• Tidak ada hasil yang ditemukan

Panduan Penyusunan Laporan Kegiatan Karang Taruna

N/A
N/A
Khusnul kankaku

Academic year: 2024

Membagikan "Panduan Penyusunan Laporan Kegiatan Karang Taruna"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

PILIHAN GANDA

Dumasar kana disusunna program kerja Karang Taruna ieu ogé kusabab sakumaha kauninga ku urang sadaya yén kawilang pentingna ieu kagiatan téh. Saperti kagiatan wisata anu parantos diayakeun ku urang sadaya, nu dina danget ieu nyaéta kagiatan wisata atanapi saba budaya.

Ngaliwatan kagiatan ieu, urang sadaya parantos kenging kasugemaan salaku pribadi Anggota sarta Pangurus Karang Taruna anu tos sakitu lamina ngalaksanakeun pancénna, diantarana ngalaksanakeun kagiatan rutin sejenna. Panginten masih seueur kakirangan dina ieu kagiatan.

1. Upama di tilik laporan kagiatan eta teh kaasup kana bagian ...

A. Eusi kagiatan B. Nami kagiatan C. Hasil kagiatan D. Kasang tukang E. Tujuan kagiatan

2. Dihandap ieu mangrupa lengkah-lengkah nyusun laporan

1. Tujuan kagiatan 2. Kasang tukang 3. Waktu jeung tempat 4. Nami kagiatan 5. Pamilon 6. Hasil kagiatan 7. Rincian anggaran 8. Susunan panitia

Susunan lapora kagiatan nu bener nyaeta ....

A. 4-2-1-3-8-5-6-7 B. 4-3-2-5-1-8-7-6 C. 3-1-2-5-4-6-8-7 D. 2-3-4-1-6-5-7-8 E. 1-2-3-4-5-6-7-8

Karatagan Pahlawan Teu honcewang Sumoreang

Tekadna pahlawan bangsa Cadu mundur

Pantrang mulang mun maksud tacan laksana Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur tegang pati

Taya basa menta pamulang tarima Iklas rido keur korban merdeka

3. Rumpaka di “Karatagan Pahlawan” kaasup rumpaka ....

A. Kawih B. Rarakitan C. Tembang D. Sisindiran

E. Kakawihan

4. Rasa nu kagambar dina rumpaka “Karatagan Pahlawan” nyaeta rasa ....

A. Nafsu anu ngagugudug B. Sumanget anu ngagedur C. Kasieun anu meotkeun hate D. Nineung kanu ditinggalkeun

E. Kamelang honcewang nyawa ngalayang

Nurutkeun Babad Cirebon, ibuna Sunan Gunung Jati teh turunan Raja Pajajaran. Ari Raja Pajajaran teh kagungan prameswari, putri asal ti tanah sebrang. Ti eta putri Raja Pajajaran teh gaduh putra tilu. Cikalna jenenganana Raja Cakra Buana, nu panengah jujulukna Raja Lengara, ari nu bungsuna wawangina Nyi Dalem Santang, ibuna Sunan Gunung Jati tea.

5. Pek tengetan sempalan carita babad Limbangan teh nonjolken unsur ....

A. Latar B. Galur C. Palaku D. Amanat

E. Puseur sawangan

6. Upama dilitik tina silsilah keluarga Sunan Gunung Jati ka Raja Cakra Buana teh pernahna ....

A. Ua B. Aki C. Bao D. Uyut E. Mamang

7. Jumlah rarangken dina aksara Sunda téh aya 13 aksara nu kabagi jadi tilu gundukan dumasar perenahna, nyaéta anu lima diluhureun aksara dasar, lima sajajar aksara dasar, jeung tilu handapeun aksara dasar.

Rarangkén akasara sunda anu aya diluhureun aksara dasar nyaéta ....

A. Panghulu, panglayar, paneuleung B. Panyecek, panéléng, panyuku C. Pamepet,pangsiwad, panyakra D. Paneuleung, pamingkal, pamaéh E. Panyecek, panolong, panyiku

8. Ayeuna hidep dipiharep bisa ngagunakeun Aksara Sunda.

Alih aksarakeun ieu téks “SMA NEGERI 1 BOJONGGEDE”

A

ᮞᮞᮞ ᮞᮞ|ᮞ|ᮞᮞᮞᮞᮞ ᮞᮞᮞᮞ

B

C

D

E

(2)

9. Kapan abdi menta cai Naha henteu di cangkiran Kapan abdi menta jangji Naha henteu dipikiran

Sisindiran eta kaasup kana sisindiran rarakitan kusabab ...

