• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1305082 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1305082 Chapter3"

Copied!
9
0
0

Teks penuh

(1)

55

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan desain panalungtikan, data jeung sumber data, téhnik panalungtikan, jeung analisis data. Panalungtikan anu dilakukeun téh kaasup kana panalungtikan kualitatif. Moleong (dina Arikunto, 2013, kc. 22) ngébréhkeun yén panalungtikan kualitatif nyaéta panalungtikan anu nyoko kana sumber data dina wujud kekecapan boh sacara lisan boh tulisan.

Métodeu panalungtikan mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Métodeu nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métodeu déskriptif-analitik. Métodeu déskriptif-analitik nyaéta métodeu anu dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta, satuluyna kana tahap nganalisis (Ratna, 2014, kc. 53). Ku kituna, ieu métodeu dipaké pikeun ngadéskripsikeun rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang sangkan kapaluruh eusi rumpakana, struktur caritana, jeung ajén atikanna dumasar kana ulikan étnopédagogik. Satuluyna hasil ieu analisis dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di SMA.

3.1 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan bisa disebut bagan guluyuran tahapan panalungtik. Ti mimiti ngaidéntifikasi masalah, ngarumuskeun masalah, studi pustaka, ngumpulkeun data, ngolah data, hasil panalungtikan, nepi ka nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan.

(2)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Bagan. 3.1 Desain Panalungtikan

3.2 Sumber Data

Sumber data nyaéta subjek/jejer data anu bisa dikumpulkeun. Nurutkeun Arikunto (2013, kc. 172), sumber data dina panalungtikan nya éta subjék data anu dicangking. Lofland jeung Lofland (dina Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 169) nétélakeun yén:

Nangtukeun Masalah

Ngumpulkeun Data

- Téhnik dokuméntasi - Téhnik wawancara

Instrumén Data

- Kartu data

- Padoman wawancara - Téhnik dokuméntasi

Analisis Data

- Ulikan struktural: struktur fisik puisi jeung struktur batin puisi - Ulikan ajén étnopédagogik : atikan

karakter

Nyieun Kacindekan Déskripsi Data

Struktur Rumpaka tembang: tatarupa/ tipografi, diksi, imaji, kecap kongkrit, basa figuratif, jeung vérsifikasi.

(3)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

“sumber data utama dalam penelitian kualitatif ialah kata-kata dan tindakan selebihnya adalah data tambahan seperti dokumen dan lain-lain. Berkaitan dengan hal itu, pada bagian ini jenis data dibagi ke dalam kata-kata,

tindakan, sumber data tertulis, foto, dan statistik.”

Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta sagala rupa référénsi, boh buku, jurnal, éséy, jeung warta dina média massa ngeunaan rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang, pangarangna, jeung buku-buku nu patali jeung panalungtikan. Sumber data utama dina ieu panalungtikan nyaéta buku Mang Bakang dan Cianjuran.

Data panalungtikan nyaéta sakabéh rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang. Jumlah rumpaka anu kakumpulkeun aya 34

rumpaka, tapi nu dianalisis aya 33 rumpaka, hiji rumpaka anu judulna “Tindih Tumimplik” teu kapaluruh datana.

Data rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang anu kakumpul jumlahna aya 34 judul. Ieu rumpaka téh kakumpul tina sumber tinulis

jeung lisan. Sumber tinulis anu dipaké nyaéta buku “Mang Bakang dan Tembang Cianjuran” karya Bakang Abubakar (1987). Sedengkeun sumber lisan anu

kapanggih nyaéta tina hasil wawancara.

Tabél 3.1

Daptar Rumpaka Tembang Cianjuran

No Judul Rumpaka Sanggian Sumber Data

(1) (2) (3) (4)

01 17 Agustus Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

02 Ayun Ambing Bakang Abubakar Buku “Mang Bakang dan Tembang Cianjuran”

03 Babakti Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

04 Bubuka Bakang Abubakar Buku “Mang Bakang dan Tembang Cianjuran”

05 Ceurik Abdi Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

06 Deukeut ku deukeutna Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

07 Gunung Guntur Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

(4)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

09 Jalan Satapak Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

10 Kaduhung Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

11 Kastawa Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran”” Bakang dan

12 Kawaas Bakang Abubakar Buku “Mang Bakang dan Tembang Cianjuran”

13 Kumaha Jadina Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran”” Bakang dan

14 Lawang Sakéténg Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

15 LemburSingkur Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

16

Leuheung-leuheung Bakang Abubakar Buku “Mang

Bakang dan Tembang Cianjuran” 17 Lokatmala Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

18 Muntang

Ngeumbing Bakang Abubakar Buku “Mang

Bakang dan Tembang Cianjuran”

19 Néléngnéngkung Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

20 Ngambah Méga Bakang Abubakar Buku “Mang Bakang dan Tembang Cianjuran””

21 Ngan Ka Anjeun Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

22 Nunggul Pinang Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

23 Pageuh Tékad Bakang Abubakar Buku “Mang Bakang dan Tembang Cianjuran”” 24 Pajar Manéh Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran”” Bakang dan

25 Panggendam Sari Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

26 Panggeuing Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

27 Panggugah Bakang Abubakar Buku “Tembang Mang Bakang dan Cianjuran”

28 Samoja Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

29 Sariak Layung Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan

30 Sukanagara Bihari Bakang Abubakar Buku “Mang Bakang dan Tembang Cianjuran”” 31 Sulanjana Bakang Abubakar Buku “Mang Bakang dan

Tembang Cianjuran”

(5)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

33 Wawangi nu kantun Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran”” Bakang dan

34 Wijayakusumah Bakang Abubakar Buku “MangTembang Cianjuran” Bakang dan Jaba ti éta, dugunakeun ogé informan nu kira-kira apal ngeunaan karya Mang Bakang. Ieu informanna di handap.

