• Tidak ada hasil yang ditemukan

SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA

N/A
N/A
Deby Shera

Academic year: 2023

Membagikan "SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA "

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA KELAS IX TAHUN PELAJARAN 2022/2023

SMP NEGERI 2 SUBANG

PILIHAN GANDA : Pilih jawaban nu pangbenerna !

(1) Assalamu’alaikum warrohmatullohi wabarokaatuh.

(2) Bapa Kapala Sakola, Ibu kalih Bapa Guru anu ku sim kuring dipihormat,

(2) Sadérék sadaya kelas salapan sareng adi-adi kelas tujuh ogé kelas dalapan, anu ku sim kuring dipikacinta.

(3) Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Alloh Subhanahu wa Ta’ala.

Solawat sinareng salam mugi ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad Solallohu ‘Alaihi wa Salam.

(4) Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat,

(5) Dinten ieu téh panginten dinten anu pikabungaheun ogé pikasediheun kanggo sim kuring sadaya mah. Bingah ku margi simkuring sadaya parantos lulus ti ieu sakola saparantos tilu taun paéh poso diajar. Ari sedihna, nya tangtos baé ku sadayana ogé kamaphum, kedah papisah sareng Bapa/Ibu Guru ogé adi-adi kelas tujuh sareng kelas dalapan anu ku sim kuring sadaya dipikacinta.

(4) Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat,

(5) Dina ieu kasempetan, sim kuring ngawakilan réréncangan sadaya kelas salapan, seja ngahaturkeun réwu nuhun kana sagala rupi kasaéan manah Bapa sareng Ibu Guru salami tilu taun ngasuh sim kuring sadaya. Bapa sareng Ibu Guru teu weléh sabar ngawurukan sim kuring sadaya sangkan janten jalmi anu pinter, anu bageur, anu jujur, anu disiplin taat kana aturan, anu terang kana tatakrama sopan santun, anu iman sareng takwa ka Gusti Nu Maha Suci, kanggo pibekeleun hirup sim kuring sadaya ka payunna.

(5) Sim kuring sadaya ogé seja nyuhunkeun hapunten samudaya kalepatan.

Rumaos sim kuring sadaya mah seueur carékeunana. Salami tilu taun téh tangtos seueur paripolah sim kuring sadaya anu matak jéngkél sareng ngajaheutkeun manah Bapa sareng Ibu.

(5) Sim kuring sadaya seja nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi sim kuring sadaya tiasa ngamangpaatkeun élmu anu parantos dipaparinkeun ku Bapa sareng Ibu, tiasa lebet ka sakola anu dipikahoyong, tiasa ngahontal sagala rupi anu dicitacitak eun, sareng janten jalmi anu guna kanggo nusa bangsa sa reng agama. Amin ya Robbal alamin.

(6) Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana. Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah, wassalamu’alaikum warrohmatullohi wabarokaatuh.

1. Kalimah nomer (1) dina téks biantara di luhur mangrupa bagian ....

A. salam bubuka B. pangbagéa C. bubuka biantra

D. pangbagéa randegan

2. Dina téks biantara di luhur, kalimah nomer (2) mangrupa bagian ....

A. salam bubuka B. pangbagéa C. bubuka biantara D. pangbagéa randegan

3. Bagian ... dina téks biantara di luhur aya dina kalimah nomer (3).

A. salam bubuka B. pangbagéa C. bubuka biantara D. pangbagéa randegan

4. Anu kaasup bagian pangbagéa randegan dina téks biantara di luhur nyaéta nomer ...

A. (3) B. (4)

(2)

