Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ix
DAPTAR EUSI
Lembar Pengesahan ... i
Lembar Pernyataan ... ii
Tawis Nuhun ... iii
Abstrak ... vi
Daptar Eusi ... ix
Daptar Tabél ... xii
Daptar Gambar ... xiii
Daptar Simbol jeung Singgetan ... xiv
Daptar Lampiran ... xv
BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2Rumusan Masalah ... 3
1.3Tujuan Panalungtikan ... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5Sistematika Tulisan ... 5
BAB II ULIKAN PUSTAKA 2.1 Tiori Makéna Basa jeung Biantara ... 7
2.1.1 Basa ... 7
2.1.1.1 Fungsi Basa di Masarakat ... 7
2.1.1.2 Dwibahasawan ... 8
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
x
2.1.1.4 Ragam Basa ... 12
2.1.2 Biantara ... 15
2.1.2.1 Wangenan Biantara ... 15
2.1.2.2 Papasingan Biantara ... 16
2.1.2.3 Adegan Biantara ... 18
2.1.2.4 Biantara nu Hadé ... 19
2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 20
2.3 Kalungguhan Tioritis Panalungtik ... 21
2.4 Hipotesis Panalungtikan ... 23
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 24
3.2 Sumber Data ... 25
3.3 Ngumpulkeun Data ... 25
3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 25
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 29
3.4 Analisis Data ... 30
BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN 4.1 Hasil Panalungtikan ... 33
4.1.1 Analisis Basa Sapopoé Siswa Kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1 Bandung ... 33
4.1.1.1 Sélér Bangsa Indung Siswa Kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1 Bandung ... 33
4.1.1.2 Sélér Bangsa Bapa Siswa Kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1 Bandung ... 34
4.1.1.3 Padumukan Siswa Kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1 Bandung ... 35
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
xi
4.1.1.5 Basa nu Dipaké Waktu Komunikasi jeung Bapa ... 36
4.1.1.6 Basa nu Dipaké Waktu Komunikasi jeung Dulur ... 37
4.1.1.7 Basa nu Dipaké Waktu Komunikasi jeung Babaturan ... 37
4.1.1.8 Basa nu Dipaké Waktu Komunikasi jeung Guru ... 38
4.1.1.9 Basa nu Dipaké Waktu Komunikasi jeung Tatangga ... 38
4.1.1.10 Basa nu Dipaké dina Média Sosial ... 39
4.1.2 Kamampuh Biantara Siswa Kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1 Bandung ... 40
4.1.2.1 Kamampuh Makéna Lentong Waktu Biantara ... 42
4.1.2.2 Kamampuh Makéna Diksi Waktu Biantara ... 42
4.1.2.3 Kamampuh Makéna Ucapan (Lafal) Waktu Biantara ... 43
4.1.2.4 Kasaluyuan antara Téma jeung Eusi (Korélasi) dina Biantara .. 44
4.1.2.5 Kamampuh Ngagunakeun Struktur Biantara ... 44
4.1.3 Korélasi antara Makéna Basa Sapopoé jeung Kamampuh Biantara Siswa Kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1 Bandung ... 45
4.1.3.1 Korélasi antara Makéna Basa Sunda jeung Kamampuh Biantara ... 45
4.1.3.2 Korélasi antara Makéna Basa Indonésia jeung Kamampuh Biantara ... 46
4.1.3.3 Korélasi antara Makéna Basa Sunda – Indonésia jeung Kamampuh Biantara ... 48
4.1.3.4 Korélasi antara Makéna Basa Séjén jeung Kamampuh Biantara ... 49
4.2 Pedaran ... 50
4.2.1 Korélasi antara Makéna Basa Sapopoé jeung Kamampuh Biantara Siswa Kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1 Bandung ... 50
4.2.2 Koméntar ... 53
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
xii
5.1 Kacindekan ... 59
5.2 Implikasi ... 60
5.3 Rekomendasi ... 60
DAPTAR PUSTAKA ... 62
24
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Ieu bab medar métode panalungtikan anu ngawengku (1) desain
panalungtikan, (2) sumber data, (3) ngumpulkeun data anu ngawengku kana
instrumén tur téhnik ngumpulkeun data, (4) jeung analisis data.
