• Tidak ada hasil yang ditemukan

DEBATING IN TEACHING SPEAKING SKILL.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "DEBATING IN TEACHING SPEAKING SKILL."

Copied!
28
0
0

Teks penuh

(1)

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... i

ABSTRAK ... iv

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABEL ... xi

DAPTAR GAMBAR ... xii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 7

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 8

1.3.1 Tujuan Umum ... 8

1.3.2 Tujuan Husus ... 8

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 9

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 9

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 10

1.5 Wangenan Istilah ... 10

1.5.1 Karinding ... 10

1.5.2 Kawung ... 11

1.5.3 Kajian Hérméneutik ... 11

1.5.4 Waditra ... 12

1.5.5 Seni ... 13

1.5.6 Tradisional ... 13

1.6 Sistematika Laporan Panalungtikan ... 14

BAB II SENI TRADISIONAL KARINDING KAWUNG JEUNG HÉRMÉNEUTIKA SUNDA ... 16

2.1 Seni Tradisional ... 16

(2)

2.1.2 Wangun, Eusi, jeung Ajén Seni ... 19

2.1.3 Wangenan Tradisional ... 21

2.1.4 Seni Tradisional Sunda ... 22

2.2 Karinding ... 24

2.2.1 Wangenan Karinding ... 24

2.2.2 Wangun Karinding ... 25

2.2.3 Rupa-rupa Karinding ... 26

2.2.4 Cara Nabeuh Karinding ... 28

2.2.5 Riwayat Karinding ... 30

2.2.6 Fungsi Karinding ... 33

2.2.7 Pintonan Seni Karinding ... 34

2.2.8 Grup Seni Karinding ... 35

2.3 Kawung ... 36

2.3.1 Rupa-rupa Kawung ... 40

2.3.2 Mangpaat Kawung ... 45

2.4 Hérméneutika ... 46

2.4.1 Hérméneutika Umum ... 46

2.4.2 Hérméneutika Sunda ... 56

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 62

3.1 Pamarekan ... 62

3.2 Métode Panalungtikan ... 65

3.2.1 Milih Topik anu Luyu ... 67

3.2.2 Ngajujut Sakabéh Evidensi (Bukti) nu Relevan jeung Topik ... 68

3.2.3 Nyieun Catetan nu Dianggap Penting ... 68

3.2.4 Ngaévaluasi kalayan Gemet jeung Kritis Data nu Dikumpulkeun ... 68

3.2.5 Nyusun Hasil Panalungtikan kalayan Puguh Éntép-Seureuhna ... 69

3.2.6 Midangkeun Hasil Panalungtikan kalayan Jéntré ngaliwatan Cara anu Matak Ngirut ... 69

(3)

3.4 Téhnik Panalungtikan ... 70

3.5 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ... 71

3.6 Prosédur Panalungtikan ... 71

BAB IV KAJIAN HÉRMÉNEUTIK KARINDING KAWUNG ... 73

4.1 Kaayaan Wewengkon ... 73

4.1.1 Lokasi ... 74

4.1.2 Jumlah Penduduk ... 75

4.1.3 Kayakinan (Agama) ... 76

4.1.4 Pakasaban Masarakat ... 76

4.2 Sajarah Karinding Kawung ... 80

4.3 Pungsi Karinding Kawung ... 84

4.3.1 Pikeun Panglipur Kalbu ... 85

4.3.2 Pikeun Pergaulan Rumaja ... 85

4.3.3 Pikeun Pagelaran Seni/ Pintonan ... 87

4.4 Nyieun Karinding Kawung ... 87

4.4.1 Bahan Karinding ... 88

4.4.2 Pakakas Nyieun Karinding ... 96

4.4.3 Cara Nyieun Karinding ... 97

4.4.3.1 Ngala Bahan ... 98

4.4.3.2 Ngabaladah ... 99

4.4.3.3 Ngagaringkeun Bahan ... 101

4.4.3.4 Ngajadikeun ... 101

4.4.3.5 Ngunun ... 111

4.5. Nabeuh Karinding Kawung ... 112

4.5.1 Cara-cara Nyadakeun Karinding Kawung ... 112

4.5.2 Lalaguan Karinding Kawung ... 116

4.5.2.1 Tonggérét ... 117

4.5.2.2 Tokécang ... 117

(4)

4.5.2.4 Tolénjéng ... 119

4.5.2.5 Nanyaan ... 119

4.5.2.6 Ungkut-ungkut Nyandung ... 120

4.5.2.7 Buncis ... 121

4.5.2.8 Karinding ... 122

4.5.2.9 Jungjaé ... 123

4.5.2.10 Dengkleung ... 124

4.5.2.11 Rajah ... 125

4.6 Kajian Hérméneutik ... 126

4.6.1 Hérméneutika dumasar Wangunna ... 126

4.6.2 Hérméneutika dumasar Ngaranna ... 130

4.6.3 Hérméneutika dumasar Fungsina ... 134

4.6.1 Hérméneutika dumasar Lagu-laguna ... 136

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 143

5.1 Kacindekan ... 143

5.2 Saran ... 146

DAPTAR PUSTAKA ... 148

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 152

(5)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu

béda-béda, boh ditilik tina dedeg-pangadeg manusana boh disawang tina budayana.

