• Tidak ada hasil yang ditemukan

Hasan, spk. (2012, kc. 2) dina buku Kurikulum dan Pembelajaran ngébréhkeun yén kurikulum miboga opat diménsi harti salah sahijina nya éta harti kurikulum dipatalikeun jeung diménsi rancangan. Dina éta diménsi kurukulum téh mangrupa rancangan jeung cara ngaadministrasikeun tujuan, eusi, jeung bahan ajar, sarta cara digunakeun pikeun pedoman diayakeuna kagiatan diajar-ngajar anu gunana pikeun ngahontal tujuan pendidikan.

Kurikulum mangrupa salah sahiji alat pikeun ngahontal tujuan pangajaran, ogé mangrupa cecekelan dina ngalaksanakeun pangajaran dina sakabéh jinis jeung jenjang pendidikan (Arifin, 2011, kc. 1). Kurikulum kudu luyu jeung falsafah dasar nagara, nya éta Pancasila jeung UUD 1945. Salian ti éta, Arifin (2011, kc. 2) ogé nétélakeun yén kurikulum téh kudu miboga sipat dinamis, hartina kurikulum salawasna ngalaman parobahan luyu jeung mekarna jaman, élmu pangaweruh, téknologi, tingkat kecerdasan peserta didik, kultur, sistem nilai, jeung kabutuhan masarakat. Ku kituna, pihak-pihak nu kalibet kana tim pamekaran kurikulum kaasup guru kudu miboga wawasan anu lega jeung jero.

Luyu jeung hal di luhur, kurikulum nu lumaku di Indonesia geus ngalaman sababaraha kali parobahan, di antarana kurikulum 1974, 1952, 1964, 1968, 1975, 1984, 1994, KBK 2004, KTSP 2006, sarta kurikulum 2013.

Luyu jeung lumakuna kurikulum 2013, aya tilu kurikulum nu kudu dicumponan, nya éta Kurikulum Tingkat Nasional, Kurikulum Tingkat Daérah, jeung Kurikulum Tingkat Sakola. Kurikulum Tingkat Nasional disusun sarta lumaku sacara nasional. Kurikulum Tingkat Daérah disusun sarta lumaku di daérah dumasar Kurikulum Tingkat Nasional luyu jeung kawijakan daérah séwang-séwangan. Ari Kurikulum Tingkat Sakola disusun jeung lumaku dina unggal jengang sakola.

Kalungguhan basa Sunda dina kurikulum 2013, kaasup kana Kurikulum Tingkat Daérah, nya éta muatan lokal. Salaku muatan lokal, ieu mata pelajaran téh miboga landasan yuridis nu ngébréhkeun pentingna pangajaran basa jeung sastra

Sunda diajarkeun di jenjang sakola dasar jeung menengah, nya éta Peraturan Gubernur Jawa Barat no. 69 taun 2013 (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 3).

Minangka pangajaran basa jeung sastra, basa Sunda téh miboga prinsip anu gumulung (integratif), nya éta ngadumaniskeun rupining bahan kaweruh basa (adegan basa jeung kandaga kecap), kaparigelan basa (maca, nulis, nyarita, jeung ngaregepkeun), sarta kaparigelan sastra (kaweruh, aprésiasi, jeung éksprési) (Sudaryat, 2004, kc. 35). Ku kituna, kecap sulur kaasup kana kaweruh basa nu kudu dicangking ku siswa ngaliwatan pangajaran carpon.

2.2 Panalungtikan Saméméhna

Analisis ngeunaan kecap sulur dina karya sastra Sunda, saéstuna henteu kakara ditalungtik. Saméméhna aya sawatara panalungtikan ngeunaan kecap sulur, di antarana waé:

Dina panalungtikan Evi Nopianti Gantika (2002) nu judulna “Kecap Sulur dina Novél Sekar Karaton Karangan Aam Amalia pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SLTP” Evi Novianty, medar yén kecap sulur dina Novél Sekar Karaton Karangan Aam Amalia téh kapanggih 4 kecap sulur (kecap gaganti) anu frékuénsi makéna 607 kali. Déskripsi kecap sulurna nya éta (1) wangun (asal, rundayan, rajékan, jeung kantétan); (2) fungsi (kecap gaganti jalma, milik, pananya, panuduh, jeung kecap gaganti teu tangtu); (3) ma‟na (kecap gaganti jalma ka I, II, III, kecap gaganti milik jalma ka I, II, III, panuduh umum, cara, tempat, jumlah, pananya jalma, barang, pilihan/tempat/hal, waktu, sabab/alesan/kalakuan, kaayaan/suasana, jumlah, nu teu tangtu, barang, jumlah, waktu, jeung tempat); sarta (4) distribusi (di awal frasa, di ahir frasa, di awal klausa/kalimah, di tengah klausa/kalimah, jeung di ahir klausa/kalimah). Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap sulur dipaké bahan pangajaran basa Sunda tina sub bahasan jenis kecap pikeun SMP. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode deskriftif dilengkepan ku téhnik studi pustaka atawa ulikan pustaka jeung téhnik analisis korpus.

