• Tidak ada hasil yang ditemukan

Rangkuman Materi a Maca Gancang

Dalam dokumen LKS KELAS 4 SMESTER 2 (Halaman 63-68)

PEMBELAJARAN V Mata Pelajaran : Ilmu Pengetahuan Alam

LATIHAN WULANGAN KENAIAN KELAS MATA PELAJARAN : BAHASA CIREBON

A. Rangkuman Materi a Maca Gancang

Maca gancang dibacana gancang pisan, tapi tetep kudu bari mahaman lentong jeung tanda baca anu aya, tur panon diarahkeun kana ata bacaan. Pikeun ngitung jumlah kecap abu ku hidep di baca. Coba iue aya pituduh maca gancang di anatara:

1. Itung jumlah kecap dina lima baris

2. Hasilna mangrupa jumlah rata-rata tiap baris 3. Itung jumlah baris anu di baca ku hidep

4. Hasilna mangrupa jumlah kecap anu dibaca ku hidep. Conto

Dadan ngabaca bacaan aya 30 baris Jumlah kecap tiap baris rata-rata 11

Jadi jumlah kecap anu dibaca ku dadan eh 11 x 30 kecap = 330 kecap Dadan maca dina menit (210 detik)

330 x 60 = kecap/menit 120

b. Miharti kecap

Tengean ieu kecap-kecap di handap! 1. Ditimbulkeun = didatangkeun

Penyakit demam berdarah teh ditimbulkeun ku reungit ades aigepty 2. Demam = muriang

Panyakit demam mah lamun geus karasa sok ngagibrig 3. Kiwari = ayeuna

Kiwari mah penyakit nu didatangkeun ku reungit teh loba pisan 4. Mahabu = nerekab

Penyakit demam berdarah teh geus mahabu kamana-mana 5. Tumerap = keuna

Penyakit teh bisa tumerap ko kolot bisa ka budak 6. Alatan = jalaran

Panyakit bisa datang alatan kurang miara lingkungan 7. Nyalangkrung = ngeyembeng

8. Wanci = waktu

Reungit demam berdarah mah nyoba wanci jam salapan beurang 9. Tarekah = usaha

Pamarentah geus ngayakeun tarekah pikeun ngungkulan ieu panyakit 10.Pepeling = wejangan

Di antarana sok mere pepeling ka masyarakat c. Kabengharan kecap

Mikawanoh ngaran panyakit

1. Kesrek = kasakit kulit kawas eksim garing 2. Kokoloteun = kaskit kulit dina beungeut 3. Kolera = kasakit nyeuri beuteung

4. Kotokeun = kasakit panon kurang awas nenjo 5. Leuncangeun = kasakit dina sela-sela ramo suku 6. Lilinuen = lengeun jeung sirah ngadegdeg

7. Lumpuh = awak leulues teu bisa lumpang 8. Nejen = hese ngising

9. Mengi = asma, ampeg, kasakit hese ngambekan 10.Muriang = demam, awak paranas tiris

d. Mikaweruh karangan faktual

Karangan faktual nyaeta karangan anu medar hiji pasualan atawa hiji barang nu aya patalina jeung kahuripan sapopoe dina danget ayeuna. Karangan faktual bisa mangrupa essay atawa artikel, jeung pedaran ngeynaan pangalaman. Tah artikel jeung essay teh sok aya dina koran, majalah, atawa surat kabar.

e. Mikaweruh guguritan

Guguritan teh asalna tina kecap gurit, anu hartina nyusun karangan. Guguritan mangrupa karangan pondok anu disususun make aturan atawa paokan pupuh. Lamun wangunna panjang tur pupuhna rupa-rupa sok disebut wawacan.