3.1 Desain Panalungtikan
Istilah séjén nu dipaké pikeun nyebutkeun desain panalungtikan nya éta
prosédur panalungtikan. Ari nu dimaksud prosédur panalungtikan nya éta
léngkah-léngkah nu kudu disusun kalawan ngéntép-seureuh (sistematis). Ieu
panalungtikan téh asup kana panalungtikan kuantitatif, sabab data dina ieu
panalungtikan nya éta mangrupa data kuantitatif (skor kamampuh biantara), lian ti
éta ogé aya data nu mangrupa informasi kualitatif (basa sapopoé siswa). Dina ieu
panalungtikan digunakeun métode korélasional. Métode korélasional nya éta
métode nu dipaké pikeun maluruh tingkat hubungan antara dua variabel atawa
leuwih, tanpa ayana parobahan, tambahan atawa manipulasi kana data nu geus
aya. Variabel nu dikorélasikeunana, nya éta makéna basa sapopoé (X) jeung
kamampuh biantara (Y).
Desain pikeun panalungtikan korélasional numutkeun Sugiyono (1994, kc.
28) bisa digambarkeun saperti ieu di handap.
Gambar 3.1
Desain Panalungtikan
X
Makéna Basa Sapopoé
Y
25
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.2 Sumber Data
Arikunto ngécéskeun yén nu dimaksud sumber data nya éta subyék ti mana
éta data dimeunangkeun, kaasup aspék-aspék anu dipaluruh sarta ditalungtik salila
prosés panalungtikan (2010, kc. 172).
Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X MIA 2
SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2014/2015, anu ngawengku 13 siswa
lalaki jeung 18 siswa awéwé.
3.3 Ngumpulkeun Data
3.3.1 Instrumén Panalungtikan
Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan ngawengku kana dua instrumén,
nya éta angkét jeung lembaran tés.
a. Angkét
Angkét, nya éta sajumlahing pananya tinulis nu dipaké pikeun meunangkeun
informasi ti réspondén (Arikunto, 2011, kc. 194). Angkét diperlukeun dina ieu
panalungtikan sabab pikeun ngajaring data basa nu dipaké ku siswa kelas X MIA
2. Sangkan jéntré, ieu di handap aya kisi-kisi angkét pikeun meunangkeun data
basa sapopoé siswa kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1 Bandung.
Tabél 3.1
Kisi-Kisi Angkét
Variabel Indikator No. Soal
Basa Sapopoé 1. Basa nu dipaké di lingkungan
kulawarga:
a. ka indung
b. ka bapa
c. ka dulur
4
5
26
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2. Basa nu dipaké di lingkungan
sakola:
a. ka babaturan
b. ka guru
3. Basa nu dipaké di lingkungan
masarakat (ka tatangga)
4. Basa nu dipaké di média sosial
(facebook, twitter, path,
instagram, jsb)
5. Sélér bangsa indung
6. Sélér bangsa bapa
korélasi, jeung (5) struktur.
1) Lentong, nya éta pola parobahan sora nu dihasilkeun ku siswa waktu biantara.
Lentong patali jeung luhur-handapna sora waktu nepikeun biantara.
(4) lentongna merenah pisan
(3) lentongna merenah
(2) lentongna kurang merenah
(1) lentongna henteu merenah
2) Diksi, nya éta pilihan kecap jeung kalimah nu dipaké ku siswa waktu nepikeun
biantara.
(4) diksina merenah pisan
27
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(2) diksina kurang merenah
(1) diksina henteu merenah
3) Lafal, nya éta cara hiji jalma atawa sababaraha jalma di hiji masarakat basa
ngucapkeun sora basa. Dina ieu hal, lafal patali jeung merenah-henteuna siswa
dina nempatkeun randegan waktu biantara, jeung écés-henteuna siswa dina
ngucapkeun kecap.
(4) lafalna écés pisan
(3) lafalna écés
(2) lafalna kurang écés
(1) lafalna henteu écés
4) Korélasi nya éta hubungan. Dina ieu hal, korélasi miboga harti kasaluyuan
antara topik biantara jeung eusi biantara.
(4) luyu pisan
(3) luyu
(2) kurang luyu
(1) henteu luyu
5) Struktur biantara, nya éta runtuyan atawa babagian nu aya dina biantara.
Struktur biantara ngawengku bubuka, eusi, jeung panutup
(4) luyu pisan
(3) luyu
(2) kurang luyu
(1) henteu luyu
Tabél 3.2
Padika Meunteun Biantara Siswa
No Ngaran
Siswa
Kamampuh Biantara Jumlah
Skor (∑) Peunteun Katégori
28
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Katerangan:
Pikeun nangtukeun standarisasi kamampuh biantara siswa, dina ieu
panalungtikan ngagunakeun padika meunteun biantara siswa, nya éta saperti ieu
di handap.
Tabél 3.3
Kategori Kamampuh Biantara
Rentang Nilai Konversi Katerangan
81 – 100
(Kurikulum SMA Pasundan 1 Bandung, 2014)
Anapon kisi-kisi pikeun ngukur kamampuh biantara siswa disusun dumasar
kana Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar dina Kurikulum 2013.
Tabél 3.4
Kisi-Kisi Tés Biantara
Kompeténsi Inti Kompeténsi Dasar Matéri Indikator
4. Mengolah, menalar dan menyaji dalam ranah konkret
29
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dan ranah
abstrak terkait dengan
pengembangan
dari yang
dipelajarinya di sekolah secara mandiri, dan mampu
menggunakan metoda sesuai kaidah biantara nu geus dijieunna sacara
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Aya dua téhnik nu dipaké pikeun ngajaring data dina ieu panalungtikan, nya
éta, téhnik angkét jeung téhnik tés.
a. Téhnik Angkét
Téhnik angkét nya éta sajumlahing pananya tinulis nu dipaké pikeun
meunangkeun informasi ti réspondén dina harti laporan ngeunaan pribadina atawa
hal-hal nu dipikanyaho ku dirina (Arikunto, 2011, kc. 194).
Téhnik angkét nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta angké tertutup, anu
eusina réspondén tinggal milih jawaban nu geus disadiakeun. Téhnik angkét
dipaké pikeun maluruh basa mana nu leuwih remen dipaké ku siswa dina kagiatan
sapopoéna.
Basa dina kagiatan sapopoé ngawengku basa nu dipaké di lingkungan
kulawarga (ka indung, ka bapa, jeung ka dulur), di lingkungan sakola (ka
babaturan, jeung ka guru), di lingkungan masarakat (ka tatangga), jeung basa nu
dipake dina média sosial kayaning facebook, twitter, path, isntagram, jsb.
Pananya séjénna nya éta sélér bangsa indung, sélér bangsa bapa, jeung tempat
dumuk siswa.
b. Téhnik Tés
Pikeun ngukur aya-henteuna sarta luhur-handapna kamampuh objék nu
30
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
diajar nu biasa dipaké di sakola bisa dibédakeun jadi dua, nya éta (1) tés buatan
guru, jeung (2) tés terstandar. Tés nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés
biantara nu asup kana tés buatan guru.
Dumasar kana téhnik di luhur, ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan
léngkah-léngkah ieu di handap.
1) Nyebarkeun angkét ka siswa kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1 Bandung; jeung
2) Ngalaksanakeun tés biantara ka siswa kelas X MIA 2 SMA Pasundan 1
Bandung.
3.4 Analisis Data
Sabada data geus dikumpulkeun, data tuluy dianalisis. Ari léngkah-léngkah
analisisna, nya éta saperti ieu di handap.
a. Analisis basa nu dipaké ku siswa di lingkungan kulawarga, sakola, jeung
masarakat (ngasupkeun data kana coding form);
b. Analisis kamampuh biantara siswa. Aspék nu diajén dina kamampuh biantara
nyoko kana aspék lentong, diksi, lafal, korélasi, jeung struktur.
c. Ngitung korélasi jeung nguji hipotésis kalawan ngagunakeun rumus korélasi
kontigénsi. Léngkah-léngkah ngitung korélasi jeung nguji hipotésis, nya éta
saperti ieu di handap.
1) Ngitung presentase kamampuh biantara siswa dina masing-masing katégori;
2) Nyieun tabél kontigensi frekuensi ekspektasi / harapan;
3) Ngitung nilai �2
Numutkeun Sugiyono (2014, kc. 243), rumus pikeun ngitung Chi Kuadrat
(�2), nya éta:
�2 = ∑ ∑ – � ²
�
= �
31
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
X² = Chi Kuadrat
Oij = frekuensi nu ditalungtik (observation / fo)
Eij = frekuensi nu dipiharep (expectation / fh)
4) Ngitung koefisien kontigensi C
Numutkeun Sugiyono (2014, kc. 244), rumus pikeun ngitung koefisien
kontingensi C, nya éta:
� = √ �² + �²
Katerangan:
C = Koefisien Kontingensi
X² = Chi Kuadrat hitung
N = loba data
5) Nangtukeun derajat kebebasan (dk) kalawan ngagunakeun rumus:
dk = (k-1) (r-1)
Katerangan:
k = jumlah sampel
r = jumlah katégori biantara
6) Nangtukeun nilai X² dina tabél;
7) Nguji hipotésis
Pangabéan dina Permana (2013, kc. 49) nétélakeun yén H0 ditolak, lamun X²
dina tabél leuwih leutik tibatan X² hitung, atawa H0 ditarima lamun X² dina tabél
leuwih gedé tibatan X² hitung.
Gambar 3.2
Padika Hipotesis
atawa H0 ditarima, lamun:
X² hitung > X² tabél, mangka H0 ditolak
32
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina ieu panalungtikan, aya tujuh sub variabel anu dikorélasikeun, nya éta:
a) Basa nu dipaké waktu ngobrol ka indung jeung kamampuh biantara;
b) Basa nu dipaké waktu ngobrol ka bapa jeung kamampuh biantara;
c) Basa nu dipaké waktu ngobrol ka dulur jeung kamampuh biantara;
d) Basa nu dipaké waktu ngobrol ka indung jeung kamampuh biantara;
e) Basa nu dipaké waktu ngobrol ka guru jeung kamampuh biantara;
f) Basa nu dipaké waktu ngobrol ka tatangga jeung kamampuh biantara;
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
62
DAPTAR PUSTAKA
Adhi, M.R.T. (2010). Kamampuh Nyarita Basa Sunda Siswa SMA Pasundan 2
Bandung Kelas X Taun Ajaran 2009-2010. (Skripsi). Universitas
Pendidikan Indonesia, Bandung.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta:
Rineka Cipta.
Chaer, A. (2007). Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta.
Chaer, A., jeung Agustina, L. (2010). Sosiolinguistik. Jakarta: Rineka Cipta.
Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2014). Pamekar Diajar Basa Sunda: KIKD
Kurikulum 2013. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Kartini, T., Saini K. M., jeung Iyo M. (1985). Kedudukan dan Fungsi Bahasa
Sunda di Jawa Barat. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan
Bahasa, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.
Kridalakana, H. (2009). Kamus Linguistik. Jakarta: Gramedia.
Kebijakan Penilaian Tahun 2014 oleh Kurikulum di SMA Pasundan 1 Bandung. Mar’at, S. (2009). Psikolinguistik: Suatu Pengantar. Bandung: Refika Aditama. Nugraha, F. A. (2008). Pangaruh Basa Indung di Lingkungan Kulawarga kana
Prestasi Diajar Basa Sunda Siswa Kelas XI SMA Pasundan 3 Bandung.
(Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Permana, P. (2013). Pangaruh Basa Indung kana Kamampuh Nulis Surat Siswa
SMPN. 3 Lembang. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia,
Bandung.
Rakhmat, J. (2012). Retorika Modern: Pendekatan Praktis. Bandung:
Rosdakarya.
Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.
Sugiyono. (1994a). Metode Penelitian Administratif. Bandung: Alfabeta.
Sugiyono. (2014b). Statistika untuk Penelitian. Bandung: Alfabeta.
Nita Nur Hikmah, 2015
KORÉLASI ANTARA MAKÉNA BASA SAPOPOÉ JEUNG KAMAMPUH BIANTARA
SISWA KELAS X MIA 2 SMA PASUNDAN 1 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
62
Yudibrata, K., Agus S., Iskandarwassid. (1989). Bagbagan Makéna Basa Sunda.