• Tidak ada hasil yang ditemukan

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS) TAHUN PELAJARAN 2023-2024: Bahasa Sunda Kelas 10

N/A
N/A
Rizal Jamaludin

Academic year: 2024

Membagikan "PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS) TAHUN PELAJARAN 2023-2024: Bahasa Sunda Kelas 10"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS) TAHUN PELAJARAN 2023-2024

Hari/Tanggal : Kelas : X

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Program : IIS

Jumlah Soal : 45 Waktu : 90 Menit

A.

Pilihlah salah satu jawaban yang paling benar !

1. Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumuruan ti karuhun anu masih dilaksankeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna

a. Folkor b. Budaya c. Tradisi d. Étika e. Tatakrama

2. Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana. Dina basa Indonésia, karangan pedaran téh sok disebut karangan bahasan atawa karangan éksposisi. Ku lantaran ngajéntrékeun atawa medar hiji perkara, aya rupa-rupa téhnik nu dipaké dina nulis karangan pedaran, di antarana nyaéta téhnik klarifikasi, naon maksudna...

a. Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung medar ciri-cirina éta perkara atawa barang

b. Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara ngajéntrékeunangan jeung nyieun papasingan éta perkara atawa barang c. Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré wangenan kana éta perkara atawa barang

d. Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran kana éta perkara atawa barang e. Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran prosés nyieuna éta barang

3. Teu béda ti adegan karangan lianna, umumna mah rangkay, raraga, atawa kerangka karangan pedaran téh di wangun ku tilu tilu bagian nyaéta bubuka, bagéan eusi, jeung bagéan pamungkas, naon eusi tina bagéan pamungkas téh...

a. Wujud jeung wanguna objék, gunana objék, wanda atawa tipena objék b. Legana pedaran jeung watesan jejer pedaran

c. Masalah-masalah anu dipedar jeung gunana pedaran d. Wanda atawa tipena objék

e. Kacindeukan tina eusi pedaran jeung saran-saran

4. Di handap ieu aya sawatara cara anu bisa dilaksanakeun, nalika urang rék nulis karangan pedaran. Iwalti...

a. Nyiapkeun kandel halaman anu rék di pedar

(2)

b. Netepkeun pasualan atawa perkara nu rék ditulis c. Mikiran pijuduleun anu matak ngirut ka nu maca d. Nyusun raraga atawa rangkay karangan

e. Nyarungsum karangan nu geus jadi

Pikeun ngajawab pananya nomor 5 jeung 6 pék tengetan teks di handap ieu!

Saringset Pgeuh Iket

Iket atawa totopong téh kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna di Sunda. Mun di jujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ”saiket”, nu hartina sabeungkeutan, sauyunan dina hiji pakumbuhan.

Silokana nyéré/harupat mun sagagang mah teu bisa nyapukeun nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi sapu nu bisa kuat nyapukeun rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun sosorangan tangtu bakal berat

nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu diiketna, sedeng pasualan nu datang di luar di jero dirina mangrupa objék nu kudu sayaga pikeun disanghareupan, sangkan hirup salawasna caringcing pageuh kancing, saringseut pageuh iket.

Mimiti resep kana iket mémang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun nalungtik leuwih jero mah karék taun 2005. Kitu ogé ladang tatanya ka kolot jeung saha baé nu weruh kana iket, bari terus

ngeureuyeuh ngalalar kampung adat. Najan masih kénéh héngkér ngeunaan kumaha jero-jerona iket, tina ladanag tetelepék téh saheulaanan mah bisa dicindikkeun yén iket téh ngawengku tilu bagian nyaéta bahan, corak/motif, jeung wangun iket.

Lewih alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana. Biasana nu bogana golongan ménak, contona motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna, upama iketna polos-saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jero atawa ukur motif batik sisina hungkul (iket sisian), hargana gé leuwih murah tur nu makéna gé golongan cacah. Sedeng tina wangun iket aya dua bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu. Sabenerna mah ari wangun iket mah pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep atawa dikeureut tina wangun asal pasagi.

