• Tidak ada hasil yang ditemukan

SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA

N/A
N/A
Deby Shera

Academic year: 2023

Membagikan "SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)
(2)

SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA KELAS VII TAHUN PELAJARAN 2022/2023

SMP NEGERI 2 SUBANG

PILIHAN GANDA : Pilih jawaban nu pangbenerna!

NGANJANG KA IMAH DIDI

“Assalamu’alaikum...!”

“Wa’alaikumsalam...!” waler Bu Nani bari gura-giru mukakeun panto hareup.

“Eu..., saha nya?” Bu Nani neuteup barudak lalaki duaan nu keur ngajaranteng hareupeun panto.

“Abdi Asép, Bu! Dupi ieu Dédén. Réréncangan Didi di sa kola,” ceuk Asép mani rengkuh pisan.

“Oh, muhun. Mangga atuh ka lebet heula, “ Bu Nani mukakeun panto méré jalan ka Asép jeung Dédén. Asép jeung Dédén sap-sup ka rohang tamu.

“Dupi Didi-na aya, Bu?” Asép nanya deui.

“Aya, nuju ka bumi Ninina heula. Sakedap deui ogé wangsul geura,” waler Bu Nani.

“Teu sawios abdi ngiring ngantosan di dieu?” ceuk Dédén.

“Nya henteu atuh, mangga waé...” waler Bu Nani.

“Muhun, tadina bilih ngawagel kagiatan Ibu,” ceuk Didi.

“Ah henteu, da Ibuna ogé nuju teu gaduh kagiatan,” waler Bu Nani bari imut daréhdéh.

Bari ngadagoan Didi téh, Asép jeung Dédén diajakan ngobrol ku Bu Nani, bari teu poho disuguhan. Sanggeus Didi datang mah, Bu Nani ka pawon deui. Asép jeung Dédén téh lila ogé nganjangna, da migawé péér basa Sunda heula. Pabeubeurang kakara aramitan ka Bu Nani.

……….

………

1. Saha nu nganjang ka imah Didi téh?

A. Asép B. Dédén

C. Asép jeung Dédén D. Asép jeung Bu Nani

2. Didi keur ka mana waktu babaturanana datang ka imahna?

A. Keur nganteur ninina B. Keur ka imah ninina C. Keur ngalongok ninina D. Keur néang ninina

3. Kalimah mana anu nétélakeun yén Bu Nani can wawuh ka babaturan Didi?

A. “Eu..., saha nya?”

B. “Oh, muhun.”

C. “Aya, nuju ka bumi Ninina heula.”

D. “Nya henteu atuh, mangga waé...”

4. Kumaha sikep Bu Nani waktu nyaho yén nu datang téh babaturan Didi?

A. Diaku tuluy sina nungguan Didi

B. Diaku tuluy sina asup ka rohang tamu C. Diaku tuluy sina mukakeun panto D. Diaku tuluy sina méré jalan

5. Naon sababna babaturan Didi nganjangna lila?

A. Ngadagoan Didi nu keur ka imah ninina B. Diajakan ngobrol ku Bu Nani

C. Nungguan Didi di rohang tamu D. Migawé pé-ér basa Sunda

(3)

6. Omongan babaturan Didi anu nétélakeun yén maranéhna miboga kapribadian anu hadé saperti ieu di handap, iwal ….

A. “Dupi Didi-na aya, Bu?”

B. “Teu sawios abdi ngiring ngantosan di dieu?”

C. “Permios, badé wangsul, Bu!”

D. “Mangga. Ati-ati di jalanna!”

7. “Aya, nuju ka bumi Ninina heula. Sakedap deui ogé wangsul geura,” waler Bu Nani.

Nini nyaéta ...

A. indungna bapa/indung urang B. adina bapa/indung urang C. lanceukna bapa/indung urang D. dulurna aki/nini urang

8. “Aya, nuju ka bumi Ninina heula. Sakedap deui ogé wangsul geura,” waler Bu Nani.

Kecap lemes keur ka batur dina kalimah di luhur nyaéta ....

A. nuju B. bumi C. sakedap D. wangsul

9. “Ah henteu, da Ibuna ogé nuju teu gaduh kagiatan,” waler Bu Nani bari imut daréhdéh.

Kecap lemes keur ka sorangan dina kalimah di luhur nyaéta ....

