• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1201939 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1201939 Chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Fitri Siti Nurjanah, 2016

AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Indonésia anu beunghar ku sékésélér bangsa, tangtu miboga rinéka

kabudayaan anu unik tur has. Karinékaan budaya unggal masarakat mekar

gumantung kana kamekaran jaman, kaayaan lingkungan katut masarakatna.

Masarakat nu hiji jeung nu séjénna miboga kabudayaan nu béda-béda.

Kabudayaan nu béda-béda kapanggih lain ngan ukur tina basana wungkul, tapi

tina kapercayaan, pangaweruh, pakasaban, téhnologi, ogé dina kasenianna.

Koentjaraningrat (1985, kc. 9) nétélakeun yén kabudayaan nya éta sakabéh

gagasan jeung karya manusa nu kudu dibiasakeun ku cara diajar. Kabudayaan ogé

diwangun ku sababaraha unsur nu sipatna universal. Nurutkeun Koentjaraningrat

(2009, kc. 165), budaya diwangun ku tujuh unsur, nya éta: 1) sistem réligi, 2)

sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6)

sistem pakasaban, sarta 7) sistem téknologi jeung pakakas. Éta sakabéh unsur

kabudayaan tangtu mibanda ajén- inajén pikeun dijadikeun cecekelan dina

kahirupan.

Nilik kana wujudna, kabudayaan kabagi jadi dua bagian, nya éta

kabudayaan matéril jeung kabudayaan nonmatéril. Kabudayaan matéril mangrupa

hasil karya cipta, rasa, jeung karsa manusa dina wangun barang. Hartina

kabudayaan matéril ngawengku hal anu sipatna nyampak bisa katempo ayana.

Sedengkeun kabudayaan nonmatéril mangrupa cipta, rasa, karsa manusa nu

mangrupa adat- istiadat, aturan-aturan, élmu pangaweruh, agama, seni, jsb. Hartina

kabudayaan nonmatéril ngawengku hal anu sipatna tanwujud ogé ngan ukur bisa

dirasakeun.

Kabudayaan Sunda buhun nu mangrupa adumanis antara

pangaruh-pangaruh kabudayaan asli, kabudayaan Hindu jeung Budha, ngalaman parobahan

alatan ayana pangaruh tina kabudayaan séjénna saperti Islam jeung pangaruh ti

Kulon. Dina parobahan jeung kamekaranna, robah ogé kalungguhan katut peran

kabudayaanna. Kaayaan kabudayaan nu kiwari geus mimiti kurang diaprésiasi ku

(2)

kabudayaan Sunda nu karasa anéh ku masarakatna. Padahal kabudayaan Sunda

miboga ajén nu luhur nu sakuduna diriksa tur dijaga sangkan teu leungit tina

kahirupan masarakat Sunda. Salasahiji unsur kabudayaan nu mimiti geus kurang

diaprésiasi ku masarakat Sunda nya éta kasenian.

Kasenian mangrupa salasahiji unsur nu ngawangun kabudayaan bisa

kapanggih di lingkungan sabudeureun masarakat, utamana nu masih kénéh

ngariksa kana budaya karuhunna. Kasenian minangka cicirén tina hiji bangsa

tangtu baé di jerona ngandung siloka katut ajén- inajén nu jadi cecekelan bangsa

éta sorangan. Salasahiji kasenian nu mibanda ajén budaya nya éta kasenian gésrék

anu aya di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupaten Garut. Kasenian

gésrék mangrupa salasahiji kasenian anu tumuwuh katut mekar di lingkungan

masarakat Sunda. Ieu kasenian jadi salasahiji asét anu dipimilik ku urang Sunda

salaku kabeungharan budayana.

Dina enas-enasna, kasenian gésrék téh teu jauh béda jeung kasenian debus,

alatan ieu kasenian asalna ti Banten sarta palakuna ti kelompok kasenian debus.

Tapi aya sawatara hal anu ngabédakeun kasenian gésrék jeung kasenian debus, di

antarana waditra dina kasenian gésrék leuwih loba batan kasenian debus, atraksi

nu dipintonkeun dina kasenian gésrék leuwih saeutik batan kasenian debus,

pakakas nu digunakeun dina kasenian gésrék ngan ukur bedog, a wi, jeung suluh,

sedengkeun dina kasenian debus mah aya tarajé bedog, beling, kalapa, gada, jara,

jeung gegendir. Di Garut, utamana masarakat Désa Garumukti, ieu kasenian

katelah gésrék alatan cara maénkeun bedogna anu digésrék-gésrék kana awak

palaku senina.