Budaya nu dipibanda ku hiji sélér bangsa téh mibanda fungsi anu mandiri, sarta

dina seuhseuhanana mah ngan larap dina hirup kumbuh éta sélér bangsa. Sok

sanajan kitu, ku mekarna pamahaman katut kasadaran sakumna rahayat Indonésia

kana perjuangan jeung rasa sanasib, enggoning ngawujudkeun nagara kesatuan nu

dingaranan Républik Indonésia, karinékaan budaya téh dianggap kakayaan anu

kacida pentingna sarta bisa dijadikeun modal pikeun ngukuhan persatuan jeung

kesatuan katut jati diri bangsa Indonésia.

Kaluhungan ajén-ajén budaya daérah enggoning ngamajukeun budaya

nasional, dirojong ku aturan pamaréntah nu kaunggel dina pasal 32 ayat 1 UUD

45 ieu di handap.

“Negara memajukan kebudayaan nasional Indonesia di tengah peradaban dunia dengan menjamin kebebasan masyarakat dalam memelihara dan mengembangkan nilai-nilai budayanya”.

Hal éta ogé diwewegan ku Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 39 Tahun

2007 ngeunaan “Pedoman Fasilitasi Organisasi Kemasyarakatan Bidang

Kebudayaan, Keraton, dan Lembaga Adat dalam Pelestarian dan Pengembangan

(6)

Seni atawa kasenian salaku unsur budaya, mangrupa média anu

pangpentingna dina méré gambaran visual ngeunaan kahirupan hiji komunitas

(masarakat). Seni bisa jadi basa nu universal pikeun komunikasi antar-bangsa,

antar-étnis, malah antar-pribadi manusa salaku mahluk sosial, sanajan béda-béda

kasang tukang kahirupanana. Malah salila ieu, seni salawasna disandingkeun

jeung rupaning kagiatan, kaasup diplomasi-pulitik pamaréntahan jeung

nagara-nagara séjén, nu dilaksanakeun ku wawakil nagara-nagara Indonésia nu aya di luar negri.

Ku lantaran kitu, nilik kana jasana mah geus sawadina kasenian téh diperhatikeun,

dipiara, dimumulé, sangkan hirupna mulus nanjung enggoning ngajungjung

darajat bangsa.

Patalina jeung hal di luhur, seni minangka titinggal budaya téh bisa

dijadikeun sumber pikeun ngungkab sajarah atawa peristiwa hiji bangsa dina

mangsa bihari, pikeun gambaran ka manusa nu hirup di jaman kiwari. Titinggal

budaya téh teu mustahil bisa jadi alat komunikasi nu mundel ku informasi pikeun

manusa anu bisa napsirkeunana. Langer (1957:30) dina Sunarto (2008:21)

nétélakeun yén kadieunakeun manusa mekarkeun komunikasi dina hirup

kumbuhna téh teu saukur pikeun ngawewegan pangabutuh pokona, tapi

mekarkeun ogé pangabutuh anu sipatna leuwih luhur, dina wangun usaha pikeun

paham kana ma’na-ma’na anu leuwih abstrak. Ma’na-ma’na abstrak diciptakeun

jeung dipaké ku manusa dina wangun sistem tanda atawa simbol. Ngaliwatan

sistem simbol, manusa ngawangun komunikasi lain saukur pikeun ngungkulan

pasualan pragmatis sapopoé, tapi aya ma’na lianna anu némbongkeun sistem

(7)

Parsons (Walker, 1977:11 dina Sunarto, 2008:21) anu nyebutkeun yén

kabudayaan téh enas-enasna mah ngagugulung perkara ma’na, nepi ka gumantung

pisan kana sistem simbolisme. Ku kituna, sistem simbol geus jadi padoman pikeun

nyumponan pangabutuh manusa (primér, sékundér, jeung tértiér) nepi ka sistem

ajén-inajén jeung sistem simbol komunikasi téh ngawangun hubungan anu kacida

dalitna dina hiji kabudayaan.

Tatar Sunda, Parahiyangan, atawa Pasundan nya éta sesebutan pikeun

wewengkon nu ayeuna disebut Jawa Barat jeung Banten, mangrupa tempat hirup

kumbuhna hiji sélér bangsa nu disebut suku Sunda. Tatar Sunda pada mikawanoh

minangka salah sahiji wewengkon nu jembar budayana. Ieu hal bisa dibuktikeun

ku sumebar jeung mekarna rupa-rupa kasenian di tatar Sunda nu teu bisa

dipastikeun sabaraha jenis jeung jumlahna. Tapi ku lantaran loba téa, sawatara

kasenian milik urang Sunda téh mindeng katolér-tolér. Teu saeutik kabudayaan

(utamana seni) Sunda warisan karuhun anu teu kaburu kaungkab lantaran kaburu

pareum saméméh ayana régenerasi.

Dina mangsa kiwari, kacatet sababaraha seni Sunda anu geus tilem jeung

nu méh pareum atawa ninggang di babasan “hirup teu neut paéh teu hos”.

Sawatara seni budaya Sunda nu kacatet saperti kitu téh di antarana aya pantun,

beluk, macapat, lais, tarawangsa, calung tarawangsa, jentréng, jeung sawatara

kaulinan barudak. Teu anéh upama kana wangun-wangun seni atawa jenis

kabudayaan Sunda téh aya kénéh (urang Sunda) anu ngan apal ngaranna tapi teu

(8)

Niténan kanyataan saperti kitu, teu saeutik nu manghariwangkeun kana

hirup-huripna kasenian Sunda. Urang Sunda sorangan saenyana sadar, loba

budaya hususna kasenian Sunda anu kalindih ku budaya deungeun. Ku lantaran

kitu, rupaning tarékah perlu dipatéakeun pikeun ngungkulanana, sanajan

kamekaran jaman jeung campur gaulna masarakat Sunda anu beuki dieu beuki

jembar (terbuka), bakal jadi cukang lantaran tumuwuhna kanibalisme budaya nu

hésé dibendungna.

