• Tidak ada hasil yang ditemukan

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013."

Copied!
24
0
0

Teks penuh

(1)

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI

SISWA KELAS XII MAN JONGGOL

TAUN AJARAN 2012/2013

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat pikeun Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Program Studi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

SYLVI FAUZIAH R

NIM 0903868

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG

(2)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu i

No. 536/ FPBS/ 0251/ 2013 ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI

SISWA KELAS XII MAN JONGGOL

TAUN AJARAN 2012/2013 *)

Sylvi Fauziah R **)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Analisis Kasalahan Ejahan dina Karangan

Deskripsi Murid Kelas XII MAN Jonggol Taun Ajaran 2012/2013”.

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan kesalahan ejahan pada karangan

deskripsi siswa kelas XII MAN Jonggol.

Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif,

semua data diuraikan. Teknik pengumpulan data menggunakan teknik tes,

sedangkan teknik pengolahan data menggunakan teknik analisis kesalahan

berbahasa. Sumber data dari penelitian ini adalah karangan siswa kelas XII MAN

Jonggol yang dipilih secara acak dengan jumlah 37 siswa.

Dari hasil analisis data diketahui, bahwa murid kelas XII MAN Jonggol

tahun ajar 2012/2013 melakukan kesalahan – kesalahan dalam membuat karangan

deskripsi. Kesalahan- kesalahan tersebut meliputi (1) kesalahan pemakaian huruf

309 kesalahan, (2) kesalahan penulisan huruf 183 kesalahan, (3) kesalahan

menuliskan kata 121 kesalahan, (4) kesalahan menuliskan unsur serapan 7

kesalahan, jeung (5) kesalahan dalam penggunaan tanda baca 108 kesalahan. Dari

kesalahan – kesalahan tersebut diatas, kesalahan pemakaian huruflah yang paling

banyak terjadi.

(3)
(4)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

v

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR PANUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABEL ... viii

DAPTAR BAGAN ... ix

DAPTAR SINGGETAN ... x

DAPTAR LAMPIRAN ... xi

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah... 1

1.2. Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1.Watesan Masalah ... 3

1.2.2.Rumusan Masalah ... 3

1.3. Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1.Tujuan Umum ... 4

1.3.2.Tujuan Husus ... 4

1.4. Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1.Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2.Mangpaat Praktis ... 4

1.5. Raraga Tulisan ... 5

BAB II KARANGAN DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS KASLAHAN BASA 2.1. Tiori Nulis ... 6

2.1.1. Wangenan Nulis ... 6

2.1.2. Watesan Nulis ... 7

(5)

2.1.4. Tujuan Nulis ... 8

2.1.5. Sipat Tulisan ... 9

2.1.6. Wangun Tulisan ... 10

2.2. Karangan Déskripsi ... 11

2.2.1. Ciri-ciri Karangan Déskripsi ... 12

2.2.2. Rupa-rupa Karangan Déskripsi ... 13

2.2.3. Léngkah- léngkah Nulis Karangan Déskripsi ... .. 14

2.2.4. Faktor-faktor Pangrojong ... 14

2.3. Éjahan Basa Sunda ... 16

2.3.1. Palanggeran Éjahan ... 16

2.4. Tiori Analisis Kasalahan ... 48

2.4.1. Analisis Kasalahan ... 48

2.4.2. Kasalahan Basa ... 49

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1. Lokasi jeung Subjék Panalungtikan ... 51