5. Numutkeun kana teks pedaran di luhur, ku saha biasana di pakéna iket anu bahana alus jeung renyek motif batik téh...

a. Jalma golongan ménak b. Jalma golongan cacah c. Jalma golongan biasa d. Jalma anu boga jabatan e. Golongan jalma biasa

6. Naon anu disebut iket téh....

a. Kabeungharan sunda seni musik b. Kabeungharan sunda pakéan c. Kabeungharan budaya tutup sirah d. Kabeungharan budaya tari e. Kabeungharan budaya ronggéng

7. Ngeunaan gaya tipe jeung gaya kapamimpinan (leadership) Sunda kapanggih dina naskah kuno Sanghiyang Siksa Kandang karesian. Ieu naskah kuno téh asli titinggal karuhun Sunda. Ceuk éta naskah, kaharmonisan pamaréntah téh nyaéta Tritangtu di Bumi : Sang Prabu, Sang Rama, jeung sang Resi, anu di sebut sang Rama nyaéta...

a. golongan masarakat nu dipikolot minangka wawakil rahayat (législatif) b. Golongan masarkat anu pancéna ngaberdayakeun hukum agama

c. Pamingpin roda pamaréntah (éksékutif) pamingpin formal, birokrat, pamaréntah, nu nyokot kawijakan, sarta sakabéh unsur trias politica

(3)

d. Golongan masarakat anu pancéna ngajaga kana éta lwmbur e. Jalma anu diparéntah ku pamimpin

8. Pikeun bisa ngalaksankeun parigeuing, carana kudu ngalaksankeun heula Dasa Pasanta, nyaéta 10 panengtrem haté. Naon maksudna....

a. Paréntah karasaeunana saperti rasa kanyaah (karunya) jeung ogé mangrupa kurnia (kapercayaan) kana kamampuh dirina

b. Cara saurang pamingpin pikeun nengtremkeun haté jalma anu dipingpin atawa anu diparéntahna supaya digawéna ihlas tur ngagedur sumangetna

c. Jelema anu diparéntah téh kudu ngartieun naon gunana tina anu diparéntahkeun d. Paréntah téh karasana kudu nuduhkeun kabisa tur kapinteran anu méré paréntah e. Hartina bisa niiskeun pikir nu diparéntahna, sangkan geunaheun pikirna

9. Lian ti parigeuing jeung Dasa Pasanta, aya ogé anu disebut Pangimbuhning Twah, hartina pituduh watek atawa tatakrama hadé pikeun hirup kumbuh sapopoé anu jumlahna aya 12, diantarana aya watek Morogol-rogol, hartina nyaéta....

a. Tegesna taliti eweuh anu kaliwat

b. Mibanda jiwa pahlawan atawa sikep nasionalisme, gedé rasa tulung tinulungan c. Nyekel prinsip jeung kayakinan kana dirina

d. Boga karep pikeun maju, gedé sumanget, henteu éléhan e. Balabah (dermawan), bageur, jeung resep tulung tinulungan

10. Anu henteu kaasup karakter dina Pangimbuhing Twah, nyaéta...

a. Emét b. Imeut c. Kandulan d. Rajeun e. Leukeun

11. Anu henteu kaasup kana karakter goréng opat paharaman, nyaéta....

a. Pundungan b. Kukulutus c. Humandeuar d. Langsitan e. Babarian

12. Pangimbuhing Twah anu hartina’mibanda jiwa pahlawan atawa sikep nasionalisme tur gedé rasa tulung tinulung’ nyaéta...

a. Pakapradana b. Morogol-rogol c. Gapitan d. Karawaleya e. Purusa ning sa

(4)

13. Dina sistim kapamingpinan Sunda “Tri Tangtu di Bumi” sang prabu kudu boga palasipah ngagurat batu, hartina nyaéta...

a. Ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tentrem b. Taat tur patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rékayasa c. Boga watek negtremkeun dina kaadilan

d. Jeung bawahan boga watek silih asih, silih asah silih asuh e. Kudu lumampah dumasar tékad, ucap, jeung lampah

14. Ieu di handap henteu kaasup kana unsur dasa Pasanta (Panengtem Haté, nyaéta a. Ramah

b. Hook c. Cangcingan d. Nyecep e. Asih

15. Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Lalakon wayang téh rupa-rupa gumantung kana warna wayangna. Diantarana aya wayang gedog, nyaéta....

