• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED INTRODUCTION (PBI) UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS KARANGAN BAHASAN (EKSPOSISI) : Studi Kuasi Eksperimen Siswa Kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED INTRODUCTION (PBI) UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS KARANGAN BAHASAN (EKSPOSISI) : Studi Kuasi Eksperimen Siswa Kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
39
0
0

Teks penuh

(1)

723/FPBS/0251/2014

MODÉL PANGAJARAN PROBLEM BASED INTRODUCTION (PBI) PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS

KARANGAN BAHASAN (ÉKSPOSISI)

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

RISMAYANTI ADINDA WIGUNA NIM 1002665

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

MODÉL PANGAJARAN PROBLEM BASED

INTRODUCTION (PBI) PIKEUN NGARONJATKEUN

KAMAMPUH NULIS KARANGAN BAHASAN

(ÉKSPOSISI)

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014)

Oleh

Rismayanti Adinda Wiguna

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Rismayanti Adinda Wiguna 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Lembar Pengesahan Skripsi

Rismayanti Adinda Wiguna

NIM 1002665

MODÉL PANGAJARAN PROBLEM BASED INTRODUCTION (PBI)

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN

BAHASAN (ÉKSPOSISI) (Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII-5

SMP NEGERI 1 BANDUNG Taun Ajaran 2013/2014)

disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 197820102003121001

Kauninga ku,

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED INTRODUCTION (PBI) UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS

KARANGAN BAHASAN (EKSPOSISI)

(Studi Kuasi Eksperimen Siswa Kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 )(1)

Rismayanti Adinda Wiguna (2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh rendahnya kemampuan siswa dalam hal menulis, khususnya menulis karangan bahasan (eksposisi). Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan kemampuan siswa dalam menulis karangan bahasan (eksposisi) menggunakan model pembelajaran PBI. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen dengan one group pretest-postes design. Tehnik yang digunakan untuk mengumpulkan data dalam penelitian ini adalah tés, dengan instrumen berupa tes soal prates dan postes. Tehnik mengolah data yang digunakan dalam penelitian ini adalah uji sipat data, yang di dalamnya meliputi uji normalitas, uji homogenitas, uji gain, dan uji hipotesis. Sumber data dalam penelitian ini adalah siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung yang berjumlah 31 orang. Berdasarkan penelitian yang telah dilakukan, didapat hasil sebagai berikut: (1) kemampuan awal siswa kelas VII-5 dalam menulis karangan bahasan (eksposisi) sebelum menggunakan model pembelajaran PBI menghasilkan rata-rata 62,83, dan termasuk ke dalam kategori belum mampu; (2) adanya peningkatan kemampuan menulis karangan bahasan (eksposisi) sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran PBI, dengan kemampuan awal 62,83 dan kemampuan ahir 81,54 dengan beda kemampuan 18,71; dan (3) adanya perbedaan yang signifikan antara kemampuan menulis karangan bahasan (eksposisi) sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran PBI hal ini terlihat dari nilai t hitung > t tabel yaitu 8,02 > 2,46. Hal ini

menunjukkan hipotesis kerja (Ha) diterima dan hipotesis nol (H0) ditolak. Bisa

disimpulkan bahwa model pembelajaran PBI mampu meningkatkan kemampuan menulis karangan bahasan (eksposisi) siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung.

Kata kunci: Model pembelajaran PBI, menulis karangan bahasan (eksposisi).

__________________________________________ 1)

Skripsi ini berada di bawah bimbingan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd dan Hernawan, S.Pd., M.Pd

(5)

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MODEL OF PROBLEM BASED LEARNING INTRODUCTION (PBI) TO IMPROVE THE ABILITY OF WRITING ESSAY TOPICS (EXPOSITION) A quasy experimental study of Seventh-5 Graders in SMP Negeri 1 Bandung

the school year 2013/2014(1) RISMAYANTI ADINDA WIGUNA (2)

ABSTRACT

The background of this research was the low ability of students in writing, especially writing essay topics (Exposition). It leaded this researchwhich aimed to describe the ability of students in writing essay topics (Exposition) using model oflearning PBI. The methods used in this research was quasy experimental method with one group pretest-posttest design. The method used to collect data in this research is test, with instruments in the form of a test question pre test and post test. Data processing techniques used in this research is test properties data, it is included its homogeneity test, normality test, test of gain and test of the hypothesis. The participants of the data in this study is grade VII-5 SMP Negeri 1 Bandung which totaled 31 students. Based on the research that has been done, obtained the following results: (1) the ability of the grade VII-5 in writing essay topics (Exposition) before using the model learning of PBI produced an average of 62,83, and it is included in the category hasn't been able to; (2) an increase in the ability to write essay topics (Exposition) before and after using the model of learning PBI with early ability was 62,83 and the end ability was 81,54 with the different was 18,71; and (3) there was a significant difference between ability of writing essay topic (exposition) before and after using the model of learning PBI it is seen from value tcalculate greater than ttable was 8.02 greater than 2.46. This

indicated the working hypothesis (Ha) was accepted and the zero hypothesis (Ho) was rejected. Be inferred that the model of learning PBI was able to improve the ability of writing essay topics (Exposition) grade VII-5 SMP Negeri 1 Bandung.

Keywords: model learning of PBI, writing essay topics (eksposition).

__________________________________________

1) This thesis is under guidance of Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd and Hernawan, S.Pd., M.Pd

2)

(6)

DAPTAR EUSI

PERNYATAAN... i

ABSTRAK... ii

PANGJAJAP... iii

TAWIS NUHUN... iv

DAPTAR EUSI... vi

DAPTAR TABÉL... ix

DAPTAR GRAFIK... x

DAPTAR SINGGETAN... xi

DAPTAR LAMPIRAN... xii

BAB I BUBUKA... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah... 5

1.2.1 Idéntifikasi Masalah... 5

1.2.2 Rumusan Masalah... 8

1.3 Tujuan Panalungtikan... 8

1.3.1 Tujuan Umum... 8

Tujuan Husus... 8

1.4 Mangpaat Panalungtikan... 9

1.4.1 Mangpaat Tioritis... 9

1.4.2 Mangpaat Praktis... 9

1.1 Raraga Tulisan... 9

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, ANGGAPAN DASAR, JEUNG HIPOTÉSIS... 11

2.1 Ulikan Tiori... 11

2.1.1 Modél Pangajaran... 11

2.1.1.1Wangenan Modél Pangajaran... 11

2.1.1.2Sajarah Modél Pangajaran... 13

2.1.1.3Wangenan jeung Sajarah Modél Pangajaran PBI... 14

(7)