C. (5) D. (6)

5. Paragrap nomer (5) dina téks di luhur mangrupa eusi biantara anu intina saperti ieu di handap, iwal ....

A. ngébréhkeun rasa kabungah jeung kasedih dina waktu paturay tineung sanggeus diajar salila tilu taun

B. nganuhunkeun kana sagala rupa kahadéan ibu bapa guru anu salila tilu taun geus ngadidik

C. ménta do’a ti ibu bapa guru sangakan bisan ngamangpaatkeun elmu nu tos kacangkem

D. pangalaman di sakola salila tilu taun anu moal bisa dipopohokeun nepi ka iraha baé ogé

6. Pilih kalimah anu nuduhkeun bagian panutup dina biantara !

A. Dinten ieu téh panginten dinten anu pikabungaheun ogé pikasediheun kanggo sim kuring sadaya mah.

B. Sim kuring sadaya ogé seja nyuhunkeun hapunten samudaya kalepatan. Rumaos sim kuring sadaya mah seueur carékeunana.

C. Sim kuring sadaya seja nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi tiasa ngamalkeun élmu anu parantos dipaparinkeun ku Bapa sareng Ibu guru.

D. Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana.

7. Waktu diondang ulang taun ku babaturanana, Sudirman disina biantara tanpa dibéjaan saméméhna sabab anu kapapancénan biantara teu datang. Tanpa tatahar heula Sudirman langsung biantara.

Dina situasi di luhur Sudirman biantara ngagunakeun padika ....

A. impromtu B. naskah C. ngapalkeun D. ékstémporan

8. Padika impromtu dina biantara sok matak kataji nu ngabandunganana lamun ....

A. nu biantarana percaya diri B. nu biantarana geus ahli

C. nu biantarana tukang ngabodor D. nu biantarana daréhdéh

9. Aya kesan kaku nyaritana, ngomongna tara bébas, lamun aya nu poho biantarana bisa kandeg.

Pernyataan di luhur kahéngkéran (kelemahan) biantara ngagunakeun padika ....

A. impromtu B. naskah C. ngapalkeun D. ékstémporan

10. Pembina upacara dina nepikeun amanatna dibaca, kurang komunikasi jeung nu ngabandungan, teu dibarengan ku gerak awak atawa leungeun, anu ahirna matak bosen.

Pernyataan di luhur patali jeung biantara maké padika ....

A. impromtu B. naskah C. ngapalkeun D. ékstémporan

11. Nu rék diomongkeun dirarancang heula kalawan taliti, dijieun catetan-catetan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan. Jadi, nu biantara bébas ngagunakeun susunan kecap jeung kalimah luyu jeung rangkay omongan, dibarengan ku gerak awak jeung riuk beungeut anu ngarojong pikeun nandeskeun eusi omongan.

Ilustrasi di luhur biantara maké padika ....

A. impromtu B. naskah C. ngapalkeun

(3)

D. ékstémporan

12. T-E-G-E-P mangrupa padika séjénna dina biantara . T = Teteg, maksudna ....

A. intonasi dina nyarita sakapeung tarik, sakapeung alon B. di sela-sela materi maké kecap anu pikaseurieun C. dina nyarita teu geumpeur diteuteup ku panongton.

D. nyarita saujratna, teu aya omongan nu dirékayasa

13. “Sadaya élmu anu parantos dipaparinkeun ku Bapa sareng Ibu, lir ibarat obor anu nyaangan léngkah sim kuring sadaya.”

Nu biantara ngagunakeun gaya basa ....

A. ngupamakeun B. nyungkun C. raguman D. kaleuleuwihi

14. Bingah kumargi sim kuring sadaya parantos lulus ti ieu sakola saparantos tilu taun jungkel jumpalik diajar.

jungkel jumpalik diajar maksudana ....

A. diajar anu kacida dariana (seriusna), B. diajar bari teu daék cicing

C. diajar sakapeung diuk sakapeung nangtung D. diajar teu eureun-eureun

15. “Langkung ti payun, sim kuring ngahaturkeun nuhun..”,

Omongan di luhur kadéngéna leuwih ngeunaheun sabab kecap-kecapna ....

A. murwakanti dina sora /i/

B. murwakanti dina sora /a/

C. murwakanti dina sora /u/

D. murwakanti dina sora /eu/

16. “...guna kanggo nusa bangsa sareng agama..”

Kecap-kecap anu murwakanti dina omongan di luhur nyaéta ....