3.2. Desain Panalungtikan ... 51

3.3. Métode Panalungtikan ... 52

3.4. Définisi Operasional... 53

3.5. Instrumén Panalungtikan ... 53

3.6. Téhnik Ngumpulkeun Data ... 54

3.6.1. Téhnik Tés ... 54

3.6.2. Léngkah-léngkah Ngolah Data ... 55

3.7. Téhnik Ngolah Data ... 56

3.8. Analisis Data ... 56

BAB IV ANALISIS DATA KASALAHAN ÉJAHAN 4.1. Data Kasalahan Éjahan ... 57

(6)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.2 Kasalahan Nuliskeun Aksara ... 84

a. Kasalahan Nuliskeun Aksara Gedé ... 84

b. Kasalahan NuliskeunAksara Condong ... 116

4.1.3. Kasalahan Nuliskeun Kecap ... 118

a. Nuliskeun Kecap Asal ... 118

b. Nuliskeun Kecap Rundayan ... 120

c. Kecap Rajékan ... 128

d. Gabungan Kecap ... 130

e. Nuliskeun Kecap Sulur ... 132

f. Nuliskeun Kecap Pangantét ... 133

4.1.4. Kasalahan Nuliskeun Unsur Serepan ... 141

4.1.5. Kasalahan Ngalarapkeun Tanda Baca... 144

a. Kasalahan Ngalarapkeun Tanda Baca Titik ... 144

b. Kasalahan Ngalarapkeun Tanda Baca Koma ... 152

c. Kasalahan Ngalarapkeun Tanda Baca Geret ... 162

d. Kasalahan Ngalarapkeun Tanda Baca Pananya ... 164

4.2. Kacindekan tina Hasil Analisis Data... 166

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1. Kacindekan ... 174

5.2. Saran ... 175

(7)

BAB I

BUBUKA

1.1. Kasang Tukang

Basa nyaéta alat anu dipaké ku manusa pikeun ngedalkeun eusi haténa,

diwangun ku réntétan sora anu geus ditangtukeun éntép seureuhna ku masarakat

nu maké éta basa (Wirakususmah& Djajawiguna, 1969:5 dina Sudaryat, 2004:5) .

Dina prosés pangajaran, basa mangrupa pakakas pikeun ngatik sarta

ngarahkeun murid. Sagala élmu pangaweruh anu ditepikeun ku guru ka murid

ngagunakeun basa. Ku basa, manusa bisa ngébréhkeun sagala kahayang, ide,

pikiran jeung rasa.

Basa panganteur anu digunakeun dina pangajaran basa Sunda di daérah

Jonggol téh umumna maké dua basa, nu kahiji basa Indonesia nu kaduana basa

Sunda. Basa Indonesia anu digunakeun biasana basa budak ayeuna anu teu kauger

ku aturan-aturan atawa kaédah tata basa anu hadé, sedengkeun basa Sunda anu

digunakeun biasana basa loma jeung teu lemes teuing. Salian ti éta, aya ogé anu

ngagunakeun basa campuran antara basa Sunda jeung basa Indonesia anu ahirna

éta basa jadi basa kamalayon.

Salian ti masalah éksternal, aya oge masalah internal ti diri siswana

sorangan. Siswa jaman kiwari leuwih reueus ngagunakeun basa deungeun

tinimbang jeung basa daérahna sorangan dina ieu hal basa Sunda, maranéhna

nganggap yén basa Sunda téh basa kampugan anu ukur digunakeun ku panyatur ti

kampung, kitu ogé dina pangajaran basa Sunda, basa Sunda geus dianggap teu

penting pikeun élmu pangaweruh maranéhannana lantaran di jaman modern

saperti kieu pakakas-pakakas téhnologi henteu ngagunakeun basa daérah tapi basa

Inggris, nu matak unggal aya pangajaran basa Sunda barudak téh haré-haré kana

éta pangajaran anu ditepikeun ku guru.

(8)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

salian ti éta, ieu hal ditandeuskeun deui ngaliwatan seminar politik bahasa

nasional, ngeunaan fungsi sarta pancén tina basa daérah anu ngawengku: 1) basa

daérah mangrupa lambang kareueus daérah, 2) basa daérah mangrupa lambang

idéntitas daérah, 3) mangrupa pakakas gaul di lingkungan kulawarga jeung

masarakat, 4) basa panganteur di sakola dasar dina tingkat munggaran pikeun

ngalancarkeun pangajaran basa Indonésia jeung pangajaran séjénna, 5) basa

daérah mangrupa basa pangrojong basa nasional, jeung 6) pangrojong jeung

pamekar kabudayaan nasional (Sudaryat, 2003:25).