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.1.5Larapna Modél PBI dina Pangajaran... 18

2.1.1.6Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Modél Pangajaran PBI... 19

2.1.1.7Kamampuh Nulis Karangan Bahasan (Éksposisi)... 20

2.1.1.7.1Kamampuh Nulis... 20

2.1.1.7.2Kamampuh Linguistik jeung Non Linguistik... 23

2.1.1.7.3Léngkah-Léngkah Nulis... 25

2.1.1.8Karangan Éksposisi... 27

2.1.1.8.1Wangenan Karangan Éksposisi... 27

2.1.1.8.2Jenis-Jenis Karangan Bahasan (Éksposisi)... 27

2.1.1.8.3Léngkah-Léngkah Nulis Karangan Bahasan (Éksposisi)... 28

2.1.1.8.4 Modél PBI Dina Pangajaran Nulis Karangan Bahasan (Éksposisi)... 29

2.2 Raraga Mikir... 30

2.3 Anggapan Dasar jeung Hipotésis... 32

2.3.1 Anggapan Dasar... 32

2.3.2 Hipotésis... 33

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN... 34

3.3.2 Sumber Data... 34

3.2 Désain Panalungtikan... 35

3.3 Métode Panalungtikan... 36

3.4 Wangenan Operasional... 37

3.5 Instrumén Panalungtikan... 38

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data... 39

3.7 Téhnik Ngolah Data... 40

3.7.1 Uji Sipat Data... 44

3.7.2 Uji Gain... 48

3.7.3 Uji Hipotésis... 48

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN... 51

(8)

4.1.1 Kamampuh Siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung dina Nulis Karangan Bahasan (Éksposisi) saméméh Ngagunakeun Modél Pangajaran

PBI... 51

4.1.2 Kamampuh Nulis Karangan Bahasan (Éksposisi) Siswa Kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran PBI... 57

4.1.3 Béda antara Pratés jeung Postés Dumasar kana Aspék nu Diajén ... 78

4.1.4 Uji Sipat Data... 79

4.1.5 Uji Normalitas... 79

4.1.5.1Uji Normalitas Data Pratés... 79

4.1.5.2Uji Normalitas Data Postés... 83

4.1.5.3Uji Homogénitas Data Pratés jeung Postés... 87

4.1.5.4Uji Gain... 89

4.1.5.5Uji Hipotésis... 91

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan... 93

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 96

5.1 Kacindekan... 96

5.2 Saran... 97

DAPTAR PUSTAKA... 98

LAMPIRAN... 100

(9)

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa mangrupa salasahiji média komunikasi verbal pikeun kagiatan sosialisasi dina kahirupan sapopoé di masarakat boh sacara lisan atawa tulisan. Basa Sunda mangrupa salashiji sélér basa di Jawa Barat nu dipaké ku urang Sunda. Basa Sunda beunghar ku kekecapan sarta miboga struktur anu tangtu nu ilahar disebut undak-usuk basa Sunda. Ku sabab basa Sunda jadi salasahiji basa nu panyaturna masih kénéh loba, sarta jadi warisan budaya, ku kituna basa Sunda wajib diajarkeun di Sakola dina unggal tingkatan ti mimiti SD/MI nepi ka SMA/MA hususna di Jawa Barat.

Dina hakékatna, pangajaran basa Sunda miboga tujuan sangkan siswa bisa nyangkem kana opat kaparigelan basa nya éta: (1) ngaregepkeun; (2) nyarita; (3) maca; jeung (4) nulis. Pikeun ngahontal tujuan pangajaran basa Sunda tangtuna kudu dirojong ku sarana jeung prasarana nu aya di sakola sarta peran guru dina nepikeun pangajaran basa Sunda ka siswa, sangkan siswa bisa ngahontal kana opat kaparigelan basa nu tadi geus disebutkeun. Guru kudu bisa jadi fasilitator, inovator, sarta motivator pikeun siswa.

Dina kanyataana, pikeun ngaréalisasikeun éta hal di luhur masih kénéh can kacumponan. Salasahiji faktor nu ngabalukarkeunana nya éta masih kurangna modél-modél pangajaran nu dilarapkeun ku guru, atawa kurang merenahna pamarekan anu dipaké dina prosés diajar-ngajar. Ku kituna guru kudu bisa ngalarapkeun modél pangajaran anu saluyu jeung kabutuhan sarta minat siswa, sangkan tujuan pangajaran bisa kahontal tur hasilna saluyu jeung nu dipikahayang.

(10)

2

Prosés atikan saenyana lain ukur tanggung jawab sakola jeung guru, orang tua siswa ogé miboga peran penting dina prosés atikan sangkan siswa bisa berhasil lain tina segi prestasi wungkul tapi dibarengan ogé ku sikep nu hadé. Ku kituna kudu aya gawé bareng antara pihak sakola nu dijerona kalibet kepala sekolah, guru sarta jajarana, jeung orang tua siswa sangkan bisa ngahasilkeun output (lulusan siswa) nu unggul dina sagala widang boh dina prestasina boh dina prilaku sarta sikepna.

Kompeténsi nulis karangan bahasan (éksposisi) mangrupa bagian tina standar kompetensi siswa SMP kelas VII. Ku kituna, pikeun meunangkeun hasil anu saluyu jeung Kriteria Ketuntasan Minimum (KKM) diperlukeun ayana inovasi dina ngébréhkeun pangajaran nulis karangan bahasan (éksposisi) salasahijina nya éta ngalarapkeun modél pangajaran anu saluyu pikeun pangajaran nulis karangan bahasan (éksposisi).

(11)

3

dominan, kamampuh non linguistik ogé miboga peran peting utamana dina rapih

henteuna tulisan sarta kajelasan tulisan, sangkan hasil tulisan siswa bisa kabaca lain ku siswana sorangan tapi ku sakabéh nu maca éta tulisan sangkan aya hubungan timbal balik antara nu nulis jeung nu maca, nu ahirna kacipta kagiatan aprésiasi maca, jadi pamaca teu saukur maca tapi bisa ngajén tulisan nu di bacana. Bakal béda carita lamun tulisan nu teu bisa di baca tangtu moal kacipta kagiatan aprésiasi maca, kusabab tulisana ogé geus teu kaharti tangtu nu macana ogé moal bisa ngaprésiasi eusi tulisanana. Kiwari rapih henteuna tulisan sarta kajelasan tulisan siswa beuki turun, di SMP loba siswa nu tulisana teu bisa dibaca, malah wangun hurupna ogé loba nu teu proposional nepi ka nimbulkeun salah tafsir ka nu macana. Nalika hasil tulisan siswa teu bisa dibaca, tangtu bakal mangaruhan kana prosés évaluasi tugas siswa utamana nu aya patalina jeung kagiatan nulis. Salian ti rapih henteuna tulisan, patalina eusi jeung téma tulisan tangtu jadi salasahiji bangbaluh nu karandapan ku guru dina prosés évaluasi kinerja siswa dina nulis, ku sabab loba siswa nu nyieun karangan nu teu saluyu jeung téma.