A. henteu B. nuju C. gaduh D. imut

10 .Paguneman anu eusina silih tanya mun amprok di jalan, iwal kalimah ….

A. Assalamu’alaikum Ibu, badé angkat ka mana?

B. Walaikum’salam Anis. Ibu badé mios ka klinik.

C. Oh, saha kitu Bu, anu teu damang?

D. Bu Wiwin téh indungna Mayang anu rék meuli obat.

11. Paguneman anu eusina ngawanohkeun diri aya dina kalimah ….

A. Asép : Wilujeng enjing sadayana.

B. Murid : Wilujeng énjing...!

C. Asép : Nepangkeun simkuring, wasta pun Asép.

D. Rina : Dupi nami lengkepna saha?

12. Paguneman anu eusina amitan, aya dina kalimah ….

A. Nina : Mah, Nina mios heula ka sakola.

B. Indungna : Muhun, salam heula ka Bapa.

C. Nina : Atos tadi, Mah.

D. Nina : Muhun, Mah. Assalamu’alaikum

13. Maya : Assalamu’alaikum... Bu punten ngawagel sakedap.

Bu Guru : Waalaikum’salam. Muhun mangga. Aya peryogi naon, May?

Maya : Ieu Bu, abdi neda widi, ayeuna moal tiasa ngiring diajar, margi badé ngiring latihan gabungan kanggo lomba dinten énjing.

Paguneman di luhur eusina ….

A. amitan B. ménta idin

C. ménta hampura D. silih tanya

14. Kecap anu nuduhkeun ménta idin dina wacana nomer 13 nyaéta ….

A. punten ngawagel

(4)

B. muhun mangga C. peryogi naon D. neda widi

15. Kalimah anu eusina nganuhunkeun nyaéta ….

A. Maya : Ibu, hatur nuhun kamari tos diwidian.

B. Bu Guru : Muhun, sami-sami. Kumaha hasilna?

C. Maya : Alhamdulillah, ku pidu’a Ibu janten pinunjul kahiji.

D.Bu Guru : Alhamdulillah.... wilujeng nya ka sadayana.

16. Maya : Ibu, hapunten kamari abdi teu lebet sakola.

Bu Guru : Muhun ku naon? Teu ngintun serat geuning?

Maya : Kamari rada teu raraos, rupina kacapéan saparantos ngiring lomba téa.

Alesan Maya ménta hampura ka Bu Guru sabab ….

A. miluan lomba B. teu ngirim surat C. teu asup sakola D. kacapéan

17. Kembang awi disebut ….

A. eumbreuk B. bosongot C. ulated D. ancal

18. Jantung mangrupa kembang ….

A. peuteuy B. cau C. jéngkol D. céngék

19. Barudak anu rék tampil dina paturay tineung, darangdan mani ngembang térong, da sagala diterapkeun.

Ngembang térong maksudna ....

A. méncéngés, jadi gareulis B. ngajelengut bangun nu susah C. moncorong, bijil cahayana D. dingdet, leumpangna teu rata

20. Ningali anu sulap manéhna mani ...., molohok, teu ngiceup-ngiceup.

A. ngembang bako B. ngembang laja C. ngembang bonténg D. ngembang kadu

(5)

Oray-orayan

Luar-léor mapay ....(21) ....

Engtong ka sawah

Paréna keur sedeng ....(22) ....

Oray-orayan

Luar-léor mapay ....(23) ....

Entong ka kebon

Loba barudak keur ....(24) ....

21. A. kotakan B. saung C. galeng D. sawah 22. A. rampak

B. konéng C. beukah D. panén 23. A. tegal

B. kebon C. huma D. leuweung

24. A. ngangon B. ulin

C. heureuy D. lulumpatan

25. Dina kaulinan orang-orayan barudak narangtung nguntuy ka tukang. Saterusna budak anu cicing tukangeunana nyekel ... budak nu cicing hareupeunana.

A. taktak B. leungeun C. sirah D.beuheung

26. Salah sahiji barang anu diperlukeun dina kaulinan congklak nyaéta ....

A. karét geulang nu diuntun B. awi nu maké panétéan C. sisikian anu teu pati galedé D.kaléci anu ukuran sedeng

27. Liang leutik dina kaulinan congklak jumlahna aya ....

A. 14 B. 15 C. 16 D.17

28. Di handap aya ngaran kaulinan anu maké kakawihan, iwal ....

A. ciciputri B.éncrak

C. eundeuk-eundeukan D.prangpring

29. Alatna maké bal tina karét ukuran leutik, aya kewuk jumlahna 6 siki, cara maénna bal dialungkeun sina ngancul, kewuk dirawuan saméméh bal nepi kana lantéy, tuluy balna disanggap.

