• Tidak ada hasil yang ditemukan

MÉDIA PHOTOSTORY DINA NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-14 SMP Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MÉDIA PHOTOSTORY DINA NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-14 SMP Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
13
0
0

Teks penuh

(1)

MÉDIA PHOTOSTORY DINA NGARONJATKEUN

KAMAMPUH NULIS SAJAK

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-14 SMP Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Tyas Agung Pratama NIM 1006300

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

MÉDIA PHOTOSTORY DINA NGARONJATKEUN

KAMAMPUH NULIS SAJAK

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-14 SMP Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh

Tyas Agung Pratama

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Tyas Agung Pratama Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2014

Hak Cipta dilindungi Undang-undang

(3)

TYAS AGUNG PRATAMA NIM 1006300

MÉDIA PHOTOSTORY DINA NGARONJATKEUN

KAMAMPUH NULIS SAJAK

(STUDI KUASI ÉKSPÉRIMÉN KA SISWA KELAS VII 14 SMP 9 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014)

disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001

Pangaping II,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002

Kauninga ku,

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

MEDIA

PHOTOSTORY

UNTUK MENINGKATKAN

KEMAMPUAN MENULIS SAJAK

(Studi Kuasi Eksperimen kepada Siswa Kelas VII-14 SMP Negeri 9

Bandung Tahun Ajaran 2013/2014)

Tyas Agung Pratama1)

, Usep Kuswari2)

, Ruhaliah3)

Email: Tyas_pratama17@yahoo.com; usep.kuswari@upi.edu; ruhaliah@upi.edu

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakngi oleh kurangnya kemampuan menulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan: (1) kemampuan menulis sajak sebelum menggunakan media photostory; (2) kemampuan menulis sajak sesudah menggunakan media photostory; dan (3) Beda signifikan antara sebelum dan sesudah menggunakan media photostory. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen. Tekniknya adalah teknik tes. Sumber datanya siswa kelas VII 14 SMP negeri 9 Bandung sebanyak 35 siswa Analisis data dengan cara analisis statistik, yaitu uji normalitas data mengunakan chi-kuadrat, uji homogenitas data menggunakan uji F, dan uji hipotesis menggunakan uji t. Hasil penelitian ini menyatakan bahwa: (1) sebelum menggunakan media photostory siswa belum mamapuh nulis sajak, rata-rata nilainya 56,6 (2) sesudah menggunakan media

photostory siswa mampuh nulis sajak, rata-ratanya 76,6 (3) jadi ada beda yang signifikan

antara sebelum dan sesudah menggunakan media photostory berdasarkan hasil uji t, bahwa titung (10,1) > ttabel (2,44). Hal ini membuktikan bahwa media photostory bisa meningkatkan kemampuan menulis sajak siswa kelas VII 14 SMP negeri 9 Bandung tahun ajaran 2013/2014.

Kata Kunci:media photostory, nulis sajak

1) Penulis Utama

(5)

PHOTOSTORY

MEDIA TO INCREASE WRITING POEM SKILL

AMONG STUDENT

(Quasi

Experiment study toward Seventh

–14 grade’s students in 9

Bandung Junior High School)

Tyas Agung Pratama1)

, Usep Kuswari2)

, Ruhaliah3)

Email: Tyas_pratama17@yahoo.com; usep.kuswari@upi.edu; ruhaliah@upi.edu

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRACT

The background of this research is the lack of writing poem skill among seventh-14

grade’s students in 9 Bandung Junior High School. The goal of this research is to

describe: (1) The writing poem skill before use photo story media; (2) The writing poem skill after use photo story media; (3) The differences between before and after use photo story media. The method have used in this research were quasi–experiment method. T–

Test was used as technique in this research. The data source was taken from 35 students in seventh–14 grade’s students in 9 Bandung Junior High School. The research used data analysis through statistics analysis methods, which are Normality–Test which use Chi–

Quadrat, Homogeneity–Test which use F–Test, and Hypothesis–Test used T–Test, in

order to know the student’s skill in writing poem. Building on research result, 1) The

writing poem skill before use photo story media was 56,6; (2) The writing poem skill after use photo story media was 76,6; (3) The differences between before and after use photo story media Building on T–Test, it was proven if Tvalue (10,1) > Ttable (2,44). Building on research, it could said if photo story media could increase the writing poem skill among seventh–14 grade’s students in 9 Bandung Junior High School.