Tabel 3.2 Data Informan

DATA INFORMAN Wasta : Dr. R.M. Yusuf Wiradiredja, M. Hum Umur : 57 taun

Padumukan : Komp. Bumi Panyawangan Cluster Pinus 6/10. Cileunyi-Bdg Pakasaban : Dosén ISBI Bandung, Fakultas Seni Pertunjukan jurusan Karawitan

Tina data anu kapangggih, katitén aya hiji rumpaka anu teu kapaluruh

datana dina buka Mang Bakang dan Tembang Cianjuran nyaéta rumpaka “Tindih Tumimplik”. Ku kituna, sangkan kapaluruh datana, diayakeun wawancara jeung

panembang.Ieu rumpaka teu kapaluruh datana ku alatan, ieu rumpaka bisa jadi masih di Mang Bakang kénéh, can kungsi dihaleuangkeun ku sasaha, kaasup narasumber (Yus Wiradiredja) salaku muridna teu nyahoeun kana éta rumpaka (Wiradiredja, hasil wawancara 2017).

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik dokuméntasi jeung wawancara. Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan, ébréh ieu di handap.

a. Téhnik dokuméntasi

Ieu téhnik mangrupa cara pikeun ngumpulkeun data nu ngahasilkeun catetan-catetan penting nu aya patalina jeung panalungtikan, nepi ka hasil data anu dicangking leuwih akurat jeung leuwih lengkep. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa tulisan (Catetan lapangan), lisan (rekaman), vidio, sarta gambar (poto). Gambar, vidio, jeung rekaman dicangking ngaliwatan média éléktronik, saperti handphone jeung kaméra digital perkara

(6)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

b. Téhnik Wawancara

Wawancara mangrupa salasahiji cara pikeun nyangking informasi atawa data anu patali jeung panalungtikan, utamana panalungtikan perkara Kasenian Topéng Kaléng. Téhnik wawancara digunakeun ku panalungtik, pikeun ngajaring informasi ngeunaan rumpaka Cianjuran ka penembang Cianjuran. Dina ieu panalungtikan anu jadi informan dina wawancara nyaéta dosén ISBI Bandung sakaligus salaku murid Mang Bakang.

Dumasar kana dua téhnik di luhur, ngumpulkeun data téh dilaksanakeun ku léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Nangtukeun sumber data jeung narasumber

2) Nyatet data rumpaka kawih Mang Bakang kana kartu data

3) Ngayakeun wawancara jeung narasumber upamana rumpakana teu kapaluruh dina sumber tinulis.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén diperlukeun pikeun meunangkeun data. Data kaasup hal anu kalintang pentingna pikeun ngajawab sakabéh masalah dina panalungtikan. Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun, ngolah, jeung ngainterprétasi sagala informasi anu ditarima. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta:

a. Kartu data,

(7)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.3

Kartu Data Rumpaka Kawih Ayun Ambing (MB/O2/LP/PK)

Catetan

Nu nyanggi : Mang Bakang Runtuyan : 02

Laras : Laras Pelog Wangun Rumpaka : Pupuh Kinanti

Tabél 3.4

Kartu Data Klasifikasi Rumpaka Tembang Cianjuran

No Judul Rumpaka

Laras Wangun Kodeu

Rumpaka Cianjuran

P S M PS K S SB SD

01 17 Agustus √ √ MB/O1/LP/PK

Tabél 3.5

Kartu data Unsur Rumpaka

Kodeu Jumlah Pada Padalisan Jumlah Guru Wilangan

Tabél 3.6

Kartu data Atikan Karakter

Dina Rumpaka Tembang Cianjuran Wanda Panambih Karya Mang Bakang

No (AjénAtikan) Pada ka- Judul Lagu CutatanPada/Padalisan

SipatAjén Atikan (+) (-)

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

(8)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

c. Padoman wawancara, digunakeun pikeun ngawawancara informan atawa jalama anu dianggap ngawasa kana dunya tembang. Anapon patalékan dina ieu panalungtikan bisa ditingali dina padoman wawancara tabél. 3.2.

Tabél 3.7 Padoman Wawancara

PADOMAN WAWANCARA

1. Bener henteuna kawih mangrupa indung sora anu aya di tatar Sunda, jeung tembang mah ngan saukur bagian leutik tina tembang.

