• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1201959 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1201959 Chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Dina hirup kumbuh masarakat, komunikasi kacida diperlukeun pikeun patali

marga jeung papadana. Komunikasi bakal mulus banglus tur taya pasalia

antarpanyatur saupama ngagunakeun basa nu merenah. Dina prakna, mindeng

kajadian nalika ngedalkeun hiji gagasan, pesen nu diungkarakeun ku panyatur teu

nepi atawa teu luyu jeung tujuan. Bisa waé pamiarsa ngarasa kasigeung atawa teu

ngarti kana obrolan nu ditepikeun. Éta hal bisa disingkahan saupama pamaké basa

ngarti kana situasi, boh kaayaan nu diajak nyarita boh kaayaan lumangsungna

komunikasi.

Pikeun ngungkulan pasualan di luhur, masarakat hususna urang Sunda tara

togmol ceplak pahang dina ngungkarakeun katugenahna, tapi sok dibalibirkeun,

sabab masarakat kacida merhatikeun tata titi, tindak tanduk, paripolah dina

kahirupan sapopoé kaasup dina komunikasi. Kabiasaan saperti kitu téh geus

diwariskeun turun tumurun ti karuhun urang, malah réa ungkara dina komunikasi

nu geus matok adeganana. Ungkara saperti kitu téh disebutna pakeman basa.

Sacara umum pakeman basa atawa idiom ngabogaan harti nu teu luyu jeung

kaédah gramatikal, sarta mun dihartikeun saayana bisa jadi salah harti. Nu

dikedalkeun ngaliwatan pakeman basa nya éta rupa-rupa pituduh, pituah,

panggeuing, panyaram, atawa panyarék laku lampah anu dianggap teu bener.

Anapon kecap-kecap anu digunakeun taya lian ti sesebutan anu kanyahoan ku

urang: katénjo, kadéngé, kaambeu, karasa, jeung kapikir (Sudaryat, 2003, kc. 92).

Éta hal dirojong ku pamadegan Hidayat spk. (2007, kc. 195) anu nétélakeun yén

omongan anu aya dina pakeman basa dilarapkeun ka jelema, ngan kecap-kecapna

henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan jelema baé,

tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema, saperti ngaran sasatoan atawa

tatangkalan anu diwangun ku omongan geusan ngedalkeun kereteg haté atawa

(2)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ungkara nu dikedalkeun bakal méré pangaruh anu leleb karasana saupama

puguh gékgékanana sarta merenah larapna luyu jeung situasi komunikasi. Anapon

dina komunikasi sapopoé, pakeman basa (idiom) dilarapkeun sacara lisan atawa

tinulis. Sawatara pangarang ngagunakeun pakeman basa jadi gaya basa anu has

dina karyana. Katapisan ngagunakeun pakeman basa dina komunikasi

ngébréhkeun sakumaha kandaga kecap anu dikawasa. Dina kaayaan masarakat

Sunda kiwari, teu sakumna masarakat tapis kana ngedalkeun katugenahna

ngaliwatan pakeman basa. Lian ti éta, sawatara kandaga kecap dianggap ahéng

alatan teu ngarti kana maksud tina ungkara nu ngandung pakeman basa. Éta hal

balukar tina mingkin saeutikna masarakat anu ngagunakeun basa Sunda di

lingkungan sapopoé, saperti di lingkungan kulawarga, masarakat, atawa sakola.

Pangajaran basa Sunda nu dilarapkeun dina kahirupan sapopoé mangrupa

salah sahiji tarékah pikeun ngungkulan heureutna kandaga kecap hususna anu

patali jeung pakeman basa. Éta hal luyu jeung pedaran Haérudin jeung Kardana

(2013, kc. 111) anu nétélakeun yén pangajaran kandaga kecap aya dina papayung

pangajaran kamahéran basa, dina topik pangajaran maca, nyarita, nulis, jeung

ngaregepkeun nu fungsina pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Ku kituna,

pangajaran anu dilarapkeun ka siswa kudu kontékstual tématis jeung eusi wacana

sarta kudu miboga hubungan anu fungsional jeung lingkungan sangkan mibanda

ma’na. Alatan euyeubna kandaga kecap anu dikawasa, mangaruhan kana

lumangsungna komunikasi dina ngébréhkeun katugenah ngaliwatan hal anu

katitén ku siswa dina kontéks makéna basa.

