BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Manusa hirup teu leupas ti lingkunganna, sabab manusa mangrupa mahluk
sosial nu enas-enasna mah butuh ku jalma séjén dina hirup kumbuhna. Nya di
dinya témbong interaksi sosial antara hiji manusa jeung manusa lianna. Interaksi
sosial mangrupa konci tina kahirupan sosial.
Ilaharna, tina interaksi sosial téh sok ngadatangkeun balukar positip jeung
balukar négatif. Balukar négatif tina interaksi sosial baris mangaruhan jalma
pikeun ngalakukeun hal-hal nu teu luyu jeung norma-norma agama katut norma
tatanan nagara. Kiwari loba kajahatan nu tumiba di masarakat, contona garelut nu
disababkeun ku hal-hal nu teu sapira akibat kadupak keur lalajo atawa gara-gara
masalah awéwé, parebut panumpang, malah nepi ka masalah politik, nu
ngabalukarkeun rajapati.
Pikeun mageran pangaruh négatif nu neba di lingkungan, manusa butuh ku
sistem pikeun nadah éta pangaruh négatif téa. Éta sistem pikeun ngungkulan
pangaruh négatif téh jengglénganana mangrupa aturan dina wangun tinulis jeung
teu tinulis.
Aturan nu teu tinulis sabenerna nyampak dina budaya lokal. Dina budaya
lokal leubeut pisan ku ajén-inajén jeung palasipah hirup. Éta ajén-inajen téh
nyangkaruk dina sawatara matéri budaya kayaning sastra.
Karuhun urang Sunda nepikeun pikiran, ide jeung rasana dina wangun carita
sangkan masarakat teu ngarasa langsung dipapatahan, kaasup karya sastra. Sabab
karya sastra nyaritakeun rupa-rupa masalah kahirupan manusa boh nu karasa, boh
nu katingali ku pangarang. Nurgiyantoro (2007:3) nyebutkeun salaku karya sastra
imaginér, carita rékaan (fiksi) nyaritakeun rupa-rupa masalah manusa jeung
kamanusaan, hirup jeung kahirupan.
Sastra mangrupa salah sahiji cabang kasenian anu geus aya ti ratusan taun
ka tukang (Danandjaja, 2002:9). Sastra henteu ngan diajén salaku hiji karya
kréatif anu dimangpaatkeun pikeun konsumsi inteléktual di sagigireun konsumsi
émosi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Rasmita (2000:2) anu nyebutkeun yén anu
disebut sastra téh nya éta karya lisan atawa tulisan anu ngandung kaéndahan boh
eusina boh rakitanana.
Dina tradisi masarakat tutur, sastra lisan beuki mekar, ieu hal téh
lumangsung lantaran masarakat jaman baheula can ngabogaan média pikeun
hiburan ka anggota masarakat séjénna. Pikeun nyumponan éta hal diciptakeun
carita-carita sastra pikeun ngirut panitén masarakat. Pungsi sastra lisan salian ti
pikeun hiburan, bisa ogé jadi alat pikeun ngajarkeun atikan moral utamana pikeun
barudak. Biasana dina sastra lisan mibanda atikan-atikan moral nu dipercaya tur
dijadikeun conto patokan ku masarakat. Ku sastra, masarakat bisa ngedalkeun
rupaning kréativitasna ngagunakeun basa nu éndah, antukna nepi ka kiwari sastra
Rusyana (1978:1-2) nétélakeun yén sastra lisan nya éta sastra nu hirup
jeung sumebarna lain dina wangun tinulis. Ciri lianna tina sastra lisan nya éta
katradisianna.
Sastra daerah (sastra lisan) hirup di sabagéan wilayah Indonesia. Pungsi
sastra daérah pikeun ngébréhkeun alam pikiran manusa, sikep jeung ajén-ajén
budaya masarakat nu ngadukungna, nu ngarojong kamekaran basa daérah jeung
sastra Indonésia ogé nepikeun gagasan-gagasan nu ngarojong pangwangunan
(Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, 1977:23-37). Ku kituna, sastra
lisan perlu dimumulé jeung dipiara. Salasahiji cara miarana nya éta ngaliwatan
panalungtikan sabab salasahiji panalungtikan sastra lisan nya éta ngarékam carita
nu ditranskipkeun dina wangun tulisan.
Sastra lisan mangrupa karya kréatip para pangarangna nu dianggap
ngagambarkeun kahirupan masarakatna, nya éta ngeunaan sawangan hirup jeung
kawijakanna. Ku kituna, sastra lisan ngabogaan ajén.
Salah sahiji ajén nu nyangkaruk dina sastra nya éta ajén budaya. Upama éta
matéri budaya diguar tur disurahan kalawan gemet, tanwandé baris ngaruniang
rupaning tuduh hirup pikeun dilarapkeun dina hirup kumbuh sapopoé.
Dongéng téh mangrupa salah sahiji matéri nu nyampak dina sastra buhun.
Kaasup kana wangunan prosa. Dina hirup kumbuh masarakat Sunda, dongéng
tumuwuh tur mekar kalawan lisan tur tatalépa. Kabéhdieunakeun, sanggeus
masarakat Sunda wawuh jeung tradisi tulis, éta wangun sastra lisan téh
didokuméntasikeun dina buku. Ku ieu hal téh, masarakat bisa leuwih laluasa
dongéng, masarakat asup kana pangalaman atawa imajinasi ngaliwatan para
palaku dina caritana.
Panalungtikan kana dongéng kawilang penting dipigawé pikeun maluruh
rélevansi dongéng jeung kanyataan nu aya di masarakat. Ajén-ajén nu aya dina
dongéng ngagambarkeun réalita sosial nu mawa pangaruh ka masarakatna. Ku
kituna, dongéng bisa dijadikeun médium pikeun mikanyaho réalitas sosial nu
diolah kalawan kréatip ku pangarang.
Dongéng mangrupa salasahiji wangun sastra lisan nu ngagambarkeun
kahirupan manusa. Dongéng mibanda ajén-inajén nu réligius jeung kamanusaan
anu universal, nya éta ngagambarkeun kahirupan manusa dina jamanna. Ajén
inajén nu nyampak dina dongéng méré tuladan ka masarakat.
Eusi dongéng bisa dipikanyaho lamun ditalungtik ngagunakeun rupa-rupa
pamarekan diantarana struktural jeung hermeneutika. Unsur ajén-inajén nu aya
dina dongéng bisa dijadikeun tetekon dina kahirupan sapopoé jeung
ngabeungharahan batin masarakat. Dongéng ngandung ajén-inajén budaya nu
dijieun ku pangarang ngaliwatan seni basana. Loba dongéng nu mibanda idé
gedé, pikiran, pangalaman jiwa nu alus, tinimbangan ngeunaan sipat alus jeung
goréng, rasa kaduhung geus ngalakukeun dosa, rasa karunya, jeung kamandang
kamanusaan nu luhung. Koentjaraningrat (1984: 8-25) nyebutkeun yén ajén
budaya téh tahapan mimiti kabudayaan idéal atawa adat. Ajén budaya nya éta
lapisan paling abstrak jeung lega ruang lingkupna. Ieu tahapan téh mangrupa
idé-idé nu ngonsépkeun ngeunaan hirup nu dianggap ngandung ajén-inajén budaya
salaku tetekon pangluhungna pikeun kalakuan manusa nu leuwih kongkrit, kitu
deui étika dina campur gaul museur kana ajén budaya nu mangrupa kaaripan
lokal.
Ajén-inajén dina dongéng téh saterusna dijadikeun bahan pikeun
panalungtikan. Éta ajén-inajén téh diulik pikeun larapkeuneun dina perkara
pédagogik, nu engkéna baris museur kana hiji obyék ulikan étnopédagogi.
Nu jadi obyék dina ieu panalungtikan nya éta dongéng-dongéng nu
dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya. Ieu dongéng dipilih lantaran ieu dongéng
téh geus ngaliwatan tahap seléksi ti unggal wewengkona nu tinangtu euyeub ku
ajén atikan dumasar kaaripan lokal.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Ieu panalungtikan téh rék diwatesanan medar perkara sawatara dongéng nu
dipasanggirikeun di Kota Tasikmalaya.
1.2.2 Rumusan Masalah
Sangkan masalah nu dipedar museur kana tujuan nu dipimaksud
diperlukeun rumusan masalah. Masalah nu rék ditalungtik dina ieu panalungtikan
nya éta:
1) Kumaha papasingan dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya?
Dina ieu hal ngawengku dongéng fabel, dongéng mite, dongéng jalma
teu lumrah, jeung dongéng sasakala.
3) Ngaliwatan ulikan hermemeutik, ajén étnopédagogi naon waé nu aya
dina dongéng di kota Tasikmalaya nu mangpaat pikeun bahan atikan?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Hiji panalungtikan kudu museur, sangkan museur jeung teu méngpar tina
pedaran utamana. Ku kituna, ieu panalungtikan téh tujuanna pikeun:
1) Ngelompokkeun dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya. Dina ieu
hal ngawengku dongéng fabel, dongéng mite, dongéng jalma teu lumrah,
jeung dongéng sasakala;.
2) Ngadeskripsikeun struktur dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya;
3) Ngadéskripsikeun ajén étnopedagogi nu aya dina dongéng di kota
Tasikmalaya nu mangpaat pikeun bahan atikan.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Dumasar kana tujuan panalungtikan, ieu panalungtikan téh mibanda
sababaraha mangpaat, di antarana:
1) Pikeun ngamumulé salasahiji warisan karuhun;
2) Pikeun jadi latihan dina nganalisis karya sastra, hususna ngeunaan ajén
étnopédagogi;
3) Bisa digunakeun salaku bahan ajar ngaprésiasi karya sastra;
4) Hasil panalungtikan bisa dijadikeun dokumén ngeunaan karya dongéng nu
sumebar di Kota Tasikmalaya.
Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan
didéfinisikeun sacara operasional sakumaha ieu di handap.
1) Ajén-ajén étnopédagogi
Ajén, pangaji, harga: ngajénan, ngahormatan, ngahargaan (LBSS, 1995:7).
Étnopédagogi nya éta praktek atikan dumasar kaarifan lokal {Alwasilah,
2010:45).
Ajén-ajén étnopédagogi dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa
ajén-ajén kaaripan lokal nu nyampak dina dongéng.
2) Dongéng di Kota Tasikmalaya
Dongéng nya éta carita rékaan dina wangun lancaran nu panjangna rélatip
pondok jeung ngandung unsur pamohalan.
Kota Tasikmalaya nya éta hiji kota di Priangan wétan nu diresmikeun jadi
kota dumasar Undang-undang No.10 Taun 2001. Kota Tasikmalaya ngawengku
10 kacamatan, 69 kalurahan.
Dongéng di Kota Tasikmalaya dina ieu panalungtikan nya éta carita
rékaan nu ngandung unsur pamohalan. nu sumebar di Kota Tasikmalaya. Nu jadi
obyék dina ieu panalungtikan nya éta dongéng nu dipasanggirikeun bulan Maret
taun 2011 di Kota Tasikmalaya.
3) Ulikan Stuktur jeung Hermeneutik
Struktur asal kecapna tina struktura (basa Latin) nu hartina wangun atawa
Strukturalisme téh salasahiji pamarekan dina panalungtikan sastra nu
leuwih museurkeun nalungtik hubungan antara unsur-unsur nu ngawangun
sastrana.
Ulikan Struktural nya éta ngadadarkeun teks dongéng dumasar
unsur-unsur intrinsik pikeun mikanyaho patalina éta unsur-unsur. Dina ieu panalungtikan
analisis téks didadarkeun pikeun néangan hubungan sabab-musababna
unsur-unsur pangwangun karya sastra saperti dina alur jeung palaku.
Sacara étimologis, kecap hermeneutika asalna tina basa Yunani:
hermeneuin nu hartina “napsirkeun”. Kecap hermeneuin lamun diIndonésiakeun
jadi hermeneutika nu hartina napsirkeun atawa ngébréhkeun pikiran hiji jalma
dina kecap nu dipakéna (Martono, 2006:11). Nu ditapsirkeun dina ieu