Kiwari siswa geus jarang malah geus tara maca buku hususna buku saluareun buku paket (buku pangajaran), sabab siswa kiwari geus kapangaruhan ku ayana media sosial nu geus rupa-rupa mangpaat jeung kagunaanana nu leuwih ngirut perhatian siswa tibatan maca buku-buku nu aya patalina jeung élmu pangaweruh. Dina prosés nulis bakal lumangsung lancar nalika siswa geus boga pangalaman maca. Sabab dina hakékatna nulis téh medar deui pangalaman maca tapi dina wangun tulisan nu tersusun jeung terstruktur. Siswa loba ngeluh teu bisa nulis atawa teu resep nulis ku sabab siswana sorangan teu boga pangalaman maca, sedengkeun dina nulis kudu miboga pangalaman maca sanajan saeutik ogé mangaruhan. Kanyataan ieu nu nimbulkeun siswa teu bisa ngembangkeun tulisan, malah sok aya siswa nu teu bisa nulis saluyu jeung téma nu geus ditangtukeun dina pangajaran.

(12)

4

Pangajaran nulis di sakola sacara umum masih kénéh can nyumponan kana kompeténsi nu kudu dihontal ku siswa. Di sakola, masih kénéh loba tanaga pendidik (guru) nulis ka siswa contona nyieun karangan atawa ngarang. Kasalahan guru dina méré tugas ngarang ka siswa nya éta teu ngawatesanan téma karangan anu rék dijieun ku siswa. Teu diwatesanana téma karangan siswa, ngabalukarkeun dina prosés évaluasi kerja siswa ku sabab kamampuh siswa teu kaukur sacara obyéktif. Ku kituna, penting pikeun guru ngabimbing siswa dina kagiatan nulis, sangkan siswa kabimbing sarta bisa nulis kalayan hadé ngaguluyur sarta ngentep seureuh saluyu jeung téma. Salian ti kudu merhatikeun téma kmarangan, nulis karangan maké basa Sunda kudu pisan diperhatikeun, utamana dina hal éjahan jeung tanda baca kudu merenah saluyu jeung palanggeran éjahan basa Sunda.

Tarigan (2008, kc. 22) nétélakeun yén nulis nya éta nurunkeun atawa ngalukiskeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun hiji basa sarta dipikanyaho ku jalma lian, nepi ka éta jalma bisa maca lambang-lambang grafik, lamun maranéhna paham basa sarta gambaran grafik tadi.

Dina kanyataanana aya pasualan-pasualan nu karandapan dina pangajaran nulis hususna nulis karangan bahasan (éksposisi), nya éta siswa masih kénéh can bisa ngabédakeun nulis karangan bahasan (éksposisi) jeung nulis karangan déskripsi. Salian ti éta, kamampuh siswa dina nulis kalimah basa Sunda masih kénéh kawatesanan, kusabab kiwari siswa geus tara maké basa Sunda utamana siswa nu sakolana di perkotaan saperti di Bandung. Ku ayana paualan-pasualan di luhur, guru kudu bisa ngaréngsékeun éta pasualan ku cara ngalarapkeun modél pangajaran Problem Based Introduction pikeun pangajaran nulis karangan bahasan (éksposisi). Satuluyna dina ieu panalungtikan, modél pangajaran Problem Based Introduction (PBI) disingget jadi modél pangajaran PBI.

(13)

5

Panalungtikan ngeunaan kompetensi dasar nulis bahasan (éksposisi), geus pernah ditalungtik ku mahasiswa Jurusan Pendidikan Basa Daerah ku rupa-rupa modél pangajaran, sedengkeun modél pangajaran PBI acan pernah ditalungtik dina pangajaran nulis karangan bahasan (éksposisi). Aya hiji panalungtik nu geus nalungtik ngeunaan modél pangajaran Problem Based Introduction (PBI) nu judulna Éféktivitas Modél Problem Based Introduction (PBI) dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Laporan (Panalungtikan Ékspériméntal ka Siswa Kelas VIII

SMP Negeri 12 Bandung Taun Ajar 2009/2010) nu disusun ku Esa Resania

Nursyahbani (2010). Bédana panalungtikan ieu jeung nu saacana, nya éta dina métode panalungtikan nu dipaké, ari metode nu dipaké ku panalungtik saacana nya éta metode panalungtikan ékspérimén murni sedengkeun nu dipaké ku panulis nya éta kuasi eksperimén sarta objék panalungtikana nu béda dina panalungtikan saacana di kelas nulis laporan di kelas VIII, sedengkeun dina ieu panalungtikan nu jadi obyék panalungtikana nya éta kamampuh nulis karangan bahasan (éksposisi) di kelas VII SMP.

Dumasar kasang tukang di luhur, ku kituna panalungtik méré ieu judul panalungtikan Modél Pangajaran Problem Based Introduction (PBI) pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Bahasan (Éksposisi) (Studi Kuasi

Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung).

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Nulis bahasan (éksposisi) jadi salasahiji kompetensi dasar nu aya di SMP kelas tujuh. Dina ieu kompetensi dasar, siswa diperdih sangkan bisa nulis bahasan (éksposisi) maké basa Sunda saluyu jeung strukturna, nya éta éjaan jeung tanda baca nu dipaké dina nyieun karangan bahasan (éksposisi) geus merenah. Dina kanyataana, siswa masih kénéh can mampuh nulis karangan bahasan (éksposisi) nu merenah, utamana dina struktur basa jeung éjaan basa Sunda nu masih kénéh pabaliut.

(14)

6

bahasan (éksposisi) jeung basa nu dipaké dina nulis teu terstruktur saluyu jeung aturan atawa undak usuk basa Sunda.