A. Di wangun ku sapada B. Tiap pada aya 4 padalisan

C. Aya cangkang aya oge bagian eusi

D. Aya kecap nu dibalikan antara cangkang jeung eusi

E. Hurup vokal tungtung sarua antara cangkang jeung eusi

10. Lengkepan sisidiran ieu ! Lamun hayang dahar noga ...

lamun hayang asup asup sorga kudu getol nya sholatna

A. Kudu totol bajuna B. Ulah poho meulina C. Meuli ka pasar raya D. Kudu daék nya meulina E. Ulah poho inumanana

Pék baca ieu sempalan carita pondok ”Tukang Kembang” karya Gagah Nugraha Aulia!

Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira, Apana Inggit.

Bu Gumbira, indungna. nyaah pisan ka si Aki. Atuda Unggal si Aki mulang ka lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oléh-oléh husus keur Inggit. Nu dimaksud si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langgangan bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki tukang kembang siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok deui- pok deui nyebutkeun asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya baéUrang Panjalu si Aki téh.

Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung rancatan. Ka béh dieu ganti ngajualan kembang.

Sabulan atawa dua bulan sakali, sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jiga téa., ku Bu Gumbira sering dibahanan oléh-oléh bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kué kaléng, sakapeung pakéan urut batur keur babasah. Anu tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh tara ditarima. Teu sangka nya, si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-putrana maraju. Diantarana waé anu natamu ka pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala, cenah, anjeunna téh.

11. Dumasar kana sempalan carita pondok di éta, mana anu kaasup kana ajén moral anu bisa dipaké tur dipatalikeun jeung kahirupan sapopoé di masarakat ....

A. ulah ngajén jalma tina tagogna

B. upama urang bageur ka batur, pasti batur ogé bageur ka urang

C. kahirupan dina éta carita teu mustahil bakal kajadian ku urang

D. salawasna silih hargaan jeung papada jalma.

E. jalma anu beunghar teu salawasna boga sikep adigung

12. Pék titénan ieu tabél sing gemet!

Dumasar kana éta data, mana anu henteu kaasup kana ciri-ciri carita pondok ....

A. 2, 5, 8, 11, 12, 13 B. 2, 5, 8, 11, 14, 15 C. 1, 3, 4, 6, 11, 14 D. 1, 3, 6, 7, 9, 10 E. 1, 3, 6, 7, 10, 13

Si Dirun salah sahiji budak anu kabalinger, manéhna sok resep pisan ngabohongan kanu jadi kolotna nepika duit bayarana ogé di paké judi ku manéhna. Saking bangorna si Dirun manehna beuki pisan gelut jeung babaturana, kalakuana teu bener jeung pagawéanana ngan di carékan baé ku bapana.

Hiji mangsa si Dirun ngarasa dosa jeung hanjakal kanu jadi kolot lantaran manéhna sok ngabohongan waé kanu jadi kolot, pas manéhna kanyahoan judi ku kolotna sabab arloji anu paméré bapana di jual jeung duitna di paké judi, tah ku bapana ka nyahoan yén si Dirun beuki judi, ti dinya si Dirun dicarékan bébéakan, terus manéhna janji ka kolotna yén manéhna moal bangor bangor deui.

13. Saumpana ditilik tina caritana watak si Dirun téh nyaéta ....

No Ciri-Ciri Karya Sastra

1 Karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu lir enya-enya kajadian

2 Midangkeun hiji carita sacara bébas 3 Jumlah kajadian caritana henteu réa 4 Museur kana hiji kajadian

5 Aya parobahan nasib nu dialaman ku palaku utama 6 Palakuna ukur dua atawa tilu urang

7 Jejer (téma) jeung latar (setting) napak dina alam kahirupan kiwari

8 Midangkeun hiji hal sacara gembleng, rinci, spésifik jeung detail

9 Ilaharna panjangna sakitar 7.500 kecap

10 Kaca (halaman) antara 4 nepi 6 kaca kalayan 1,5 spasi 11 Leuwih loba midangkeun konflik nu leuwih kompléks 12 Museurkeun paniténna (perhatian) dina hiji kajadian 13 Miboga hiji plot, setting, jumlah tokoh kawates,

ngawengku jangka waktu anu singget.

