• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1000975 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1000975 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

80

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Kasenian Réog Cengal gelarna taun 1940-an, ieu kasenian mangrupa

salasahiji kasenian tradisonal nu aya di wewengkon Cengal, Kacamatan Japara,

Kabupatén Kuningan. Kasenian Réog Cengal asalna ti Désa Sangkanhurip

kacamatan Cigandamekar, grup réog Sangkanhurip atawa grup réog Pusaka

Janggala, kasenian réog ieu dipingpin ku Bapa Tawes. Teu lila ti éta, Roheman

sanggeus meunang idin ti Bapa Tawes ngadegkeun grup réog “Pusaka

Margahurip”. Ti dinya aya nu nuluykeun kasenian réog ti Roheman nya éta Ebro, dina taun 1970-an Ebro nu mingpin ieu kasenian. Kasenian réog nu dipingpin ku

Ebro, dingaranan “Réog Buhun Désa Cengal”.

Prak-prakan mintonkeun kasenian Réog Cengal aya sababaraha kagiatan,

nya éta tatalu, babadayan, bobodoran atawa dagelan, penca silat, jeung

nyandiwara atawa ngalalakon. Tempat jeung waktu lumangsungna pintonan bisa

di mana waé. Pintonan kasenian Réog Cengal disaluyukeun jeung wirahma tur

gerakan anu sipatna ngahibur, luyu jeung kabiasaan atawa adat-istiadat urang

Sunda nu miboga sipat humor. Saméméh pintonan prung dimimitian, aya kagiatan

awal nu dipigawé nya éta nyiapkeun kalengkepan pikeun ngujuban (basa

wewengkon Kuningan) atawa nyuguh, jeung pakakas péntas. Pakakas ngujuban

(nyuguh) nya éta parukuyan, sasajén, jeung panyinglar. Nu mangrupa média

pikeun nepikeun pesen ka roh karuhun, sangkan pintonan Réog Cengal aya dina

kalancaran

Ajén éstétika dina kasenian Réog Cengal ditilik tina unsur-unsur éstétis

ngawengku wujud (kostum, gerak, jeung waditra), eusi jeung pintonan kasenian

Réog Cengal. Kostum nu dipaké ku pamaén nu nabeuh kentrung, jongjrong, jeung

dungpak, nya éta iket, baju kamprét, calana komprang, sampur, jeung samping.

Kostum nu dipaké ku pamaén Réog Cengal miboga ajén ékstrinsik, nya éta baju

katut propertina mangrupa kaéndahan ékstrinsik nu méré gambaran sangkan

(2)

81

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nu diwujudkeun dina wangun kostum nu ngawakilan éksprési pamaén luyu jeung

karakter dina pintonan kasenian Réog Cengal. Gerak jeung tari dina kasenian

Réog Cengal kaasup kana ajén éstétis anu murni, Gerakan babadayan kaasup kana

ajén éstétis nu murni, lantaran dina gerak saluyu jeung tempo dina wirahma.

Hartina ajén éstétis éta aya, katitén tina gerakan anu dipintonkeun ku pamaén

Réog Cengal biasana pikaseurieun. Dina kasenian Réog Cengal waditra anu

dipaké nya éta dog-dog, kecrék, goong, angklung, tarompét, saron, jeung

kendang. Sakabéh waditra éta téh mangaruhan kana pintonan Réog Cengal jeung

mangrupa unsur pang pentingna kana lumangsuna pintonan. Ku kituna unsur

waditra téh teu bisa dileupaskeun tina pintonan kasenian Réog Cengal. Salila

pintonan kasenian Réog Cengal lumangsung dipirig ku waditra, waditra anu

dipaké miboga ajén éstétika saperti waditra kendang miboga nya éta pikeun

ngatur irama lagu. Tarompét nya éta salaku mélodi lagu,tarompét dipaké salaku

alat tiup dina kasenian Réog cengal. Kaéndahan dina pintonan Kasenian Réog

Cengal mibanda ajén éksprési jeung ajén katarsis katémbong dina waktu pintonan

kasenian Réog Cengal lumangsung, pamiarsa ngarasa kahibur jeung bungah

nalika pintonan lumangsung, katitén aya dina gerakan babadayan, bobodoran

jeung ngalalakon.

Hasil panalungtikan ngeunaan kasenian Réog Cengal bisa jadi salasahiji

alternatif bahan pangajaran Basa jeung sastra Sunda, hususna matéri ngeunaan

budaya nya éta “Maca Bahasan Kasenian”. Matéri ngeunaan éstétika téh kaasup matéri nu rada kompleks. Jadi nu luyu pikeun nyangking pangajaran téh nya éta

siswa SMP kelas IX, aya dina pangajaran “Maca Bahasan Kasenian”. Matéri ngeunan ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Réog Cengal bisa

dilarapkeun dina pangajaran maca bahasan kasenian Réog Cengal nu luyu jeung

KIKD.

5.2. Saran

Sabada nyindekkeun hasil analisis data jeung kacindekan, aya sawatara

rékoméndasi pikeun panalungtikan satuluyna, hususna dina panalungtikan maca

(3)

82

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kasenian tradisional nu aya di Jawa Barat. Hususna nya éta kasenian Réog Cengal

nu aya di Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan. Sangkan kasenian ieu teu

leungit aya sababaraha saran di antarana pikeun: lembaga kasenian, guru,

mahasiswa, jeung masarakat.

1) Lembaga Kasenian

Lembaga kasenian dipiharep bisa ngainvéntarisir budaya jeung seni, hususna

kasenian nu aya di Jawa Barat.

2) Guru

Guru bisa ngamangpaatkeun hasil panalungtikan nu luyu jeung Rencana

Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) nu aya dina bab IV.

3) Mahasiswa

Mahasiswa bisa ngayakeun deui panalungtikan dina kasenian Réog Cengal,

sangkan bisa ngaguar hal-hal séjénna dina garapan anu leuwih husus.

4) Masarakat

Masarakat kudu bisa ngarojong jeung ngamumulé kasenian Réog Cengal

Referensi

Dokumen terkait

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Dengan menggunaan komputer, kegiatan akan b erjalan 1ebih e fisien dan efektif dibandingkan dengan cara manual yang dalam menghitung transaksi penjualan baju

Permasalahan yang pertama dalam penelitian ini yaitu “Bagaimana tingkat kompetensi individu di Badan Kepegawaian Daerah Provinsi Jawa Barat” berada pada kategori

Hasil uji koefisien determinasi R Square = 0,706, berarti 70,6% prestasi kerja karyawan dapat dijelaskan oleh kesehatan, keselamatan dan motivasi, sedangkan sisanya 29,4%

Pada bagian Kontak Kami berisikan alamat email yang dapat dihubungi langsung ke agen TiKon. Dalam pembuatan website ini penulis menggunakan PHP, MySQL dan macromedia dreamweaver MX

Untuk memenangkan persaingan, perusahaan harus mampu memberikan kepuasan kepada para pelanggannya, misalnya dengan memberikan pelayanan yang mutunya lebih baik, harganya relatif

Penelitian ini diharapkan memberikan informasi dalam pemakaian cangkang kapsul alginat sebagai sediaan floating yang dapat bertahan di lambung, sehingga dapat menjadi salah

Perusahaan diawali dengan adanya beberapa tujuan tertentu yang hanya dapat dicapai melalui tindakan yang harus dilakukan dengan persetujuan bersama.Sejalan dengan