A. guna - kanggo - nusa - bangsa B. guna - kanggo - sareng - agama C. guna - nusa - sareng - agama D. guna - nusa - bangsa - agama

17. Ibu Guru sareng Bapa Guru nuju rapat di ruang guru.

Kecap anu bisa maké rarangkén tengah -in- dina kalimah di lihur nyaéta ...

A. guru B. sareng C. nuju D. ruang

18. Budak anu gumeulis mah tara dipikaresep ku babaturanna.

Gumeulis hartina ...

A. kawas anu geulis B. jiga anu geulis C. niru-niru anu geulis D. hayang geulis

KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR

(1) Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Kota Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa Kota Kabupaténna di Cisaat kénéh.

(2) Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.

(3) Di pakampungan Ciptagelar mah wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Nu disebut imah panggung téh imah anu aya kolongan. Jangkung kolongna kira-kira 60 cm. Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula golodog,

(4)

anu ditunda handapeun panto hareup. Biasana tina batu tatapakan, anu wangun pasagi opat jeung badag. Kétah, wangunan imah ogé handapna maké batu tatapakan, anu sarua jangkungna. Anggang ti batu ka batu téh paling tilu méteran.

(4) Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung juré. Sok ditambahan émpér di bagian hareup jeung bagian tukang. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk.

Moal matak bocor najan hujan gedé ogé, da ditumpukna rékép pisan. Sedeng minangka lanténa, tina palupuh. Babagian imah diwangun ku tengah imah paranti ngumpulna sakabéh anggota keluarga, pangkéng atawa kamar paranti saré, padaringan atawa goah paragi neundeun béas, jeung dapur paranti masak. Lian ti imah pangeusi lembur, di dinya ogé urang bisa manggihan bumi ageung, leuit, jeung saung lisung. Kumaha waé di pakampungan Sunda baheula.

(5) Anu disebut bumi ageung téh paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun. Biasana dijejeran ku sesepuh lembur, anu disebutna sesepuh girang. Tah, ngeunaan leuit, lamun dina basa Indonésia mah disebutna “lumbung” téa, paragi neundeun paré. Wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik. Sisina ditutupan ku bilik, hateupna ku injuk. Leuit téh perenahna di sisi pakampungan. Unggal imah, pasti ngabogaan leuit. Jadi moal pacorok pangaboga. Di deukeut wangunan leuit, diwangun saung lisung nya éta saung paranti nutu sakumna pangeusi lembur. Saung lisung mah ngan hiji, dipaké ku salelembur. Ku kituna, mangpaat saung lisung téh lian ti paranti nutu, ogé tempat campur gaulna (sosialisasi) urang lembur.

(6) Aya sababaraha adat kabiasaan anu tetep dipiara ku urang Ciptagelar. Rupa-rupa upacara geus biasa dipigawé. Geus puguheun anu patali jeung kahirupan hiji jalma mah, ti mimiti ngandung, ngalahirkeun, ngubur bali, méré ngaran, nyunatan keur budak lalaki, ngawinkeun, nepi ka maotna, teu weléh dibarengan ku upacara anu dikokojoan ku sesepuh girang.

(7) Anu béda ti batur, dina upacara tatanén. Dina prak-prakkanna rék tatanén, biasana dimimitian ku jarah ka makam karuhun lembur anu aya di wewengkon Bogor Kidul jeung Banten Kidul. Anu indit jarahna mah teu kudu saréréa ngabring, cukup diwakilan ku sesepuh girang jeung réngrénganana. Di kuburan para karuhun ieu, sesepuh girang jeung réngrénganana ngagalantangkeun do’a amit rék ngamimitian ngabaladah.

(8) Geus réngsé jarah, sesepuh girang balik deui ka lembur, mawa iber iraha ngamimitian ngagarap huma. Peutingna rék ngabaladah, di imah sesepuh girang diayakeun upacara salametan anu dihadiran sakabéh tokoh adat jeung sesepuh lembur.

(9) Ti saprak der tatanén, rupa-rupa upacara teu eureun-eureun dilaksanakeun.

Dimimitian ku upacara muka huma , upacara mimiti melak binih, upacara mipit (saméméh panén gedé dimimitian), upacara sanggeusna bérés panén, upacara mimiti ngadahar hasil panén, jeung upacara ngahudangkeun (mun rék ngadahar paré anu geus didiukkeun/diteundeun dina leuit).

(10) Anu sohor sarta sok remen diwartakeun dina koran, majalah, malah remen dipidangkeun dina télévisi nasional, nya éta upacara sérén taun. Malah dina upacara sérén taun mah sok didatangan ku turis mancanagara sagala, lian ti turis lokal téh.

Upacarana mémang ngahaja dipidangkeun keur lalajoaneun. Dina usum upacara sérén taun ieu, Kampung Ciptagelar lir jadi kampung wisata. Kasenian-kasenian tradisional modél ngagotong paré, ngagondang, jsb. dipintonkeun ku masarakat anu husus meunang milih sarta didangdanan anu pantes. Anu dagang “cinderamata” has kampung Ciptagelar ogé loba, pangpangna barang-barang karajinan tina anyaman modél boboko, dudukuy, hihid, jsb.

19. Dina bahasan di luhur nu kaasup bagian bubuka nyaéta paragraf nomer ....

A. (1) jeung (2) B. (1) jeung (3) C. (1) jeung (4) D. (1) jeung (5)

20. Paragraf di handap mangrupa bagian eusi (pedaran) dina bahasan Kampung Adat Ciptagelar, iwal nomer ....

A. (3) jeung (4) B. (5) jeung (6) C. (7) jeung (8) D. (9) jeung (10)

21. Pragraf (10) dina bahasan Kampung Adat Ciptagelar mangrupa bagian ....

A. bubuka

(5)

B. eusi C. panutup D. kasimpulan

22. Paragraf nomer (1) jeung nomer (2) nyaritakeun perenah jeung kaayaan Kampung Adat Ciptagelar. Cara nulis modél kitu mangrupa ....

A. déskripsi B. narasi C. éksposisi D. arguméntasi

23. Paragraf nomer (3) nataan atawa nyebutan wangun imah di Kampung Adat Ciptagelar saperti potongan imah, bilik, kolong, golodog, jeung batu tatapakan. Cara nulis modél kitu mangrupa ....

A. déskripsi B. narasi C. éksposisi D. arguméntasi

24. Kampung Adat Ciptagelar ayana di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu.

Wacana di luhur nuduhkeun ....

A. suasana kampung Adat Ciptagelar B. kayaan kampung Adat Ciptagelar C. masarakat kampung Adat Ciptagelar D. perenahna kampung Adat Ciptagelar

25. Di handap mangrupa pernyataan anu nétélakeun yén Ciptagelar disebut Kampung Adat, iwal ....

A. masarakat Kampung Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun

B. boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin

C. Kampung Ciptagelar teu jauh teuing ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin

D. gaya hirup masarakat Kampung Ciptagelar can kacampuran ku pangaruh modéren 26. Baca wacana paragraf kaopat (4) !

Tina naon bahan-bahan keur hateup imah urang kampung Ciptagelar?

A. daun tepus, eurih, atawa daun kiray B. daun tepus, eurih, atawa injuk

C. daun tepus, injuk, atawa daun kalapa D. eurih, injuk, atawa kenténg

27. Pernyataan di handap mangrupa bagian imah urang Kampung Ciptagelar jeung pungsina, iwal ....

A. tengah imah paranti ngumpulna sakabéh anggota kulawarga B. pangkéng atawa kamar paranti saré

C. padaringan atawa goah paranti neundeun béas D. bumi ageung paranti hajat bumi

28. Sedeng minangka lanténa, tina palupuh.

Palupuh nyaéta ....