Siswa dianggap mampuh nulis karangan bahasan (éksposisi), lamun geus nyumponan kana Kritéria Ketuntasan Minimum (KKM) nulis, nu di jerona ngawengku kamampuh nu sifatna linguistik jeung non linguistik. Kamampuh linguistik nya éta penilaian kamampuh nulis siswa dina hal kabasaan nu ngawengku: (1) palangéran éjahan basa sunda; (2) struktur basa Sunda (Undak-Usuk Basa Sunda); (3) diksi. Kamampuh non linguistik nya éta kamampuh di luareun kabasaan nu ngawengku: (1) rapih henteuna tulisan; (2) kasaluyuan eusi jeung tema tulisan; (3) kejelasan tulisan jeung (4) tanda baca. Di antara kamampuh linguistik jeung non linguistik di luhur, siswa masih kénéh can nyumponan kana KKM nulis utamana dina aspek linguistik ku sabab siswa can bisa maké basa Sunda kalayan bener utamana dina palangeran éjahan basa Sunda. Palangeran éjahan dina basa Sunda jeung basa Indonésia béda, tapi siswa masih kénéh ngagunakeun éjahan basa Indonésia nalika nulis dina wangun basa Sunda anu ahirna bakal loba kekecapan nu kamalayon sarta teu saluyu jeung harti leksikal. Kaasup deui kana basa jeung diksi basa Sunda siswa nu kawatesanan, malah mah bisa ditafsirkeun siswa sama sakali teu apal kana basa Sunda komo kudu milih diksi basa Sunda, nu ahirna bakal loba kekecapan nu kamalayon.

Salian ti kamampuh linguistik nu dominan, kamampuh non linguistik ogé miboga peran peting utamana dina krapihan sarta kajelasan tulisan, sangkan hasil tulisan siswa bisa kabaca lain ku siswana sorangan tapi ku sakabéh nu maca éta tulisan sangkan aya hubungan timbal balik antara nu nulis jeung nu maca, nu ahirna kacipta kagiatan aprésiasi maca, jadi pamaca teu saukur maca tapi bisa nganiléy tulisan nu di bacana. Bakal béda carita lamun tulisan nu teu bisa di baca tangtu moal kacipta kagiatan aprésiasi maca, kusabab tulisana ogé geus teu kaharti tangtu nu macana ogé moal bisa ngaaprésiasi eusi tulisanana.

(15)

7

évaluasi tugas siswa utamana nu aya patalina jeung kagiatan nulis. Salian ti rapih henteuna tulisan, patalina eusi jeung téma tulisan tangtu jadi sala sahiji bangbaluh nu karandapan ku guru dina prosés évaluasi kinerja siswa dina nulis. Siswa ayeuna geus jarang malah geus tara maca buku hususna buku saluareun buku paket (buku pangajaran), sabab siswa kiwari geus kapangaruhan ku ayana media sosial nu geus rupa-rupa mangpaat jeung kagunaanana nu leuwih narik perhatian siswa tibatan maca buku-buku nu aya hubungana jeung élmu pangaweruh. Dina prosés nulis bakal lumangsung lancar nalika siswa geus boga pangalaman maca. Sabab dina hakékatna nulis téh medar deui pangalaman maca tapi dina wangun tulisan nu tersusun jeung terstruktur. Siswa loba ngeluh teu bisa nulis atawa teu resep nulis ku sabab siswana sorangan teu boga pangalaman maca, sedengkeun dina nulis kudu miboga pangalaman maca sanajan saeutik ogé mangaruhan. Kanyataan ieu nu nimbulkeun siswa teu bisa ngembangkeun tulisan, malah sok aya siswa nu teu bisa nulis saluyu jeung téma nu geus ditangtukeun dina pangajaran. Kamampuh linguistik jeung non linguistik kacida mangaruhan kana hasil évaluasi tulisan siswa. Ku kituna siswa dinilai gus nyumponan kana KKM, lamun geus bisa nyieun tulisan nu miboga kakuatan boh dina linguistikna boh dina non linguistikna.

(16)

8

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, nu jadi rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Kumaha kamampuh siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung dina nulis karangan bahasan (éksposisi) saméméh ngagunakeun modél pangajaran PBI? 2) Kumaha kamampuh siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung dina nulis

karangan bahasan (éksposisi) sabada ngagunakeun modél pangajaran PBI? 3) Naha aya bédana nu signifikan kamampuh siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1

Bandung dina nulis karangan bahasan (éksposisi) saméméh jeung sabada ngagunakeun modél PBI?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nguji modél pangajaran PBI dina ngaronjatkeun kamampuh nulis bahasan (éksposisi) siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung. Bisa dipaké babandingan pikeun guru dina ngararancang, ngalaksanakeun, jeung nga-évaluasi prosés diajar ngajar di kelas sarta pikeun mikanyaho kaéféktifan hiji modél pangajaran.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kamampuh nulis karangan bahasan (éksposisi) siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1

Bandung samémeh ngagunakeun modél pangajaran PBI;

2) kamampuh nulis karangan bahasan (éksposisi) siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung sabada ngagunakeun modél pangajaran PBI; jeung

(17)

9

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Sababaraha mangpaat anu dipiharep bisa kahontal tina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran élmu pangaweruh ngeunaan pangajaran nulis, hususna nulis karangan bahasan (éksposisi) sarta ngaronjatkeun minat siswa dina diajar nulis.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti mangpaat tioritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis di antarana:

1) pikeun panalungtik, nambahan élmu pangaweruh dina widang pangajaran utamana dina ngalarapkeun hiji modél pangajaran;

2) pikeun Guru, nambahan pangaweruh ngeunaan modél pangajaran pikeun bahan pangajaran di Sakola; jeung

3) pikeun Siswa, sangkan resep diajar nulis.

1.5 Raraga Tulisan

Dina ieu skripsi nu dibéré judul Modél Pangajaran Problem Based Introduction (PBI) pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Bahasan (Éksposisi)

(Studi Kuasi Éspérimén ka Siswa Kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) diwangun ku lima bab.

Bab hiji nu eusina bubuka ngawengku kasang tukang tina ieu panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan sarta mangpaat panalungtikan.

Dina Bab dua dipedar ngeunaan ulikan tiori, raraga mikir jeung hipotésis tina ieu panalungtikan, dipedar leuwih jero ngeunaaan modél Pangajaran PBI jeung kamampuh nulis éksposisi sacara tioritis, anu jadi raraga mikir tina ieu panalungtikan, sarta hipotésis panalungtikan.

(18)

10

Dina Bab opat dipedar ngeunaan analisis sarta déskripsi hasil panalungtikan nu geus ditalungtik.

(19)

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan hal anu aya patalina jeung métode panalungtikan nya éta: data jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan opérasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data sarta téhnik ngolah data panalungtikan.

3.1 Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan nurutkeun Arikunto (2010, kc.172) nya éta subyék ti mana meunangkeun éta data. Sumber data dibédakeun jadi tilu rupa nya éta: (1) sumber data anu mangrupa jalma, (2) sumber data anu mangrupa tempat, (3) sumber data anu mangrupa simbol.

Sumber data anu baris ditalungtik dina ieu panalungtikan kaasup sumber data nu mangrupa jalma, nya éta siswa kelas VII SMP Negeri 1 Bandung semester dua taun ajaran 2013/2014 dina nulis karangan bahasan (éksposisi) maké modél pangajaran PBI.

Tina dua belas kelas VII di SMP Negeri 1 Bandung sarta jumlah siswa 373 anu dijadikeun populasi. Populasi nya éta sakabéh subyék panalungtikan (Arikunto 2010, kc. 173).

Tabél 3.1. Daptar Populasi Panalungtikan No. Kelas Lalaki Awéwé Jumlah

(1) (2) (3) (4) (5)

1. VII-1 16 19 35

2. VII-2 14 20 34

3. VII-3 15 18 33

(20)

35

(1) (2) (3) (4) (5)

5. VII-5 12 19 31

6. VII-6 16 19 35

7. VII-7 16 18 34

8. VII-8 16 16 32

9. VII-9 18 16 34

10. VII-10 16 18 34

11. VII-11 16 18 34

12. VII-12 16 19 35

Dumasar hasil kocok populasi tina duabelas kelas, dihasilkeun sampel dina ieu panalungtikan nya éta kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung anu jumlah siswana nya éta 31. Sampel nya éta sabagian atawa wakil populasi nu ditalungtik (Arikunto 2010, kc. 174).

Tabél 3.2 Daptar Sampel Panalungtikan Kelas Jenis Kelamin Jumlah

L P

VII-5 12 19 31

3.2 Désain Panalungtikan

Désain anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta One group pretest and posttest design, saluyu jeung métode anu digunakeun nya éta métode kuasi

(21)

36

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

X

Katerangan:

= pratést;

= postést;

X = perlakuan atawa treatment anu mangrupa prosés diajar-ngajar ngagunakeun modél pangajaran (PBI).

(Arikunto, 2010, kc. 123)

3.3 Métode Panalungtikan

Métodologi panalungtikan asalna tina kecap “metode” anu hartina cara anu

tepat pikeun ngalakukeun hiji hal; jeung “logos” nu miboga harti élmu atawa pangaweruh. Jadi métodologi nya éta cara ngalakukeun hiji hal ngagunakeun pikiran sacara saksama pikeun ngahontal hiji tujuan (Narbuko & Achmadi, 2004, kc. 1).

Panalungtikan nya éta hiji kagiatan pikeun néangan, nyatet, ngarumuskeun jeung nganalisis nepi ka nyusun hiji laporan (Narbuko & Achmadi, 2004, kc. 1). Sutrisno Hadi (dina Narbuko & Achmadi, 2004, kc. 2) nétélakeun yén panalungtikan nya éta usaha pikeun nimukeun, ngembangkeun nguji bebeneran hiji pangaweruh.

Nurutkeun (Arikunto, 2010, kc. 203) métodé panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikanana.

Dumasar kana sawangan sababaraha ahi di luhur bisa dicindekkeun yén métode panalungtikan nya éta cara ngolah data hasil panalungtikan anu dilakukeun ngaliwatan prosés sarta satuluyna éta data diolah ku panalungtik. Saluyu jeung pamadegan anu ditétélakeun ku Arikunto.

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métodé kuasi ékspérimén. Nurutkeun Campbell jeung Stanley (dina Arikunto, 2010, kc. 123) ngabagi rupa-rupa ékspérimén dumasar kana alus henteuna ékspérimén, atawa sampurna henteuna ékspérimén.

(22)

37

jeung persyaratan. Anu dimaksud persyaratan dina ékspérimén nya éta ayana kelompok séjén nu teu kaasup kana ékspérimén jeung milu dititénan.

Tujuan métodé panalungtikan kuasi ékspérimén nya éta pikeun meunangkeun informasi nu mangrupa prakiraan tina informasi nu bisa dimeunangkeun ngaliwatan ékspérimén nu sabenerna dina kaayaan anu teu ngamungkinkeun pikeun ngontrol atawa ngamanipulasi sakabéh variabel anu rélévan (Narbuko & Achmadi, 2004, kc. 54).

Ciri-ciri métode panalungtikan kuasi ékspérimén aya dua nya éta:

1) panalungtikan kuasi ékspérimén sacara husus ngeunaaan kaayaan praktis anu dijerona teu ngamungkinkeun pikeun ngontrol sakabéh bvariabel nu rélévan iwal ti sababaraha sababaraha variabel mungkul. Ieu panalungtikan ditandaan ku métode kontrol persial dumasar kana idéntifikasi sacara ati-ati ngeunaan faktor anu mangaruhan validitas internal jeung validitas ékstérnal; jeung

2) bédana antara panalungtikan ékspérimén murni (true experimental) jeung kuasi ékspérimén (pre experimental) kacida leutik utamana lamun nu jadi subyék panalungtikanana manusa (Narbuko & Achmadi, 2004, kc. 55).

Dumasar kana pamarekan (Arikunto, 2010, kc. 123) desain kuasi ékspérimén dibagi kana tilu rupa desain panalungtikan, nya éta:

1) désain One-shot case study, ieu désain panalungtikan kacida basajan sarta kurang cocok lamun digunakeun dina panalungtikan ilmiah;

2) désain Pre-test and post-test ieu désain panalungtikan sering dipaké dina panalungtikan ilmiah. Dina ngalarapkeun ieu désain ékspérimén, panalungtik kudu ngayakeun dua kali ékspérimén nya éta saméméh ékspérimén (pratés) jeung sabada ékspérimén (postés); jeung

3) désain Staic group comparsion, dina ieu désain panalungtikan geus aya kelompok séjén salaku standar ékstérnal.

3.4 Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Modél Pangajaran Problem Based

Introduction (PBI) pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Bahasan

(Éksposisi) (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-5 SMP Negeri 1

(23)

38

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan, perlu dijéntrékeun wangénan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Modél Pangajaran PBI

Modél pangajaran PBI nya éta salasahiji modél pangajaran anu museurkeun siswa sangkan bisa ngaréngsékeun hiji masalah sacara mandiri ngaliwatan prosés anu tangtu. Dina kagiatan diajar-ngajar ngagunakeun modél pangajaran PBI, siswa diperdih sangkan bisa aktif salila kagiatan diajar-ngajar di kelas.

2) Kamampuh Nulis Karangan Bahasan (Éksposisi)

Kamampuh nulis bisa dipiboga ku hiji jalma ngaliwatan latihan. Nu kudu diperhatikeun dina kagiatan nulis nya éta kamampuh kabasaan (linguistik), sarta kamampuh saluareun kabasaan. Karangan bahasan atawa nu dina basa Indonésia leuwih dikenal ku éksposisi mangrupa karangan anu di jerona medar ngeunaan hiji masalah atawa hiji hal sarta tahap-tahapna kalawan jéntré saluyu jeung kanyataan.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan leuwih gampang tur hasilna leuwih alus, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih gampang pikeun diolahna (Arikunto, 2010, kc. 203).

(24)

39

guru. Sangkan leuwih jéntré, dicontokeun ngaliwatan soal pratés jeung postés saperti di handap.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina kagiatan panalungtikan kudu aya téhnik ngumpulkeun data anu saluyu jeung masalah nu rék ditalungtik.téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés.

Tés nya éta sababaraha pertanyaan atawa latihan sarta alat séjén nu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh (intelegensi), kamampuh atawa bakat anu dipiboga ku individu atawa kelompok (Arikunto, 2010, kc. 193). Tés anu digunakeun nya éta pratés jeung postés. Ari tahapan dina ngumpulkeun data dibagi jadi dua bagian, nya éta tahap tatahar jeung tahap uji instrumén di lapangan.

Tahapan tatahar dina nguji instrumén ieu panalungtikan saperti ieu di handap: 1) nyadiakeun média anu bakal digunakeun dina panalungtikan, nya éta artikél

sarta conto-conto karangan bahasan (éksposisi);

2) nangtukeun pancen keur siswa dina waktu pratés jeung postés panalungtikan. Pancén pratés jeung postés nya éta siswa sina nyieun karangan bahasan (éksposisi);

Soal Pratés

Jieun hiji karangan bahasan (éksposisi), témana bébas. Perhatikeun éjahan jeung tanda bacana!

Soal Postés

(25)

40

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) nangtukeun aturan jeung tata cara dina waktu pratés jeung postés lumangsung; jeung

4) nangtukeun parameter atawa ukuran paniléyan dina ngajén hasil gawé siswa dina nulia karangan bahasan (éksposisi).

Tahapan dina uji instrumén di lapangan kabagi kana dua bagian nya éta pratés jeung postés.

a) Pratés

Pratés mangrupa tés awal dina ngamimitian panalungtikan. Ieu tés dilaksanakeun langsung dina lawungan kahiji. Pratés dilaksanakeun di kelas anu dijadikeun sampel panalungtikan nya éta kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung. Siswa sina nyieun karangan bahasan (éksposisi) pikeun nganiléy pangaweruh siswa ngeunaan karangan bahasan (éksposisi).

b) Postés

Postés mangrupa évaluasi ahir dina prosés panalungtikan anu dilaksanakeun di ahir panalungtikan di kelas ékspérimén. Dina kagiatan postés siswa sina nyieun karangan bahasan (éksposisi), kalayan téma nu

ditangtukeun ku panalungtik.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data mangrupa léngkah-léngkah atawa alat pikeun ngahasilkeun jawaban tina hipotésis. Ari data anu diolah dina ieu panalungtikan nya éta data hasil évaluasi awal (pratés) jeung data hasil évaluasi ahir (postés) anu dilaksanakeun di kelas nu dijadikeun ékspérimén panalungtikan.

Aya sababaraha hal anu dilaksanakeun dina ngolah data nya éta: 1) mariksa hasil pratés jeung postés siswa;

2) nganiléy hasil hasil nulis karangan bahasan (éksposisi) siswa.

(26)

41

a) éjahaan;

b) diksi (pilihan kecap); c) organisasi eusi;

d) susunan karangan; jeung e) rapih-henteuna tulisan.

Tabél 3.3 Format Ngajén Kamampuh Nulis Karangan Bahasan (Éksposisi)

No. Aspék anu diniléy

Skala peunteun 5 : éjahan jeung tanda baca geus sampurna pisan. Skala peunteun 4 : éjahan jeung tanda baca geus sampurna. Skala peunteun 3 : éjahan jeung tanda baca cukup sampurna. Skala peunteun 2 : éjahan jeung tanda baca kurang sampurna. Skala peunteun 1 : éjahan jeung tanda baca teu sampurna. 2) Diksi (Pilihan Kecap)

Skala peunteun 5 : pilihan kecap basa Sunda geus sampurna pisan. Skala peunteun 4 : pilihan kecap basa sunda geus sampurna. Skala peunteun 3 : pilihan kecap basa Sunda cukup sampurna. Skala peunteun 2 : pilihan kecap basa Sunda kurang sampurna. Skala peunteun 1 : piihan kecap basa Sunda teu sampurna. 3) Organisasi Eusi

(27)

42

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Skala peunteun 4 : organisasi eusi karangan geus sampurna. Skala peunteun 3 : organisasi eusi karangan cukup sampurna. Skala peunteun 2 : organisasi eusi karangan kurang sampurna. Skala peunteun 1 :organisasi eusi karangan teu sampurna. 4) Susunan Karangan

Skala peunteun 5 : susunan karangan sampurna pisan. Skala peunteun 4 : susunan karangan geus smpurna. Skala peunteun 3 : susunan karangan cukup sampurna. Skala peunteun 2 : susunan karangan kurang sampurna. Skala peunteun 1 : susunan karangan teu sampurna. 5) Rapih henteuna Tulisan

Skala peunteun 5 : rapih-henteuna tulisan sampurna pisan. Skala peunteun 4 : rapih-henteuna tulisan geus sampurna. Skala peunteun 3 : rapih-henteuna tulisan cukup sampurna. Skala peunteun 2 : rapih-henteuna tulisan kurang sampurna. Skala peunteun 1 : rapih-henteuna tulisan teu sampurna. Skala rata-rata

1-1.9 = goréng 2- 3.9 = sedeng 4-5 = alus

Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir kalawan ngagunakeun rumus:

P = Peunteun

∑ Bobot Siswa = Jumlah bobot anu dimeunangkeun ku siswa

∑ Bobot Maksimal = Jumlah bobot maksimal

Tabél 3.4 Kategori Nilai Dumasar KKM

Peunteun Keterangan

≥ 78 Siswa dianggap mampuh nulis karangan bahasan (éksposisi) kalayan hadé.

≤ 78 Siswa dianggap can mampuh nulis karangan bahasan (éksposisi) kalayan hadé.

(28)

43

Tabél 3.5 Tabél Kamampuh Nulis Karangan Bahasan (Éksposisi) Pratés jeung Postés Ngagunakeun Modél Pangajaran PBI No ngaklasifikasikeun data peunteun pratés jeung postés kana ieu tabél di handap, kalayan disusun dumasar kana daftar absén siswa.

Tabél 3.6 Format Meunteun Pratés jeung Postés

No Pratés P

Ka-Pratés : Kamampuh awal siswa nulis karangan bahasan (éksposisi) Postés : Kamampuh ahir siswa nulis karangan bahasan (éksposisi) 1. : Éjahan jeung tanda baca

2. : Diksi (pilihan kecap) 3. : Organisasi eusi 4. : Susunan karangan 5. : Rapih-henteuna tulisan

∑ : Jumlah

P : peunteun

(29)

44

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.1 Uji Sipat Data

a Uji Normalitas

Uji Normalitas nya éta uji sipat data anu miboga pungsi pikeun mikanyaho normal heunteuna data populasi anu digunakeun dina panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, uji normalitas ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

a) Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna b) Ngitung rentang ( r ) maké rumus ieu di handap:

r = nilai panggédéna – nilai pangleutikna

c) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalayan rumus:

k = 1 + log 3,3 log N

d) Nangtukeun kelas panjang interval

e) Nyieun tabél frékuensi peunteun tes awal jeung peunteun tes ahir kalayan make ieu tabél di handap.

Tabél 3.7 Fomat Frekuensi Peunteun Pratés jeung Postés No Kelas Intérval fi xi xi2 fi xi fi xi2

1 2

(30)

45

Keterangan X = rata-rata

∑ = jumlah

Fi = jumlah data Xi = nilai tengah

(Sudjana , 2005, kc. 95)

g) Ngitung Standar Deviasi, carana nya éta:

(Sudjana, 2005, kc. 98)

h) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéntasi. Carana nya éta:

1. Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspétasi

Tabél 3.8 Format Obsérvasi jeung Frékuensi Éspéktasi Pratés jeung Postés

Interval Oi BK Handap

BK

Luhur Z Z1 Z2 L E1 X

2

2. Nangtukeun Oi (frékeunsi obsérvasi)

SD =

(31)

46

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3. Nangtukeun batas kelas interval (bk)

4. Ngitung Z itung (transformasi normasl standar bebas kelas)

5. Nangtukeun Z tabél 1

6. Ngitung lega kelas Interval

7. Ngitung frékuensi ékspéktasi, ku cara:

8. Nangtukeun niléy X2 (chi kuadrat)

(Sudjana 2005, kc. 273) 9. Nangtukeun derajat kabébasan (dk)

10. Nagtukeun derajat X2 tabél

11. Nangtukeun normalitas ngagunakeun kriteria ieu di handap:

a) Lamun X2 itung < X2 tabél , hartina data atawa populasi distribusina normal

b) Lamun X2 itung > X2 tabél , hartina data atawa populasi distribusina teu

normal

Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas, tur data anu dihasilkeun normal, kagiatan anu satuluyna nya éta uji homogénitas varian anu fungsina pikeun nagtukeun uji paramétik anu luyu.

̅

Z tabél terbesar- Z tabél

(32)

47

b Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho varian populasi data anu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa heunteu.

Léngkah-léngkah uji homogénitas nya éta : a) Ngitung variasi (S2 ) unggal kelompok

Variasi tés awal

Variasi tés ahir

b) Ngitung Harga Variasi (F)

c) Ngitung derajat kebebasan

d) Nagtukeun harga Ftabél

e) Nangtukeun homogén heunteuna data dumasar kana kriteria ieu di handap: Lamun F itung < F tabél , hartina variasi sempel homogen.

Lamun F itung > F tabél , hartina variasi sempel heunteu homogen.

S1=

S1 =

F

=

(33)

48

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.2 Uji Gain

Uji gain dipigawé pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pratés jeung postés. Hasil tina uji gain dipaké salaku gambaran ngeunaan modél pangajaran Problem Based Introduction dina nulis karangan bahasan (éksposisi) siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

Léngkah dina uji gain nya éta make ieu tabél di handap.

Tabél 3.9 Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

No. No. urut absén Peunteun Pratés Peunteun Postés D d2 1

2

3.7.3 Uji Hipotésis

Uji Hipotésis bisa dilakukeun ku dua langkah, nu kahiji ngagunakeun statistik parametik, nu kadua ngagunakeun statistik non-paramétik.

A. Statistik Paramétik

Uji hipotésis ngagunakeun statistik paramétik dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun pratés jeung peunteun postés. Rumusna nya éta:

2) Ngitung derajat kabébasan (dk). Rumusna nya éta:

3) Ngitung jumlah kuadrat deviasi, rumusna nya éta:

(34)

49

4) Ngitung t, rumusna nya éta:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil pratés jeung postés

∑ = jumlah kuadrat deviasi n = jumlah subyek dina sampel

5) Nangtukeun ditarima heunteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria, nya éta: Lamun t itung > t tabél , hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol

(H0) ditolak, Modél pangajaran (PBI) signifikan dina ngaronjatkeun kamampuh

nulis karangan bahasan (éksposisi) siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung, Taun ajaran 2013/2014.

Lamun t itung < t tabél , hartina hipotésis nol (H0) ditarima jeung hipotésis kerja (Ha)

ditolak, Modél pangajaran (PBI) teu signifikan dina ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan bahasan (éksposisi) siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung, Taun ajaran 2013/2014.

B. Statistik Non-Paramétrik

Statistik non-paramétrik digunakeun pikeun nguji hipotésis anu distribusi datana henteu normal. Téhnik statistik anu dipaké nya éta Uji Wilcoxon. Nurutkeun Sudjana (dina Agriawan 2005, Kc. 45), léngkah-léngkah Uji Wilcoxon nya éta di handap ieu.

1) Asupkeun peunteun pratés siswa kana kolom ka-2 (XA1) 2) Asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XBI)

3) Itung bédana antara pratés jeung postés ku cara XBI-XAI tuluy diasupkeun hasilna kana kolom ka-4.

(35)

50

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil bédana tina kolom-4 ti mimiti niléy béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna.

5) Sanggeus diurutkeun, misalna aya niléy anu sarua, éta niléy téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua pikeun nangtukeun jenjangna. Nilai tina hasil ngabagi mangrupa hasil jenjangna.

6) Sanggeus diurutkeun, asupkeun niléy jenjang JB kana kolom ka-5.

7) Ngasupkeun niléy béda anu positif kana kolom-6, misalna aya niléy béda anu negative asupkeun kana kolom ka-7.

8) Nempo kana tabél harga-harga kritis dina Uji wilcoxon, misalna n=23 kalayan ngagunakeun taraf kasalahan 5%, Wtabél = 73.

9) Data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél Uji Wilcoxon, saperti ieu dihandap.

Tabél 3.10 Uji Wilcoxon No

absen

XAI XBI Béda Tanda Jenjang

XAI-XBI Jenjang + -

10) Ditarima henteuna hipotésis dina Uji Wilcoxon maké kritéria:

a. Lamun Witung < W tabél dumasar taraf nya éta nu ditangtukeun hartina

hipotésis teu ditarima.

b. Lamun Witung > W tabél dumasar taraf nya éta nu ditangtukeun hartina

(36)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan modél PBI dina pangajaran nulis karangan bahasan (éksposisi). Hasil tina ieu panalungtikan bisa dicindekkeun saperti ieu di handap:

1) Kamampuh nulis karangan bahasn siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung taun ajaran 2013/2014 kagolong kana can mampuh masih kénéh can cumpon kana KKM nu geus ditangtukeun. Ieu katitén tina niléy rata-rata kelas nya éta 62,83 acan cumpon kana KKM minimum nya éta 78. Tina jumlah siswa 31, aya 3 siswa atawa 10% siswa anu mampuh jeung 28 atawa 90% siswa acan mampuh nulis karangan bahasan (éksposisi) saluyu jeung KKM nu geus ditangtukeun. Dumasar kana aspék anu diajén rata-rata pratés unggal aspék nya éta (1) éjahan jeung tanda baca skor rata-ratana 2,70 kaasup kana skala niléy sedeng, (2) diksi basa Sunda skor rata-ratana 2,70 kaasup kana skala niléy sedeng, (3) organisasi eusi karangan skor rata-ratana 3,60 kaasup kana skala niléy sedeng, (4) susunan karangan skor rata-ratana 3,61 kaasup kana skala niléy sedeng, jeung (5) karapihan tulisan rata-ratana 3,12 kaasup kana skala niléy sedeng.

(37)

97

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis karangan bahasan (éksposisi) saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran PBI katitén tina uji hipotésis yén t itung > t tabél nya éta 8,02 > 2,46. Ku kituna hipotésis kerja (Ha)

ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Ieu hal nuduhkeun aya bédana nu

signifikan antara pratés jung postés, sarta modél pangajaran PBI bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas VII-5 SMP Negeri 1 Bandung dina nulis karangan bahasan (éksposisi).

5.2 Saran

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sababaraha saran nu diajukeun ku panalungtik nya éta:

1) Ku sabab dina panalungtikan Modél pangajaran PBI téh éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan bahasan (éksposisi), ku kituna modél pangajaran PBI bisa dijadikeun salasahiji alternatif dina nepikeun pangajaran nulis hususna nulis karangan bahasan (éksposisi).

2) Nalika modél pangajaran PBI dilarapkeun dina pangajaran nulis karangan bahasan (éksposisi), nu kudu diperhatikeun nya éta guru kudu nyiapkeun hiji masalah sangkan siswa bisa ngaréngsékeun masalahna sorangan sacara mandiri atawa bisa sacara kelompok.

(38)

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, C., & Senny, S. (2007). Pokoknya Menulis. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat Bahasa Edisi Keempat. Jakarta; PT. Gramedia.

Eggen, P., & Kauchak, D. (2012). Strategi dan Model Pengajaran Mengajarkan Konten dan Keterampilan Berpikir Edisi6. Jakarta: PT. Indeks.

Ghazali, S. (2010). Pembelajaran Keterampilan Berbahasa dengan Pendekatan Komunikatif Interaktif. Bandung: Refika Utama.

Huda, Miftahul. (2013). Cooperative Learning Metode, Tehnik, Struktur dan Model Penerapan. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Husein, D., Mamad, & Dedi. (1991). Penuntun Pelajaran Bahasa Sunda Utuk SMP Jilid 2. Bandung: Lubuk Agung.

Joyce & Weil. (2009). Models Of Teaching. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung; CV. Geger Sunten.

Nana, S. (2011). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Narbuko, C. & Achmadi, A. (2009). Metodologi Penelitian. Jakarta: Bumi Aksara.

Nurjanah, N. (2008). Tiori Nulis (Diktat Kuliah). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Rahman. (2011). Model-Mengajar & Bahan Pembelajaran. Jatinangor: Alqa Prisma Interdelta.

(39)

99

Rismayanti Adinda Wiguna, 2014

Model Pembelajaran Problem Based Introduction (PBI) Untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Karangan Bahasan (Eksposisi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tarigan, G.T. (2009). Pengajaran Sintaksis. Bandung: Angkasa. Sudjana. (2005). Metode Statistika. Bandung: Tarsino.

Sudaryat, Y. (2004). Elmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

Sudaryat,Y. (2004). Model-Model Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tanggerang: Pamulang.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Warsono, & Hariyanto. (2012). Pembelajaran Aktif Aktif Teori dan Assemen.

Bandung: Rosda.

Widyatun, B. (2012). Model Pembelajaran Berbasis Masalah (Problem Based Introduction). [online].

Tersedia di: http//www.jurnalbidandiah.blogspot.com/2012/04/model-pembelajaran-berbasis-masalah.html [Diakses 20 Desember 2013].

Referensi

Dokumen terkait

Diajukan untuk Memenuhi Sebagian dari Syarat Memperoleh Gelar Sarjana Pendidikan Program Studi Pendidikan Kepelatihan

PENGARUH PENILAIAN PRESTASI KERJA DAN PENGEMBANGAN KARIR TERHADAP KINERJA PEGAWAI PADA BIRO REKTOR.. UNIVERSITAS

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

mandibular dental arch form in subjects with normal occlusion. Universitas

[r]

Jika ditinjau dari KAM siswa, untuk kemampuan berpikir kritis, hanya siswa dengan kelompok tengah pembelajaran kooperatif tipe co-op co-op yang memiliki pencapaian

PENGARUH MOD IFIKASI PELURU TERHAD AP PEMBELAJARAN KETERAMPILAN GERAK D ASAR TOLAK PELURU PAD A SISWA SMK NEGERI 4 BAND UNG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

PERBED AAN KEBERHASILAN MOD EL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING D ENGAN MOD EL PEMBELAJARAN SAINS TEKNOLOGI MASYARAKAT TERHAD AP PENINGKATAN RANAH KOGNITIF PESERTA D