Tina Perda No.5 Taun 2003 jeung tina hasil seminar politik nasional ogé

geus kagambar yén basa daérah téh lain basa kampungan tapi mangrupa lambang

kareueus daérah jeung réa-réa deui.

Masalah-masalah anu geus dipedar di luhur ngabalukarkeun siswa di

Jonggol, teu wanoh kana undak-usuk basa Sunda jeung kaédah éjahan basa Sunda

nu hadé tur merenah, nu matak nu nulis ngarasa perlu nalungtik ieu pasualan

sabab kasalahan makéna basa anu dilakukeun ku paramurid hususna kelas XII

bisa ngabalukarkeun kasalahan anu hésé dioméan ngabatu (foziled). Ku kituna,

saacan éta kasalahan téh diropéa, tinangtu maranéhanana kudu nyaho kana

kasalahanna sorangan tur kudu bisa ngoméanana. Kitu deui ka parasiswa kelas

XII MAN Jonggol anu téréh lulus, asa piraku lamun maranéhna geus lulus teu

bisa maké basa Sunda nu hadé tur merenah.

Sabenerna, pedaran ngeunaan kasalahan éjahan basa Sunda geus loba nu

nalungtik, panalungtikan anu geus aya di antarana: Analisis Kasalahan Ejahan

dina Karangan Deskripsi Siswa Kelas III SMU Pasundan I Bandung taun ajar

2004/2005 (Rosita: 2005), Analisis Kasalahan Basa dina Loka Tarjamah

Otomatis Basa Indonesia- Basa Sunda (Rohani, Anita: 2008), Analisis Kasalahan

Ejahan dina Karangan Eksposisi Siswa Kelas VIII SMP N Ciwidey Kabupaten

Bandung (Pujaningrat, Resti Kirana,2009), Analisis Kasalahan Ejahan Nulis

Surat Pribadi Siswa Kelas VII SMP N 2 Situraja Kabupaten Sumedang (Soihati,

(9)

Indonesia-Sunda Siswa Kelas X SMA Kartika Siliwangi 2 Bandung Dumasar kana

Taksonomi (Revalina, juliya Sandra: 2011). Tapi, analisis kasalahan éjahan ka

parasiswa anu aya di daérah Jonggol hususna parasiswa MAN Jonggol can aya nu

nalungtik. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna Analisis Kasalahan Éjahan

dina Karangan Déskripsi Siswa Kelas XII MAN Jonggol Taun Ajaran 2012/2013

perlu dilaksanakeun sangkan bisa méré élmu pangaweruh tambahan pikeun

parasiswa di Jonggol utamana siswa di MAN Jonggol.

1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1. Watesan Masalah

Ieu panalungtikan téh udagannana pikeun nganalisis kasalahan éjahan

siswa kelas XII MAN Jonggol. Sangkan ieu panalungtikan henteu lega teuing

ambahanana, panulis ngawatesanan ieu masalah ku cara medar jenis kasalahan

éjahan dina wangun karangan déskripsi anu ngawengku kasalahan makéna aksara

jeung nuliskeun aksara, kasalahan nuliskeun kecap, kasalahan nuliskeun unsur

serepan jeung kasalahan dina ngalarapkeun tanda baca.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah anu dipedar di luhur, anu jadi galur

masalah baris dirumuskeun dina wangun pananya saperti ieu di handap.

1. Kumaha tipe kasalahan éjahan nu aya dina karangan deskripsi siswa kelas XII

MAN Jonggol dina makéna aksara?

2. Kumaha tipe kasalahan éjahan nu aya dina karangan deskripsi siswa kelas XII

MAN Jonggol dina nuliskeun aksara?

3. Kumaha tipe kasalahan éjahan nu aya dina karangan deskripsi siswa kelas XII

MAN Jonggol dina nuliskeun kecap?

