68
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Lahirna kasenian Badogar mangrupa hasil daya cipta manusa dumasar kana potensi daérah anu aya di Kabupaten Garut. Ayana ieu kasenian mangrupa gambaran ngeunaan domba adu anu hideung, badag, jeung pikasieuneun ngaranna si Jagat. Ku kituna, ayana kasenian Badogar nandakeun ajén, maksud, jeung gagasan nu tangtu ti nu nyiptakeunana.
Lian ti éta, dina ieu kasenian ogé ngagambarkeun ajén-ajén tina adat-istiadat minangka wujud idéal tina kabudayaan. Ajén kabudayaan mangrupa dadasar hirup anu aya di masarakat. Ku sabab kitu, hiji kabudayaan miboga ajén kabudayaan lamun miboga unsur étika, unsur éstétika, unsur moral jeung unsur agama. Éta ajén budaya kaciri salasahijina tina papakéan dina kasenian Badogar. Nalika pintonan ieu kasenian aya unsur basajan anu digambarkeun dina papakéan pangsi. Ieu kabasajanan mangrupa gambaran kahirupan masarakat Sunda, hususna masarakat Désa Margalaksana Kecamatan Cilawu. Ayana kerincing mangrupa ciri tina kasenian domba anu jadi ikon Kabupaten Garut.
Saupama dipatalikeun jeung ajén budaya dina ieu kasenian, kasenian Badogar miboga ajén ngawengku:
a. Ajén tioritis, katitén tina prosés dina nyieun Badogar.
b. Ajén ékonomi, katitén tina kauntungan anu dipibeunang ngaliwatan kasenian Badogar.
c. Ajén éstetik, katitén tina papakéan jeung waditra anu digunakeun dina kasenian Badogar.
d. Ajén politis, katitén tina struktur organisasi sanggar Gentra Sawargi anu ngarojong kana ieu kasenian.
e. Ajén sosial, katitén tina hubungan masarakat jeung para pamaén kasenian Badogar.
69
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tarékahna, nya éta dijieunna bacaan bahasan budaya kasenian Badogar. Ieu bahan pangajaran bisa dilakukeun di siswa kelas XI SMA dina kaparigelan maca.
5.2 Saran
Dina ieu panalungtikan teu leupas tina kakurangan, utamana dina proses nyieun jeung sawangan ngeunaan ieu kasenian. Tapi sanajan kitu, mudah-mudahan ieu panalungtikan bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabeungharan budaya hususna kabeungharan kasenian Badogar. Saeutik lobana panyusun ngusulkeun saran hususna ka pihak-pihak anu patali jeung ieu panalungtikan.
1. Pamaréntah
Dina kalumangsungan kasenian Badogar, perlu ayana titénan ti masarakat Garut hususna pihak pamaréntah. Ieu hal miboga tujuan sangkan ieu kasenian leuwih mekar dina prosés kamekaranana. Tarékah anu bisa dilakukeun ku pihak pamaréntah, diantarana mintonkeun kasenian Badogar dina acara-acara pamaréntah anu dianggap penting. Ieu hal sangkan masarakat sacara umumna apal kana ieu kasenian. Ku apalna kana ieu kasenian, bakal aya rasa miboga nepi ka bisa milu ngamumulé ieu kasenian.
2. Guru basa Sunda
70
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014
AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3. Sanggar Gentra Sawargi