Tina sababaraha pasualan nu mindeng diwacanakeun dina

gempungan-gempungan atawa sawala budaya Sunda, nu jadi cukang lantaran muguranana hiji

kasenian atawa leuwih legana hiji budaya téh salahasahijina ku sabab sikep

masarakat Sunda-na sorangan. Urang Sunda, utamana generasi béh dieu, loba nu

mibanda anggapan éta kasenian atawa budaya téh geus teu larap jeung kamajuan

jaman atawa jeung aspék-aspék kahirupan séjénna. Budaya warisan karuhun téh

laun-laun ditinggalkeun, lantaran dianggap teu perlu dipaké deui.

Di sagigireun éta, perlu tarékah ti masarakat pikeun ngungkab ajén-ajén

séjén atawa guna jeung mangpaatna seni budaya Sunda pikeun kahirupan urang

Sunda kiwari. Kitu gé upama urang Sunda sadar, yén bangsa anu maju téh nya

éta bangsa anu tetep ngamumulé jeung mikukuh budayana. Upama diibaratkeun,

nagara téh minangka hiji tangkal, nu jadi akarna nya éta budaya; éta tangkal téh

bakal ajeg, henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, upama akarna kuat

ngaranggeum lemah.

Aya ungkara nu nétélakeun yén bangsa nu jembar téh nya éta bangsa nu

(9)

hirupna ngakar kana budayana. Ceuk babasaan: “sagancang-gancangna nu

leumpang, upama nuturkeun jalan batur mah salawasna bakal tinggaleun

lengkah”. Upama kitu, geus waktuna urang Sunda nangtukeun sikep, ludeung

leumpang dina jalanna sorangan, jalan nu geus ditaratas ku karuhunna, ulah hayoh

baé nutur-nutur tapak deungeun.

Nurutkeun Sumardjo (2003:297) masarakat Sunda nya éta sakumpulan

manusa nu ngagunakeun basa Sunda. Ngaliwatan éta basa, ajén-inajén budaya

Sunda bisa diungkab. Salian ti éta, urang Sunda ogé némbongkeun ajén-inajén

budayana ngaliwatan tingkah laku sapopoé, ngaliwatan barang-barang anu

diciptakeunana. Basa Sunda jeung artéfak mangrupa wujud-wujud nyata

interprétasi nilai koléktif masarakat Sunda. Ku cara ngulik, napsirkeun, jeung

maham kana wujud budayana, hiji komunitas bakal nimukeun pola-pola dasar

gagasan ngeunaan ajén-inajén nu dipiharep bisa diwujudkeun dina kahirupan

sapopoé ku urang Sunda.

Patalina jeung hal di luhur, karinding kawung kaasup hiji alat (waditra)

jeung wangun kasenian titinggal karuhun (warisan budaya anu kacida heubeulna).

Sanajan kiwari masih kénéh hirup tur kacida pisan dipupustina ku masyarakat

Sunda di sababaraha wewengkon, tapi teu loba urang Sunda anu apal komo bari

jeung bisa nyieun atawa ngagunakeunana. Salian ti éta, teu nutup kamungkinan

saupama ditalungtik leuwih teleb ngagunakeun dasar paélmuan anu tangtu, bakal

katimu rupaning informasi anu enas-enasna mah minangka gambaran nu hayang

ditepikeun ku karuhun Sunda ka seuweu-siwina, ngaliwatan simbol-simbol anu

(10)

senina nu disebut seni karinding. Ngaliwatan hiji kajian nu ngagunakeun

pamarekan heuristik – hérméneutik, bakal kaludang kandungan ajén-ajén historis,

éstétis, jeung pilosofis hiji waditra salaku artéfak budaya atawa hiji kasenian

titinggal karuhun Sunda.

Dina kamekaran budaya hususna kasenian mangsa kiwari, karinding téh

mémang keur mimiti neutneutan muncul deui. Malah nurutkeun informasi nu

kapanggih tina média masa atawa tina internét, aya sababaraha grup/komunitas

nu ngagunakeun ngaran “karinding” saperti “Karinding Attac (Karat)”,

“Karinding Militan (Karmila)”, Komunitas Karinding (Kokar)”, jsté., sarta di

sababaraha wewengkon utamana di puseur dayeuh, karinding téh keur

padamigandrung utamana ku barudak sakola (rumaja). Sababaraha kagiatan

pagelaran nu ngahaja diancokeun pikeun ngawanohkeun karinding ka masyarakat

geus diupayakeun di sababaraha wewengkon saperti di Bandung, di Sumedang, di

Tasikmalaya, di Ciamis, di Subang, di Cianjur, jeung di Garut.

