• Tidak ada hasil yang ditemukan

KAGIATAN DIAJAR

Dalam dokumen BUKU GURU SUNDA KLS 4 2014 (Halaman 79-85)

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

KAGIATAN DIAJAR

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya dalapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham dadaran, (3) ngalengkepan kalimah, (4) nyusun karangan dadaran, (5) maca dadaran ngajembaran, jeung (6) nyaritakeun dadaran. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATÉ

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid maca bacaan dina jero haté nu témana “Lingkungan Padumukan” kalawan judul “Bumetah”.

2. Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan kalawan gemet.

B. MAHAM DADARAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niteunan deui eusi bacaan kalawan gemet.

2. Guru nitah murid sina maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun.

Pikeun maham eusi bacaan, ayeuna pék jawab pananya ieu di handap! 1. Di mana perenahna lembur Rudi téh? Di sisi jalan gedé.

2. Ngaréndéng jeung imah saha imah Rudi téh? Bibina Rudi. 3. Aya naon tukangeun imah Rudi téh? Aya sawah.

4. Keur kaayaan kumaha paré tukangeun imah téh? Keur sumedeng beukah.

5. Sabaraha kilo jauhna ti imah Rudi ka sakola? Sakilometer. 6. Saha nu sok nyampeur Rudi mun ka sakola? Déwi. 7. Saha waé nu sok kerja kelompok di imah Rudi?

Déwi jeung Nénéng.

8. Ceuk éta bacaan, di mana Rudi téh lahirna? Di lembur nu ayeuna dicicingan.

9. Kumaha kulawarga Rudi jeung tatanggana? Akur tur soméah. 10. Kumaha kulawarga Rudi kana agama?

Getol ibadah ka Pangéran.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

C. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan kecap-kecap nu patali jeung kaayaan lngkungan.

2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap- kecap nu patali jeung kaayaan lingkungan.

3. Guru nitah murid ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap- kecap nu patali jeung kaayaan lingkungan. Ngaran kontékstual, kalimah anu dicopongkeun mangrupa bagian tina alinéa atawa paragraf.

Pék pasangkan kecap-kecap di kolom Beulah katuhu kana kolom nu dinomeran Beulah kénca.

Imahna téh aya di sisi .B. (1) Citarum. Rada inggis mun geus hujan mah. Biasana sok datang .F. (2). Cai léb-léban sok nepi ka …H.. (3) imah. Kampung nu aya di beulah hilir mah nyaéta Kampung Cieunteung sok …K... (4) ku cai. Malah mun tuluy-tuluyan hujan, urang kampung éta mah sok arindit …C… (5).

Mun geus ngungsi mah, warga téh…E... (6). Sararéna ngagolér di mana waé. Dahar ogé …D… (7). Atuh bantuan ti warga nu lian, sok …J…. (8), kaasup ti pamaréntah.

Malah dina warta-warta televisi ogé sok muncul, boh televisi nasional boh televisi lokal. Cieunteun kakeueum. Malah cai téh sok nepi ka na suhunan imah.

Perenahna Kampung Cieuteung téh aya dina …I…. (9). Malah sajajar rata jeung walungan Citarum. Atuh munasabah lamun …G... (10) saeutik ogé cai téh kaluar ti walungan. Antukna kampung téh kakeueum.

A. cai B. walungan C. ngungsi D. dibéré E. katalangsara F. caah G. hujan H. buruan I. léngkob J. datang K. Kakeueum

4. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan kalimah nu disayagikeun.

D. NYUSUN KARANGAN DADARAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina nyusun dadaran pondok.

2. Guru nitah murid disina niténan conto karangan dadaran pondok. 3. Guru nitah murid disina latihan nyusun dadaran pondok.

4. Ngarah babarieun, guru nitah murid niténan jejer-jejer nu kudu dimekarkeun jadi karangan.

Carana mah kieu.

a. Aya di mana imah tempat cicing hidep.

b. Kumaha kaayaan imah hidep saperti warna cetna, bentukna, jsté. c. Tataan naon waé nu aya di sabudeureun imah hidep.

d. Ka mana nyanghareupna imah hidep.

e. Aya naon hareupeun atawa tukangeun imah hidep. f. Ari di gigireun imah hidep aya naon deui.

g. Sakumaha jarak imah hidep ka sakola atawa ka pasar. 5. Guru meunteun murid bener henteuna nulis dadaran pondok.