A. awi gombong dibeulahan tuluy dianyam siga gedég

B. awi gombong dicacag ka panjangna diamparkeun dina dalurung C. awi gomong diala hinisna tuluy dianyam siga bilik

D. awi gombong dibeulahan laleutik tuluy ditalian siga keré 29. Muka huma dina upacara tatanén disebut ....

A. ngabaladah B. nganyaran C. ngaseuk

(6)

D. sérén taun

30. Mimiti melak paré dina upacara tatanén disebut ....

A. ngabaladah B. nganyaran C. ngaseuk D. sérén taun

31. Sanggeus bérés panén dina upacara tatanén disebut ....

A. ngabaladah B. nganyaran C. ngaseuk D. sérén taun

32. Mimiti ngadahar hasil panén dina upacara tatanén disebut ....

A. ngabaladah B. nganyaran C. ngaseuk D. sérén taun

33. Imah Ki Ihan sisi jalan pisan, matak kagiridig ku batur.

Kecap kagiridig ngabogaan harti ....

A. mindeng katempo B. mindeng kapanggih C. mindeng kaliwatan D. mindeng kanyahoan

34. Di handap mangrupa kauntungan ayana kampung adat, iwal ....

A. bisa ngahalangan majuna pangwangunan B. miara budaya daérah supaya teu leungit C. bisa dijadikeun obyék wisata

D. lingkungan jadi kajaga, henteu ruksak

35. Potongan wangunan suhunan anu teu maké wuwung, pasambungna hateup tukang jeung hateup hareup téh di sisi hareup.

Potongan suhunan nu modél kitu disebut ....

A. badak heuay B. parahu kumereb C. tagog anjing D. julang ngapak

MISTERI HAUR GEULIS Karangan Dadan Sutisna

...

...

Bérés dahar, terus ngawangkong ngalér ngidul. Pa Oding nepikeun maksudna.

“Barudak téh rék ngadon pakanci di dieu, Aki. Tah, ari Bu Éni, hayangeun terang kaayaan di dieu, rék ngadon tulas-tulis cenah.

“Heug. Ngan Aki hayang terang heula ka maranéh.” “Sok atuh barudak, geura wawanohan jeung Aki!” cék Pa Oding. Barudak silih rérét. Anu pangmindengna direrét téh Emod. Pédah capétang nyarita ku basa Sunda meureun. Emod surti kana maksud babaturanana. Sanggeus ngabebenah diukna, pok nyarita:

“Wasta abdi Emod. Abdi mah urang lembur, ngan ku margi pun bapa ngalih ka Bandung, abdi ngiring. Di sakola henteu pinter, tapi peunteun basa Sunda mah sok saé waé!” eureun heula nyaritana téh, sabab babaturanana kadéngé akey-akeyan.

“Tah, nu ieu, nu awakna sagedé munding, Diran katelahna. Resep maca cenah mah, pangpangna buku Hélikopter!”

“Héri Puter kituh!”

“Tah, nu ieu mah wastana Rudi. Najan awakna leutik, tapi nedana mah gembul.

(7)

Bieu ogé apan séép tilu alas. Rudi mah langka nyarios. Ngan sok sisigeung baé...

Cék uing ogé sina cicing leungeun téh!” Emod ngaharéwos.

“Ayeuna malik ka istri. Nu itu, wastana Rina. Budak pinter, di sakolana réngking hiji. Da puguh unggal dinten nedana roti jeung susu. Nu itu pun Imas, putra Pa Lurah. Nu hiji deui pun Anis, nu gaduh toko Sawargi di Lémbang. Abdi sadaya sakola di SD Tujuh, nembé kelas genep!”

“Har, ari di SD nepi ka kelas sabaraha kitu?” “Euh, dugi ka kelas genep!” Emod ngabéléhém. “Ari pangna ulin kadieu, rék naon?”

“Abdi mah hoyong ningal sawah!” cék Rina.

“Abdi mah hoyong ningal walungan!” cék Imas. Nu séjénna nyebutan pangaresepna.

“Ayeuna urang ngadongéngkeun Leuweung Tutupan.”

“Tah, ramé sigana mah!”

“Kieu dongéngna téh. Jaman baheula, ieu lembur masih kénéh leuweung geledegan. Tatangkalanana sagedé beuteung munding, geueuman jeung pikakeueungeun. Hiji mangsa, aya jelema anu ngadon muka huma di dieu.