Larapna pakeman basa nyampak dina komunikasi boh lisan atawa tinulis.

Sacara tinulis pakeman basa kapaluruh dina wangun fiksi atawa nonfiksi. Novel

mangrupa wangun karya sastra anu sipatna fiksi sarta euyeub ku kandaga kecap

hususna istilah-istilah pakeman basa nu masih ahéng keur siswa. Analisis

ngeunaan pakeman basa anu kapaluruh dina novel dijadikeun bahan pangajaran

pikeun ngawanohkeun tur ngeuyeuban kandaga kecap ku cara dipatalikeun jeung

(3)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ngawanohkeun kandaga kecap ka siswa magrupa tarékah pikeun ngaronjatkeun

kamahéran basa.

Sacara umum wanda pakeman basa anu dipikawanoh ku siswa ngan sakur

babasan, paribasa, jeung gaya basa wungkul, sedengkeun wanda pakeman basa

lianna saperti uga, caturangga, rakitan lantip, jeung cacandran henteu

dipikawanoh ku siswa. Ku kituna, perlu diwanohkeun deui wanda-wanda

pakeman basa lianna anu dilarapkeun dina kalimah.

Dina Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda Berbasis Kurikulum 2013

(Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 56) novel mangrupa bahan

pangajaran anu dilarapkeun di SMA kelas XI. Novel anu digunakeun dina ieu

panalungtikan nya éta novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd

Sastrahadiprawira. Dina ieu novel euyeub ku istilah-istilah buhun utamana patali

jeung wanda pakeman basa anu kiwari langka dilarapkeun dina wangun-wangun

kalimah sapopoé saperti uga, rakitan lantip, jeung cacandran. Lian ti kandaga

kecap, eusi dina ieu novel patali jeung sajarah Sunda pikeun ngajembaran

pangaweruh anu patali jeung sajarah nu aya di tatar Sunda. Éta hal jadi dadasar nu

nguatkeun dijadikeunana ieu novel salaku objék analisis ngeunaan pakeman basa

ditilik tina segi semantik.

Panalungtikan nu patali jeung pakeman basa téh lain hal anu anyar. Saméméhna kungsi aya panalungtikan anu judulna: “Babasan jeung Paribasa dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karangan Karna Yudibrata” (Siswandi, 2005), “Babasan jeung Paribasa (Tilikan Linguistik Antropologis)” (Novianti, 2012), “Gaya Basa Métafora dina Babasan jeung Paribasa Basa Sunda (Tilikan Stilistika jeung Semantik)” (Anita Nurul Fauziah, 2014), jeung “Babasan jeung Paribasa nu Ngandung Ngaran Babagian Awak (Tilikan Semantik)” (Femy Firmansyah, 2014).

Panalungtikan di luhur ngan ngulik babasan jeung paribasa wungkul, henteu

dipedar nepi ka wanda pakeman basa séjénna. Jaba ti éta, hasil tina

(4)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pakeman basa penting dilarapkeun dina pangajaran alatan nyampak dina

rupa-rupa kagiatan komunikasi, boh lisan boh tinulis.

Sacara gembleng wanda pakeman basa anu dipatalikeun jeung pangajaran can kungsi dilaksanakeun. Ku kituna, panalungtikan nu judulna “Pakeman Basa dina Novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun Alternatif Bahan Pangajaran di SMA” dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Sangkan ieu panalungtikan leuwih museur jeung teu lega teuing ambahanna,

dina ieu panalungtikan dianalisis wanda pakeman basa nu ngawengku paribasa,

babasan, gaya basa, caturangga, uga, kecap injeuman, rakitan lantip, jeung

cacandran katut larapna dina pangajaran basa Sunda. Ku kituna, hal-hal nu jadi

pasualan dina ieu panalungtikan baris didadarkeun ngaliwat kalimah pananya

saperti di handap.

a. Naon waé pakeman basa nu aya dina novel Pangéran Kornél Karangan R.

