• Tidak ada hasil yang ditemukan

Soal UTS Bacaan Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "Soal UTS Bacaan Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 1"

Copied!
1
0
0

Teks penuh

(1)

Soal UTS Bacaan Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 1

Nomor : ... Nama : ...Nilai : ...

SILIH AJENAN

Harita keneh Musa, KM di eta kelas enggal nyiapkeun rerenncanganana. "Siap, berdiri, beri salam!" ceuk Musa. "Wilujeng enjing pa!" ceuk barudak meni reang patarik-tarik. "Wilujeng enjing," tembal Pa Bukhori.

"Barudak, saha dinten ayeuna nu teu sakola?" ceuk Pa Bukhori. "Ayi sareng Dinda, Pa!" ceuk Dinar. "Ku naon make teu sakola?" ceuk Pa Bukhori. Euh...euh...Ayi mah udur, Pa. Upami Dinda mah ijin. Duanana oge teu ngintun serat. Ti ayi mah ditambihan ku serat keterangan ti dokter," ceuk Hapsari.

"Oh kitu! Sugan bapa teu sakola teh marales. Keun we atuh ari kitu mah. Ngan pesen ti bapa, upami Ayi to s lima dinten masih keneh teu sakola, hidep sadaya kedah ngalongok ka bumina, nya, "ceuk pa Bukhori.

"Mangga pa, " tembal barudak meni reang.

Sabada ngabsen, Pa Bukhori ngawulang perkara silih ajenan jeung sasama jalma. Saur Pa Bukhori, "Silih ajenan sareng rerencangan di kelas, atanapi di sakola kalebetna kana tatakrama. ari tatakrama teh rupi-rupi. Aya tatakrama dina nyarios, dina tuang, waktos natamu, jeung nu sanesna deui. Tatakrama teh peryogi dina hirup kumbuh sadidinten, margi ku ayana tatakrama urang bakal silih ajenan.

Nu diajarkeun ku pa Bukhori teh neueul kana tatakrama waktos nyarios. Saur anjeuna, "Dina cumarios basa sunda teh urang kedah nganggo undak usuk basa. ari undak usuk basa teh nyaeta sopan santun dina ngagunakeun basa sunda. aya tilu tahapan undak usuk basa sunda teh, nyaeta basa kasar (cohag), basa sedeng (loma), jeung basa lemes."

"Pa Bruno sareng Tigor mah teu acan tiasa nganggo basa lemes, " ceuk Ucup. " Muhun Pa pan Bruno sareng Tigor mah sanes urang sunda," tembal Lia.

"Teu nanaon upami teu acan tiasa mah, sakitu oge sae, kersa nyarios ku basa sunda. Tapi kedah teras diajar nganggo basa nu lemes mah, nya!" saur pa Bukhori.

"Enya, Pa," walon Bruno jeung Tigor.

Barudak raresepeun pisan diajar ku Pa Bukhori. Eta we diajar oge teu karasa geus lekasan deui.

Dicutat tina buku Pangrumat Basa Sunda

Pek jawab sakur pananya di handap ieu!

1. Ku naon Dinda teu lebet?

2. Naon kabiasaan goreng barudak upami euweuh guru? 3. Saha nu mawa beja yen Dinda teu lebet?

4. Saha nu ngawulang kelas 5 teh?

5. Naon nu diajarkeun ku Pa Bukhori teh? 6. saha wae nu teu sakola teh?

7. Ku naon cenah teu sakola?

8. Naon manfaatna silih ajenan jeung babaturan? 9. Cing tataan tatakrama nu hidep nyaho?

Referensi

Dokumen terkait

Kacaritakeun di Kampung Naga teh masih seueur keneh pantrangan, diantarana - Dina dinten Salasa sareng Saptu teu kenging nyarioskeun asal usul karuhun.. - Dua dinten sakali

Kalimah pananya di handap ieu cocok luyu jeung carita di luhur iwal ti.. Naon pacabakan Pa

Ucing keur ngadahar beurit, jejer dina kalimah tadi nyaeta

Tata tertib nyaeta aturan anu kudu diturut.. Upamana ka sakola

Kalimah diluhur lamun dirobah kana kalimah pasip.. Harti paribasa ceuli

- Siswa mencatat isi dialog/percakapan di langsung ”Kaberesihan Sakola.” - Siswa menyimpulkan isi percakapan (dialog) ”Kaberesihan Sakola.” - Siswa

lamun hayang ulin beurang Ulah maké kaos kutang Lamun hayang hirup senang Ulah daek loba hutang Wangun sisindiran di luhur kaasup kana..!. Komputer leutik

4 Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat, 5 Dina ieu kasempetan, sim kuring ngawakilan réréncangan sadaya kelas salapan, seja ngahaturkeun réwu nuhun kana sagala rupi