a. wayang kulit nu ngalalakonkeun carita panji b. nyaritakeun lalakon ti nagri Tiongkok c. wayang jelema, lalakona tina Mahabrata d. nyaritakeun lalakon sajarah Indonésia

e. lalakonna digambar dina lawon, tuluy dibébérkeun

16. Naon alesana kecap wayang téh dicokot tina kecap bayang-bayang....

a. Suméndér kana pagelaran wayang golek b. Wanguna jiga manusa

c. Jungkiringna kalangkang eta teh teu bina tina kahirupan jalma anu ditempo teh paropilahna d. Diusik malikeun ku dalang

e. Mangrupa simbol kahirupan manusa

17. Warnaning wayang anu kungsi hirup di indonésia di antarana aya wayang titi, ngalalakonkeun naon wayang titi téh...

a. Prabu Damarwulan

b. Mahabrata jeung Ramayana c. Ngeunaan sajarah Indonésia

d. Jan Pieterszoon Coen jeung Kapten Tack e. Lalakon ti Nagri Tiongkok

18. Dina bagian carita wayang aya bagian nalika dalang nepikeun prolog anu dicaritakeun ku dalang anu ngagambarkeun kaayaan karajaan , kagagahan jeung kaagungan raja, kautamaan (sifat sareng dangdosan). Ieu mangrupa bagian dina...

(5)

a. suluk b. Antawacana c. Kakawén d. Murwa e. Nyandra

19. Ngabandungan carita wayang, biasana ku cara langsung lalajo dipagelarana. Dina pagelaran wayang sok aya lagu dina basa kawi nu sok dihaleuangkeun ku dalang, disebut...

a. Kakawén b. Murwa c. Nyandra d. Antawacana e. Garap

20. Santikaning dalang hartina élmu keur ngatik dalang sangkan masagi lir sinatri. Dina dunya padalangan aya anu disebut kawiradya, nyaéta

a. Kaparigel molahkeun wayang b. Bisa ngahudang rasa

c. Mamapuh nyirep nu lalajo ku pintonan nu hadé d. Kamampuh kakawén tokoh-tokoh wayang e. Pangaweruh carita wayang

21. Dina carita Mahabrata aya dua kelompok tokoh wayang, nyaéta tokoh wayang Pandawa jeung tokoh wayang Kurawa. di handap ieu anu henteu kaasup kana pandawa nyaéta...

a. Bima b. Ambika c. Arjuna d. Nakula e. Sadéwa

22. Dina pagelaran wayang aya sawatara istilah, di antarana aya istilah antawacana, naon maksudna....

a. Caturan wayang dina adegan b. Bubuka pagelaran anu dikawihkeun

c. Déskripsi adegan maké basa prosa pakeliran wayang

d. Basa Kawi nu sok di paké mamanis atawa pamantes dina ngadalang e. Bisa jeung henteuna dalang mawakeun éta wayang

23. Ieu di handap kalimah nu teu ngandung kecap di rarangkénan hareup N-, nyaéta...

a. Manéhna meuli buku ti Maruyung

b. Leungeuna numpang dina beuteung burayutna c. Ngan ka ema nu tara ngantep téh

(6)

d. Sigana mobil beus téh geus tepi ka nu dituju e. Tina neundeun deui duit emas

24. Di handap ieu nu teu kaasup kana rarangkén N-(Nasal) nyaéta...

a. n- b. m- c. nya- d. nga- e. ny-

25. rarangkén hareup N- anu teu robah jadi nge- aya dina kecap ieu di handap, nyaéta...

a. Ngecor b. Ngemil c. Ngebor d. Ngelas e. Ngecét

26. Ngajén atawa menteun kana hiji karya, saperti buku, film, atawa pintonan drama jeung musik (konsér), disebutna...

a. Éksprési b. Kritik c. Éséy d. Aprésiasi e. Résénsi

27. Di handap ieu nu teu kaasup kana tujuan tina Résénsi, nyaéta...

a. Ngajak masarakat sangkan milu ngajén jeung méré tinimbang kana isi buku atawa pilem b. Mikaweuruh ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran buku atawa pilem

c. Maparin gambaran ka pamaca atawa ka nu rék lalajo ngeunaan hiji buku atawa pilem secara singget d. Mikaweruh kasang tukang jeung alesan digeularkeunana hiji karya, boh buku atawa pilem

e. Nguji kualitas hiji buku atawa pilem

28. Résénsi ngabogaan sababaraha wanda. Sakurang-kurangna aya tilu wanda résénsi, sanajan dina émprona mah bisa dipaké tiluanana babarengan. Di antarana aya résénsi kritis, naon hartina...