14 Aya sababaraha épisodeu dina kahirupan palaku 15 Biasana palaku utama teu nepi ka maot

(3)

A. taat B. nurut C. badeur D. bageur E. sholeh

BURON

“Bi Umi naha maké disebat nu gélo?” cék Alan.

“Duka.”

“Naha bet duka?”

“Da teu terang.”

“Umi, buka! Umi, buka!” cék sora ti luar.

Kuring neuteup ka Alan. Mun kongang mah hayang nyarita, yén kuring téh lain nu gélo, pangnepikeun ka masarakat di dinya. Hayang dipangbéjakeun ku Alan, yén kuring téh jelema ka lunta-lunta, teu puguh jugjugeun, teu puguh ka mana nya kudu indit. Tapi naha kira-kirana budak sagedé Alan, tur anyar pinanggih bakal daékkeun nulungan? Komo maké kudu ngajelaskeun saha kuring nu saenyana mah? Tapi lamun henteu kitu hésé deui kapan ngajak cacarita ka jelema téh.

Kapan sakitu ceuceubna masarakat di dinya ka diri kuring téh?

...

14. Disawang tina jenisna, kaasup jenis naon sempalan téks novél Buron?

A. Novel kaluarga B. Novel silih asih C. Novel misteri D. Novel sosial E. Novel jiwa

15. Eusi wawacan ngébréhken hiji gunggungan carita anu ngandung hiji téma. Caritana panjang, sabab diwangun ku loba palaku anu ngalalakon sarta jalan caritana loba bagianana. Wawacan kaasup kana wangun fiksi.

Nyaéta naon-naon anu dicaritakeun sagemblengna ukur rékaan atawa imajinasi pangarang.

Pek jentrekeun mana nu kaasup kana ciri-ciri wawacan

!

A. Mangrupa karya bebas, dipidangkeun dina hajatan, ditembangkeun

B. Jalan caritan pondok, teu kayahoan nu ngarang, make patokan pupuh

C. Ngagunakeun patokan pupuh, ngandung unsur pamohalan, caritana pondok

D. Jalan caritana panjang, kanyahoan panggarangna, mangrupa karangan bebas

E. Jalan caritana panjang, ngagunakeun patokan pupuh, ditepikeunna di tembangkeun

16. Sambatna Nyi tanjung sari, ku raja henteu di manah enggeus dimeureunkeun bae, tangtu nampik kan dosa, jeung lumbrah manusa, dimana nu maling ngaku, enggeus kudu nampik dosa.

Nya kitu deui panolih, sasambatna teu paedah, caturkeun geus nepi bae, ka pakuwon ka patihan,

ki Patih langkung susah, tina watirna kalangkung, ka eta nyi tanjung tea.

Ku ki Patih geus kajudi, yen dijerum ku maruna, sanajan ajar ge bohong, ku ki Patih geus katingal, enggeus meunang dongdonan, nu matak ajar sakitu, di upah ku Prameswara.

Sempalan wawacan Panji Wulung kaasup kana struktur bagian ….

A. Eusi B. Alopon C. Panutup D. Kolopon E. Manggalasastra 17. Tamatna kaula ngarang

Pukul tujuh malem Kemis Di tanggal tujuh welasna Kaleresan bulan April Taun Kangjeng Maséhi, Saréwu dalapan ratus Jeung genep puluh dua Marengan hijahna Nabi

Saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan Sempalan wawacan ieu kaasup kana struktur bagian ….

A. Eusi B. Rajah C. Alopon D. Kolopon E. Manggalasastra

18. Bahasan ngeunaan tradisi Sunda, tangtu waé medar ngeunaan unak-anik tradisi di hiji masyarakat Sunda kayaning kagiatan adat istiadat, ritual budaya, atikan, pakasaban,tatanén, jeung réa-réa deui. Minangka bagian panutup nu mangrupa pungkasan tulisan bahasan biasana mangrupa ....

A. sawangan B. hayalan C. idé

D. pamadegan E. kacindekan

19. karangan pedaran nu eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat, nepi ka bisa dipercaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.

Kaasup kana wangenan ....