Pupuh sok disebut oge dangding atawa sekar, nyaeta karangan wangun ugerah anu kabeungeut ku guru lagu jeung guru wilangan. Guru wilangan nyaeta julmalah engang dina unggal padalisan. Sedengkeun guru lagu nyaeta dangding-dungna sora engang panungung dina uanggal padalisan. Perlu oge ku hideup dikanyahokeun, yen jumlah pupuh eh kabehanana aya 17 rupa. Aya sekar ageung, nu ngawengku kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula. Ari nu sejenna disebut sekar alit.

Maluruh guru lagu jeung guru wilangan. Tengetan palanggeran pupuh mijil handap!

Padalisan Teks guguritan Guru lagu Guru

wilangan 1. 2. 3. 4. 5. 6.

Mesaat ngapung putra sang arimbi,

Jeung mega geus awor, Beuki lila beuki luhur bae, Larak-lirik ningali ka bumi Ngalira kang rai

Pangeran bimanyu 10 6 10 10 6 6 i o e i i u

f. Mikaweruh rarangkeun hareup N-(nasal) Titenan kecap-kecap si handap ieu!

Baca = N maca

Pacul = N macul

Tulis = N nulis

Badug = N ngabaadug

Karang = N ngarang

Bor = N ngebor

Conto kalimahna : Jajang (bukan panto) Jajang muka panto B. Uji kompetensi

Baca sing gancang bacaan di handap ieu! Demam berdarah

Penyakit nu kiwari keur mahabu salian ti panyakit plu burung, oge panyakit demam berdarah, ieu panyakit teh tiasa tumerap ka saha wae, boh ka budak boh ka kolot, malah tos seueur nu janten korban ku alana ieu panyakit.

Panyakit demam berdarah teh disebarkeun ku reungit anu nagaranna Aides Aigypti. Reungit ieu sok disebut reungit menak, sebab cicingna dina cai anu beresih, beda jeung reungit bisa, ari reungit bisa mah resepna teh dina cai tempat anu kotor, dina cai anu kiruh, atawa dina cai anu nyalangkrung. Ari reungit Aides Aigypti mah cicingna dina bak mandi, dina pot kembang, dina ban urut atawa dina kaleng tilas wadah cet, tangtuna oge dina eta wadah teh caina herang. Kitu deui nyocona, ari reungit bisa mah sok peuting, ari iuemah ti beurang kira wanci jam asalapan nepi ka jam sawelas.

Ciri-cirina jalma anu kaserang demam berdarah nyaeta, awakna panas, lalaeleus, serta dina awak atawa leungeun sok aya totol-totol beureum. Sarta beuh dituna trombosit nu aya dina diri urang jadi turun.

Pikeun ngungkulan ieu panyakit, salian jalma nu katerapkasakit demam berdarah di bawa rumah sakit, oge kudu di ayakeun tarekah pikeun ngabasmi ieu reungit bisa ku cara ngumbah bak mandi, micen cai nyalangkrung nu aya dina pot kembang, dina ban atawa dina kaleng.

Kiwari pamarentah geus usaha satekah polah pikeun ngabasmi ieu reungit, diantara ku cata mere pepeling ka masyarakat sangkan ati-ati kana ayana panyakit demam berdarah. Oge patugas ti kesehatan geus usaha nyemprot imah jeung tempat-tempat nu sok di pake cicing ieu reungit. Tuluy pamarentah oge geus ngabagikeun obat anti reungit nu disebut abate. Ieu obat teh kudu di awurkeun kana tempat-tempat nu dieusian cai. Ku ayana tarekah pikeun ngbasmi reungit teh, muga-muga wae masyarakat tetep sarehat serta panjang umur.

I. Jawab ieu pananyaan di bawah!

1. Panyakit naon wae nu ditimbulkeun ku reungit? 2. Panyakit naon wae nu kiwari keur mahabu?

3. Reungit naon nu nyebarkeun demam berdarah teh? 4. Dina cai kumaha cicingna reungit demam berdarah teh? 5. Sok wayah kumaha nyocona reungit teh?