Keywords:photostory media, writing poem

1) Writer

(6)

BAB 1 BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Basa salah sahiji alat komunikasi dina kahirupan manusa, ngaliwatan basa manusa bisa ngedalkeun idé, pikiran, rasa, jeung kahayang. Kaparigelan dina ngedalkeun idé, pikiran, rasa, jeung kahayang nurutkeun Tarigan (2008, kc. 1) ngawengku opat aspék, nya éta kaparigelan ngaregepkeun (listening skill), kaparigelan nyarita (speaking skill), kaparigean nulis (writing skil), jeung kaparigelan maca (reading skill).

Nulis mangrupa kaparigelan basa nu kawilang penting. Nulis nya éta hiji prosés ngébréhkeun idé atawa gagasan dina wangun paparan basa tinulis nu mangrupa simbol-simbol basa. Pangajaran nulis di sakola kawilang penting sabab pikeun ngamekarkeun daya imajinasi jeung kaparigelan siswa dina ngedalkeun pangrasa jeung pamikiran anu diébréhkeun kana wangun tinulis. Pangajaran nulis di sakola nya éta nulis carpon, nulis dongeng, nulis surat, jeung nulis sajak.

Nurutkeun Iskandarwassid dina Koswara (2011, kc. 91) sajak téh salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu (pati) kauger ku patokan wangunna, pangna bisa ogé disebut sajak bébas. Pangajaran sajak di sakola kawilang penting, lantaran dina nyieun sajak siswa diperedih pikeun ngagunakeun daya imajinasi anu kuat, sangkan ngahasilkeun sajak anu hadé. Pangajaran nulis sajak diajarkeun di kelas VII SMP. Éta hal luyu jeung katangtuan ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ngeunaan Kompetensi Inti Kompetensi Dasar pangajaran basa jeung sastra Sunda. Ayana dina Kompetensi Dasar disebutkeun yén:

7.1.1 Menghargai dan mensyukuri keberadaan bahasa Sunda sebagai anugerah Tuhan Yang Maha Esa sebagai sarana komunikasi dalam percakapan, iklan layanan masyarakat, karangan bahasan, pengalaman pribadi, kaulinan barudak, dongéng, sajak, dan pupujian (KI-1)

(7)

2

7.3.6 Mengidentifikasi, memahami, dan menganalisis sajak sesuai dengan kaidah-kaidahnya (KI- 3)

7.4.6 Menafsirkan, menanggapi, dan mengekspresikan sajak sesuai dengan kaidah-kaidahnya (KI-4)

Minat siswa dina nulis sajak téh kurang, loba faktor anu nyababkeunana, contona waé siswa kurang resep kana pangajaran nulis sajak lantaran cara guru nerangkeunana anu konvensional, siswa kurang parigel dina kagiatan nulis, siswa kurang paham kana tiori ngeunaan sajak, siswa dibéré tugas nyieun sajak teu dibéré bantuan séjén saperti modél atawa média pangajaran.

Salah sahiji tarékah pikeun ngungkulan masalah di luhur nya éta ku cara ngagunakeun média pangajaran. Média pangajaran gedé pisan mangpaatna, kaasup dina pangajaran basa jeung sastra Sunda. Guru diperedih kréatip dina nyieun atawa ngagunakeun média pangajaran, guru ogé kudu pinter milih média pangajaran anu hadé kusabab média pangajaran bisa ngaronjatkeun kualitas hasil diajar siswa. Ieu hal luyu jeung anu ditétélakeun ku Sudjana (2011, kc. 7), yén média pangajaran bisa ngaronjatkeun kualitas prosés diajar-ngajar, anu bisa mangaruhan kualitas hasil diajar siswa.