Dina panalungtikan Ida Yuliani (2005) nu judulna “Kecap Sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri pikeun bahan Pangajaran Basa Sunda di

SMP” Ida Yuliani, medar yén kecap sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri téh kapanggih 39 kecap sulur anu frékuénsi makéna 656 kali. Kecap sulur nu di déskripsikeuna nya éta: (1) wangun [wangun asal 25 kecap (84%), frékuénsi makéna aya 522 kali; wangun rundayan aya 5 kecap (13%), frékuénsi makéna 17 kali (3%); wangun rajékan aya 5 kecap (13%) frékuénsi makéna 16 kali (2%); jeung kantétan aya opat kecap (10%) frékuénsi makéna 101 kali (15%)]. (2) fungsi infleksi aya 10 kecap (26%), frékuénsi makéna 33 kali (5%).

(3) ma‟na [kecap gagantinjalma ka I, II, III tunggal jeung jama aya 16 kecap

(41%), frékuénsi makéna 149 kali (23%); kecap gaganti milik jalma ka I, II, III aya 3 kecap (8%), frékuénsi makéna 99 kali (15%) ; kecap gaganti panuduh umum, cara, tempat, aya 8 kecap (20%), frékuénsi makéna 255 kali (34%); kecap gaganti pananya jalma, barang/hal, pilihan/hal/tempat, waktu, alesan/sabab, kaayaan/suasana aya 9 kecap (23%), frékuénsi makéna 171 kali (26%); kecap gaganti teu tangtu hal, barang/hal, cara aya 3 kecap (8%), frékuénsi makéna 12 kali (2%)] jeung (4) distribusi [ di awal aya 102 (15%); di tengah aya 475 (73%); di ahir klausa/kalimah aya 77 kali (12%)]. Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap sulur dipaké bahan pangajaran basa Sunda tina sub bahasan jenis kecap pikeun SMP. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode deskriftif dilengkepan ku téhnik analisis téks, téhnik analisis korpus jeung téhnik studi dokumén.

Dina panalungtikan Kania Nurlatifah (2013) nu judulna “Analisis Kecap

Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca di

SMP” Kania Nurlatifah, medar yén kecap sulur dina novel Pipisahan karangan

RAF aya 58 kecap sulur anu frekuensi makéna 2982 kali.

Kecap sulur miboga wangun, fungsi, jeung ma‟na. Wangun kecap sulur nya éta kecap asal, kecap rundayan, jeung kecap rajékan. Kecap sulur fungsina salaku: kecap gaganti ngaran, kecap gaganti milik, kecap gaganti panuduh, kecap gaganti pananya, jeung kecap gaganti teu tangtu. Kecap sulur dumasar kana ma‟nana aya nu disebut gaganti jalma ka (I, II, III jama jeung tunggal); gaganti milik (jalma ka I, II, III); gaganti panuduh (hal/cara, sabab, tempat, jeung umum); ma‟na gaganti pananya (sabab, cara, jalma, jumlah, jeung umum); ma;na gagani teu tangtu (hal, tempat, jalma, jeung jumlah). Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap

sulur dipaké bahan pangajaran maca basa Sunda pikeun siswa SMA kelas XI. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode analisis deskriftif jeung téhnik studi pustaka atawa ulikan pustaka.

2.3 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan

Kecap sulur téh mangrupa subwarna kecap barang anu dina fungsina bisa nyuluran kecap barang. Posisi kecap sulur luyu jeung posisi kecap barang dina kalimah. Minangka salah sahiji subwarna kecap barang, kecap sulur mibanda wangun, fungsi, jeung harti nu tangtu.

Kecap sulur bisa kapanggih dina rupa-rupa wacana basa Sunda, boh wacana lisan, boh wacana tinulis. Ieu panalungtikan medar kecap sulur nu kapanggih dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita. Éta kecap sulur téh dianalisis tina segi wangun, fungsi jeung ma‟nana. Jaba ti éta, kecap sulur nu aya dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita téh disusun deui pikeun dijadikeun bahan ajar di SMP.

Tiori anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nyoko kana tiori kecap ti Sudaryat, spk. anu nétélakeun yén kecap sulur nya éta kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Sangkan leuwih jéntré kalungguhan tioritis dibagankeun saperti ieu di handap.

Bagan 2.10

Kalungguhan Tioritis Panalungtikan

Kecap Sulur Tiori Kecap Sulur

Bahan Ajar Kecap Sulur

Kecap sulur salancar, rundayan, rajékan, kantétan katut fungsi jeung ma‟nana nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma

Inung Néwak Cahaya.

Wacana

Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya

Wangun Kecap Sulur: Salancar, Rundayan, Rajékan jeung kantétan.

BAB III

Dokumen terkait