Méméd Sastrahadiprawira?

b. Kumaha wanda pakeman basa nu aya dina novel Pangéran Kornél Karangan R.

Méméd Sastrahadiprawira?

c. Kumaha larapna pakeman basa dina novel Pangéran Kornél Karangan R.

Méméd Sastrahadiprawira pikeun alternatif bahan pangajaran di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Unggal panalungtikan hakékatna miboga tujuan minangka hal anu hayang

kahontal nalika ngayakeun panalungtikan. Luyu jeung rumusan masalah nu

didadarkeun, ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus.

(5)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun maluruh jeung medar

semantik ngeunaan pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R.

Méméd Sastrahadiprawira.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung

ngadeskripsikeun opat hal, nya éta:

a. pakeman basa anu aya dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd

Sastrahadiprawira;

b. wanda pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd

Sastrahadiprawira; jeung

c. larapna pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd

Sastrahadiprawira pikeun bahan pangajaran di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat, boh mangpaat tioritis boh

mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun ngajembaran

pangaweruh jeung ngeuyeuban kandaga kecap ngeunaan pakeman basa nu

gumulung dina hirup kumbuh masarakat anu dipasing-pasing dumasar wanda

pakeman basa. Jaba ti éta hasil tina ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban élmu

semantik.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun sababaraha pihak,

saperti guru, siswa, jeung panalungtik anu dideskripsikeun saperti ieu di handap.

(6)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Pikeun siswa, hasil panalungtikan ngawanohkeun jeung ngajembaran

pangaweruh ngeunaan pakeman basa pikeun dilarapkeun dina hirup kumbuh

sapopoé.

c. Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban kandaga kecap

hususna ngeunaan pakeman basa nu kapaluruh dina Novel Pangéran Kornél

karangan R. Méméd Sastrahadiprawira.

1.5 Raraga Tulisan

Hasil panalungtikan dipidangkeun dina lima bab saperti ieu di handap.

Bab I Bubuka, ngawengku kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah,

tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan.

Bab II Ulikan Pustaka, ngawengku ulikan tiori, panalungtikan saméméhna,

kalungguhan tioritis panalungtik, raraga mikir, jeung anggapan dasar.

Bab III Métode Panalungtikan, ngawengku desain panalungtikan, sumber

data, jeung ngumpulkeun data anu eusina instrumén pangumpul data, jeung téhnik

ngumpulkeun data, sarta analisis data.

Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran, didéskripsikeun hasil

panalungtikan jeung pedaran ngeunaan pakeman basa anu kapaluruh dina novel

Pangéran Kornél, karangan R. Méméd Sastrahadiprawira dumasar hasil ngolah

jeung nganalisis luyu jeung rumusan masalah panalungtikan.

Bab V Kacindekan, Implikasi, jeung Rékoméndasi, nu eusina mangrupa

kacindekan tina panalungtikan anu geus dilaksanakeun, tur ditétélakeun implikasi

Referensi

Dokumen terkait

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Papastén karya Yus Rusyana. 4) maluruhaspék sosiologi sastra dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang. Papastén karya Yus Rusyana pikeun bahan pangajaran di SMA. 1.5

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia |

pangajaran maca sajarah lokal téh perlu pikeun ditalungtik. Ku éta hal, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan museur dina pasualan “ Éféktivitas Modél Pangajaran

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma. Universitas Pendidikan Indonesia

AJÉN BUDAYA DINA SENI AJÉNG DI DÉSA CIPELANG KECAMATAN UJUNGJAYA KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |