• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW) DINA PANGAJARAN NULIS LAPORAN.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW) DINA PANGAJARAN NULIS LAPORAN."

Copied!
28
0
0

Teks penuh

(1)

DAPTAR EUSI

BAB II MODÉL PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW), NULIS LAPORAN, ASUMSI JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Modél Pangajaran ... 7

2.1.1 Rumpun Modél Pangajaran ... 7

2.1.2 Komponen Modél Pangajaran ... 9

2.2 Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW)... 10

2.2.1 Wangenan Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) ... 10

2.2.2 Prosédur Modél Pangajaran Think-Talk-Write... 10

(2)

2.3 Nulis ... 12

2.5 Rarancang Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina Nulis Laporan ... 27

2.5.1 Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina Nulis Laporan ... 27

2.5.2 Silabus ... 28

2.5.3 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ... 30

2.6 Asumsi jeung Hipotésis ... 30

2.6.1 Asumsi ... 29

2.6.2 Hipotésis ... 31

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 32

3.2 Desain Panalungtikan ... 32

3.3 Métode Panalungtikan ... 32

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 33

3.4.1 Variabel Panalungtikan ... 33

3.4.2 Wangenan Operasional ... 33

3.4.2.1 Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) ... 33

(3)

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 34

3.7 Téhnik Nganalisis Data ... 35

BAB IV KAMAMPUH NULIS LAPORAN NGAGUNAKEUN MODÉL PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW) DI KELAS VIII A SMP PASUNDAN 3 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013 4.2 Kamampuh Siswa dina Nulis Laporan Ngagunakeun Modél Pangajatran Think-Talk-Write (TTW) ka siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung ... 45

4.1.1 Kamampuh Pretés Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung ... 45

4.3 Kaéféktifan Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 ... 66

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI 5.1 Kacindekan ... 68

5.2 Rékomendasi ... 69

DAPTAR PUSTAKA ... 70

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 72

(4)

DAPTAR TABÉL

Tabél 3.1 Format Peunteun Nulis Laporan Siswa ... 35

Tabél 3.2 Kriteria Meunteun Laporan ... 36

Tabél 3.3 Format Frékuensi Peunteun Pretés jeung Postés ... 38

Tabél 3.4 Format Frékuensi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés ... 39

Tabél 3.5 Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Laporan ... 42

Tabél 3.6 Uji Wilcoxon ... 44

Tabél 4.1 Kamampuh Awal Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Saméméh Ngagunakeun Modél Pangajaran Think-Talk-Write ... 46

Tabél 4.2 Kamampuh Ahir Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran Think-Talk-Write ... 49

Tabél 4.3 Distribusi Frékuénsi Hasil Pretés ... 53

Tabél 4.4 Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pretés ... 55

Tabél 4.5 Distribusi Frékuénsi Hasil Postés ... 58

Tabél 4.6 Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Postés ... 59

(5)

DAPTAR LAMPIRAN

Lampiran 1 SK Pengesahan Judul dan Penunjukan Dosen Pembimbing Skripsi .... 72

Lampiran 2 Surat Ijin Panalungtikan ... 74

Lampiran 3 Surat Keterangan Telah Melaksanakan Penelitian ... 75

Lampiran 4 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ... 76

Lampiran 5 Foto Kagiatan Panalungtikan ... 80

Lampiran 6 Hasil Karangan Siswa ... 82

Lampiran 7 Tabél Chi Kuadrat ... 92

Lampiran 8 Tabél t ... 93

Lampiran 9 Ztabél ... 94

(6)

1

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Basa mangrupa pakakas utama dina kahirupan manusa pikeun ngedalkeun

pikiran jeung rasa. Aya opat aspek kaparigelan basa anu perlu dicangkem, éta opat

aspek kaparigelan basa téh ngawengku (1) ngaregepkeun, (2) nyarita, (3) maca,

jeung (4) nulis. Éta kaparigelan téh mangrupa kamahéran anu gumulung atawa

gembleng, teu bisa dipilah-pilah deui. Hiji jalma dianggap ngabogaan kaparigelan

basa lamun éta jalma téh parigel ngaregepkeun, maca, nulis jeung nyarita. Maca

jeung ngaregepkeun kaasup kana aspek kaparigelan nu sipatna reseptif,

sedengkeun nulis jeung nyarita kaasup aspek kaparigelan nu sipatna produktif. Nu

jadi puseur dina ieu panalungtikan nya éta masalah kaparigelan nulis.

Nulis asalna tina kecap tulis maké rarangkén hareup N- (nasal) anu ngandung harti „ngalakukeun‟. Numutkeun LBSS (2007: 498) nulis téh nya éta nyieun aksara atawa angka dina kertas jsté ku parantina. Nulis nya éta nurunkeun

lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma nepi ka jalma lian

bisa nyangkem éta basa tina gambaran grafik tadi (Tarigan, 2008: 22). Nulis téh

mangrupa hiji kaparigelan basa anu produktif. Nulis téh hiji proses nyusun

lambang grafis. Nulis téh hiji proses komunikasi ku cara ngagunakeun lambang

grafis.

Fungsi utama nulis nya éta jadi pakakas komunikasi anu henteu langsung.

Nulis kacida pentingna pikeun dunya atikan sabab nulis bisa ngagampangkeun

murid-murid dina prosés mikir. Tulisan bisa mantuan mikir kritis, bisa

ngagampangkeun matalikeun hubungan-hubungan, bisa ngadatangkeun ayana

persepsi nu jero, bisa ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disanghareupan,

sarta bisa nyusun runtuyan pangalaman. Tulisan bisa ngajéntrékeun

pamikiran-pamikiran anu aya dina diri nu nulis. Cindekna, bisa disebutkeun yén diajar nulis

téh taya lian nya éta diajar mikir ngagunakeun cara nu tangtu (Tarigan, 2008: 23).

(7)

2

nulis nu perlu diajarkeun di SMP nya éta nulis laporan. Bahan pangajaran nulis

laporan téh ayana di kelas VIII SMP.

Tina hasil panalungtikan jeung hasil wawancara ka guru, pangajaran nulis

di SMP mangrupa hiji bahasan anu teu dipikaresep ku siswa, sabab dina nulis

siswa kudu bisa neangan ide jeung kudu miboga kandaga kecap anu jembar

pikeun nyusun kalimah-kalimah sangkan bisa jadi hiji paragrap. Salian ti éta siswa

kudu miboga kamampuh pikeun ngagunakeun éjahan jeung tanda baca anu bénér.

Tujuan pangajaran laporan bisa kahontal saupama guru bisa ngamekarkeun sagala

pangaweruh jeung kaparigelanna dina nepikeun materi, sabab salasahiji faktor nu

mangaruhan kahontal henteuna tujuan pangajaran ditangtukeun ku peran guru

dina ngokolakeun diajar ngajar. Guru miboga peran nu penting sangakan bisa

nyiptakeun kondisi diajar ngajar nu hirup, ngamotivasi siswa anu biasana pasif

jadi aktif keur lumangsungna diajar ngajar. Guru kudu bisa méré bahan

pangajaran nulis anu matak ngirut siswa sangkan teu boseneun. Ku ayana

anggapan éta, pangajaran nulis kudu diajarkeun sacara kreatif, variatif, jeung

matak pikaresepeun siswa ku cara ngagunakeun modél pangajaran anu luyu jeung

matéri.

Dina prosés diajar ngajar, modél pangajaran mangrupa hal anu teu bisa

dipisahkeun tina kagiatan diajar ngajar. Tujuanna sangkan bahan pangajaran bisa

katarima kalawan bisa dipikaharti ku siswa. Ku ayana modél pangajaran bisa

leuwih mantuan guru dina nepikeun bahan pangajaran. Ku kituna modél

pangajaran mangrupa salasahiji kompeténsi anu kudu dikawasa ku sakabéh guru,

lantaran mangrupa salasahiji indikasi anu bakal nangtukeun kana kahontalna

tujuan pangajaran (Rahman, 2005: 53).

Pikeun ngungkulan masalah-masalah dina pangajaran nulis, ku kituna

perlu digunakeun modél pangajaran anu luyu pikeun pangajaran nulis. Dina ieu

panalungtikan, model pangajaran anu digunakeun nya éta modél pangajaran

Think-Talk Write (TTW). Modél pangajaran Think-Talk Write (TTW) nya éta

modél pangajaran anu disusun tina tilu hal anu penting nya éta think (mikir), talk

(nyarita) jeung write (nulis). Modél pangajaran ieu dimimitian ku ayana proses

(8)

3

tukeuran ide jeung babaturanna saacan ditulis dina catetan leutik pikeun

nganggeuskeun hiji masalah. Model pangajaran TTW leuwih éféktif saupama

siswa dibagi kana sababaraha kelompok sacara heterogen antara 3-5 urang siswa.

Dina ieu kelompok siswa diperedih maca, nyieun catetan leutik, ngajelaskeun,

ngaregepkeun, sarta silih tukeran ide jeung babaturanna, anu satuluyna

ngébréhkeun sakabeh ide dina wangun tulisan.

Modél TTW dipilih sabab miboga kaunggulan nya éta bisa meredih siswa

sangkan ngalakukeun tilu hal anu penting. Mimiti siswa diperedih sangkan mikir

nalika maca soal jeung nangtukeun hal naon anu kudu dipigawé mimiti. Satuluyna

siswa diperedih sangkan nyarita ngaliwatan diskusi jeung babaturanna.

Pamungkas tina hasil mikir jeung nyarita éta diébréhkeun ngaliwatan tulisan

kalawan sistematis. Ku kituna modél TTW ieu dianggap modél anu luyu pikeun

pangajaran nulis laporan.

Panalungtikan ngeunaan modél TTW pikeun kaparigelan nulis kungsi

dilaksanakeun, kalawan judul “Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina

pangajaran Nulis Téks Hasil Wawancara: Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas IX SMP Negeri 1 Dayeuh Kolot” anu ditalungtik ku Kemala Drama Putri taun 2011. Sarta hasilna tétéla éféktif. Panalungtikan anu ayeuna moal bisa

disebutkeun sarua atawa tuluyan tina panalungtikan anu dilaksanakeun ku Kemala

Drama Putri. Panalungtikan nu ayeuna jeung nu saméméhna aya bédana nya éta

leuwih kana sangkan siswa mampuh nulis laporan ngagunakeun modél TTW.

Dumasar kana masalah di luhur, panalungtikan nu judulna “Modél

Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina Pangajaran Nulis Laporan (Studi Kuasi

Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” perlu dilaksanakeun.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Nu jadi kasang tukang masalah dina ieu panalungtikan téh diantarana

kurangna minat siswa kana pangajaran nulis, pangajaran nulis mangrupa bahasan

(9)

4

guru kurang ngamekarkeun sagala pangaweruh jeung kaparigelanana dina

nepikeun materi. Sangkan masalah dina ieu panalungtikan leuwih museur sarta

jéntré, masalah dina ieu panalungtikan téh diwatesan ngan nalungtik kaéféktifan

Modél Pangajaran Think-Talk Write (TTW) dina Pangajaran Nulis Laporan Siswa

Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah, panalungtikan ieu dirumuskeun dina

wangun kalimah pananya saperti ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun

ajaran 2012/2013 dina nulis laporan saméméh ngagunakeun modél

pangajaran Think-Talk Write (TTW)?

2) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun

ajaran 2012/2013 dina nulis laporan sanggeus ngagunakeun modél pangajaran

Think-Talk Write (TTW)?

nguji modél pangajaran Think-Talk Write (TTW) dina pangajaran nulis laporan

siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) Kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran

2012/2013 dina nulis laporan saméméh ngagunakeun modél pangajaran

Think-Talk Write (TTW).

2) Kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran

(10)

5

Think-Talk Write (TTW).

3) Modél pangajaran Think-Talk Write (TTW) éféktif pikeun ningkatkeun

kamampuh nulis laporan.

1.4Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Téorétis

Mangpaat téorétis dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nambahan élmu

pangaweruh ngeunaan modél pangajaran anu hadé dina pangajaran nulis laporan.

Salian ti éta, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun dijadikeun hiji bahan

literatur pangajaran di sakola, anu tujuanana pikeun ngaronjatkeun kaparigelan

siswa dina nulis laporan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:

1) Pikeun dijadikeun alternatif modél pangajaran di kelas ku guru sangkan bisa

ngaronjatkeun minat siswa kana mata pelajaran basa Sunda hususna dina

pangajaran nulis laporan.

2) Bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis laporan jeung bisa nambahan

pangaweruh siswa.

4) Bisa mikanyaho babandingan kamampuh siswa dina kagiatan nulis laporan

saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk Write

(TTW).

1.5Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka anu

ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan

panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan

Bab II mangrupa bab anu eusina medar ngeunaan modél pangajaran

Think-Talk-Write (TTW), nulis laporan, asumsi jeung hipotesis. Pedaran ngeunaan

modél pangajaran dimimitian ku hakékat modél pangajaran, rumpun sarta

komponen modél pangajaran, modél pangajaran Think-Talk-Write (TTW),

(11)

6

ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write (TTW). Salian ti éta, dina ieu

bab dipedar ngeunaan asumsi jeung hipotesis panalungtikan.

Bab III mangrupa bab anu medar ngeunaan métodologi panalungtikan.

Eusina ngawengku sumber data, métode panalungtikan, desain panalungtikan,

téhnik panalungtikan, instrumen panalungtikan, sarta wangenan operasional.

Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu

ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa tina

hasil panalungtikan, sarta ngadeskripsikeun kaéféktifan modél pangajaran

Think-Talk-Write (TTW) dina nulis laporan siswa SMP.

BAB V mangrupa kacindekan jeung rékomendasi kana panalungtikan anu

(12)

32

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar nulis laporan

kagiatan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write siswa kelas VIII A

SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna aya 30 siswa,

ngawengku 15 urang awéwé jeung 15 urang lalaki.

3.2Desain Panalungtikan

Numutkeun Arikunto (2010: 123) desain kuasi ékspérimén aya tilu rupa

nya éta (1) one shot study, (2) Pretest-postes, jeung (3) static group comparison.

Dina ieu panalungtikan, desain anu digunakeun nya éta pretest-postest.

Mékanisme panalungtikanna baris digambarkeun dina bagan di handap:

O1 X O2

Katerangan:

O1: pretest

O2: postest

X : treatment (diajar nulis laporan ngagunakeun model Think-Talk-Write (TTW).

3.3Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi

ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén atawa disebut ogé ékspérimén semu, nya

éta hiji panalungtikan ngagunakeun kelas ékspérimén kalawan henteu maké kelas

kontrol. Kamampuh siswa diukur dua kali, nya éta saméméh perlakuan (pratés)

jeung sanggeus perlakuan (postés).

Métode ékspérimén mangrupa hiji métode panalungtikan anu produktif

sabab digunakeun pikeun ngajawab hipotésis anu geus dirumuskeun.

(13)

33

3.4Variabel jeung Wangenan Operasional

3.4.1 Variabel Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010: 161) variabel nya éta objék panalungtikan

atawa naon-naon nu jadi puseur perhatian dina hiji panalungtikan. Aya dua

variabel dina panalungtikan nya éta variabel bébas (independent variabel) jeung

variabel kauger (dependent variabel).

Dumasar kana babagian variabel anu ditétélakeun di lihur, Modél

Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel

bébas (variabel X), sabab mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel séjén

(variabel Y). Sedengkeun nulis laporan dina ieu panalungtikan kaasup kana

variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku

variabel séjén atawa variabel bébas (variabel X).

3.4.2 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih babari dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, leuwih

tiheula baris diterangkeun sacara operasional istilah-istilah anu aya kaitanana

jeung judul panalungtikan. Ieu wangenan baris dipedar ieu di handap.

3.4.2.1Modél PangajaranThink-Talk-Write (TTW)

Modél pangajaran Think-Talk-Write nya éta modél pangajaran anu disusun

tina tilu hal anu penting nya éta think (mikir), talk (nyarita) jeung write (nulis).

3.4.2.2Nulis Laporan

Nulis nya éta hiji cara pikeun ngébréhkeun ide, gagasan jeung kahayang

kalawan maké runtuyan kalimah pikeun ngawangun hiji komunikasi antara nu

nulis jeung nu maca. Sedengkeun laporan nya éta hiji tulisan anu eusina

ngalaporkeun hiji hal atawa hiji kagiatan anu geus dilaksanakeun. Jadi, nulis

laporan nya éta hiji cara pikeun nepikeun hasil tina hiji kagiatan ngaliwatan

(14)

34

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés sacara tinulis

ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write (TTW). Tés dilakukeun dina

wangun ésay anu mangrupa uraian pikeun nitah siswa nulis laporan. Tés

dilakukeun dua kali nya éta saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél

pangajaran Think-Talk-Write (TTW). Format tésna saperti ieu di handap.

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés.

Téhnik tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun meunangkeun data boh

saméméh boh sanggeus dibéré stimulus ka siswa dina prosés diajar-ngajar nulis

laporan. Ieu tés dilakukeun kusabab data utama nu dibutuhkeun téh nya éta data

ngeunaan kamampuh siswa dina nulis laporan. Ieu data bisa dibeunangkeun

ngaliwatan hiji ukuran kalawan ngagunakeun téhnik tés.

Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha

tahapan ieu di handap.

1) Siswa ngerjakeun pancén anu mangrupa pretés nulis laporan pikeun mikanyaho

pangaweruh awal siswa kana nulis laporan.

2) Sanggeus mikanyaho pangaweruh siswa kana nulis laporan ngaliwatan pretés

anu geus dilaksanakeun, panalungtik nangtukeun pakakas-pakakas anu

digunakeun pikeun nerapkeun modél pangajaran Think-Talk-Write. Saperti

nyiapkeun matéri pangajaran jeung modél pangajaran Think-Talk-Write.

3) Ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun modél pangajaran

Think-Talk-Write kana matéri nulis laporan.

4) Sanggeus ngalaksanakeun pangajaran ngagunakeun modél pangajaran

Think-Talk-Write saterusna dilaksanakeun postés pikeun mikanyaho kamampuh siswa

(15)

35

3.7Téhnik Nganalisis Data

Data anu geus kakumpul tuluy diolah pikeun mikanyaho hasil tina pretés

(tés awal) jeung postés (tés ahir) tina panalungtikan anu geus dilaksanakeun.

Data tina hasil panalungtikan anu dilaksanakeun ditujukeun pikeun

mikanyaho masalah-masalah di handap.

1) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun

ajaran 2012/2013 dina nulis laporan saméméh ngagunakeun modél

pangajaran Think-Talk Write (TTW)?

2) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun

ajaran 2012/2013 dina nulis laporan sanggeus ngagunakeun modél pangajaran

Think-Talk Write (TTW)?

3) Naha modél pangajaran Think-Talk Write (TTW) éféktif pikeun ningkatkeun

kamampuh nulis laporan?

Pikeun maluruh masalah-masalah di luhur, aya sababaraha léngkah ngolah

data dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) Mariksa hasil pretés jeung postés

2) Meunteun hasil tés siswa dina nulis laporan ngagunakeun pedoman anu geus

ditangtukeun saperti dina tabél 3.1. Dumasar kana éta pedoman, skor maksimal

tina karangan siswa nya éta 100. Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor

ahir ngagunakeun rumus:

Skor ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.1

Format Peunteun Nulis Laporan Siswa

No A B C D P Katégori

P = ∑Skor siswa

(16)

36

Peunteun ≥ 75 siswa dianggap mampuh nulis laporan kalawan bener.

Peunteun ≤ 75 siswa dianggap can mampuh nulis laporan kalawan bener

Tabél 3.2

Kriteria Meunteun Laporan

No Aspék nu dipeunteun Skala Peunteun

1 Eusi 1 2 3 4 5

2 Organisasi Eusi 1 2 3 4 5

3 Karapihan Tulisan 1 2 3 4 5

4 Éjahan 1 2 3 4 5

Jumlah Skor

Katerangan aspék nu diajén sarta skorna:

1. Eusi gagasan nu diébréhkeun

5 : Eusi luyu jeung téma, nepikeun informasi anu lengkep.