A. narasi B. eksposisi C. deskripsi D. campuran E. argumentasi

20. Tradisi atawa adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun …. karuhun anu masih dilaksanakeun

…. pakumbuhan masyarakat. Tradisi ilaharna geus ….

kabiasaan masyarakat ti baheula tur geus jadi bagian

(4)

tina kahirupan kelompokna. Saperti aya Sisingaan nyaéta salah sahiji kesenian tradisional ti Jawa Barat

…. dipirig ku musik tradisional saperti Genjring Bonyo. Kasenian ieu biasana tampil dina acara pésta rakyat …. acara sunatan.

Lengkepan wacana ngeunaan tradisi éta ….

A. Jadi, dina, atawa, ti, anu B. Ti, anu, dina, atawa, jadi C. Dina, ti, jadi, atawa, anu D. Anu, ti, dina, jadi, atawa E. Ti, dina, jadi, anu, atawa

21. Numutkeun sistematika nulis bahasan, aya lèngkah- lèngkah nu dumasar kana unsur-unsurna, nyaèta …

A. nangtukeun judul, nangtukeun tèma, nèangan idè, patokan basa

B. nèangan idè, nangtukeun tèma, nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun

C. nèangan ilham, nangtukeun jejer, nyusun rangka tulisan, nangtukeun judul

D. nèangan idè, nangtukeun tèma, nyusun rangka, nangtukeun judul, patokan basa

E. nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun jejer, nangtukeun judul

22. Dikisahkeun di hiji karajaan nungarana Banjar Kancana. Raja Prabu Banjarpati, keur ngariung jeung patih, adi raja nungarana Dewi Banjarwati, jeung senopati, adi bungsu raja ngarana Banjar Segara.

Maranehna keur ngarundingkeun kaayaan karajaan nu loba kadatangan musibah.

Sempalan carita wayang Tirta Wanara Suta ka asup kana struktur ….

A. Orientasi B. Komplikasi C. Resolusi D. Panutup E. Koda

23. Yudistira mutuskeun pikeun cicing di naraka, sarta ngajurung sangkan kusir karétana balik ka sawarga...sabab manéhna milih pikeun cicing di naraka bareng jeung jalma-jalma hadé batan hirup di sawarga jeung jelema jahat. Dina waktu éta tetempoan robah.

Saterusna Indra ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna dulur-dulurna geus aya di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana sarta nampa sawarga.

Sempalan carita wayang Yudistira ditilik kana strukturna kaasup kana wangun ….

A. Bubuka B. Orientasi C. Komplikasi D. Resolusi E. Panutup

24. Srangéngé Jakarta judul buku kumpulan sajak anudisusun ku Apip Mustopa. Ieu buku téh diterbitkeun ku CV GegerSuntentaun 1999. Kandelna aya 67 kaca. Ukuran bukuna aya 14x20 cm.

Eusi paragraph résénsi diluhur mangrupa ….

A. Judu buku B. Idéntitas buku C. Kaunggulan buku D. Rangkuman buku E. Kakurangan eusi buku 25. Résénsi Novél : Buron

...

Carita ieu saliwat kagambar ku urang lantaran basana nu gampang dipikaharti ku urang nu maca.

Caritana ogé ngandung atikan-atikan nu bisa dijadikeun tatapakan kahirupan ku nu maca. Mung dina buku ieu ogé aya kakirangan sapertos pungkas caritana anu rada ngagantung. Tapi disagigireun éta, ieu carita téh alus.

...

Mun ditilik tina struktur, resénsi novél Buron kaasup bagian....

A. idéntitas karya B. ringkesan carita

C. tilikan karya (sawangan) D. sinopsis

E. panutup

26. Ku lantaran ngébréhkeun paripolah palaku, nyaéta palaku téh sina langsung meta, boh lahirna boh batinna, drama téh sok disebut sastra ....

A. paéh B. lakon C. hirup D. carita E. pintonan

27. Mun dina drama, biasana sok aya obrolan anu eusina aya komédi, tragédi jeung sajabana.

Ari komédi kaasup kana ….

