• Tidak ada hasil yang ditemukan

3.1 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif anu ngagunakeun matode déskriptif. Desain anu dipakéna ogé mangrupa desain kualitatif. Desain panalungtikan mangrupa prosés dina ngararancang jeung ngalaksanakeun panalungtikan. Moleong dina Arikunto (2010, kc. 22) anu nétélakeun yén panalungtikan kualitatif téh nya éta panaluntikan anu datana atawa sumber datana mangrupa kecap-kecap dina wangun lisan atawa tulisan, sarta barang-barang anu

ditalungtik sacara rinci sangkan ma’na nu nyamuni tina éta dokumén atawa tina éta barang bisa kacangkem.

Di luhur geus disebutkeunyén dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan anu maksudna pikeun ngungkulan jeung ngaréngsékeun pasualan-pasualan aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data (Arikunto, 2010, kc. 3).

Dina ieu panalungtikan aya sawatara léngkah-léngkah pikeun ngararancang jeung ngalaksanakeun panalungtikan nya éta: (a) Ngarumuskeun masalah anu patali jeung kecap sulur, (b) maca carpon Ma Inung Néwak Cahaya sacara gembleng, (c) ngumpulkeun data ku cara milah-milah data anu kaasup kana kecap sulur, (d) ngolah data ku cara nganalisis sakabéh kecap sulur anu kapanggih dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana, (e) nyusun tabél kecap sulur dumasar wangun, fungsi jeung ma’nana, jeung (f) nyieun kacindekan. Sangkan leuwih jéntré desain panalungtikan dibagankeun saperti di handap.

Resna Setiawati, 2015

Masalah 1) Kecap sulur naon waé anu kapanggih?

2) Kumaha wangun, fungsi, jeung harti kecap sulur?

3) Kumaha saupama kecap sulur dijadikeun bahan ajar di SMP?

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data dina ieu panalungtikan nya éta kecap sulur nu disusun tina wangun,

fungsi jeung ma’nana. Data kecap sulur dicokot tina sumber data.

Sumber data panalungtikan mangrupa subjék ti mana nyungsi éta data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku kumpulan carpon Ma Inung

Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita. Ari datana Sakabéh kalimah anu ngandung

kecap sulur dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya.

Kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya mangrupa buku kumpulan carpon Sunda anu medal taun 2011. Ieu buku diterbitkeun ku Kiblat Buku Utama Bandung, citakan ka-1, kandelna 107 kaca. Aya 12 judul carpon nu dicaritakeun nya éta Nini Jumsih Moro Langlayangan, Silang Sigeung, Basa Mamah Rék

Ngajua Imah, Ateul, Kang Sabri Leungiteun Kalangkang, Kang Sabri Mati Suri,

Tehnik Ngumpulkeun Data Ulikan Pustaka

Instrument Panalungtikan Kartu Data

Deskripsi Data

1) Wangun kecap sulur 2) Fungsi kecap sulur 3) Ma’na kecap sulur Tehnik Ngolah Data

Analisis unsur langsung

Nyusun kacindekan dumasar kana hasil panalingtikan

Gagal, Wastu di Wastu, Ma Inung Néwak Cahaya, Onyét, Nguseup, jeung Basa Mamah Jadi Caleg.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumen Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan panalungtikan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih lengkep jeung sistematis nepi ka gampang diolah (Arikunto, 2010, kc. 203).

Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data. Kartu data dipaké pikeun ngumpulkeun data tina sumber data. Eusi dina kartu data ngawengku judul buku, judul carpon, nomer urut, kaca buku, nomor paragrap, nomor kalimah, jeung kalimah anu ngandung kecap sulur dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya anu dianalisis dumasar kana wangun, fungsi

jeung ma’nana. Ieu di handap conto kartu data:

No Urut: 130

Teuing ku naon atuh manéhna ngudag-ngudag, da tara tatanya. (MINC/SG/14/6/1)

Fungsi: gaganti jalma

Ma’na: gaganti jalma katilu tunggal

Katerangan kartu data:

1) Teuing ku naon atuh manéhna ngudag-ngudag, da tara tatanya = kalimah nu ngandung kecap sulur

2) (MINC/SG/14/6/1) = kode sumber cutatan

MINC = singgetan judul buku kumpulan carpon

SG = singgetan judul carpon

14 = kaca dinacarpon

6 = no paragrap dina carpon

1 = no kalimah dina paragrap

Resna Setiawati, 2015

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data ieu panalungtikan nya éta ulikan pustaka. Dipakéna ieu téhnik lantaran data panalungtikan téh mangrupa data tinulis. Léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data nya éta:

1) Maca sagemblengna buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita;

2) Nyirian kalimah nu nagndungkecap sulur;

3) Nganomeran data dumasar kalimah jeung kacana;

4) Nyalin kecap sulur nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak

Cahaya karya Mamat Sasmita kana kartu data;

5) Nyalin kecap sulur nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak

Cahaya karya Mamat Sasmita kana tabél data;

6) Nyieun papasingan kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi, jeung

ma’nana;

7) Nyusun kartu data sacara alfabétis.

3.4 Analisis Data

Data nu geus kakumpul ngaliwatan prosés ngumpulkeun data téh langsung dianalisis atawa diolah. Téhnik anu dipaké pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik analisis unsurlangsung. Téhnik analisis unsur langsung dipaké lantaran sumber datana dina wanguntulisan, udaganana pikeun

nganalisis kecap sulur ditilik tina fungsi jeung ma’nana. Aya sawatara léngkah

dina nganalisis datana nya éta:

1) Maca deui buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita;

2) Mariksadeui kalimah nu nagndungkecap sulur;

3) Mariksa deuikode data dumasar kalimah jeung kacana;

4) Mariksa deui salinan kecap sulur nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma

Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita nu aya dina kartu data;

5) Mariksa deui salinan kecap sulur nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma

6) Mariksa deui data kecap sulur anu geus kakumpul, mastikeun sangkan data anu dimeunangkeun téh bener aya dina sumber data;

7) Nganalisis kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana;

8) Ngadéskripsikeun kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana;

9) Ngitung frekuensi katut persentaseu kecap sulur nu aya dina buku kumpulan carpom Ma Inung Néwak Cahaya;

10)Nyieun bahan ajar kecap sulur luyu jeung Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Sunda.

BAB V

Dokumen terkait