II. Bere tanda cakra (X) dina aksara a, b, c, atawa d di hareupeun jawaban nu pang benerna!

1. Di handap kaasup ciri-ciri jalma anu ka serang demam berdarah, iwal ...

a. Awakna panas b. Awakna leuleus

c. Dina awakna aya totol beureum d. Irungna ka luar cai

2. Jalma nu kaserang demam berdarah kudu dibawa ... a. Ka dukun

b. Ka kiyai

c. Ka hawangan d. Ka rumah sakit

3. Usaha anu geus dilakukuen pikeun ngungkulan panyakit demam berdarah di handap, iwal ...

a. Mere pepeling ka masyarakat sangkan ati-ati kana ayanan panyakit demam berdarah

b. Ngabagikeun abate

c. Patugas kasehatan nyemprot imah jeung tempet-tempat nu sok dipake cicing ieu reungit

d. Ngabagikeun beas

4. Panyakit ... mah lamun geus karasa sok ngagibrig. a. Nyeuri hulu

b. Muriang

c. Nyeuri beuteung d. Asma

5. Rengit Aides Aigypti nyocona teh ... a. Subuh

b. Peting c. Beurang d. Sore

6. Poe lebaran sok disebut ... a. Idul fitri

b. Tahun baru c. Idul adha d. Idul qurban

7. Panyakit leuncangeun biasana sok dina ... a. Sela-sela ramo leungeun

b. Tuur

c. Sela-sela ramo suku d. Keneung

8. Nu kaasup istilah kesehatan ... a. Asma, buku, perban

b. Tadarus, influenza, batuk c. Opname, infuse, imunisasi d. Tajil, bendo, infeksi

9. Ibu guru nuju ngawih kaulinan barudak. Sasaruanana ngawih ... a. Carita

b. Ngadongeng c. Maca

d. Nembang

10.Rupa-rupa pupuh teh aya ... a. 14

b. 15 c. 16 d. 17

III. Eusian titik di handap ieu ku jawaban anu merenah! 1. Karangan faktual bisa mangrupa ... jeung ...

2. Guru lagu nyaeta ... 3. Guru wilangan nyaeta ...

4. Mulyadi keur ... di perpustakaan

5. Tong ameng papanahan bilih ... kana soca 6. Pupuh mijil dowangun ku ... padalisan 7. Balita keur ... supaya kebal panyakit

8. Reungit demam berdarah mah nyocona ... jam salapan beurang 9. Sing rajin mandi ngarah teu boga panyakit ...

10.Watek pupuh mijil ... PEMBELAJARAN

Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas : IV / 2

Tema : Ningkatkeun kaweruh diri

Standar kompetensi

Mampu mebaca untuk memahami dan menanggapi bacaan melalui kegiatan membaca cepat, teks percakapan pondok, dan guguritan

Kompetensi dasar Nuliskeun bewara

Nataan babagian laporan Mikaweruh panyambung

Nulis kalimah kritik jeung pamuji Tujuan pembelajaran

Siswa mampu nuliskeun bewara

Siswa mampu nataan babagian laporan Siswa mampu mikaweruh panyambung

Siswa mampu nulis kalimah kritik jeung pamuji Peta konsep

A. Rangkuman Materi

Bewara teh hartina sarua jeung beja, pengumuman, atawa wawaran anu ditepikeun ka jalma loba. Bisa oge dihartikeun kieu; bawara nyaeta tulisan anu mangrupa informasi pikeun urang atawa batur nu maca atawa ngadengkeunana.

Bewara dibedakeun dumasar kana resmi jeung hanteuna. Bewara nu resmi biasana dijieun ku organisasi, instansi, lembaga pamarentah, jeung lembaga sejenna. Ari bewara nu teu resmi mah biasana dijieun ku pribadi urang sorangan pikeun batur.