4 : Eusi luyu jeung téma, nepikeun informasi anu cukup, sarta bisa

ngamekarkeun.

3 : Eusi luyu jeung téma, nepikeun informasi kurang lengkep sarta kurang

ngamekarkeun.

2 : Eusi luyu jeung téma tapi teu nepikeun informasi.

(17)

37

2. Organisasi eusi (mekarkeun karangan, hubungan antar paragraf)

5 : Eusi dimekarkeun sacara jelas, paragraf dimekarkeun, antar paragraf

mibanda hubungan anu raket.

4 : Eusi dimekarkeun sacara jelas, luyu jeung rangkay karangan, paragraf

kurang dimekarkeun, antar paragraf mibanda hubungan anu raket.

3 : Eusi kurang dimekarkeun, paragraf kurang dimekarkeun, hubungan antar

paragraf kurang

2 : Eusi teu luyu jeung téma, paragraf kurang dimekarkeun, hubungan antar

paragraf kurang.

1 : Eusi teu luyu jeung téma, paragraf kurang dimekarkeun, teu aya

hubungan antar paragraf (teu nyambung).

3. Karapihan tulisan

5 : Tulisan rapih, kabaca jeung teu aya corétan

4 : Tulisan rapih, kabaca, aya sawatara corétan

3 : Tulisan kurang rapih, kabaca, aya corétan

2 : Tulisan teu rapih, kurang kabaca, loba corétan

1 : Tulisan teu puguh kabaca

4. Éjahan

5 : Henteu aya kasalahan dina nuliskeun éjahan.

4 : Aya kasalahan éjahan (1-5), tapi teu ngarobah harti.

3 : Aya kasalahan éjahan (5-15), tapi teu ngarobah harti.

2 : Aya kasalahan éjahan (15 leuwih), harti teu jelas.

1 : Teu maké aturan éjahan

(Sudjana, 1991: 77)

(18)

38

3.7.1 Uji Sipat Data

Pikeun nguji sipat data dilakukeun ku cara uji normalitas jeung uji

homogénitas.

1) Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta uji sipat data anu miboga tujuan pikeun

ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh miboga distribusi anu normal. Pikeun

nangtukeun yén éta data miboga sipat normal atawa henteu bisa ngagunakeun

rumus chi kuadra (X2).

Dina ieu panalungtikan, uji normalitas ngaliwatan sababaraha léngkah, nya

éta:

a) Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna

b) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:

c) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

d) Nangtukeun panjang kelas interval

e) Nyieun tabél frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun

tabél ieu di handap:

Tabél 3.3

Format Frékuensi Peunteun Pratés jeung Postés

No Kelas Interval ² fixi 2

1

2

r = peunteun pangluhurna-peunteun panghandapna

k = 1 + 3,3 log n

P = r

(19)

39

f) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan

ngagunakeun rumus ieu di handap:

Katerangan:

X = rata-rata (mean)

∑ = jumlah Fi = jumlah data

Xi = nilai tengah

(Sudjana, 2005: 70)

g) Ngitung standar deviasi, carana nya éta

h) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta:

(1) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi

Tabél 3.4

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés

Interval Oi BK

Handap

BK

Luhur Z1 Z2 L Ei X

2

(2)Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)

(3)Nangtukeun batas kelas interval (bk)

� = ∑����

∑��

= �∑ .

2 –( . )2

(20)

40

(4)Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)

(5)Nangtukeun Ztabel

(6)Ngitung lega kelas interval (L)

(7)Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara:

(8)Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005:273)

(9)Nangtukeun darajat kabébasan (dk)

(Sudjana,2005:293)

(10)Nangtukeun harga X2tabél

(11)Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:

(a)Lamun X²itung < X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.

(b)Lamun X²itung > X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu

normal.

Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas, sarta data nu dihasilkeunana

normal, hal anu kudu dilakukeun satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu

fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik nu luyu. L = Ztabél1 – Ztabél2

Z =(bk− x)

sd

Ei = n x L

X²= ∑(Oi−Ei )

2

Ei

(21)

41

2) Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu tujuanana pikeun mikanyaho

homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua.

Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta:

a) Ngitung variasi masing-masing kelompok

Variansi tés awal

Variansi tés ahir

(Sudjana, 2005: 95)

b) Ngitung harga variasi (F)

c) Ngitung derajat kabébasan (dk)

d) Nangtukeun harga Ftab él

e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap.

Saupama Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.

Saupama Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 2005:250)

3.7.2 Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan

(22)

42

ngeunaan pangaruh digunakeunana modél pangajaran Think-Talk-Write dina nulis

laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.

Léngkah-léngkah dina uji gain nya éta ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.5

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Laporan

No Peunteun Pretés Peunteun Postés d d2

1. 2. ∑

3.7.3 Uji Hipotésis

Dina uji hipotésis aya dua cara. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas

nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data

hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tés.

Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga

distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun

statistik nonparamétris kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.

1) Statistik Paramétris

Statistik paramétris digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal.

Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta saperti ieu di handap.

a) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun tés

ahir. Rumusna nya éta:

b) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta:

c) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:

� =∑

dk= n-1

∑ 2 2 (∑ )

(23)

43

d) Ngitung t, rumusna nya éta:

Katerangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑x²d = jumlah kuadrat déviasi

n = jumlah subyék dina sampel

e) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu dihandap.

 Lamun titung > ttab él hartina hipotésis ditarima, yén modél pangajaran

Think-Talk-Write éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa

kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.

 Lamun titung < ttab él hartina hipotésis ditolak, yén modél pangajaran

Think-Talk-Write teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan

siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.

2) Statistik Non-Parametris

Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas téh

nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data

kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.

Numutkeun Sudjana (2005: 450) léngkah-léngkah uji Wilcoxon,

diantarana nya éta:

a) asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1);

b) asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);

c) itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XB1-XB1 tuluy asupkeun

hasilna kana kolom ka-4;

d) nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti

nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna;

=

∑ 2

(24)

44

e) sanggeus diurutkeun (misalna aya nilai nu sarua), pikeun nangtukeun

jenjangna, éta nilai téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil ngabagi

téh mangrupa hasil jenjangna;

f) sanggeus diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5;

g) ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda

anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;

h) tingali kana tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalawan

ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 73;

i) data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon ieu dihandap.

Tabél 3.6 Tabél Uji Wilcoxon

No XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang

XA1-XB1 Jenjang + -

Katerangan:

XA1 : Peunteun pretés

XB1 : Peunteun postés

j) ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kriteria ieu

dihandap.

 Saupama Witung(-) < Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha

ditarima, yén modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif pikeun

ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3

Bandung taun ajaran 2012/2013.

 Saupama Witung(-) >Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha

ditolak, yén modél pangajaran Think-Talk-Write henteu éféktif pikeun

ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3

(25)

68

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat

ngeunaan kaéféktifan modél pangajaran Think-Talk-Write dina ngaronjatkeun

kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun

ajaran 2012/2013, bisa dicindekkeun yén kamampuh nulis laporan siswa kelas

VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013 saméméh ngagunakeun

modél pangajaran Think-Talk-Write, hasilna can nyugemakeun atawa kurang tina

KKM anu geus ditangtukeun. Hal ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna.

Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta 3, 27; skor rata-rata tina aspék organisasi

eusi nya éta 3,03; skor rata-rata tina aspék karapihan tulisan nya éta 2, 83; jeung

rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta 2,3. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék

nya éta 11, 37 kalawan rata-rata penteun 55,83.

Kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung

taun ajaran 2012/2013 sabada ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write,

hasilna nyugenakeun atawa geus bisa ngahontal KKM anu geus ditangtukeun. Hal

ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna. Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta

4,13; skor rata-rata tina aspék organisasi eusi nya éta 3,77; skor rata-rata tina

aspék karapihan tulisan nya éta 3,73; jeung rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta

3,5. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék nya éta 15,2 kalawan rata-rata penteun

76.

