• Tidak ada hasil yang ditemukan

PERANG BANTARJAT

Dalam dokumen RPP Bahasa Sunda SMP Kelas IX Semester 1 (Halaman 51-54)

Kira-kira sapuluh pal jauhna ti pakemitan distrik Jatiwangi, bawahan Kabupatén Majalengka, di sisi walungan Cimanuk aya hiji tempat ngaranna Jatitujuh. Nu matak disebut kitu katelah ku jati anu ngariung, lobana tujuh tangkal, ayana di tengah alun-alun. Ayeuna mah duka aya sabaraha hiji deui ngan anu jelas éta tangkal jati téh geus henteu tujuh deui jumlahna téh.

Nuturkeun galuring catur, papayan carita, éta tempat diadegkeunana ku nu mimiti ngababakan di dinya, disebutna Embah Demang, malah tangkal jati anu tujuh téa ogé, pelak anjeunna. Palataranana rata, wantuning tanah handap. Panasna munggah néréptép, sabab deukeut kana rawa anu kacida legana. Sanajan kaayaan éta tempat ayeuna kacida turag-taregna, aya kaanéhanana, lantaran ku kaheubeulanana. Buktina tangkal jati anu ngariung tujuh di alun-alun téa, taya anu nyaho iraha dipelakna, malah kolot anu umurna geus leuwih ti genep puluh taun ogé, nerangkeun yén ti sainget manehna, éta tangkal jati geus aya sarta gedéna geus sagedé kitu.

Sajabana ti kahot, éta tempat aya sajarahna, sabab geus leuwih ti saratus taun lilana nepi ka ayeuna, di alun-alun nu ayeuna sok diparaké barudak ulin, atawa diparaké ngangon embé, di handapeun tangkal jati anu ngariung téa, mangpuluh-puluh jalma anu ditugel sirahna, nyaéta anu teu daék milu ngaraman, ngalawan ka Sultan Cirebon, atawa ngahukum musuh anu katangkep di pangperangan. Sabab jalma jaman harita, nu nyicingan éta tempat, geus leungit ingetanana jeung bebeneranana, lantaran kacida teu sarenangeunana ku sabab hirup loba aturan anu ngajadikeun kasangsaraan ka maranéhna.

Jatitujuh dina kira-kira taun 1800 M, masih kénéh loba leuweungna, babakuna haur gereng anu jadi dina ranca. Lemburna teu acan gegek cara ayeuna. Minangka pangraména, kajaba ti Jatitujuh, nyaéta lembur Bayawak, Pilangsari, jeung pangkidulna Bantarjati, sisi Cimanuk, deukeut ka wates Sumedang.

Poé Jumaah kira-kira wanci pecat sawed. Jalma-jalma ngabrul nuju ka masigit, malah tara-tara ti sasari urang Bayawak jeung bantarjati ogé daratang. Rék saralat Jumaah? Nya rék naon deui atuh saréréa pada arasup ka masigit, nepi ka teu kaasupkeun, loba nu saralat di buruan.

Nu munajat geus ngelak ti isuk kénéh, sorana matak ketir, sada nu sasambat ménta dibélaan tina kaprihatinan.

Dur! Bedug lohor disada, ngong sora adan. Ieu ogé beuki nambahan ngerik kana haté nu ngadéngé. Jelema di jero masigit anu mangratus-ratus lobana cong sarolat, kacida husuna, sabab sajabana nedunan kawajiban agama téh, ongkoh aya nu disuhunkeun ka Nu Agung, nya éta berkah salametna dina ngajalankeun tugas anu geus lila dipiangen-angen ku maranéhna.

Sabubarna salat Jumaah, sasarina sok garagancangan marulang, harita mah dariuk baé, kawas aya nu didagoan. Teu lila hiji jalma nu katelah Bagus Rangin, nangtung deukeut paimbaran tuluy nyarita, pokna, “Hé batur-batur, pamaksudan urang anu geus lila dikandung dina haté, ayeuna geus ninggang kana mangsana dilampahkeun. Bieu waktu salat, dina keur huisuna kaula ngadéngé sora tan katingal, ari pokna, Insya Alloh maksud maranéh saréréa bakal hasil!” Tuluy kaula peureum, ari bray nénjo cahaya nyorot ka ieu masigit sarta kabéh anu aya di dieu kahibaran. Ku sabab éta henteu cangcaya deui, tangtu éta téh pituduh anu nitah kana ngajalankeun maksud urang téa. Anu teu acan nyaho bener kana pakarepan urang saréréa, gancang nya ka kokolotna, lamun geus gilig tangtu kaula méré tanggara!”