4. Kumaha tipe kasalahan éjahan nu aya dina karangan deskripsi siswa kelas XII

(10)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5. Kumaha tipe kasalahan éjahan nu aya dina karangan deskripsi siswa kelas XII

MAN Jonggol dina ngalarapkeun tanda baca?

1.3. Tujuan Panalungtikan

1.3.1. Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho kasalahan

éjahan anu dilakukeun ku siswa kelas XII MAN Jonggol dina karangan deskripsi.

1.3.2. Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun kasalahan

éjahan anu ngawengku kasalahan makéna aksara, kasalahan nuliskeun aksara,

kasalahan nuliskeun kecap, kasalahan nuliskeun unsur serepan jeung kasalahan

ngalarapkeun tanda baca.

1.4. Mangpaat Panalungtikan

1.4.1. Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nyaéta:

a. Pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan éjahan basa sunda anu luyu jeung

kaédah palanggeran éjahan.

b. Pikeun méré élmu pangaweruh sangkan bisa maké aksara, nuliskeun aksara,

nuliskeun kecap, nuliskeun unsur serepan, jeung ngalarapkeun tanda baca

kalawan bener.

1.4.2. Mangpaat Praktis

Salian ti mangpaat tioritis aya ogé mangpaat praktis tina ieu panalungtikan

nya éta:

(11)

a. Guru mikanyaho rupa-rupa kasalahan éjahan dina karangan déskripsi anu

dilakukeun ku parasiswa kelas XII MAN Jonggol.

b. Guru miboga patokan meunteun dina karangan siswa sangkan siswa bisa

nulis leuwih hadé.

2) Mangpaat pikeun siswa

a. Bisa ngajembaran pangaweruh siswa dina nyieun karangan déskripsi.

b. Pikeun méré gambaran ka siswa ngeunaan tipe kasalahan éjahan.

c. Pikeun nyangking informasi naon waé anu kaasup kana kasalahan éjahan téh.

d. Pikeun mikanyaho kamampuh dirina dina nyieun karangan déskripsi.

e. Mangrupa latihan sarta motivasi keur siswa sangkan bisa leuwih hadé dina

nyieun tulisan boh fiktif atawa nonfiktif.

1.5. Raraga Tulisan

Sabada data panalungtikan diolah, hasilna baris disusun kalawan puguh

éntép seureuhna dina wangun skripsi.

Dina bab I, 1) kasang tukang masalah; 2) watesan jeung rumusan

masalah; 3) tujuan panalungtikan, nyaéta aya tujuan umum jeung tujuan husus; 4)

mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat praktis jeung mangpaat

tioritis; 5) raraga tulisan.

Dina bab II, 1) téori nulis anu ngawengku wangenan nulis, watesan nulis,

fungsi nulis, tujuan nulis, sipat tulisan, jeung wangun tulisan; 2) karangan

déskripsi anu ngawengku ciri-ciri karangan déskripsi, rupa-rupa karangan

déskripsi, léngkah-léngkah nulis karangan déskripsi, jeung faktor pangrojong

nulis karangan déskripsi; 3) éjahan basa Sunda; 4) tiori analisis kasalahan anu

ngawengku basa lulugu, analisis kasalahan, kasalahan basa; 5) anggapan dasar .

Dina bab III, 1) lokasi jeung subjék panalungtikan; 2) desain

panalungtikan; 3) métode panalungtikan; 4) définisi operasional; 5) instrumén

(12)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina bab IV, 1) data kasalahan; 2) makéna aksara; 3) nuliskeun aksara; 4)

nuliskeun kecap; 5) cara nulis unsur serepan; 6) tanda baca,.

(13)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1. Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

Lokasi panalungtikan dilaksanakeun di MAN Jonggol Kabupatén Bogor

sedengkeun subjék panalungtikanna nyaéta siswa kelas XII. Dina Ngumpulkeun

sumber data, panalungtik ngagunakeun téhnik sampel, anu hartina nyaéta subjék

dina ieu panalungtikan mangrupa sabagian atawa wawakil tina jumlah populasi

(Arikunto, 2010:174).