Tina hasil pretés, postés, jeung uji gain tétéla modél pangajaran

Think-Talk-Write éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII

A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013. Ieu hal dibuktikeun ogé tina

uji hipotésis anu ngahasilkeun titung > ttabél , nya éta 19,46 > 2,46 bisa dicindekkeun

yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Hartina, aya

béda anu signifikan antara hasil pretés jeung postés saméméh jeung sabada

(26)

69

5.2 Rékoméndasi

Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan nulis laporan ngagunakeun

modél pangajaran Think-Talk-Write, aya sababaraha rékoméndasi anu baris

ditepikeun, diantarana nya éta:

1) Tina hasil panalungtikan modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif

pikeun ningkatkeun kamampuh nulis laporan, ku kituna ieu modél

pangajaran bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun guru dina

pangajaran nulis laporan.

2) Dina ngalaksanakeun panalungtikan dipiharep panalungtik nataharkeun

sagala rupana saluyu jeung prosedur anu geus ditangtukeun.

3) Pikeun leuwih ngabuktikeun kaéféktifan modél pangajaran

(27)

70

DAPTAR PUSTAKA

Alimudin, Yulia. 2012. Pembelajaran Menulis. (Online). Tersedia:

http://pembelajaranmenulis.blogspot.com/[8 September 2012].

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2005. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Disdik Jabar.

Joyce, B. Weil, M. & Emily Calhoun. 2009. Models of Teaching. Yogyakarta:

Pustaka Pelajar.

Kurniawan, Fandi. 2011. Laporan. (Online). Tersedia:

http://fandi-kurniawan.blogspot.com/2011/11/laporan.html/[8 September 2012].

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

Geger Sunten.

Maula, Nikmatul. 2012. Model Pembelajaran Think-Talk-Write (TTW). (Online).

Tersedia:http://maulanikmatul.blogspot.com/2012/01/modelpembelajaran-think-talk-write-ttw.html/[8 September 2012].

Nurjanah, Nunuy. 2009. Tiori Nulis (Diktat). Bandung: JPBD Universitas

Pendidikan Indonesia.

Rahman. 2005. Desain Instruksional Bahasa. Bandung: Alqaprint Bandung.

Rahman. 2009. Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqaprint Bandung.

Rahman, Spk. 2009. Modél-Modél Pembelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: JPDB.

(28)

71

MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.

Subana, spk. 2005. Statistika Pendidikan. Bandung: Pustaka Setia.

Sudjana. 2005. Metode Statistika. Bandung: Tarsito.

Syam, Mima Widya Lisdinia. 2012. Kaéféktifan Modél Examples Non Examples

dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Laporan (Studi Kuasi Ékspérimén

ka Siswa Kelas VIII C SMPN 1 Cariu Kabupatén Bogor Taun Ajaran

2011/2012). Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Menulis sebagai suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Tim Dosen JPBD FPBS UPI. 2008. Palanggeran Ejahan Basa Sunda. Bandung:

Sonagar Press.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI.

Yuliani, Dewi. 2012. Modél Memorization (Mnemonik) pikeun Ngaronjatkeun

Pangaweruh Léksikon Siswa Kelas XI SMA (Study Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas XI IPA 9 SMA 3 Bandung Taun Ajaran 2011-2012). Skripsi

Referensi

Dokumen terkait

Implikasi secara praktis berkenaan dengan pengembangan dan pembuatan program bimbingan karir untuk mengembangkan kemampuan keputusan karir siswa, yakni guru

[r]

Kelalaian diartikan pula dengan melakukan tindakan kedokteran di bawah standar pelayanan medis (standar profesi dan standar prosedur operasional).Permasalahan yang dibahas

[r]

Kegagalan untuk memberikan pelayanan profesional dan melakukan pada ukuran tingkat keterampilan dan kepandaian yang wajar di dalam masyarakatnya oleh teman sejawat rata-rata dari

Tesis yang berjudul “Perbedaan Keberhasilan Model Pembelajaran Problem Based Learning Dengan Model Pembelajaran Sains Teknologi Masyarakat Terhadap Peningkatan

PERBED AAN KEBERHASILAN MOD EL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING D ENGAN MOD EL PEMBELAJARAN SAINS TEKNOLOGI MASYARAKAT TERHAD AP PENINGKATAN RANAH KOGNITIF PESERTA D

[r]