Dumasar data nu aya, seni gésrék téh baheulana dijadikeun métode dina

nyebarkeun agama Islam di Désa Garumukti. Ieu hal bisa katitén tina prak-prakan

ieu kasenian, saperti ayana puasa, tawasulan, maca Qur’an, ogé macakeun kitab

Barzanji. Salian ti kitu, sajarah asal- muasalna ieu kasenian téh alatan ningal kana

mu’zijat Para Rosul Alloh nu teu teurak ku bedog, bisa meulah awi ku sirah, nepi

ka mu’zijat Nabi Ibrohim nu teu bisa diduruk ku seuneu. Nilik kana sajarahna ogé, ieu kasenian tangtu mibanda ajén anu luhur nu bisa dijadikeun conto katut

cecekelan pikeun kahirupan sapopoé (wawancara jeung Abah Usup, tanggal 31

(3)

Aprésiasi masarakat kana seni gésrék téh masih kénéh kawilang luhur. Ieu

hal kititén lamun aya pintonan seni gésrék loba masarakat anu paheula-heula

nongton. Kiwari, masarakat nu panglobana lalajo téh generasi ngora, ti barudak

SD nepi ka SMA. Lantaran nu resep kana gésrék lolobana barudak, kudu

dibarengan ku kolotna sarta dibéjaan yén atraksi dina ieu kasenian tong diconto

atawa diturutan alatan bisa nyilakakeun. Salian ti kitu, pangaweruh ngeunaan ajén

seni gésrék ogé kudu ditepikeun ka generasi ngora sangkan bisa dibawa

mangpaatna (wawancara jeung Pa Nano, tanggal 14 Fébruari 2016).

Sanajan loba masarakat anu wanoh kana seni gésrék, tapi ngan saeutik

masarakat anu paham kana ajén anu nyangkaruk dina ieu kasenian. Padahal,

kautamaan tina pintonan kasenian gésrék téh ilaharna lain ngan ukur mintonkeun

kamonésan pamaénna, tapi ogé pangaweruh jeung ajén-inajén anu aya di jerona.

Pangajaran basa Sunda di sakola nu ngawengku opat kaparigelan basa bisa

dijadikeun tarékah pikeun ngawanohkeun kasenian gésrék hususna keur siswa

SMA kelas XII, di antarana ngaliwatan pangajaran maca. Dumasar kana Standar

Kompetensi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) Basa Sunda, di SMA kelas XII aya

pangajaran maca artikel. Dina ieu pangajaran, kasenian gésrék katut ajén- inajénna

bisa diwanohkeun ngaliwatan artikel nu dibaca ku siswa. Ti dieu, siswa bisa

mikaweruh ngeunaan hal-hal anu aya patalina jeung kasenian gésrék.

Nurutkeun para palaku kasenian gésrék, ieu kasenian can aya nu nalungtik.

Panalungtik ngotéktak sababaraha pabukon can kungsi manggihan hasil kajian

dina wangun skripsi jeung kajian ilmiah séjénna. Sedengkeun panalungtikan

ngeunaan ajén- inajén budaya anu dijadikeun tatapakan panalungtikan, anu medar

ngeunaan masalah kasenian geus réa, di antarana:

1. “Ajén Budaya dina Kasenian Dur Ong di Désa Cikalong Kacamatan Cikalong

Wétan Kabupatén Bandung Barat pikeun Ba han Pangajaran di SMA Kelas

XII”, ku Novianty Desita taun 2015;

2. “Ajén Budaya dina Kasenian Badogar di Désa Margalaksana Kacamatan

Cilawu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”,

ku Ginanjar Muhamad Sukamdani taun 2014;

3. “Ajén Budaya Sunda dina Kasenian Gaok di Désa Kulur Kab upatén

(4)

2013;

4. “Ajén Budaya dina Kasenian Réog Dongkol di Désa Karyamukti Kacamatan

Pataruman Kota Banjar pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMP Kelas

IX”, ku Novi Rosdiani taun 2013.

Sangkan mikanyaho kasenian gésrék katut ajén- inajén anu nyangkaruk di

jerona, perlu diayakeun panalungtikan nu tujuanna maluruh ngeunaan ajén budaya

dina kasenian gésrék anu aya di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan

Kabupatén Garut. Umumna keur kabéh masarakat, hususna siswa SMA nu can

mikawanoh jeung mikaweruh ngeunaan kasenian gésrék. Dumasar kana kasang

tukang anu geus dipedar di luhur, ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Budaya dina

Kasenian Gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut

pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Sangkan bisa mikaweruh sarta ngajawab masalah anu geus dipedar, dina

ieu panalungtikan téh diidéntifikasi katut dirumuskeun masalah luyu jeung kasang

tukang, sakumaha ditétélakeun ieu di handap.

