1. Bismillah damel wiwitan Mugi Gusti nangtayungan Eulis- Asép nu réndéngan Mugia kasalametan
2. Salamet nu panganténan Ulah aya kakirangan Sing tiasa sasarengan Sangkan jadi kasenangan
3. Sing senang laki rabina Nu diwuruk pangpayunna Nyaéta badé istrina Masing dugi ka hartina
4. Hartikeun eulis ayeuna Lebetkeun kana manahna Manawi aya gunana Nu dipamrih mangpaatna
5. Mangpaatna lahir batin Eulis téh masing prihatin Ayeuna aya nu mingpin Ka carogé masing tigin
6. Tigin eulis kumawula Ka raka ulah bahula Bisi raka meunang bahla Kudu bisa silih béla
7. Silih béla jeung carogé
Ulah ngan pelesir baé Mending ogé boga gawé Ngarah rapih unggal poé
8. Répéh rapih nu saimah Rumah tangga tumaninah Tapi lamun loba salah Laki rabi moal genah
9. Bisi teu genah ku raka Prak baé wakca balaka Lamun raka goréng sangka Buru bawa suka-suka
10. Suka-suka ti ayeuna Da eulis atos laksana Ngajodo anu sampurna Ngahiji salalamina
11. Salamina saréng dulur Eulis kudu bisa akur Akuran ka unggal lembur Sangkan jadi buah catur
12. Mun catur sing seueur bukur Ulah ngan kalah ka saur
Napsuna ulah takabur Hirup resep loba batur
13. Sareng batur kudu jujur Layeut reujeung nu sakasur
Runtut raut salelembur Nagara gé subur ma’mur
14. Subur ma’mur sauyunan Mun aya tamu payunan Tapi ulah timburuan Boh bilih silih benduan
15. Ngabenduan ka carogé Ngan ulah paséa baé Énggal atuh geura hadé Ambéh geugeut saban poé
16. Saban poé ulah lali Titik rintih suci ati
Témbongkeun sing béar budi Ciri nyaah ka salaki
17. Lalaki mun sok nyandung Omat ulah waka pundung Komo lamun bari bingung Keun antep sina ngaberung
18. Ngaberung tong dihalangan Asal cukup sandang pangan Sina lilir ku sorangan
Sangkan panggih kasenangan
19. Senangkeun eulis pikiran Pikiran didadasaran
Tukuh muntang ka Pangéran
Supaya meunang ganjaran
20. Ganjaran ti Maha Suci Énggal atuh geura tampi Ayeuna eulis ngahiji Sakapeurih sakanyeri