Sampel anu dipilih dina ieu panalungtikan nyaéta sampel acak (randomized),

disebut kitu lantaran dina nyokot sampel panalungtik miboga anggapan yén

sakabéh subjék téh sarua, ku kituna panalungtik méré hak anu sarua ka unggal

subjék sangkan boga kasempetan pikeun dipilih jadi sampel. Jumlah sakabéh

siswa kelas XII di MAN Jonggol aya 250 siswa sedengkeun anu dijadikeun

sampel dina ieu panalungtikan nyaéta 15% tina jumlah siswa nyaéta 37 siswa.

3.2. Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nyaéta sakabéh prosés anu digunakeun dina rarancang

jeung “pelaksanaan” panalungtikan nepi ka sakabéh pertanyaan nu aya bisa

dijawab.

Aya sababaraha léngkah dina ieu panalungtikan nyaéta: 1) niténan buku

ngeunaan éjahan, 2) nangtukeun masalah panalungtikan, 3) nangtukeun sumber

data, 4) nangtukeun métode panalungtikan, 5) nangtukeun jeung nyusun

instrumén, 6) ngumpulkeun data, 7) nganalisis data, 8) nyindekkeun hasil

panalungtikan, 9) nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan tina

(14)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.2

Desain Panalungtikan

3.3. Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nyaéta cara anu digunakeun ku panalungtik dina

ngumpulkeun data panalungtikanana (Arikunto, 2010:203). Métode anu

digunakeun dina ieu panalungtikan téh métode déskriptif, anu tujuanana pikeun Niténan buku ngeunaan kasalahan éjahan

Nangtukeun masalah panalungtikan

Nangtukeun sumber data

Nangtukeun métode panalungtikan

Nangtukeun jeung nyusun instrumén

Ngumpulkeun data

Nganalisis data

Nyindekkeun hasil panalungtikan

(15)

ngadéskripsikeun kasalahan-kasalahan anu dilakukeun ku parasiswa kelas XII

MAN Jonggol dina pamakéan éjahan basa sunda dina wangun karangan déskripsi.

Aya sababaraha alesan pangna ngagunakeun métode déskriptif anu dijerona

ngawengku:

1) Masalah anu ditalungtik lumangsung dina mangsa kiwari, kasalahan

ngalarapkeun éjahan dina karangan déskripsi siswa kelas XII MAN Jonggol.

2) Panalungtikan anu dilaksanakeun sipatna ngadéskripsikeun tipe kasalahan

dina ngalarapkeun éjahan Basa Sunda.

3) Data ieu panalungtikan téh dikumpulkeun, diklasifikasikeun, jeung

ditafsirkeun.

3.4. Définisi Operasional

Sangkan henteu nimbulkeun rupa-rupa tapsiran kana ieu panalungtikan,

perlu aya définisi nu aya dina judul ngeunaan kekecapan anu dipaké, bisa

dititénan saperti ieu di handap.

1) Analisis kasalahan nyaéta mangrupa hiji prosedur gawé nu biasa digunakeun

ku panalungtik jeung ku guru basa kalawan léngkah-léngkahna: ngumpulkeun

sampel, ngaidéntifikasi kasalahan anu aya dina sampel, nétélakeun kasalahan,

nglasifikasikeun kasalahan anu aya dina sampel dumasar kana

sabab-musababna, nu pamungkas nyaéta ngaévaluasi atawa méré ajén kana

tingkatan éta kasalahan” (Ellis, 1986:296 dina Tarigan& Tarigan, 2011:61).

Kasalahan anu ditalungtik dina ieu panalungtikan nyaéta kasalahan éjahan

dina karangan déskripsi siswa kelas XII MAN Jonggol.

2) Éjahan téh nyaéta aturan, kaédah, palanggeran nuliskeun kecap-kecap salah

sahiji basa (Tamsyah, 1998:540 dina Setiawan, 2006:21).

