• Tidak ada hasil yang ditemukan

contoh pidato bahasa sunda

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "contoh pidato bahasa sunda"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Contoh Pidato Resmi Sambutan Kepala Sekolah pada Acara Perpisahan Menggunakan Bahasa Sunda yang baik dan Sopan.

Assalaamu a’laikum Warahmatullahi Wabarokaatuh...

Alhamdulillah, dina kasempatan anu sae ieu urang sadayana tiasa ngariung mungpulung di tempat ieu dina raraga paturay tineung murangkalih kelas 6 SD Jatimullya 3, samen taun 2015-2016.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji miwah sukur ka dzat illahi Robbi, pangeran sadaya alam nyaeta Alloh SWT. Urang sadayana salaku manusa, mangrupikeun kawajiban kanggo urang nyaeta sukur kana ni’mat anu parantos dipaparin ku Alloh SWT ka urang sadayana. Ti kawit ni’mat anu alit dugi ka ni’mat anu pangageungna, sareng eta teh moal tiasa kanilai ku angka paling ageung nu aya di dunya ieu.

Manusa dipaparin otak anu tiasa dianggo mikir, sareng hate anu tiasa digunakeun kanggo ngabentenkeun mana anu leres sareng amana anu lepat, mana anu sae sareng mana anu awon.

Kabagjaan kango sing saha jalmi anu tiasa ngagunakeun akal sareng hate na kanggo nafakuran kaagungan sareng kakawasaan Gusti Alloh SWT.

Nu kadua hayu urang panjatkeun salawat tur salam ka panutan alam, habibana wa nabiyyana Muhammad SAW. Teu hilap oge ka kulawarga, sahabatna, sareng para pengikutna. Mudah-mudahan urang sadayana kalebet umat anu patuh sareng taat kana ajaran mantenna. Amiin.

Salaku pimpinan sakola SD Jatimulya 3, sim kuring ngecap nuhun ka para wargi sadayana, tamu uleman dina raraga acara paturay tineung ieu anu tos hadir nyumponan uleman ka ieu tempat. Mugia langkah sampeanna janten buktos sareng dijantenkeun catetan amal kasaean kanggo bekel urang jaga di akherat.

(2)

mangrupikeun acara anu biasa dilakukeun kanggo ngaleupaskeun murangkalih kelas 6 anu bade neraskeun sakolana kanu langkung luhur. Dina acara ieu teh aya sababaraha kagiatan anu bade dikapayunkeun, anu engkena tiasa ditonton ku para hadirin sadayana.

Sim kuring atas nami sakola, nyuhunkeun supados acara ieu dilaksanakeun secara tartib, aman, tur lancar, nu mudah-mudahan tiasa nyandak kana pangaruh anu sae kanggo urang sadayana anu hadir, atuh oge masyarakat sagedengeun sakola kanggo umumna.

Mung sakitu anu tiasa kapihatur, ku ngarepkeun mugia acara paturay tineung ieu janten acara anu sukses. Amiin.

Hatur nuhun kana perhatosan Bapak miwah Ibu sadayana.

Salajengna, acara bade dipasihkeun deui ka MC (pangatur acara), ka pangatur acara mangga dilajengkeun!.

Wassalaamu a’laikum warahmatullahi wabarokaatuh.

Didamel ku:

Robby Nur Awaluddin, S.Pd

Referensi

Dokumen terkait

Sarengsena dianalisis dumasar kana makna nu nyamuni dina unggal babasan jeung paribasa, tetela sacara umum babasan jeung paribasa anu dijadikeun data dina ieu

Saur Pa Bukhori, "Silih ajenan sareng rerencangan di kelas, atanapi di sakola kalebetna kana tatakrama.. ari tatakrama

Saur Pa Bukhori, "Silih ajenan sareng rerencangan di kelas, atanapi di sakola kalebetna kana tatakrama.. ari tatakrama

Tata tertib nyaeta aturan anu kudu diturut.. Upamana ka sakola

panalungtik nu teu ngagunakeun instrumén pengamatan. Observasi anu ditekenkeun dina ieu panalungtikan nya éta leuwih dipuseurkeun dina kagiatan siswa di sakola

Dina ieu bab bakal dipedar ciri-ciri naratif carpon Sunda anu awal; maluruh jeung ngajelaskeun konsépsi jeung términologi anu dipaké pikeun méré idéntitas kana carita

Dumasar kana pedaran dina bab saméméhna, bisa dicindekkeun opat hal anu patali jeung tradisi Babarit Désa saperti ieu di handap. 1) Tradisi Babarit Désa dilaksanakeun di Désa

karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana data jeung pakta nu bisa dipertanggungjawabkeun.. Karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana biodata jeung kabiasaan nu bisa