• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB III METODE PANALUNGTIKAN"

Copied!
10
0
0

Teks penuh

(1)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 22

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi anu dijadikeun tempat panalungtikan pikeun nyangking data ngeunaan tradisi nyepuh téh pernahna di Désa Ciomas, Kecamatan Panjalu, Kabupatén Ciamis, Provinsi Jawa Barat, Indonésia. Desa Ciomas mangrupa salah sahiji desa tina dalapan desa anu aya di wilayah Kecamatan Panjalu, pernahna tilu Kilometer ti ibu kota Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis. Kantor Désa Ciomas pernahna di Jalan Raya Panjalu-Kawali Nomor 83.

Lega ieu desa téh kira-kira 872.382 Ha. Dibandingkeun sawah anu legana 200.000 Ha, kebon jadi tempat anu panglegana di ieu desa nyaéta 461.870 Ha. Wates Désa Ciomas téh di beulah kalér Désa Maparah, di beulah kidul jeung Gunung Sawal, di beulah kulon Désa Sandingtaman, jeung di beulah wétan Désa Panjalu.

Sacara administratif Désa Ciomas ngawengku 11 dusun, 20 RW, jeung 44 RT. Salian ti éta, jumlah jalma Désa Ciomas téh 7.139 urang, lalaki 3.917 urang sedengkeun awéwéna aya 3.522 urang.

Pakasaban masarakat Désa Ciomas leuwih loba anu jadi buruh tani nyaéta 2.157 urang jeung anu jadi patani aya 2.094 urang. Salian ti dina widang tatanén, aya oge anu jadi tukang dagang nyaéta 698 urang, tuluy anu jadi buruh aya 352 urang, sésana aya nu jadi pagawé swasta, PNS, jeung pangsiunan.

Masarakatna kabéh ngagem agama Islam. Ku kituna, loba fasilitas umum anu ngarojong pikeun ngalaksanakeun ibadah. Di ieu desa jumlah masjidna aya 15, musola aya 32, jeung aya dua pondok pasantrén di Désa Ciomas. (Data Desember, 2013).

(2)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gambar 3.1

Peta Wilayah

3.1.2 Sumber Data

Lofland jeung Lofland (dina Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 169) nétélakeun yén sumber data utama dina panalungtikan kualitatif nyaéta kecap-kecap jeung paripolah, saleuwihna mah data tambahan saperti dokumen jeung sajabana. Kecap-kecap jeung paripolah jalma-jalma anu ditalungtik atawa diwawancara mangrupa data anu utama. Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta saperti ieu di handap.

a. Data ti sesepuh atawa kuncén Désa Ciomas anu leuwih apal kana tradisi nyepuh Ciomas.

(3)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Data ti aparat Desa Ciomas jeung, pikeun nyangking data ngeunaan kaayaan di Désa Ciomas.

c. Data ti sababaraha jalma di Désa Ciomas, Kecamatan Panjalu, Kabupaten Ciamis, nu apal kana ieu tradisi nyepuh Ciomas.

d. Data ti aparat Kecamatan Panjalu, Kabupatén Ciamis anu kalungguhanana salaku budayawan sarta apal kana tradisi Nyepuh.

Format data informan anu diasongkeun waktu lumangsungna kagiatan wawancara nyaéta:

Tabél 3.1 Format Data Informan

Data Informan 1. Wasta : 2. Jenis Kelamin : 3. Yuswa : 4. Alamat : 5. Pakasaban : 6. Atikan : 7. Kalungguhan : 3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nyaéta rarancang kabéh hal jeung kagiatan anu dilakukeun ku panalungtik ti saacan panalungtikan, keur dilaksanakeun panalungtikan, sarta nepi ka aya kacindekan jeung laporanna panalungtikan. Desain panalungtikan dipidangkeun dina ieu bagan di handap.