3) Karangan Déskripsi nyaéta tulisan anu mangrupa ébréhan pikiran jeung rasa

pangarangna anu manrupa dadaran atawa ébréhan kagiatan indra (panempo,

pangrungu, pangrasa, panyabak, jeung pangambeu) minangka hasil

(16)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.5. Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010:203), instrumén panalungtikan téh nyaéta pakakas

atawa pasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan

pagawéanana leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé. Instrumén

panalungtikan dina ngumpulkeun ieu data nyaéta diolah ngagunakeun kartu data.

Instrumén ngumpulkeun data anu mangrupa tés bisa dititénan saperti ieu di

handap.

Conto Kartu Data

Kode: ...

Wangun anu salah:...

...

Kuduna: ...

...

Tipe Kasalahan: ...

...

Catetan:

3.6. Téhnik Ngumpulkeun Data

3.6.1. Téhnik Tés

Téhnik tés digunakeun pikeun ngukur kamampuh dasar jeung préstasi hiji

(17)

nyaéta ku cara méré tugas ngarang ka siswa MAN Jonggol. Ku cara kitu

panalungtik bisa ngukur tingkat kasalahan anu dilakukeun ku siswa kelas XII

MAN Jonggol dina nyieun karangan déskripsi kalawan ngagunakeun aturan

éjahan basa sunda anu bener.

Data anu dikumpulkeun ngagunakeun téhnik tés tadi, bisa dititénan saperti

ieu di handap.

3.6.2. Léngkah-léngkah Ngolah Data

Léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan bisa

dititénan saperti ieu di handap:

1. maca hasil karangan murid kalawan gemet,

2. nganomeran unggal jajar,

3. nandaan unggal kasalahan sarta ngasupkeun kana kartu data, TÉS NYIEUN KARANGAN DÉSKRIPSI

Jieun hiji karangan anu sarat-saratna saperti ieu di handap!

1. Warna karangan: karangan déskripsi

2. Téma karangan: objék wisata anu aya di Kabupatén Bogor

3. Panjang karangan: minimal 3 paragraf

4. Pigawé kalawan ngagunakeun palanggeran éjahan!

5. Waktu: 1 jam pelajaran

6. Komponén anu dipeunteun: éjahan

(18)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4. misah-misahkeun data kasalahan dumasar kana klasifikasina, nyaéta

kasalahan makéna aksara, nuliskeun aksara, kasalahan nuliskeun

kecap, kasalahan nuliskeun unsur serepan, jeung kasalahan

ngagunakeun tanda baca,

5. ngadéskripsikeun data hasil panalungtikan,

6. merséntasikeun kasalahan makéna éjahan

7. nyieun kacindekan hasil panalungtikan.

3.7. Téhnik ngolah data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik analisis

kesalahan berbahasa (Tarigan, 2011:123). Ieu téhnik téh mangrupa téhnik anu

poko dina ngolah data. Nyaéta mangrupa métode gawé dina maluruh

kasalahan-kasalahan tulisan murid kalawan ngagunakeun prosedur nu tangtu.

Prakprakanana conto nganalisis data bisa dititénan dina conto analisis data

ieu di handap.

Data kasalahan téh diteundeun dina kartu data, anu tuluy dibéré kode. Dina

éta kode téh dieusian ku nomer urut siswa, nomor lambar, jeung nomer padalisan,

contona:

Salah sahiji tempat wisata anu endah di bogor nyaeta Taman Buah

Mekarsari. (3:I, 1-2)

Hartina éta kasalahan téh aya dina karangan siswa nomer 3, lambar ka-1,

padalisan 1 nepi ka 2.

Dina éta data téh mibanda opat kasalahan nyaéta:

1) Salah nuliskeun gabungan kecap salah sahiji (3:I, 1).

2) Salah ngalarapkeun aksara vokal e dina kecap endah jeung kecap nyaeta

(3:I, 1).

