• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tema : Cita-cita

Dalam dokumen BUKU GURU SUNDA KLS 4 2014 (Halaman 73-79)

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

PANGAJARAN 7 Tema : Cita-cita

Bahan : Narasi

Média : Téks jeung Gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan, ngalarapkeun undak usuk basa, ngajembaran carita, ngalarapkeun kecap, sarta nuliskeun jeung nyaritakeun cita-cita.

KAGIATAN DIAJAR:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya dalapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) ngalisankeun jawaban, (3) ngalarapkeun undak- usuk basa, (4) ngajembaran carita, (5) ngalarapkeun kecap, jeung (6) nuliskeun jeung nyaritakeun cita-cita. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATÉ

No. Kagiatan

2. Guru nitah murid maca bacaan dina jero haté nu témana “Cita-cita” kalawan judul “Hayang jadi Guru”. Ieu téh mangrupa prosés niténan.

3. Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan kalawan gemet.

B. NGALISANKEUN JAWABAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niteunan deui eusi bacaan kalawan gemet.

2. Guru nitah murid sina maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun. Ieu kagiatan kaasup kana prosés nanya.

Pananya jeung jawabanana ébréh ieu di handap. 1. Saha nu hayang jadi guru téh? Nénéng. 2. Di mana cicingna? Kampung Sukamaju.

3. Ari Mamah jeung Bapana Nénéng didamel kana naon? Jadi guru. 4. Saha nu raoseun ngawulangna téh? Mamah.

5. Kumaha cara ngawulang Bapana Nénéng ceuk babaturan Aana? Raoseun ngawulangna.

6. Ari bapana Nénéng sok ngirimkeun tulisanana ka mana? Ka Majalah jeung koran.

7. Ari Néneng hayang diajar nulis naon? Nulis sajak. 8. Kudu kumaha cenah mun hayang jadi guru?

Kedah getol diajar sareng capétang.

9. Ari Aana Nénéng hayang jadi naon? Janten dokter. 10. Nénéng jeung Aa jadi naon waé, bapa tetep?

Panuju.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

C. NGALARAPKEUN UNDAK-USUK BASA

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan kecap lemes keur diri sorangan. 2. Guru nitah murid sina niéangan kecap lemes keur diri sorangan.

3. Guru nitah murid sina niténan kumaha carana ngalarapkeun kecap lemes keur sorangan kana kalimah.

Contona:

1. mulih = wangsul

Bapa mulih ti kantor pasososnten. Abdi wangsul ti sakola siang kénéh.

4. Guru nitah murid disina ngalarakeun kecap lemes keur sorangan kana kalimah.

Pananya jeung jawabanana bisa dititénan ieu di handap. 1. angkat = mios

Bapa angkat ka sakola kana motor Abdi mios ka sakola kana sapédah.

2. teu damang = udur

Bu Guru teu damang wales di rumah sakit. Dédi udur parna di bumina.

3. siram = mandi

Wa Jéjén nuju siram di jamban. Abdi badé mandi di kamer mandi. 4. nyarios = nyanggem

Mamah nyarios ka bapa énjing-énjing. Abdi nyanggem ka aa perkara tugas. 5. bumi = rorompok

Pa Guru mulih ka bumina tabuh opat. Abdi wangsul ka rorompok tabuh dua belas. 6. kulem = mondok

Bapa sareng mamah mah parantos kulem. Abdi sareng aa teu acan mondok

7. ngagaleuh = mésér

Mang Dédi ngagaleuh kulkas ti toko. Abdi mésér laptop ti BEC.

8. nyandak = ngabantun

Pa Guru ka sakola nyandak motor. Abdi ka sakola ngabantun kantong. 9. kadangueun = kakupingeun

Ku Bu Guru kadangueun abdi ngagentraan. Ku Uwén kakupingeun abdi ngagentraan. 10. gugah = hudang

Bapa sareng mamah parantos gugah. Aa teu acan hudang tabuh lima téh.

5. Guru meunteun murid bener henteuna néangan kecap lemes keur sorangan sarta larapna dina kalimah.

D. NGAJEMBARAN CARITA

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina maca deui téks nu judulna “Cita-cita Dadang” keur ngajembaran wawasan kaweruhna.

2. Guru nitah murid sina maham eusi bacaan, murid disina ngajawan pananya anu geus disadiakeun.

Pananya jeung jawabanana bisa dititénan ieu di handap.

1. Tina bacaan di luhur, saha nu boga cita-cita jadi pamaén bal téh? Dadang.

2. Sok di mana Dadang jeung sobat-sobatna maréngbalna? Tanah kosong deukeut imahna.

3. Saha waé sobat Dadang téh? Dedi, Uwén, Asép, Agus, jeung Wawan. 4. Ari Dadang hayang dipangmeulikeun naon ku bapana? Sapat bal. 5. Ari sakleupna aya sabaraha urang pamaén bal téh? Sabelas urang. 6. Mun keur méngbal kadéngé sora adan, sok tuluy ka marana barudak téh?

Arindit ka cai, marawa anduk jeung sarung. Tuluy sarolat ka masjid. 7. Iraha biasana diayakeun pertandingan méngbal antara murid SD téh?

Dina unggal bulan Agustus.

8. Ari lapangan méngbal deukeut henteu ti imah Dadang? Rada jauh, aya deukeut masjid agung di kacamatan.

9. Aya sabaraha urang jumlahna pamaén kleup méngbal téh? Sabelas urang.

10. Naon sababna kleup méngbal sok disebut kasawelasan? Lantaran jumlah nu maénna aya sawelas urang.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

E. NGALARAPKEUN KECAP

No. Kagiatan

1. Guru ngawanohkeun istilah olahraga ka murid. Contona:

Ceuk babaturanana, Dadang téh alus méngbalna.

2. Pikeun maham harti kecap, guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah anu dicopongkeun ku kecap-kecap nu patali jeung olahraga. Murid cukup masangkeun kecap-kecap kana kalimah nu dicopongkeun.

Pasangkeun istilah-istilah olahraga di kénca kana kalimah nu geus disaayagikeun. 1. Jajang ….I……sabab lumpat miheulaan bal ka tukangeun bék lawan

bék lawan. A. hen

2. Sépakan ….C….ti juru lapangan melentung kana gawang. B. inalti

3. Bal operan ti Firman Utina téh .…E…. ku Atép. C. kornal 4. Sanggeus ditéwak, …F…. téh ditalapung ku kiper. D. rékét 5. Maman nyépak…F…. kana gawang nepi ka asupna. E. dihéden 6. Bal téh …..A….. lantaran keuna kana leungeun Erlangga. F. bal 7. Ku sabab geus 45 menit, ……J…… niup piriwitna. G. nét 8. Ari dina badminton mah, kok téh ditepak ku ….D. H. bét 9. Mun keuna kana ….G….., kok kudu dikalawankeun. I. opsét 10. Ari ……H….. mah dipakéna dina olahraga pingpong. J. wasit 3. Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya nu geus disayagikeun.

F. NULISKEUN JEUNG NYARITAKEUN CITA-CITA

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina nuliskeun cita-cita dirina.

2. Guru méré pituduh kumaha carana nulis cita-cita. Ngarah babarieun, murid dituyun jejer-jerjerna nu kudu dituliskeun.

Pék ayeuna caritakeun cita-cita hidep. Carana mah gampang. Tuliskeun heula bagian-bagian ieu di handap luyu jeung harepan hidep.

1) Sebutkeun heula ngaran hidep, ngaran indung bapa, jeung dulur hidep. - 2) Caritakeun di mana hidep cicing jeung naon cita-cita hidep.

3) Sebutkeun pangna hidep boga cita-cita kitu.

4) Jelaskeun koméntar kolot hidep kana cita-cita hidep. 5) Caritakeun pagawéan batur anu narik ati hidep.

3. Guru nitah murid sina nulis cita-cita ku cara ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun dina paragraf.

4. Sanggeus réngsé nuliskeun cita-citana, guru nitah murid disina nyaritakeun deui di hareueun babaturanana.

5. Guru meunteun murid bener henteuna dina nulis cita-cita sarta nyaritakeun deui di hareupeun kelas.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 7, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung “kaulinan barudak”. Guru

ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh

murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Kritéria Meunteun Katerangan Tutas Enggeus Encan A. MACA JERO HATE

B. MAHAM EUSI BACAAN C. NGALARAPKEUN

UDAK USUK BASA

D. NGAJEMBARAN CARITA E. NGAJEMBARAN KAWIH F. NGALARAPKEUN KECAP G. NULISKEUN JEUNG

PANGAJARAN 8

Dalam dokumen BUKU GURU SUNDA KLS 4 2014 (Halaman 73-79)

Dokumen terkait