Di lingkungan akademik, sanajan can pati loba, saenyana geus aya karya

tulis ilmiah, pangpangna skripsi anu medar jeung ngaguar hasil panalungtikan nu

patalina jeung karinding, upamana baé skripsi beunang Tia Siti Aisah nu judulna

“Ajén Falsafah Sunda dina Kasenian Karinding pikeun Bahan Pangajaran Maca

Artikel Budaya di SMA Kelas XII”, atawa skripsi beunang Dian Maulana anu

judulna “Perkembangan Kesenian Karinding di Désa Sindang Pakuon Sumedang

Tahun 1970 – 2004 (Suatu Tinjauan Budaya)”. Tapi tulisan-tulisan ngeunaan

karinding anu geus aya, lolobana nyoko kana kamekaran seni pagelaranana sacara

(11)

Di sagigireun éta, karinding nu jadi jejer dina panalungtikan saméméhna

luyu jeung nu mekar dina jaman kiwari, nya éta karinding nu dijieunna tina awi

(karinding awi). Ku kituna, asa munasabah upama diayakeun panalungtikan nu

husus ngeunaan karinding kawung, nu ceuk anggapan gelarna leuwih ti heula

batan karinding awi.

1.2 Rumusan Masalah

Méh di unggal tempat di sakuliah Jawa Barat kungsi aya waditra atawa

seni Karinding. Sakumaha nu ditétélakeun ku Atik Sopandi (1978:86) yén

karinding téh sumebar di tatar Sunda, di antarana, di Baduy, Tasik, Subang,

Ciamis, Sumedang, jeung Bandung.

Karinding kawung minangka hasil kreativitas seni karuhun Sunda geus

tangtu ngandung ajén sajarah, éstétika, jeung pilsafat. Dina nangtukeun bahanna,

cara nyieunna, metakeunana, lain hiji hal anu sahayuna tapi pinuh tinimbangan nu

asak jeung udagan nu tangtu. Aya prosés atawa peristiwa nu bakal jadi gambaran

kumaha kaparigelan, kaluhungan budi, jeung kajembaran paham urang Sunda

dina hiji mangsa.

Cindekna, karinding salaku alat seni tangtu mibanda ajén seni. Tapi di

sagigireun éta, tina tradisi-tradisi makéna karinding ti hiji generasi ka generasi

satuluyna, bakal kapanggih ajén-inajén séjénna. Salaku artéfak kabudayaan,

karinding bisa dijadikeun sumber panalungtikan pikeun néangan informasi séjén

(12)

Alatan kitu, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan bakal diwatesan ku

mangrupa patalékan ieu di handap.

1) Naon atawa nu kumaha karinding kawung téh?

2) Di mana jeung kumaha hirup-huripna éta kasenian atawa waditra dina

mangsa baheula jeung ayeuna?

3) Kumaha cara nyieun (ngawengku alat-bahanna) jeung mintonkeunana?

4) Ajén-inajén naon nu nyampak dina ieu kasenian patalina jeung

kahirupan masarakat anu makéna?

1.3 Tujuan panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

1) Ngaguar deui salah sahiji budaya titinggal karuhun anu boh barangna

boh ajén-inajénna masih kénéh bisa dipaké sarta gedé gunana pikeun

kahirupan masarakat Sunda kiwari.

2) Pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan kasenian Jawa Barat (tatar

Sunda), sangkan nu haat kana kasenian teu saukur apal nataan

ngaran-ngaran seni atawa alat seni, tapi weruh kana cara nyieunna,

mintonkeunana, katut ajén-inajén anu nyangkaruk di jerona.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan dilaksanakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun medar hirup-

huripna waditra asli urang Sunda anu ngaranna karinding kawung, ngawengku

(13)

1) Medar perkara nyieun karinding kawung, alat-bahanna, jeung cara

nyadakeun jeung mintonkeunana, jeung

2) Ngaludang jeung ngungkab ajén-inajén karinding kawung anu raket

patalina jeung kahirupan masarakatna, hususna masarakat di

wewengkon Kacamatan Cinéam, Kabupatén Tasikmalaya, umumna

masarakat Sunda satatar Sunda.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan karinding kawung di kacamatan Cinéam,

mangrupa panalungtikan budaya nu hasilna dipiharep aya mangpaatna boh keur

kapentingan tioritis boh keur kapentingan praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Keur kapentingan tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa:

1) Ngabeungharan pangaweruh anu patali jeung kajembaran budaya Sunda,

hususna kasenian karinding nu kungsi hirup di tatar Sunda;

2) Jadi pedaran anu komprehensif patali jeung pamahaman sacara

hérméneutik anu jadi kasang tukang kamekaran budaya Sunda, hususna

kasenian karinding; jeung

3) Ngadeudeul atawa ngalengkepan pedaran hasil ulikan jeung panalungtikan

ngeunaan kasenian Sunda anu geus aya saméméhna, utamana patali jeung

(14)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Keur kapentingan praktis, ieu panalungtikan dipiharep bisa:

1) Digunakeun pikeun bahan pangajaran basa Sunda nu patali jeung

kamekaran budaya, utamana kamekaran kasenian Sunda;

2) Digunakeun pikeun bahan pangajaran seni budaya nu patalina jeung

kaparigelan ngagunakeun alat kasenian (waditra); jeung

3) Dijadikeun dokumentasi budaya nu bakal ngadeudeulan data/informasi

pikeun panalungtikan-panalungtikan nu sarua, dina mangsa nu bakal

datang.

1.5 Wangenan Istilah

Pikeun gambaran, istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan bakal

diébréhkeun dina pedaran ieu di handap.

1.5.1 Karinding

Karinding téh salah sahiji ngaran waditra (alat tatabeuhan) urang Sunda

anu geus buhun pisan. Seni karinding, nya éta kasenian anu ngagunakeun

karinding minangka waditra utamana.