Loba cara anu bisa dilaksanakeun ku guru. Salah sahiji cara pikeun ngaronjatkeun minat siswa dina kagiatan nulis sajak téh nya éta ngagunakeun média

photostory. Siswa nulis atawa nyusun hiji sajak ku cara ngébréhkeun idé anu aya dina

photostory. Ku cara ngagunakeun média photostory dina kagiatan nulis sajak,

dipiharep siswa bisa ngawangun imajinasi anu saterusna bisa diébréhkeun dina kecap-kecap pikeun nyieun sajak anu hadé. Ieu média gampang dipakéna dina pangajaran, sabab teu perlu ngaluarkeun biaya anu gedé. Média photostory téh nya éta foto anu disusun sacara sistematis atawa ngarangkay, anu ngahasilkeun hiji carita. Ieu média digunakeun sangkan siswa bisa resep jeung kataji dina prosés diajar-ngajar. Saméméhna kungsi diayakeun panalungtikan skripsi ngeunaan média

photostory pikeun ngaronjatkeun nulis carpon, nya éta “Éféktifitas Média Photostory

(8)

3

SMA Muhammadiyah Cipanas Taun Ajaran 2012/2013)” ku Firlian Nurahman taun

2013. Ieu panalungtikan téh museur kana nulis carpon, sedengkeun média photostory pikeun nulis sajak mah can dilaksanakeun. Ku kituna, ieu panalungtikan anu

dijudulan “Média Photostory dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka siswa kelas VII 14 SMP Negri 9 Bandung Taun Ajaran

2013/2014)” perlu dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, sangkan teu lega teuing ambahanna sarta ieu panalungtikan anu dilaksanakeun bisa museur, dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan pangaruh média photostory dina ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran 2013/2014.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina wangun kalimah pananya saperti ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun média photostory?

2) Kumaha kamampuh nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun media photostory?

3) Naha aya béda signifikansi antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média

photostory dina pangajaran nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negri 9 Bandung

(9)

4

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum diayakeun ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji média

photostory dina nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran

2013/2014.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kamampuh nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran

2013/2014 saméméh ngagunakeun média photostory;

2) kamampuh nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun média photostory; sarta

3) béda antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média photostory dina pangajaran nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negri 9 Bandung taun ajaran 2013/2014.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta nambahan pangaweruh ngeunaan media, kaéfektifan média jeung kaparigelan siswa dina nulis sajak, jeung salah sahiji inovasi dina pangajaran nulis sajak.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sangkan leuwih écés diwincik sababaraha mangpaat anu sifatna praktis, nya éta ieu di handap.

1) Pikeun Siswa

(10)

5

2) Pikeun Guru

Méré gambaran sangkan leuwih mekarkeun pangaweruhna ngeunaan prosés ngajar, hususna dina ngajarkeun sajak nu ngagunakeun média photostory.

3) Pikeun Panalungtik

Panalungtik bisa mikanyaho jeung meunang pangalaman nalungtik ngeunaan kaéféktifan salah sahiji media pangajaran, utamana média photostory dina pangajaran nulis sajak di kelas VII SMP Negri 9 Bandung.

4) Pikeun nu maca

Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa ngabeungharan wawasan jeung pangaweruh, hususna ngeunaan média photostory pikeun pangajaran nulis sajak. 5) Pikeun Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda

Ngaliwatan ieu panalungtikan, pangajaran Basa jeung Sastra Sunda jadi leuwih euyeub ku rupa-rupa média pangajaran anu hadé, lantaran ieu média geus kauji ngaliwatan hiji panalungtikan.

1.5 Raraga Nulis

Sacara gurat badag raraga skripsi kabagi jadi lima bab, anu diwincik saperti ieu di handap.

BAB I Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga nulis.

BAB II Tatapakan tiori medar ngeunaan tiori média, tiori nulis, tiori sajak, média photostory dina nulis sajak, raraga mikir, jeung hipotésis.

BAB III Métode panalungtikan, eusina ngeunaan sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan oprasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngolah data.

BAB IV Hasil panalungtikan jeung pedaran, anu ngawengku kamampuh nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negri 9 Bandung saméméh ngagunakeun média

(11)

6

ngagunakeun média photostory, beda signifikansi antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média photosory, jeung pedaran hasil panalungtikan.

(12)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan, jeung analisis data ngeunaan média

photostory dina ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, bisa dicindekkeun yén:

Kamampuh nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun média photostory téh can mampuh. Ieu hal bisa katiten tina rata-rata nilaina nya éta 56,6. Aya lima aspék nu dipeunteun, nya éta: aspék nu kahiji nya éta diksi (pilihan kecap), rata-rata skorna 2,6, ieu kaasup kana katégori kurang; aspék nu kadua nya éta implengan/pengimajian, rata-rata skorna 2,9, ieu kaasup kana katégori kurang; aspék nu katilu nya éta gaya basa, rata-rata skorna 2,5, ieu kaasup kana katégori kurang; aspék nu kaopat nya éta téma, rata-rata skorna 3,05, ieu kaasup kana katégori cukup; jeung aspék nu kalima nya éta amanat, rata-rata skorna 3,02, ieu kaasup kana katégori cukup. Kamampuh nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun média photostory téh mampuh. Ieu hal bisa katiten tina rata-rata nilaina nya éta 76,6. Aya lima aspék nu dipeunteun, nya éta: aspék nu kahiji nya éta diksi (pilihan kecap), rata-rata skorna 3,4, ieu kaasup kana katégori cukup; aspék anu kadua nya éta aspék implengan/pengimajian, rata-rata skorna 3,8, ieu kaasup kana katégori cukup; aspék nu katilu nya éta gaya basa, rata-rata skorna 3,4, ieu kaasup kana katégori cukup; aspék nu kaopat nya éta téma, rata-rata skorna 4,1, ieu kaasup kana katégori alus; jeung aspék nu kalima nya éta amanat, rata-rata skorna 4,3, ieu kaasup kana katégori alus. Aya ngaronjatna kamampuh nulis sajak siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran 2013/2014 antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média

photostory. Rata-rata pratés 56,6 ngaronjat jadi 76,6 dina postés. Aspék diksi

(13)

rata-75

rata skor pratés 3,02, ngaronjat dina postés jadi 4,3. Aya béda anu katitén dina ngaronjatna kamampuh nulis sajak siswa antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média photostory ka siswa kelas VII 14 SMP Negeri 9 Bandung taun ajaran 2013/2014. Ieu dibuktikeun dina uji hipotésis. Dumasar kana hasil data yén titung (10,1)> ttabél (2,44), hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Hartina média photostory bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak.

5.2 Saran

Dumasar kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun, aya sababaraha saran anu ditepikeun, nya éta saperti ieu di handap:

1) Pikeun Pikeun Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda

Dumasar kana hasil panalungtikan, média photostory bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis. Ku kituna ieu média bisa dijadikeun salah sahiji alternatif média pangajaran nulis, khususna dina pangajaran nulis sajak.

2) Pikeun Guru

Saumpama guru rék maké média photostory dina pangajaran, hal-hal nu kudu diperhatikeun téh guru kudu bisa milih gambar luyu jeung pangajaran nu rék di tepikeun. Siswa SMP anu masih perlu bimbingan dina kagiatan nulis, alusna mah tong dipaksa pikeun ngébréhkeun gagasan anu salengkep-lengkepna, dumasar kana pangaweruh jeung kamampuana sorangan, tapi kudu dibantuan ku cara ngalengkepan gagasan éta ngaliwatan cara anu bisa ngamotékarkeun imajinasi. Dina ieu hal ngagunakeun gambar mangrupa hal anu merenah.

3) Pikeun Panalungtik jeung nu maca

Referensi

Dokumen terkait

kasih kepada semua yang telah membantu penulis sehingga skripsi ini dapat.. diselesaikan.Ucapan terima kasih penulis

Opportunity Set Terhadap Kebijakan Dividen Pada Perusahaan yang Terdaftar D i LQ 45.” Medan: Skripsi Fakultas Ekonomi dan Bisnis Universitas

Manual prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) ini bertujuan ini bertujuan untuk memberi penjelasan mengenai prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) program S1

3 UP3ST memeriksa substansi dan format usulan pengabdian 7 hari 5 Dosen mengirimkan usulan pengabdian 4 eksemplar ke UP3ST 1 hari Propo sal Penga bdian 6 UP3ST mengajukan

Diajukan untuk Memenuhi Sebagian dari Syarat Memperoleh Gelar Sarjana Pendidikan Program Studi Pendidikan Kepelatihan

PENGARUH PENILAIAN PRESTASI KERJA DAN PENGEMBANGAN KARIR TERHADAP KINERJA PEGAWAI PADA BIRO REKTOR.. UNIVERSITAS

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

Adanya motivasi intrinsik pada diri anak tersebut untuk memasuki sekolah futsal akan semakin meningkatkan kemampuannya dan keterlampilannya, karena dengan faktor motivasi