Bewara nu sifatna resmi biasana sok di wuwuhan ku : 1. Kop surat, 2. Pamuka bewara, 3. Eusi bewara, 4. Panitip bewara, jeung, 5. Tawisan. b. Nataan babagean laporan

Lamun urang rek nulis laporan ngeunaan hiji kegiatan, tangtuna urang kudu apal heula babagean cara nyusun hiji laporan. Laporan kegiatan eusina ngeunaan kagiatan boh kagiatan karyawisata, piknik, jeung sajabana.

Dina laporan biasana sok aya babageanana, diantara :

1. Waktu, ngeunaan iraha waktu lumangsungna eta kegiatan. 2. Tempat, ngeunaan dimana tempat kegiatan.

3. Pamilon, ngeunaan saha wae nu milu dina kegiatan.

4. Eusi laporan kegiatan, ngenaan naon wae nu dilakukeun atawa di pigawe dina eta kegiatan ku para pamilon.

c. Mikaweruh kecap panyambung Titenan conto kalimah di handap! 1. Imas teu sakola lantaran gering

2. Bas kuring datang, manehna keur sare

3. Kuring getol ngapalkeun sangkan naek kelas.

Kalimah di luhur ngagunakeun kecap panyambung, sperti kecap lantaran, basa jeung sangkan. Eta kecap teh gunaan pikeun

nyambungkeun bagean-bagean kalimah. Kecap panyambung lantaran gunana pikeun ngabungkeun antara (a) Ilam teu sakola jeung (b) Ilams gering.

d. Kalimah kritikan jeung pamuji

1) Kritik teh mangrupa peunteun atawa pangajen kana hiji hal, utama hal anu kurang hade atawa ieu sapagodos. Tuluy sok mere bongbolongan. Contona : pupung ngritik kana tulisan lanceukna

Ceuk pupung, “ih, seratan aa mah sesah dibacana. 2) Kalimah pamuji

Kalimah pamuji mah mangrupa hasil peunteun atawa pangajen kana niji hal, tapi hasilna alus sarta ngandung pamuji. Contona : didik muji adina jadi juara kelas.

Ceuk didik, “A amah reueus ka dede teh lantaran jadi juara kelas.” 3) Nulis kalimah aktif jeung kalimah pasif

Titenan kalimah di handap ieu!

1. Barudak keur ngagambar gatot kaca. 2. Dai keur ngecet tembok.

3. Gatot kaca keur digambar ku barudak. 4. Tembok keur dicet ku dani

Kalimah nomor 1 jeung 2 kaasup kana kalimah aktif. Ari kalimah nomor 3 jeung 4 kaasup kana kalimah pasif. Naon anu

ngabedakeunana? Ciri kalimah aktif jejer atawa subyek

ngalakukeun pagawean sedengkeun kalimah pasif jejer atawa subyekna kakeunaan pagawean. Kalimah aktif bisa dirobah jadi kalimah pasif saperti conto dina kalimah nomor 3 jeuna 4. 4) Sifat –sifat jelema

1. Delitan = budak babari pundung, hese hese kacumponan teu kaopan

2. Darehdeuh = someah, akuan, matak resep omonganana 3. Calutak = teu make tata krama, teu sopan

4. Berewit = barbarian katerap panyakit, mindeng gering 5. Epes meer = barbarian ceurik atawa jejeritan mun

manggih nyeuri

6. Getol = daekan, daek atawa resep digawe 7. Gumati = ati-ati saregep

9. Handap asor = daek ngahormat batur 10.Jalinger = tangginas cangker

11.Jarabah = resep ulin atawa indit-inditan jauh 12.Judes = kucem goreng budi

13.Jujur = tara nyumput nyalidungkeun 14.Rancage = rea kabisa

15.Sonagar = wanter teu eraan B. Uji kompetensi

Pek baca bewara di handap ieu! Sakolah dasar rajagaluh III

Jalan rajagaluh No. 306 kabupaten Majalengka Telepon (0232) 233436

BEWARA

Assalamu’alaikum wr. Wb.

Dalam dokumen LKS KELAS 4 SMESTER 2 (Halaman 63-68)

Dokumen terkait