Karinding kaasup alat musik jenis perkusi (tatabeuhan) nu disebut

mouthharf (B. Ind.: harpa mulut).“Karinding adalah waditra termasuk jenis alat

pukul, dibunyikan dengan cara dipukul mempergunakan telunjuk atau jari tengah

(15)

Di tatar Sunda (wewengkon Jawa Barat) dumasar bahanna mah karinding

téh aya dua rupa, 1) nu dijieun tina palapah kawung (sebut: karinding kawung)

jeung 2) nu dijieun tina tangkal awi (sebut: karinding awi).

1.5.2 Kawung

Kawung nya éta salahsahiji jenis tutuwuhan kelompok palem (Latin:

palmaceae). Dina basa Indonésia, kawung disebut aren, enau, atawa nira (Latin:

arenga pinata)

Dina waktu ieu, ku masarakat awam, kawung téh ngan dipiwanoh

minangka tangkal nu ngahasilkeun lahang pikeun bahan gula beureum (gula

kawung) atawa tangkal nu ngahasilkeun cangkaléng. Ku lantaran kitu, dina istilah

asingna sok disebut sugar palm tree (tangkal gula).

1.5.3 Kajian Hérméneutik

Sacara jembar nu dimaksud Hérméneutik téh nya éta hiji widang élmu

tafsir atawa interprétasi, hususna kana hiji téks, bahasa atawa hasil budaya sacara

umum. Éta istilah asalna tina basa Yunani kuno hérméneuénin (napsirkeun). Aya

patalina jeung tokoh métodologi kuno Yunani “Hérmes” nu pancénna

narjamahkeun bahasa-bahasa Tuhan ti gunung Olympus kana basa manusa nu

dipikaharti ku bangsa Yunani harita. Ka dieunakeun, hérméneutik jadi dianggap

sarua jeung métode penafsiran/interprétasi, nya éta prosés ngarobah hiji hal

(16)

Hérméneutika mangrupa élmu ngeunaan aturan-aturan mikawanoh ma’na

(die Bedeutung) tanda-tanda, tujuanana pikeun nangkep pikiran-pikiran hiji jalma

anu dituliskeun atawa anu dilisankeun sakumaha kahayang manéhna. August

Wolf (1759-1824) ngararancang hérméneutika nu praktis, faktual, sarta (sipatna)

régional, nya éta dina unggal objék (sajarah, hukum, téologi, karya sastra, jsté.)

mibanda aturan séwang-séwang (mandiri). Tugas hérméneutika dirumuskeun dina

tilu wangun pamahan nya éta: pamahaman matéri karya, pamahaman basa, jeung

pamahaman roh karya (Poespoprodjo, 2004:21-22).

1.5.4 Waditra

Waditra téh istilah karawitan (seni musik daérah) nu ditujukeun kana

sakumna alat seni sora (musik) nu dipaké dina hiji kasenian daérah.

“Waditra adalah sebutan untuk alat bunyi yang lazim dipergunakan sebagai alat musik tradisional. Waditra biasa juga disebut alat tatabeuhan (tetabuhan) atau instrumen” (Kubarsyah,1994:1).

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda (KUBS), “Waditra: tatabeuhan, alat

seni swara” (LBSS, 2007:514). Hal ieu ngandung harti yén sakumna alat nu

ngahasilkeun sora dina kasenian Sunda disebutna téh waditra. Upamana, kasenian

réog ngagunakeun waditra dog-dog, kasenian Cianjuran ngagunakeun waditra

kacapi jeung suling, kasenian Wayang Golék ngagunakeun waditra gamelan

(saron, bonang, kempul, goong, jns.), kasenian Penca ngagunakeun waditra

(17)

1.5.5 Seni

Nepi ka waktu ieu kecap seni dianggap sarua hartina jeung kecap ars tina

basa Yunani atawa art tina bahasa Inggris nu hartina kamahéran, kaparigelan

atawa kaahlian (Art is skill in making or doing).

Wangenan atawa watesan ngeunaan seni geus aya ratusna, sarta taya hiji

ogé watesan nu ditarima (ragem) ku sakumna pihak (watesan nu universal).

Watesan ngeunaan sato nu disebut sapi ogé bisa béda-béda, komo ieu seni atawa

kabudayaan nu mangrupa pamahaman nilai (ajén). Filsuf Nietzche nétélakeun,

“ngan anu teu mibanda kasang tukang sajarah nu bisa dibéré watesan”.

Sedengkeun seni jeung kabudayaan mibanda kasang tukang sajarah jeung

kamekaran. Ku lantaran kitu bakal hésé diwatesanan. Saha waé nu méré watesan

ngeunaan seni salawasna bakal tinggaleun, lantaran sabada éta watesan dijieun

seni geus kaburu robah (Soemardjo, 2000:49).

1.5.6 Tradisional

Tradisional hartina mibanda sipat tradisi. Nurutkeun Kamus Umum Basa

Sunda kecap tradisi asalna tina basa Walanda nu hartina “kabiasaan anu turun

tumurun ti karuhun, saperti nyawér, buka pintu, jsté.” (KUBS, 1995:537). Tradisi

ogé bisa dihartikeun adat-istiadat anu dianut ku hiji daérah /wewengkon/étnis. Ku

lantaran kitu kecap tradisional bisa dima’naan “mibanda sipat kadaérahan”.

Dina istilah kasenian, tradisi téh sok dihartikeun buhun, atawa heubeul

(seni tradisi = seni buhun atawa seni anu heubeul), lalawanan tina kréasi nu

(18)

1.6 Sistematika Laporan Panalungtikan

Hasil tina panalungtikan karinding kawung di Kacamatan Cinéam,

Kabupatén Tasiklamalaya, disusun mangrupa karya tulis anu dijudulan

“KARINDING KAWUNG (KAJIAN HÉRMÉNEUTIK KANA SENI

TRADISIONAL DI CINÉAM)”. Luyu jeung Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

(Unipersitas Pendidikan Indonésia, 2011:50) ngeunaan sistematika skripsi, tesis,

jeung disertasi, eusi laporan panalungtikan ngawengku lima bab, kalayan

sistematikana saperti ieu di handap.

BAB I BUBUKA

Ieu bab ngadadarkeun kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah

panalungtikan, tujuan panalungtikan, wangenan istilah (definisi operasional) nu

dipaké dina panalungtikan, jeung sistematika laporan panalungtikan.

BAB II KAJIAN PUSTAKA

Ieu bab medar sajumlahing konsép dasar anu dijadikeun tatapakan ku

panalungtik enggoning nyawang masalah anu baris ditalungtik. Éta

konsép-konsép dasar téh sumberna tina buku atawa bahan bacaan séjén anu dijieun

rujukan konséptual jeung tioritis.

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab didadarkeun desain panalungtikan, pamarekan nu

digunakeun, definisi konséptual jeung operasional variabel panalungtikan,

(19)

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN

Ieu bab ngadéskripsikeun hasil panalungtikan nu dipatalikeun jeung dasar

tioritis nu geus dibahas dina Bab II. Patalina jeung ieu panalungtikan, dina ieu bab

dipedar rupaning hal nu kapanggih tina prosés panalungtikan karinding kawung

di lapangan, diadumaniskeun jeung rupaning téori katut anggapan dasar nu

dibahas dina bab-bab saméméhna.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar kacindekan tina hasil panalungtikan sarta sawatara

(20)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Seni Sunda mangrupa unsur budaya Sunda nu jadi média penting

pikeun méré gambaran visual ngeunaan kahirupan masarakatna. Dina wujud

kasenian saenyana nyangkaruk ajén-ajén historis, éstétis, pilosofis, jsté., anu gedé

mangpaatna pikeun kahirupan komunitasna. Seni bisa jadi basa nu universal

pikeun komunikasi antar-bangsa, antar-étnis, malah antar-pribadi manusa salaku

mahluk sosial, sanajan béda-béda kasang tukang tempat, waktu, jeung

kahirupanana.

Salah sahiji kasenian tradisional Sunda nu méh kaluli-luli téh di antarana

karinding kawung. Ieu kasenian nu sakaligus ngaran waditra (alat kasenian)

Sunda téh, sanajan masih kénéh aya, tapi saeutik pisan urang Sunda anu apal

komo bari jeung bisa nyieun atawa ngagunakeunana. Ku lantaran kitu, ieu

panalungtikan eusina medar perkara karinding (hususna karinding kawung),

dideudeul ku dasar-dasar pangaweruh anu tangtu pikeun ngungkab jeung

napsirkeun ajén-inajén nu nyangkaruk di jerona.

Tina hasil panalungtikan, bisa dicindekkeun yén ieu kasenian téh masih

aya, ngan hanjakal hirup-huripna kurang dipaliré, matak pikahariwangeun,

lantaran méh euweuh generasi anu nuluykeunana. Saupama kondisi ieu diantep,

(21)

lila sabada tokoh-tokohna (nu ayeuna geus karolot) maraot, kasenian karinding di

Cinéam téh bakal tumpur, kari ngaranna.

Beuki kurangna anu ngamumulé seni karinding, sajalan jeung beuki

nguranganana tangkal kawung, utamana kawung saéran, anu palapahna jadi bahan

utama waditra karinding. Padahal tina hasil panalungtikan, di wilayah kacamatan

Cinéam, hususna di tilu désa nya éta, Cikondang, Pasirmukti, jeung Cisarua,

baheula mah tangkal kawung téh ngageba. Ieu hal dibuktikeun ku kasohorna gula

gunung nepi ka kiwari, sanajan beuki dieu beuki langka nepi ka pasar kacamatan

Cinéam, nu jadi puseur ngumpulna hasil bumi ti wewengkon désa-désa di wilayah

kacamatan Cinéam.

Langkana anu bisa nyieun karinding tina kawung, kacida gedé pangaruhna

kana kamekaran ieu kasenian. Dina waktuna ieu panalungtikan dilaksanakeun,

urang Cinéam nu biasa sarta parigel nyieun karinding téh ngan kari tilu urang

deui, nya éta Koha (81tn), Mamat (58), jeung Tata (42 tn) minangka generasi

panggorana.

Kamekaran seni karinding kawung di Cinéam anu dianggap daérah asalna,

upama dipapandékeun kana kahirupan mah ibarat babasan hirup teu neut paéh teu

hos. Masarakat Cinéam sorangan, beuki dieu beuki saeutik anu nyaho, yén di

wewengkon Cinéam dina mangsa-mangsa ka tukang kungsi nanjung hiji kasenian

buhun nu disebut karinding.