(4)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

3.3 Metode Panalungtikan

Metode nyaéta cara gawé pikeun maham jeung neuleuman sacara nyosok jero kana objek anu jadi sasaran (Syamsuddin jeung Damaianti, 2011, kc. 31). Metode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode deskriptif. Anu dimaksud

TUJUAN PANALUNGTIKAN

Ngadéskripsikeun:

1. Sajarah tradisi nyepuh

2. Prak-prakan dina tradisi nyepuh

3. Simbol-simbol nu nyampak dina tradisi nyepuh 4. Matalikeun simbol budaya anu nyampak dina

tradisi nyepuh pikeun pangajara maca di SMA kelas XII

Nangtukeun masalah

Ngarumuskeun masalah

Nangtukeun metode jeung tehnik panalungtikan

Ngumpulkeun data

Ngolah data

(5)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

metode panalungtikan deskriptif nyaéta panalungtikan anu miboga udagan pikeun ngadadarkeun kajadian atawa fenomena anu aya. Panalungtikan deskriptif ngajén sifat tina kondisi-kondisi anu aya, konkret. Tujuan ieu panalungtikan diwatesanan pikeun ngagambarkeun karakteristik dina hiji hal anu geus nyampak (Syamsuddin jeung Damaianti, 2011, kc. 24).

Pamarekan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta pamarekan kualitatif. Pamarekan kualitatif nurutkeun Bogdan jeung Taylor dina Basrowi jeung Suwandi (2008, kc. 21), nyaéta prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun data déskriptif, mangrupa kekecapan anu ditulis atawa sacara lisan mangrupa omongan ti jalma-jalma jeung paripolah anu bisa ditempo jeung ditalungtik. Nurutkeun Basrowi jeung Suwandi (2008, kc. 187), pamarekan kualitatif téh bisa nyangking pamahaman jeung panafsiran anu nyosok jero ngeunaan ma’na, kanyataan, jeung fakta anu relevan. Moleong nétélakeun yén panalungtikan kualitatif sifatna deskriptif, data anu dikumpulkeun leuwih loba mangrupa kecap-kecap atawa gambar dibandingkeun jeung angka-angka (Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 187).

Saluyu jeung metode anu digunakeun, ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadeskripsikeun tradisi nyepuh di Desa Ciomas Kecamatan Panjalu, struktur prak-prakanana, maluruh unsur semiotika teori Sanders Peirce nyaéta ikon, indeks, jeung simbol dina éta tradisi, jeung ngalarapkeunana dina bahan pangajaran maca artikel di SMA.

3.4 Wangenan Operasional

Dina wangenan operasional ngajéntrékeun istilah-istilah dina judul panalungtikan, sangkan nu maca boga gambaran ngeunaan ieu panalungtikan. a. Simbol nyaéta tanda pikeun rupa-rupa hal anu aya dina kahirupan sarta

miboga ma’na anu geus disapukan babarengan.

b. Tradisi nyepuh Désa Ciomas Kecamatan Panjalu nyaéta salah sahiji kabiasaaan anu nepi ka ayeuna masih dilaksanakeun sataun sakali ku masarakat Désa Ciomas Kecamatan Panjalu. Tradisi nyepuh téh tradisi ngaberesihkeun diri saacan nyanghareupan bulan Romadon. Sacara saréatna

(6)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jalma-jalma diberesihkeun ku cai anu dianggap karamat, nyaéta cai ti geger emas. Cai geger emas dianggap karamat, lantaran asal éta cai téh tina cai jam-jam anu dibawa ku ulama ti Mekkah. Ku kituna, salian ti beberesih diri dina nyepuh gé dihususkeun pikeun jarah ka makam ulama.

c. Bahan pangajaran nyaéta pangrojong dina kagiatan diajar-ngajar pikeun ngahontal udagan pangajaran anu wujudna bisa jelema, data, atawa wujud séjén.

d. Maca artikel mangrupa hiji kagiatan mikir pikeun nyangking sarta maham pesen tina tulisan bébas. Tulisan bebas di dieu eusina opini hiji jalma anu medar hiji masalah nu tangtu nepi ka réngsé, sifatna aktual atawa kontroversial, miboga udagan pikeun méré nyaho (informatif), mangaruhan jeung ngayakinkeun (persuasif argumentatif), atawa ngahibur pamaca (rekreatif). Materi ngeunaan artikel téh aya di SMA kelas XII, anu salah sahiji kompetensi intina nyaéta menginterpretasi, menanggapi, dan mengomentari

teks artikel sesuai dengan kaidah-kaidahnya (12.4.3).

