MANG KOKO
Mang Koko nyaeta seniman kahot anu gedé pangaruhna kana hirup-huripna seni karawitan di tatar Sunda. Jenengan lengkepna Koko Koswara lahir di Indihiang, 10 April 1917 - 4 Oktober 1985.
Komponis ti mimiti lagu-lagu barudak nepi ka lagu déwasa jeung umum, kalayan ciri hasna dina jentréng kacapi, warna sora, jeung gaya lagu-laguna.
Bakat senina ti bapana nyaeta juru mamaos Ciawian dan Cianjuran. Salajengnna Mang Koko diajar nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu tos kasohor jeung diajar tina hasil karya bidang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata, ahli musik Sunda. Mang Koko kantos ngadirikeun sagala kumpulan kasenian, diantawisna : Jenaka Sunda Kaca Indihiang, Taman Murangkalih, Taman Cangkurileung , Kliningan Ganda Mekar, Gamelan Mundinglaya jeung sajabana.
Mang Koko ngadirikeun sakaligus jadi pimpinan kahiji ti Yayasan Cangkurileung pusat, anu cabang-cabangna kasebar di lingkungan sakola-sakola saprovinsi Jawa Barat.
Anjeunna oge ngadirikeun jeung jadi pimpinan Yayasan Badan Penyelenggara Akademi Seni Karawitan Indonesia (ASKI). Anjenna oge nerbitkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung".
Baheula mang koko teh boga gawe jadi penyiar radio, tempatna di gedong rumpung urut keuna mortir walanda. Lagu anu diciptakeun ku mang Koko nyaeta, badminton, maen bal, ciri-ciri lagu anu diciptakeun ku Mang Koko diantarana lalaguanana bruk-brak, kritikna seukeut, tapi teu matak raheut, rumpakana basajan gampang kaharti ku balarea.