27
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara nu digunakeun pikeun
ngahontal tujuan panalungtikan. Dina ieu panalungtikan métode nu dipaké nya éta
métode panalungtikan déskriptif. Métode deskriptif mangrupa hiji métode
panalungtikan nu mibanda tujuan pikeun méré gambaran ngeunaan realitas kana
objék nu ditalungtik sacara objéktif tur diébréhkeun aspék-aspék nu jadi puseur
perhatian panalungtikanna.
Ieu métode mangrupa istilah nu umum anu ngawengku rupa-rupa téhnik
déskriptif. Nu dimaksud panalungtikan kalawan maké téhnik déskriptif téh nya éta
ngawengku panalungtikan nu ngajéntrékeun, nganailisis, jeung ngelompokkeun
kalawan téhnik survéy, angket, téhnik wawancara, observasi (Surakhmand, 1989,
kaca 39).
Masalah anu ditalungtik dina kasenian Barong Domba Garut (Badogar)
mangrupa masalah nu aya dina mangsa kiwari atawa masalah faktual. Sedengkeun
nu didéskripsikeun nya éta ajén budaya dina kasenian Badogar di wilayah Désa
Margalaksana Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut.
3.2Ngumpulkeun Data
Eileen Kane (dina Moleong, 2007, kaca 157) nétélakeun harti téhnik
panalungtikan nya éta salasahiji panalungtikan anu mangrupa unsur penting.
Téhnik panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik
ngumpulkeun data.
Téhnik ngumpulkeun data mangrupa kagiatan utama dina ieu panalungtikan,
sabab tujuan utama tina ieu panaluntikan nya éta nyangking data. Ngumpulkeun
data bisa dilakukeun dina rupa-rupa sumber jeung cara. Dumasar kana sumber
datana, téknik ngumpulkeun data bis a ngagunakeun sumber primer jeung sumber
28
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sumber primer nya éta sumber data anu langsung méré data ka nu
ngumpulkeun data. Sedengkeun sumber sekunder mangrupa sumber data anu teu
langsung méré data ka nu ngumpulkeun data, misalna ngaliwatan batur atawa
ngaliwatan dokumentasi.
Ditingali tina cara ngumpulkeun datana, téknik ngumpulkeun data bisa
dilakukeun ku cara observasi, wawancara, dokumentasi, jeung gabungan tina
kaopatna. Rupa-rupa téhnik ngumpulkeun data bisa ditingali tina ieu gambar di
handap.
Gambar. 3.1
Rupa-rupa Téhnik Ngumpulkeun Data
Dumasar kana éta gambar, téhnik ngumpulkeun data miboga opat cara, nya
éta: observasi, wawancara, dokumentasi, jeung gabungan/triangulasi. Dina
panalungtikan kualitatif, ngumpulkeun data dilakukeun dina kondisi anu alamiah
(natural setting). Téhnik ngumpulkeun datana leuwih loba ngagunakeun
partisipasi observasi (participan observasi), wawancara sacara jero (in depth
interview), jeung dokumentasi.
1) Observasi
Nasution (dina Sugiyono, 2012, kaca 310) nétélakeun yén observasi nya éta
dasar sagala élmu pangaweruh. Para ilmuwan ngan bisa gawé dumasar kana data,
nya éta fakta anu dimeunangkeun ku cara observasi. Sedengkeun nurutkeun
Marshall (dina Sugiyono, 2012, kaca 310), observasi nya éta niténan paripolah
jeung makna tina éta paripolah. Ku kituna, observasi nya éta kagiatan museurkeun
panitén kana hiji obyék ngagunakeun pancadria; cara ngumpulkeun data sacara
langsung atawa nyata dumasar kana gawé jeung data anu aya. Dina ieu
Rupa-rupa tehnik ngumpulkan
Observasi
Wawancara
Dokumentasi
29
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
panalungtikan anu jadi objék observasi nya éta kasenian Badogar anu aya di Desa
Margalaksana Kacamatan Cilawu Kabupaten Garut.
2) Wawancara
Nurutkeun Esterberg (dina Sugiyono, 2012 kaca 319) wawancara mangrupa
jantungna panalungtikan sosial. Lamun nilik kana jurnal élmu sosial, tangtuna
bakal manggihan kabéh panalungtikan sosial dumasar kana wawancara, boh anu
standar boh anu sacara jero. Ku kituna, wawancara nya éta gunem catur anu
dilakukeun sacara langsung antara pananya jeung panyatur. Wawancara miboga
tujuan pikeun néangan pasualan anu kudu ditalungtik sarta digunakeun pikeun
ngumpulkeun data. Anu jadi narasumber dina ieu panalungtikan nya éta
jalma-jalma anu patali jeung objék panalungtikan, diantarana pupuhu/anu nyieun
kasenian Badogar atawa masarakat anu nyaho kana kasenian Badogar.
3) Dokumentasi
Dokumen mangrupa gambaran hiji kajadian. Dokumentasi bisa wangunna
tulisan, gambar, atawa karya-karya monumental hiji jalma. Dokumentasi anu
wangunna tulisan, misalna: tulisan sapopoé, sajarah kahirupan (life histories),
carita, biografi, aturan, kawijakan. Dokumen anu wangunna gambar, contona:
foto, gambar hirup, sketsa jeung nu séjénna. Dokumen anu wangunna karya
misalna karya seni (bisa mangrupa gambar, patung, film, jsb).