Jadi, maksud tina judul “Simbol-simbol anu Nyampak dina Tradisi Nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA” nya eta panalungtikan pikeun ngadeskripsikeun tradisi nyepuh, ngaanalisis unsur semiotika dina éta tradisi, sarta ngalarapkeun kana bahan pagajaran maca artikel di SMA Kelas XII.

3.5 Instrumen Panalungtikan

Sukardi (2011, kc. 121) nétélakeun yén instrumen panalungtikan téh alat atawa pakakas pikeun ngumpulkeun data lapangan. Instrumén nu alus nyaéta alat anu mampuh nyangking informasi boh tina objek boh tina subjek panalungtikan. Panalungtik bisa ngagunakeun instrumen anu geus aya saperti handphone atawa nyieun instrumen saperti nyieun padoman wawancara. Instrumen dina ieu panalungtikan ditataan di handap.

(7)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu a. Handphone

Handphone digunakeun dina prosés wawancara pikeun ngalakukeun

sadap-rekam ka narasumber. b. Kamera digital

Kamera digital digunakeun pikeun dokumentasi anu mangrupa visual saperti poto atawa gambar, jeung audio-visual saperti video dina tradisi nyepuh atawa waktu wawancara.

c. Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun nungtun panalungtik dina prosés wawancara. Salian ti éta, nyieun pedoman wawancara téh pikeun museurkeun patalékan-patalékan anu penting, anu bisa dijadikeun data dina panalungtikan. Pedoman wawancara gé bisa ngaefektifkeun waktu dina prosés wawancara. Format wawancara anu digunakeun dina prosés wawancara ditaan di handap.

Tabel 3.2 Pedoman Wawancara

Rumusan Patarosan dina wangun pernyataan

(1) (2)

Sajarah 1. Sajarah ayana tradisi nyepuh nepi ka aya di Désa Ciomas 2. Waktu mimiti ngalaksanakeun tradisi nyepuh.

3. Asal-usul ngaran tradisi nyepuh

4. Udagan dina nyiptakeun tradisi nyepuh. 5. Pamadegan masarakat kana cai ti Geger Emas. 6. Kaayaan tradisi nyepuh di jaman kiwari. Prak-prakan 7. Ritual dina tradisi nyepuh.

8. Du’a atawa mantra dina ritualna. 9. Lalaguan suci.

10. Prosesi atawa upacara adat waktu jarah ka makam 11. Jalma anu ngala cai karamat ti Geger Emas. 12. Lobana cai ti Geger Emas anu diala.

(8)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(1) (2)

13. Cara ngagunakeun jeung pungsi cai ti Geger Emas. 14. Jenis, ngaran, jumlah, ukuran tangkal anu dipelak. 15. Tempat dipelakna tangkal.

16. Udagan dahar tumpeng babarengan. 17. Kasenian dina tradisi nyepuh.

Pakakas 18. Pakakas anu digunakeun dina tradisi nyepuh.

19. Pungsi tina pakakas anu digunakeun dina tradisi nyepuh. 20. Pakéan jalma-jalma anu ngalaksanakeun tradisi nyepuh. 21. Kadaharan anu aya dina tradisi nyepuh.

22. Parobahan dina pakakas atawa bahan-bahan anu digunakeun dina tradisi nyepuh.

Unsur Semiotika

23. Ikon, indéks, jeung simbol dina tradisi nyepuh saperti ayana

tumpeng jeung baju bodas anu diparake ku nu

ngalaksanakeun tradisi nyepuh. Cara

ngamumulé

24. Cara nanjeurkeun jeung ngamumulé tradisi nyepuh.

3.6 Tehnik Ngumpulkeun Data

Tehnik anu digunakeun dina ngumpulkeun data tradisi nyepuh nyaéta tehnik talaah pustaka, observasi, wawancara, jeung dokumentasi.

a. Téhnik Talaah Pustaka

Tehnik talaah pustaka digunakeun pikeun nyangking sarta néangan tiori-tiori tina bahan tulisan. Eta tiori-tiori anu digunakeun kudu saluyu jeung objek anu ditalangtik.