a. Diteupikeun kalawan umum tur singget dina sagemblengna buku b. Diteupikeun kalawan ngagunakeun bahasa anu nyaring tur jéntré

c. Ngulas wincikan hiji buku kalawan ngagunakeun métodologi élmu kaweruh nu tangtu d. Ngaulas kana tatacara nyieun buku kalawan hadé

e. Medar atwa ngabahas tiap bab atawa eusi buku kalawan wincik

29. Karangan résénsi mibanda adegan atawa sistematika nu tangtu, di handap ieu nu teu kaasup kana sistematika résénsi nyaéta...

a. Judul résénsi

(7)

b. Idéntitias buku atawa pilem

c. Ringkesan eusi bukun atawa carita pilem d. Ngasongkeun hasil tina hiji karya e. Kaunggulan jeung kahéngkéran

30. Bagéan tina ulikan sastra anu nyaritakeun kalawan langsung karya sastra saperti nganalisis, napsirkeun, jeung ngajén karya sastra disebutna...

a. Kritik sastra b. Ékprési sastra c. Éséy sastra d. Artikel sastra e. Aprésiasi sastra

B.

Ungkapkan jawaban benar atau salah dari pernyataan di handap ieu !

N

O PERNYATAAN

BE N A R

SA LA H 31 Teknik identifikasi nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara

neangan jeung medar ciri-cirina eta perkara atawa barang

32 Teknik proses nyaeta ngajentrekeun ku cara neangan jeung mere wangenan kana eta perkara atawa barang

33 Karangka karangan ngawangun pedaran teh nyaeta ku tilu bagian 34 Wayang golek dijieuna tina kai kawas boneka, rea sumebar di

jawa barat

35 Wayang titi (potehi) lalakona di gambar dina lawon tuluy di beberkeun

36 Carita anu sok di sebut dina pagelaran wayang the nyaeta carita wayang

31. Drama anu dialog-dialogna ditepikeun ku cara dihaleuangkeun disebutna

37 Gending karesmen

38

Pintonan téater anu paguneman atawa mintonkeunana ku sorangan (saurang palaku) disebutna epilog

39

nu teu kaasup kana unsur-unsur naskah drama, nyaéta wirahma 32. “Harita mah persib sok Bangénan waé”

40

Kecap bangénan dina éta kalimah ngandung harti Éléhan tur épés méér.

C.

Eusian jawaban di handap ieu cing bener !

41. Naon hartina paribasa “Ciri sabumi cara sadésa”?

42. Naon ari carita wayang?

43. Naon sasaruaan jeung bédana antara résénsi jeung kritik?

44. Naon sababna drama sok disebut karangan paguneman?

45. Naon nu disebut gending karesmén?

Referensi

Dokumen terkait

Warga padha rawuh ing prapatan mbekta takir kathahe sami kaliyan cacahe kulawargane Wacanen kang permati kanggo mangsuli soal nomer 7-12.. Perang Tandhing Perang Baratayuda, perang

17 November 2023 Kepala Madrasah Dadan Hidayatulloh, S.Pd KARTU PESERTA PAS PENILAIAN AKHIR SEMESTER MADRASAH TAHUN PELAJARAN 2023-2024 Nama : Nazril Muhammad Arrifki No.. 17

APABILA BEL BERBUNYI TANDA WAKTU HABIS SEGERA KUMPULKAN LEMBAR JAWABAN DAN SOAL SESUAI DENGAN KELAS MASING-MASING DAN PESERTA LANGSUNG KELUAR RUANGAN.. Selaawi, 10 November 2023 Kepala

Soal Penilaian Akhir Semester PAS dibuat oleh masing-masing guru mata pelajaran atau musyawarah guru mata pelajaran di sekolah dengan ketentuan sebagai berikut.. Soal PAS berbentuk

PEMERINTAH KOTA TEGAL DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jalan ………Kota Tegal JADWAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER PAS KELAS III DAN VI TAHUN PELAJARAN 2023/2024 NO HARI TANGGAL II-III

Soal bahasa arab untuk kelas 6 MI contoh soal ini adalah untuk pengujian bagi

Dokumen ini berisi soal-soal ujian akhir tahun mata pelajaran Bahasa Sunda untuk kelas

Dokumen ini berisi soal-soal penilaian akhir tahun untuk mata pelajaran Pendidikan Pancasila kelas 5 SD tahun pelajaran