Ngaranna téh Ki Jarambah.”

“Sorangan?”

“Henteu, jeung pamajikanana!” “Ludeungan nya!” cék Emod.

“Ngaranna ogé Ki Jarambah atuh. Lima taun ti harita, jelema datang sabubuhan, sarua rék ngadon ngahuma, maturan Ki Jarambah. Atuh beuki ramé, nepi ka jlegna jadi lembur. Ari Ki Jarambah téh boga budak awéwé, ngaranna Eulis.

Geulis béjana mah, nepi ka loba urang lembur anu barogoheun. Ari karesepna téh pepelakan. Melak kembang, melak paré, nepi ka melak awi haur ogé kungsi.

Hiji mangsa, urang lembur gujrud. Eulis minggat ti lembur. Ditaréangan, tapi euweuh raratanana. Nepi ka opat taun euweuh béja-béja acan. Puguh baé Ki Jarambah asa leungiteun. Anakna geus dianggap lapur. Keur pangéling-ngéling, nya ieu lembur dingaranan Haur Geulis, pédah di beulah kulon aya haur pelakna téa. Ayeuna ogé aya kénéh!”

(Kaca 42-46) 36. Naon téma sempalan novél Misteri Haur Geulis di luhur ?

A. Kaanehan lembur Haur Geulis.

B. Sasakala lembur Haur Geulis.

C. Kautamaan lembur Haur Geulis.

D. Perenahna lembur Haur Geulis.

37. Saha baé para palaku anu dicaritakeun dina novél Misteri Haur Geulis ? A. Emod, Diran, Rudi, Rina, Imas, Anis, Pa Oding, Bu Éni, Aki

B. Emod, Diran, Rudi, Rina, Imas, Anis, Pa Oding, Bu Ema, Aki.

C. Emod, Diran, Rudi, Rina, Imas, Anis, Pa Dudung, Bu Éni, Aki.

D. Emod, Diran, Rudi, Rina, Imas, Asih, Pa Oding, Bu Éni, Aki.

38. “Barudak silih rérét. Anu pangmindengna direrét téh Emod. Pédah capétang nyarita ku basa Sunda meureun. Emod surti kana maksud babaturanana.”

Dumasar kana kalimah di luhur, mangrupa gambaran waktek Emod anu ….

A. wanian, resep heureuy B. wanteran, beuki ngomong C. daekan, gede kawani D. borangan, euweuh kadaek

39. Barudak sakola genepan (Emod, Diran, Rudi, Rina, Imas, jeung Anis) anu diaping ku Bu Éni, guruna, arulin ka lembur Haur Geulis. Maranéhna dianteur ku Pa Oding pikeun nepungan Aki, kokolot di éta lembur. Tuluy maranehna ngawanohkeun diri anu diwakilan ku Emod. Sanggeus kitu Aki nyaritakeun ngeunaan hajat lembur jeung mangngadongéngkeun ngeunaan Leuweung Tutupan anu teu meunang disaba ku jelema.

Pernyataan di luhur mangrupa …. novél Misteri Haur Geulis ? A. tema

B. amanat

(8)

C. galur D. latar

40. Kajadianana di lembur Haur Geulis; waktuna beurang.

Pernyataan di luhur dina novél Misteri Haur Geulis mangrupa ….

A. tema B. amanat C. galur D. latar

Konci jawaban

D 21 31

C 22 32

A 23 33

A 24 34

C 25 35

D 26 36

B 27 37

C 28 38

A 29 39

D 30 40

Referensi

Dokumen terkait

Grafik keterampilan proses sains terpadu untuk aspek mengemukakan hipotesis pada siswa kelas IX SMPN 6 Banjarmasin Ket.1=kls 9 regular; 2=kls 9 RSBI; 3=kls 9 akselerasi; 4=rata-rata

Based on the premise that Interests and hence data packets can- not loop in NDN, it has been assumed that [42]: a routers may try multiple alternative paths in Interest forwarding; b