b. Tehnik Observasi

Observasi atawa pengamatan atawa niténan téh museurkeun panitén kana hiji objek ngagunakeun kabéh alat indera. Observasi gé mangrupa niténan sacara langsung, bisa dilakukeun ku cara tes, kuesioner, rekaman gambar, jeung rekaman sora (Arikunto, 2010, kc. 199). Tehnik observasi dilakukeun sangkan bisa

(9)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nyangking gambaran ngeunaan tradisi nyepuh, salian ti éta bisa nempo sacara langsung kondisi masarakat anu ilubiung dina tradisi nyepuh.

c. Tehnik Wawancara

Wawancara nyaéta hiji paguneman anu miboga udagan (Syamsuddin jeung Damaianti, 2011, kc. 94). Maryaeni (2005, kc. 70) nétélakeun yén wawancara atawa interview nyaéta salah sahiji cara dina nyangking data anu dilakukeun ngaliwatan kagiatan komunikasi lisan. Wangunna aya nu terstruktur,

semi-struktur, jeung teu terstruktur. Wawancara anu terstruktur mah wawancara anu

geus diarahkeun ku sajumlahing patalékan sacara ketat. Semi struktur mah sanajan geus diarahkeun ku sajumlahing patalékan tapi teu nutup kamungkinan aya patalékan anyar anu ideuna datang sacara spontan saluyu jeung konteks paguneman anu keur dilakukeun. Wawancara teu terstrukur, nyaéta wawancara anu museur kana pasualan anu teu kauger ku format-format nu tangtu.

d. Tehnik Dokumentasi

Tehnik dokumentasi mangrupa tehnik pikeun nyangking informasi ngaliwatan data tulisan, lisan, jeung gambar (poto). Gambar jeung lisan atawa sora bisa dicangking ngaliwatan media elektronik saperti handphone jeung kamera digital. Hasil data tina tehnik dokumentasi bisa dijadikeun referensi sarta bukti geus ngalakukeun panalungtikan.

3.7 Analisis Data

Tehnik ngolah data dilakukeun sanggeus panalungtik boga data-data ngeunaan tradisi nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis. Aya sababaraha tahapan sanggeus data kakumpul, nyaéta anu mimiti milah jeung milih data anu saluyu jeung naon anu rék ditalungtik. Anu kadua, mariksa data anu réh diolah. Katilu, éta data téh dideskripsikeun saluyu jeung udagan panalungtikan. Tuluy nganalisis unsure semiotika dina tradisi nyepuh ku tiori Peirce (ikon, indeks, simbol). Sanggeus réngse ngadeskripsikeun jeung ngaanalisis simbol-simbol, hasilna dilarapkeun kana bahan pangajaran maca artikel pikeun tingkat SMA. Anu pamungkas, nyieun kacindekan ngeunaan

(10)

Krisna Amelia,2014

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

deskripsi jeung analisis simbol-simbol dina tradisi nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis.

Referensi

Dokumen terkait

Dumasar kana pedaran dina bab saméméhna, bisa dicindekkeun opat hal anu patali jeung tradisi Babarit Désa saperti ieu di handap. 1) Tradisi Babarit Désa dilaksanakeun di Désa

4.1.4 Unsur Lingkungan anu nyampak dina Kandaga Kecap Pakakas Tradisional di Kampung Naga ditilik tina jihat Diversity ... Patalina antara Kandaga Kecap Pakakas Tradisional anu

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ku cara téhnik tés. Tés anu dilakukeun tujuanana pikeun mikanyaho sarta ngabandingkeun.. Hasil nulis karangan éksposisi

Métode déskriptif nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar dina cara déskriptif wungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu meunangkeun

Hasil panalungtikan ngeunaan ulikan semiotik mah geus aya saperti “Simbol jeung Ma’na nu Nyampak dina Tradisi Nikah di Desa Cigugur Kacamatan Parongpong Kabupaten

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu tujuanana pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua.. Saupama Fitung < Ftabél hartina variasi

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés. Téhnik tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nyangking data boh saméméh boh

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés. Téhnik tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun meunangkeun data boh saméméh boh