“Insya Alloh!” ceuk nu ngadaréngé, tuluy bubaran. Ngan nu teu arindit teh jalma limaan, nya éta Bagus Rangin, Ki Wasa (Bagus Wasa), Ki Léja, jeung Ki Daésa, urang kampung Bayawak, kitu deui Ki Kondur urang Pilangsari.

Ceuk Bagus Rangin, “Ayeuna geus teu bisa mundur deui, lantaran geus ninggang kana mangsana urang kudu tutumpuran téh, sabab ti batan hirup urang kieu salawasna, pinuh ku kasangsaraan, leuwih hadé paéh baé!”

“Puguh pikiran kuring ogé kitu pisan.” Ceuk Ki Bagus Wasa. “Keur naon hirup di dunya ogé ari rék dijieun cara budak beulian saumur-umur mah? Ti baréto ogé geus gilig, malah geus sadia boéh, kitu deui pakarang geus lengkep.”

“Kuring mah komo,” ceuk Ki Kondur, “Ngan aya kahanjakal téh, teu aya nu boga bedil di lembur kuring mah.”

“Hih, gampang nu kitu mah,” ceuk Bagus rangin, “sabab Ki Mirasa pamanggulna di Lobener, geus indit ka Cirebon nyokot pakarang, urang mah kari ngadago kiriman baé. Engké téh mimiti nu rék

digempur téh dayeuh Dermayu. Lamun geus aya béjana di ditu geus prung, urang kudu ngaheulakeun ngaributkeun di Amis, di dinya nu jadi gegedugna Ki Raita. Tangtu para kapala ti Kadongdong muru ka dinya, tapi tangtuna oge kaburu kapegat manten ku urang Palimanan sarta tangtu pulisi di dinya caremna.”

“Kumaha ari pulisi di dieu?” ceuk Ki Bagus Wasa. “Kasieun kuring kaburu nyahoeun!”

“Ah, teu kudu risi, sabab ayeuna ogé saenyana mah geus nyarahoeun, nu matak kami wani nyarita di masigit ogé. Tapi moal bisa kumaha, sabab kabéh somahan geus samiuk baris ngaraman.”

“Kumaha lamun Kumpeni mantuan?”

“Eta ogé teu matak salempang, sabab moal aya nu bisa muru ka dieu, wantuning di ditu di dieu geus pada sadia.”

. . .

isukna subuh-subuh, balad para bupati geus tarapti, leugeudeut meuntas walungan Cilutung, muru ka Karangsambung. Lembur-lembur nu kasorang geus saruwung, lantaran jelemana geus marubus ka bawahan Majalengka, malah aya oge anu nyingkur di bawahan Tomo.

Ti kajauhan katénjo meleketektek haseup, tétéla tempatna karaman téa. Tuan Komisaris maréntah ka gulang-gulang supaya sadia, kitu deui kabéh pamatang nu marawa tumbak geus ditatakeun. Sanggeus ngaso sakeudeng, bring arindit deui nyorang tegal eurih jeung kaso. Barang kira-kira aya dua ratus tumbak deui anggangna ka tempat karaman téa, reg deui ngarandeg. Tuan Komisaris ngagorowok, maréntah supaya bedil dieusian. Sanggeus tarapti, gorowok deui maréntah nyampeuk ka hareup moro tempatna barandal téa. Barang geus deukeut, kakara bedil dibekaskeun, dur-dor teu puguh déngékeuneunana, haseup geus mulek, bau obat nyambuang ka mana-mana.

Ana breg téh ti nu bala, mani kawas nyiruan dibalédog tina sayangna, karaman téh barijil tina panyumputanana, pakéanana sing sarwa bodas, nandakeun geus iklas miceun pati, narajang lir banténg bayangan, taya kasieun taya kagimir.

Tuan Komisaris jeung parabupati maréntah ka tamtama-tamtama jeung pamatang, supaya muru ka musuh nu geus ngangseg. Dina rek brengna maju, kacida ributna, kuda pating alajrét, jelema pabaliut. Nu gédé wawanénna maju ti heula ka hareup, nu leutik haténa rada raga-rogo bari pupuringisan, sawaréh mah aya nu meungpeun, paur nénjo gurilapna pedang musuh nu geus diabar-abar, bari sarosoak. Ari rék mundur teu bisa, kahalangan ku batur, tur ti tukang dijaga ku kapalana, bari ngamang-ngamang gobang meunang ngalugas. Ti dinya mah ger baé perang campuh, silih kadék, silih tumbak, ramé tarungna musuh jeung lawan. Nu raheut jeung nu maraot blag-bulg pating jarungkel. Dédéngéan kacida matak ketirna, aya nu gerang-gerung baé, ngarasakeun kanyeri.

Sanajan aya anu ngabarogaan bedil ogé, tapi ari diangseg kitu mah éta gagaman téh taya gunana, sabab taya témpo pikeun ngeusianana. Sabot keur neteg bedil ogé karaman geus deukeut mantén, kapaksa bedil téh dipaké paneunggeul. Bawaning ku tohtohan karaman narajangna, wadya balad mundur, ngarah aya waktu keur ngeusian bedilna. Kitu deui balad nu séjénna henteu kuat nahan panarajang karaman anu sakitu hébatna, ongkoh karaman mah leuwih ti opat kalieun lobana sarta geus pada iklas ngabuang nyawa.

LAMPIRAN 2

LEMBAR KERJA SISWA

UJI KOMPETENSI 1

Jawab sakur pananya di handap masing tétéla!

1. Saha baé palaku nu disebutkeun dina sempalan éta novel?

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________

2. Lembur naon baé nu disebut-sebut dina éta sempalan novel?

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________

3. Naon sababna éta tempat disebut Jatitujuh?

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________

4. Saha ari Embah Demang téh?

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________

5. Naon sabna urang Jatitujuh jeung sabudeureunana ngalawan ka Sultan Cirebon?

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________

6. Saha nu disebut musuh dina éta perang téh?

__________________________________________________________________________ 7. Saha nu jadi pamanggul jurit dina éta perang?

__________________________________________________________________________ 8. Naon sababna éta karaman téh maraké baju bodas?

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________

9. Di mana éta perang téh lumangsungna?

__________________________________________________________________________ 10. Pihak mana anu nyorang kameunangan dina éta peperangan?

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________

IV. Kabeungharan Kecap

Pal = ukuran panjangna jalan antara kurang leuwih 1,5 Km Pakemitan = tempat kemit, atawa lembur

Distrik = sabagian tina wewengkon kabupatén, kapalana disebut wadana Galuring = jalan carita

Catur = carita, caritana, omongan Ngababakan = muka lembur anyar

Palataran = karang, pakarangan, tanah datar Néréptép = panas kacida (upama ditincak)

Rawa = ranca, tempat anu ledok tur jero sok caian baé Turag-tarég = lembur teu kaurus, teu pikabitaeun, narikolot UJI KOMPETENSI 2

Téangan harti kecap-kecap ieu di handap!

1. ditugel = __________________________________________________________ 2. haur gereng = __________________________________________________________ 3. pecat sawed = __________________________________________________________ 4. kanibaran = __________________________________________________________ 5. tutumpuran = __________________________________________________________ 6. karaman = __________________________________________________________ 7. nyampeuk = __________________________________________________________

8. gagaman = __________________________________________________________ 9. tohtohan = __________________________________________________________ 10. tamtama = __________________________________________________________ Tuliskeun sakur kecap nu ku hidep teu kaharti maksudna, tuluy diskusikeun atawa téangan hartina tina kamus! 11. ______________ = __________________________________________________________ 12. ______________ = __________________________________________________________ 13. ______________ = __________________________________________________________ 14. ______________ = __________________________________________________________ 15. ______________ = __________________________________________________________ 16. ______________ = __________________________________________________________ 17. ______________ = __________________________________________________________ 18. ______________ = __________________________________________________________ 19. ______________ = __________________________________________________________ 20. ______________ = __________________________________________________________ 21. ______________ = __________________________________________________________ 22. ______________ = __________________________________________________________ 23. ______________ = __________________________________________________________ 24. ______________ = __________________________________________________________ 25. ______________ = __________________________________________________________ UJI KOMPETENSI 3

Baca ku hidep hiji novel, tuluy jawab sakur pananya ieu di handap! 1. Naon judul éta novel?

__________________________________________________________________________ 2. Saha pangarangna ?

__________________________________________________________________________ 3. Saha baé palaku nu disebutkeun dina éta novel? Kumaha pasipatanana?

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________

4. Sebutkeun ngaran tempat nu dipaké latar dina éta novel?

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________

5. Tulis ringkesan eusi éta novel!

__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________

Dalam dokumen RPP Bahasa Sunda SMP Kelas IX Semester 1 (Halaman 51-54)

Dokumen terkait