E. MACA NGAJERMBARAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid maca deui bacaan dina jero haté nu judulna “Candi Jiwa” pikeun ngajembaran kaweruhna.

2. Pikeun maham eusi bacaan, guru nitah murid disina ngajawab pananya nu geus disayagikeun.

Pananya jeung jawabanana ébréh ieu di handap. 1. Di mana Candi Jiwa téh perenahna?

Di Désa Segaran, Kabupatén Karawang.

2. Masih dina tahap naon Candi Jiwa nepi ka kiwari? Candi Jiwa tacan kabuka sagemblengna.

3. Naon nu bacacar di Batujaya téh? Titinggal jeung artefak. 4. Sabaraha situs nu geus kapanggih di Karawang téh?

Total aya 24 titinggal. Malah kapanggih 31 tapak situs sésa banunan kuna. 5. Dingaranan luyu jeung naon situs téh?

Luyu jeung ngaran tempat ayana candi.

6. Candi Jiwa téh sésa percandian agama naon? Sésa-sésa Percandian Budha Kuno

7. Di mana perenahna Batujaya téh di pasir atawa tengah pasawahan? Di tengah pasawahan.

9. Tina naon Candi Jiwa téh bahanna? Bata beureum. 10. Jadi bukti naon titinggal karuhun téh?

Kaagungan Gusti ALloh.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

F. NYARITAKEUN DADARAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan deui bacaan “Candi Jiwa”. 2. Guru nuyun murid dina nyaritakeun deui bacaan “Candi Jiwa”.

Sangkan babari, hidep kudu nyatet heula gagasan tina unggal paragraf. Eta téh mangrupa inti eusi tina unggal paragraf. Mun geus digabungkeun, bakal jadi eusi sagemblengna dadaran. Ngarah babari, ku hidep tuturkeun bagian- bagian ieu di handap.

a. Pernahna Candi Jiwa b. Kaayaan Candi Jiwa.

c. Kapanggihna Candi Jiwa anu bacacar. d. Gambaran Kompléks Candi Jiwa. e. Pernahna Batu Jaya.

f. Rupa-rupa artefak di lingkungan Candi Jiwa.

3. Guru nitah murid disina nyaritakeun deui bacaan “Candi Jiwa” ku kekecapan sorangan di hareupeun babaturanana.

1. Paragraf 1 eusina ngeunaan ‘imah Uus di deukeut Candi Jiwa sarta perenahna Candi Jiwa’.

2. Paragraf 2 eusina ngeunaan ‘artefak Candi Jiwa bacacar di sawatara tempat’.

3. Paragraf 3 eusina ngeunaan ‘SItus Batujaya munggaran kapanggih ku Tim Arkéologi Fakultas Sastra Universitas Indonésia taun 1984. Anu manggihan rupa-rupa artefak di sawatara tempar’.

4. Paragraf 4 eusina ngeunaan ‘Kompléks Percandian Batujaya diduga kompléks sésa-sésa Percandian Budha Kuno’.

5. Paragraf 5 eusina ngeunaan ‘Sajeroning ditalungtik, kapanggih rupa-rupa artefak anu bahanna bata beureum, anu sanggeus dirékonstruksi tétéla éta téh candi.’

6. Paragraf 6 eusina ngeunaan ‘kapanggih rupa-rupa artefak anu bahanna bata beureum, anu sanggeus dirékonstruksi tétéla éta téh candi.’

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 8, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung “lingkungan padumukan”.

Guru ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh

murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Kritéria Meunteun Katerangan Tutas Enggeus Encan A. MACA JERO HATÉ

B. MAHAM EUSI DADARAN C. NGALENGKEPAN KALIMAH D. NYUSUN

KARANGAN DADARAN E. MACA NGAJEMBARAN F. NYARITAKEUN DADARAN

PANGAJARAN 9

Dalam dokumen BUKU GURU SUNDA KLS 4 2014 (Halaman 79-85)

Dokumen terkait