Ilustrasi di luhur kaasup kaulinan ....

(6)

A. simseu B. kasti C. béklen D.gatrik

30. Di handap mangrupa kaulinan anu dipaénkeun beregu, iwal ....

A. galasin B. bonbonan C. gatrik D.encrak

31. Sujang geura hudang, ieuh geus wanci ... Geura kacai, wudlu, terus ka masjid shalat subuh berjama’ah.

A. tengah poé B. balébat C. sareupna

D.tengah peuting

(1) Eling-éling dulur kabéh Ibadah ulah campoléh

Beurang peuting ulah weléh Bisina kaburu paéh

32. Ibadah téh ulah campoléh jeung ulah kaliwat beurang jeung peuting sabab ….

A. bisi kaburu horéam B. bisi kaburu gering C. bisi kaburu ripuh D.bisi kaburu paéh

(2) Karasana keur sakarat Nyerina kaliwat-liwat Kana ibadah diliwat Tara ngalakukeun solat 33. Karasana keur sakarat

Sakarat sarua jeung ....

A. ngaleupaskeun nyawa B. ngaleupaskeun napas C. ngaleupaskeun kaambek D.ngaleupaskeun kacapé (3) Kaduhung kaliwat langkung

Tara nyembah ka Yang Agung Sakarat nyeri kalangkung Jasadna teu meunang embung

34. Lamun tara nyembah ka Yang Agung, kumaha cenah karasana?

A. Disiksa ku Yang Agung B. Dibenduan ku Yang Agung C. Sakarat nyeri kalangkung D.Jasadna teu meunang embung

35. Eusi pupujian “Eling-éling Dulur Kabéh” téh mangrupa pépéling, anu ngélingan ka urang sangkan ....

A. teu kaduhung B. getol ibadah C. inget paéh D.babari sakarat

Tos medal bulan purnama

(7)

Nyaangan jagat buana Jungjunan anu utama

Muhammad jenenganana

36. Tos medal bulan purnama Medal hartina ....

A. nepi B. katingal C. aya D.lahir

37. Pupujian “Tos Medal Bulan Purnama” nyaritakeun ....

A. bulan purnama anu nyaangan alam dunya

B. tos lahir nabi Muhammad anu mawa ajaran keur sakabéh manusa C. ari waktuna bulan purnama mah alam dunya téh jadi caang

D.kaayaan alam anu tadina poék jadi caang ku bulan purnama 38. Di handap mangrupa ciri-ciri pupujian, iwal ...

A. padalisan kahiji jeung kadua cangkang B. sapada aya opat padalisan

C. jumlah engang tiap padalisan 8 D.sora tungtung tiap padalisan sarua Lamun hayang asup surga

Getol solat jeung puasa ...39...

...40...

39. A. Unggal peuting gatol ngaji B. Solawatan tong kaliwat

C. Lobakeun amal jariah D. Nurut ka indung ka bapa

40. A. Kalakuan kudu hadé B. jauhan laku masiat C. Sarta hadé ka tatangga D. kudu daék barangbéré

Konci jawaban

1 C 1

1 C 2

1 D 3

1 B

2 B 1

2 A 2

2 C 3

2 D

3 A 1

3 B 2

3 B 3

3 A

4 B 1

4 D 2

4 A 3

4 C

5 D 1

5 A 2

5 A 3

5 B

6 D 1

6 C 2

6 C 3

6 D

7 A 1

7 A 2

7 A 3

7 B

8 B 1

8 B 2

8 B 3

8 A

9 C 1

9 C 2

0 C 3

9 D

1 D 2 D 3 D 4 C

(8)

0 0 0 0

Referensi

Dokumen terkait

Date:……/……/14……H Corresponding to:……/……/2021 Gentlemen / Abdulmohsen Alhokair Group for Tourism and Development Respected Peace be upon you Subject / Membership of the company's

Gambar / stiker ieu, ngingetan ka urang kudu hemat kana listrik nyaéta ….. “Karunya Jang Sirod mah, datang ka ulang taun té geus teu kabagéan nanaon” Babasan atawa paribahasa pikeun