Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh
Bapa miwah ibu girang pangajen anu ku simkuring di pikahormat, oge hadirin sadaya anu sami-sami hadir anu ku simkuring di hormat.
Alhamdulillah wa syukrulillah, Dina danget ieu simkuring kenging pancen kangge ngadugikeun biantara anu temana nyaeta ngamumule bahasa Sunda, namung Sateuacan lebet kana babasan inti urang kedah terang heula “naon atuh nu di sebat basa teh.” Numutkeun para ahli bahasa anu disebut basa teh nyaeta Alat komunikasi anu di angge ku jalma pikeun ngadugikeun informasi ka nu sejen, Tah Contonamah kawas ayeuna simkuring ngadeg dina iyeu tempat bari cacarita teu aya lain ari tujuanamah nyaeta rek ngadugikeun hiji pamaksadan anu kacida munelna nyaeta bade ngemutan dei yen basa sunda teh kedah di mumule sarta di jagi kalestarianana.
Hadirin sadayana anu ku simkuring dipihormat,
Naon margina basa sunda kedah dimumule sarta di jagi kalestarianana? Sabab upami ningali kaayaan di jaman kiwari seueur murangkalih anu tuangna sabangsaning gemblong, tutug oncom, goreng boled, gerejeg teri jeung sajabana, ari paamprok jeung babaturan ngomongna kieu “Hai What’s Up Bro!!” atanapi kieu “ Eh mau ke mana lu coy!!” sabenernamah teu jadi masalah bahkan alus lamun urang nguasai bahasa Inggris margi bahasa inggris teh bahasa internasional, nyakitu deui komo wajib urang bisa ngagunakeun bahasa Indonesia namung urang ulah hilap kana purwadaksi yen urang teh lahir sarta hirup di tatar sunda nyaeta di wewengkon jawa barat anu mana basa sundateh salain bahasa asli orang jawa barat bahasa sunda oge nyaeta mangrupakeun identitas budaya pikeun masyarakatna.
Juru pangajen miwah hadirin sadaya..
Upami ningali kana data Kemendikbud, di Indonesia teh parantos aya 11 basa daerah anu punah, Nya panyebabnamah kitu bae lantaran tos teu aya kasadaran ti masyarakatna kangge ngagunakeun bahasa daerahna. Kumargi kitu hayu urang salaku urang jawa baratmah urang sasarengan ngajagi sarta ngamumule kana basa urang sarerea nyaeta basa sunda. ulah nepikeun ka kajadian basa sunda leungit tina kahirupan urang sadaya anapon ari ngamumulenamah tiasa ku sababara cara diantawisna
Nu kahiji, kenalkeun Basa Sunda Ti Leutik. Penting pikeun ngawanohkeun basa Sunda ka generasi ngora ti leuleutik. cara Ieu bisa dimimitian di imah, dimana kolotna bisa nyarita ka barudakna ngangge basa Sunda.
Nu kadua, diayakeun Kagiatan Budaya jeung Seni. Budaya Sunda beunghar ku seni jeung tradisi. Ngayakeun kagiatan kasenian jeung kabudayaan sapertos pintonan wayang golék, tari-tarian tradisional, atawa festival kabudayaan bisa nguatkeun generasi ngora jeung basa Sunda. Ku ilubiung dina ieu kagiatan, maranéhna bakal diajar basa jeung kabudayaan
Sunda ku cara anu pikaresepeun.
Nu katilu, timbulkeun rasa kacinta sarta kareueus sahingga urang boga rasa mikaboga kana basa sunda sarta jelaskeun ka generasi ngora yen basa sundateh lain saukur alat komunikasi namung salain ti eta bahasa sunda oge nyaeta mangrupakeun Identitas masyarakat Jawa Barat anu di wariskeun turun-tumurun ti karuhun dugi ka urangsadaya sahingga lamun basa sunda leungit di tatar sunda maka leungit oge identitas Masyarakatna.
Juru pangajen miwah hadirin sadaya.
Mung sakieu biantara ti simkuring boh bilih aya kalimah anu kirang merenah dina manah, aya kata anu teu katata, aya kecap anu teu pantes ka ucap simkuring nyuhunkeun di hapunten. Dipungkas ku sisindiran urang sunda.
Saninten buah saninten dibawa ka parapatan hapunten abdi hapunten bilih aya kalepatan.
Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh