Muhammad Iqbal, 2014
FOLKLOR PENCA SILAT DI PAGURON MEKAR PATALI WARGI (MPW) DÉSA WANGUNSARI KECAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT : Kajian Atikan Karakter
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Penca silat mangrupa séni béladiri (fighting art) nu bisa nyalurkeun
kahayang manusa nu asalna negatif; sifatna ngarusak; jeung ngarugikeun, jadi positif; sifatna ngajaga; jeung bisa ngahibur. Penca silat ogé mangrupa wujud budaya, hasil tina cipta, rasa, jeung karsa masarakat Sunda baheula pikeun ngabéla atawa nyalametkeun diri ti musuh.
Salian ti éta, penca silat ogé pinuh ku ajén-inajén nu bisa mawa manusa pikeun nyangking karakter hadé sakumaha nu dipiharep ku diri, masarakat, bangsa, jeung nagarana. Éta ajén-inajén nu nyangkaruk dina penca silat téh geus sakuduna dipikanyaho ku saha baé, sangkan mawa kahadéan keur balaréa.
Dina panalungtikan folklor lisan di paguron penca silat MPW nyidekkeun yén masalah-masalah nu patali jeung sikaep negatif manusa bisa ditarékahan ku atikan karakter nu aya dina penca silat. Folklor nu kapanggih di paguron penca silat MPW téh aya 6 (genep) pedaran tina tilu wangun nu kapanggih, nya éta logat, jujuluk, istilah, paribasa, dongéng sasakala, jeung dongéng jalma teu lumrah. Sabada dianalisis struktur folklor kapanggih tilu pedaran, nya éta pola guguru, jarak carita tina kajadian, jeung padoman keur pesilat.
Ajén atikan karakter nu kapanggih dina folklor di paguron penca silat MPW téh ngawengku opat ajén inti (core values), nya éta tanggoh, jujur, percéka, jeung
teu api lain. Ieu hal téh ngabuktikeun yén atikan karakter nu aya di paguron penca silat MPW kawangun ku opat aspék pembinaan nu aya dina penca silat, nya éta aspék atlétik nu ngawangun karakter pesilat sangkan tanggoh, aspék éstétik nu
ngawangun karakter pesilat sangkan percéka, aspék téknik nu ngawangun
karakter pesilat nu teu api lain, jeung aspék étik nu ngawangun karakter pesilat nu
97
Muhammad Iqbal, 2014
FOLKLOR PENCA SILAT DI PAGURON MEKAR PATALI WARGI (MPW) DÉSA WANGUNSARI KECAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT : Kajian Atikan Karakter
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
5.2 Saran
Sanggeus ngayakeun panalungtikan di paguron penca silat MPW di Désa Wangunsari, Kecamatan Lembang, Kabupatén Bandung Barat, aya sababaraha hal nu hayang ditepikeun minangka saran ka pamaréntah, sakola, masarakat, jeung mahasiswa.
a. Pamaréntah
Pamaréntah daérah, hususna Désa Wangunsari, Kecamatan Lembang, Kabupatén Bandung Barat dipiharep bisa ngarojong tur ngamekarkeun deui sagalarupaning kagiatan penca silat;
b. Sakola
Lembaga pendidikan formal (sakola) atawa dinas nu pakait dipiharep bisa ngamangpaatkeun atikan penca silat nu pinuh ku ajén-inajén pikeun ngawangun karakter siswa, minangka stratégi mikro pendidikan karakter; c. Masarakat
Masarakat dipiharep teu asa-asa mihapékeun budak sangkan diatik di paguron penca silat pikeun ngawuwuhan atikan karakter nu aya di lembaga pendidikan formal (sakola).
d. Mahasiswa