3) Salah dina nuliskeun aksara gedé dina ngaran kota (3:I, 2)

(19)

Gabungan kecap salah sahiji dina kecap kuduna ditulis ngahiji, wangun

tulisan anu benerna nyaéta salahsahiji.

Salah ngalarapkeun vokal e dina kecap endah jeung nyaeta, wangun anu

bener kuduna maké vokal é jadi éta kecap ditulisna éndah jeung nyaéta.

Kasalahan anu ka-3, henteu nuliskeun aksara gedé dina ngaran kota anu aya

dina kecap di bogor anu kuduna ditulis di Bogor.

Jadi wangun anu bener tina data di luhur nyaéta salahsahiji tempat wisata

(20)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 174

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Ieu panalungtikan téh ngadéskripsikeun kasalahan éjahan dina nulis

karangan déskripsi siswa kelas XII MAN Jonggol taun ajaran 2012/2013. Tina

hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun, tétéla kapanggih yén masih loba

kénéh siswa anu ngalakukeun kasalahan éjahan dina nulis karangan déskripsi. Éta

kasalahan téh ngawengku:

1. kasalahan makéna aksara,

2. kasalahan nuliskeun aksara,

3. kasalahan nuliskeun kecap,

4. kasalahan nuliskeun unsur serepan, jeung

5. kasalahan makéna tanda baca.

Jumlah kasalahan éjahan dina karangan déskripsi siswa kelas XII MAN

Jonggol aya 728 data kasalahan, anu ngawengku:

1. kasalahan dina makéna aksara anu kapanggih nyaéta kasalahan makéna

vokal, aya 309 data kasalahan atawa 42,45%,

2. kasalahan nuliskeun aksara aya 183 data kasalahan atawa 25,14%, anu

ngawengku: (1) kasalahan nuliskeun aksara gedé aya 182 data kasalahan

atawa 25%, jeung (2) kasalahan nuliskeun aksara condong aya 1 data

kasalahan atawa 0,14%.

3. kasalahan nuliskeun kecap aya 121 data kasalahan atawa 16,62%, anu

ngawengku: (1) kasalahan nuliskeun kecap asal aya 9 data kasalahan

atawa 1,24% , (2) kasalahan nuliskeun kecap rundayan aya 48 data

kasalahan atawa 6,59%, (3) kasalahan nuliskeun kecap rajékan aya 7

data kasalahan atawa 0,96%%, (4) kasalahan nuliskeun gabungan kecap

aya 7 atawa 0,96%, (5) kasalahan nuliskeun kecap sulur aya 1 atawa

(21)

4. Kasalahan nuliskeun unsur serepan aya 7 data kasalahan atawa 0,96%,

5. kasalahan dina ngalarapkeun tanda baca aya 108 data kasalahan atawa

14,84%, anu ngawengku: (1) kasalahan ngalarapkeun tanda baca titik

aya 49 kasalahan atawa 6,73%, (2) kasalahan ngalarapkeun tanda baca

koma aya 52 kasalahan atawa 7,14%, (3) kasalahan maké tanda geret

aya 4 kasalahan atawa 0,55%, (4) kasalalahan ngalarapkeun tada

kekenteng aya 2 data kasalahan atawa 0,27%, jeung (5) kasalahan

ngalarapkeun tanda tanya aya 1 data kasalahan atawa 0,14%

Tina 37 data siswa, tétéla bisa dicindekkeun yén 30 siswa dianggap mampuh

lantaran nileyna geus leuwih ti standar kelulusan nyaéta 6,29, sedengkeun 7 siswa

séjénna dianggap can mampuh lantaran nileyna kurang ti standar kelulusan.

5.2. Saran

Dumasar kana jumlah kasalahan siswa dina ieu panalungtikan ngeunaan

éjahan, kasalahan anu pangloba dilakukeun ku siswa téh nyaéta kasalahan dina

makéna aksara dina nuliskeun hurup vokal é ku e jeung hurup vokal eu ku e.

Parasiswa masih kénéh loba anu patukeur dina makéna éta vokal. Éta hal bisa jadi

cecekelan pikeun guru basa Sunda sangkan leuwih jero deui dina ngajéntrékeun

pangajaran ngeunaan éjahan basa Sunda utamana ngeunaan kasalahan éjahan anu

aya dina karangan siswa kelas XII MAN Jonggol taun ajaran 2012/2013.

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi ngeunaan kasalahan éjahan

anu masih kénéh dilakukeun ku siswa kelas XII MAN Jonggol, anu saterusna

mudah-mudahan ieu panalungtikan téh bisa dimangpaatkeun pikeun pangajaran

katatabasaan, palanggeran éjahan, jeung pangajaran nulis.

Mudah-mudahan ieu panalungtikan téh janten conto yén saenyana éjahan

téh mangrupa hal anu penting dina nyusun sagala rupa tulisan.

Tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun tétéla loba kénéh siswa anu

salah dina maké éjahan basa Sunda. Ku kituna, pangajaran ngeunaan éjahan kudu

(22)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

hadé tur merenah anu saluyu jeung palanggeran éjahan basa Sunda dina nyieun

(23)

Daptar Pustaka

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek

(Edisi Revisi). Jakarta: Rineka Cipta.

Finoza, Lamuddin. (2004). Komposisi Bahasa Indonesia. Jakarta: Insan Mulia.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung. (2008). Palanggeran

Éjahan Basa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: Sonagar Press.

Keraf, gorys. (1982). Eksposisi dan Deskripsi. Ende-Flores: Nusa Indah.

Kosasih, E. (2011). Ketatabahasaan dan Kesusastraan untuk SMA/MA& SMK.

Bandung: Yrama Widya.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (1985). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

Taraté

Nurjanah, Nunuy. (1990). Dasar-dasar Tiori Nulis. Diktat.

Prawirasumantri, Abud. Spk. (2007). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap

Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Salmun, M.A. (1963). Kandaga Kasusatraan. Bandung: Ganaco.

Semi, M. Atar. (2003). Menulis Efektif. Padang: Angkasa Raya.

Setiawan, Hardi. (2006). Kasalahan Ejahan Dina Karangan Argumentasi Murid

Kelas 3 Sma Pasundan Hiji Bandung Taun Ajar 2005/2006. Bandung: Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah.

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa (Edisi Revisi). Bandung: Walatra

Sudaryat, Yayat. (2005). Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung: Geger

(24)

Sylvi Fauziah Rhohmah,2013

ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS XII MAN JONGGOL TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sudaryat, Yayat. Spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sudaryat, Yayat. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Tarigan, Henry Guntur & Djago Tarigan. (2011). Pengajaran Analisis Kesalahan

Berbahasa (Edisi Revisi). Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Referensi

Dokumen terkait

Jakarta :Balai Penelitian dan Pengembangan Agama.. Jamhari dan

[r]

Jika ditinjau dari KAM siswa, untuk kemampuan berpikir kritis, hanya siswa dengan kelompok tengah pembelajaran kooperatif tipe co-op co-op yang memiliki pencapaian

PENERAPAN PEMBELAJARAN SEJARAH KONTEKSTUALBERBASIS BUKU TEKS DI SMAN 1 PADALARANGKABUPATEN BANDUNG BARAT.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Instrumen yang digunakan dalam penelitian ini meliputi Kuesioner Tingkat Kesulitan Kimia Sekolah (KTKKS) untuk mengetahui pokok bahasan dan konsep-konsep kimia sekolah

berada dalam kawasan hutan atau perkebunan. 4) Tindakan membakar lahan dengan tidak sengaja dilakukan orang atau.. badan hukum yang diizinkan melakukan kegiatan usaha di

melakukan tindak pidana pembakaran lahan menurut Undang-undang Nomor 39 Tahun 2014, pada Pasal 113 ayat (1) Undang-undang Nomor 39 Tahun 2014 Tentang Perkebunan,

The Role of Teaching Model and Chemical Representation in Developing Students Mental Models in Chemical Phenomena.. Curtin University of