A. drama anu ngara’yat B. drama anu silih tempas C. drama anu pikaseurieun D. drama anu pikasediheun

E. drama anu ngandung unsur carita 28.Sempalan téks drama

Batur Sakola

“Dina hiji waktu basa keur istirahat sakola, Amir, Budi, Dedi, Lia, Heny jeung Ida, murid-murid SMP Suka Senang, keur ngobrolkeun babaturanna, nyaeta Edi anu geus dua poé henteu asup sakola, jeung ogé mindeng teu asup sakola dina poé-poé séjénna.

Amir : Ari Edi kamana nya geus dua poé teu kaciri aya di sakola, jeung deui asa sering pisan teu sakolana téh nya?

(5)

Budi : Puguh ceunah teu bisa sakola sabab kudu ngabantuan indungna dagang gorengan, jeung ceunah éra can mayar duit sakola

Dedi : Oh kitu Bud?, kumaha atuh, naha kira-kirana aya anu bisa ku urang lakukeun?

Lia : Aduh kuring mah asa sedih ngadéngéna, hayu atuh urang gancang "bergerak", pan geuning urang téh ari kana jajan téh asa teu aya kawaregna, sok sagala dibeuli, hayu ayeuna mah urang ngahajakeun papatungan keur Edi.”.

Unsur intrinsik carita:

1. jejer 2. palaku 3. galur (plot) 4. latar 5. amanat

Dina sempalan téks drama Batur Sakola nu kaasup kana unsur intrinsik nyaeta....

A. 1,2,3 B. 2,3,4 C. 2,4,5 D. 1,2,5 E. 3,4,5

29. Rani mangrupakeun salah sahiji siswi di SMA anu boga bakat dina widang seni music jeung sastra.

Karya-karyana sering dipajang di madding sakola jeung kadang mah sok dimuat di sababarah koran jerung majalah. Poe ayeuna Rani kadatangan rerennncangan ti sakolana nu hayangeun ningali karya-karya lain di bumina.

Cutatan éta téh dina naskah drama kaasup kana bagéan ....

A. babak B. prolog C. épilog D. adegan

E. pertélaan palaku

30. Bagian pamungkas dina lalakon, anu eusina bisa jadi méré koméntar anu leuwih jauh ngeunaan ahir carita, ahir pagelaran, jeung sajabana nya éta ….

A. téma B. dialog C. prolog D. épilog E. monolog

31. Jalma nu ahli Biantara disebut...

a. Operator b. Orator c. Profesor d. Doktor e. Khotib

32. Kagiatan nyarita dihareupen balarea disebut....

a. Biantara b. Dongeng c. Nyajak

d. Ngawih e. Nembang

33. Teknik Nepikeun Biantara nyaeta...

a. Impromtu,ekstemporan,naskah jeung ngapalkeun

b. Impromtu,Ekstemporan,Ghuyur,Nyarita c. Impromtu Ekstemporan,Guluyur,Nyarita

Ngahaleuang

d. Impromtu Ekstemporan,nyarita,ngalagena e. Ngawih,Nembang,Nyarita

34. Tujuan Biantara pikeun ngajak balarea kana hiji perkara disebut...

a. Persuasif b. Subjektif c. Impormatif d. Komunikatif e. Komunikata

35. Maksud tina paribasa “lain mamatahan ngojay kameri” nyaeta..?

a. lain maksud mamatahan kanu leuwih ngarti b. mamatahan kanu jadi kolot

c. mamatahan sorangan d. mamatahan matah e. mamatahan matuh

36. Stuktur Biantara kalayan runtuy nyaeta...

a. Salam bubuka, bubuka , eusi, panutup jeung salam panutup

b. Bubuka, eusi,salam bubuka,panutup c. Eusi, salam bubuka, panutup

d. Panutup, Salam panutup, salam bubuka e. Bubuka, Panutup, Salam panutup

37. Enas-enas nu disebut biantara teh komunikasi hiji jalma rea anu sipatna langsung sacara...

a. Lisan b. Tulisan

c. Lisan jeung tulisan d. Lisan jeung Isyarat e. Tulisan jeung isyarat

38. Muji ka Alloh sarta ngahaturkeun solawat kakanjeng Nabi teh dina…

a. Salam pamuka b. Salam pangwilujeung c. Pangbagea

d. Mukadimah e. Sanduk-Sanduk

39. Biantara nu make catatan disebut...

a. Ekstemporan b. Impromtu c. Langsung d. Impromtu e. Maca teks

(6)

40. Dina Biantara ilaharna ngagunakeun basa...

a. Basa Hormat b. Basa Kasar c. Basa Loma d. Basa sapopoe

e. Basa keur kasorangan URAIAN

41. Carita wayang téh nyaéta carita anu dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Aya rupa-rupa wayang diantarana aya wayang golék, wayang cepak, wayang kilitik, wayang potéhi, wayang suluh. Aya ogé istilah pawayangan diantarana campurit, campala, Bagedor, nayaga, sabetan.

