• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105199 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105199 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

64

Neng Yulianti, 2015

KASALAHAN NGAGUNAKEUN KECAP PANCÉN DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII-B SMP NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun kasalahan ngagunakeun kecap pancén dina surat pribadi siswa kelas VIII-B SMP Negeri 14 Bandung. Dumasar kana hasil analisis data, tétéla kapanggih yén masih loba kénéh siswa nu salah dina ngagunakeun kecap pancén. Kasalahanana ngawengku kasalahan ngagunakeun wanda kecap pancén jeung tipe kasalahan dumasar tataran linguistik.

a. Kasalahan ngagunakeun wanda kecap pancén, anu wincikanana: (1) kasalahan ngagunakeun kecap panambah aya tilu kasalahan (1,18%), contona kecap mah nu dibalikan dua kali; (2) Kasalahan ngagunakeun kecap panyambung aya 17 kasalahan (6,69%), contona kecap tapi ditulis di awal kalimah; (3) kasalahan ngagunakeun kecap pangantét aya dua kasalahan (0,79%), contona kecap di kuduna ti.

b. Tipe kasalahan tataran linguistik dina ngagunakeun kecap pancén, anu wincikanana: (1) tipe kasalahan grafologis aya 205 kasalahan (80,71%), dina kasalahan grafologis, kapanggih 61 kasalahan makéna aksara, 15 kasalahan nuliskeun aksara, jeung 129 kasalahan nuliskeun kecap; (2) tipe kasalahan morfologis aya dua kasalahan (0,79%), contona kecap lain dipisahkeun jeung rarangkén na, (3) tipe kasalahan sintaksis aya 14 kasalahan (5,51%), contona kecap sareng kuduna ka; (4) tipe kasalahan léksikon aya 11 kasalahan (4,33%), contona kecap ai kuduna ari.

(2)

65

Neng Yulianti, 2015

KASALAHAN NGAGUNAKEUN KECAP PANCÉN DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII-B SMP NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sababaraha rékoméndasi anu perlu ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.

a. Pikeun Guru

Hasil ieu panalungtikan dipiharep méré gambaran ka para guru pikeun nangtukeun léngkah-léngkah anu kudu dilaksanakeun patali jeung ngalatih siswa dina ngagunakeun kecap anu bener tur merenah. Salian ti éta, bisa dijadikeun rarancang pikeun bahan pangajaran basa Sunda.

b. Pikeun Siswa

Hasil ieu panalungtikan dipiharep méré informasi ngeunaan kamampuh siswa dina ngagunakeun kecap, utamana kecap pancén. Salian ti éta, bisa dijadikeun gambaran sangkan siswa teu ngalakukeun kasalahan nu sarua dina kaparigelan nulis.

c. Pikeun nu rék nalungtik

Referensi

Dokumen terkait

Métode anu baris digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dipedar dina bab saméméhna, dina ieu bab diébréhkeun kacindekan saperti ieu di handap. 1) Kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI

Ieu skripsi miboga tujuan pikeun ngawanohkeun, ngainvéntarisir, jeung ngadéskripsikeun wangun kecap basa Sunda dialék Parung Panjang, tur metakeun sebaran kecap

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan média origami dina pangajaran nulis sajak, aya sababaraha saran anu patali jeung ieu panalungtikan, nya éta ieu di handap. 1) Dumasar

Harti kecap serepan dina karangan paguneman siswa téh téh nyoko

Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan medar kumaha efektifitas métode dramatic reading dina ngaronjatkeun pangajaran maca dongéng pikeun siswa MAN

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun jeung nganalisis rarancang pangajaran nulis sajak maké média photostory, prak-prakan pangajaran nulis sajak

matak ngirut siswa jeung luyu kana pangajaran nu rék ditepikeun. 3) Lantaran ieu panalungtikan ngeunaan média origami dina pangajaran nulis di. SMP ngagunakeun métode