4) Triangulasi
Triangulasi dihartikeun salaku téhnik ngumpulkeun data anu sifatna
ngagabungkeun tina rupa-rupa téhnik ngumpulkeun data jeung sumber data anu
geus aya. Dina ngumpulkeun data ku cara triangulasi, panalungtik salian
ngumpulkeun data ogé nguji kredibilitas data.
Dina hal triangulasi, Susan Stainback (dina Sugiyono, 2012, kaca 330)
nétélakeun yén “the aim is not to determine the truth about some social phenomenon, rather the purpose of triangulation is to increase one’s understanding of what ever is being investigated”. (Tujuan tina triangulasi lain pikeun néangan bebeneran ngeunaan rupa-rupa hal anu nyampak, tapi leuwih kana
ningkatkeun pamahaman panalungtik kana naon anu geus kapanggih).
30
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1. Observasi ka lapangan,
2. Nyusun pedoman wawancara,
3. Wawancara narasumber,
4. Dokumentasi kagiatan,
5. Ngumpulkeun data
6. Ngolah data, jeung
7. Nyusun data.
3.3 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nya éta alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun
sarta ngolah data, sangkan leuwih gampang dina ngokolakeun hasil
panalungtikan. Instrumén panalungtikan ngawengku sakabéh alat atawa cara nu
digunakeun pikeun ngumpulkeun data nu diperlukeun. Instrumén nu digunakeun
dina ieu panalungtikan nya éta: (1) alat rekam, (2) kamera digital, (3) pedoman
wawancara, jeung (4) observasi.
1) Alat rekam
Alat rekam mangrupa alat panalungtikan anu miboga fungsi pikeun ngarekam
video atawa sora, bisa ngagunakeun handphone atawa digicam.
2) Kamera digital
Kamera digital mangrupa alat panalungtikan anu miboga fungsi pikeun
ngarekam video jeung neundeun gambar.
3) Pedoman wawancara
Pedoman wawancara nya éta sajumlahing patalékan anu digunakeun pikeun
meunangkeun informasi pikeun meunangkeun data. Anapon pedoman wawancara
anu digunakeun nya éta:
INSTRUMEN WAWANCARA
No Patalékan
1. Ti iraha mimiti ayana kasenian Badogar di Désa Margalaksana ?
2. Dina kagiatan naon waé dilaksanakeun kagiatan Badogar?
31
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4. Aya bédana teu antara kasenian Badogar jeung kasenian séjénna?
5. Aya kagiatan anu beda teu dina kasenian Badogar jeung kagiatan kasenian
séjénna?
6. Aya ajén naon waé anu nyangkaruk dina kasenian Badogar ? Sebutkeun
naon waé?
7. Tujuan nyieun kasenian Badogar téh pikeun naon?
8. Pakakas naon waé nu biasa dipaké dina kasenian Badogar? Aya pakakas nu
husus teu?
9. Naha aya kagiatan anu husus (anu dianggap sakral) dina kasenian Badogar ?
Wasta :
Alamat :
Umur :
Pakasaban :
4) Observasi
Observasi nya éta cara nu dipaké pikeun niténan data lapangan.
3.4 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.4.1 Lokasi Panalungtikan
Lokasi anu dijadikeun tempat dina ieu panalungtikan nya éta aya di Désa
Margalaksana Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut. Jarakna 3 km ti puseur kota.
Wates wilayah Désa Margalaksana nya éta beulah kaler aya Désa Ngamplang,
beulah kidul aya Desa Dawungsari, beulah wétan aya Désa Pasanggrahan, beulah
kulon aya Désa anu ngaranna Desa Kolot. Totallega wilayah Désa Margalaksana
nya éta 142 Ha ngawengku lahan sawah, tanah garing, kebon, fasilitas umum,
leuweung, jrrd. Lokasi nu dijadikeun panalungtikanna nya éta di kampung
Cikancung anu mangrupa salasahiji lembur kasenian anu aya di Desa
32
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.4.2 Sumber Data Panalungtikan
Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta:
1) Anu nyieun kasenian Badogar, jeung
2) Masarakat, boh ti aparat désa boh ti masarakat umum.
3.5 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan mangrupa rarancang anu digunakeun ku panalungtik
pikeun meunangkeun data anu rék ditalungtik. Desain panalungtikan ngawengku
prosés-prosés saperti ieu di handap:
1) Tatahar
2) Néangan référénsi (studi pustaka)
3) Obsérvasi
4) Ngaanalisis jeung ngolah data
33
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan wangenan operasional, diantarana:
(1) ajén budaya, (2) kasenian Badogar, (3) bahan pangajaran maca.
1) Ajén budaya
Ajén budaya nya éta ajén-ajén budaya anu aya sarta dirageman hiji masarakat
atawa organisasi, anu nyoko kana kabiasaan, kapercayaan, jeung simbol-simbol
anu tangtu.
2) Kasenian Badogar
Kasenian Badogar nya éta salasahiji kasenian karya cipta urang Garut anu has
ti daérah Desa Margalaksana Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut.
3) Bahan pangajaran maca
Bahan pangajaran maca nya éta salasahiji matéri pangajaran nu ditepikeun ka
siswa dina kagiatan diajar-ngajar, anu miboga tujuan sangkan nambahan
pangaweruh jeung pangalaman siswa, ngaliwatan kaparigelan maca dina