• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1200810 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1200810 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

75

Lisa Aprisa Kartikasari, 2016

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Udagan tina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun asal-muasal KBD, ngadéskripsikeun prak-prakan KBD, maluruh jeung ngdéskripsikeun ajén éstétika nu nyampak dina KBD, jeung larapna hasil panalungtikan KBD pikeun bahan ajar dina pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII. Tiori anu dipaké pikeun medar ajén éstétika dina KBD nya éta tiori Kant. Métode nu dipaké nya éta déskriptif kalayan pamarekan kualitatif. Téhnik nu dipaké dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik observasi, wawancara, catetan lapangan, jeung dokuméntasi.

Asal-muasal KBD mimitina tina hasil kréativitas sarta éksprési seniman Aan Ardiana. Anjeunna boga kahayang gedé pikeun nyieun hiji kasenian anu bakal jadi ciri has daerahna tur bisa nambahan kajembaran kasenian nu aya di tatar Sunda sangkan terus mekar jeung teu kadéséh ku kasenian deungeun. Lian ti éta, Aan kainspirasi ku seniman-seniman anu sok babarengan jeung anjeunna waktu masih jadi pamaén wayang landung jeung bebegig sukamantri. Gelarna KBD persisna dina taun 2010 di Désa Cibeureum Kecamatan Sukamantri. Dina taun 2013 KBD pindah ka Dusun Cimendong Désa Panjalu lantaran kurang pangrojong ti masarakat Désa Cibeureum. Tina hasil kamotekaran jeung gawé bareng anu hadé antara Aan jeung Sutan Ahmad, KBD ngalaman parobahan tina wangun jeung wandana.

(2)

76

Lisa Aprisa Kartikasari, 2016

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

sabilulungan antar pamaén nya éta pikeun nangtukeun hadé gorengna pintonan nya éta pamaén anu mawa buta, nayaga, nu ngibing jeung seniman. Salian ti éta, dina pintonan KBD aya ajén atikan anu bisa dicangking ku nu nongton nya éta waktu buta tarung jeung barong ngagambarkeun yén dina hirup kumbuh di masarakat pasti loba pasualan nu disanghareupan, kitu deui dina laku lampah manusa anu goréng bakal ngahasilkeun kagoréngan kitu ogé sabalikna. Dina pintonan KBD aya unsur kaéndahan nu bisa dicangking ku nu nongton atawa penikmat seni. Patalina éta unsur-unsur nu ngahasilkeun pintonan nu éndah, bisa ditilik tina unsur-unsur seni nu ngawengku unsur seni rupa, seni musik, seni tari, jeung seni drama.

(3)

77

Lisa Aprisa Kartikasari, 2016

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Ajén éstétika anu nyampak dina KBD téh bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun bahan pangajaran di sakola, hususna dina pangajaran ngeunaan budaya nya éta maca bahasan kasenian. Patalina jeung pangajaran maca bahasan kasenian, ajén éstétika anu nyampak dina KBD di Dusun Cimendong Désa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis bisa dijadikeun bahan ajar nu dilarapkeun dina pangajaran maca bahasan kasenian saluyu jeung Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP).

5.3Rékoméndasi

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngeuyeuban deui informasi ngeunaan kasenian anu aya di Jawa Barat, hususna di Kabupatén Ciamis. Sangkan ieu kasenian teu tumpur ku jaman, aya sababaraha saran anu ditujukeun ka: 1) mahasiswa; 2) guru; 3) masarakat; jeung 4) lembaga-lembaga kesenian.

Mahasiswa. Mahasiswa salaku akademisi dipiharep ngayakeun deui

panalungtikan anu leuwih jero jeung leuwih husus, sangkan bisa kaguar deui hal-hal séjén nu aya dina KBD. Guru. Guru salaku pengajar bisa mekarkeun KBD ku cara dilarapkeun kana bahan pangajaran seni budaya atawa budaya Sunda luyu jeung Rencana Pelaksanaan Pembelajran (RPP) nu disadiakeun dina bab IV. Masarakat. Pikeun masarakat ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji sarana

Referensi

Dokumen terkait

Ajén Budaya Sunda dina Kasenian Gook di Désa Kulur Kabupatén Majaléngka pikeun Pangajaran Maca di Kelas XII.. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran, hususna dina pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII, sabab hasil panalungtikan ngandung ajén

Penelitian ini bertujuan mendeskripsikan “ Ajén Budaya dina Kasenian Badogar di Désa Margalaksana Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII..

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX.. Universitas Pendidikan Indonesia

sajarah, prak-prakan, ajén éstétika nu aya dina kasenian Réog Cengal, sarta?. matalikeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Réog Cengal