Najan di puseur dayeuh (Bandung), jeung di sababaraha kabupatén di

(22)

kuantitas mah mungkin waé bisa ngungkulan lobana grup kasenian karinding nu

aya dina dekadeu saméméhna. Éta hal matak reugreug, lantaran seni karinding

dipiwanoh deui ku sabagéan masarakat. Tapi di sagigireun éta, perlu jadi bahan

pamikiran, lantaran tina segi kualitas seni nu némbongkeun identitas Sunda mah,

masih kénéh perlu dibebenah. Salah sahiji contona, seni karinding nu kiwari

manggung, lolobana dikolaburasikeun jeung alat-alat musik atawa waditra séjén

anu teu ngimbangan kana sora karinding, anu antukna karinding mah ngan saukur

jadi waditra pangeuyeub-euyeub, numpang ngaran alatan kaahénganana.

Penurunan kualitas dina kamekaran karinding, ogé katitén tina waditra

karindingna sorangan. Penampilan luar karinding (bentukna) jadi leuwih penting

batan sora nu dihasilkeunana. Ku lantaran bahan karinding tina palapah kawung

mimiti hésé, karinding leuwih loba nu dijieun tina awi, padahal karinding nu salila

ieu dipikawanoh ku urang Sunda mah dijieunna tina palapah kawung. Akibatna,

dina pintonan ogé karinding téh asal disada waé. Teu kudu anéh upama aprésiator

teu bisa ngabédakeun, kumaha sora karinding dina lagu nu hiji jeung sora

karinding dina lagu nu séjénna.

Lalaguan karinding anu némbongkeun jati diri karinding salaku alat ritmis

sakaligus melodis, saperti lagu Dengkleung, Nanyaan, Ungkut-ungkut Nyandung,

Jungjae, jsté., beuki kapopohokeun, langka pisan anu bisa midangkeunana.

Padahal pikeun midangkeun lalaguan anu sipatna mélodis, perlu kaparigelan

husus, anu dihasilkeun tina latihan (diajar nabeuh karinding) ngolah elok

bangkong (rohangan baham jeung tikoro) enggoning ngahasilkeun nada (sora anu

(23)

ayeuna, teu mustahil bakan leuwih ningkatkeun ajén ieu kasenian malah mandar

leuwih mekar, nanjeur, jeung nanjung jiga baheula.

Tina ieu panalungtikan, saeutikna kaguar ajén-inajén nu nyangkaruk dina

karinding boh salaku waditra (alat karawitan) boh salaku wangun kasenian.

Karinding salaku artéfak budaya hasil krétifitas masarakat primordial Sunda,

ngandung ajén éstétis, historis, jeung pilosofis anu luhung, copélna keur

kapentingan masarakat nu jadi tempat gelar jeung mekarna éta waditra.

5.2 Saran

Perkara kamekaran seni tradisional di hiji wewengkon, pasti loba rambat

kamaléna. Hasil ieu panalungtikan, nuduhkeun ayana dua hal anu pagedrug dina

diri seniman karinding dina mangsa kiwari. Mindeng jadi alesan anu klasik antara

ngamumulé seni warisan jeung ngungkulan pangabutuh hirup (kasab). Ku lantaran

kitu, disagigireun dukungan ti masarakatna, ogé perlu pisan ayana pangrojong ti

pihak pamaréntah anu berwenang, dina raraga merhatikeun kasajahtraan

parapalaku seni tradisional, hususna seniman karinding nu aya di Kacamatan

Cinéam, Kabupatén Tasikmalaya.

Ieu laporan hasil panalungtikan téh kacida basajanna, mungkin waé tacan

nyumponan harepan saméméhna . Ku kituna, kacida bungahna upama aya deui

panalungtikan séjén ngeunaan seni tradisional karinding, nu leuwih sampurna,

sarta pedaranana leuwih jembar, enggoning ngungkab jeung némbongkeun

identitas Sunda anu saenyana. Sok sanajan kitu, ieu hasil panalungtikan bisa waé

(24)

aspék-aspék séjén tina seni karinding, anu tacan kaungkab jeung kaguar ku

panalungtik saméméhna.

Pikeun kapentingan pangajaran basa Sunda di sakola, saeutikna ieu hasil

panalungtikan bisa ngeuyeuban referensi bahan ajar atawa bahan acuan, dina

waktu medar perkara basa jeung sastra, nu aya patalina jeung budaya, hususna

seni tradisional nu aya di tatar Sunda (Jawa Barat jeung Banten).

Dina pedaran ieu hasil panalungtikan aya dongéng ‘Sasakala Karinding’.

Di sagigireun pikeun ngeuyeuban khasanah dongéng Sunda, bisa dijadikeun

bahan bacaan ku siswa tingkat SMP atawa SMA, dina waktu ngulik perkara

dongéng Sunda (sastra lisan) nu sumebar di masarakat, sakalian ngawanohkeun

(25)

DAPTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. (1985). Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung:

Angkasa

Alwasilah, A. Chaédar. (2009). Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang

dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta

Bakker, Anton dan Achmad Charis Zubair. (2011). Metodologi Peneletian Seni.