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Luyu jeung kasang tukang panalungtikan nu geus dipedar di luhur, ieu

panalungtikan téh diwatesan. Pasualan nu dipedar dina ieu panalungtikan téh

museur kana déskripsi ajén budaya Sunda nu aya dina kasenian gésrék pikeun

pangajaran basa Sunda, tuluy hasilna disusun pikeun nyieun materi pangajaran

basa Sunda di SMA kelas XII.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, panalungtik ngarumuskeun

masalah ieu di handap.

1. Kumaha sajarah katut kamekaran kasenian gésrék nu aya di Désa Garumukti

Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut?

2. Naon waé nu kudu ditataharkeun pikeun pintonan kasenian gésrék?

3. Kumaha prak-prakan pintonan kasenian gésrék?

4. Kumaha wujud budaya jeung fungsi kasenian gésrék?

(5)

6. Kumaha déskripsi ngeunaan kasenian gésrék nu dilarapkeun dina bahan

pangajaran maca di SMA kelas XII?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung husus, sakumaha nu

ditétélakeun ieu di handap.

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun mikaweruh

ngeunaan kasenian gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén

Garut, mikaweruh kumaha prak-prakan seni gésrék sarta mikanyaho ngeunaan

ajén-inajén nu ayaa dina kasenian gésrék.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan ngeunaan kasenian gésrék di Désa

Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut pikeun ngadéskripsikeun:

1. sajarah katut kamekaran kasenian gésrék nu aya di Désa Garumukti

Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut;

2. hal-hal nu kudu ditataharkeun pikeun pintonan kasenian gésrék;

3. prak-prakan pintonan kasenian gésrék;

4. wujud budaya jeung fungsi kasenian gésrék;

5. ajén budaya nu aya dina kasenian gésrék; jeung

6. déskripsi ngeunaan kasenian gésrék nu dilarapkeun dina bahan pangajaran

maca di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh nya éta mangpaat anu

sipatna tioritis sarta mangpaat anu sipatna praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngeuyeuban

pangaweruh ngeunaan ajén budaya Sunda dina kasenian gésrék, hususna dina

pangajaran basa Sunda pikeun bahan ajar. Salian ti éta, pikeun kaperluan

panalungtikan anu leuwih jero keur ka hareupna ngeunaan kasenian gésrék di

(6)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti mangpaat tioritis nu dipedar saméméhna. Ieu panalungtikan ogé

miboga mangpaat praktis nu dipertélakeun ieu di handap, di antarana nya éta:

1. ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan sajarah katut kamekaran kasenian gésrék

nu aya di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut;

2. pikeun numuwuhkeun kasadaran masarakat kana pentingna ngamumulé ogé

ngariksa kasenian tradisional;

3. pikeun numuwuhkeun ajén-inajén budaya nu aya dina kasenian gésrék di

Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut; jeung

4. pikeun nyusun bahan materi pangajaran maca di SMA kelas XII.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

Sistematika nyusun ieu skripsi kabagi kana lima BAB jeung sababaraha

sub bagian, susunanna sakumaha ditétélakeun ieu di handap.

Bab I Bubuka eusina ngawengku: kasang tukang masalah, identifikasi

jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung

sistematika nyusun skripsi.

Bab II Ulikan Tiori anu eusina medar perkara anu aya hubunganna jeung

kasenian gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut,

saperti konsép kabudayaan, konsép ajén budaya, kasenian, pangajaran maca,

jeung konsép bahan ajar.

Bab III Métode Panalungtikan ngawengk u: gambaran umum lokasi

panalungtikan, sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan,

wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung

analisis data.

Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran.

Referensi

Dokumen terkait

Sahabat MQ/ Sebaran publikasi ilmiah dari para ilmuwan Indonesia/ kurang menggembirakan dibandingkan negara – negara Jiran di Asia Tenggara// Untuk itulah/ urgensi

Laboratorium pendidikan Matematika adalah merupakan tempat pusat kegiatan dosen dan mahasiswa calon guru Matematika melakukan kegiatan belajar dengan berbuat atau bekerja

Salah satunya adalah penelitian preklinis yang dilakukan oleh Soeprapto Ma’at tehadap ekstrak daun jambu biji (Psidium guajava) untuk pengobatan demam berdarah yang

Untuk mengatasi hambatan-hambatan dalam pelaksanaan prosedur peminjaman uang, pihak koperasi Kotamadya medan membentuk upaya: memberikan pembebanan dan sanksi serta membentuk

Dalam pembuatan mind mapping peserta didik dituntut untuk menggunakan. gambar dan simbol; menggunakan warna; ide/gagasan ditulis

[r]

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Penelitian ini menganalisa keberhasilan inseminsi buatan dengan gertak birahi pada ternak kerbau lumpur (swamp buffalo) di Kecamatan Siborongborong Kabupaten Tapanuli