• Tidak ada hasil yang ditemukan

NGRITIK KANA KARYA SEN

Dalam dokumen RPP Bahasa Sunda SMP Kelas IX Semester 1 (Halaman 41-48)

Sacara étimologi (asal-usul kecapna), kritik asalna tina kecap krinein (basa Yunani) anu hartina méré putusan hukum, ngabandingkeun, méré tinimbangan hadé-goréng, tinimbangan bener-salah. Kecap krinéin jadi poko asal muasal kecap krintérion anu hartina dasar tinimbangan, méré putusan. Jalma nu gawéna méré tinimbangan jeung méré putusan disebut krites anu hartina hakim. Tina kecap krites nu jadi dadasar kecap kritik nu dipaké ku urang ayeuna.

Kecap kritik ku urang Sunda sok dipaké dina kahirupan sapopoé pikeun nyempad, nyawad jeung memener hiji hal nu teu merenah sangkan merenah luyu jeung kakuduanana. Geuning sok aya jalma nu nyarita kieu “Da éta silaing mah kabisana téh ngan ngritik jeung ngritik baé. Cik atuh prak sorangan kadinyah!” Dina ieu hal, kecap kritik bisa disaruakeun jeung nyawad, nyempad, meunteun, méré pangajén (criticism).

Prak-prakan ngritik atawa méré pangajén kudu maké tatacara anu merenah. Hadéna mah pangajén téh ulang ngadedetkeun, tapi dumasar kana rarambu ieu di handap.

1. Kudu obyéktif, nyaéta kritik kudu didadasaran ku bukti atawa pakta-pakta anu oténtik (nyata). Teu meunang disumput salindung, ditambah atawa dikurangan. Mun beureum sebutkeun beureum, konéng sebutkeun konéng. Kitu deui pétotna menyonna hiji perkara sebutkeun kumaha kanyataanana.

2. Kudu konstruktif, nyaéta kritik kudu méré kasempetan kanu nyieun karya sangkan terus némbongkeun kamampuhna pikeun ngahasilkeun karya nu leuwih hadé. Cindekna méré jalan ka nu ngarora sangkan terus némbongkeun tur ngahasilkeun karya.

3. Kudu zaklek, nyaéta kritik nu rada peureus ulah nepi ka ngaruag atawa ngabongkar nepi ka akar- akarna, tapi kudu bisa ngadegkeun deui wangunan anyar anu leuwih weweg, leuwih pantes, leuwih kewes.

4. Kudu positif, nyaéta nembrakeun hadé-goréngna, punjul-héngkérna hiji hal. Tujuanana sangkan apal kana ajén inéjen anu hakiki.

Lamun hidep ningali kana hiji karya seni nu lian dina widang seni, sastra, atawa karya seni sejenna tangtu bakal méré koméntar. Lamun éta karya téh alus sebutkeun alus kalawan tepikeun alesanana, pon kitu deui upama goréng tepikeun kakuranganana bari dibarengan ku alesan. Ngan kadé, ngritik lain ngajejeléh tapi méré pamadegan anu dibarengan ku alesan, malah leuwih alus lamun bari méré jalan kaluarna sangkan éta karya bisa leuwih alus.

Sangkan leuwih jéntré, tengetan conto ieu di handap!

1. ( ningali gambar pamandangan karya babaturan hidep ) “Man, gambar pamandangan téh geus alus, tapi ceuk pamanggih kuring mah bakal leuwih alus deui lamun gambar tangkal téh teu lalempeng kabéh. Beulah kénca gambar hiji tangkal anu condong, atawa dahanna ngaroyom saeutik kana sisi balong!”

2. ( ningali pintonan drama kelompok babaturan) “Ceuk pamanggih kuring aya nu kurang dina prakna minton téh. Kahiji, sora kurang tarik, alusna mah rada tarik sabab teu maké sound system; kadua, lamun keur nyarita ulah nukangan panongton, alusna nyanghareup ka tengah bari rada nyérong ka panongton; katilu blokingna ulah satempat baé tapi kudu nyebar sangkan aya pariasi.” LAMPIRAN 2

LEMBAR KERJA SISWA UJI KOMPETENSI 1

Cing ku hidep titénan sababaraha lukisan/gambar, tuluy tepikeun pangajén hidep kalawan dibarengan ku alesan-alesan anu positif.

Koméntar kana gambar 1

_____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________

Koméntar kana gambar 2

_____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________ UJI KOMPETENSI 2

Téangan dua rupa gambar karya seni lukis, boh tina koran, majalah atawa tabloid. Gambarna nu maké warna ulah nu hitam putih. Gunting tuluy témpélkeun dina kolom ieu di handap! Satuluyna pék éta gambar téh béré ajén (peunteun ) sarta béré koméntar ku cara ngajawab pananya nu geus disadiakeun!

1. Gambar naon nu ditémpélkeun ku hidep téh?

a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 2. Alus atawa goréng éta gambar?

a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 3. Naon alesanana pangna hidep nyebutkeun alus?

a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 4. Naon alesanana pangna hidep nyebutkeun goréng?

a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 5. Naon punjulna tina gambar nu ditémpélkeun téh?

a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 6. Naon kurangna éta gambar nu ditémpélkeun téh?

a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 7. Naon warna anu dominan tina éta gambar?

a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 8. Tina wangunna, éta gambar téh mangrupa atawa henteu?

a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 9. Bandingkeun antara gambar 1 jeung gambar 2, alus mana? Tulis koméntarna!

a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP )

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

SMP/MTs. : SMP Negeri 2 Pameungpeuk Kelas/Semester : IX / 1

Alokasi Waktu : 2 x 40 Menit A. Standar Kompetensi

Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi wacana lisan jenis pidato. khotbah, lirik (rumpaka) lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pencek (carita pondok).

B. Kompetensi Dasar

Menyimak pembacaan cerita pendek C. Tujuan Pembelajaran

Siswan dapat memahami dan dapat menceritakan kembali isi cerita pendek dengan singkat (tingkesan) serta dapat menanggapi berbagai aspek cerita pendek/carpon

Indikator

 Dapat memahami isi cerita pendek

 Dapat menceritakan kembali isi cerita pendek dengan singkat (tingkesan)  Dapat menanggapi berbagai aspek cerita pendek/carpon

D. Materi Pokok Cerpen/Carpon E. Metode Pembelajaran

1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung

3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas F. Kegiatan Pembelajaran

Pertemuan Kegiatan PertemuanWaktu/

1 Pendahuluan 10

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 motivasi

Kegiatan Inti 60

 Dengan cermat siswa menyimak carpon yang dibaca oleh guru atau salah seorang siswa

 Dengan bimbingan guru siswa menanggapi tentang carpon yang telah dibaca

 Secara seksama, siswa memperhatikan penjelasan guru tentang unsur- unsur carpon

 Secara seksama, siswa membaca dalam hati sebuah carpon  Dengan bimbingan guru, siswa menanggapi berbagai hal tentang

carpon (isi, unsur)

Penutup 10

 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari  Siswa ditugaskan untuk mencari sebuah carpon untuk dianalisis G. Alat/ Bahan / Sumber

 Buku pegangan

 Surat kabar  Contoh carpon H. Penilaian

Tujuan Pembelajaran Teknik Bentuk Instrumen JawabanKunci

Dapat menceritakan kembali isi cerita pendek dengan singkat (tingkesan)

Lisan/

Tulisan Uraian Caritakeun/tuliskeun deui kalawan singget eusi carpon nu dibaca ku hidep ! Gumantung siswa Dapat menanggapi

berbagai aspek cerita pendek/carpon

Lisan/

Tulisan Uraian 1. Sebutkeun ciri-ciri carpon !2. Tuliskeun unsur-unsur carpon ! 3. Saha palaku utama nu dicaritakeun

dina carpon “Dompet” ? 4. Saha nu manggih dompét téh ? 5. Naon sababna pangna indungna nitah

mulangkeun éta dompét ?

6. Kumaha sikep hidep lamun manggih dompét nu eusina pinuh ku duit ? 7. Teangan hiji carpon, tulis judulna, saha

pangarangna, kumaha ringkesanana!

Dina lampiran materi

Mengetahui Pameungpeuk, Juli 2012

Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

... ... NIP. ... ...

LAMPIRAN 1

BAHAN AJAR

Regepkeun Carita Pondok di handap kalawan taliti nu dibaca ku Guru ! DOMPET

Oman umurna kakara tilu welas taun. Unggal balik sakola manéhna sok dagang és, ngider ka saban tempat.

Keur mah ngeunah ésna téh, murah deuih, atuh loba jalma boh kolot boh barudak padameuli és Si Oman. Atuh ésna béak-béak baé saban poéna téh.

Harita ogé Oman semu rusuh balik ti sakola téh. Hayang geura nepi ka imah. Hayang geura ngiderkeun és deui.

Keur jongjon leumpang, ari pék manéhna nénjo dompét ngagolér di sisi jalan. Oman ngarandeg, luak-lieuk.

“Hah, dompét saha ieu ? “ ceuk Oman. “Padu baé miceun dompét téh geuning. Boa murag kétah !” Oman nyokot éta dompét bari teu weléh luak-lieuk baé bisi aya nu nempoeun. Dompét diasupkeun kana pésakna. Geus kitu Oman rurusuhan balik ka imahna.

Tepi ka imah, dompét téh diasupkeun ku Oman di handapeun kasur. “Oman, aya naon siga nu tas manggih kareuwas ?”

“Ah, teu...ma, teu aya nanaon !” témbal Oman. “Sok atuh geura dahar heula, lain rék ngider deui ?” “Muhun, Ma !” témbal Oman.

“Ma, ieu sayur naon ?” Oman nanya ka indungna. “Eta téh sayur bayem !” témbal indungna pondok. “Ma, és teh seueur kénéh ?”

“Loba, tuh dina kulkas. Aya naon kitu ?”

“Teu ah, teu aya nanaon.” témbal Oman bari nuluykeun daharna. Isukna sanggeus dahar Oman dagang és deui.

Béda ti sasari, poé harita mah Oman téh teu pati jongjon dagangna. Manéhna bingung tur hariwang mikiran dompét panimu. Kumaha mun aya jalma nu nyerangkeun basa manéhna nyokot éta dompét ? Kuma mun aya nu nyusulan ka imahna ?

Basa mulang tas ngiderkeun és, Oman pohara ngagebegna barang nénjo indungna ngasongkeun éta dompét bari mencrong.

Ceuk indungna : “ Man, ari ieu téh dompet saha bet aya téoheun kasur ?”

Témbal Oman : “Du...duka, Ma !” Oman némbal kitu bari ngeleper bakat ku reuwas jeung sieun indungna nanya kitu téh.

“Eta mah dompét Oman, Ma!”

“Ari Oman boga dompét ti mana? Ema mah can pernah nénjo Oman sok mamawa dompét ! Geus ayeuna mah mending jujur baé ka Ema, ti mana éta dompét téh ?”

“Aduh gagabah geuning, kumaha mun éta téh dompét anu nyulurkeun ! komo deui ieu dompét duitna loba pisan aya dua ratus rébuna ! Omat isukan mah pulangkeun, ari aya alamat nu bogana mah !”

Peutingna, Oman anteng ngalamun.

Eta dompét téh kudu dipulangkeun kanu bogana. Oman ngagerentes, “Ceuk Ema mah duit nu aya dina éta dompét téh tepi ka dua ratus rébu. Beu, lamun boga duit sakitu, Kuring jeung Ema bisa meuli barang jeung bahan-bahan és sangkan leuwih loba atawa Ema bisa muka wawarungan.”

“Keur naon Man, siga nu anteng kitu ngalamun téh ?” teu kanyahoan bapana nanya bari neuteup ka Oman.

“Ieu Pa, saur Ema dompét téh énjing kedah dipasihkeun, abdi téh bingung kumaha engké mun tos tepang sareng nu kagunganana ?”

“Ayeuna mah kieu baé atuh, isukan bareng jeung Bapa urang anteurkeun. Alamatna aya ?” “Aya, Pa dina KTP-na.” Témbal Oman.

Isukna, Oman dianteur ku bapana nyusul jalma nu boga dompét luyu jeung alamat nu aya di dinya. Teu lila éta alamat téh kapanggih. Sanggeus nepi ka hareupeun panto imahna, Oman ngetrokan panto bari uluk salam.

Kulutrak kadéngé aya nu ngalaan konci. Bray panto muka. “Aéh saha téa, nya? Sareng badé ka saha ?”

“Abdi pun Oman sareng ieu pun Bapa. Badé nepangan ka Bapa!”

“Mangga atuh lalinggih ! Ké...ké... asa rareuwas, aya pikeresaeun naon ieu téh ?”

“Ieu Pa, manawi leres, dupi Bapa kantos kaicalan dompét ?” Bapana Oman mangjawabkeun. “Oh..sumuhun, na kumaha kitu ?”

“Abdi kamari waktos icalan mendak ieu dompét!” ceuk Oman bari ngasongkeun dompét.

“Alhamdulillahirobbil’alamin. Aduh.... hatur nuhun pisan Kasép. Leres ieu téh dompét Bapa!” ceuk nu boga imah bungaheun pisan.

Geus puguh kitu mah Oman jeung bapana amitan. Nu boga dompét nganuhunkeun bari ngeupeulan duit ka Oman. Sanajan kéképéhan ogé ahirna mah ditarima da nu boga dompét téh maksa. Oman jeung bapana marulang bari haté bungah lantaran geus bisa mikeun dompét ka nu bogana.

LAMPIRAN 2

LEMBAR KERJA SISWA

Dalam dokumen RPP Bahasa Sunda SMP Kelas IX Semester 1 (Halaman 41-48)

Dokumen terkait