Pék jentrekeun istilah-istilah pawayangan eta ….

42.Kiwari loba drama modern anu pintonana nyonto kana bentuk drama tradisional, upamana nyonto kana longser, banjet, atawa sandiwara rayat. Tapi minangka drama modern, pintonana ngalibetkeun peran sutradara anu sentral.

Pek jentrekeun bedana drama modern jeung drama tradisional !

43.Pek jentrekeun nu kaasup kana a. Artikel narasi b. Artikel deskripsi 44. (1) Hawa di Bogor karasa tiis.

(2) Data tingkat hawa ieu, aya dina papan informasi pangukur hawa di jalan-jalan gedé di

kota Bogor.

(3) Ayeuna mah leuwih tiris tibatan saméméhna (4) Tiisna hawa di Bogor nepi ka 24ºC.

Pek susun kalimah di luhur jadi tulisan artikel anu luyu !

45. Pek sempalan carita pantun “Lutung Kasarung” ieu rubah jadi carita drama wangun dialog !

Hiji poe Purbararang nitah ngala lutung ka Aki Panyumpit, teu meunang henteu kudu nepi ka meunang lutungna, upama teu meunang, Aki Panyumpit baris di paehan. Aki Panyumpit moro lutung ka leuweung, asruk-asrukan, ti isuk jedur nepi ka soré jedér teu mmeunang hiji-hiji acan. Bujeng- bujeng meunang, ningal lutung ngulampreng ogé henteu, padahal biasana mah lutung téh patinggurayang. Aki Panyumpit kacida pisan bingungna. Keur kitu, aya lutung gugurayangan dina tangkal. Ku Aki Panyumpit disumpitan, tapi teu

meneran waé, alatan lutung téh bisa nyingcet sareng ngelok. Aki Panyumpit ngarasa hélok manggihan lutung bisa nyingkahan paser. Leuwih reuwas deui waktu éta lutung téh bisa ngomong kawas jalma.

Tétéla éta lutung téh kasarung. Antukna, sabada diboboléh, yén manehna moro lutung téh saéstuna dititah ku Purbararang, sarta upami teu meunang baris dipaehan, Lutung Kasarung daek dibawa ka karaton, pikeun dipasrahkeun ka Purbararang.

Referensi

Dokumen terkait

desa melalui kegiatan kepemudaan karang taruna “Gapura” di Dukuh Purosari Desa Kembang Kecamatan Ampel Kabupaten Boyolali. Untuk mendeskripsikan kendala pelaksanaan penanaman

Juga terdapat kendala-kendala yang dialami dalam penanaman nilai-nilai karakter pada pemuda desa melalui kegiatan karang taruna “Gapura” di Dukuh Purosari antara lain

Implementasi Nilai-Nilai Sila keempat Pancasila mengenai Kebebasan Berpendapat pada Kegiatan Karang Taruna (Studi Kasus di Desa Jumapolo Kecamatan Jumapolo tahun

Pelatihan yang diikuti oleh Karang Taruna Garuda Muda Pulo Wonokromo Surabaya nantinya diharapkan dapat menularkan pengetahuan dan ketrampilan tersebut kepada yang

Implementasi Nilai-Nilai Sila keempat Pancasila mengenai Kebebasan Berpendapat pada Kegiatan Karang Taruna (Studi Kasus di Desa Jumapolo Kecamatan Jumapolo tahun

Juga terdapat kendala-kendala yang dialami dalam penanaman nilai-nilai karakter pada pemuda desa melalui kegiatan karang taruna “Gapura” di Dukuh Purosari antara lain

Implementasi Nilai-Nilai Sila keempat Pancasila mengenai Kebebasan Berpendapat pada Kegiatan Karang Taruna (Studi Kasus di Desa Jumapolo Kecamatan Jumapolo tahun

Ini là báo cáo về hoạt động và kết quả của sự kiện Daurah