagambarkeun situasi jeung
kondisi sosial jaman baheula. Kadua, ieu novel téh ngandung ajén atikan karakter
anu hadé.
Panalungtikan anu aya patalina jeung aspék sosial, ajén atikan karakter
jeung novel barudak anu geus dilakukeun, di antarana waé (1) Novel Patepung Di
Bandung Karangan Taufik Futurohman (Tilikan Psikologi Sastra). Ieu skripsi téh
mangrupa hasil panalungtikan Suci Saripah M, dina taun 2013. (2) Panalungtikan
Ricky Sukandar dina taun 2014 anu judulna Kajian Sosiologis dan Nilai Karakter
dalam Novel Korupsi serta Pemanfaatannya sebagai Bahan Ajar Pengajaran
Sastra. (3) Panalungtikan Wiwin Widianiati dina taun 2012 anu judulna Ajén-ajén
Étnopedagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya.
Panalungtikan ngeunaan aspék sosiologi jeung atikan karakter dina novel
kungsi dilakukeun ku Ricky Sukandar (2014) dina wangun tésis anu judulna
Kajian Sosiologis dan Nilai Karakter dalam Novel Korupsi serta pemanfaatannya
sebagai Bahan Ajar Pengajaran Sastra. Sasaruan dina ieu panalungtikan nya éta
sarua nalungtik karya sastra maké ulikan sosiologi sarta ngulik atikan karakter nu
aya dina éta karya sastra. Anapon anu jadi pangbéda dina ieu panalungtikan nya
éta objék anu ditalungtikna mangrupa sastra anak anu wangunna novel barudak
dina sastra Sunda.
Panalungtikan ngeunaan struktur, aspék sosiologi jeung atikan karakter
dina novel barudak can kungsi ditalungtik. Ieu hal anu jadi perhatian panalungtik
pikeun nalungtik anu ngeunaan kajian struktural, aspék sosiologi jeung
ajén-inajén dina novel barudak. Anapon ieu panalungtikan dijudulan “Novel Barudak
dina Sastra Sunda (Tilikan Struktural, Aspék Sosiologi, jeung Ajén Atikan
Karakter)”.
1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan
Dumasar kana kasang tukang, aya tilu masalah utama anu ditalungtik
nyaéta struktur carita, aspek sosiologi, jeung ajén atikan karakter. Struktur carita
palaku, jeung latar). Aspek sosiologi anu diulik nyoko kana status sosial, prosés
sosial, jeung paripolah sosial. Ari ajén karakter anu diulik nyoko kana catur
tunggal watak (olah hati, olah pikir, olah raga jeung kinestetik, sarta olah rasa
jeung karsa). Satuluyna, tina identifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu
panalngtikan dirumuskeun dina wangun pananya ieu di handap.
1) Kumaha struktur carita dina novel barudak Rasiah Kodeu Binér karangan
Dadan Sutisna jeung Carita Nyi Halimah karangan Samsoedi?
2) Kumaha aspék-aspék sosial dina novel barudak Rasiah Kodeu Binér karangan
Dadan Sutisna jeung Carita Nyi Halimah karangan Samsoedi?
3) Naon waé ajén-inajén atikan karakter nu aya dina novel barudak Rasiah
Kodeu Binér karangan Dadan Sutisna jeung Carita Nyi Halimah karangan
Samsoedi?
1.3Tujuan Panalungtikan
Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngaanalisis jeung maluruh
struktur carita, aspék-aspék sosiologi, jeung ajén-inajén karakter dina Novél
barudak Rasiah Kodeu Binér karangan Dadan Sutisna jeung Carita Nyi Halimah
karangan Samsoedi nu nyampak di jerona. Sacara husus ieu panalungtikan
miboga tujuan hayang ngadéskripsikeun:
1) Struktur carita dina novel barudak Rasiah Kodeu Binér karangan Dadan
Sutisna jeung Carita Nyi Halimah karangan Samsoedi;
2) Aspék-aspék sosial dina novel barudak Rasiah Kodeu Binér karangan Dadan
Sutisna jeung Carita Nyi Halimah karangan Samsoedi;
3) Ajén-inajén atikan karakter nu aya dina novel barudak Rasiah Kodeu Binér
karangan Dadan Sutisna jeung Carita Nyi Halimah karangan Samsoedi.
1.4Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep bisa mangpaat pikeun dunya
1) pikeun bisa ngajembaran pangaweruh urang utamana anu raket patalina jeung
usaha mertahankeun karya sastra ngaguar sosiologi sastra jeung ajén-ajén
atikan karakter nu aya dina novel barudak;
2) pikeun jadi bahan tinimbangan pikeun panalungtikan nu sarupa;
3) pikeun mekarkeun pangaweruh ngeunaan karya sastra; jeung
4) pikeun ningkatkeun kualitas atikan dina pangajaran aprésiasi sastra hususna
dina kajian struktural, aspék sosiologi jeung ajén-ajén atikan karakter nu aya
dina novel barudak.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Salian ti mibanda mangpaat sacara tioritis, ieu panalungtikan téh mibanda
mangpaat praktis, di antarana waé:
1) bisa dimangpaatkeun pikeun bahan ajar pangajaran aprésiasi sastra hususna
dina ulikan struktur, aspék sosiologi, jeung ajén-inajén karakter nu aya dina
novel barudak;
2) minangka alternatif dina uapaya ningkatkeun kualitas hasil pangajaran
aprésiasi sastra hususna dina ulikan strutur, aspék sosiologi, jeung ajén-inajén
atikan karakter nu aya dina novel barudak;
3) bisa méré motivasi pikeun para pangatik sangkan leuwih kreatif jeung
inovatif dina ngalarapkeun bahan ajar aprésiasi sastra nu patali jeung ulikan
struktur, aspék sosiologi, jeung ajén-ianjén atikan karakter nu aya dina novel
barudak.
1.5Struktur Organisasi Tésis
Bab I mangrupa bab anu munggaran dina ieu panalungtikan. Dina bab hiji
dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi, jeung rumusan
masalah panalungtikan, tujuan diayakeunana panalungtikan, mangpaat
panalungtikan, jeung struktur organisasi tesis.
Bab II mangrupa bab anu ngabahas téori-téori anu aya dina panalungtikan.
Dina bab II dipedar leuwih jero ngeunaan struktur, aspék sosiologi, ajén atikan
Bab III mangrupa bab anu ngabahas métodologi jeung desain
panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan. Dina bab III ngabahas
léngkah-léngkah panalungtikan, prak-prakanana panalungtikan jeung carana ngolah data
anu dimeunangkeun tina hasil panalungtikan. Salian ti éta, bab III jadi dadasar
pikeun nyusun bab IV lantaran antara bab III jeung bab IV miboga pakuat pakait
anu tinangtu.
Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan anu
dilakukeun. Dina bab IV diébréhkeun sagemblengna tina hasil panalungtikan anu
dilakukeun ku panalungtik. Hasil atawa henteuna panalungtikan bisa katingal tina
bab IV ieu.
Bab V mangrupa kacindekan ti sakabéh pedaran nu geus dipedar. Salian ti
éta, aya saran anu ditepikeun ku nu nulis ka nu maca. Éta saran téh miboga tujuan