2. Bener henteuna rumpaka Tindih Tumimplik” tkarya Mang Bakang. éh wanda panambih 3 Haleuangna Tindih Tumimplik.

4 Sabab musabab rumpaka “Tindih Tumimplik” teu kapaluruh datana. 5 Mang Bakang jeung karyana.

3.5 Téhnik Analisis Data

Data-data anu geus kakumpul ngaliwatan sababaraha tehnik di luhur, satuluyna data diolah jeung dianalisis ngagunakeun tiori-tiori anu geus ditangtukeun. Anapon téhnik ngolah data digunakeun analisis: (1) téhnik analisis struktur jeung eusi puisi (2) téhnik analis ajén étnopédagogik, (3) téhnik analisis bahan pangajaran.

1) Téhnik Analisis Struktur jeung Eusi Puisi

Analisis struktur puisi dina rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang ngawengku struktur fisik jeung struktur batin. Struktur fisik ngawengku tata rupa (tipografi), diksi, imaji, kecap kongkrit, basa figuratif, jeung vérsifikasi.

2) Téhnik Ajén Étnopédagogik

Analisis ajén étnopédagogikna nyaéta ajén atikan karakter nu dumasar kana Pusat Kurikulum Departemén Pendidikan Nasonal. Éta hal téh ngawengku: (1)

Religius; (2) Jujur; (3) Toleransi; (4) Disiplin; (5) Kerja Keras; (6) Kreatif; (7)

Mandiri; (8) Demokratis; (9) Rasa ingin tahu; (10) Semangat kebangsaan; (11)

Cinta tanah air; (12) Menghargai prestasi; (13) Bersahabat/komunikatif; (14)

Cinta damai; (15) Gemar Membaca; (16) Peduli Lingkungan; (17) Peduli sosial;

jeung (18) Tanggung jawab.

(9)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Analisis Bahan Ajar dina ieu panalungtikan ngawengku cara nangtukeun kritéria milih bahan pangajaran jeung nyusun bahan pangajaran (Rumpaka Kawih)

Data anu geus kapanggih, saterusna diolah ku cara dianalisis. Analisis data nyaéta téhnik ngolah data hasil tina prosés panalungtikan. Dina ngolah data dilaksanakeun maké léngkah-léngkah ieu di handap:

a. Niténan deui rumpaka tembang Cianjuran nu geus dikumpulkeun; b. Nyieun papasingan rumpaka tembang Cianjuran;

c. Nganalisis struktur puisi rumpaka tembang Cianjuran. Eusina ngawengku struktur fisik (1) tata rupa (tipografi); (2) diksi; (3) imaji; (4) kecap kongkrét; (5) basa figuratif jeung (6) vérsifikasi sarta struktur batinna ngawengku (1) téma; (2) rasa; (3) nada; jeung (4) amanat;

d. Nganalisis eusi jeung ajén étnopédagogik rumpaka tembang Cianjuran anu ngawengku 18 ajén atikan karakter anu ditetepkeun ku kaméndikbud:

(1) Religius; (2) Jujur; (3) Toleransi; (4) Disiplin; (5) Kerja Keras; (6) Kreatif; (7) Mandiri; (8) Demokratis; (9) Rasa ingin tahu; (10) Semangat kebangsaan; (11) Cinta tanah air; (12) Menghargai prestasi; (13) Bersahabat/komunikatif; (14) Cinta damai; (15) Gemar Membaca; (16) Peduli Lingkungan; (17) Peduli sosial;jeung (18) Tanggung jawab.

e. Ngadéskripsikeun struktur jeung ajén étnopédagogik rumpaka tembang Cianjuran;

f. Napsirkeun struktur puisi jeung ajén étnopédagogik rumpaka tembang Cianjuran;

Gambar

Tabel 3.2 Data Informan

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén nya éta salah sahiji métode panalungtikan anu ngagunakeun kelas ékspérimén

Métodeu déskriptif mangrupa cara pikeun nimukeun data jeung.. informasi nu bisa langsung karasa ku panca indra nalika

Kasang tukang masalah dina ieu panalungtikan nyaéta kurangna pangaweruh masarakat ngeunaan kabudayaan lokal, hususna Kasenian Surak Ibra. Ku kituna, ieu panalungtikan miboga

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kamampuh ngalarapkeun éjahan, kasalahan-kasalahan éjahan, jeung faktor nu mangaruhan kana

1) Métode dramatic reading téh geus kabuktian kaéféktifanana. Ku kituna, ieu métode disarankeun sangkan dijadikeun salasahiji alternatif pikeun guru- guru dina ngajar maca.

Tina hasil ieu panalungtikan téh loba hal-hal penting anu bisa dimangpaatkeun, tapi di sagigireun éta panalungtik gé sadar kana kakurangan ieu panalungtikan. Ku kituna,

sahiji fiksimini. Métode nu digunakeun nyaéta métode déskriptif, sedangkeun téhnik nu digunakeun nyaéta téhnik analisis data. Dumasar métode nu digunakeun, ti 15

Kasang tukang ieu panalungtikan nya éta kurangna pangaweruh sarta kasadaran masarakat kana pentingna wawacan. Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun,