• Tidak ada hasil yang ditemukan

t pbbs 0907899 chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "t pbbs 0907899 chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

221

Eli Awaludin Jamil, 2012 Palantingan Sunda...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu Naskah Palintangan ngadadarkeun ngeunaan; 1) pananggalan, 2)

perhitungan nasib, 3) perwatekan lindu dina bulan anu 12, 4) perwatekan samagah

surya jeung candra, 5) tatanén jeung hahamaanana sarta cara nambaanana 6) lahiran,

jsb.

Mun ditilik tina huluwotanna, Naskah Palintangan boh NP I boh NP II

mangrupa naskah anu asalna ti Cirebon. Ieu hal kapanggih tina katerangan

narasumber nu nyekel naskah NP I jeung katerangan anu nyampak dina naskah NP II.

Sedengkeun kolénjér mah nepi ka dilaksanakeunna ieu panalungtikan raratanna teu

kapanggih. Naha pangaruh Baduy atawa pangaruh daérah séjénna.

Dumasar katerangan nu boga naskah, ieu naskah NP I mangrupa naskah

salinan. Éta hal dikuatan ku katerangan dina naskah anu ngajéntrékeun titimangsa

penulisan, ditulis dina taun 01-06-1965. Sedengkeun NP II ogé mangrupa naskah

salinan. Ieu bisa kapanggih alatan hurup anu dipakéna mangrupa hurup kiwari, nya

éta hurup Latén maké éjahan heubeul.

Saluareun anu kasebut di luhur, anu leuwih ngantebanna, nya éta bahan anu

dipaké dina naskah, ieu dua naskah ngagunakeun bahan keretas modern atawa kertas

anu dipaké kabéhdieunakeun. Dumasar éta hal, ieu naskah digolongkeun kana naskah

(2)

221

Eli Awaludin Jamil, 2012 Palantingan Sunda...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Disawang tina jihat eusi, NP ngadadarkeun ngeunaan; 1) pananggalan, 2)

perhitungan nasib, 3) perwatekan lindu dina bulan anu 12, 4) perwatekan samagaha

surya jeung candra, 5) tatanén, hahamaanana jeung cara nambaanana, jrrd.

Sedengkeun kolénjér mah, boh perhitungan, boh eusina henteu bisa kabaca

sagemblengna, lantaran aya bagian-bagian anu leungit atawa teu ditulis dina kolénjér,

saperti halna tanda anu nuduhkeun pawaktuan. Sawaréhna eusi kolénjér anu bisa

kabaca, nya éta; poé jeung naktuna jeung pituduh ngeunaan pernasiban, kayaning;

pati, halangan, turuning sri, suwung, jeung rizki.

Éta warisan karuhun anu sipatna buhun, ilaharna dicekel ku tokoh masarakat

atawa dukun. Rata-rata anu jadi babonna, nya éta NP lain kolénjér. Kolénjér teu pati

dipaké lantaran kurangna regenerasi kolot baheula, kurangna karep generasi ngora,

jeung rumitna dina cara ngagunakeunana.

Fungsi palintangan jeung kolenjer sabenerna lain ukur ngungkab perkara

repok, waktu hahajatan, tatanén, jrrd., tapi mangrupa iteuk dina kahirupan anu ngatur

jalma ti timimiti gubragna ka alam dunya nepi ka pungkasna umur. Sangkan dina

ngambah kahirupan nu eukeur jeung nu bakal datang henteu nincak jalan anu matak

picilakaeun. Sacara umum palintangan mah ngatur ha-hal anu sipatna kaduniawian.

Anu matak pedaranna leuwih nekenkeun ngeunaan tingkah polah hiji jalama. Éta

aturan-aturan diébréhkeunna dina wangun simbol atawa sasmita.

Kapercayaan kana hal-hal perhitungan nasib di masarakat Néngkélan

(3)

221

Eli Awaludin Jamil, 2012 Palantingan Sunda...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

nu sipatna rasional. Sedengkeun perkara-perkara anu sering diséndérkeun kana éta

hal, nya éta perkara repok, hajatan, lahiran.

NP jeung kolénjér eusining téksna pinuh pisan ku tanda-tanda. Balukar tina

éta hal, mangka NP jeung kolénjér dianalisis dumasar ulikan sémiotik anu leuwih

nekenkeun kana tanda nu mangrupa indéksikal. Tanda indéksikal anu dianalisis dina

NP jeung kolénjér, nya éta aksara palintangan, angka, kala, jeung pangaruh Islam.

5.2Saran

Hasil tina ieu panalungtikan, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun, nya

éta saperti ieu di handap.

1) Panalungtikan ngeunaan NP jeung kolénjér perlu dironjatkeun deui.

2) Panalungtikan NP jeung kolénjér dumasar pamarekan filologis jeung

sémiotik, keur panalungtik séjénna kudu leuwih nyosok jero. Sabab dina

ieu panalungtikan masih kénéh pinuh kukakurangan dina sagala hal.

Referensi

Dokumen terkait

Hak Cipta Komisi

HUBUNGAN POLA ASUH ORANG TUA DENGAN MOTIVASI ANAK UNTUK BERSEKOLAH DI KELURAHAN SUKAGALIH KECAMATAN SUKAJADI KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Berdasarkan hasil penelitian, kemampuan membaca siswa pada awal sebelum dilaksanakan siklus I dan II kemampuan siswa yang sudah dapat membaca lancar atau mendapat nilai

Prosedur yang ada di perusahaan diterapkan dengan cara yang sama pada setiap

Pengaruh Karakteristik Wirausaha dan Potensi Kewirausahaan Terhadap Keberha silan Usaha dengan Kebijakan Pengembangan UKM Sebagai Moderating (Studi Pada Pengusaha Kecil di

"Jadi akan ada 6.296 guru garis depan untuk ditempatkan di 14 provinsi dan 93 kabupaten di Indonesia," kata Poppy dalam pembukaan kegiatan Pemrosesan dan Penetapan NIP CPNS

Dengan ini saya memberi kuasa kepada rumah sakit, dokter atau orang lain yang memeriksa atau mengobati saya untuk melengkapi keterangan yang diperlukan PT ASURANSI AXA

Aligning SDGs with National Priorities: Strategic Development Plan. Vision: In 2030, Timor-Leste will be a high