Yogyakarta: Kanisius

Basrowi jeung Suwandi. (2008). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rineka

Cipta

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama

Danasasmita, Saléh. (2003). Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajaran jeung Prabu

Siliwangi. Bandung: Kiblat Buku Utama

Depdikbud. (2003). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka

Ekadjati, S, Edi. (1984). Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya. Jakarta:

Giri-mukti Pasaka

Garna, Yudistira. (2009). Metoda Penelitian Kualitatif. Bandung: Yudistira

Foundation & Primaco Akademika

Hasan, Said Hamid, spk. (2010). Pengembangan Pendidikan Budaya dan

(26)

Berdasarkan Nilai-nilai Budaya untuk Membentuk Daya Saing dan Karakter

Bangsa. Jakarta: Kementrian Pendidikan Nasional Badan Penelitian dan

Pengembangan Pusat Kurikulum

Hidayatullah, Muharam. (2009). Kepribadian Nabi Muhammad, dari sudut

pandang numerologi. Jakarta: Ufukpress

Jalius, HR. (2011). Pengertian Tradisional [Online]. Tersedia:http//www. Jalius

HR. htm

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI. 2008. Palanggeran Éjahan Basa

Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press

Kartadibrata, Karno. (2010). Lengkah-lengkah Urang Sunda dina Pulitik jeung

Budaya. Bandung: Panglawungan Purnama Alam

Koentjaraningrat. (2002). Pengantar Ilmu Antropogi. Jakarta : Rineka Cipta

---. (2004). Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta: Djam-batan

Koeswara, E. (1991). Teori-teori Kepribadian. Bandung : Eresco

Kubarsah R, Ubun. (1994). WADITRA: Mengenal Alat-alat Kesenian Daérah

Jawa Barat. Jakarta: Beringin Sakti

Kusmanto, Dian. (2008). Bioethanol dari Pohon Aren dan Lontar. [Online].

Tersedia: http//www. kebunaren.blogspot.com

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

(27)

Masinambow, EKM dan Rahayu S. Hidayat. (2001). SEMIOTIK (Mengkaji Tanda

dalam Artefak). Jakarta: Balai Pustaka

Moleong, J, Lexy. (2010). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja

Rosdakarya

Muhammad, As’adi. (2011). Membaca Karakter Orang Berdasarkan Etnisnya.

Yogyakarta: Najah

Nasir, Moh. (2003). Metode Penelitian. Jakarta: Ghalia Indonesia

Poespoprodjo, Dr. W. L. Ph., S.S., S.H. (2004). Hermeneutika. Bandung: Pustaka

Setia

Purnomo, Wahyu dan Fasih Subagyo. (2010). Terampil Bermusik. Jakarta: Pusat

Perbukuan Kementrian Pendidikan Nasional

Rosidi, Ajip. (2009). Manusia Sunda. Bandung: Kiblat

---. (2011). Urang Sunda di Lingkungan Indonesia. Bandung:Kiblat

Rusyana, Yus, Spk. (1987). Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tercermin

dalam Tradisi Lisan dan Sastra Sunda. Penelitian Tahap I. Bandung: Bagian

Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Direktorat

jenderal Kebudayaan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan

Rusyana, Yus. Iskandarwassid, W. Wibisana. (1997). Ensiklopedi Sastra Sunda.

Jakarta : Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa

Sampayya, Abah Salma Alif. (2007). Keseimbangan Matematika dalam

(28)

Satori, Djam’an jeung Aan Komariah. (2009). Metodologi Penelitian Kualitatif.

Bandung: Alfabeta

Soepandi, Atik. (1988). Kamus Istilah Karawitan Sunda. Bandung. Pustaka Buana

Soepandi, Atik dan Enoch Atmadibrata. (1977). Kahasanah Kesenian Jawa

Barat. Bandung: Pelita Masa

Sugiyono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta

Sukma, Reni. (2005). Nama Terbaik Bayi menurut Numorologi. Jakarta:

Mediakita

Sukmadinata, Nana Syaodih. (2009). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung:

Remaja Rosdakarya

Sumardjo, Jakob. (2000). Filsafat Seni. Bandung: Penerbit ITB

---. (2003). Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda. Bandung: Kelir

---. (2004). Hermeneutika Sunda. Bandung: Kelir

---. (2011). Sunda Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir

Suryalaga, Hidayat. (1010). Filsafat Sunda. Bandung: Yayasan Nur Hidayah

Tamsyah, Budi Rahayu. (2003). Kamus Lengkap (Sunda-Indonesia,

Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda). Bandung: CV. Pustaka Setia

Universitas Pendidikan Indonesia. (2011). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

Universitas Pendidikan Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun ngainvéntarisasi dongéng-dongéng nu sumebar di masarakat Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi, jeung

Udagan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaguar kalengkepan jeung adegan kalimah dina kiriman twitter anu ngagunakeun tanda atawa hastag (#)ReboNyunda salila bulan

Ari matéri poko mangrupa poko bahasan jeung subpoko bahasan tina kompeténsi dasar (KD) anu kudu dipimilik ku siswa. Éta sababna, matéri pokok basa Sunda patali jeung

Kabudayaan mangrupa hasil karya manusa. Kabudayaan miboga unsur jeung wujud nu ngajanggélék dina éta budaya.. Éta tujuh.. unsur budaya moal bisa leupas tina kahirupan masarakat.

mangrupa pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan.. Pedoman Wawancara Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran. 1. Basa nu

Métodeu déskriptif mangrupa cara pikeun nimukeun data jeung.. informasi nu bisa langsung karasa ku panca indra nalika

Aspék kedaling anu diulik dina ieu panalungtikan nyaéta patali jeung wujud, wanda, jeung fungsi aspék kedaling dina kumpulan carpon kasambet karya Ahmad Bakri.. Wujud aspék

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah Nilik tina kasang tukang panalungtikan, masalah anu kapanggih dina ieu panalungtikan nyaéta kieu: 1 masarakat umum